SlideShare uma empresa Scribd logo
1 de 140
Baixar para ler offline
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
2014
KURIKULUM 2013
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
BASA SUNDABASA SUNDA
Pamekar Diajar
II
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
Pamekar Diajar
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
2014
KURIKULUM 2013
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
BASA SUNDABASA SUNDA
Pamekar Diajar
II
PANYUSUN:
Tatang Sumarsono
Ahmad Hadi
Ano Karsana
Asep Ruhimat
Darpan
Dede Kosasih
H. Dingding Haerudin
H. Yayat Sudaryat
Risnawati
PENELAAH:
Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd.
Dr. Hj. Ai Sofianti, M.Pd.
Drs. H. Elin Syamsuri
Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.
Budi Riyanto
Rarancang Eusi: Yoshi Sukadar
Rarancang Jilid: Yoshi Sukadar
Rarancang Gambar: Toto
Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3
Aksara ngagunakeun Arial 12 pt - 18 pt.
Dipedalkeun ku:
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
ISBN: 978-602-1300-00-8 (Jilid Lengkap)
978-602-1300-01-5 (Jilid 1)
Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)
Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat
Ditangtayungan ku Undang-undang
Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun murid dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu
buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah
dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah.
Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy
disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep
bisa ngundakkeun ajén ieu buku.
Pangbagéa
iii
KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud,
enggoning nyaosan impleméntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian
lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di
Jawa Barat.
Hasilgarapantimpanyusuntéhayaduarupibukunyaétabukumurid
sareng buku guru. Èta téh mangrupa bagian tina pakét Kurikulum Daerah,
hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daérah, dumasar kana
Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami
diwincik deui, sanés mung buku wungkul bagian éta Permendikbud téh,
tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD),
silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).
Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013,
hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daérah
di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng
udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daérah,
dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tétéla, boh unsur sikepna
(attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun
katut karancagéan (performance; behavior). Singgetna mah éta unsur
anu tilu téh bisa disebut kompeténsi.
Kalungguhan guru dina posisi agén parobahan utama enggoning
ngaimpleméntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji
hipotésis basajan, saupami guru kagungan kompeténsi anu nohonan
pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna gé kalebet guru basa daérah deuih,
iv
tinangtos éta kurikulum bakal tiasa diimpleméntasikeun kalawan merenah.
Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompeténsi guru
téh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarékah
anu kedah kénging pangajén.
Muga-mugawaéharepanurangsadayangeunaanayanaparobihan
anu tétéla dina dunya atikan ku diimpleméntasikeunana Kurikulum 2013
téh tiasa ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina
taun 2045 nu badé dongkap.
Bandung, Desember 2013
Kepala Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat,
Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA
Pembina Utama Madya
NIP. 19570807 198601 1 001
Pangbagéa
v
KEPALA BALAI
PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo
sacara nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu
diperenahkeun janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng
Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-elemén parobihan
anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku: standar
kompeténsi lulusan, standar isi, standar prosés, sareng standar penilaian.
Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna
guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI, SMP/
MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.
Ieu buku bahan ajar téh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda,
sadayana aya 24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12
jilid. Kalungguhanana janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di
Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana
tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-
pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi
dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran,
sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku murid.
Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid
atanapi buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku
ngaregepkeun, nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké
pamarekan saintifik sareng penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana
karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintifik sareng
penilaian auténtik dina prosés pangajaran.
vi
Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran
Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik,
26 Maret 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra
Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti
eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun
2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah
pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah.
Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya,
tur janten cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa
jeung sastra daerah, anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé
sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan
di Jawa Barat.
Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku
margi kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur
kakirangan anu nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados
tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan pajaman.
Bandung, Desember 2013
Kepala Balai Pengembangan
Bahasa Daerah dan Kesenian,
Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd.
Pembina Tk. I
NIP. 196110051986031014
Panganteur
vii
Anu keur disanghareupan ku hidep téh buku Pamekar
Diajar Basa Sunda. Ieu buku diajangkeun pikeun sakumna
murid di Jawa Barat, jadi buku babon pikeun pangajaran basa
Sunda. Kabéhna téh aya 12 buku, hasil gawé tim panyusun
anu meunang pancén ti Dinas Pendidikan Provinsi Jawa
Barat. Jilid I tepi ka VI pikeun murid SD/MI, jilid VII tepi ka IX
pikeun murid SMP/MTs, jeung jilid X tepi ka XII pikeun murid
SMA/SMK/MA/MAK.
Medalna ieu buku téh pikeun méré lahan ka sakumna
murid anu dialajar basa Sunda, kalawan harepan hidep
sakabéh enya-enya ngamangpaatkeun. Ku diajar basa Sunda
tina ieu buku, dipiharep kanyaho jeung kabisa hidep dina
ngagunakeun basa Sunda bisa ningkat jeung nambahan. Lian
ti éta, hidep jadi leuwih resep ngagunakeun basa Sunda dina
kahirupan sapopoé. Éta mah naha di sakola, di lingkungan
kulawarga, atawa di tempat ulin.
Meureun ti antara hidep aya nu tumanya, naha maké
kudu diajar basa Sunda sagala? Naha naon gunana atuh?
Jih, pangna diajarkeun di sakola ogé éta téh ku sabab loba
mangpaatna dina kahirupan sapopoé. Anu paling karasa
upamana waé urang bakal bisa komunikasi ku basa Sunda
kalawan hadé tur merenah. Loba kauntunganana lamun urang
bisa ngagunakeun basa Sunda téh, di antarana waé urang
bakal nyaho jeung bisa neuleuman kabeungharan budaya
Sunda. Apan budaya Sunda téh jadi bagian penting tina
budaya nasional Indonésia. Salian ti éta, apan hidep di sakola
viii
diwajibkeun diajar basa Sunda. Meureun hidep tumanya deui,
naha ari diajar basa Sunda téh babari? Jih, nya babari atuh.
Jaba deuih resep.
Bieu gé geus disebutkeun, teu hésé diajar basa Sunda
téh, komo deui pikeun urang Sundana sorangan mah. Dalah
najan lain keur urang Sunda ogé sarua waé teu hésé. Ku
kituna, hidep teu kudu ngarasa seunggah. Ulah tacan gé
nanaon geus nyebut horéam. Anu penting mah urangna sing
enya-enya, boh enya-enya ngabandungan pedaran ti Ibu/
Bapa Guru, boh enya-enya dina ngapalkeun jeung migawé
latihanana. Lian ti éta, kacida hadéna mun hidepo getol maca
buku-buku basa Sunda lianna, maca surat kabar jeung majalah
anu ngagunakeun basa Sunda, atawa ngabandungan siaran
radio jeung televisi dina program basa Sunda. Hal séjénna
anu bisa dipigawé ku hidep nyaéta lalajo pagelaran kasenian
Sunda.
Cindekna mah, sakali deui rék ditandeskeun, entong
ngarasa sieun atawa horéam dina nyanghareupan pangajaran
basa Sunda téh. Kapan heueuh babari, jeung matak resep
deuih.
Geura ayeuna urang mimitian. Bismillah ....
Bandung, Oktober 2013
Salam ti nu nyusun ieu buku
Daptar Eusi
Pangbagéa:
Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat __________ iii
Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan
Kesenian _______________________________________ v
Panganteur ______________________________________ vii
pangajaran 1: ngurus diri sorangan ___________________ 1
a ngaregepkeun carita ____________ 2
b ngaregepkeun pedaran ngariksa
badan________________________ 3
c ngaregepkeun tembang__________ 4
d ngalisankeun jawaban ___________ 4
e diajar maca 1 __________________ 5
f nuliskeun aksara 1______________ 6
g diajar maca 2 __________________ 7
h nuliskeun aksara 2_____________________________ 9
i nuduhkeun gambar ____________________________ 9
j diajar maca 3 _________________________________ 11
k diajar maca 4 _________________________________ 12
l latihan nulis __________________________________ 15
pangajaran 2: pangaresep ____________________________ 17
a ngaregepkeun carita ____________ 18
b ngedalkeun omongan ___________ 19
c diajar maca 1 __________________ 20
d nuliskeun aksara _______________ 21
e diajar maca 2 __________________ 22
f diajar maca 3 __________________ 24
g ngunikeun kecap ______________ 24
ix
h maca kalimah _____________________________ 25
i latihan ngalengkepan kalimah ___________________ 26
j latihan nyalin kalimah __________________________ 27
k nyaritakeun gambar ____________________________ 27
l latihan nuliskeun pangaresep ____________________ 29
pangajaran 3: kagiatan _______________________________ 31
a ngaregepkeun carita ____________ 32
b nyaritakeun kagiatan ___________ 34
c diajar maca 1 _________________ 35
d ngucapkeun kecap _____________ 37
e maca kalimah 1 _______________ 38
f latihan ngalengkepan kalimah ____ 38
g diajar maca 2 _________________ 39
h maca kalimah 2 _______________ 40
i maca bedas __________________________________ 41
j ngedalkeun jawaban ___________________________ 42
k maca paguneman _____________________________ 42
l latihan paguneman ____________________________ 44
pangajaran 4: kulawarga______________________________ 45
a ngaregepkeun carita ____________ 46
b ngabandungan piwuruk __________ 49
c ngajawab pananya _____________ 51
d nganggeuskeun kalimah _________ 51
e diajar maca ___________________ 52
f ngéjah aksara bari nuduhkeun
gambarna ____________________ 54
g ngagalantangkeun kalimah _______ 56
h ngalengkepan kalimah __________ 57
i molahkeun paguneman _________________________ 59
j maca bedas __________________________________ 61
k nataan kulawarga jeung dulur ____________________ 63
l nataan kayaan di imah jeung sabudeureunana_______ 64
x
pangajaran 5: pangalaman____________________________ 65
a maca bedas___________________ 66
b ngabandungan pedaran
pangalaman___________________ 69
c nyaritakeun pangalaman_________ 70
d nyaritakeun gambar_____________ 72
e ngagalantangkeun kalimah pananya 75
f ngalengkepan kalimah ku
kecap pananya ________________ 77
g nyusun kecap jadi kalimah_______________________ 78
h mikawanoh istilah tempat _______________________ 79
i ngalengkepan kalimah ku istilah tempat____________ 80
j nembangkeun pupuh ___________________________ 81
pangajaran 6: lingkungan sabudeureun________________ 83
a maca bedas___________________ 84
b ngabandungan pedaran miara
lingkungan____________________ 87
c nganggeuskeun kalimah _________ 88
d diajar maca ___________________ 89
f ngucapkeun kalimah ____________ 90
g nyalin kalimah _________________ 90
h ngalengkepan kalimah __________ 91
i ngabandungan carita ___________ 92
j nyaritakeun kerja bakti__________________________ 94
k niténan gunana pakakas ________________________ 94
l ngalengkepan kalimah ku _______________________
ngaran barang____________________________________ 95
pangajaran 7: miara barang jeung mikanyaah sasatoan
katut tatangkalan_____________________________________ 97
a ngaregepkeun tembang_________________________ 98
b ngabandungan pedaran eusi tembang _____________ 101
xi
c ngalengkepan kalimah__________ 102
d nyusun kalimah _______________ 103
e nembangkeun pupuh kinanti _____ 104
f ngedalkeun omongan __________ 107
g maca bedas__________________ 109
h nerangkeun gambar ___________ 110
i nyalin pupuh kana aksara tulis ___ 111
pangajaran 8: kajadian alam __________________________ 113
a maca bedas__________________ 114
b ngabandungan pedaran kajadian
alam________________________ 116
c ngedalkeun omongan nu patali
jeung peristiwa alam ___________ 117
d maca dina jero haté____________ 118
e ngalengkepan kalimah__________ 121
f nyusun kalimah _______________ 122
g ngagalantangkeun kalimah ______ 122
h ngapalkeun kaayaan ___________________________ 123
i metakeun paguneman __________________________ 124
j nembangkeun pupuh ___________________________ 125
daptar pustaka ______________________________________ 127
xii
ngurus
diri sorangan
P
angajara
n
1
11
22
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
a ngaregepkeun carita
(Dibaca Ku Ibu/Bapa Guru)
aa budak apik
aa budak apik
a-a bu-dak a-pik
tara poho mandi
ta-ra po-ho man-di
sok maké sabun
sok ma-ké sa-bun
mandi isuk soré
man-di i-suk so-ré
sasarap saban isuk
sa-sa-rap sa-ban i-suk
lamun arék sakola
la-mun a-rék sa-ko-la
aa pasti pamitan
a-a pas-ti pa-mit-an
ka ibu katut ka apa
ka i-bu ka-tut ka a-pa
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 33
b ngaregepkeun pedaran
ngariksa badan
(Dibaca ku Ibu/Bapa Guru)
Tuh nya, Aa téh apan sakitu apikna. Aa téh ngaran sabenerna
mah Tisna. Disebut Aa sotéh ku adina. Ari adi Aa ngaranna Jayadi. Sok
disebut Ii.
Sarua hidep ogé kudu apik. Kudu bisa ngariksa sakujur badan,
supaya hirup séhat. Ngariksa badan téh jadi kawajiban urang. Kudu
apik deuih dina dahar. Nya kitu deui kudu apik dina ngurus tempat urang
matuh.
Geura urang baca bagian tuluyna. Pék ku hidep bandungan, terus
turutan sakur anu dilisankeun ku Ibu/Bapa Guru. Engké ogé hidep
tangtu bakal bisa macana, asal diajarna sing getol.
1. huntu kudu dikosok
hun-tu ku-du di-ko-sok
2. mandi sapoé dua kali
man-di sa-po-é du-a ka-li
3. kuku ulah sina kalotor
ku-ku u-lah si-na ka-lo-tor
4. kadé ulah sok dahar lada
ka-dé u-lah sok da-har la-da
5. jandéla kamar kudu dibuka
jan-dé-la ka-mar ku-du di-bu-ka
44
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
c ngaregepkeun tembang
(ditembangkeun ku Ibu/Bapa Guru)
Sok regepkeun
kadé poho hirup kudu muji sukur
sabab badan séhat
ulah jorok kudu apik
saban poé pék urus sakujur badan
d ngalisankeun jawaban
(paréntahna dibaca ku Ibu/Bapa Guru)
Sok jawab
1. budak nu kumaha ari aa téh
2. sok kumaha aa méméh ka sakola
3. sok iraha aa mandina téh
4. naha ari huntu kudu dikosok
5. naha mandi kudu maké sabun
6. bakal kumaha mun kuku kotor
7. naha ulah sok dahar anu lada
8. jandéla kamar naha kudu dibuka
9. naha hirup maké kudu muji sukur
10. kudu kumaha ari dina saban poé téh
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 55
e diajar maca 1
(dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Yu urang maca
a p
a-a a-p-a
aa a-pa
a-a apa
a-pa
a-p-a
i b
i-i i-b-i
ii i-bi
i-i ibi
i-bi
i-b-i
u m
u-u m-u-m-u
uu mu-mu
u-u mumu
mu-mu
m-u-m-u
66
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
é n
é-m-i n-i-n-a
é-mi ni-na
émi nina
é-mi ni-na
é-m-i n-i-n-a
o d
o-n-i d-a-n-i
o-ni da-ni
oni dani
o-ni da-ni
o-n-i d-a-n-i
f nuliskeun aksara 1
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Yu urang nulis
Anu bieu dibaca téh bisa ditulis ku hidep. Ditulisna ku aksara
tulis. Geura ku Ibu/Bapa Guru dicontoan cara nulisna. Pék ku hidep
turutan. Nulisna mah dina buku tulis waé.
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 77
a – a aa i – i ii
u – u uu p – p apa
b – b ibi m – m mumu
é – é émi o – o oni
d – d dani
épi épi umi umi
ido ido bani bani
mida mida dudi dudi
péni péni mini mini
médi médi
g diajar maca 2
(dituyun ku ibu/bapa guru)
Yu urang maca
Urang teruskeun diajar macana. Hidep kudu bisa maca aksara
séjénna.
ggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggg
88
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
b
b-i-m-a
bi-ma
bima
bi-ma
b-i-m-a
m
m-é-j-a
mé-ja
méja
mé-ja
m-é-j-a
p
p-a-l-u
pa-lu
palu
pa-lu
p-a-l-u
d
d-a-s-i
da-si
dasi
da-si
d-a-s-i
k
k-u-p-a
ku-pa
kupa
ku-pa
k-u-p-a
n
n-a-k-o
na-ko
nako
na-ko
n-a-k-o
h
h-a-l-u
ha-lu
halu
ha-lu
h-a-l-u
j
j-a-r-a
ja-ra
jara
ja-ra
j-a-r-a
l
l-a-j-a
la-ja
laja
la-ja
l-a-j-a
r
r-o-t-i
ro-ti
roti
ro-ti
r-o-t-i
s
s-a-t-é
sa-té
saté
sa-té
s-a-t-é
t
t-o-p-i
to-pi
topi
to-pi
t-o-p-i
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 99
h nuliskeun aksara 2
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Yu urang nulis
Kieu ari nulisna téh
p – p palu b – b bima
m – m méja d – d dasi
n – n nako k – k kupa
l – l laja h – h halu
j – j jara r – r roti
s – s saté t – t topi
i nuduhkeun gambar
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Sok tuduhkeun gambarna
Titénan ieu gambar di handap. Terus ku hidep tuduhkeun. Bagilir
waé sakali séwang.
i
1010
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
1. mana ari palu 6. mana ari bima
2. mana ari méja 7. mana ari dasi
3. mana ari nako 8. mana ari topi
4. mana ari saté 9. mana ari halu
5. mana ari roti
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 1111
j diajar maca 3
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Yu urang maca
a-b-o-n a-r-i-t
a-bon a-rit
abon arit
a-bon a-rit
a-b-o-n a-r-i-t
i-m-a-h a-s-i-n o-p-a-t
i-mah a-sin o-pat
imah asin opat
i-mah a-sin o-pat
i-m-a-h a-s-i-n o-p-a-t
a-m-i-t i-m-u-t a-d-i-l
a-mit i-mut a-dil
amit imut adil
a-mit i-mut a-dil
a-m-i-t i-m-u-t a-d-i-l
u-b-a-r u-d-a-r u-s-a-p
u-bar u-dar u-sap
ubar udar usap
u-bar u-dar u-sap
u-b-a-r u-d-a-r u-s-a-p
1212
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
k diajar maca 4
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
j-i-d-a-r k-a-p-u-r
ji-dar ka-pur
jidar kapur
ji-dar ka-pur
j-i-d-a-r k-a-p-u-r
da-har sa-bar ba-ham
dahar sabar baham
mi-kir ki-rim di-kir
mikir kirim dikir
du-lur su-bur ju-kut
dulur subur jukut
mé-sér bé-rés lé-bér
mésér bérés lébér
k-o-r-s-i l-a-m-p-u
kor-si lam-pu
korsi lampu
kor-si lam-pu
k-o-r-s-i l-a-m-p-u
AA
KAPUR TULIS
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 1313
jal-ma man-di ran-du
jalma mandi randu
kom-pa ban-tu bon-du
kompa bantu bondu
k-a-i b-é-o
ka-i bé-o
kai béo
ka-i bé-o
k-a-i b-é-o
ba-é po-é sa-é
baé poé saé
li-a dé-a ni-a
lia déa nia
ra-i ma-é ki-a
rai maé kia
k-a-l-a-p-a l-o-m-a-r-i
ka-la-pa lo-ma-ri
kalapa lomari
ka-la-pa lo-ma-ri
k-a-l-a-p-a l-o-m-a-r-i
1414
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
sa-pa-tu sa-ko-la ka-ma-ri
sapatu sakola kamari
harita pamali tarajé
ha-ri-ta pa-ma-li ta-ra-jé
ja-pa-ti so-ra-bi ba-da-mi
japati sorabi badami
j-a-n-d-é-l-a
jan-dé-la
jandéla
jan-dé-la
j-a-n-d-é-l-a
l-a-n-t-é-r-a
lan-té-ra
lantéra
lan-té-ra
l-a-n-t-é-r-a
k-o-r-o-p-a-k
ko-ro-pak
koropak
ko-ro-pak
k-o-r-o-p-a-k
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 1515
t-i-k-u-k-u-r
ti-ku-kur
tikukur
ti-ku-kur
t-i-k-u-k-u-r
k-a-s-i-n-t-u
ka-sin-tu
kasintu
ka-sin-tu
k-a-s-i-n-t-u
k-u-l-a-m-b-u
ku-lam-bu
kulambu
ku-lam-bu
k-u-l-a-m-b-u
l latihan nulis
Pék tulis ku hidep
1. ulah loba jajan
______________________________________
2. mandi dua kali
______________________________________
l
1616
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
3. hirup kudu apik
______________________________________
4. ulah dahar lada
______________________________________
5. apik pasti séhat
______________________________________
6. dibaju kudu rapih
______________________________________
7. kuku ulah kalotor
______________________________________
8. kadé poho sasarap
______________________________________
9. huntu kudu dikosok
______________________________________
10. séhat jasmani rohani
______________________________________
pangaresep
P
angajara
n
2
1717
1818
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
a ngaregepkeun carita
(Dibaca ku Ibu/Bapa Guru)
Sok regepkeun ieu carita
Ibu Bapa Guru badé maca. Pék ku hidep regepkeun. Terus turutan
kumaha cara macana. Hayu geura urang mimitian.
resep miara sato
japati sajodo boga tisna
ja-pa-ti sa-jo-do bo-ga tis-na
dikukut ti anakna kénéh
di-ku-kut ti a-nak-na ké-néh
asalna mah tacan bisa hiber
a-sal-na mah ta-can bi-sa hi-ber
anak japati disebut piyik
a-nak ja-pa-ti di-se-but pi-yik
sato séjénna ogé dikukut
sa-to sé-jén-na o-gé di-ku-kut
kelenci paméré ti komar
ke-len-ci pa-mé-ré ti ko-mar
sarua éta ogé aya sajodo
sa-ru-a é-ta o-gé a-ya sa-jo-do
ari warna buluna barodas
a-ri war-na bu-lu-na ba-ro-das
r
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 1919
karesep tisna miara sato
ka-re-sep tis-na mi-a-ra sa-to
diurus mani tulatén pisan
di-u-rus ma-ni tu-la-tén pi-san
tara tepi ka elat maraban
ta-ra te-pi ka e-lat ma-ra-ban
sabab bisi matak jadi dosa
sa-bab bi-si ma-tak ja-di do-sa
b ngedalkeun omongan
(Dibaca ku Ibu/Bapa Guru)
Kitu tah karesep Tisna téh. Resep kana sato bari getén miarana.
Tisna miara japati sajodo ti anakna kénéh. Sajaba japati, kelenci ogé
dipiara. Tara elat maraban. Lamun miarana teu bener matak jadi dosa
éta téh.
Pék ayeuna mah ku hidep jawab.
1. miara sato naon waé tisna téh
2. ari anak japati disebut naon
3. hidep apal naon ari parab japati
bb
p
san-la-tén pi-ss
maraban
anat ma-ra-baa
jadi dosa
ak ja-di doo-sak j di d
2020
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
4. kelenci tisna téh paméré ti saha
5. kumaha ari warna buluna
6. naon maksudna sajodo téh
7. kumaha tisna téh miara satona
8. matak jadi kumaha mun elat maraban
Hidep ogé pasti boga karesep. Da apan kitu dina hirup mah, najan
karesep saban jalma sok béda. Misalna aya nu resep tumpak
sapéda, aya nu resep maca.
1. naon ari karesep hidep
2. ti iraha mimiti resepna
3. kumaha ari carana
4. di mana ari tempatna
5. saha sobat hidep nu sarua resep
c diajar maca 1
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
e p
e-m-u-r p-e-t-i
e-mur pe-ti
emur peti
e-mur pe-ti
e-m-u-r p-e-t-i
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 2121
g c
s-u-g-u c-a-u
su-gu ca-u
sugu cau
su-gu ca-u
s-u-g-u c-a-u
w y
s-a-w-a-h k-u-y-a
sa-wah ku-ya
sawah kuya
sa-wah ku-ya
s-a-w-a-h k-u-y-a
d nuliskeun aksara
e – e elap bekel bener
g – g gula ligar badag
c – c cuka pacul lancar
w – w wani lawon cewaw
y – y yakin layar lempay
ddddddddddddddddddddddddddddddddddddddddddddddddddddd
2222
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
e diajar maca 2
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
s-e-n-d-a-l
sen-dal
sendal
sen-dal
s-e-n-d-a-l
l-a-n-c-a-h
lan-cah
lancah
lan-cah
l-a-n-c-a-h
k-u-é-h
ku-éh
kuéh
ku-éh
k-u-é-h
k-a-o-s
ka-os
kaos
ka-os
k-a-o-s
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 2323
a-m-b-u
am-bu
ambu
am-bu
a-m-b-u
é-r-n-i
ér-ni
érni
ér-ni
é-r-n-i
é-n-t-o-g
én-tog
éntog
én-tog
é-n-t-o-g
u-n-c-a-l
un-cal
uncal
un-cal
u-n-c-a-l
g
énn-tog
é--n-t-o-g
2424
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
f diajar maca 3
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
p-i-a-l-a r-a-d-i-o a-k-s-a-r-a a-r-i-m-b-i
pi-a-la ra-di-o ak-sa-ra a-rim-bi
piala radio aksara arimbi
pi-a-la ra-di-o ak-sa-ra a-rim-bi
p-i-a-l-a r-a-d-i-o a-k-s-a-r-a a-r-i-m-b-i
k-i-l-o-a-n k-a-r-a-m-b-a
ki-lo-an ka-ram-ba
kiloan karamba
ki-lo-an ka-ram-ba
k-i-l-o-a-n k-a-r-a-m-b-a
t-a-r-u-m-pa-h k-o-m-p-u-t-e-r
ta-rum-pah kom-pu-ter
tarumpah komputer
ta-rum-pah kom-pu-ter
t-a-r-u-m-pa-h k-o-m-p-u-t-e-r
g ngunikeun kecap
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
1. kéré 1. keré 1. resep
2. hésé 2. gedé 2. sereg
gggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggg
(
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 2525
3. kédé 3. peré 3. lemes
4. lélé 4. sebé 4. bener
5. béké 5. lebé 5. kesed
h maca kalimah
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
1. poé – moé 5. baju – dibaju
isukan poé kemis maké baju lebaran
wanti moé anduk ato dibaju seragam
2. paku – maku 6. loték – diloték
suku kacugak paku sudaryat dahar loték
maku panto lomari kacambah sok diloték
3. pacul – macul 7. liwet - diliwet
nambut pacul sakedap liwet asak sapanci
patani macul di sawah béas arék diliwet
4. témbok – némbok 8. konci - dikonci
témbok pabrik rempag konci motor ragrag
semén dipaké némbok panto garasi dikonci
hhh
2626
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
i latihan ngalengkepan kalimah
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
conto:
1. pager 2. dikonci
sisi _____ sakola panto arék _____
sisi pager sakola panto arek dikonci
1. macul 1. ditopi
toha dititah ______ maman ______ biru
2. témbok 2. digambar
calik dina ______ laut ______ ku yati
3. palu 3. salé
dina peti aya ______ yanto dahar ____cau
4. moé 4. dikompa
dadan _____ sapatu ban kempés rék ____
5. pabrik 5. gepuk
digawé di _____ roti anu botram mekel __
i
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 2727
j latihan nyalin kalimah
Pék ku hidep salin kana aksara tulis.
1. harga bénsin mahal ______________________
2. sendal kénca yahya ______________________
3. tanduk domba garut ______________________
4. pérah bedog coplok ______________________
5. nambul kornét pelem _____________________
6. huntu landak méncos ____________________
7. cunduk waktos magrib ____________________
8. nambut séndok témbok ___________________
k nyaritakeun gambar
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Urang geus mikawanoh Tisna anu resep miara sasatoan. Tah
ayeuna hayu urang mikawanoh Nastiti jeung Koswara. Nastiti karesepna
ngurus taman hareupeun imahna. Di taman loba tangkal kembang.
Saban poé ku Nastiti sok dicebor. Kembangna sok dipetikan, terus
dipaké papaés dina luhur méja tamu.
Ari Koswara mah karesepna langlayangan. Sok nyieun sorangan,
tara meuli. Biasana pasosoré Koswara sok ngapungkeun langlayangan
di lapang. Di dinya téh tempat ngumpulna barudak anu ngadon arulin.
Soléh ogé sarua resep kana kaulinan. Soleh mah karesepna téh
ulin paparahuan di sisi balong. Sarua Soléh ogé sok nyieun sorangan.
Lain paparahuan meunang meuli.
jjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjj
kkkk
2828
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
Tah mun Yanti karesepna téh kana ngagambar. Rupa-rupa anu
sok digambarna téh. Gambar meunang Yanti sok ditémpélkeun dina
majalah dinding di sakola.
Pék ayeuna titénan rupa-rupa gambar anu nyaritakeun Nastiti,
Koswara, Soléh, jeung Yanti. Geus kitu pék ku hidep caritakeun.
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 2929
l latihan nuliskeun pangaresep
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Anu dicaritakeun ku hidep téh sobat urang. Tah kitu karesepna
téh. Di antara hidep ogé tangtu aya nu sarua karesepna.
Pék ayeuna tulis karesep hidep sorangan. Teu kudu sarua jeung
nu séjén. Anu kudu ditulis téh apan karesep hidep. Dina nulisna téh
hidep nyebut abdi pikeun diri sorangan.
l
3030
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
conto : 1. karesep abdi kana
karesep abdi kana maén bal
2. ari tempatna sok di
ari tempatna sok di lapang
Pigawé kawas conto.
1. abdi resep kana
2. tempatna sok di
3. ari waktuna tabuh
4. biasana dina poé
5. alat anu dipakéna
kagiatan
P
angajara
n
3
3131
3232
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
a ngaregepkeun carita
(Dibaca ku Ibu/Bapa Guru)
Tisna gé sakolana sarua jeung hidep, kelas hiji. Saban indit ka
sakola sok nyampeur sobatna, ngaranna Oki. Kitu kagiatan
maranéhna saban isuk, kajaba mun sakolana keur peré.
Geura urang regepkeun.
indit ka sakola
saban isuk oki disampeur ku tisna
sa-ban i-suk o-ki di-sam-peur ku tis-na
henteu léléda terus indit ka sakola
hen-teu lé-lé-da te-rus in-dit ka sa-ko-la
sok laleumpang lantaran deukeut
sok la-leum-pang lan-ta-ran deu-keut
teu kungsi sapuluh menit ogé nepi
teu kung-si sa-pu-luh me-nit o-gé ne-pi
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 3333
tara kabeurangan sabab tanginas
ta-ra ka-beu-rang-an sa-bab sok su-hud
komo lamun keur giliran piket mah
ko-mo la-mun keur gi-lir-an pi-ket mah
kudu sasapu meresihan heula kelas
ku-du sa-sa-pu me-re-sih-an heu-la ke-las
kabéh kagiliran saminggu séwang
ka-béh ka-gi-lir-an sa-ming-gu sé-wang
diajar kudu saregep ulah bari heureuy
di-a-jar ku-du sa-re-gep u-lah ba-ri heu-reuy
kitu deui teu meunang ribut garandéng
ki-tu deui teu meu-nang ri-but ga-ran-déng
marotah jeung lulumpatan di jero kelas
ma-ro-tah jeung lu-lum-pat-an di je-ro ke-las
komo silih balédog mah bisi matak cilaka
ko-mo si-lih ba-lé-dog mah bi-si ma-tak ci-la-ka
3434
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
b nyaritakeun kagiatan
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Tah kitu Tisna jeung Oki dina saban isuk téh. Laleumpang bareng
indit ka sakola. Tara kungsi kabeurangan.
Di jero kelas ari keur diajar sok saregep. Apan pangajaran ti Ibu/
Bapa Guru kudu diregepkeun. Diajar teu meunang bari heureuy atawa
malaweung.
Pék ku hidep jawab.
1. saha nu disampeur ku tisna téh
2. naha inditna sok laleumpang
3. naon sababna tara kabeurangan
4. kumaha mun keur kagiliran pikét
5. kumaha ngabagi giliran pikét téh
6. naon sababna diajar kudu saregep
7. naha di kelas teu meunang garandéng
8. naha di kelas ulah silihbalédog
Kumaha ari kagiatan hidep sapopoé? Cing pék ku hidep caritakeun.
Carana mah jawab waé pananya anu aya di handap. Tangtu hidep
bakal bisa nyaritakeun kagiatan sorangan.
1. tabuh sabaraha hidep ka sakola
2. sok bareng jeung saha ari inditna
3. jauh henteu ti imah ka sakola téh
4. méméh ka kelas sok naon heula
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 3535
5. terus ka mana bubar ti sakola téh
6. di imah naon waé nu dipigawé
7. iraha hidep ulin jeung babaturan
8. hidep resep kana kaulinan naon
c diajar maca 1
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
eu
eu-r-i-h c-a-r-eu-h
eu-rih ca-reuh
eurih careuh
eu-rih ca-reuh
eu-r-i-h c-a-r-eu-h
s-a-m-p-eu
sam-peu
sampeu
sam-peu
s-a-m-p-eu
eu-pan la-uk ca-reuh bu-lan
eupan lauk careuh bulan
si-reum a-teul sa-sak beu-si
sireum ateul sasak beusi
3636
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
ng
buah ngora
ng-o-r-a
ngo-ra
ngora
ngo-ra
ng-o-r-a
buah ngora
bango di sawah
b-a-ng-o
ba-ngo
bango
ba-ngo
b-a-ng-o
bango di sawah
angin peuting langit béngras
a-ngin peu-ting la-ngit béng-ras
sayang éngang goréng bawang
sa-yang é-ngang go-réng ba-wang
engkol lémbang kacang panjang
eng-kol lém-bang ka-cang pan-jang
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 3737
d ngucapkeun kecap
(Dituyun ku Bapa/Ibu Guru)
Pék ucapkeun sing béntés.
eu
euweuh eumeur eundeur eunteup
eu-weuh eu-meur eun-deur eun-teup
leueur seueur keueum leueut
leu-eur seu-eur keu-eum leu-eut
beureum seukeut keuyeup peureum
beu-reum seu-keut keu-yeup peu-reum
peunteun geunteul beunteur leumpeuh
peun-teun geun-teul beun-teur leum-peuh
ng
angin langit suung téang
a-ngin la-ngit su-ung té-ang
reungit ka-wung munding bénténg
reu-ngit ka-wung mun-ding bén-téng
3838
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
éngang bangkong bingkeng bangbung
é-ngang bang-kong bing-keng bang-bung
kalangkang balingbing
ka-lang-kang ba-ling-bing
cangkaléng barangbang
cang-ka-léng ba-rang-bang
e maca kalimah 1
Pék ku hidep baca
1. lebet tamu piwarang ka lebet
leubeut balingbing mani leubeut
2. bener kamari ulangan bener kabéh
beuneur paré di sawah mimiti beuneur
3. énténg ah geuning énténg tugas téh
eunteung eunteung ditunda dina méja
4. hideng kudu hideng kana pagawéan
hideung areng warnana tangtu hideung
f latihan ngalengkepan kalimah
Kalimah di handap pék eusian.
1. bener
jalma bener bakal dipercaya
f
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 3939
2. seuri
ulah sok sorangan atuh
3. beuneur
awakna leutik tapi
7. bébér
kapal layar di tengah laut
3. hideng
murid kudu kana tugas
8. beubeur
maké ngarah pageuh
4. hideung
irman maké kacapanon
9. létak
pék uyah téh rasana asin
5. séri
pérsib lawan pérsija hasilna
10. leutak
sapatu kotor ku balong
g diajar maca 2
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
la-pang ba-lé-dé-sa ma-ké ka-ca-pa-non
lapang balédésa maké kacapanon
ca-ha-ya pa-non-po-é la-la-jo san-di-wa-ra
cahaya panonpoé lalajo sandiwara
gggggggggggggggggggggggg
4040
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
sa-pa-tu o-lah-ra-ga peu-rah ba-ba-ha-ur
sapatu olahraga peurah babakaur
war-na ka-tum-bi-ri ké-cap ma-ja-léng-ka
warna katumbiri kécap majaléngka
h maca kalimah 2
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
1. jalan raya sukabumi
ja-lan ra-ya su-ka-bu-mi
2. pabrik tinun majalaya
pab-rik ti-nun ma-ja-la-ya
3. wates lembur kadipatén
wa-tes lem-bur ka-di-pa-tén
4. di kacamatan singaparna
di ka-ca-mat-an si-nga-par-na
5. lapang ménbal gegerkalong
la-pang mén-bal ge-ger-ka-long
6. bénjang ujungberung wétan
bén-jang u-jung-be-rung wé-tan
7. pamayang laut pangandaran
pa-ma-yang la-ut pa-ngan-dar-an
8. kasenian buhun rangkasbitung
ka-se-ni-an bu-hun rang-kas-bi-tung
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 4141
i maca bedas
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
gunana olahraga
poé ahad di lapang balédésa aya senam
po-é a-had di la-pang ba-lé-dé-sa a-ya se-nam
saméméh tabuh tujuh ogé geus karumpul
sa-mé-méh ta-buh tu-juh o-gé geus ka-rum-pul
maraké baju jeung sapatu paranti olahraga
ma-ra-ké ba-ju jeung sa-pa-tu pa-ran-ti ol-ah-ra-ga
barudak loba nu miluan awéwé jeung lalaki
ba-ru-dak lo-ba nu mi-lu-an a-wé-wé jeung la-la-ki
olahraga téh apan penting pikeun kaséhatan
o-lah-ra-ga téh a-pan pen-ting pi-keun ka-sé-hat-an
salian ti éta urang matak jadi gumbira deuih
sa-li-an ti é-ta u-rang ma-tak ja-di gum-bi-ra deu-ih
iii
4242
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
guna séjénna pikeun nambahan kawawuhan
gu-na sé-jén-na pi-keun nam-ba-han ka-wa-wuh-an
ngaraketkeun duduluran pikeun silih tulungan
nga-ra-ket-keun du-du-lur-an pi-keun si-lih tu-lung-an
j ngedalkeun jawaban
Pék ku hidep jawab.
1. di mana senam poé ahad téh tempatna
2. tabuh sabaraha nu rék senam karumpulna
3. sok maraké naon anu mariluan senam téh
4. naha ari barudak ogé sok miluan senam
5. penting pikeun naon ari olahraga téh
6. mun olahraga naha matak jadi gumbira
7. penting henteu mun urang loba sobat
8. naon waé gunana mun urang loba sobat
9. ari kagiatan hidep sapopoé naon waé
10. di mana tempatna mun hidep olahraga
k maca paguneman
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Ieu aya bacaan paguneman. Anu kahiji antra Yanti jeung Sinta.
Anu kadua antara Pandu jeung Irman. Pék ku hidep baca. Sing
alus lentongna.
kkkkkkkkkkkk
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 4343
miluan senam
yanti: hayu ah urang miluan senam
sinta: di mana ari tempat senamna
yanti: di buruan kantor kacamatan
sinta: ari budak meunang miluan kitu
yanti: atuh puguh waé meunang mah
sinta: hayu atuh bisi béakeun tempat
yanti: tapi kudu bébéja heula ka ema
sinta: apan arék bébéja heula ieu ogé
piknik ka ciwidéy
pandu: ari poé ahad kamari ka mana
irman: apan ku uwa diajak ka ciwidéy
pandu: leuh jauh atuh ka ciwidéy mah
irman: tapi matak resep di jalanna ogé
pandu: loba pamandangan éndah tuda
4444
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
irman: jaba ogé hawana seger deuih
pandu: tangtu sabab daérah pagunungan
irman: hanjakal teu kaburu ka kawah putih
l latihan paguneman
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
1. Pék ku hidep petakeun di hareupeun kelas.
2. Dina paguneman 1 tangtukeun heula saha nu jadi Yanti jeung
Sinta.
3. Dina paguneman 2 tangtukeun heula saha nu jadi Pandu jeung
Irman
4. Kahadé macana sing bener jeung ulah rurusuhan.
l
kulawarga
P
angajara
n
4
4545
4646
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
a ngaregepkeun carita
(Dibaca ku Ibu/Bapa Guru)
Urang nyaritakeun deui Tisna. Ayeuna mah Tisna jeung lanceuk
katut adina. Pék ku hidep regepkeun.
kulawarga tisna
tisna téh budak panengah
tis-na téh bu-dak pa-ne-ngah
boga lanceuk jeung adi
bo-ga lan-ceuk jeung a-di
ratna ngaran lanceuk tisna
rat-na nga-ran lan-ceuk tis-na
ku kolotna sok disebut nyai
ku ko-lot-na sok di-se-but nya-i
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 4747
adi tisna ngaranna jayadi
a-di tis-na nga-ran-na ja-ya-di
beungeutna nyeplés ka tisna
beu-ngeut-na nyep-lés ka tis-na
ratna téh disebutna cikal
rat-na téh di-se-but-na ci-kal
nyaéta budak panggedéna
nya-é-ta bu-dak pang-ge-dé-na
ari jayadi disebutna bungsu
a-ri ja-ya-di di-se-but-na bung-su
nyaéta budak pangleutikna
nya-é-ta bu-dak pang-leu-tik-na
ratna sakolana kelas genep
rat-na sa-ko-la-na ke-las ge-nep
ari jayadi mah tacan sakola
a-ri ja-ya-di mah ta-can sa-ko-la
tisna sadudulur layeut alakur
tis-na sa-du-du-lur la-yeut a-la-kur
lanceuk kudu ngéléhan ka adi
lan-ceuk ku-du ngé-léh-an ka a-di
daék ngaping bari jadi conto
da-ék nga-ping ba-ri ja-di con-to
jeung ulah sok ngaheureuyan adi
jeung u-lah sok nga-heu-reuy-an a-di
4848
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
adi ulah ngalawan ka lanceuk
a-di u-lah nga-la-wan ka lan-ceuk
kudu sopan entong bedegong
ku-du so-pan en-tong be-de-gong
tah kumaha ari ka indung bapa
tah ku-ma-ha a-ri ka in-dung ba-pa
sakur naséhatna wajib diturut
sa-kur na-sé-hat-na wa-jib di-tu-rut
pikeun tuduh jalan kahadéan
pi-keun tu-duh ja-lan ka-ha-dé-an
ulah mungpang kana piwarang
u-lah mung-pang ka-na pi-wa-rang
komo mun wani nyentak mah
ko-mo mun wa-ni nyen-tak mah
sangkan salamet dunya ahérat
sang-kan sa-la-met du-nya a-hé-rat
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 4949
b ngabandungan piwuruk
(Dicaritakeun ku Ibu/Bapa Guru)
Tisna téh budak panengah ti tilu sadulur. Maksudna budak nomer
dua. Boga lanceuk ngaranna Ratna, jeung boga adi ngarann Jayadi.
Éta tilu sadulur téh putrana Ibu Néngsih jeung Bapa Rusmana.
Ratna téh ku kolotna sok disebut Nyai. Karesepna kana nyanyi.
Ratna sakolana geus kelas genep. Ari adi Tisna ngaranna Jayadi.
Nénéhna sok disebut Ii. Rupana mani sarua jeung Tisna. Ari Jayadi
mah tacan sakola.
Ratna téh disebutna anak cikal. Maksudna budak panggedéna.
Jayadi disebutna anak bungsu. Maksudna budak anu pangleutikna.
Tisna sadudulur layeut jeung alakur. Lanceuk kudu ngéléhan ka
adi. Daék ngaping tur jadi picontoeun. Lanceuk ulah sok ngaheureuyan
adi. Kitu deui adi ogé ulah ngalawan jeung maséaan lanceuk. Ulah
bedegong atawa mawa karep sorangan.
5050
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
Tisna ka dulurna tara korét. Ka batur sarua tara kitu deuih. Hidep
ogé kudu béréhan jeung daék tutulung. Dibarung ku iklas. Jalma nu
resep dipuji sok adigung. mun nyarita sok sombong.
Hidep ogé tangtu sarua kitu. Ari jeung dulur teu meunang paséa.
Nya jeung batur gé sarua ulah kitu peta. Jalma nu resep paséa téh
goréng kacida. Komo mun bari jeung harak atawa resep ngaganggu
batur mah. Engkéna moal aya nu daékeun maturan.
Mun hidep jadi lanceuk kudu picontoeun adi. Ulah bangor jeung
carékeun. jeung ulah sok ngaheureuyan adi deuih. Malah mun adi ceurik
téh kudu gancang sina répéh. Kudu daék ngasuh deuih. Pék ajakan ulin
tapi ulah nu matak jadi cilaka.
Upama hidep jadi adi kudu nurut ka lanceuk. ulah sok ngalawan
jeung ulah ogoan. Kudu daék mantuan lanceuk deuih. Mun lanceuk keur
bébérés ku urang kudu dibantuan. Entong ngadagoan dititah heula.
Kudu hideng sorangan.
Alus pisan mun hidep ngapalkeun babarengan. Mun aya sual anu
tacan ngarti pék tanyakeun ka lanceuk. Engké ogé ku lanceuk bakal
diterangkeun sabisana. Kadé poho hidep ngucapkeun nuhun.
Anu paling penting urang kudu nurut ka indung jeung ka bapa.
Naséhat indung bapa téh jadi tuduh jalan kana kahadéan. Urang
kudu hormat némbongkeun sopan santun. Ulah sok mungpang atawa
ngalawan. Komo mun wani nyentak mah. Apan éta téh kolot urang.
Kanyaah indung jeung bapa taya watesna. Sakur piwurukna kudu
diregepkeun jeung dipigawé. Éta téh sangkan urang salamet dunya
ahérat. Indung jeung bapa tangtu miharep urang jadi budak anu soléh.
Di sakola jadi murid anu pinter.
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 5151
c ngajawab pananya
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Pék ku hidep jawab.
1. sabaraha urang dulurna tisna téh?
2. saha anu nyeplés pisan ka tisna?
3. naon anu dimaksud anak cikal?
4. naon anu dimaksud anak bungsu?
5. kumaha ari tisna sadudulur téh?
6. kudu kumaha ari lanceuk ka adi?
7. kudu kumaha ari adi ka lanceuk?
8. alus henteu ari jalma korét téh?
9. naséhat saha anu wajib diturut téh?
10. bakal jadi kumaha mun urang nurut?
d nganggeuskeun kalimah
Hidep bieu geus ngaregepkeun piwuruk. Pék ayeuna lengkepan
kalimah di handap.
1. ari jeung dulur teu meunang
2. budak harak moal aya nu
3. lanceuk kudu bisa méré conto ka
5252
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
4. ari ka adi urang téh kudu daék
5. lanceuk ulah sok bangor jeung
6. urang ulah ulin anu matak jadi
7. mun lanceuk keur digawé kudu
8. alus pisan mun bisa ngapalkeun
9. mun urang dibantuan kudu nyebut
10. kanyaah indung bapa urang taya
e diajar maca
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Hayu urang diajar deui ngéjah aksara.
ny
karesep ratna kana nyanyi
nya-nyi
ny-a-ny-i
nya-nyi
karesep ratna kana nyanyi
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 5353
ku kolotna sok disebut nyai
nya-i
ny-a-i
nya-i
ku kolotna sok disebut nyai
beungeutna nyeplés ka tisna
nyep-lés
ny-e-p-l-é-s
nyep-lés
beungeutna nyeplés ka tisna
nyaéta budak anu pangleutikna
nya-é-ta
nya-é-t-a
nya-é-ta
nyaéta budak anu pangleutikna
komo mun wani nyentak mah
nyen-tak
ny-e-n-t-a-k
nyen-tak
komo mun wani nyentak mah
5454
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
sangkan salamet dunya ahérat
du-nya
d-u-ny-a
du-nya
sangkan salamet dunya ahérat
f ngéjah aksara bari nuduhkeun
gambarna
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Pék éjah terus titénan gambarna.
sapu nyéré nyiru leutik
sa-pu nyéré nyi-ru leu-tik
endog penyu sayang rinyuh
en-dog pe-nyu sa-yang ri-nyuh
buah konyal manuk manyar
bu-ah ko-nyal ma-nuk ma-nyar
sinyal karéta nyiruan nyeureud
si-nyal ka-ré-ta nyi-ru-an nyeu-reud
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 5555
5656
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
Pék ku hidep tuduhkeun gambarna.
1. mana ari penyu
2. mana ari rinyuh
3. mana ari nyiru
4. mana ari sapu nyéré
5. mana ari buah konyal
6. mana ari manuk manyar
7. mana ari sinyal karéta
8. mana ari sayang nyiruan
g ngagalantangkeun kalimah
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
1. heryana dibawa nyaba ka jampang
2. naséhat indung bapa nyata benerna
3. méméh subuh sartika geus nyaring
4. wulan diajar nyitak kuéh ka bibina
5. kadé atuh éngang téh bisi nyeureud
6. anu gering beungeutna mani kanyos
7. béntang katémbong mani nyéngcélak
8. pendopo téh apan nyanghareup ngalér
9. har naha saha anu nyurungkeun panto
10. mun teu ngarti kudu geuwat nanyakeun
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 5757
h ngalengkepan kalimah
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
conto: penyu
di basisir aya keur ngendog.
di basisir aya penyu keur ngendog.
1. anyar
murid ngaranna wéni
2. nyiru
ranginang dipoé dina
3. nyéré
liang sireum dicolok ku
4. manyar
dina tangkal aya sayang
5. banyol
tong ambek da ieu mah
6. konyal
buah rasana amis haseum
7. rinyuh
anu sok ngaruksak kai téh
8. nyanyi
hérman hareupeun sobatna
9. nyiruan
bapa juhana ngala madu
10. karunya
kudu ka jalma sangsara
5858
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
conto: carék nyarék
dokter dahar lada ka pasén.
dokter nyarék dahar lada ka pasén.
1. sugu nyugu
ahmad keur papan jati
2. sangu nyangu
ema di dapur
3. conto nyonto
entong jalma teu bener
4. sépak nyépak
ido bal ka tengah lapang
5. susun nyusun
tugas kalimah teu hésé
6. sobat nyobat
milati jeung kartini mani
7. seupan nyeupan
wati taleus keur susuguh
8. surung nyurung
jayadi keur momobilan
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 5959
i molahkeun paguneman
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Pék ku hidep polahkeun di hareupeun kelas.
1. nampi tamu
tamu : badé nepangan ibu
manik : kaleresan ibu nuju aya
tamu : punten atuh pangwartoskeun
manik : mangga diantos heula sakedap
2. nambut barang
tisna : ceuceu abdi badé nambut jidar
ratna : candak waé itu dina luhur méja tulis
tisna : sakantenan deuih sareng patlot
gambarna
ratna : patlot gambar mah disimpen dina laci
tisna : abdi kedah nyerat aksara dina karton
ratna : sok atuh ku ceuceu urang bantuan
tisna : hatur nuhun
6060
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
3. dipiwarang ka warung
aisah : abdi badé ngabantun pesenan ibu
pa udi : oh muhun kamari ibu pesen lauk emas
aisah : sakantenan mésér bawang daun deuih
pa udi : rupina ibu téh badé mais lauk
aisah : sumuhun
pa udi : pais lauk damelan ibu mah sok raos
aisah : apan ibu mah ahli masak
pa udi : engké gé néng aisah bakal ahli geura
aisah : ah abdi mah nuju diajar kénéh
4. diajakan piknik ku bibi
bibi éla : énjing urang piknik ka ciater yu
pertiwi : asik abdi badé diajakan piknik
nugraha : abdi ogé hoyong ngiring atuh bibi
bibi éla : muhun nugraha ogé badé diajak
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 6161
nugraha : abdi mah di ditu téh hoyong ngojay
pertiwi : tapi ngojayna ulah di balong nu jero
bibi éla : nya ulah atuh bisi engké titeuleum
nugraha : badé ngojay di balong nu déét waé
pertiwi : abdi mah badé tumpak kuda
bibi éla : tapi kadé di dituna ulah marotah
j maca bedas
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Pék ku hidep baca dina jero haté. Geus kitu terus pigawé tugasna.
sesebutan di lingkungan kulawarga
bapa dayat jeung ibu ati boga budak tilu
anu cikal ngaranna manik
anu panengah ngaranna ikbal
ari anu bungsu ngaranna wulan
6262
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
ikbal jeung wulan ka manik nyebutna ceuceu atawa tétéh
ari wulan ka ikbal nyebutna aa atawa akang
henteu sopan mun ka lanceuk nyebut ngaranna wungkul
hidep ogé kudu kitu nya
ka lanceuk ulah sok nyebut ngaran
kudu nyebut ceu imas atawa téh imas
mun lanceuk urang ngaranna imas
atawa nyebut kang rudi
mun lanceuk urang ngaranna rudi
ka indung kudu nyebut ema atawa ibu
aya deuih nu sok nyebut mamah atawa ambu ogé
ari ka bapa kudu nyebut téh apa atawa bapa
saluhureun indung jeung bapa aya nini jeung aki
ka nini sok aya anu nyebut enin
ari ka aki sok aya nu nyebut engki
sok aya nu nyebut éyang deuih
nini jeung aki téh kolotna indung atawa bapa urang
aya deuih nu disebut emang jeung bibi
éta téh adina indung atawa bapa urang
emang sesebutan keur ka lalaki
ari bibi sesebutan keur ka awéwé
lanceukna indung atawa bapa urang disebutna uwa
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 6363
k nataan kulawarga jeung dulur
(Dituyu ku Ibu/Bapa Guru)
Pék ku hidep tulis.
1. saha ari ngaran ibu hidep
2. saha ari ngaran bapa hidep
3. hidep boga dulur sabaraha urang
4. saha ari ngaran lanceuk hidep
5. saha ari ngaran adi hidep
aki nini aki nini
pa dayat bu ati
manik wulanikbal lanikbal
6464
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
6. saha ari ngaran nini hidep
7. saha ari ngaran aki hidep
8. saha ari ngaran emang hidep
9. saha ari ngaran bibi hidep
10. saha ari ngaran uwa hidep
l nataan kayaan di imah jeung
sabudeureunana
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Ayeuna pék tulis kaayaan di imah jeung sabudeureunana.
1. ari imah hidep di mana
2. jauh henteu ka sakola
3. di buruan imah hidep aya naon waé
4. hidep di imah sok migawé naon waé
5. sok di mana ari hidep diajar ngaji
6. hidep resep kana kaulinan naon
7. sok jeung saha waé hidep ulinna
8. di mana éta téh ari tempatna
pangalaman
P
angajara
n
5
6565
6666
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
a maca bedas
Sobat urang téa anu ngaran Tisna diajak nyaba ka lembur akina.
pangalaman Tisna matak resep macana. Hayu geura urang baca.
nyaba ka panyirapan
tisna diajakan nyaba ka panyirapan
tis-na di-a-jak-an nya-ba ka pa-nyi-rap-an
lembur di suku gunung jauh ti kota
lem-bur di su-ku gu-nung ja-uh ti ko-ta
di dinya aya nini jeung akina tisna
di di-nya a-ya ni-ni jeung a-ki-na tis-na
akina tisna ngebon melak palawija
a-ki-na tis-na nge-bon me-lak pa-la-wi-ja
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 6767
kayaning jagong waluh jeung paria
ka-ya-ning ja-gong wa-luh jeung pa-ri-a
paré ogé melak disebutna ngahuma
pa-ré o-gé me-lak di-se-but-na nga-hu-ma
tatangkalan galedé jeung jarangkung
ta-tang-kal-an ga-le-dé jeung ja-rang-kung
alpuket nangka peuteuy jeung limus
al-pu-ket nang-ka peu-teuy jeung li-mus
sok diarah buahna lamun keur usum
sok di-a-rah bu-ah-na la-mun keur u-sum
mahoni jati jeung surén diarah kaina
ma-ho-ni ja-ti jeung su-rén di-a-rah ka-i-na
kawung sok disadap diarah lahangna
ka-wung sok di-sa-dap di-a-rah la-hang-na
pikeun bahan nyieun gula beureum
pi-keun ba-han nyi-eun gu-la beu-reum
6868
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
lobana tatangkalan miara sumber cai
lo-ba-na ta-tang-kal-an mi-a-ra sum-ber ca-i
kana hawa ogé jadi beresih tur seger
ka-na ha-wa o-gé ja-di be-re-sih tur se-ger
nambahan éndah kana pamandangan
nam-bah-an én-dah ka-na pa-man-dang-an
béda jeung lahan nu taya tatangkalan
bé-da jeung la-han nu ta-ya ta-tang-kal-an
teu matak betah da hawana nyongkab
teu ma-tak be-tah da ha-wa-na nyong-kab
gampang urug bari sok caah
gam-pang u-rug ba-ri sok ca-ah
tisna betah pisan cicing di panyirapan
tis-na be-tah pi-san ci-cing di pa-nyi-rap-an
akina sok ngadongéng ngeunaan alam
a-ki-na sok nga-do-ngéng ngeu-na-an a-lam
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 6969
carana ngurus lahan supaya jadi subur
ca-ra-na ngu-rus la-han su-pa-ya ja-di su-bur
hanjakal tisna kudu balik deui ka kota
han-ja-kal tis-na ku-du ba-lik deu-i ka ko-ta
sabab geus téréh waktuna asup sakola
sa-bab geus té-réh wak-tu-na a-sup sa-ko-la
mun aya deui peré tisna rék ka akina
mun a-ya deu-i pe-ré tis-na rék ka a-ki-na
b ngabandungan pedaran
pangalaman
(Dibaca ku Ibu/Bapa Guru)
Pék ku hidep bandungan.
Tisna ku uwana diajakan nyaba ka Panyirapan. Lembur di suku
gunung anu anggang ti kota. Di dinya téh aya nini jeung akina Tisna.
Enya apan Nini Rahmi jeung Aki Suganda téh urang Panyirapan.
Aki Suganda ngebon palawija. Kayaning jagong , waluh, jeung
paria. Paré ogé sarua deuih melak, disebutna ngahuma. Melak paréna
lain di sawah, tapi di kebon darat/pasir.
Di kebon Aki Suganda loba tangkal galedé jeung jarangkung.
Aya anu diarah buahna, aya deuih nu diarah kaina. Anu diarah buahna
nyaéta alpuket, nangka, peuteuy, jeung limus. Ari anu diarah kaina
nyaéta jati, mahoni, jeung surén.
Tatangkalan téh nyuburkeun lahan jeung jadi sumber cai. Kana
hawa ogé matak jadi beresih deuih. Matak seger nyeuseupna, tur
7070
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
nambahan éndah pamandangan. Kacida bédana jeung dina lahan anu
euweuh tatangkalan. Teu pikabetaheun sabab hawana nyongkab atawa
panas bayeungyang. Taneuhna gampang urug. Lamun keur usum hujan
sok ngadatangkeun caah.
Tisna mani betaheun pisan salila cicing di Panyirapan téh. Saban
poé sok milu ka kebon, najan leumpangna rada jauh. Tisna sok saregep
ngabandungan akina ari keur nerangkeun tatangkalan. Kumaha crana
ngurus lahan supaya jadi subur. Kanyahona ngeunaan alam jadi
nambahan.
Ngan hanjakal Tisna kudu gancang mulang deui ka kota. Di lembur
akina téh ukur meunang opat poé. Enya apan kudu asup deui sakola da
geus béak peréna. Lamun aya deui peré, Tisna rék ka Panyirapan.
c nyaritakeun pangalaman
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Anu dibaca bieu ku hidep téh pangalaman Tisna salila peré sakola.
Tisna téh apan imahna di dayeuh atawa di kota. Ari akina Tisna matuh
di lembur anu jauh ti kota. Kaayaan di kota mah ramé, béda jeung di
lembur. Tapi najan kitu Tisna ngarasa betah. Hawana seger sabab loba
tatangkalan. Kitu deui kaayaan alamna ogé éndah.
Kanyaho Tisna jadi nambahan. Akina nerangkeun rupa-rupa
tatangkalan. Loba gunana geuning tatangkalan téh. Miara tatangkalan
sarua jeung miara lingkungan. Ngaruksak tatangkalan sarua jeung
ngaruksak alam.
Hidep ogé tangtu boga pangalaman anu matak resep. Kumaha
tah pangalaman hidep téh? Di mana ari tempatna? Tapi saméméh
nyaritakeun éta pangalaman, pék ayeuna ku hidep jawab heula pananya
di handap.
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 7171
1. ka mana tisna téh diajak nyabana
2. saha ari ngaran nini jeung akina tisna téh
3. naon anu dipigawé ku akina tisna
4. tangkal naon waé nu diarah buahna
5. naon waé gunana tatangkalan téh
6. kumaha di tempat nu taya tatangkalan
7. naha kanyaho tisna jadi nambahan
8. naon sababna tisna betaheun di lembur akina
9. naha tisna maké kudu mulang deui ka dayeuh
10. rék kumaha mun engké tisna peré deui sakola
Kitu tah pangalaman Tisna di Panyirapan téh. Pangalaman hidep
ogé tangtu matak resep deuih. Éta pangalaman téh pék ku hidep
caritakeun, upamana kieu:
1. harita hidep nyaba ka mana
2. di mana éta téh tempatna
3. jeung saha hidep inditna
4. kumaha ari kaayaan di jalanna
5. aya naon waé di tempat anu dituju
6. naon waé anu nyababkeun hidep ngarasa resep
7. meunang oléh-oléh naon hidep ti tempat nyaba
8. naha hidep hayang deui nyaba ka éta tempat
7272
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
d nyaritakeun gambar
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Ari ieu mah pangalaman Wéndi jeung Yunita waktu keur peré
sakola. Wéndi diajakan piknik ka kebon binatang ku lanceukna. Loba
sasatoan anu asalna Wéndi teu nyaho. Geuning mani rupa-rupa pisan.
Kaasup sasatoan anu geus langka. Di kebon binatang téh aya maung,
gajah, banténg, biruang, uncal, jeung rupa-rupa sato lianna.
Ari pangalaman Yunita mah diajakan ka basisir. Pamandangan di
sisi laut kacida éndahna. Yunita diajakan tumpak parahu. Saméméh
balik Yunita meuli heula barang karajinan tina kerang keur oléh-oléh.
Pangalaman Wéndi jeung Yunita bisa dititénan dina gambar.
Kumaha ari kaayaan di kebon binatang, jeung kumaha ari pamandangan
di sisi laut. Éta gambar téh pék ku hidep titénan, terus caritakeun. Anu
séjén kudu ngabandungan. Bagilir waé sakali séwang.
Gb. di kebon binatang
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 7373
7474
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 7575
e ngagalantangkeun kalimah
pananya
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
ngagunakeun kecap saha
1. yulia rék ngagoréng ulén
saha anu rék ngagoréng ulén téh
2. galih diajar tumpak sapéda
saha nu diajar tumpak sapéda téh
3. wahyu keur ngarang dongéng
saha anu keur ngarang dongéng téh
4. solihin bisaeun ngoméan radio
saha anu bisaeun ngoméan radio téh
5. kartini pinter ngawihkeun lagu
saha anu pinter ngawihkeun lagu téh
6. gumilang nyepak bal tarik pisan
saha anu nyépak bal tarik pisan téh
7. yusup ngaraut awi keur karajinan
saha anu ngaraut awi keur karajinan téh
8. ujé ngadorong mobil lebah tanjakan
saha anu ngadorong mobil lebah tanjakan téh
7676
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
ngagunakeun kecap naon
1. anduk keur diseuseuh ku nita
naon anu keur diseuseuh ku nita téh
2. suluh rék dibeulahan ku ahmad
naon anu rék dibeulahan ku ahmad téh
3. papan rék dihampelas ku karyana
naon anu rék dihampelas ku karyana téh
4. balong keur dibedahkeun ku pa haji
naon anu keur dibedahkeun ku pa haji téh
5. kompor rék dihurungkeun ku ibu déwi
naon anu rér dihurungkeun ku ibu déwi téh
6. hayam katé keur diparaban ku mang didi
naon anu keur diparaban ku mang didi téh
7. angeun lodéh keur dihaneutkeun ku sartika.
naon anu keur dihaneutkeun ku sartika téh
8. panto gerbang geus dikonci ku bapa satpam
naon anu geus dikonci ku bapa satpam téh
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 7777
f ngalengkepan kalimah ku
kecap pananya
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
conto: 1. saha
anu rék miluan kémping
saha anu rék miluan kémping
2. iraha
mimitina puasa romadon téh
iraha mimitina puasa romadon téh
Pigawé kawas conto
1. saha
anu kamari nyébor taman
2. naon
gunana miara lingkungan
3. iraha
mimiti datang usum hujan
4. naha
leuweung entong diruksak
5. kumaha
carana ari melak kalapa
6. sabaraha
urang anu milu wisata
7878
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
7. di mana
ari tempat upacara bandéra
8. ti iraha
manéhna dagang rujak cuka
g nyusun kecap jadi kalimah
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
conto: sapéda – mardani – boga - mini
mardani
mardani boga sapéda mini
Pigawé kawas conto
1. juara – jadi – penca - ibrahim
ibrahim
2. ngaji – keur – nurjanah - diajar
nurjanah
2. balik – déwi – olahraga – kakara
déwi
4. rék – kostaman – ménbal - latihan
kostaman
5. sedepmalem – melak – tangkal - ria
ria
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 7979
6. bénsin – iskandar – dititah – dagang
iskandar
7. tukang – lukman – di buruan – sasapu
lukman
8. kuda – balap – resep – héryanti – lalajo
héryanti
9. carita – dina – pantun – purbasari – aya
purbasari
10. getol – sunat – puasa – jamaludin – pisan
jamaludin
h mikawanoh istilah tempat
(Diterangkeun ku Ibu/Bapa Guru)
1. kota
di kota ramé loba ku kendaraan
2. kampung
di kampung gé mani caraang
3. taman
di taman loba anu keur dariuk
4. lapang
murid kumpul di lapang upacara
5. gunung
di bandung kidul aya tilu gunung
8080
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
6. walungan
entong miceun runtah ka walungan
7. sawah
ayeuna di sawah keur usum panén
8. kebon
kebon engkol di lembang mani lega
9. jurang
leumpang dina sisi jurang matak paur
10. talaga
di sisi talaga réa parahu paranti wisata
i ngalengkepan kalimah ku
istilah tempat
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Kalimah anu aya di handap pék eusian ku kecap jero kotak. Ku
hidep kudu dipilih heula kecap anu merenah.
a. gunung e. sumur i. jalan
b. jurang f. walungan j. talaga
c. sawah g. laut
d. lapang h. kampung
1. paré di téréh dipanén
2. sakitu halodo gé teu saat
3. cai di palidna ka hilir
i
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 8181
4. hawa di luhur tiris pisan
5. di ciburuy loba wisatawan
6. barudak latihan maénbal di
7. kamari aya mobil tigebrus ka
8. kendaraan di raya mani tararik
9. pamayang ngala lauk di tengah
10. teu kudu éra najan imah di
j nembangkeun pupuh
(Dicontoan ku Ibu/Bapa Guru)
Hayu ayeuna mah urang diajar nembang. Pupuhna magatru,
nyaritakeun sasatoan. Ku Ibu/Bapa Guru badé dicontoan heula. Pék ku
hidep bandungan, terus turutan nembangkeunana.
pupuh magatru
sato galak belang coréléng téh maung
kabeukina dahar daging
mun ngagerem témbong sihung
anu ganggu moal wani
cicingna di leuweung ganggong
jjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjj
8282
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
ari sato hideung katelahna lutung
dina tangkal resep cicing
gawéna ngan tinggulayun
sakapeung sok cungar cengir
mun pareng aya nu nempo
aya deui sato leutik tapi lucu
ngaranna téh apan bajing
bulu lemes semu hipu
kana bungbuahan beuki
kalapa ngora mah komo
lingkungan
sabudeureun
P
angajara
n
6
8383
8484
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
a maca bedas
Pék ku hidep baca.
mimiti usum hujan
usum halodo geus mimiti béak
u-sum ha-lo-do geus mi-mi-ti bé-ak
ayeuna rék nincak ka usum ngijih
a-yeu-na rék nin-cak ka u-sum ngi-jih
langit teu béngras sabab ceudeum
la-ngit teu béng-ras sa-bab ceu-deum
hawa ngadadak jadi bayeungyang
ha-wa nga-da-dak ja-di ba-yeung-yang
henteu kungsi lila ogé breg hujan
hen-teu kung-si lil-a o-gé breg hu-jan
tampolana ngecrek tepi ka peuting
tam-po-la-na ngec-rek te-pi ka peu-ting
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 8585
hujan téh rahmat pikeun kahirupan
hu-jan téh rah-mat pi-keun ka-hi-rup-an
lahan jadi subur pepelakan teu layu
la-han ja-di su-bur pe-pe-lak-an teu la-yu
sawah atawa kebon bisa dipelakan
sa-wah a-ta-wa ke-bon bi-sa di-pe-lak-an
datangna usum hujan téh matak atoh
da-tang-na u-sum hu-jan téh ma-tak a-toh
sumur nu saat jadi pinuh deui caina
su-mur nu sa-at ja-di pi-nuh deu-i ca-i-na
buruan moal ngebul taneuhna garing
bu-ru-an mo-al nge-bul ta-neuh-na ga-ring
dina usum hujan téh kudu waspada
di-na u-sum hu-jan téh ku-du was-pa-da
sabab sok datang caah anu ngadadak
sa-bab sok da-tang ca-ah a-nu nga-da-dak
8686
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
solokan reujeung walungan limpas
so-lo-kan reu-jeung wa-lu-ngan lim-pas
lamun ngeueum imah matak ripuh
la-mun ngeu-eum i-mah ma-tak ri-puh
tangkal ogé sok loba anu rungkad
tang-kal o-gé sok lo-ba a-nu rung-kad
matak jadi bahaya lamun ninggang
ma-tak ja-di ba-ha-ya la-mun ning-gang
ayana caah sabab salah urang kénéh
a-ya-na ca-ah sa-bab sa-lah u-rang ké-néh
cai hujan henteu nyerep kana taneuh
ca-i hu-jan hen-teu nye-rep ka-na ta-neuh
atawa lantaran solokan henteu ngamalir
a-ta-wa lan-ta-ran so-lo-kan hen-teu nga-ma-lir
kapengpet ku runtah anu ngahunyud
ka-peng-pet ku run-tah a-nu nga-hu-nyud
urang ulah miceun runtah ka solokan
u-rang u-lah mi-ceun run-tah ka so-lo-kan
apan kitu ceuk dina aturan lingkungan
a-pan ki-tu ceuk di-na a-tur-an ling-kung-an
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 8787
b ngabandungan pedaran miara
lingkungan
(Dibaca jeung diterangkeun ku Ibu/Bapa Guru)
Ayeuna geus mimiti usum hujan. Langit mindeng ceudeum.
Saméméh asar ogé sok geus breg hujan. Turunna hujan téh matak
atoh. Buruan moal ngebul, da taneuhna henteu garing. Sumur ogé bakal
pinuh deui caina. Dina usum halodo mah sumur téh loba nu saat.
Hujan téh rahmat pikeun kahirupan. Lahan jadi subur, pepelakan
henteu layu. Sawah jeung kebon bisa dipelakan deui ku patani.
Tapi najan kitu, urang angger kudu waspada. Hujan téh bisa
nyababkeun caah. Solokan jeung walungan limpas. Imah jeung
wawangunan lianna kakeueum. Tangkal kai ogé sok aya nu rungkad.
Éta téh matak bahaya mun ninggang ka urang.
Datangna caah téh utamana lantaran salah urang kénéh. Cai hujan
henteu nyerep kana taneuh. Atawa bisa waé lantaran solokan teu ngalir.
Kapengpet ku runtah anu ngahunyud. Padahal ceuk dina aturan, urang
teu meunang miceun runtah ka solokan.
Runtah kudu dipiceun kana tempatna. Bisa deuih lamun langsung
diduruk ogé. Lobana runtah téh bakal nimbulkeun rupa-rupa kasakit.
Jaba deuih matak rujit jeung bau kaambeuna. Loba laleur anu sok
nyebarkeun bibit kasakit.
Éta pangna urang wajib miara lingkungan. Ulah miceun runtah
sangeunahna. Komo runtah anu matak bahaya mah. Lingkungan anu
beresih nyababkeun urang jadi séhat. Jaba deuih katempona asri.
Tangtu waé urangna ogé bakal ngarasa betah di tempat anu kitu mah.
8888
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
c nganggeuskeun kalimah
Kalimah anu aya di handap pék anggeuskeun.
1. dina usum hujan langit mindeng
2. ari rék turun hujan hawa robah jadi
3. turunna hujan téh jadi rahmat pikeun
4. dina usum hujan sumur sok pinuh
deui
5. cai hujan kudu sina gancang nyerep
kana
6. solokan jeung walungan teu ngalir
lantaran
7. tangkal kai anu rungkad matak bahaya
lamun
8. ceuk dina aturan urang entong miceun runtah
ka
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 8989
d diajar maca
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Pék ku hidep éjah bari ilikan gambarna.
jangkrik
jang-krik
j-a-ng-k-r-i-k
jang-krik
jangkrik
angklung
ang-klung
a-ng-k-l-u-ng
ang-klung
angklung
semprong
sem-prong
s-e-m-p-r-o-ng
sem-prong
semprong
9090
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
sandrarékdaptarkapasantrén
congkrang
cong-krang
c-o-ng-k-r-a-ng
cong-krang
congkrang
e ngucapkeun kalimah
Pok lisankeun sing jéntré.
1. bapa komar jadi mantri pasar
2. lauk kancra sagedé bitis kolot
3. listrik pareum sapeuting jeput
4. sora jangkrik kalung tarik pisan
5. ngasupkeun baso kana jemblung
f nyalin kalimah
Kalimah anu aya di handap pék salin kana aksara tulis. Ilikan heula
contona.
conto: sandra rék daptar ka pasantrén
f
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 9191
1. mantri sastra nyantri pisan
2. sintrong dina lahan gamblung
3. tengah peuting mani jempling
4. baskom dipaké wadah kicimpring
5. tangkal cangkring dina sisi jungkrang
g ngalengkepan kalimah
Kalimah nu aya di handap pék ku hidep eusian.
1. bra-bru
ulah bra-bru miceun runtah di mana waé
2. plak-pluk
jambu aér nu geus asak ragragan
3. bruy-bray
lampu di luhur panggung caraang
4. plus-plos
dagang téh geuning euweuh batian
5. pras-pris
hujan geus mimiti hawa karasa tiris
6. krang-kring
asa ti tatadi telepon kadéngé waé
7. crung-créng
balanja ka toko éta salawasna kudu
ggggggggggggggggggggggggggggg
9292
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
8. blung-blong
tutupkeun panto dapur téh ulah kitu.
9. trong-trang
barudak nguah angeun di dapur kadéngé
10. jlung-jleng
anu ngibing bénjang ka jero kalang.
h ngabandungan carita
(Dibaca ku Ibu/Bapa Guru)
Ibu/Bapa Guru badé maos carita ngeunaan kerja bakti. Pék ku hidep
bandungan sing saregep. Peupeujeuh hidep ulah malaweung.
Kerja Bakti di Jadaria
Urang lembur Jadaria sabulan sakali sok ngayakeun kerja bakti.
Geus maneuh éta kagiatan téh. Biasana dina poé Ahad. Kerja bakti
meresihan lingkungan sabudeur.
Jalan jeung gang dibébérés. Komo deui ari buruan mah. Runtahna
dikumpulkeun terus dipiceun kana tempatna. Solokan diberesihan
sangkan caina lancar. Kitu deui tatangkalan anu hieum sok ditutuhan
sangkan jadi caraang. Nu barala diberesihan sangkan lelening.
Anu miluan kerja bakti téh lain kolot wungkul. Para rumaja jeung
barudak ogé sok harideng sorangan. Inditna ti imah téh tara laléngoh.
Pasti waé bari marawa pakakas pikeun digawé. Aya anu mawa pacul
atawa singkup. Aya deuih nu mawa parang atawa arit pikeun ngababad
jukut. Mun barudak lolobana sok mawa sapu nyéré.
h
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 9393
Ayeuna ogé keur ramé kerja bakti. Apan téréh datang usum
ngijih. Solokan kudu dipariksa. Mun dina susukan aya nu mendet kudu
gancang dibebener. Tangkal anu geus ropoh ulah diantep. Mun dahanna
peunggas bisi ninggang imah. Komo mun ninggangna langsung ka
jalma mah matak bahaya pisan.
Jalan anu lalegok geuwat disaeur ku barangkal. Kitu deui jalan anu
sok jadi leueur mun kahujanan. Saluran pamiceunan cihujan di lapang
poli dipariksa. Bisi engkéna cileuncang ngeyembeng.
Ti saméméh haneut moyan ogé geus breng dimimitian. Digarawé
bari suka seuri. Tara aya anu ngarasa kapaksa. Biasana mah kerja
bakti téh tepi ka wanci lohor. Sakapeung mun tacan réngsé mah sok
diteruskeun tepi ka wanci asar.
Loba nu mawa lalawuh keur konsumsi. Leupeut jeung goréngan
dina balastrang. Goréng ulén jeung papais haraneut kénéh. Geus
karuhan ari cai keur nginumna mah. Malah ayeuna mah aya anu mawa
bandrék sagala.
9494
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
j nyaritakeun kerja bakti
Sanggeus ngabandungan carita anu diaos ku Ibu/Bapa Guru, pék
ayeuna ku hidep caritakeun deui eusina. Supaya babari, carana
mah bisa ngajawab pananya ieu di handap.
1. iraha urang jadaria ngayakeun kerja baktina
2. naon waé anu dipigawé dina kerja bakti téh
3. naon sababna tatangkalan anu hieum ditutuhan
4. saha waé anu sok miluan kan kerja bakti téh
5. naon waé pakakas anu sok dibawana
6. naon sababna saluran cai kudu dibebener
7. kumaha lamun dahan anu penggas ninggang
8. kudu kumaha mun aya jalan anu legok jeung
leueur
9. ti tabuh sabaraha mimiti kerja baktina téh
10. naon waé konsumsi dina kerja bakti téh
k niténan gunana pakakas
Pék ku hidep titénan gambar rupa-rupa pakakas nu aya di handap.
jjjjjjjjjjjjjjjjj
kkkkkkkkk
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 9595
Hidep tangtu apal, naon waé gunana éta pakakas téh. Pék ayeuna
terangkeun.
l ngalengkepan kalimah ku
ngaran barang
Pék ku hidep tulis ngaran pakakas dina kalimah di handap.
1. héni nyiksikan bawang maké
2. ageng nyeukeutan patlot maké
l
9696
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
3. néngsih ngaréndos bungbu maké
4. dudi ngarapet langlayangan maké
5. mang dadan meulahan papan maké
6. bibi sumarni nyeuseuhan baju maké
7. rustono keur nyodokan runtah maké
8. édi ngajulan jambu tina tangkal maké
9. karmila meresihan kaca jandéla maké
10. ani motongan lawon bahan baju maké
P
angajara
n
7
miara barang
jeung mikanyaah
sasatoan katut
tatangkalan
9797
9898
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
a ngaregepkeun tembang
(Dicontoan ku Ibu/Bapa Guru)
Urang kudu apik dina miara barang. Komo anu hargana mahal
mah. Lamun jabrah, geus tangtu éta barang téh bakal téréh ruksak.
Geura pék ku hidep bandungan tembang anu badé dihaleuangkeun
ku Ibu/Bapa Guru. Ieu tembang téh dina pupuh kinanti.
apik kana barang
(pupuh kinanti)
barang nu tadina alus
ba-rang nu ta-di-na a-lus
anyar pan karék dibeuli
a-nyar pan ka-rék di-beu-li
ahirna mah bakal ruksak
a-hir-na mah ba-kal ruk-sak
umurna henteu sawarsih
u-mur-na hen-teu sa-war-sih
ana barang
kinanti)
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 9999
komo mun teu dipiara
ko-mo mun teu di-pi-a-ra
dipakéna henteu apik
di-pa-ké-na hen-teu a-pik
nyatana da mémang kitu
nya-ta-na da mé-mang ki-tu
barang gedé barang leutik
ba-rang ge-dé ba-rang leu-tik
sanajan hargana mahal
sa-na-jan har-ga-na ma-hal
téréh ruksak enggeus pasti
té-réh ruk-sak eng-geus pas-ti
nu nyésa kari bangkéna
nu nyé-sa ka-ri bang-ké-na
moal payu kana duit
mo-al pa-yu ka-na du-it
100100
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
lamun alus dina ngurus
la-mun a-lus di-na ngu-rus
ku urang mindeng diroris
ku u-rang min-deng di-ro-ris
umur barang bisa panjang
u-mur ba-rang bi-sa pan-jang
sanajan ngan boga hiji
sa-na-jan ngan bo-ga hi-ji
méré mangpaat ka urang
mé-ré mang-pa-at ka u-rang
bakal senang kana diri
ba-kal se-nang ka-na di-ri
komo pikeun barang batur
ko-mo pi-keun ba-rang ba-tur
nginjeum ti lanceuk ti adi
ngin-jeum ti lan-ceuk ti a-di
kudu leuwih ngariksana
ku-du leu-wih nga-rik-sa-na
sabab bakal ménta ganti
sa-bab ba-kal mén-ta gan-ti
mun ruksak lantaran urang
mun ruk-sak lan-ta-ran u-rang
atawa barangna leungit
a-ta-wa ba-rang-na leu-ngit
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 101101
b ngabandungan pedaran
eusi tembang
(Diterangkeun ku Ibu/Bapa Guru)
Ari hidep boga barang naon waé? Tangtuna gé rupa-rupa, nya.
Aya barang anu sok digunakeun dina kagiatan sakola, upamana buku,
kantong, patlot, pulpén, jeung jidar. Aya barang anu dipakéna dina
kaulinan, misalna bal, rékét, sapéda, jeung cocooan lianna. Anu sok
dipaké sapopoé kayaning baju, calana, sapatu, topi, jeung lian-lianna.
Barang bakal awét jeung lila kapakéna lamun urangna apik. Ulah
kana barang nu hargana mahal waé apik téh, nya. Kana barang anu
hargana murah ogé sarua waé kudu apik. Apan sanajan murah gé
angger loba gunana. Contona patlot. Enya ari hargana mah kaitung
murah, tapi apan loba gunana. Pék geura lamun urang teu boga patlot,
tangtu moal bisa migawé tugas ti Ibu/Bapa Guru. Enya, rék kumaha
nulisna lamun patlotna mah euweuh mah. Éta cenah bisa diganti ku
pulpén, tapi apan béda deui.
Anu dimaksud apik di dieu téh nyaéta apik dina makéna, apik dina
ngurusna, jeung apik dina nundana. Urang ulah neundeun barang di
mana waé sokna, tapi kudu dina tempatna. Lamun ditunda di mana waé,
urang bisa poho. Atuh lamun arék maké téh kudu ditéangan heula.
Barang téh dipakéna kudu saluyu jeung gunana. Patlot gunana
pikeun nulis. Tah ku sabab éta nya kudu digunakeun pikeun nulis. Baju
paranti sakola, apan digunakeunana téh mun urang sakola. Jadi di
mana geus balik ti sakola, upamana hidep rék ulin, kudu diganti ku baju
séjén anu biasa paranti ulin.
Lamun baju geus kalotor, ku urang kudu gancang diseuseuh. Teu
hadé lamun baju nu geus kotor tapi ku urang terus dipapaké. Kitu deui
sapatu, lamun geus kotor téh kudu gancang dikumbah, terus dipoékeun.
Lamun sapatu kulit, sangkan awét téh kudu disemir.
102102
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
Lamun urang bener dina maké, ngurus, jeung nunda hiji barang,
tangtu moal gancang ruksak atawa leungit. Lamun hiji barang ruksak
atawa leungit, apan urang téh kudu meuli deui. Duitna ménta ka kolot.
Tuh pan matak hambur duit.
Komo kana barang meunang nginjeum mah kudu leuwih apik.
Lamun barangna ruksak ku urang, apan matak éra dina mulangkeun
deui téh. Jeung ku batur ogé di mana urang butuh terus rék nginjeum
deui, moal dibéré nginjeum, da kapokeun. Komo mun barang meunang
nginjeum tepi ka leungit mah, ku urang kudu digantian.
Lamun urang nginjeum barang batur, kudu gancang dipulangkeun
deui ka anu bogana. Ulah terus dikeukeuweuk. Dina mulangkeunana,
urang kadé poho nyebut nuhun.
c ngalengkepan kalimah
Sanggeus ngadéngékeun pedaran bieu ti Ibu/Bapa Guru, pék
ayeuna ku hidep lengkepan kalimah nu aya di handap.
1. barang anu tadina alus ahirna mah bakal
2. lamun barang hayang awét urang kudu
3. barang anu geus ruksak moal payu kana
4. lamun apik ngurusna umur barang bisa
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 103103
5. kudu leuwih apik mun nginjeum barang ti
6. lamun barang batur leungit ku urang kudu
7. urang moal dibéré deui nginjeum da batur
8. dina mulangkeun barang batur kudu nyebut
d nyusun kalimah
Ayeuna mah urang diajar nyusun kalimah. Ilikan heula contona.
Geus kitu terus ku hidep pigawé tugasna. Dipigawéna mah dina
buku tulis waé.
1. entong – kahadé –baju – kotor – maké
kahadé entong maké baju kotor
2. séhat – maké – henteu – kotor - baju
maké
3. tacan – awét – tangtu – mahal – barang
barang
104104
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
4. hartina – barang – kana – hémat – apik
apik
5. batur – bébéja – kudu – maké – barang
maké
6. henteu – ngaku – batur – hadé – barang
ngaku
7. kawajiban – kana – apik – jadi – barang
apik
8. kudu – sangkan – sapatu – awét - disemir
sangkan
9. baju – maksakeun – ulah – maké – baseuh
ulah
10. dipakéna – beresih – baju – genah – matak
baju
e nembangkeun pupuh kinanti
(Dicontoan ku Ibu/Bapa Guru)
Lamun tadi urang nyaritakeun kudu apik ngurus barang, tah ayeuna
mah perkara nyaah ka sasatoan.Ari sasatoan téh apan sarua pada-pada
mahluk Gusti Alloh. Sarua jeung urang boga rasa nyeri, sieun, atawa
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 105105
atoh. Pék geura titénan mun sasatoan keur diparaban, katémbongna
bangun aratoheun, najan henteu dikedalkeun dina omongan. Kitu
deui lamun digebah atawa diamang-amang paneunggeul, pasti bakal
sieuneun. Lamun diganggu, nya tangtu bakal ngalawan.
Sato galak ogé lamun dibageuran mah lila-lila ka urang bisa
bageur, malah bisa dititah, kawas maung dina sirkeus. Komo deui sato
lindeuk anu ilahar dipiara. Sasatoan gedé jasana pikeun manusa. Kuda
délman upamana, apan sok diarah tanagana.
Ayeuna hayu urang tembangkeun pupuh kinanti anu eusina
nyaritakeun mikanyaah sasatoan. Ku Ibu/Bapa Guru badé dicontoan
heula. Engké ku hidep turutan, tepi ka bisa nembangkeunana.
mikanyaah sasatoan
(pupuh kinanti)
hirup jeung papada mahluk
poma ulah hiri dengki
sanajan ka sasatoan
urang kudu welas asih
ulah nyiksa sangeunahna
da miboga rasa nyeri
sabalikna mun diurus
sato gé geus tangtu ngarti
ka jalma nu mikanyaah
pasti bakal males budi
karepna mulang tarima
ka urang sok méré hasil
106106
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
Ari pupuh nu ieu mah eusina nyaritakeun kawajiban urang pikeun
mikanyaah tatangkalan. Sarua tatangkalan ogé pada-pada mahluk. Ku
sabab kitu kudu diurus.
Geura hayu urang tembangkeun babarengan.
dina lahan anu subur
tatangkalan gampang jadi
anu éndah tangkal kembang
nu jarangkung tangkal kai
méré mangpaat ka urang
hasilna bisa kapetik
1
tapi teu cukup ku kitu
tatangkalan butuh cai
angger kudu dipiara
ulah aya hama cicing
digemuk reujeung disiram
dipariksa saban wanci
2
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 107107
f ngedalkeun omongan
Patali jeung Sasatoan
Dina pupuh anu bieu ditembangkeun ditataan sawatara sasatoan.
Anu ilahar dikukut upamana domba, hayam, jeung japati. Sato anu galak
pikasieuneun nyaéta maung. Cing sebutkeun, di mana hidep kungsi
nempo maung? Kumaha ari warna buluna? Naon ari kabeukina? Maung
téh ayana misalna waé di kebon binatang. Ari warna buluna belang
3
lamun seug daunna layu
terus pugur jadi garing
geus tangtu aya sababna
najan teu gampang kapanggih
bisi eukeur loba hama
gancang ku urang diroris
hama hileud dina daun
komo mun henteu saeutik
éta téh jadi gangguan
tatangkalan bakal rigil
nya moal alus buahna
titénan masing taliti
4
ff
108108
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
coréléng, disebutna maung lodya. Aya deuih mung anu bulun totol-totol,
disebutna maung tutul. Ari nu warna buluna hideung disebutna maung
kumbang. Maung téh kabeukina daging.
Pék ayeuna ku hidep sebutkeun.
1. kumaha ari hayam jago disadana
2. kumaha ari cakcak jeung toké disadana
3. kumaha ari jangkrik disadana
4. sato naon waé anu sok diarah tanagana
5. sato naon waé anu kabeukina jukut jeung
dangdaunan
6. sato naon waé anu hirupna di cai
7. sato naon waé anu tandukan
8. sato naon waé anu sok hiber
Patali jeung Tatangkalan
Tatangkalan mun seug bener ngurusna bakal ngadatangkeun hasil.
Aya nu diala buahna, daunna, kembangna, atawa kaina. Kadaharan
urang sapopoé loba anu sumberna tina tatangkalan. Kadaharan poko
kayaning sangu atawa roti apan hasil tina tatangkalan.
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 109109
Pék ayeuna ku hidep terangkeun ngeunaan tatangkalan.
1. tangkal naon waé anu biasa dipelak di taman
2. tangkal naon waé anu biasa dipelak di kebon
3. tangkal naon waé nu sok diarah buahna
4. tangkal naon waé nu sok diarah beutina
5. tangkal naon waé nu sok diarah kembangna
6. tangkal naon waé nu euweuh dahanan
7. naon waé anu sok jadi hama tatangkalan
8. kadaharan naon waé anu bahanna tina
bungbuahan
g maca bedas
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Pék ku hidep baca sing béntés.
1. lauk kancra tinggudibeg sisi balong
2. keuyeup ngaliang dina galeng sawah
3. domba jalu neunggar pager sahabekna
4. bajing luluncatan dina dahan katapang
5. japati areunteup dina luhureun pagupon
g
Pé
110110
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
6. cangkurileung dina dahan ramé disarada
7. lutung buluna lestreng buntutna panjang
8. tanduk banténg jalu melengkung méncos
9. buhaya calawak sihungna mani ranggéténg
10. mencek ngajlengan solokan siga babarieun
h nerangkeun gambar
pagupon ranggap
korang sentég
kurung karangkéng
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 111111
Sanggeus niténan gambar bieu, pék ku hidep terangkeun.
1. anu disebut pagupon nyaéta kandang
2. sato anu ditunda dina ranggap nyaéta
3. ari korang nyaéta paranti ngawadahan
4. ari anu disebut sentég paranti ngala
5. sato anu ditunda dina kurung nyaéta
6. sato anu ditunda dina karangkéng nyaéta
i nyalin pupuh kana aksara tulis
Hidep geus diajar nembangkeun pupuh kinanti. Henteu hésé, nya.
Tah ayeuna, sangkan hidep leuwih wanoh, pék salin pupuh kinanti
anu aya di handap. Salin kana aksara tulis. Sing alus jeung sing
bérés nulisna.
sato nu buluna rancung
sareukeut paur ngagaris
nu kitu ngaranna landak
i
112112
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
ari nu rarancung ceuli
kana jukut kabeukina
tah nu kitu mah kelenci
tandukna panjang melengkung
sato nu disebut munding
awak gedé sarta bedas
nyobat pisan jeung patani
sok digawékeun di sawah
sakapeung narik padati
sato ngahasilkeun madu
nyiruan ngaranna pasti
caricingna dina sayang
lamun nyeureud kana kulit
matak bareuh nyanyautan
sok lila karasa nyeri
g
ianii
ah
kajadian alam
P
angajara
n
8
113113
114114
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
a maca bedas
Pék ku hidep baca sing jéntré.
katumbiri
maju ka soré murupuy hujan poyan sakeudeung
ma-ju ka so-ré mu-ru-puy hu-jan po-yan sa-keu-deung
najan geus raat ogé langit henteu katempo cangra
na-jan geus ra-at o-gé la-ngit hen-teu ka-tem-po cang-ra
barudak nuluykeun deui arulin nu tadi katunda
ba-ru-dak nu-luy-keun deu-i a-ru-lin nu ta-di ka-tun-da
aya nu maénbal jeung aya nu ulin ucing sumput
a-ya nu ma-én-bal jeung a-ya nu u-lin u-cing sum-put
tempatna di lahan kosong meunang ngararata
tem-pat-na di la-han ko-song meu-nang nga-ra-ra-ta
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 115115
henteu pati lila ti harita di langit aya katumbiri
hen-teu pa-ti li-la ti ha-ri-ta di la-ngit a-ya ka-tum-bi-ri
melengkung warna warni matak resep nempona
me-leng-kung war-na war-ni ma-tak re-sep nem-pona
beureum oranyeu koneng héjo biru nila wungu
beu-reum o-ra-nyeu ko-neng hé-jo bi-ru ni-la wu-ngu
itu aya katumbiri euy ceuk barudak bangun atoh
i-tu a-ya ka-tum-bi-ri euy ceuk ba-ru-dak ba-ngun a-toh
euleuh mani alus kitu nya warnana ceuk nu séjén
eu-leuh ma-ni alus ki-tu nya war-na-na ceuk nu sé-jén
ti lebah lahan nu kosong mah katumbiri mani atra
ti le-bah la-han nu ko-song mah ka-tum-bi-ri ma-ni at-ra
melengkungna bangun nutug ka lembur peuntas
me-leng-kung-na ba-ngun nu-tug ka lem-bur peun-tas
ukur kahalangan sawah jeung kebon di tonggohna
u-kur ka-ha-lang-an sa-wah jeung ke-bon di tong-goh-na
hayu urang susul sugan waé kapanggih tempatna
ha-yu u-rang su-sul su-gan wa-é ka-pang-gih tem-pat-na
ih jauh da teuing di mana nutugna témbal nu séjén
ih ja-uh da teui-ng di ma-na nu-tug-na tém-bal nu sé-jén
katumbiri téh jiga deukeut padahal di langit ayana
ka-tum-bi-ri téh ji-ga deu-keut pa-da-hal di la-ngit a-ya-na
116116
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
b ngabandungan pedaran
kajadian alam
(Diterangkeun ku Ibu/Bapa Guru)
Saha anu kungsi nempo katumbiri? Pastina gé kungsi, nya. Lain
hal anu anéh katumbiri téh. Di langit melengkung warna-warni. Kabéhna
téh aya tujuh rupa, nyaéta beureum, oranyeu, koneng, héjo, biru, nila,
jeung wungu.
Katumbiri témbong di langit lamun aya hujan poyan. Hidep apal
nu dimaksud hujan poyan? Hujan poyan téh nyaéta ongkoh hujan, tapi
angger aya cahaya panonpoé. Tah ayana katumbiri téh lantaran cai
hujan anu kasorot ku cahaya panonpoé.
Témbongna katumbiri téh tara lila. Lamun hujanna geus euweuh
mah, katumbirina ogé leungit. Jadi saenyana katumbiri téh teu ngawujud
barang, da éta mah beunang disebutkeun ukur kalangkang cai hujan.
Urang anu cicing di ieu dunya sok ngarasa jeung nyaksian rupa-
rupa kajadian alam. Geura urang pedar sawatarana.
1. Isuk-isuk panonpoé mucunghul ti beulah wétan, dunya jadi caang.
Di lemah cai urang mah caang téh kurang leuwih salila dua welas
jam.
2. Panonpoé tilem di beulah kulon, dunya jadi poék, nyaéta nu disebut
datangna peuting. Ieu gé sarua kurang leuwih dua welas jam. Dina
wanci peuting urang sok reureuh, sangkan isukna karasa seger.
3. Aya usum halodo, jeung aya usum hujan. Lamun keur usam
halodo, loba tempat anu hésé cai. Sok aya kahuruan deuih lamun
keur usum halodo téh. Anu matak hidep ulah sok nyoo seuneu.
Sumur, balong, jeung walungan loba nu saat. Sabalikna ari keur
dina usum hujan mah sumur, balong, jeung walungan téh parinuh
deui ku cai. Tapi usum hujan téh bisa nyababkeun caah deuih.
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 117117
Imah jeung wawangunan lianna kakeueum. Kitu deui jalan tepi ka
kendaraan teu barisa maju.
4. Turunna hujan ogé rupa-rupa. Aya hujan ngegbrét dibarung ku
dor-dar gelap. Aya anu dibarung ku tarikna angin, disebutna hujan
angin. Aya nu disebut hujan poyan. Lamun hujanna henteu gedé
disebut hujan miripis atawa girimis. Tah, mun hujan murupuy mah
leuwih leutik ti girimis.
5. Lamun taneuh karasa ngarieg éta téh aya lini. Lamun linina gedé
sakapeung bisa nyababkeun wawangunan runtuh. Éta téh sok
nimbulkeun korban. Datangna lini téh sakapeung lantaran aya
gunung bitu.
6. Lamun pabeubeurang dina keur panas poé ngadadak jadi poék
éta téh lantaran aya samagaha. Henteu ngan beurang wungkul
samagaha téh, da dina keur caang bulan gé sakapeung sok aya
samagaha.
Loba kénéh peristiwa alam lianna. Pék geura ku hidep tanyakeun
ka ibu, ka bapa, atawa ka lanceuk, terus catetkeun. Upamana waé naon
anu disebut ombak, caah, urug, petir, tengah poé, wanci sareupna,
gunung bitu, atawa angin puyuh.
c ngedalkeun omongan nu
patali jeung peristiwa alam
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Pék ku hidep terangkeun.
1. lamun langit ceudeum biasana bakal aya naon
2. naon anu karasa ku hidep mun keur usum
halodo
cccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccc
118118
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
3. kumaha kaayaan lamun keur hujan angin
4. naon anu karasa ku hidep lamun keur aya lini
5. kumaha karasana dina wanci tengah poé
6. kumaha karasana mun aya angin ngahiliwir
7. naon anu karasa ku hidep lamun aya samagaha
8. ari keur aya hujan sakapeung sok kadéngé sora
naon
9. di mana témpatna anu biasa sok aya ombak
10. naon anu ku hidep katempo mun keur aya angin
puyuh
11. naon anu nyababkeun langlayangan bisa
ngapung
12. lamun dilétak kumaha ari rasana cai laut
13. kumaha ari kaayaan panonpoé dina wanci
magrib
14. lamun peuting naon anu sok caang di langit
15. bakal kumaha lamun panonpoé kahalangan
méga
d maca dina jero haté
Pék ku hidep baca dina jero haté. Sing tepi ka kaharti naon
maksudna. Peupeujeuh macana ulah bari garandéng, nya.
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 119119
robahna alam
langit di beulah wétan mimiti katempo hibar
la-ngit di beu-lah wé-tan mi-mi-ti ka-tem-po hi-bar
panonpoé téréh mucunghul tina sela gunung
pa-non-po-é té-réh mu-cung-hul ti-na se-la gu-nung
dipapag ku raména sora manuk dina dahan
di-pa-pag ku ra-mé-na so-ra ma-nuk di-na da-han
ramé patémbalan tambah éndah pamandangan
ra-mé pa-tém-bal-an tam-bah én-dah pa-man-dang-an
segerna hawa karasa matak genah kana bayah
se-gerna ha-wa ka-ra-sa ma-tak ge-nah ka-na ba-yah
séhat kana badan jadi kakuatan pikeun urang
sé-hat ka-na ba-dan ja-di ka-ku-at-an pi-keun u-rang
héjona tatangkalan éndahna pamandangan
hé-jo-na ta-tang-kal-an én-dah-na pa-man-dang-an
suburna lahan jeung hérangna cai walungan
su-bur-na la-han jeung hé-rang-na ca-i wa-lu-ngan
hanjakal jaman kiwari mah geus loba nu robah
han-ja-kal ja-man ki-wa-ri mah geus lo-ba nu ro-bah
manuk langka kadéngé récét dina tatangkalan
ma-nuk lang-ka ka-dé-ngé ré-cét di-na ta-tang-kal-an
sabab geus méh tumpur ku kalakuan manusa
sa-bab geus méh tum-pur ku ka-la-ku-an ma-nu-sa
120120
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
hawa matak eungap sabab kekebul mani rabeng
ha-wa ma-tak eu-ngap sa-bab ke-ke-bul ma-ni ra-beng
jaba deuih remen kaambeu bau matak puyeng
ja-ba deui-h re-men ka-am-beu ba-u ma-tak pu-yeng
cai di walungan geus henteu hérang ngagenyas
ca-i di wa-lu-ngan geus hen-teu hé-rang nga-ge-nyas
lecek jeung matak arateul lamun urang ancrub
le-cek jeung ma-tak a-ra-teul la-mun u-rang an-crub
runtah jeung kokotor ngahunyud ditapuk laleur
run-tah jeung ko-ko-tor nga-hu-nyud di-ta-puk la-leur
jadi sumber kasakit nyababkeun urang geringan
ja-di sum-ber ka-sa-kit nya-bab-keun u-rang ge-ring-an
karuksakan lingkungan kudu gancang dioméan
ka-ruk-sak-an ling-kung-an ku-du gan-cang di-o-mé-an
mémérésna jadi tanggung jawab urang saréréa
mé-mé-rés-na ja-di tang-gung ja-wab u-rang sa-ré-ré-a
mun alam diantep sina ruksak tangtu bakal rugi
mun a-lam di-an-tep si-na ruk-sak tang-tu ba-kal ru-gi
hirup jadi sangsara manjang tepi ka mangsa jaga
hi-rup ja-di sang-sa-ra man-jang te-pi ka mang-sa ja-ga
moal aya sumber kahirupan anu méré mangpaat
mo-al a-ya sum-ber ka-hi-rup-an a-nu mé-ré mang-pa-at
anu matak hayu urang ayeuna ngucap bismillah
a-nu ma-tak ha-yu u-rang a-yeu-na ngu-cap bis-mil-lah
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 121121
e ngalengkepan kalimah
Pék lengkepan kalimah di handap saluyu jeung eusi bacaan.
1. panonpoé téréh bijil langit katempo
2. panonpoé mucunghul dipapag ku sora
3. nyeuseup hawa seger matak genah kana
4. jaman kiwari kaayaan alam téh geus loba
5. walungan geus teu ngagenyas hérang tapi
6. runtah jeung kokotor nu ngahunyud ditapuk
7. mémérés alam lingkungan jadi tanggung jawab
8. mun lingkungan alam ruksak urang saréréa
bakal
9. hirup urang bakal sangsara manjang tepi ka
mangsa
10. sumber kahirupan anu nyésa ka urang
moal méré
122122
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
f nyusun kalimah
Pék ku hidep susun jadi hiji kalimah.
1. jareblog – dina – buruan – hujan - usum
dina
2. hujan – bayeungyang – arék – hawa – lantaran
hawa
3. rubuh – puyuh – anténeu – angin – nyababkeun
angin
4. karang – laut – neumbagan – ngajelegur – ombak
ombak
5. matak – sora – katorékan – tingjelegér – gelap
sora
g ngagalantangkeun kalimah
Pék ku hidep galantangkeun kalimah nu aya di handap.
1. ayana peristiwa alam téh bagian tina sunatulloh
2. anu matak hayu urang ayeuna ngucap bismillah
3. mun manggih kabungah kudu nyebut
alhamdulillah
4. sémah keketrok terus ngucapkeun
assalamualaikum
ffffffffffffffffffffff
ggggggggggggggggg
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 123123
5. mun ngadéngé sora gelap
pék ucapkeun subhanalloh
6. lamun urang jangji
kudu ditungtungan ku insa alloh
7. takbir dina solat téh
nyaéta ngucapkeun allohu akbar
8. mun urang manggih kareuwas
ucapkeun astagpirulloh
9. kalayan nyebat asma alloh nu maha welas
tur maha asih
10. kangjeng rosululloh jadi tuladan
pikeun umat manusa
h ngapalkeun kaayaan
Pék ku hidep baca terus apalkeun
1. imah ngagebru
waktu lahan urug loba imah ngagebru
2. hujan ngagebrét
ari keur hujan ngagebrét ulah bijil ti imah
3. seuneu ngabebela
seuneu ngabebela katémbongna matak paur
4. angin ngagelebug
di tengah pasawahan karasa angin ngagelebug
hhhhhhh
124124
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
5. cai ngagulidag
cai ngagulidag kénéh sanajan usum halodo
6. ombak ngajelegur
ombak ngajelegur terus muncrat ka sisi basisir
7. taneuh ngarieg
tah tangtuna aya lini da karasa taneuh ngarieg
8. curug ngaguruh
ti kajauhan geus kadéngé sora curug ngaguruh
9. gelap ngajelegér
gelap ngajelegér tarik pisan matak katorékan
10. kilat ngabaranyay
kilat ngabaranyay nyaangan poékna langit
i metakeun paguneman
(Dituyun ku Ibu/Bapa Guru)
Pék ku hidep gunemkeun di hareupeun kelas.
ahmad : kamari teu tulus latihan pramuka téh
galih : enya apan hujan sakitu gedéna
hérlin : lapangna gé tangtu kakeueum atuh
galih : biasana mah lantaran solokan sok limpas
wening : apan ti heula gé kakeueumna rada lila
ahmad : enggeusna téh mani jareblog da loba
leutak
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 125125
galih : padahal mah latihan pramuka téh ulah di
dinya
wening : ari enggeus rék di mana deui
galih : di hareupeun kantor kacamatan nu genah
mah
hérlin : ih jauh atuh di dinya mah
wening : balikna téh jigana bakal kaburitan
ahmad : atuh latihan pramukana dipajukeun ulah
bada asar
hérlin : kagok ari méméh asar mah
wening : jaba deuih apan kudu mantuan heula ibu
j nembangkeun pupuh
(Dicontoan ku Ibu/Bapa Guru)
Dina pangajaran anu geus kaliwat, hidep kungsi diajar pupuh
kinanti. Geuning anu eusina téh nyaritakeun kudu apik kana barang
jeung kudu mikanyaah papada mahluk.
Ayeuna urang babarengan nembangkeun pupuh kinanti, ngan
eusina nyaritakeun pangajaran basa Sunda di kelas hiji téh geus réngsé.
Engké bakal disambung deui sanggeus hidep naék ka kelas dua.
Geura hayu urang tembangkeun babarengan. Regepkeun heula
contona ti Ibu/Bapa Guru.
jjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjj
126126
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
Pupuh Kinanti
Enggeus tamat ieu buku,
pangajaran kelas hiji,
saméméh ka kelas dua,
pikeun nambahan pangarti,
pangaweruh basa Sunda,
engké urang sambung deui.
Di kelas hiji sataun,
ti mimiti bulan Juli,
kiwari naékkeun kelas,
dibagi rapot geus pasti,
muga aralus angkana,
ulah aya peunteun leutik.
Kelas dua leuwih luhur,
pangajaran leuwih sulit,
hidep ulah lalawora,
kudu getol tambah rajin,
ngapalkeun ulah kaliwat,
sangkan diajar babari.
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I 127127
danabrata, r.a. 2009. kamus basa sunda. bandung:
kiblat.
hadi, spk, ahmad. 2011. peperenian. bandung: geger
sunten.
lbss. 2007. kamus umum basa sunda. bandung: geger
sunten.
supriatna, nana. tt. lagu wajib nasional & lagu sunda
perjuangan cinta tanah air. cianjur: seksi
kebudayaan kandepdiknas kabupaten cianjur.
tim panyusun. 1983. kawih sunda untuk sekolah
lanjutan.bandung: pusataka dasentra.
wibisana, spk. wahyu 2000. lima abad sastra sunda.
bandung: gegersunten.
Daptar Pustaka
128128
Pamekar Diajar Basa Sunda
Pikeun Murid SD/MI Kelas I
Catetan
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................
........................................................................................................

Mais conteúdo relacionado

Mais procurados

Juicios Logicos (CondemarìN)
Juicios Logicos (CondemarìN)Juicios Logicos (CondemarìN)
Juicios Logicos (CondemarìN)guest79aedd
 
Diapositiva de la zona del desarrollo próximo
Diapositiva de la zona del desarrollo próximoDiapositiva de la zona del desarrollo próximo
Diapositiva de la zona del desarrollo próximoRosalinda Loreto
 
Los afanes cotidianos
Los afanes cotidianosLos afanes cotidianos
Los afanes cotidianosAlvaro Rojo
 
Pensamientomatemtico2010 100331183943-phpapp02
Pensamientomatemtico2010 100331183943-phpapp02Pensamientomatemtico2010 100331183943-phpapp02
Pensamientomatemtico2010 100331183943-phpapp02Leticia E. Martinez B.
 
Recorrido histórico por la literatura infantil
Recorrido histórico por la literatura infantilRecorrido histórico por la literatura infantil
Recorrido histórico por la literatura infantilbibliotecalejandria
 

Mais procurados (6)

Juicios Logicos (CondemarìN)
Juicios Logicos (CondemarìN)Juicios Logicos (CondemarìN)
Juicios Logicos (CondemarìN)
 
Diapositiva de la zona del desarrollo próximo
Diapositiva de la zona del desarrollo próximoDiapositiva de la zona del desarrollo próximo
Diapositiva de la zona del desarrollo próximo
 
Los afanes cotidianos
Los afanes cotidianosLos afanes cotidianos
Los afanes cotidianos
 
Pensamientomatemtico2010 100331183943-phpapp02
Pensamientomatemtico2010 100331183943-phpapp02Pensamientomatemtico2010 100331183943-phpapp02
Pensamientomatemtico2010 100331183943-phpapp02
 
Recorrido histórico por la literatura infantil
Recorrido histórico por la literatura infantilRecorrido histórico por la literatura infantil
Recorrido histórico por la literatura infantil
 
Ambientes de convivencia pacifica bina 5
Ambientes de convivencia pacifica bina 5Ambientes de convivencia pacifica bina 5
Ambientes de convivencia pacifica bina 5
 

Destaque

Buku guru sunda kls 1 2014
Buku guru sunda kls 1  2014Buku guru sunda kls 1  2014
Buku guru sunda kls 1 2014Yana Taryana
 
Rpp SD Bahasa sunda kelas 1-5
Rpp SD Bahasa sunda kelas 1-5 Rpp SD Bahasa sunda kelas 1-5
Rpp SD Bahasa sunda kelas 1-5 mr endar
 
BAHASA SUNDA KELAS 11
BAHASA SUNDA KELAS 11BAHASA SUNDA KELAS 11
BAHASA SUNDA KELAS 11salmosa
 
bahasa sunda
bahasa sundabahasa sunda
bahasa sundaiyanovia
 
7 rpp mapel-b-sunda-kurikulum-2013 aksara
7 rpp mapel-b-sunda-kurikulum-2013 aksara7 rpp mapel-b-sunda-kurikulum-2013 aksara
7 rpp mapel-b-sunda-kurikulum-2013 aksaraAgus Rahmat
 
Pelajaran Bahasa Sunda : Artikel "kacang nyegah panyakit jantung"
Pelajaran Bahasa Sunda : Artikel "kacang nyegah panyakit jantung"Pelajaran Bahasa Sunda : Artikel "kacang nyegah panyakit jantung"
Pelajaran Bahasa Sunda : Artikel "kacang nyegah panyakit jantung"Lana Karyatna
 
Kisi kisi kls vii uas sem i
Kisi kisi kls vii uas sem iKisi kisi kls vii uas sem i
Kisi kisi kls vii uas sem iDeni Riansyah
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438mitra_sunda
 
Rpp b-sunda-kelas-5-smt-1
Rpp b-sunda-kelas-5-smt-1Rpp b-sunda-kelas-5-smt-1
Rpp b-sunda-kelas-5-smt-1mr endar
 
Program kerja try out 2015
Program kerja try out 2015Program kerja try out 2015
Program kerja try out 2015Ardhi Firmansyah
 
Program kerja us 2015
Program kerja us 2015Program kerja us 2015
Program kerja us 2015Dahlan Ikhsan
 

Destaque (20)

Buku guru sunda kls 1 2014
Buku guru sunda kls 1  2014Buku guru sunda kls 1  2014
Buku guru sunda kls 1 2014
 
Rpp SD Bahasa sunda kelas 1-5
Rpp SD Bahasa sunda kelas 1-5 Rpp SD Bahasa sunda kelas 1-5
Rpp SD Bahasa sunda kelas 1-5
 
BAHASA SUNDA KELAS 11
BAHASA SUNDA KELAS 11BAHASA SUNDA KELAS 11
BAHASA SUNDA KELAS 11
 
bahasa sunda
bahasa sundabahasa sunda
bahasa sunda
 
Rpp smt 1
Rpp smt 1Rpp smt 1
Rpp smt 1
 
soal Us
soal Ussoal Us
soal Us
 
Uts bd 3 2-13
Uts bd 3 2-13Uts bd 3 2-13
Uts bd 3 2-13
 
7 rpp mapel-b-sunda-kurikulum-2013 aksara
7 rpp mapel-b-sunda-kurikulum-2013 aksara7 rpp mapel-b-sunda-kurikulum-2013 aksara
7 rpp mapel-b-sunda-kurikulum-2013 aksara
 
Pelajaran Bahasa Sunda : Artikel "kacang nyegah panyakit jantung"
Pelajaran Bahasa Sunda : Artikel "kacang nyegah panyakit jantung"Pelajaran Bahasa Sunda : Artikel "kacang nyegah panyakit jantung"
Pelajaran Bahasa Sunda : Artikel "kacang nyegah panyakit jantung"
 
Kisi kisi kls vii uas sem i
Kisi kisi kls vii uas sem iKisi kisi kls vii uas sem i
Kisi kisi kls vii uas sem i
 
Kelas05 gemar mtk-sumanto
Kelas05 gemar mtk-sumantoKelas05 gemar mtk-sumanto
Kelas05 gemar mtk-sumanto
 
Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Mitra Sunda WA - Mangle 2438
 
Jilid
JilidJilid
Jilid
 
Pai kls i
Pai kls iPai kls i
Pai kls i
 
Ips kls i
Ips kls iIps kls i
Ips kls i
 
Rpp b-sunda-kelas-5-smt-1
Rpp b-sunda-kelas-5-smt-1Rpp b-sunda-kelas-5-smt-1
Rpp b-sunda-kelas-5-smt-1
 
Ipa kls i
Ipa kls iIpa kls i
Ipa kls i
 
B inggris kls i
B inggris kls iB inggris kls i
B inggris kls i
 
Program kerja try out 2015
Program kerja try out 2015Program kerja try out 2015
Program kerja try out 2015
 
Program kerja us 2015
Program kerja us 2015Program kerja us 2015
Program kerja us 2015
 

Semelhante a Kelas 1 pdf 2014

Semelhante a Kelas 1 pdf 2014 (17)

Buku Basa Sunda siswa kls 11
Buku Basa Sunda siswa kls 11Buku Basa Sunda siswa kls 11
Buku Basa Sunda siswa kls 11
 
Bahasa sunda siswa kelas 8
Bahasa sunda siswa kelas 8Bahasa sunda siswa kelas 8
Bahasa sunda siswa kelas 8
 
Buku Bahasa Sunda kelas 7
Buku Bahasa Sunda kelas 7Buku Bahasa Sunda kelas 7
Buku Bahasa Sunda kelas 7
 
Bahasa sunda siswa kelas 7
Bahasa sunda siswa kelas 7Bahasa sunda siswa kelas 7
Bahasa sunda siswa kelas 7
 
Bahasa sunda siswa kelas 9
Bahasa sunda siswa kelas 9Bahasa sunda siswa kelas 9
Bahasa sunda siswa kelas 9
 
Buku guru kls 9
Buku guru kls 9Buku guru kls 9
Buku guru kls 9
 
Buku guru kls 8
Buku guru kls 8Buku guru kls 8
Buku guru kls 8
 
Buku guru kls 10
Buku guru kls 10Buku guru kls 10
Buku guru kls 10
 
Buku guru kls 7
Buku guru kls 7Buku guru kls 7
Buku guru kls 7
 
PPT BIANTARA.pptx
PPT BIANTARA.pptxPPT BIANTARA.pptx
PPT BIANTARA.pptx
 
Ngamumule basa sunda
Ngamumule basa sundaNgamumule basa sunda
Ngamumule basa sunda
 
Mangle 2434
Mangle 2434Mangle 2434
Mangle 2434
 
Kolom
KolomKolom
Kolom
 
BS-SMA-MODUL-H-3.pdf
BS-SMA-MODUL-H-3.pdfBS-SMA-MODUL-H-3.pdf
BS-SMA-MODUL-H-3.pdf
 
Modul Sunda 1 kelas 7
Modul Sunda 1 kelas 7Modul Sunda 1 kelas 7
Modul Sunda 1 kelas 7
 
Modul Sunda 5 kelas 7
Modul Sunda 5 kelas 7Modul Sunda 5 kelas 7
Modul Sunda 5 kelas 7
 
panduan Biantara anak BBJB 2023-SD.pptx
panduan Biantara anak  BBJB 2023-SD.pptxpanduan Biantara anak  BBJB 2023-SD.pptx
panduan Biantara anak BBJB 2023-SD.pptx
 

Mais de Yana Taryana

Rpp bahasa sunda pa ace 2016
Rpp bahasa sunda pa ace 2016Rpp bahasa sunda pa ace 2016
Rpp bahasa sunda pa ace 2016Yana Taryana
 
Rpp kelas lima bangn layang layang
Rpp kelas lima bangn layang layangRpp kelas lima bangn layang layang
Rpp kelas lima bangn layang layangYana Taryana
 
Program semester 1 matematika kelas 5 luas bangun datar bu hj eli
Program semester 1 matematika kelas 5  luas bangun datar bu hj eliProgram semester 1 matematika kelas 5  luas bangun datar bu hj eli
Program semester 1 matematika kelas 5 luas bangun datar bu hj eliYana Taryana
 
Program final kerja kepala 1 tahun 2017
Program  final  kerja kepala  1 tahun 2017Program  final  kerja kepala  1 tahun 2017
Program final kerja kepala 1 tahun 2017Yana Taryana
 
Bahasa sunda kelas 1
Bahasa sunda kelas 1Bahasa sunda kelas 1
Bahasa sunda kelas 1Yana Taryana
 
B. indonesia kls 1
B. indonesia kls 1B. indonesia kls 1
B. indonesia kls 1Yana Taryana
 

Mais de Yana Taryana (9)

Rpp bahasa sunda pa ace 2016
Rpp bahasa sunda pa ace 2016Rpp bahasa sunda pa ace 2016
Rpp bahasa sunda pa ace 2016
 
Rpp kelas lima bangn layang layang
Rpp kelas lima bangn layang layangRpp kelas lima bangn layang layang
Rpp kelas lima bangn layang layang
 
Program semester 1 matematika kelas 5 luas bangun datar bu hj eli
Program semester 1 matematika kelas 5  luas bangun datar bu hj eliProgram semester 1 matematika kelas 5  luas bangun datar bu hj eli
Program semester 1 matematika kelas 5 luas bangun datar bu hj eli
 
Program final kerja kepala 1 tahun 2017
Program  final  kerja kepala  1 tahun 2017Program  final  kerja kepala  1 tahun 2017
Program final kerja kepala 1 tahun 2017
 
Pkn kls 1
Pkn kls 1Pkn kls 1
Pkn kls 1
 
Pkn kls 1.1
Pkn kls 1.1Pkn kls 1.1
Pkn kls 1.1
 
Matematika kls i
Matematika kls iMatematika kls i
Matematika kls i
 
Bahasa sunda kelas 1
Bahasa sunda kelas 1Bahasa sunda kelas 1
Bahasa sunda kelas 1
 
B. indonesia kls 1
B. indonesia kls 1B. indonesia kls 1
B. indonesia kls 1
 

Kelas 1 pdf 2014

  • 1. DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014 KURIKULUM 2013 Pikeun Murid SD/MI Kelas I BASA SUNDABASA SUNDA Pamekar Diajar II
  • 2. Pikeun Murid SD/MI Kelas I Pamekar Diajar DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014 KURIKULUM 2013 Pikeun Murid SD/MI Kelas I BASA SUNDABASA SUNDA Pamekar Diajar II PANYUSUN: Tatang Sumarsono Ahmad Hadi Ano Karsana Asep Ruhimat Darpan Dede Kosasih H. Dingding Haerudin H. Yayat Sudaryat Risnawati PENELAAH: Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd. Dr. Hj. Ai Sofianti, M.Pd. Drs. H. Elin Syamsuri Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd. Budi Riyanto Rarancang Eusi: Yoshi Sukadar Rarancang Jilid: Yoshi Sukadar Rarancang Gambar: Toto Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Arial 12 pt - 18 pt. Dipedalkeun ku: DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT ISBN: 978-602-1300-00-8 (Jilid Lengkap) 978-602-1300-01-5 (Jilid 1) Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT) Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Ditangtayungan ku Undang-undang Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun murid dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.
  • 3. Pangbagéa iii KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning nyaosan impleméntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat. Hasilgarapantimpanyusuntéhayaduarupibukunyaétabukumurid sareng buku guru. Èta téh mangrupa bagian tina pakét Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daérah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanés mung buku wungkul bagian éta Permendikbud téh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP). Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daérah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daérah, dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tétéla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagéan (performance; behavior). Singgetna mah éta unsur anu tilu téh bisa disebut kompeténsi. Kalungguhan guru dina posisi agén parobahan utama enggoning ngaimpleméntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotésis basajan, saupami guru kagungan kompeténsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna gé kalebet guru basa daérah deuih,
  • 4. iv tinangtos éta kurikulum bakal tiasa diimpleméntasikeun kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompeténsi guru téh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarékah anu kedah kénging pangajén. Muga-mugawaéharepanurangsadayangeunaanayanaparobihan anu tétéla dina dunya atikan ku diimpleméntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap. Bandung, Desember 2013 Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA Pembina Utama Madya NIP. 19570807 198601 1 001
  • 5. Pangbagéa v KEPALA BALAI PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-elemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku: standar kompeténsi lulusan, standar isi, standar prosés, sareng standar penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu mancén tugas di SD/MI, SMP/ MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK. Ieu buku bahan ajar téh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar sareng pertanyaan- pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar buku murid. Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintifik sareng penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintifik sareng penilaian auténtik dina prosés pangajaran.
  • 6. vi Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah. Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat. Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan pajaman. Bandung, Desember 2013 Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian, Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd. Pembina Tk. I NIP. 196110051986031014
  • 7. Panganteur vii Anu keur disanghareupan ku hidep téh buku Pamekar Diajar Basa Sunda. Ieu buku diajangkeun pikeun sakumna murid di Jawa Barat, jadi buku babon pikeun pangajaran basa Sunda. Kabéhna téh aya 12 buku, hasil gawé tim panyusun anu meunang pancén ti Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Jilid I tepi ka VI pikeun murid SD/MI, jilid VII tepi ka IX pikeun murid SMP/MTs, jeung jilid X tepi ka XII pikeun murid SMA/SMK/MA/MAK. Medalna ieu buku téh pikeun méré lahan ka sakumna murid anu dialajar basa Sunda, kalawan harepan hidep sakabéh enya-enya ngamangpaatkeun. Ku diajar basa Sunda tina ieu buku, dipiharep kanyaho jeung kabisa hidep dina ngagunakeun basa Sunda bisa ningkat jeung nambahan. Lian ti éta, hidep jadi leuwih resep ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Éta mah naha di sakola, di lingkungan kulawarga, atawa di tempat ulin. Meureun ti antara hidep aya nu tumanya, naha maké kudu diajar basa Sunda sagala? Naha naon gunana atuh? Jih, pangna diajarkeun di sakola ogé éta téh ku sabab loba mangpaatna dina kahirupan sapopoé. Anu paling karasa upamana waé urang bakal bisa komunikasi ku basa Sunda kalawan hadé tur merenah. Loba kauntunganana lamun urang bisa ngagunakeun basa Sunda téh, di antarana waé urang bakal nyaho jeung bisa neuleuman kabeungharan budaya Sunda. Apan budaya Sunda téh jadi bagian penting tina budaya nasional Indonésia. Salian ti éta, apan hidep di sakola
  • 8. viii diwajibkeun diajar basa Sunda. Meureun hidep tumanya deui, naha ari diajar basa Sunda téh babari? Jih, nya babari atuh. Jaba deuih resep. Bieu gé geus disebutkeun, teu hésé diajar basa Sunda téh, komo deui pikeun urang Sundana sorangan mah. Dalah najan lain keur urang Sunda ogé sarua waé teu hésé. Ku kituna, hidep teu kudu ngarasa seunggah. Ulah tacan gé nanaon geus nyebut horéam. Anu penting mah urangna sing enya-enya, boh enya-enya ngabandungan pedaran ti Ibu/ Bapa Guru, boh enya-enya dina ngapalkeun jeung migawé latihanana. Lian ti éta, kacida hadéna mun hidepo getol maca buku-buku basa Sunda lianna, maca surat kabar jeung majalah anu ngagunakeun basa Sunda, atawa ngabandungan siaran radio jeung televisi dina program basa Sunda. Hal séjénna anu bisa dipigawé ku hidep nyaéta lalajo pagelaran kasenian Sunda. Cindekna mah, sakali deui rék ditandeskeun, entong ngarasa sieun atawa horéam dina nyanghareupan pangajaran basa Sunda téh. Kapan heueuh babari, jeung matak resep deuih. Geura ayeuna urang mimitian. Bismillah .... Bandung, Oktober 2013 Salam ti nu nyusun ieu buku
  • 9. Daptar Eusi Pangbagéa: Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat __________ iii Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian _______________________________________ v Panganteur ______________________________________ vii pangajaran 1: ngurus diri sorangan ___________________ 1 a ngaregepkeun carita ____________ 2 b ngaregepkeun pedaran ngariksa badan________________________ 3 c ngaregepkeun tembang__________ 4 d ngalisankeun jawaban ___________ 4 e diajar maca 1 __________________ 5 f nuliskeun aksara 1______________ 6 g diajar maca 2 __________________ 7 h nuliskeun aksara 2_____________________________ 9 i nuduhkeun gambar ____________________________ 9 j diajar maca 3 _________________________________ 11 k diajar maca 4 _________________________________ 12 l latihan nulis __________________________________ 15 pangajaran 2: pangaresep ____________________________ 17 a ngaregepkeun carita ____________ 18 b ngedalkeun omongan ___________ 19 c diajar maca 1 __________________ 20 d nuliskeun aksara _______________ 21 e diajar maca 2 __________________ 22 f diajar maca 3 __________________ 24 g ngunikeun kecap ______________ 24 ix
  • 10. h maca kalimah _____________________________ 25 i latihan ngalengkepan kalimah ___________________ 26 j latihan nyalin kalimah __________________________ 27 k nyaritakeun gambar ____________________________ 27 l latihan nuliskeun pangaresep ____________________ 29 pangajaran 3: kagiatan _______________________________ 31 a ngaregepkeun carita ____________ 32 b nyaritakeun kagiatan ___________ 34 c diajar maca 1 _________________ 35 d ngucapkeun kecap _____________ 37 e maca kalimah 1 _______________ 38 f latihan ngalengkepan kalimah ____ 38 g diajar maca 2 _________________ 39 h maca kalimah 2 _______________ 40 i maca bedas __________________________________ 41 j ngedalkeun jawaban ___________________________ 42 k maca paguneman _____________________________ 42 l latihan paguneman ____________________________ 44 pangajaran 4: kulawarga______________________________ 45 a ngaregepkeun carita ____________ 46 b ngabandungan piwuruk __________ 49 c ngajawab pananya _____________ 51 d nganggeuskeun kalimah _________ 51 e diajar maca ___________________ 52 f ngéjah aksara bari nuduhkeun gambarna ____________________ 54 g ngagalantangkeun kalimah _______ 56 h ngalengkepan kalimah __________ 57 i molahkeun paguneman _________________________ 59 j maca bedas __________________________________ 61 k nataan kulawarga jeung dulur ____________________ 63 l nataan kayaan di imah jeung sabudeureunana_______ 64 x
  • 11. pangajaran 5: pangalaman____________________________ 65 a maca bedas___________________ 66 b ngabandungan pedaran pangalaman___________________ 69 c nyaritakeun pangalaman_________ 70 d nyaritakeun gambar_____________ 72 e ngagalantangkeun kalimah pananya 75 f ngalengkepan kalimah ku kecap pananya ________________ 77 g nyusun kecap jadi kalimah_______________________ 78 h mikawanoh istilah tempat _______________________ 79 i ngalengkepan kalimah ku istilah tempat____________ 80 j nembangkeun pupuh ___________________________ 81 pangajaran 6: lingkungan sabudeureun________________ 83 a maca bedas___________________ 84 b ngabandungan pedaran miara lingkungan____________________ 87 c nganggeuskeun kalimah _________ 88 d diajar maca ___________________ 89 f ngucapkeun kalimah ____________ 90 g nyalin kalimah _________________ 90 h ngalengkepan kalimah __________ 91 i ngabandungan carita ___________ 92 j nyaritakeun kerja bakti__________________________ 94 k niténan gunana pakakas ________________________ 94 l ngalengkepan kalimah ku _______________________ ngaran barang____________________________________ 95 pangajaran 7: miara barang jeung mikanyaah sasatoan katut tatangkalan_____________________________________ 97 a ngaregepkeun tembang_________________________ 98 b ngabandungan pedaran eusi tembang _____________ 101 xi
  • 12. c ngalengkepan kalimah__________ 102 d nyusun kalimah _______________ 103 e nembangkeun pupuh kinanti _____ 104 f ngedalkeun omongan __________ 107 g maca bedas__________________ 109 h nerangkeun gambar ___________ 110 i nyalin pupuh kana aksara tulis ___ 111 pangajaran 8: kajadian alam __________________________ 113 a maca bedas__________________ 114 b ngabandungan pedaran kajadian alam________________________ 116 c ngedalkeun omongan nu patali jeung peristiwa alam ___________ 117 d maca dina jero haté____________ 118 e ngalengkepan kalimah__________ 121 f nyusun kalimah _______________ 122 g ngagalantangkeun kalimah ______ 122 h ngapalkeun kaayaan ___________________________ 123 i metakeun paguneman __________________________ 124 j nembangkeun pupuh ___________________________ 125 daptar pustaka ______________________________________ 127 xii
  • 14. 22 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I a ngaregepkeun carita (Dibaca Ku Ibu/Bapa Guru) aa budak apik aa budak apik a-a bu-dak a-pik tara poho mandi ta-ra po-ho man-di sok maké sabun sok ma-ké sa-bun mandi isuk soré man-di i-suk so-ré sasarap saban isuk sa-sa-rap sa-ban i-suk lamun arék sakola la-mun a-rék sa-ko-la aa pasti pamitan a-a pas-ti pa-mit-an ka ibu katut ka apa ka i-bu ka-tut ka a-pa
  • 15. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 33 b ngaregepkeun pedaran ngariksa badan (Dibaca ku Ibu/Bapa Guru) Tuh nya, Aa téh apan sakitu apikna. Aa téh ngaran sabenerna mah Tisna. Disebut Aa sotéh ku adina. Ari adi Aa ngaranna Jayadi. Sok disebut Ii. Sarua hidep ogé kudu apik. Kudu bisa ngariksa sakujur badan, supaya hirup séhat. Ngariksa badan téh jadi kawajiban urang. Kudu apik deuih dina dahar. Nya kitu deui kudu apik dina ngurus tempat urang matuh. Geura urang baca bagian tuluyna. Pék ku hidep bandungan, terus turutan sakur anu dilisankeun ku Ibu/Bapa Guru. Engké ogé hidep tangtu bakal bisa macana, asal diajarna sing getol. 1. huntu kudu dikosok hun-tu ku-du di-ko-sok 2. mandi sapoé dua kali man-di sa-po-é du-a ka-li 3. kuku ulah sina kalotor ku-ku u-lah si-na ka-lo-tor 4. kadé ulah sok dahar lada ka-dé u-lah sok da-har la-da 5. jandéla kamar kudu dibuka jan-dé-la ka-mar ku-du di-bu-ka
  • 16. 44 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I c ngaregepkeun tembang (ditembangkeun ku Ibu/Bapa Guru) Sok regepkeun kadé poho hirup kudu muji sukur sabab badan séhat ulah jorok kudu apik saban poé pék urus sakujur badan d ngalisankeun jawaban (paréntahna dibaca ku Ibu/Bapa Guru) Sok jawab 1. budak nu kumaha ari aa téh 2. sok kumaha aa méméh ka sakola 3. sok iraha aa mandina téh 4. naha ari huntu kudu dikosok 5. naha mandi kudu maké sabun 6. bakal kumaha mun kuku kotor 7. naha ulah sok dahar anu lada 8. jandéla kamar naha kudu dibuka 9. naha hirup maké kudu muji sukur 10. kudu kumaha ari dina saban poé téh
  • 17. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 55 e diajar maca 1 (dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Yu urang maca a p a-a a-p-a aa a-pa a-a apa a-pa a-p-a i b i-i i-b-i ii i-bi i-i ibi i-bi i-b-i u m u-u m-u-m-u uu mu-mu u-u mumu mu-mu m-u-m-u
  • 18. 66 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I é n é-m-i n-i-n-a é-mi ni-na émi nina é-mi ni-na é-m-i n-i-n-a o d o-n-i d-a-n-i o-ni da-ni oni dani o-ni da-ni o-n-i d-a-n-i f nuliskeun aksara 1 (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Yu urang nulis Anu bieu dibaca téh bisa ditulis ku hidep. Ditulisna ku aksara tulis. Geura ku Ibu/Bapa Guru dicontoan cara nulisna. Pék ku hidep turutan. Nulisna mah dina buku tulis waé.
  • 19. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 77 a – a aa i – i ii u – u uu p – p apa b – b ibi m – m mumu é – é émi o – o oni d – d dani épi épi umi umi ido ido bani bani mida mida dudi dudi péni péni mini mini médi médi g diajar maca 2 (dituyun ku ibu/bapa guru) Yu urang maca Urang teruskeun diajar macana. Hidep kudu bisa maca aksara séjénna. ggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggg
  • 20. 88 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I b b-i-m-a bi-ma bima bi-ma b-i-m-a m m-é-j-a mé-ja méja mé-ja m-é-j-a p p-a-l-u pa-lu palu pa-lu p-a-l-u d d-a-s-i da-si dasi da-si d-a-s-i k k-u-p-a ku-pa kupa ku-pa k-u-p-a n n-a-k-o na-ko nako na-ko n-a-k-o h h-a-l-u ha-lu halu ha-lu h-a-l-u j j-a-r-a ja-ra jara ja-ra j-a-r-a l l-a-j-a la-ja laja la-ja l-a-j-a r r-o-t-i ro-ti roti ro-ti r-o-t-i s s-a-t-é sa-té saté sa-té s-a-t-é t t-o-p-i to-pi topi to-pi t-o-p-i
  • 21. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 99 h nuliskeun aksara 2 (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Yu urang nulis Kieu ari nulisna téh p – p palu b – b bima m – m méja d – d dasi n – n nako k – k kupa l – l laja h – h halu j – j jara r – r roti s – s saté t – t topi i nuduhkeun gambar (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Sok tuduhkeun gambarna Titénan ieu gambar di handap. Terus ku hidep tuduhkeun. Bagilir waé sakali séwang. i
  • 22. 1010 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 1. mana ari palu 6. mana ari bima 2. mana ari méja 7. mana ari dasi 3. mana ari nako 8. mana ari topi 4. mana ari saté 9. mana ari halu 5. mana ari roti
  • 23. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 1111 j diajar maca 3 (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Yu urang maca a-b-o-n a-r-i-t a-bon a-rit abon arit a-bon a-rit a-b-o-n a-r-i-t i-m-a-h a-s-i-n o-p-a-t i-mah a-sin o-pat imah asin opat i-mah a-sin o-pat i-m-a-h a-s-i-n o-p-a-t a-m-i-t i-m-u-t a-d-i-l a-mit i-mut a-dil amit imut adil a-mit i-mut a-dil a-m-i-t i-m-u-t a-d-i-l u-b-a-r u-d-a-r u-s-a-p u-bar u-dar u-sap ubar udar usap u-bar u-dar u-sap u-b-a-r u-d-a-r u-s-a-p
  • 24. 1212 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I k diajar maca 4 (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) j-i-d-a-r k-a-p-u-r ji-dar ka-pur jidar kapur ji-dar ka-pur j-i-d-a-r k-a-p-u-r da-har sa-bar ba-ham dahar sabar baham mi-kir ki-rim di-kir mikir kirim dikir du-lur su-bur ju-kut dulur subur jukut mé-sér bé-rés lé-bér mésér bérés lébér k-o-r-s-i l-a-m-p-u kor-si lam-pu korsi lampu kor-si lam-pu k-o-r-s-i l-a-m-p-u AA KAPUR TULIS
  • 25. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 1313 jal-ma man-di ran-du jalma mandi randu kom-pa ban-tu bon-du kompa bantu bondu k-a-i b-é-o ka-i bé-o kai béo ka-i bé-o k-a-i b-é-o ba-é po-é sa-é baé poé saé li-a dé-a ni-a lia déa nia ra-i ma-é ki-a rai maé kia k-a-l-a-p-a l-o-m-a-r-i ka-la-pa lo-ma-ri kalapa lomari ka-la-pa lo-ma-ri k-a-l-a-p-a l-o-m-a-r-i
  • 26. 1414 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I sa-pa-tu sa-ko-la ka-ma-ri sapatu sakola kamari harita pamali tarajé ha-ri-ta pa-ma-li ta-ra-jé ja-pa-ti so-ra-bi ba-da-mi japati sorabi badami j-a-n-d-é-l-a jan-dé-la jandéla jan-dé-la j-a-n-d-é-l-a l-a-n-t-é-r-a lan-té-ra lantéra lan-té-ra l-a-n-t-é-r-a k-o-r-o-p-a-k ko-ro-pak koropak ko-ro-pak k-o-r-o-p-a-k
  • 27. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 1515 t-i-k-u-k-u-r ti-ku-kur tikukur ti-ku-kur t-i-k-u-k-u-r k-a-s-i-n-t-u ka-sin-tu kasintu ka-sin-tu k-a-s-i-n-t-u k-u-l-a-m-b-u ku-lam-bu kulambu ku-lam-bu k-u-l-a-m-b-u l latihan nulis Pék tulis ku hidep 1. ulah loba jajan ______________________________________ 2. mandi dua kali ______________________________________ l
  • 28. 1616 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 3. hirup kudu apik ______________________________________ 4. ulah dahar lada ______________________________________ 5. apik pasti séhat ______________________________________ 6. dibaju kudu rapih ______________________________________ 7. kuku ulah kalotor ______________________________________ 8. kadé poho sasarap ______________________________________ 9. huntu kudu dikosok ______________________________________ 10. séhat jasmani rohani ______________________________________
  • 30. 1818 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I a ngaregepkeun carita (Dibaca ku Ibu/Bapa Guru) Sok regepkeun ieu carita Ibu Bapa Guru badé maca. Pék ku hidep regepkeun. Terus turutan kumaha cara macana. Hayu geura urang mimitian. resep miara sato japati sajodo boga tisna ja-pa-ti sa-jo-do bo-ga tis-na dikukut ti anakna kénéh di-ku-kut ti a-nak-na ké-néh asalna mah tacan bisa hiber a-sal-na mah ta-can bi-sa hi-ber anak japati disebut piyik a-nak ja-pa-ti di-se-but pi-yik sato séjénna ogé dikukut sa-to sé-jén-na o-gé di-ku-kut kelenci paméré ti komar ke-len-ci pa-mé-ré ti ko-mar sarua éta ogé aya sajodo sa-ru-a é-ta o-gé a-ya sa-jo-do ari warna buluna barodas a-ri war-na bu-lu-na ba-ro-das r
  • 31. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 1919 karesep tisna miara sato ka-re-sep tis-na mi-a-ra sa-to diurus mani tulatén pisan di-u-rus ma-ni tu-la-tén pi-san tara tepi ka elat maraban ta-ra te-pi ka e-lat ma-ra-ban sabab bisi matak jadi dosa sa-bab bi-si ma-tak ja-di do-sa b ngedalkeun omongan (Dibaca ku Ibu/Bapa Guru) Kitu tah karesep Tisna téh. Resep kana sato bari getén miarana. Tisna miara japati sajodo ti anakna kénéh. Sajaba japati, kelenci ogé dipiara. Tara elat maraban. Lamun miarana teu bener matak jadi dosa éta téh. Pék ayeuna mah ku hidep jawab. 1. miara sato naon waé tisna téh 2. ari anak japati disebut naon 3. hidep apal naon ari parab japati bb p san-la-tén pi-ss maraban anat ma-ra-baa jadi dosa ak ja-di doo-sak j di d
  • 32. 2020 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 4. kelenci tisna téh paméré ti saha 5. kumaha ari warna buluna 6. naon maksudna sajodo téh 7. kumaha tisna téh miara satona 8. matak jadi kumaha mun elat maraban Hidep ogé pasti boga karesep. Da apan kitu dina hirup mah, najan karesep saban jalma sok béda. Misalna aya nu resep tumpak sapéda, aya nu resep maca. 1. naon ari karesep hidep 2. ti iraha mimiti resepna 3. kumaha ari carana 4. di mana ari tempatna 5. saha sobat hidep nu sarua resep c diajar maca 1 (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) e p e-m-u-r p-e-t-i e-mur pe-ti emur peti e-mur pe-ti e-m-u-r p-e-t-i
  • 33. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 2121 g c s-u-g-u c-a-u su-gu ca-u sugu cau su-gu ca-u s-u-g-u c-a-u w y s-a-w-a-h k-u-y-a sa-wah ku-ya sawah kuya sa-wah ku-ya s-a-w-a-h k-u-y-a d nuliskeun aksara e – e elap bekel bener g – g gula ligar badag c – c cuka pacul lancar w – w wani lawon cewaw y – y yakin layar lempay ddddddddddddddddddddddddddddddddddddddddddddddddddddd
  • 34. 2222 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I e diajar maca 2 (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) s-e-n-d-a-l sen-dal sendal sen-dal s-e-n-d-a-l l-a-n-c-a-h lan-cah lancah lan-cah l-a-n-c-a-h k-u-é-h ku-éh kuéh ku-éh k-u-é-h k-a-o-s ka-os kaos ka-os k-a-o-s
  • 35. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 2323 a-m-b-u am-bu ambu am-bu a-m-b-u é-r-n-i ér-ni érni ér-ni é-r-n-i é-n-t-o-g én-tog éntog én-tog é-n-t-o-g u-n-c-a-l un-cal uncal un-cal u-n-c-a-l g énn-tog é--n-t-o-g
  • 36. 2424 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I f diajar maca 3 (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) p-i-a-l-a r-a-d-i-o a-k-s-a-r-a a-r-i-m-b-i pi-a-la ra-di-o ak-sa-ra a-rim-bi piala radio aksara arimbi pi-a-la ra-di-o ak-sa-ra a-rim-bi p-i-a-l-a r-a-d-i-o a-k-s-a-r-a a-r-i-m-b-i k-i-l-o-a-n k-a-r-a-m-b-a ki-lo-an ka-ram-ba kiloan karamba ki-lo-an ka-ram-ba k-i-l-o-a-n k-a-r-a-m-b-a t-a-r-u-m-pa-h k-o-m-p-u-t-e-r ta-rum-pah kom-pu-ter tarumpah komputer ta-rum-pah kom-pu-ter t-a-r-u-m-pa-h k-o-m-p-u-t-e-r g ngunikeun kecap (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) 1. kéré 1. keré 1. resep 2. hésé 2. gedé 2. sereg gggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggggg (
  • 37. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 2525 3. kédé 3. peré 3. lemes 4. lélé 4. sebé 4. bener 5. béké 5. lebé 5. kesed h maca kalimah (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) 1. poé – moé 5. baju – dibaju isukan poé kemis maké baju lebaran wanti moé anduk ato dibaju seragam 2. paku – maku 6. loték – diloték suku kacugak paku sudaryat dahar loték maku panto lomari kacambah sok diloték 3. pacul – macul 7. liwet - diliwet nambut pacul sakedap liwet asak sapanci patani macul di sawah béas arék diliwet 4. témbok – némbok 8. konci - dikonci témbok pabrik rempag konci motor ragrag semén dipaké némbok panto garasi dikonci hhh
  • 38. 2626 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I i latihan ngalengkepan kalimah (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) conto: 1. pager 2. dikonci sisi _____ sakola panto arék _____ sisi pager sakola panto arek dikonci 1. macul 1. ditopi toha dititah ______ maman ______ biru 2. témbok 2. digambar calik dina ______ laut ______ ku yati 3. palu 3. salé dina peti aya ______ yanto dahar ____cau 4. moé 4. dikompa dadan _____ sapatu ban kempés rék ____ 5. pabrik 5. gepuk digawé di _____ roti anu botram mekel __ i
  • 39. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 2727 j latihan nyalin kalimah Pék ku hidep salin kana aksara tulis. 1. harga bénsin mahal ______________________ 2. sendal kénca yahya ______________________ 3. tanduk domba garut ______________________ 4. pérah bedog coplok ______________________ 5. nambul kornét pelem _____________________ 6. huntu landak méncos ____________________ 7. cunduk waktos magrib ____________________ 8. nambut séndok témbok ___________________ k nyaritakeun gambar (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Urang geus mikawanoh Tisna anu resep miara sasatoan. Tah ayeuna hayu urang mikawanoh Nastiti jeung Koswara. Nastiti karesepna ngurus taman hareupeun imahna. Di taman loba tangkal kembang. Saban poé ku Nastiti sok dicebor. Kembangna sok dipetikan, terus dipaké papaés dina luhur méja tamu. Ari Koswara mah karesepna langlayangan. Sok nyieun sorangan, tara meuli. Biasana pasosoré Koswara sok ngapungkeun langlayangan di lapang. Di dinya téh tempat ngumpulna barudak anu ngadon arulin. Soléh ogé sarua resep kana kaulinan. Soleh mah karesepna téh ulin paparahuan di sisi balong. Sarua Soléh ogé sok nyieun sorangan. Lain paparahuan meunang meuli. jjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjj kkkk
  • 40. 2828 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I Tah mun Yanti karesepna téh kana ngagambar. Rupa-rupa anu sok digambarna téh. Gambar meunang Yanti sok ditémpélkeun dina majalah dinding di sakola. Pék ayeuna titénan rupa-rupa gambar anu nyaritakeun Nastiti, Koswara, Soléh, jeung Yanti. Geus kitu pék ku hidep caritakeun.
  • 41. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 2929 l latihan nuliskeun pangaresep (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Anu dicaritakeun ku hidep téh sobat urang. Tah kitu karesepna téh. Di antara hidep ogé tangtu aya nu sarua karesepna. Pék ayeuna tulis karesep hidep sorangan. Teu kudu sarua jeung nu séjén. Anu kudu ditulis téh apan karesep hidep. Dina nulisna téh hidep nyebut abdi pikeun diri sorangan. l
  • 42. 3030 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I conto : 1. karesep abdi kana karesep abdi kana maén bal 2. ari tempatna sok di ari tempatna sok di lapang Pigawé kawas conto. 1. abdi resep kana 2. tempatna sok di 3. ari waktuna tabuh 4. biasana dina poé 5. alat anu dipakéna
  • 44. 3232 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I a ngaregepkeun carita (Dibaca ku Ibu/Bapa Guru) Tisna gé sakolana sarua jeung hidep, kelas hiji. Saban indit ka sakola sok nyampeur sobatna, ngaranna Oki. Kitu kagiatan maranéhna saban isuk, kajaba mun sakolana keur peré. Geura urang regepkeun. indit ka sakola saban isuk oki disampeur ku tisna sa-ban i-suk o-ki di-sam-peur ku tis-na henteu léléda terus indit ka sakola hen-teu lé-lé-da te-rus in-dit ka sa-ko-la sok laleumpang lantaran deukeut sok la-leum-pang lan-ta-ran deu-keut teu kungsi sapuluh menit ogé nepi teu kung-si sa-pu-luh me-nit o-gé ne-pi
  • 45. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 3333 tara kabeurangan sabab tanginas ta-ra ka-beu-rang-an sa-bab sok su-hud komo lamun keur giliran piket mah ko-mo la-mun keur gi-lir-an pi-ket mah kudu sasapu meresihan heula kelas ku-du sa-sa-pu me-re-sih-an heu-la ke-las kabéh kagiliran saminggu séwang ka-béh ka-gi-lir-an sa-ming-gu sé-wang diajar kudu saregep ulah bari heureuy di-a-jar ku-du sa-re-gep u-lah ba-ri heu-reuy kitu deui teu meunang ribut garandéng ki-tu deui teu meu-nang ri-but ga-ran-déng marotah jeung lulumpatan di jero kelas ma-ro-tah jeung lu-lum-pat-an di je-ro ke-las komo silih balédog mah bisi matak cilaka ko-mo si-lih ba-lé-dog mah bi-si ma-tak ci-la-ka
  • 46. 3434 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I b nyaritakeun kagiatan (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Tah kitu Tisna jeung Oki dina saban isuk téh. Laleumpang bareng indit ka sakola. Tara kungsi kabeurangan. Di jero kelas ari keur diajar sok saregep. Apan pangajaran ti Ibu/ Bapa Guru kudu diregepkeun. Diajar teu meunang bari heureuy atawa malaweung. Pék ku hidep jawab. 1. saha nu disampeur ku tisna téh 2. naha inditna sok laleumpang 3. naon sababna tara kabeurangan 4. kumaha mun keur kagiliran pikét 5. kumaha ngabagi giliran pikét téh 6. naon sababna diajar kudu saregep 7. naha di kelas teu meunang garandéng 8. naha di kelas ulah silihbalédog Kumaha ari kagiatan hidep sapopoé? Cing pék ku hidep caritakeun. Carana mah jawab waé pananya anu aya di handap. Tangtu hidep bakal bisa nyaritakeun kagiatan sorangan. 1. tabuh sabaraha hidep ka sakola 2. sok bareng jeung saha ari inditna 3. jauh henteu ti imah ka sakola téh 4. méméh ka kelas sok naon heula
  • 47. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 3535 5. terus ka mana bubar ti sakola téh 6. di imah naon waé nu dipigawé 7. iraha hidep ulin jeung babaturan 8. hidep resep kana kaulinan naon c diajar maca 1 (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) eu eu-r-i-h c-a-r-eu-h eu-rih ca-reuh eurih careuh eu-rih ca-reuh eu-r-i-h c-a-r-eu-h s-a-m-p-eu sam-peu sampeu sam-peu s-a-m-p-eu eu-pan la-uk ca-reuh bu-lan eupan lauk careuh bulan si-reum a-teul sa-sak beu-si sireum ateul sasak beusi
  • 48. 3636 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I ng buah ngora ng-o-r-a ngo-ra ngora ngo-ra ng-o-r-a buah ngora bango di sawah b-a-ng-o ba-ngo bango ba-ngo b-a-ng-o bango di sawah angin peuting langit béngras a-ngin peu-ting la-ngit béng-ras sayang éngang goréng bawang sa-yang é-ngang go-réng ba-wang engkol lémbang kacang panjang eng-kol lém-bang ka-cang pan-jang
  • 49. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 3737 d ngucapkeun kecap (Dituyun ku Bapa/Ibu Guru) Pék ucapkeun sing béntés. eu euweuh eumeur eundeur eunteup eu-weuh eu-meur eun-deur eun-teup leueur seueur keueum leueut leu-eur seu-eur keu-eum leu-eut beureum seukeut keuyeup peureum beu-reum seu-keut keu-yeup peu-reum peunteun geunteul beunteur leumpeuh peun-teun geun-teul beun-teur leum-peuh ng angin langit suung téang a-ngin la-ngit su-ung té-ang reungit ka-wung munding bénténg reu-ngit ka-wung mun-ding bén-téng
  • 50. 3838 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I éngang bangkong bingkeng bangbung é-ngang bang-kong bing-keng bang-bung kalangkang balingbing ka-lang-kang ba-ling-bing cangkaléng barangbang cang-ka-léng ba-rang-bang e maca kalimah 1 Pék ku hidep baca 1. lebet tamu piwarang ka lebet leubeut balingbing mani leubeut 2. bener kamari ulangan bener kabéh beuneur paré di sawah mimiti beuneur 3. énténg ah geuning énténg tugas téh eunteung eunteung ditunda dina méja 4. hideng kudu hideng kana pagawéan hideung areng warnana tangtu hideung f latihan ngalengkepan kalimah Kalimah di handap pék eusian. 1. bener jalma bener bakal dipercaya f
  • 51. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 3939 2. seuri ulah sok sorangan atuh 3. beuneur awakna leutik tapi 7. bébér kapal layar di tengah laut 3. hideng murid kudu kana tugas 8. beubeur maké ngarah pageuh 4. hideung irman maké kacapanon 9. létak pék uyah téh rasana asin 5. séri pérsib lawan pérsija hasilna 10. leutak sapatu kotor ku balong g diajar maca 2 (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) la-pang ba-lé-dé-sa ma-ké ka-ca-pa-non lapang balédésa maké kacapanon ca-ha-ya pa-non-po-é la-la-jo san-di-wa-ra cahaya panonpoé lalajo sandiwara gggggggggggggggggggggggg
  • 52. 4040 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I sa-pa-tu o-lah-ra-ga peu-rah ba-ba-ha-ur sapatu olahraga peurah babakaur war-na ka-tum-bi-ri ké-cap ma-ja-léng-ka warna katumbiri kécap majaléngka h maca kalimah 2 (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) 1. jalan raya sukabumi ja-lan ra-ya su-ka-bu-mi 2. pabrik tinun majalaya pab-rik ti-nun ma-ja-la-ya 3. wates lembur kadipatén wa-tes lem-bur ka-di-pa-tén 4. di kacamatan singaparna di ka-ca-mat-an si-nga-par-na 5. lapang ménbal gegerkalong la-pang mén-bal ge-ger-ka-long 6. bénjang ujungberung wétan bén-jang u-jung-be-rung wé-tan 7. pamayang laut pangandaran pa-ma-yang la-ut pa-ngan-dar-an 8. kasenian buhun rangkasbitung ka-se-ni-an bu-hun rang-kas-bi-tung
  • 53. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 4141 i maca bedas (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) gunana olahraga poé ahad di lapang balédésa aya senam po-é a-had di la-pang ba-lé-dé-sa a-ya se-nam saméméh tabuh tujuh ogé geus karumpul sa-mé-méh ta-buh tu-juh o-gé geus ka-rum-pul maraké baju jeung sapatu paranti olahraga ma-ra-ké ba-ju jeung sa-pa-tu pa-ran-ti ol-ah-ra-ga barudak loba nu miluan awéwé jeung lalaki ba-ru-dak lo-ba nu mi-lu-an a-wé-wé jeung la-la-ki olahraga téh apan penting pikeun kaséhatan o-lah-ra-ga téh a-pan pen-ting pi-keun ka-sé-hat-an salian ti éta urang matak jadi gumbira deuih sa-li-an ti é-ta u-rang ma-tak ja-di gum-bi-ra deu-ih iii
  • 54. 4242 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I guna séjénna pikeun nambahan kawawuhan gu-na sé-jén-na pi-keun nam-ba-han ka-wa-wuh-an ngaraketkeun duduluran pikeun silih tulungan nga-ra-ket-keun du-du-lur-an pi-keun si-lih tu-lung-an j ngedalkeun jawaban Pék ku hidep jawab. 1. di mana senam poé ahad téh tempatna 2. tabuh sabaraha nu rék senam karumpulna 3. sok maraké naon anu mariluan senam téh 4. naha ari barudak ogé sok miluan senam 5. penting pikeun naon ari olahraga téh 6. mun olahraga naha matak jadi gumbira 7. penting henteu mun urang loba sobat 8. naon waé gunana mun urang loba sobat 9. ari kagiatan hidep sapopoé naon waé 10. di mana tempatna mun hidep olahraga k maca paguneman (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Ieu aya bacaan paguneman. Anu kahiji antra Yanti jeung Sinta. Anu kadua antara Pandu jeung Irman. Pék ku hidep baca. Sing alus lentongna. kkkkkkkkkkkk
  • 55. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 4343 miluan senam yanti: hayu ah urang miluan senam sinta: di mana ari tempat senamna yanti: di buruan kantor kacamatan sinta: ari budak meunang miluan kitu yanti: atuh puguh waé meunang mah sinta: hayu atuh bisi béakeun tempat yanti: tapi kudu bébéja heula ka ema sinta: apan arék bébéja heula ieu ogé piknik ka ciwidéy pandu: ari poé ahad kamari ka mana irman: apan ku uwa diajak ka ciwidéy pandu: leuh jauh atuh ka ciwidéy mah irman: tapi matak resep di jalanna ogé pandu: loba pamandangan éndah tuda
  • 56. 4444 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I irman: jaba ogé hawana seger deuih pandu: tangtu sabab daérah pagunungan irman: hanjakal teu kaburu ka kawah putih l latihan paguneman (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) 1. Pék ku hidep petakeun di hareupeun kelas. 2. Dina paguneman 1 tangtukeun heula saha nu jadi Yanti jeung Sinta. 3. Dina paguneman 2 tangtukeun heula saha nu jadi Pandu jeung Irman 4. Kahadé macana sing bener jeung ulah rurusuhan. l
  • 58. 4646 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I a ngaregepkeun carita (Dibaca ku Ibu/Bapa Guru) Urang nyaritakeun deui Tisna. Ayeuna mah Tisna jeung lanceuk katut adina. Pék ku hidep regepkeun. kulawarga tisna tisna téh budak panengah tis-na téh bu-dak pa-ne-ngah boga lanceuk jeung adi bo-ga lan-ceuk jeung a-di ratna ngaran lanceuk tisna rat-na nga-ran lan-ceuk tis-na ku kolotna sok disebut nyai ku ko-lot-na sok di-se-but nya-i
  • 59. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 4747 adi tisna ngaranna jayadi a-di tis-na nga-ran-na ja-ya-di beungeutna nyeplés ka tisna beu-ngeut-na nyep-lés ka tis-na ratna téh disebutna cikal rat-na téh di-se-but-na ci-kal nyaéta budak panggedéna nya-é-ta bu-dak pang-ge-dé-na ari jayadi disebutna bungsu a-ri ja-ya-di di-se-but-na bung-su nyaéta budak pangleutikna nya-é-ta bu-dak pang-leu-tik-na ratna sakolana kelas genep rat-na sa-ko-la-na ke-las ge-nep ari jayadi mah tacan sakola a-ri ja-ya-di mah ta-can sa-ko-la tisna sadudulur layeut alakur tis-na sa-du-du-lur la-yeut a-la-kur lanceuk kudu ngéléhan ka adi lan-ceuk ku-du ngé-léh-an ka a-di daék ngaping bari jadi conto da-ék nga-ping ba-ri ja-di con-to jeung ulah sok ngaheureuyan adi jeung u-lah sok nga-heu-reuy-an a-di
  • 60. 4848 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I adi ulah ngalawan ka lanceuk a-di u-lah nga-la-wan ka lan-ceuk kudu sopan entong bedegong ku-du so-pan en-tong be-de-gong tah kumaha ari ka indung bapa tah ku-ma-ha a-ri ka in-dung ba-pa sakur naséhatna wajib diturut sa-kur na-sé-hat-na wa-jib di-tu-rut pikeun tuduh jalan kahadéan pi-keun tu-duh ja-lan ka-ha-dé-an ulah mungpang kana piwarang u-lah mung-pang ka-na pi-wa-rang komo mun wani nyentak mah ko-mo mun wa-ni nyen-tak mah sangkan salamet dunya ahérat sang-kan sa-la-met du-nya a-hé-rat
  • 61. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 4949 b ngabandungan piwuruk (Dicaritakeun ku Ibu/Bapa Guru) Tisna téh budak panengah ti tilu sadulur. Maksudna budak nomer dua. Boga lanceuk ngaranna Ratna, jeung boga adi ngarann Jayadi. Éta tilu sadulur téh putrana Ibu Néngsih jeung Bapa Rusmana. Ratna téh ku kolotna sok disebut Nyai. Karesepna kana nyanyi. Ratna sakolana geus kelas genep. Ari adi Tisna ngaranna Jayadi. Nénéhna sok disebut Ii. Rupana mani sarua jeung Tisna. Ari Jayadi mah tacan sakola. Ratna téh disebutna anak cikal. Maksudna budak panggedéna. Jayadi disebutna anak bungsu. Maksudna budak anu pangleutikna. Tisna sadudulur layeut jeung alakur. Lanceuk kudu ngéléhan ka adi. Daék ngaping tur jadi picontoeun. Lanceuk ulah sok ngaheureuyan adi. Kitu deui adi ogé ulah ngalawan jeung maséaan lanceuk. Ulah bedegong atawa mawa karep sorangan.
  • 62. 5050 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I Tisna ka dulurna tara korét. Ka batur sarua tara kitu deuih. Hidep ogé kudu béréhan jeung daék tutulung. Dibarung ku iklas. Jalma nu resep dipuji sok adigung. mun nyarita sok sombong. Hidep ogé tangtu sarua kitu. Ari jeung dulur teu meunang paséa. Nya jeung batur gé sarua ulah kitu peta. Jalma nu resep paséa téh goréng kacida. Komo mun bari jeung harak atawa resep ngaganggu batur mah. Engkéna moal aya nu daékeun maturan. Mun hidep jadi lanceuk kudu picontoeun adi. Ulah bangor jeung carékeun. jeung ulah sok ngaheureuyan adi deuih. Malah mun adi ceurik téh kudu gancang sina répéh. Kudu daék ngasuh deuih. Pék ajakan ulin tapi ulah nu matak jadi cilaka. Upama hidep jadi adi kudu nurut ka lanceuk. ulah sok ngalawan jeung ulah ogoan. Kudu daék mantuan lanceuk deuih. Mun lanceuk keur bébérés ku urang kudu dibantuan. Entong ngadagoan dititah heula. Kudu hideng sorangan. Alus pisan mun hidep ngapalkeun babarengan. Mun aya sual anu tacan ngarti pék tanyakeun ka lanceuk. Engké ogé ku lanceuk bakal diterangkeun sabisana. Kadé poho hidep ngucapkeun nuhun. Anu paling penting urang kudu nurut ka indung jeung ka bapa. Naséhat indung bapa téh jadi tuduh jalan kana kahadéan. Urang kudu hormat némbongkeun sopan santun. Ulah sok mungpang atawa ngalawan. Komo mun wani nyentak mah. Apan éta téh kolot urang. Kanyaah indung jeung bapa taya watesna. Sakur piwurukna kudu diregepkeun jeung dipigawé. Éta téh sangkan urang salamet dunya ahérat. Indung jeung bapa tangtu miharep urang jadi budak anu soléh. Di sakola jadi murid anu pinter.
  • 63. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 5151 c ngajawab pananya (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Pék ku hidep jawab. 1. sabaraha urang dulurna tisna téh? 2. saha anu nyeplés pisan ka tisna? 3. naon anu dimaksud anak cikal? 4. naon anu dimaksud anak bungsu? 5. kumaha ari tisna sadudulur téh? 6. kudu kumaha ari lanceuk ka adi? 7. kudu kumaha ari adi ka lanceuk? 8. alus henteu ari jalma korét téh? 9. naséhat saha anu wajib diturut téh? 10. bakal jadi kumaha mun urang nurut? d nganggeuskeun kalimah Hidep bieu geus ngaregepkeun piwuruk. Pék ayeuna lengkepan kalimah di handap. 1. ari jeung dulur teu meunang 2. budak harak moal aya nu 3. lanceuk kudu bisa méré conto ka
  • 64. 5252 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 4. ari ka adi urang téh kudu daék 5. lanceuk ulah sok bangor jeung 6. urang ulah ulin anu matak jadi 7. mun lanceuk keur digawé kudu 8. alus pisan mun bisa ngapalkeun 9. mun urang dibantuan kudu nyebut 10. kanyaah indung bapa urang taya e diajar maca (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Hayu urang diajar deui ngéjah aksara. ny karesep ratna kana nyanyi nya-nyi ny-a-ny-i nya-nyi karesep ratna kana nyanyi
  • 65. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 5353 ku kolotna sok disebut nyai nya-i ny-a-i nya-i ku kolotna sok disebut nyai beungeutna nyeplés ka tisna nyep-lés ny-e-p-l-é-s nyep-lés beungeutna nyeplés ka tisna nyaéta budak anu pangleutikna nya-é-ta nya-é-t-a nya-é-ta nyaéta budak anu pangleutikna komo mun wani nyentak mah nyen-tak ny-e-n-t-a-k nyen-tak komo mun wani nyentak mah
  • 66. 5454 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I sangkan salamet dunya ahérat du-nya d-u-ny-a du-nya sangkan salamet dunya ahérat f ngéjah aksara bari nuduhkeun gambarna (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Pék éjah terus titénan gambarna. sapu nyéré nyiru leutik sa-pu nyéré nyi-ru leu-tik endog penyu sayang rinyuh en-dog pe-nyu sa-yang ri-nyuh buah konyal manuk manyar bu-ah ko-nyal ma-nuk ma-nyar sinyal karéta nyiruan nyeureud si-nyal ka-ré-ta nyi-ru-an nyeu-reud
  • 67. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 5555
  • 68. 5656 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I Pék ku hidep tuduhkeun gambarna. 1. mana ari penyu 2. mana ari rinyuh 3. mana ari nyiru 4. mana ari sapu nyéré 5. mana ari buah konyal 6. mana ari manuk manyar 7. mana ari sinyal karéta 8. mana ari sayang nyiruan g ngagalantangkeun kalimah (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) 1. heryana dibawa nyaba ka jampang 2. naséhat indung bapa nyata benerna 3. méméh subuh sartika geus nyaring 4. wulan diajar nyitak kuéh ka bibina 5. kadé atuh éngang téh bisi nyeureud 6. anu gering beungeutna mani kanyos 7. béntang katémbong mani nyéngcélak 8. pendopo téh apan nyanghareup ngalér 9. har naha saha anu nyurungkeun panto 10. mun teu ngarti kudu geuwat nanyakeun
  • 69. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 5757 h ngalengkepan kalimah (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) conto: penyu di basisir aya keur ngendog. di basisir aya penyu keur ngendog. 1. anyar murid ngaranna wéni 2. nyiru ranginang dipoé dina 3. nyéré liang sireum dicolok ku 4. manyar dina tangkal aya sayang 5. banyol tong ambek da ieu mah 6. konyal buah rasana amis haseum 7. rinyuh anu sok ngaruksak kai téh 8. nyanyi hérman hareupeun sobatna 9. nyiruan bapa juhana ngala madu 10. karunya kudu ka jalma sangsara
  • 70. 5858 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I conto: carék nyarék dokter dahar lada ka pasén. dokter nyarék dahar lada ka pasén. 1. sugu nyugu ahmad keur papan jati 2. sangu nyangu ema di dapur 3. conto nyonto entong jalma teu bener 4. sépak nyépak ido bal ka tengah lapang 5. susun nyusun tugas kalimah teu hésé 6. sobat nyobat milati jeung kartini mani 7. seupan nyeupan wati taleus keur susuguh 8. surung nyurung jayadi keur momobilan
  • 71. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 5959 i molahkeun paguneman (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Pék ku hidep polahkeun di hareupeun kelas. 1. nampi tamu tamu : badé nepangan ibu manik : kaleresan ibu nuju aya tamu : punten atuh pangwartoskeun manik : mangga diantos heula sakedap 2. nambut barang tisna : ceuceu abdi badé nambut jidar ratna : candak waé itu dina luhur méja tulis tisna : sakantenan deuih sareng patlot gambarna ratna : patlot gambar mah disimpen dina laci tisna : abdi kedah nyerat aksara dina karton ratna : sok atuh ku ceuceu urang bantuan tisna : hatur nuhun
  • 72. 6060 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 3. dipiwarang ka warung aisah : abdi badé ngabantun pesenan ibu pa udi : oh muhun kamari ibu pesen lauk emas aisah : sakantenan mésér bawang daun deuih pa udi : rupina ibu téh badé mais lauk aisah : sumuhun pa udi : pais lauk damelan ibu mah sok raos aisah : apan ibu mah ahli masak pa udi : engké gé néng aisah bakal ahli geura aisah : ah abdi mah nuju diajar kénéh 4. diajakan piknik ku bibi bibi éla : énjing urang piknik ka ciater yu pertiwi : asik abdi badé diajakan piknik nugraha : abdi ogé hoyong ngiring atuh bibi bibi éla : muhun nugraha ogé badé diajak
  • 73. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 6161 nugraha : abdi mah di ditu téh hoyong ngojay pertiwi : tapi ngojayna ulah di balong nu jero bibi éla : nya ulah atuh bisi engké titeuleum nugraha : badé ngojay di balong nu déét waé pertiwi : abdi mah badé tumpak kuda bibi éla : tapi kadé di dituna ulah marotah j maca bedas (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Pék ku hidep baca dina jero haté. Geus kitu terus pigawé tugasna. sesebutan di lingkungan kulawarga bapa dayat jeung ibu ati boga budak tilu anu cikal ngaranna manik anu panengah ngaranna ikbal ari anu bungsu ngaranna wulan
  • 74. 6262 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I ikbal jeung wulan ka manik nyebutna ceuceu atawa tétéh ari wulan ka ikbal nyebutna aa atawa akang henteu sopan mun ka lanceuk nyebut ngaranna wungkul hidep ogé kudu kitu nya ka lanceuk ulah sok nyebut ngaran kudu nyebut ceu imas atawa téh imas mun lanceuk urang ngaranna imas atawa nyebut kang rudi mun lanceuk urang ngaranna rudi ka indung kudu nyebut ema atawa ibu aya deuih nu sok nyebut mamah atawa ambu ogé ari ka bapa kudu nyebut téh apa atawa bapa saluhureun indung jeung bapa aya nini jeung aki ka nini sok aya anu nyebut enin ari ka aki sok aya nu nyebut engki sok aya nu nyebut éyang deuih nini jeung aki téh kolotna indung atawa bapa urang aya deuih nu disebut emang jeung bibi éta téh adina indung atawa bapa urang emang sesebutan keur ka lalaki ari bibi sesebutan keur ka awéwé lanceukna indung atawa bapa urang disebutna uwa
  • 75. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 6363 k nataan kulawarga jeung dulur (Dituyu ku Ibu/Bapa Guru) Pék ku hidep tulis. 1. saha ari ngaran ibu hidep 2. saha ari ngaran bapa hidep 3. hidep boga dulur sabaraha urang 4. saha ari ngaran lanceuk hidep 5. saha ari ngaran adi hidep aki nini aki nini pa dayat bu ati manik wulanikbal lanikbal
  • 76. 6464 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 6. saha ari ngaran nini hidep 7. saha ari ngaran aki hidep 8. saha ari ngaran emang hidep 9. saha ari ngaran bibi hidep 10. saha ari ngaran uwa hidep l nataan kayaan di imah jeung sabudeureunana (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Ayeuna pék tulis kaayaan di imah jeung sabudeureunana. 1. ari imah hidep di mana 2. jauh henteu ka sakola 3. di buruan imah hidep aya naon waé 4. hidep di imah sok migawé naon waé 5. sok di mana ari hidep diajar ngaji 6. hidep resep kana kaulinan naon 7. sok jeung saha waé hidep ulinna 8. di mana éta téh ari tempatna
  • 78. 6666 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I a maca bedas Sobat urang téa anu ngaran Tisna diajak nyaba ka lembur akina. pangalaman Tisna matak resep macana. Hayu geura urang baca. nyaba ka panyirapan tisna diajakan nyaba ka panyirapan tis-na di-a-jak-an nya-ba ka pa-nyi-rap-an lembur di suku gunung jauh ti kota lem-bur di su-ku gu-nung ja-uh ti ko-ta di dinya aya nini jeung akina tisna di di-nya a-ya ni-ni jeung a-ki-na tis-na akina tisna ngebon melak palawija a-ki-na tis-na nge-bon me-lak pa-la-wi-ja
  • 79. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 6767 kayaning jagong waluh jeung paria ka-ya-ning ja-gong wa-luh jeung pa-ri-a paré ogé melak disebutna ngahuma pa-ré o-gé me-lak di-se-but-na nga-hu-ma tatangkalan galedé jeung jarangkung ta-tang-kal-an ga-le-dé jeung ja-rang-kung alpuket nangka peuteuy jeung limus al-pu-ket nang-ka peu-teuy jeung li-mus sok diarah buahna lamun keur usum sok di-a-rah bu-ah-na la-mun keur u-sum mahoni jati jeung surén diarah kaina ma-ho-ni ja-ti jeung su-rén di-a-rah ka-i-na kawung sok disadap diarah lahangna ka-wung sok di-sa-dap di-a-rah la-hang-na pikeun bahan nyieun gula beureum pi-keun ba-han nyi-eun gu-la beu-reum
  • 80. 6868 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I lobana tatangkalan miara sumber cai lo-ba-na ta-tang-kal-an mi-a-ra sum-ber ca-i kana hawa ogé jadi beresih tur seger ka-na ha-wa o-gé ja-di be-re-sih tur se-ger nambahan éndah kana pamandangan nam-bah-an én-dah ka-na pa-man-dang-an béda jeung lahan nu taya tatangkalan bé-da jeung la-han nu ta-ya ta-tang-kal-an teu matak betah da hawana nyongkab teu ma-tak be-tah da ha-wa-na nyong-kab gampang urug bari sok caah gam-pang u-rug ba-ri sok ca-ah tisna betah pisan cicing di panyirapan tis-na be-tah pi-san ci-cing di pa-nyi-rap-an akina sok ngadongéng ngeunaan alam a-ki-na sok nga-do-ngéng ngeu-na-an a-lam
  • 81. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 6969 carana ngurus lahan supaya jadi subur ca-ra-na ngu-rus la-han su-pa-ya ja-di su-bur hanjakal tisna kudu balik deui ka kota han-ja-kal tis-na ku-du ba-lik deu-i ka ko-ta sabab geus téréh waktuna asup sakola sa-bab geus té-réh wak-tu-na a-sup sa-ko-la mun aya deui peré tisna rék ka akina mun a-ya deu-i pe-ré tis-na rék ka a-ki-na b ngabandungan pedaran pangalaman (Dibaca ku Ibu/Bapa Guru) Pék ku hidep bandungan. Tisna ku uwana diajakan nyaba ka Panyirapan. Lembur di suku gunung anu anggang ti kota. Di dinya téh aya nini jeung akina Tisna. Enya apan Nini Rahmi jeung Aki Suganda téh urang Panyirapan. Aki Suganda ngebon palawija. Kayaning jagong , waluh, jeung paria. Paré ogé sarua deuih melak, disebutna ngahuma. Melak paréna lain di sawah, tapi di kebon darat/pasir. Di kebon Aki Suganda loba tangkal galedé jeung jarangkung. Aya anu diarah buahna, aya deuih nu diarah kaina. Anu diarah buahna nyaéta alpuket, nangka, peuteuy, jeung limus. Ari anu diarah kaina nyaéta jati, mahoni, jeung surén. Tatangkalan téh nyuburkeun lahan jeung jadi sumber cai. Kana hawa ogé matak jadi beresih deuih. Matak seger nyeuseupna, tur
  • 82. 7070 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I nambahan éndah pamandangan. Kacida bédana jeung dina lahan anu euweuh tatangkalan. Teu pikabetaheun sabab hawana nyongkab atawa panas bayeungyang. Taneuhna gampang urug. Lamun keur usum hujan sok ngadatangkeun caah. Tisna mani betaheun pisan salila cicing di Panyirapan téh. Saban poé sok milu ka kebon, najan leumpangna rada jauh. Tisna sok saregep ngabandungan akina ari keur nerangkeun tatangkalan. Kumaha crana ngurus lahan supaya jadi subur. Kanyahona ngeunaan alam jadi nambahan. Ngan hanjakal Tisna kudu gancang mulang deui ka kota. Di lembur akina téh ukur meunang opat poé. Enya apan kudu asup deui sakola da geus béak peréna. Lamun aya deui peré, Tisna rék ka Panyirapan. c nyaritakeun pangalaman (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Anu dibaca bieu ku hidep téh pangalaman Tisna salila peré sakola. Tisna téh apan imahna di dayeuh atawa di kota. Ari akina Tisna matuh di lembur anu jauh ti kota. Kaayaan di kota mah ramé, béda jeung di lembur. Tapi najan kitu Tisna ngarasa betah. Hawana seger sabab loba tatangkalan. Kitu deui kaayaan alamna ogé éndah. Kanyaho Tisna jadi nambahan. Akina nerangkeun rupa-rupa tatangkalan. Loba gunana geuning tatangkalan téh. Miara tatangkalan sarua jeung miara lingkungan. Ngaruksak tatangkalan sarua jeung ngaruksak alam. Hidep ogé tangtu boga pangalaman anu matak resep. Kumaha tah pangalaman hidep téh? Di mana ari tempatna? Tapi saméméh nyaritakeun éta pangalaman, pék ayeuna ku hidep jawab heula pananya di handap.
  • 83. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 7171 1. ka mana tisna téh diajak nyabana 2. saha ari ngaran nini jeung akina tisna téh 3. naon anu dipigawé ku akina tisna 4. tangkal naon waé nu diarah buahna 5. naon waé gunana tatangkalan téh 6. kumaha di tempat nu taya tatangkalan 7. naha kanyaho tisna jadi nambahan 8. naon sababna tisna betaheun di lembur akina 9. naha tisna maké kudu mulang deui ka dayeuh 10. rék kumaha mun engké tisna peré deui sakola Kitu tah pangalaman Tisna di Panyirapan téh. Pangalaman hidep ogé tangtu matak resep deuih. Éta pangalaman téh pék ku hidep caritakeun, upamana kieu: 1. harita hidep nyaba ka mana 2. di mana éta téh tempatna 3. jeung saha hidep inditna 4. kumaha ari kaayaan di jalanna 5. aya naon waé di tempat anu dituju 6. naon waé anu nyababkeun hidep ngarasa resep 7. meunang oléh-oléh naon hidep ti tempat nyaba 8. naha hidep hayang deui nyaba ka éta tempat
  • 84. 7272 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I d nyaritakeun gambar (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Ari ieu mah pangalaman Wéndi jeung Yunita waktu keur peré sakola. Wéndi diajakan piknik ka kebon binatang ku lanceukna. Loba sasatoan anu asalna Wéndi teu nyaho. Geuning mani rupa-rupa pisan. Kaasup sasatoan anu geus langka. Di kebon binatang téh aya maung, gajah, banténg, biruang, uncal, jeung rupa-rupa sato lianna. Ari pangalaman Yunita mah diajakan ka basisir. Pamandangan di sisi laut kacida éndahna. Yunita diajakan tumpak parahu. Saméméh balik Yunita meuli heula barang karajinan tina kerang keur oléh-oléh. Pangalaman Wéndi jeung Yunita bisa dititénan dina gambar. Kumaha ari kaayaan di kebon binatang, jeung kumaha ari pamandangan di sisi laut. Éta gambar téh pék ku hidep titénan, terus caritakeun. Anu séjén kudu ngabandungan. Bagilir waé sakali séwang. Gb. di kebon binatang
  • 85. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 7373
  • 86. 7474 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I
  • 87. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 7575 e ngagalantangkeun kalimah pananya (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) ngagunakeun kecap saha 1. yulia rék ngagoréng ulén saha anu rék ngagoréng ulén téh 2. galih diajar tumpak sapéda saha nu diajar tumpak sapéda téh 3. wahyu keur ngarang dongéng saha anu keur ngarang dongéng téh 4. solihin bisaeun ngoméan radio saha anu bisaeun ngoméan radio téh 5. kartini pinter ngawihkeun lagu saha anu pinter ngawihkeun lagu téh 6. gumilang nyepak bal tarik pisan saha anu nyépak bal tarik pisan téh 7. yusup ngaraut awi keur karajinan saha anu ngaraut awi keur karajinan téh 8. ujé ngadorong mobil lebah tanjakan saha anu ngadorong mobil lebah tanjakan téh
  • 88. 7676 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I ngagunakeun kecap naon 1. anduk keur diseuseuh ku nita naon anu keur diseuseuh ku nita téh 2. suluh rék dibeulahan ku ahmad naon anu rék dibeulahan ku ahmad téh 3. papan rék dihampelas ku karyana naon anu rék dihampelas ku karyana téh 4. balong keur dibedahkeun ku pa haji naon anu keur dibedahkeun ku pa haji téh 5. kompor rék dihurungkeun ku ibu déwi naon anu rér dihurungkeun ku ibu déwi téh 6. hayam katé keur diparaban ku mang didi naon anu keur diparaban ku mang didi téh 7. angeun lodéh keur dihaneutkeun ku sartika. naon anu keur dihaneutkeun ku sartika téh 8. panto gerbang geus dikonci ku bapa satpam naon anu geus dikonci ku bapa satpam téh
  • 89. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 7777 f ngalengkepan kalimah ku kecap pananya (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) conto: 1. saha anu rék miluan kémping saha anu rék miluan kémping 2. iraha mimitina puasa romadon téh iraha mimitina puasa romadon téh Pigawé kawas conto 1. saha anu kamari nyébor taman 2. naon gunana miara lingkungan 3. iraha mimiti datang usum hujan 4. naha leuweung entong diruksak 5. kumaha carana ari melak kalapa 6. sabaraha urang anu milu wisata
  • 90. 7878 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 7. di mana ari tempat upacara bandéra 8. ti iraha manéhna dagang rujak cuka g nyusun kecap jadi kalimah (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) conto: sapéda – mardani – boga - mini mardani mardani boga sapéda mini Pigawé kawas conto 1. juara – jadi – penca - ibrahim ibrahim 2. ngaji – keur – nurjanah - diajar nurjanah 2. balik – déwi – olahraga – kakara déwi 4. rék – kostaman – ménbal - latihan kostaman 5. sedepmalem – melak – tangkal - ria ria
  • 91. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 7979 6. bénsin – iskandar – dititah – dagang iskandar 7. tukang – lukman – di buruan – sasapu lukman 8. kuda – balap – resep – héryanti – lalajo héryanti 9. carita – dina – pantun – purbasari – aya purbasari 10. getol – sunat – puasa – jamaludin – pisan jamaludin h mikawanoh istilah tempat (Diterangkeun ku Ibu/Bapa Guru) 1. kota di kota ramé loba ku kendaraan 2. kampung di kampung gé mani caraang 3. taman di taman loba anu keur dariuk 4. lapang murid kumpul di lapang upacara 5. gunung di bandung kidul aya tilu gunung
  • 92. 8080 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 6. walungan entong miceun runtah ka walungan 7. sawah ayeuna di sawah keur usum panén 8. kebon kebon engkol di lembang mani lega 9. jurang leumpang dina sisi jurang matak paur 10. talaga di sisi talaga réa parahu paranti wisata i ngalengkepan kalimah ku istilah tempat (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Kalimah anu aya di handap pék eusian ku kecap jero kotak. Ku hidep kudu dipilih heula kecap anu merenah. a. gunung e. sumur i. jalan b. jurang f. walungan j. talaga c. sawah g. laut d. lapang h. kampung 1. paré di téréh dipanén 2. sakitu halodo gé teu saat 3. cai di palidna ka hilir i
  • 93. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 8181 4. hawa di luhur tiris pisan 5. di ciburuy loba wisatawan 6. barudak latihan maénbal di 7. kamari aya mobil tigebrus ka 8. kendaraan di raya mani tararik 9. pamayang ngala lauk di tengah 10. teu kudu éra najan imah di j nembangkeun pupuh (Dicontoan ku Ibu/Bapa Guru) Hayu ayeuna mah urang diajar nembang. Pupuhna magatru, nyaritakeun sasatoan. Ku Ibu/Bapa Guru badé dicontoan heula. Pék ku hidep bandungan, terus turutan nembangkeunana. pupuh magatru sato galak belang coréléng téh maung kabeukina dahar daging mun ngagerem témbong sihung anu ganggu moal wani cicingna di leuweung ganggong jjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjj
  • 94. 8282 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I ari sato hideung katelahna lutung dina tangkal resep cicing gawéna ngan tinggulayun sakapeung sok cungar cengir mun pareng aya nu nempo aya deui sato leutik tapi lucu ngaranna téh apan bajing bulu lemes semu hipu kana bungbuahan beuki kalapa ngora mah komo
  • 96. 8484 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I a maca bedas Pék ku hidep baca. mimiti usum hujan usum halodo geus mimiti béak u-sum ha-lo-do geus mi-mi-ti bé-ak ayeuna rék nincak ka usum ngijih a-yeu-na rék nin-cak ka u-sum ngi-jih langit teu béngras sabab ceudeum la-ngit teu béng-ras sa-bab ceu-deum hawa ngadadak jadi bayeungyang ha-wa nga-da-dak ja-di ba-yeung-yang henteu kungsi lila ogé breg hujan hen-teu kung-si lil-a o-gé breg hu-jan tampolana ngecrek tepi ka peuting tam-po-la-na ngec-rek te-pi ka peu-ting
  • 97. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 8585 hujan téh rahmat pikeun kahirupan hu-jan téh rah-mat pi-keun ka-hi-rup-an lahan jadi subur pepelakan teu layu la-han ja-di su-bur pe-pe-lak-an teu la-yu sawah atawa kebon bisa dipelakan sa-wah a-ta-wa ke-bon bi-sa di-pe-lak-an datangna usum hujan téh matak atoh da-tang-na u-sum hu-jan téh ma-tak a-toh sumur nu saat jadi pinuh deui caina su-mur nu sa-at ja-di pi-nuh deu-i ca-i-na buruan moal ngebul taneuhna garing bu-ru-an mo-al nge-bul ta-neuh-na ga-ring dina usum hujan téh kudu waspada di-na u-sum hu-jan téh ku-du was-pa-da sabab sok datang caah anu ngadadak sa-bab sok da-tang ca-ah a-nu nga-da-dak
  • 98. 8686 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I solokan reujeung walungan limpas so-lo-kan reu-jeung wa-lu-ngan lim-pas lamun ngeueum imah matak ripuh la-mun ngeu-eum i-mah ma-tak ri-puh tangkal ogé sok loba anu rungkad tang-kal o-gé sok lo-ba a-nu rung-kad matak jadi bahaya lamun ninggang ma-tak ja-di ba-ha-ya la-mun ning-gang ayana caah sabab salah urang kénéh a-ya-na ca-ah sa-bab sa-lah u-rang ké-néh cai hujan henteu nyerep kana taneuh ca-i hu-jan hen-teu nye-rep ka-na ta-neuh atawa lantaran solokan henteu ngamalir a-ta-wa lan-ta-ran so-lo-kan hen-teu nga-ma-lir kapengpet ku runtah anu ngahunyud ka-peng-pet ku run-tah a-nu nga-hu-nyud urang ulah miceun runtah ka solokan u-rang u-lah mi-ceun run-tah ka so-lo-kan apan kitu ceuk dina aturan lingkungan a-pan ki-tu ceuk di-na a-tur-an ling-kung-an
  • 99. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 8787 b ngabandungan pedaran miara lingkungan (Dibaca jeung diterangkeun ku Ibu/Bapa Guru) Ayeuna geus mimiti usum hujan. Langit mindeng ceudeum. Saméméh asar ogé sok geus breg hujan. Turunna hujan téh matak atoh. Buruan moal ngebul, da taneuhna henteu garing. Sumur ogé bakal pinuh deui caina. Dina usum halodo mah sumur téh loba nu saat. Hujan téh rahmat pikeun kahirupan. Lahan jadi subur, pepelakan henteu layu. Sawah jeung kebon bisa dipelakan deui ku patani. Tapi najan kitu, urang angger kudu waspada. Hujan téh bisa nyababkeun caah. Solokan jeung walungan limpas. Imah jeung wawangunan lianna kakeueum. Tangkal kai ogé sok aya nu rungkad. Éta téh matak bahaya mun ninggang ka urang. Datangna caah téh utamana lantaran salah urang kénéh. Cai hujan henteu nyerep kana taneuh. Atawa bisa waé lantaran solokan teu ngalir. Kapengpet ku runtah anu ngahunyud. Padahal ceuk dina aturan, urang teu meunang miceun runtah ka solokan. Runtah kudu dipiceun kana tempatna. Bisa deuih lamun langsung diduruk ogé. Lobana runtah téh bakal nimbulkeun rupa-rupa kasakit. Jaba deuih matak rujit jeung bau kaambeuna. Loba laleur anu sok nyebarkeun bibit kasakit. Éta pangna urang wajib miara lingkungan. Ulah miceun runtah sangeunahna. Komo runtah anu matak bahaya mah. Lingkungan anu beresih nyababkeun urang jadi séhat. Jaba deuih katempona asri. Tangtu waé urangna ogé bakal ngarasa betah di tempat anu kitu mah.
  • 100. 8888 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I c nganggeuskeun kalimah Kalimah anu aya di handap pék anggeuskeun. 1. dina usum hujan langit mindeng 2. ari rék turun hujan hawa robah jadi 3. turunna hujan téh jadi rahmat pikeun 4. dina usum hujan sumur sok pinuh deui 5. cai hujan kudu sina gancang nyerep kana 6. solokan jeung walungan teu ngalir lantaran 7. tangkal kai anu rungkad matak bahaya lamun 8. ceuk dina aturan urang entong miceun runtah ka
  • 101. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 8989 d diajar maca (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Pék ku hidep éjah bari ilikan gambarna. jangkrik jang-krik j-a-ng-k-r-i-k jang-krik jangkrik angklung ang-klung a-ng-k-l-u-ng ang-klung angklung semprong sem-prong s-e-m-p-r-o-ng sem-prong semprong
  • 102. 9090 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I sandrarékdaptarkapasantrén congkrang cong-krang c-o-ng-k-r-a-ng cong-krang congkrang e ngucapkeun kalimah Pok lisankeun sing jéntré. 1. bapa komar jadi mantri pasar 2. lauk kancra sagedé bitis kolot 3. listrik pareum sapeuting jeput 4. sora jangkrik kalung tarik pisan 5. ngasupkeun baso kana jemblung f nyalin kalimah Kalimah anu aya di handap pék salin kana aksara tulis. Ilikan heula contona. conto: sandra rék daptar ka pasantrén f
  • 103. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 9191 1. mantri sastra nyantri pisan 2. sintrong dina lahan gamblung 3. tengah peuting mani jempling 4. baskom dipaké wadah kicimpring 5. tangkal cangkring dina sisi jungkrang g ngalengkepan kalimah Kalimah nu aya di handap pék ku hidep eusian. 1. bra-bru ulah bra-bru miceun runtah di mana waé 2. plak-pluk jambu aér nu geus asak ragragan 3. bruy-bray lampu di luhur panggung caraang 4. plus-plos dagang téh geuning euweuh batian 5. pras-pris hujan geus mimiti hawa karasa tiris 6. krang-kring asa ti tatadi telepon kadéngé waé 7. crung-créng balanja ka toko éta salawasna kudu ggggggggggggggggggggggggggggg
  • 104. 9292 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 8. blung-blong tutupkeun panto dapur téh ulah kitu. 9. trong-trang barudak nguah angeun di dapur kadéngé 10. jlung-jleng anu ngibing bénjang ka jero kalang. h ngabandungan carita (Dibaca ku Ibu/Bapa Guru) Ibu/Bapa Guru badé maos carita ngeunaan kerja bakti. Pék ku hidep bandungan sing saregep. Peupeujeuh hidep ulah malaweung. Kerja Bakti di Jadaria Urang lembur Jadaria sabulan sakali sok ngayakeun kerja bakti. Geus maneuh éta kagiatan téh. Biasana dina poé Ahad. Kerja bakti meresihan lingkungan sabudeur. Jalan jeung gang dibébérés. Komo deui ari buruan mah. Runtahna dikumpulkeun terus dipiceun kana tempatna. Solokan diberesihan sangkan caina lancar. Kitu deui tatangkalan anu hieum sok ditutuhan sangkan jadi caraang. Nu barala diberesihan sangkan lelening. Anu miluan kerja bakti téh lain kolot wungkul. Para rumaja jeung barudak ogé sok harideng sorangan. Inditna ti imah téh tara laléngoh. Pasti waé bari marawa pakakas pikeun digawé. Aya anu mawa pacul atawa singkup. Aya deuih nu mawa parang atawa arit pikeun ngababad jukut. Mun barudak lolobana sok mawa sapu nyéré. h
  • 105. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 9393 Ayeuna ogé keur ramé kerja bakti. Apan téréh datang usum ngijih. Solokan kudu dipariksa. Mun dina susukan aya nu mendet kudu gancang dibebener. Tangkal anu geus ropoh ulah diantep. Mun dahanna peunggas bisi ninggang imah. Komo mun ninggangna langsung ka jalma mah matak bahaya pisan. Jalan anu lalegok geuwat disaeur ku barangkal. Kitu deui jalan anu sok jadi leueur mun kahujanan. Saluran pamiceunan cihujan di lapang poli dipariksa. Bisi engkéna cileuncang ngeyembeng. Ti saméméh haneut moyan ogé geus breng dimimitian. Digarawé bari suka seuri. Tara aya anu ngarasa kapaksa. Biasana mah kerja bakti téh tepi ka wanci lohor. Sakapeung mun tacan réngsé mah sok diteruskeun tepi ka wanci asar. Loba nu mawa lalawuh keur konsumsi. Leupeut jeung goréngan dina balastrang. Goréng ulén jeung papais haraneut kénéh. Geus karuhan ari cai keur nginumna mah. Malah ayeuna mah aya anu mawa bandrék sagala.
  • 106. 9494 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I j nyaritakeun kerja bakti Sanggeus ngabandungan carita anu diaos ku Ibu/Bapa Guru, pék ayeuna ku hidep caritakeun deui eusina. Supaya babari, carana mah bisa ngajawab pananya ieu di handap. 1. iraha urang jadaria ngayakeun kerja baktina 2. naon waé anu dipigawé dina kerja bakti téh 3. naon sababna tatangkalan anu hieum ditutuhan 4. saha waé anu sok miluan kan kerja bakti téh 5. naon waé pakakas anu sok dibawana 6. naon sababna saluran cai kudu dibebener 7. kumaha lamun dahan anu penggas ninggang 8. kudu kumaha mun aya jalan anu legok jeung leueur 9. ti tabuh sabaraha mimiti kerja baktina téh 10. naon waé konsumsi dina kerja bakti téh k niténan gunana pakakas Pék ku hidep titénan gambar rupa-rupa pakakas nu aya di handap. jjjjjjjjjjjjjjjjj kkkkkkkkk
  • 107. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 9595 Hidep tangtu apal, naon waé gunana éta pakakas téh. Pék ayeuna terangkeun. l ngalengkepan kalimah ku ngaran barang Pék ku hidep tulis ngaran pakakas dina kalimah di handap. 1. héni nyiksikan bawang maké 2. ageng nyeukeutan patlot maké l
  • 108. 9696 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 3. néngsih ngaréndos bungbu maké 4. dudi ngarapet langlayangan maké 5. mang dadan meulahan papan maké 6. bibi sumarni nyeuseuhan baju maké 7. rustono keur nyodokan runtah maké 8. édi ngajulan jambu tina tangkal maké 9. karmila meresihan kaca jandéla maké 10. ani motongan lawon bahan baju maké
  • 110. 9898 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I a ngaregepkeun tembang (Dicontoan ku Ibu/Bapa Guru) Urang kudu apik dina miara barang. Komo anu hargana mahal mah. Lamun jabrah, geus tangtu éta barang téh bakal téréh ruksak. Geura pék ku hidep bandungan tembang anu badé dihaleuangkeun ku Ibu/Bapa Guru. Ieu tembang téh dina pupuh kinanti. apik kana barang (pupuh kinanti) barang nu tadina alus ba-rang nu ta-di-na a-lus anyar pan karék dibeuli a-nyar pan ka-rék di-beu-li ahirna mah bakal ruksak a-hir-na mah ba-kal ruk-sak umurna henteu sawarsih u-mur-na hen-teu sa-war-sih ana barang kinanti)
  • 111. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 9999 komo mun teu dipiara ko-mo mun teu di-pi-a-ra dipakéna henteu apik di-pa-ké-na hen-teu a-pik nyatana da mémang kitu nya-ta-na da mé-mang ki-tu barang gedé barang leutik ba-rang ge-dé ba-rang leu-tik sanajan hargana mahal sa-na-jan har-ga-na ma-hal téréh ruksak enggeus pasti té-réh ruk-sak eng-geus pas-ti nu nyésa kari bangkéna nu nyé-sa ka-ri bang-ké-na moal payu kana duit mo-al pa-yu ka-na du-it
  • 112. 100100 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I lamun alus dina ngurus la-mun a-lus di-na ngu-rus ku urang mindeng diroris ku u-rang min-deng di-ro-ris umur barang bisa panjang u-mur ba-rang bi-sa pan-jang sanajan ngan boga hiji sa-na-jan ngan bo-ga hi-ji méré mangpaat ka urang mé-ré mang-pa-at ka u-rang bakal senang kana diri ba-kal se-nang ka-na di-ri komo pikeun barang batur ko-mo pi-keun ba-rang ba-tur nginjeum ti lanceuk ti adi ngin-jeum ti lan-ceuk ti a-di kudu leuwih ngariksana ku-du leu-wih nga-rik-sa-na sabab bakal ménta ganti sa-bab ba-kal mén-ta gan-ti mun ruksak lantaran urang mun ruk-sak lan-ta-ran u-rang atawa barangna leungit a-ta-wa ba-rang-na leu-ngit
  • 113. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 101101 b ngabandungan pedaran eusi tembang (Diterangkeun ku Ibu/Bapa Guru) Ari hidep boga barang naon waé? Tangtuna gé rupa-rupa, nya. Aya barang anu sok digunakeun dina kagiatan sakola, upamana buku, kantong, patlot, pulpén, jeung jidar. Aya barang anu dipakéna dina kaulinan, misalna bal, rékét, sapéda, jeung cocooan lianna. Anu sok dipaké sapopoé kayaning baju, calana, sapatu, topi, jeung lian-lianna. Barang bakal awét jeung lila kapakéna lamun urangna apik. Ulah kana barang nu hargana mahal waé apik téh, nya. Kana barang anu hargana murah ogé sarua waé kudu apik. Apan sanajan murah gé angger loba gunana. Contona patlot. Enya ari hargana mah kaitung murah, tapi apan loba gunana. Pék geura lamun urang teu boga patlot, tangtu moal bisa migawé tugas ti Ibu/Bapa Guru. Enya, rék kumaha nulisna lamun patlotna mah euweuh mah. Éta cenah bisa diganti ku pulpén, tapi apan béda deui. Anu dimaksud apik di dieu téh nyaéta apik dina makéna, apik dina ngurusna, jeung apik dina nundana. Urang ulah neundeun barang di mana waé sokna, tapi kudu dina tempatna. Lamun ditunda di mana waé, urang bisa poho. Atuh lamun arék maké téh kudu ditéangan heula. Barang téh dipakéna kudu saluyu jeung gunana. Patlot gunana pikeun nulis. Tah ku sabab éta nya kudu digunakeun pikeun nulis. Baju paranti sakola, apan digunakeunana téh mun urang sakola. Jadi di mana geus balik ti sakola, upamana hidep rék ulin, kudu diganti ku baju séjén anu biasa paranti ulin. Lamun baju geus kalotor, ku urang kudu gancang diseuseuh. Teu hadé lamun baju nu geus kotor tapi ku urang terus dipapaké. Kitu deui sapatu, lamun geus kotor téh kudu gancang dikumbah, terus dipoékeun. Lamun sapatu kulit, sangkan awét téh kudu disemir.
  • 114. 102102 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I Lamun urang bener dina maké, ngurus, jeung nunda hiji barang, tangtu moal gancang ruksak atawa leungit. Lamun hiji barang ruksak atawa leungit, apan urang téh kudu meuli deui. Duitna ménta ka kolot. Tuh pan matak hambur duit. Komo kana barang meunang nginjeum mah kudu leuwih apik. Lamun barangna ruksak ku urang, apan matak éra dina mulangkeun deui téh. Jeung ku batur ogé di mana urang butuh terus rék nginjeum deui, moal dibéré nginjeum, da kapokeun. Komo mun barang meunang nginjeum tepi ka leungit mah, ku urang kudu digantian. Lamun urang nginjeum barang batur, kudu gancang dipulangkeun deui ka anu bogana. Ulah terus dikeukeuweuk. Dina mulangkeunana, urang kadé poho nyebut nuhun. c ngalengkepan kalimah Sanggeus ngadéngékeun pedaran bieu ti Ibu/Bapa Guru, pék ayeuna ku hidep lengkepan kalimah nu aya di handap. 1. barang anu tadina alus ahirna mah bakal 2. lamun barang hayang awét urang kudu 3. barang anu geus ruksak moal payu kana 4. lamun apik ngurusna umur barang bisa
  • 115. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 103103 5. kudu leuwih apik mun nginjeum barang ti 6. lamun barang batur leungit ku urang kudu 7. urang moal dibéré deui nginjeum da batur 8. dina mulangkeun barang batur kudu nyebut d nyusun kalimah Ayeuna mah urang diajar nyusun kalimah. Ilikan heula contona. Geus kitu terus ku hidep pigawé tugasna. Dipigawéna mah dina buku tulis waé. 1. entong – kahadé –baju – kotor – maké kahadé entong maké baju kotor 2. séhat – maké – henteu – kotor - baju maké 3. tacan – awét – tangtu – mahal – barang barang
  • 116. 104104 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 4. hartina – barang – kana – hémat – apik apik 5. batur – bébéja – kudu – maké – barang maké 6. henteu – ngaku – batur – hadé – barang ngaku 7. kawajiban – kana – apik – jadi – barang apik 8. kudu – sangkan – sapatu – awét - disemir sangkan 9. baju – maksakeun – ulah – maké – baseuh ulah 10. dipakéna – beresih – baju – genah – matak baju e nembangkeun pupuh kinanti (Dicontoan ku Ibu/Bapa Guru) Lamun tadi urang nyaritakeun kudu apik ngurus barang, tah ayeuna mah perkara nyaah ka sasatoan.Ari sasatoan téh apan sarua pada-pada mahluk Gusti Alloh. Sarua jeung urang boga rasa nyeri, sieun, atawa
  • 117. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 105105 atoh. Pék geura titénan mun sasatoan keur diparaban, katémbongna bangun aratoheun, najan henteu dikedalkeun dina omongan. Kitu deui lamun digebah atawa diamang-amang paneunggeul, pasti bakal sieuneun. Lamun diganggu, nya tangtu bakal ngalawan. Sato galak ogé lamun dibageuran mah lila-lila ka urang bisa bageur, malah bisa dititah, kawas maung dina sirkeus. Komo deui sato lindeuk anu ilahar dipiara. Sasatoan gedé jasana pikeun manusa. Kuda délman upamana, apan sok diarah tanagana. Ayeuna hayu urang tembangkeun pupuh kinanti anu eusina nyaritakeun mikanyaah sasatoan. Ku Ibu/Bapa Guru badé dicontoan heula. Engké ku hidep turutan, tepi ka bisa nembangkeunana. mikanyaah sasatoan (pupuh kinanti) hirup jeung papada mahluk poma ulah hiri dengki sanajan ka sasatoan urang kudu welas asih ulah nyiksa sangeunahna da miboga rasa nyeri sabalikna mun diurus sato gé geus tangtu ngarti ka jalma nu mikanyaah pasti bakal males budi karepna mulang tarima ka urang sok méré hasil
  • 118. 106106 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I Ari pupuh nu ieu mah eusina nyaritakeun kawajiban urang pikeun mikanyaah tatangkalan. Sarua tatangkalan ogé pada-pada mahluk. Ku sabab kitu kudu diurus. Geura hayu urang tembangkeun babarengan. dina lahan anu subur tatangkalan gampang jadi anu éndah tangkal kembang nu jarangkung tangkal kai méré mangpaat ka urang hasilna bisa kapetik 1 tapi teu cukup ku kitu tatangkalan butuh cai angger kudu dipiara ulah aya hama cicing digemuk reujeung disiram dipariksa saban wanci 2
  • 119. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 107107 f ngedalkeun omongan Patali jeung Sasatoan Dina pupuh anu bieu ditembangkeun ditataan sawatara sasatoan. Anu ilahar dikukut upamana domba, hayam, jeung japati. Sato anu galak pikasieuneun nyaéta maung. Cing sebutkeun, di mana hidep kungsi nempo maung? Kumaha ari warna buluna? Naon ari kabeukina? Maung téh ayana misalna waé di kebon binatang. Ari warna buluna belang 3 lamun seug daunna layu terus pugur jadi garing geus tangtu aya sababna najan teu gampang kapanggih bisi eukeur loba hama gancang ku urang diroris hama hileud dina daun komo mun henteu saeutik éta téh jadi gangguan tatangkalan bakal rigil nya moal alus buahna titénan masing taliti 4 ff
  • 120. 108108 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I coréléng, disebutna maung lodya. Aya deuih mung anu bulun totol-totol, disebutna maung tutul. Ari nu warna buluna hideung disebutna maung kumbang. Maung téh kabeukina daging. Pék ayeuna ku hidep sebutkeun. 1. kumaha ari hayam jago disadana 2. kumaha ari cakcak jeung toké disadana 3. kumaha ari jangkrik disadana 4. sato naon waé anu sok diarah tanagana 5. sato naon waé anu kabeukina jukut jeung dangdaunan 6. sato naon waé anu hirupna di cai 7. sato naon waé anu tandukan 8. sato naon waé anu sok hiber Patali jeung Tatangkalan Tatangkalan mun seug bener ngurusna bakal ngadatangkeun hasil. Aya nu diala buahna, daunna, kembangna, atawa kaina. Kadaharan urang sapopoé loba anu sumberna tina tatangkalan. Kadaharan poko kayaning sangu atawa roti apan hasil tina tatangkalan.
  • 121. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 109109 Pék ayeuna ku hidep terangkeun ngeunaan tatangkalan. 1. tangkal naon waé anu biasa dipelak di taman 2. tangkal naon waé anu biasa dipelak di kebon 3. tangkal naon waé nu sok diarah buahna 4. tangkal naon waé nu sok diarah beutina 5. tangkal naon waé nu sok diarah kembangna 6. tangkal naon waé nu euweuh dahanan 7. naon waé anu sok jadi hama tatangkalan 8. kadaharan naon waé anu bahanna tina bungbuahan g maca bedas (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Pék ku hidep baca sing béntés. 1. lauk kancra tinggudibeg sisi balong 2. keuyeup ngaliang dina galeng sawah 3. domba jalu neunggar pager sahabekna 4. bajing luluncatan dina dahan katapang 5. japati areunteup dina luhureun pagupon g Pé
  • 122. 110110 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 6. cangkurileung dina dahan ramé disarada 7. lutung buluna lestreng buntutna panjang 8. tanduk banténg jalu melengkung méncos 9. buhaya calawak sihungna mani ranggéténg 10. mencek ngajlengan solokan siga babarieun h nerangkeun gambar pagupon ranggap korang sentég kurung karangkéng
  • 123. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 111111 Sanggeus niténan gambar bieu, pék ku hidep terangkeun. 1. anu disebut pagupon nyaéta kandang 2. sato anu ditunda dina ranggap nyaéta 3. ari korang nyaéta paranti ngawadahan 4. ari anu disebut sentég paranti ngala 5. sato anu ditunda dina kurung nyaéta 6. sato anu ditunda dina karangkéng nyaéta i nyalin pupuh kana aksara tulis Hidep geus diajar nembangkeun pupuh kinanti. Henteu hésé, nya. Tah ayeuna, sangkan hidep leuwih wanoh, pék salin pupuh kinanti anu aya di handap. Salin kana aksara tulis. Sing alus jeung sing bérés nulisna. sato nu buluna rancung sareukeut paur ngagaris nu kitu ngaranna landak i
  • 124. 112112 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I ari nu rarancung ceuli kana jukut kabeukina tah nu kitu mah kelenci tandukna panjang melengkung sato nu disebut munding awak gedé sarta bedas nyobat pisan jeung patani sok digawékeun di sawah sakapeung narik padati sato ngahasilkeun madu nyiruan ngaranna pasti caricingna dina sayang lamun nyeureud kana kulit matak bareuh nyanyautan sok lila karasa nyeri g ianii ah
  • 126. 114114 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I a maca bedas Pék ku hidep baca sing jéntré. katumbiri maju ka soré murupuy hujan poyan sakeudeung ma-ju ka so-ré mu-ru-puy hu-jan po-yan sa-keu-deung najan geus raat ogé langit henteu katempo cangra na-jan geus ra-at o-gé la-ngit hen-teu ka-tem-po cang-ra barudak nuluykeun deui arulin nu tadi katunda ba-ru-dak nu-luy-keun deu-i a-ru-lin nu ta-di ka-tun-da aya nu maénbal jeung aya nu ulin ucing sumput a-ya nu ma-én-bal jeung a-ya nu u-lin u-cing sum-put tempatna di lahan kosong meunang ngararata tem-pat-na di la-han ko-song meu-nang nga-ra-ra-ta
  • 127. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 115115 henteu pati lila ti harita di langit aya katumbiri hen-teu pa-ti li-la ti ha-ri-ta di la-ngit a-ya ka-tum-bi-ri melengkung warna warni matak resep nempona me-leng-kung war-na war-ni ma-tak re-sep nem-pona beureum oranyeu koneng héjo biru nila wungu beu-reum o-ra-nyeu ko-neng hé-jo bi-ru ni-la wu-ngu itu aya katumbiri euy ceuk barudak bangun atoh i-tu a-ya ka-tum-bi-ri euy ceuk ba-ru-dak ba-ngun a-toh euleuh mani alus kitu nya warnana ceuk nu séjén eu-leuh ma-ni alus ki-tu nya war-na-na ceuk nu sé-jén ti lebah lahan nu kosong mah katumbiri mani atra ti le-bah la-han nu ko-song mah ka-tum-bi-ri ma-ni at-ra melengkungna bangun nutug ka lembur peuntas me-leng-kung-na ba-ngun nu-tug ka lem-bur peun-tas ukur kahalangan sawah jeung kebon di tonggohna u-kur ka-ha-lang-an sa-wah jeung ke-bon di tong-goh-na hayu urang susul sugan waé kapanggih tempatna ha-yu u-rang su-sul su-gan wa-é ka-pang-gih tem-pat-na ih jauh da teuing di mana nutugna témbal nu séjén ih ja-uh da teui-ng di ma-na nu-tug-na tém-bal nu sé-jén katumbiri téh jiga deukeut padahal di langit ayana ka-tum-bi-ri téh ji-ga deu-keut pa-da-hal di la-ngit a-ya-na
  • 128. 116116 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I b ngabandungan pedaran kajadian alam (Diterangkeun ku Ibu/Bapa Guru) Saha anu kungsi nempo katumbiri? Pastina gé kungsi, nya. Lain hal anu anéh katumbiri téh. Di langit melengkung warna-warni. Kabéhna téh aya tujuh rupa, nyaéta beureum, oranyeu, koneng, héjo, biru, nila, jeung wungu. Katumbiri témbong di langit lamun aya hujan poyan. Hidep apal nu dimaksud hujan poyan? Hujan poyan téh nyaéta ongkoh hujan, tapi angger aya cahaya panonpoé. Tah ayana katumbiri téh lantaran cai hujan anu kasorot ku cahaya panonpoé. Témbongna katumbiri téh tara lila. Lamun hujanna geus euweuh mah, katumbirina ogé leungit. Jadi saenyana katumbiri téh teu ngawujud barang, da éta mah beunang disebutkeun ukur kalangkang cai hujan. Urang anu cicing di ieu dunya sok ngarasa jeung nyaksian rupa- rupa kajadian alam. Geura urang pedar sawatarana. 1. Isuk-isuk panonpoé mucunghul ti beulah wétan, dunya jadi caang. Di lemah cai urang mah caang téh kurang leuwih salila dua welas jam. 2. Panonpoé tilem di beulah kulon, dunya jadi poék, nyaéta nu disebut datangna peuting. Ieu gé sarua kurang leuwih dua welas jam. Dina wanci peuting urang sok reureuh, sangkan isukna karasa seger. 3. Aya usum halodo, jeung aya usum hujan. Lamun keur usam halodo, loba tempat anu hésé cai. Sok aya kahuruan deuih lamun keur usum halodo téh. Anu matak hidep ulah sok nyoo seuneu. Sumur, balong, jeung walungan loba nu saat. Sabalikna ari keur dina usum hujan mah sumur, balong, jeung walungan téh parinuh deui ku cai. Tapi usum hujan téh bisa nyababkeun caah deuih.
  • 129. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 117117 Imah jeung wawangunan lianna kakeueum. Kitu deui jalan tepi ka kendaraan teu barisa maju. 4. Turunna hujan ogé rupa-rupa. Aya hujan ngegbrét dibarung ku dor-dar gelap. Aya anu dibarung ku tarikna angin, disebutna hujan angin. Aya nu disebut hujan poyan. Lamun hujanna henteu gedé disebut hujan miripis atawa girimis. Tah, mun hujan murupuy mah leuwih leutik ti girimis. 5. Lamun taneuh karasa ngarieg éta téh aya lini. Lamun linina gedé sakapeung bisa nyababkeun wawangunan runtuh. Éta téh sok nimbulkeun korban. Datangna lini téh sakapeung lantaran aya gunung bitu. 6. Lamun pabeubeurang dina keur panas poé ngadadak jadi poék éta téh lantaran aya samagaha. Henteu ngan beurang wungkul samagaha téh, da dina keur caang bulan gé sakapeung sok aya samagaha. Loba kénéh peristiwa alam lianna. Pék geura ku hidep tanyakeun ka ibu, ka bapa, atawa ka lanceuk, terus catetkeun. Upamana waé naon anu disebut ombak, caah, urug, petir, tengah poé, wanci sareupna, gunung bitu, atawa angin puyuh. c ngedalkeun omongan nu patali jeung peristiwa alam (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Pék ku hidep terangkeun. 1. lamun langit ceudeum biasana bakal aya naon 2. naon anu karasa ku hidep mun keur usum halodo cccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccccc
  • 130. 118118 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 3. kumaha kaayaan lamun keur hujan angin 4. naon anu karasa ku hidep lamun keur aya lini 5. kumaha karasana dina wanci tengah poé 6. kumaha karasana mun aya angin ngahiliwir 7. naon anu karasa ku hidep lamun aya samagaha 8. ari keur aya hujan sakapeung sok kadéngé sora naon 9. di mana témpatna anu biasa sok aya ombak 10. naon anu ku hidep katempo mun keur aya angin puyuh 11. naon anu nyababkeun langlayangan bisa ngapung 12. lamun dilétak kumaha ari rasana cai laut 13. kumaha ari kaayaan panonpoé dina wanci magrib 14. lamun peuting naon anu sok caang di langit 15. bakal kumaha lamun panonpoé kahalangan méga d maca dina jero haté Pék ku hidep baca dina jero haté. Sing tepi ka kaharti naon maksudna. Peupeujeuh macana ulah bari garandéng, nya.
  • 131. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 119119 robahna alam langit di beulah wétan mimiti katempo hibar la-ngit di beu-lah wé-tan mi-mi-ti ka-tem-po hi-bar panonpoé téréh mucunghul tina sela gunung pa-non-po-é té-réh mu-cung-hul ti-na se-la gu-nung dipapag ku raména sora manuk dina dahan di-pa-pag ku ra-mé-na so-ra ma-nuk di-na da-han ramé patémbalan tambah éndah pamandangan ra-mé pa-tém-bal-an tam-bah én-dah pa-man-dang-an segerna hawa karasa matak genah kana bayah se-gerna ha-wa ka-ra-sa ma-tak ge-nah ka-na ba-yah séhat kana badan jadi kakuatan pikeun urang sé-hat ka-na ba-dan ja-di ka-ku-at-an pi-keun u-rang héjona tatangkalan éndahna pamandangan hé-jo-na ta-tang-kal-an én-dah-na pa-man-dang-an suburna lahan jeung hérangna cai walungan su-bur-na la-han jeung hé-rang-na ca-i wa-lu-ngan hanjakal jaman kiwari mah geus loba nu robah han-ja-kal ja-man ki-wa-ri mah geus lo-ba nu ro-bah manuk langka kadéngé récét dina tatangkalan ma-nuk lang-ka ka-dé-ngé ré-cét di-na ta-tang-kal-an sabab geus méh tumpur ku kalakuan manusa sa-bab geus méh tum-pur ku ka-la-ku-an ma-nu-sa
  • 132. 120120 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I hawa matak eungap sabab kekebul mani rabeng ha-wa ma-tak eu-ngap sa-bab ke-ke-bul ma-ni ra-beng jaba deuih remen kaambeu bau matak puyeng ja-ba deui-h re-men ka-am-beu ba-u ma-tak pu-yeng cai di walungan geus henteu hérang ngagenyas ca-i di wa-lu-ngan geus hen-teu hé-rang nga-ge-nyas lecek jeung matak arateul lamun urang ancrub le-cek jeung ma-tak a-ra-teul la-mun u-rang an-crub runtah jeung kokotor ngahunyud ditapuk laleur run-tah jeung ko-ko-tor nga-hu-nyud di-ta-puk la-leur jadi sumber kasakit nyababkeun urang geringan ja-di sum-ber ka-sa-kit nya-bab-keun u-rang ge-ring-an karuksakan lingkungan kudu gancang dioméan ka-ruk-sak-an ling-kung-an ku-du gan-cang di-o-mé-an mémérésna jadi tanggung jawab urang saréréa mé-mé-rés-na ja-di tang-gung ja-wab u-rang sa-ré-ré-a mun alam diantep sina ruksak tangtu bakal rugi mun a-lam di-an-tep si-na ruk-sak tang-tu ba-kal ru-gi hirup jadi sangsara manjang tepi ka mangsa jaga hi-rup ja-di sang-sa-ra man-jang te-pi ka mang-sa ja-ga moal aya sumber kahirupan anu méré mangpaat mo-al a-ya sum-ber ka-hi-rup-an a-nu mé-ré mang-pa-at anu matak hayu urang ayeuna ngucap bismillah a-nu ma-tak ha-yu u-rang a-yeu-na ngu-cap bis-mil-lah
  • 133. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 121121 e ngalengkepan kalimah Pék lengkepan kalimah di handap saluyu jeung eusi bacaan. 1. panonpoé téréh bijil langit katempo 2. panonpoé mucunghul dipapag ku sora 3. nyeuseup hawa seger matak genah kana 4. jaman kiwari kaayaan alam téh geus loba 5. walungan geus teu ngagenyas hérang tapi 6. runtah jeung kokotor nu ngahunyud ditapuk 7. mémérés alam lingkungan jadi tanggung jawab 8. mun lingkungan alam ruksak urang saréréa bakal 9. hirup urang bakal sangsara manjang tepi ka mangsa 10. sumber kahirupan anu nyésa ka urang moal méré
  • 134. 122122 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I f nyusun kalimah Pék ku hidep susun jadi hiji kalimah. 1. jareblog – dina – buruan – hujan - usum dina 2. hujan – bayeungyang – arék – hawa – lantaran hawa 3. rubuh – puyuh – anténeu – angin – nyababkeun angin 4. karang – laut – neumbagan – ngajelegur – ombak ombak 5. matak – sora – katorékan – tingjelegér – gelap sora g ngagalantangkeun kalimah Pék ku hidep galantangkeun kalimah nu aya di handap. 1. ayana peristiwa alam téh bagian tina sunatulloh 2. anu matak hayu urang ayeuna ngucap bismillah 3. mun manggih kabungah kudu nyebut alhamdulillah 4. sémah keketrok terus ngucapkeun assalamualaikum ffffffffffffffffffffff ggggggggggggggggg
  • 135. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 123123 5. mun ngadéngé sora gelap pék ucapkeun subhanalloh 6. lamun urang jangji kudu ditungtungan ku insa alloh 7. takbir dina solat téh nyaéta ngucapkeun allohu akbar 8. mun urang manggih kareuwas ucapkeun astagpirulloh 9. kalayan nyebat asma alloh nu maha welas tur maha asih 10. kangjeng rosululloh jadi tuladan pikeun umat manusa h ngapalkeun kaayaan Pék ku hidep baca terus apalkeun 1. imah ngagebru waktu lahan urug loba imah ngagebru 2. hujan ngagebrét ari keur hujan ngagebrét ulah bijil ti imah 3. seuneu ngabebela seuneu ngabebela katémbongna matak paur 4. angin ngagelebug di tengah pasawahan karasa angin ngagelebug hhhhhhh
  • 136. 124124 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 5. cai ngagulidag cai ngagulidag kénéh sanajan usum halodo 6. ombak ngajelegur ombak ngajelegur terus muncrat ka sisi basisir 7. taneuh ngarieg tah tangtuna aya lini da karasa taneuh ngarieg 8. curug ngaguruh ti kajauhan geus kadéngé sora curug ngaguruh 9. gelap ngajelegér gelap ngajelegér tarik pisan matak katorékan 10. kilat ngabaranyay kilat ngabaranyay nyaangan poékna langit i metakeun paguneman (Dituyun ku Ibu/Bapa Guru) Pék ku hidep gunemkeun di hareupeun kelas. ahmad : kamari teu tulus latihan pramuka téh galih : enya apan hujan sakitu gedéna hérlin : lapangna gé tangtu kakeueum atuh galih : biasana mah lantaran solokan sok limpas wening : apan ti heula gé kakeueumna rada lila ahmad : enggeusna téh mani jareblog da loba leutak
  • 137. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 125125 galih : padahal mah latihan pramuka téh ulah di dinya wening : ari enggeus rék di mana deui galih : di hareupeun kantor kacamatan nu genah mah hérlin : ih jauh atuh di dinya mah wening : balikna téh jigana bakal kaburitan ahmad : atuh latihan pramukana dipajukeun ulah bada asar hérlin : kagok ari méméh asar mah wening : jaba deuih apan kudu mantuan heula ibu j nembangkeun pupuh (Dicontoan ku Ibu/Bapa Guru) Dina pangajaran anu geus kaliwat, hidep kungsi diajar pupuh kinanti. Geuning anu eusina téh nyaritakeun kudu apik kana barang jeung kudu mikanyaah papada mahluk. Ayeuna urang babarengan nembangkeun pupuh kinanti, ngan eusina nyaritakeun pangajaran basa Sunda di kelas hiji téh geus réngsé. Engké bakal disambung deui sanggeus hidep naék ka kelas dua. Geura hayu urang tembangkeun babarengan. Regepkeun heula contona ti Ibu/Bapa Guru. jjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjjj
  • 138. 126126 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I Pupuh Kinanti Enggeus tamat ieu buku, pangajaran kelas hiji, saméméh ka kelas dua, pikeun nambahan pangarti, pangaweruh basa Sunda, engké urang sambung deui. Di kelas hiji sataun, ti mimiti bulan Juli, kiwari naékkeun kelas, dibagi rapot geus pasti, muga aralus angkana, ulah aya peunteun leutik. Kelas dua leuwih luhur, pangajaran leuwih sulit, hidep ulah lalawora, kudu getol tambah rajin, ngapalkeun ulah kaliwat, sangkan diajar babari.
  • 139. Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I 127127 danabrata, r.a. 2009. kamus basa sunda. bandung: kiblat. hadi, spk, ahmad. 2011. peperenian. bandung: geger sunten. lbss. 2007. kamus umum basa sunda. bandung: geger sunten. supriatna, nana. tt. lagu wajib nasional & lagu sunda perjuangan cinta tanah air. cianjur: seksi kebudayaan kandepdiknas kabupaten cianjur. tim panyusun. 1983. kawih sunda untuk sekolah lanjutan.bandung: pusataka dasentra. wibisana, spk. wahyu 2000. lima abad sastra sunda. bandung: gegersunten. Daptar Pustaka
  • 140. 128128 Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas I Catetan ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................ ........................................................................................................