2. Bandung Mapag Kota Budaya
D
uka mémang tos dirarancang ti béh ditu, ti jaman
pamaréntahan walikota nu ti heula, duka rarancang walikota anyar. Duka rarancang dadakan ti
aparat pamaréntah Kota Bandung pikeun ngabagéakeun
dunungan anyar anu cenah nya arsiték ahli lingkungan
hidup nya ogé ngabudaya sarta wanoh kana kereteg
masarakat Kota Bandung. Geura waé dina nutupkeun
bulan September 2013, hartina jero dua minggu pamaréntahan walikota anyar, Ridwan Kamil, asa loba pisan acara
raraméan anu ngalibetkeun kum masarakat Kota Bandung.
Dimimitian ku Bapa Walikota ngajak warga Bandung
resep deui tumpak sepédah boh keur kaséhatan boh keur
indit ka pagawéan. Pan ari saréréa indit-inditan kana sepédah mah, Kota Bandung téh meureun hawana beresih
henteu sumpek kakotoran teuing ku haseup kenalpot
mobil.
Acara Jabar Expo di Sabuga, disusul ku féstifal kasenian kabudayaan dur-der di sawatara kacamatan nepi ka
puseur kota. Di Ujungberung pan aya féstifal Tari Bénjang
anu dijarugjugan ku masarakat anu resep sarta miharep
bisa ngahirupkeun deui seni tradisi. Braga Féstifal di jalan
Braga, némbongkeun rupa-rupa kamonésan boh nu
tradisional boh nu modéren. Pasanggiri Kawih Sunda nu
dipokalan ku Panglawunan Kawih Sunda, lumangsung di
STSI, dijarugjugan ku kaum muda nu micinta seni kawih
Sunda.
Miss Tjitjih, Sandiwara Sunda anu matuh di Jakarta,
ditanggap deui ku urang Bandung siga nu enya aréling
deui kana Sandiwara Sunda anu di Bandung geus lila tara
manggung. TVRI Bandung, najan bari tengah peuting gé
sok mintonkeun garapan Sandiwara Sunda Miss Tjitjih.
Dina Manglé nomer ieu ogé aya laporan kagiatan
Yayasan Rancagé anu ngalélér Guru Basa Sunda anu
Hégar, Cénghar, Motékar, jeung Beunghar ku Piagem
Hardjapamekas. Iwal ti piagem aya panyecepna deuih.
Taya sanés ieu téh mangrupi pangjurung ka guru sangkan
ngahangkeutkeun pangajaran basa jeung budaya Sunda.
Saha ari Miss Tjitjih, saha ari Hardjapamekas, mangga
hanca baé nomer ieu. (Helins)***
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
ISSN: 0852-8217
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
7309720
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
- facebook: Majalah Sunda Mangle
3. 22
Cupu
5
TAMU
Indradi anggur ngabetem ditaros ku ingkang carogé téh. Tungtungna mah hayoh
nu naros, hayoh nu ngajeten.
“Yayi, ku naon bet balem baé ditaros téh,
Geulis? Saha nu masihan ieu cupu téh?”
Resi Gotawa hantem merekpek ku
patarosan, patarosan éta-éta kénéh.
Indradi angger ngabetem.....
Dr. H. Wawan Diasomantri;
Jadi Direktur, Nyarék Kuli di Nagri Batur
LAPORAN
Hadiah Hardjapamekas 2013
Pangajen ka Guru Basa Sunda
di Tapel Wates .................................... 8
Dongéng Arina
Endah Dinda Jenura ........................... 20
Cupu
Maman, S.Pd. ....................................... 26
NU MANEUH
PURIDING PURINGKAK
Nu Matak Muringkak di Majingklak
Nyi Roro .......................................... 24
Potret : Reisyan
KOLOM
S
ekarManglé
GINA
Panata Rias&Raksukan:
ZIQHAA by Intan Wedding Package
Ika ? Hj Euis Jl. Srimahi Dalam 10
Phone. (022) 5204436,
Hp. 08157157066 Hp.
087722811977
Ni’mat Anugrah Alloh SWT
Tan Wilangan
H.Usep Romli (Mekah) ................... 28
Perluna Sifat Jujur
Juniarso Ridwan ............................. 48
Lawang Saketeng ................................. 1
Kaca Tilu ............................................. 3
Munara Cahya ................................... 14
Mimbar Atikan .................................. 26
Gedong Sate ...................................... 30
Mangle Alit ........................................ 31
Katumbiri .......................................... 36
Dongeng Aki Guru ............................ 40
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
IMPLIK-IMPLIK
Pasanggiri Juru Kawih 2013
Mekelan Kareueus jeung Kabungah
......................................................... 46
CARITA PONDOK
Bulan Dina Cappucino
Kiki Pratiwi Arsapraja ..................... 18
CARITA NYAMBUNG
Carita Sarebu Samalem (176)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (15)
M.A. Salmun
............................................................. 12
4. Berdikari
P
ancasila téh masih kénéh
angger dasar nagara. Tapi
saha nu masih kénéh inget?
Ku nagarana sorangan gé geus
dipopohokeun. Tanggal 1 Juni, nu
béh ditu mah sok disarebut lahirna
Pancasila, ayeuna mah tiiseun.
Tanggal 1 Oktober, nu biasa sok
disebut Hari Kesaktian Pancasila,
geu teu aringet. Mun ditanya
kumaha runtuyanana Pancasila,
umumna mah geus teu apal. Palingpaling TVRI nu sok inggeteun waé
kana Pancasila téh. Mun tas berita
minangka panutupna téh lagu
Garuda Pancasila. Pancasila nu
lima diruntuykeun hiji-hiji. Tapi
jaman kiwari, saha nu sok
ngabandungan TVRI?
Pancasila téh sigana jadi urusan
teu penting keur bangsana sorangan gé. Anu jadi pokona lantaran
di dinya aya Sukarno. Teu bisa
dipungkir nya Sukarno anu mimiti
mertélakeun Pancasila téh. Tapi
Bung Karno sorangan ti awalna
geus nétélakeun, yén Pamcasila téh
lain jieunanana. Manéhna mah
ngan semet ngaguar tina anu geus
nyampak di masarakat urang.
Kalawan
panjang
lébar
diterangkeun ari nu ngaranna Pancasila téh naon baé, naon gunana,
sarta kudu kumaha ngamalkeunana.
Orokaya ninggang sakalina
Sukarno
dirurud
tina
kakawasaanana, Pancasila gé milu
kababawa. Henteu ari nepi ka
dipiceun mah, da teu wani. Anu kajadian saterusna sasat dijauhkeun
tina nu ngaranna Sukarno. Nu di-
Manglé 2445
gegedékeun lain tanggal 1 Juni tapi
tanggal 1 Oktober. Nu kudu
ditabeuh lain jasana Sukarno tapi
jasana Suharto. Malah Pancasila
jadi bahan penataran anu sipatna
wajib keur sakumna warganagara.
Saha baé, kudu boga sértifikat anu
nétélakeun geus lulus Penataran P4. Éta sértifikat téh dianggap sakti
lantaran jadi salasahiji sarat pikeun
ditarimana usul dina sagala urusan.
Ninggang sakalina Suharto gé
runtag, nu ngaranna Pancasila gé
milu jadi burakrakan. BP-7, nu tadina sakitu saktina dina urusan
Pancasila duka ka mana losna.
Jeung euweuh nu ngarasa leungiteun deuih. Padahal keur dina
mangsana aya mah taya saurang gé
pejabat anu henteu capétang dina
nyaritakeunana.
Minangkana Taufik Kiemas anu
cenah ngasongkeun usul ngeunaan
Opat Pilar nagara téh. Diantarana,
aya Pancasila. Malah nepi ka
ngahagalkeun ngajugjug ka Flores
pikeun mulangkeun katineung ka
nu boga hadasana, lantaran nya di
dinya, dina taun 1930-an, Sukarno
museurkeun pikiranana dina raraga
hayang ngungkab deui nu ngaranna
Pancasila téh.
Ari pingpinan nagara sigana
mah ngan semet heueuh-heueuh
bueuk. Kana sagala rupa gé teu
weléh unggeuk. Ngan dina lebah
mana nu kudu diheulakeun jeung
mana anu bisa diengkékeun, éta
mah béda deui urusanana. Tah
Pancasila kaasup kana golongan
anu diengké-engké. Dina harti, nya
iraha boa.
Naha geus meujeuhna lamun
sikep urang kana Pancasila dibebenah deui?
Geus rada loba éta gé anu
nyarita mah. Intina mah cenah
urang téh geus méngpar tina Pancasila. Lebah mana méngparna,
umumna mah notogna téh kana
urusan ékonomi. Pakaya anu sakitu
beungharna téh ku urang geus dijual jaar, dimurah-maréh ka deungeun-deungeun. Loba contona
jeung loba buktina. Tapi saha nu
daék ngadéngé? Malah umumna
mah urang ayeuna téh geus ngarasa
bener. Kita sudah berjalan di atas
rél yang sebenarnya. Apan kitu
kekecapan dina pidatona ogé.
Tapi naha atuh bet jadi kieu?
Lamun rada dibandungan, anu
nyarita pajar urang geus méngpar
tina tujuan asal téh lolobana mah
anu
geus
mararén
tina
kalungguhanana. Ari basa keur
jenengna mah henteu kitu basana
anu kadéngé téh. Naon sababna bet
kitu? Lantaran, lamun nginjeum
babasan dina guguritan tembang
cianjuran mah, gamparan sok
ngabibingung.
Sok wé geura, tina rupa-rupa nu
ngaranna kawijakan pamaréntah,
nu mana anu bisa dicekel kalawan
pageuh? Urang ulah mopohokeun
Pancasila, cenah. Urang kudu balik
deui kana UUD 1945 anu asli, anu
saméméh diamandemén, cenah.
Kitu sotéh ceuk ujaring anu geus teu
baroga kakawasaan.
Sigana SBY gé bakal kitu
kekecapanana. Tapi engké lamun
geus marén. AM
3
5. Kurban
Ngurangan nu Katalangsara
Assalamualaikum
Wr.Wb.
Punten ngiring ngintun
serat ka Ais Pangampih
Manglé. Simkuring sok
ngaraoskeun
kacida
reueusna umat Islam sok
ngalaksanakeun kurban.
Ieu ibadah, keur nu kurban
kacida mulyana, lantaran
mémang ieu ibadah nasfiah
téh miharep rido Alloh Swt.
Ngan nu jadi émutan
téh sual dampakna téa.
Kahiji pangpangna umat
masakin, nu sok ngadadak
loba alias ngaburudul. Ti
taun ka taun, nu mariskin
téh bet asa beuki nambahan. Dina haté, naha kurban bisa ngurangan jumlah
miskin? Naha tiasa jadi
cara keur ngabebenah
umat nu leuwih raharja?
Eta mah nyanggakeun ka
nu langkung terang. Ngan
upami téa mah henteu
tiasa ngungkulan karaharjaan jeung kamiskinan,
dina hartos mung saukur
nyegah kalaparan poé
harita wungkul, simkuring
mah langkung satuju pami
kurban dilaksanakeun ku
pribadi
masing-masing
waé, henteu dikokolakeun
ku panitia.
Sakitu, hatur nuhun
kana perhatosanana.
Wass.
Pa Aep Hendriyana
Gumuruh Bandung
Nitip Bandung Ulah
Pundung
Assalamu’alaikum Wr.
Wb.
Sampurasun!
Ais Pangampih Manglé
4
nu dipihormat, ti payun
ngahaturkeun réwu nuhun
ku ditampina ieu serat
ngalangkungan éléktronik
Koropak Manglé. Mugia
baé Manglé, majalah
Sunda hiji-hiji nu mandiri,
eusina mundel, masing dipasihan panangtayungan
sareng kakiatan Gusti dina
ngamumulé sareng miara
basa Sunda salamina.
Amin.
Dina kasempetan ieu,
simkuring ngahaturkeun
wilujeng ka walikota kota
Bandung anyar, hususna
ka Kang Ridwal Kamil.
Mudah-mudahan
dina
salami mancén dipasihan
kakiatan kanggo ngalaksanakeun
amanah
masarakat.
Nyi Manglé, saterasna
mah, simkuring ngiring
masihan pandangan ka
Kang Emil, sok sanaos
simkuring percaya ka walikota ayeuna mah pinter
jeung rancagé.
Nu kahiji dina sual
méntal
birokrasi.
Di
kukumaha baé ogé, Kang
Emil mah sanés asalna ti
birokrat. Papadaning kitu,
atuh cara ngabebenah ogé
ulah wani teuing tapi ogé
ulah ngantep teuing.
Tangtu dina hal ieu mémang teu gampang, tapi
sahenteuna Kang Emil
kedah nyonto ka Jokowi
dina ngabebenah birokrat
di DKI. Wani nyontoan nu
bener, éta koncina.
Saterusna
dina
ngabebenah pangwangunan Bandung, tangtu moal
bisa sosoranganan. Nya
palebah dieu mah Kang
Emil cukup ku méré conto
‘blusukan’ ka daérahdaérah. Dina ningkatkeun
ékonomi, kantenan kudu
mampuh adil antara
pangusaha jugala jeung
pangusaha handap. Sanajan Bandung téh kota Jasa,
tapi apan buktina mah,
lolobana mah pangusaha
kelas handap.
Tah, upama masalahmasalah saperti kitu henteu dilaksanakeun, ulah
nyalahkeun upama Bandung bakal pundung. Dina
harti, alamna bakal ruksak
ogé jalmana teu puguh
udagan,
jauh
tina
katengtreman jeung karaharjaan.
Sakitu waé, mudahmudahan aya mangpaatna.
Udin Sirojudin
Cikutra Bandung
Mémang loba pasaulan
nu kudu dibebenah ku
walikota
katut
réngrénganana téh. Ngan,
bawirasa aya nu leuwih
penting batan ukur nambal sulam jeung ngoméan
sarana ogé prasarana nu
aya di Kota Bandung.
Keur nu dumuk di pasisian kota Bandung,
héabna pangwangunan
téh karasa pisan. Ngan,
dina kaayaan kitu téh, teu
jarang
nu
leugiteun
pakasaban.
Sanggeus
kaséséréd nepi ka ahirna
kapaksa loba nu ngajual
lahanna, pakasababanana
gé loba nu leungit. Nu
asalna bisa ngagunakeun
lahan sabudeureunana,
najan lain anuna, antukna
mah éta bisa. Atuh, teu
jarang nu leungiteun
pakasaban, saperti ngukut
Harepan Urang Pasisian
Kota Bandung
Assalamu’alaikum Wr.
Wrb.
Sampurasun!
Damang Ais Pangampih Mangle? Hatur nuhun
atuh pami damang mah.
Simkuring kacida reueusna ka Majalah Mangle,
nu kantenan keur warga
Kota Bandung mah kacida
mangpaatna,
utamana
dina ngamumule basa sastra atanapi budaya Sunda,
nu ebreh budayana warga
Kota Bandung.
Saha waé wali kotana,
masarakat mah, moal
weléh ngabagéakeun. Kitu
téh, dijurung ku pangharepan mudah-mudahan
nu ngageugeuh Bandung
téh bisa ngalaksanakeun
pancénna.
ingon-ingon, melak tutuwuhan jeung sajabana.
Kitu téh, balukar lahan di
Bandung salin rupa lantaran jadi milik nu
baleunghar jeung pangusaha jugala.
Kahayang mah, pamaréntah Kota Bandung
bener-bener nalingakeun
warga asli Bandung. Ulah
nepi ka loba nu bibit buit
Bandung kapaksa éléh ku
deungeun-deungeun nu
ngakuna jadi warga Bandung gé ukur aakuanan,
lantaran
teu
boga
padumukan, ukur boga
KTP wungkul.
Wa Galih,
Rancasari,
Kota Bandung
Manglé 2445
6. Dr.H.WawanDiasomantri;
Jadi Direktur
Nyarék Kuli di Nagri Batur
Ngajak, lain ukur cumeluk ku
omongan, da jeung prakna. Inyana
milih jadi diréktur, demi dulur-dulur
teu liar jadi kuli di nagri batur. Saha
nu boga karep kitu téh? Taya lian ti
Dr. H. Wawan Diasomantri, Direktur
Utama PT. Warekon Geoperta Utama
Sejati (WGUS).
***
R
emen ngageuri, mun ningali
nu riab jadi kuli. Komo ukur
buburuh di nagri batur, saperti
di Malaysia. Apan loba nu kacarita nu
buburuh, bari jeung ukur ngandelkeun tanaga mah, lir dianggap
‘kékéséd’, teu diajénan darajat kamanusaanana. “Mending gé digarawé
di urang batan kuli matak tungara di
nagri batur mah,” ceuk Dr. H. Wawan
Diasomantri, Dirut WGUS muka
wangkongan. Ngobrol téh pasosoré
bada asar, sawatara waktu ka tukang
di salasahiji kantorna di MTC/MIM
Jalan Sukarno-Hatta, Bandung.
Dr. H. Wawan Diasomantri, apal
pisan kana poténsi nagri sorangan.
Lemah cai téh, mun dikokolakeun
kalayan hadé, bakal nguntungkeun
jeung ngaraharjakeun balaréa. Contona, widang kalapa sawit bisa jadi
salasahiji andelan ékonomi bangsa.
“Lahan Nusantara kacida saéna
kanggo melak kalapa sawit,” ceuk ieu
konsultan pakebonan kalapa sawit
téh.
Mangpaat kebon kalapa sawit, bisa
naratay. Lian ti ngahasilkeun minyak,
bisa ngawadahan ratusan rébu tanaga
gawé. Hartina, bisa ngurangan nu
nganggur, mantuan pamaréntah nga-
5
7. hontal karaharjaan masarakat. “Lahan
Indonésia kacida saéna kanggo melak
kalapa sawit. Jantén, tibatan jadi
buruh ukur ripuh di nagri batur, apan
leuwih hadé digarawé di urang,”
pokna tandes naker.
Ludeung Mandiri
Upama H. Wawan neundeun
harepan kana pakebonan kalapa
sawit, lantaran apal pisan kana
piuntungeunana. Kituna téh, memang, ahlina dina nataharkeun
pikeboneun kalapa sawit mah. Remen
narima pesenan ti pausahaanpausahaan jugala boh panguaha
pribumi boh asing. “Muka lahan sawit
peryogi dana ageung, ratusan milyar
dugi ka triliunan. Contona, mun ukur
ngebon 5000 hektar, sakirang-kirangna
butuh modal 400 miliar.
Malah,dugi ka panén mah tiasa dugi
ka 500 miliar,” pokna.
Gedéna waragad nu dimodalkeun,
butuh balitungan nu asak jeung pasti.
Sabab, bisana nepi ka metik hasilna
téh kudu melak heula. Hartina, butuh
waktu jeung kapastian. Ti mimiti
melak nepi ka hasil munggaran butuh
dangka waktu nepi ka opat taun. Salila
can ngahasilkeun, butuh waragad
keur miarana. “Peran konsultan kedah
tiasa ngabalitungkeun sagala rupana
ti ngawitan tatahar lahanna,
nyayagikeun padamelna, ogé nepi ka
nu tumali sareng ngokolakeun hasil
panén kalapana,” pokna.
Kamampuhan H. Wawan nataharkeun kebon kalapa sawit, meunang
kapercayaan ti pausahaan-pausahaan
badag. Loba invéstor nu maké jasa PT.
WGUS. Eta téh pausahaan konsultan
pakebonan nu sohor ka jauhna. Diadegkeun ku H. Wawan Diasomantri
dina taun 1996. Nu ditawarkeunana,
jasa, pangpangna nu mangrupa ‘survey design’ jeung ‘planning’ keur
kaperluan pakebonan, hususna kebon
kalapa sawit. Nu dipigawéna, motrétan lahan ti luhur, niténan sumber
daya lahan, mininjmen pangwangunan pakebonan, sarta minijmen nata
caina keur kapereluan pakebonan téa.
Data-data
hasil
survéy
bisa
dimangpaatkeun keur ngebon sawit,
coklat, karét, jeung sajabana.
Kamampuhan H. Wawan ngokolakeun PT WGUS, didadasaran ku luang
jeung pangalamanana dina widang
6
Milih jadi direktur ngarah katurut batur
Ngasakkeun pangalaman di lapangan
Sareng kulawarga, garwa, putra, mantu, sareng putu
Manglé 2445
8. survey, ngukur, lahan, ogé icikibungnan dina widang pakebonan kalapa
sawit. Ditambah deuih patékadanana
hayang mandiri sangkan bisa salobalobana mantuan pihak séjén boga
lahan gawé jeung meunang pangasilan. Ahirna, satutas boga pangalaman
welasan taun ahirna jadi Direktur PT.
WGUS,
balad-baladna puluhan
kalayan ngabogaan masing-masing
kaahlian. “Janten pamingpin, kedah
mampuh
ngamangpaatkeun
kaahlian-kaahlian
anggota
nu
dipingpinna,” pokna méré luang.
Nu maké jasa PT. WGUS, lain ukur
bangsa pribumi, tapi deuih pausahaan-pausahaan
asing,
saperti
Malaysia, Koréa, Jepang, Cina, jeung
sajabana. Di antarana, PT. Astra Agro
Lestari, Tbk., CT Agro, Tianjin Julong
Grup, Medco Agro, Grup Ciputra, PT.
Triputra Agro Persada, PT. Jaya Agra
Wattie, Tbk, Gema Raksa Group, ZTE
Grup, jeung PT BW Plantations Tbk.
Hartina, H. Wawan téh meunang
kapercayaan ti balaréa. “Intina PT
WGUS maparin palayanan kanggo nu
gaduh karep ngadegkeun pausahaan
perkebunan, ti ngawitan rarancang
dugi ka ngadegkeunana,” ceuk ieu
teureuh Imbanagara, Ciamis, Jawa
Barat nu lahir taun 1955 téh.
Jadi konsultan, butuh kapercayaan pihak nu maké jasa. Hartina,
PT. WGUS gé ngutamakeun
kapentingan nu boga modal sangkan
usahana untung. Jasa saperti kitu,
kacida dibutuhkeunana ku pangusaha. Lantaran, nu boga modal di
pakebonan, teu bisa langsung
nalingakeun kamekaran usahana.
Jauhna ka lahan usahana, ogé lantaran kasibukanana, nu boga duit
mah,
ukur
mercayakeun
ka
paraminijer di lapangan. “Tugas
konsultan, nyadiakeun informasi nu
dibutuhkeun ku investor. Istilahna,
sakumna asét pausahaan di lapangan,
dipindahkeun kana méja invéstor.
Tina informasi nu dilaporkeun, nu
boga kakawasaan di éta pausahaan
téh bisa nangtukeun putusan keur
kapentingan pausahaanana,”pokna.
Ku lantaran kitu, ieu teureuh
Galuh téh, teu weléh boga karep nambahan pangaweruh. Najan geus jadi
direktur pausahaan sohor,
teu
ngarasa sugema ku pangaweruh nu
geus nyampak dina dirina. Atuh, getol
Manglé 2445
naker ula-ilu kana palatihan atawa
training gé. “Intina, nurutan jalmajalma nu ahli dina widangna, sarta dilarapkeun dina pausahaan anu béda.
Nu penting mah ‘konsépna’ anu kedah
kapimilik téh,” pokna nyarankeun.
Salila icikibung dina widangna, H.
Wawan medal-medalkeun kaya ilmiah
nu sumebar dina rupa-rupa tulisan. Di
antarana, tumali jeung survey irigasi
di Jambi, Jember, Sulawesi; Pangukuran lahan perumahan di Cilegon, Cirebon, Cilacap, jeung sajabana;
Pangukuran lahan transmigrasi di
Riau, Kalimantan, Irian, jeung sajabana; Survey Trace Gas Pertamina; Survey keur Konstruksi PLTA; jeung
Survey keur lahan pakebonan.
Kamampuhan H. Wawan mingpin
pausahaan jeung jadi konsultan, meunang
pangbagéa
ti
balaréa.
Pangharegaan gé jul-jol ti manamana. Atuh, piagam jeung piala nu
tingkatna nasional jeung Asean ogé
aya kana tujuh welasna ( nepi ka taun
2013). Ku lantaran kitu, teu anéh,
upama loba pihak nu ngajénan
kaahlian jeung hasil karyana. Malah,
dina bulan September (2013) nu
anyar kaliwat, ieu Dirut PT. WGUS téh
narima panglélér gelar Doktor Honoris Causa ti University of Berkley
Michigan Amerika.
Ngalap Mangpaat
H. Wawan Diasomantri téh anak
kadua ti tujuh sadulur. Ti bubudak,
aya dina lingkungan kulawarga nu
ngandelkeun kahirupanana tina lahan
usaha. Nya, tangtu wé rupa-rupa
usahana gé saperti nyieun tahu,
tempé, jeung sajabana. Karep Wawan
harita gé, hayang jadi pangusaha!
Nilik kana ‘bakat’ akademikna,
kaasup onjoy. Apan, keur kelas lima gé
ditawaran guruna sangkan milu ujian
jeung kelas genep. Taksiran, guruna
ge percaya, ieu budak kelas lima téh
pimampuheun milu ujian kelas genep.
Ahirna, mémang lulus!
Lalampahan saterusna, sakolanna
téh di Bandung, da sina jadi anémer,
kawas éyangna ti bapa. Blus wéh, ka
STM PU, jurusan Géodesi. Kituna téh,
kabita ku ngaranna, ‘aneh’ ceuk
pikirna harita mah eta ngaran
‘géodesi’ téh. Ngan, ari cekel gawé
sabada lulus ti STM mah, jauh tina
kahayang kulawargana, teu jadi ane-
mer, da kalah jadi pagawé tukang
nyurvéy, jadi purah ngukur lahan.
Atuh, jarambah da remen miang ka
luar Jawa kaasup ngasruk leuweung
Sumatra, Kalimantan, jeung Papua.
Waktu kuliah kénéh bari digawé
(1982)
ngawani-wani
manéh,
ngawangun rumah tangga jeung Dra.
Hj. Nannie Iryani Rahayu. Garwana
mah geus jadi guru di salasahiji SMA
di Bandung. Ngan, kuliah Wawan
mah kateug, teu diréngsékeun, da
milih museurkeun pipikiranana kana
pancén gawéna di pausahaan jugala.
Wawuhna jeung dunya kalapa
sawit, dimimitian waktu cekel gawé di
PT. PT Astra Agroniaga (Ayeuna
PT.Astra Agro Lestari, TBk). Pancén
gawé H. Wawan harita, nyurvéy.
Pangalamanana nu puluhan taun, jadi
paham kana nataharkeun pakebonan
kalapa sawit nepi ka bubbuk leutikna.
Salila jadi pagwé, hatena mah teu
weléh hayang mandiri. Ceuk pikirna,
mending jadi direktur, batan jadi kuli.
Lantaran, mun jadi pingpinan, bisa
mantuan pihak sejen, sangkan boga
pagawean. Ku lantaran kitu sabada
asak mikir, gilig wéh kaluar ti
pagawéanana (1996), ngadegkeun
(PT.WGUS) jeung babaturanana.
Népakeun jiwa wirausaha ka pihak
séjén, dimimitian ti kulawargana. H.
Wawan sadar pisan kulawarga nu jadi
tanggung jawabna kudu mangpaat
lain ukur keur dirina, tapi ogé keur nu
lian. “Perkawis pilihan profesi kumaha
barudak. Nu écés, kedah mangpaat,
sanés ukur kanggo diri sareng kulawarga, tapi ogé kanggo balarea,” saur
ieu rama Dokter Wendi Adam Somantri, Arya Nirwana Somantri,Lc,
Mochammad Ramdani Somantri, SP.,
sareng Akbar Ginanjar Somantri téh.
Karep jeung kadaék H. Wawan
néts ka putra-putrana. Nu cikal geus
macakal,
jadi
dokter
jeung
ngadegkeun klinik kaséhatan. Nu
kadua,waktu keur kuliah kénéh di
Mesir gé teu nyusahkeun kolot, lantaran babarengan jeung babaturanana ngarentalkeun kandaraan. Atuh,
komo deui ayeuna, da masing-masing
barudakna gé, lian ti cekel gawé luyu
jeung kaahlianana, tetep ancrub kana
dunya usaha, kaasup si bungsu nu
kuliah kénéh, geus jadi minijer di
pausahaan nu ditaratas ku kulawargana.*** (Ensa)
7
9. Hadiah Hardjapamekas 2013
PangajénkaGuruBasaSundadiTapelWates
P
ikeun guru-guru basa Sunda nu tugas di
tapel wates tangtu lain pagawean nu enteng-enteng bisa ngajarkeun basa
Sunda ka murid-muridna, dimana sapopoena
pamake basa Sunda “bersaing” jeung pamake
basa liana saperti Jawa, Batawi jeung basa
lianana. Tapi pikeun guru nu ngamilk kompetensi akademis jeung profesional tur boga
sikep jeung dedikasi nu luhur niat ngamulyakeun basa jeung budaya Sunda hal eta
teu jadi hahalang, malah sikep guru nu kitu
pandena geus meunang apresiasi jeung
pangajen ti Yayasan Kebudayaan Rancage
nyaeta “Hadiah Hardjapamekas”.Hadiah nu
geus lumangsung kagenepkalina taun ieu dipasrahkeun ka Sanu Mulyadi (Guru basa
Sunda SDN 1 Munjul Kacamatan Astanajapura-Cirebon), Wahyu “Juwar” Hidayat
(guru basa Sunda SMP di Desa CinereDepok), jeung Wiwin Widaniawati (guru basa
Sunda SMAN 10 Tasikmalaya).Acara
pamasrahan hadiah lumangsung poe Saptu di
Isola Resort (Aula Anthurium lt.3) Universitas
Pendidikan Indonesia (UPI/IKIP) Jl. Dr.
Setiabudi No.220 Bandung (28/9). Saperti
biasa, kagiatan ieu hasil gawe bareng antara
Yayasan Kebudayaan Rancage jeung Jurusan
Pendidikan Bahasa Daerah FPBS katut Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya
Sunda Sekolah Pascasarjana UPI.
Rektor UPI Bandung Prof. Sunaryo Kartadinata nu harita rawuh dina acara pamsrahan
Hadiah Hardjapamekas bareng jeung inohong sunda liana saperti Wahyu wibisana,
Ajip Rosidi, RTH, Hawe Setiawan, Erry
Riyana Hardjapamekas, UU Rukmana, Teddy
ANM, Karno Kartadibrata, Abdulah Mustafa,
Distam, jrrd, nyebutkeun yen sacara kasat
mata pendidikan/pembelajaran basa daerah
di Indonesia kacida heureutna, kawatesanan,
jeung satemenna jadi kawenangan pemda,
naha unggal pemda merhatikeun kahirupan
basa daerahna? Wallohualam, cenah ge. Ngan
husus pikeun Jawa Barat rektor kacida
nganuhunkeunana ka pemda Jabar nu geus
nempatkeun mata palajaran basa Sunda jadi
pendidikan di sakola-sakola. Hal ieu dipiharep
jadi bagean tina pembinaan kabangsaan, basa
jeung budaya Sunda jadi bagean budaya
nasional, jeung urang ngatik-ngadiidik anak
bangsa bari dibekelan ku wawasan nasional,
alhasil ajen-inajen lokalna engkena bakal
ngawangun niley-niley nasional. Kitu saurna
tandes. Ngeunaan hadiah Hardjapamekas, “
Hal ieu mangrupi hiji apresiasi, motivasi,
sareng rojongan , ngokohkeun kayakinan
kana naon anu parantos dipilampah ku guruguru basa Sunda teh aya nu merhatoskeun.
8
Hadiah Hardjapamekas pikeun ngarojong
kreatifitas guru basa Sunda”’ kitu saurna.
Kitu pisan cek Ajip Rosidi ge basa mere
katerangan pers ka wartawan, “Hardjapamekas teh hadiah pikeun guru-guru nu numuwuhkeun kacinta murid-muridna kana
basa Sunda. Parantos sapuluh taun mayeng
Yayasan Rancage masrahkeun hadiah ka para
pangarang, tah bisana maranehna ngarang teh
kulantaran aya guruna, “ Ku kituna guru basa
sunda nu cek Rahmat Taufik Hidayat (RTHPupuhu Yayasan Kebudayaan Rancage)
salaku
pangjaga
ajen-inajen
nu
ngawanohkeun jeung ngadidik muridmuridna ku basa Sunda, ge kudu diajen. Sabab
cek Ajip, basa Sunda kiwari geus nyirorot, lantaran urang Sundana sorangan kiwari geus teu
nyaraaheun, “Bapana jeung indungna Sunda
tapi budakna dididik nyarita ku basa Indonesia, eta megatkeun generasi basa Sunda.
Basa sunda kaasup nu milu antri pikeun
tumpur luyu jeung kateranan para ahli nu
nyebutkeun tina 6000-7.500 basa nu aya di
dunya satengahna(3.500) baris musnah dina
ahir abad ieu”,kitu saur Dewan Pembina
Yayasan Kebudayaan Rancage pinuh kahariwang. Tapi aya oge basa nu geus carem tapi
kulantaran loba nu ngagunakeun deui jadi
hirup deui saperti basa Hawai jeung basa
Wales (Inggris) nukungsi dipedar ku C.W.
Watson di sababaraha seminar jeung media
massa, nu umajak lamun basa Sunda hayang
hirup kudu nyontoan urang Wales, tapi cek
Ajip mah moal bisa cenah di Sunda mah, lan-
taran para pajabatna teu “ngabela” kawas di
Wales, taya perhatianana, padahal ku undangundang otda ge sabenerna para gegeden teh
bisa netepkeun basa Sunda salaku “basa
panganteur” kadua salian ti basa Indonesia di
sakola-sakola. Paling ngan poe Rebo/Jumaah
di kabupaten jeung kota cenah ge.
Kahariwang nu sarua ditandeskeun ku
Prof.Dr.Dadang Sunendar (Wakil Rektor
Bidang Kemahasiswaan & Kemitraan UPI),
Memang hiji kondisi nu teu gampil cenah
ngamumule basa (budaya) Sunda di satengahing kurungan teknologi jeung modernisasi
mah, estu inisiatif nu mulya, cenah ge lamun
aya nu terus ngamumulena.Tapi dugi ka iraha
basa Sunda bisa hirup di tatar Sunda? Bakal
kumaha nasib basa sunda 50 taun ka hareup?
Na bakal hirup atawa tumpur kasedekkeun ku
basa Indonesia/asing nu hirup di wewengkon
urang?
Calon Guru Kudu Kokojayan di
Kampus
Tapi insyaalloh lamun aya keneh urang
Sunda/guru-guru basa Sunda nu rancage
jeung bumela ka Sundana, saperti nu geus
dipilampah ku Sanu Mulyadi, Wahyu “Juwar”
Hidayat, jeung Wiwin Widaniawati nu dirojong ku kaum akademisi, pamarentah katut
masarakatna , basa/budaya Sunda moal
tumpur kari catur.
Sanu Mulyadi umpamana, sok sanajan
jadi guru basa Sunda di SD wewengkon per-
Rektor UPI, ngarojong kreatifitas guru Basa Sunda
Manglé 2445
10. batasan antara budaya Sunda jeung Jawa nu
tangtu wae loba barebedanana, tapi ti taun
1982 nepi ka kiwari mayeng ngajarkeun basa
Sunda 2 jam dina samingguna. Padahal
kakurangan buku-buku sumber cenah ge, baheula gampang dibeuli ku siswa kiwari taya,
lian ti kitu ngajarkeun basa Sunda di
wewengkon Cirebon mah cenah teu gampang
lantaran aya wewengkon nu husus make basa
Sunda – Jawa jeung Jawareh (Jawa sawareh),
tah siswa ge aya nu ti Sunda aya nu ti Jawa,
“Abdi di perbatasan, Desa Munjul Sunda,
Sidamulya Jawa, abdi aya di Cantilan nu campur. Ari di bumina barudak teh ngaranggo
basa Jawa, di sakola basa Sunda, tah ari
ngarobrol sareng rerencanganana mah ku
basa Jawa deui,” Pokna bari seuri.
Tapi sok sanajan kitu aya oge pikareueuseunana cenah tugas di Cirebon teh, aya murid
nu sapopoena make basa Jawa, tapi jadi
pinunjul ngadongeng basa sunda sa -Jabar di
Pangandaran taun 2010. Ti daerah Sundanadi Babakan oge aya nu pinunjul kahiji
sababaraha kali. Lalaki pituin Sunda kalahiran
Sumedang 4 Juni 1962 nu geus 31 taun nganjrek di Astanajapura- Cirebon lian ti ngajar,
tukang ulin ngider ngalatih kasenian, Degung,
Kacapi, Upacara Adat Sunda.Di sakolana ge
aya gamelan Degung cenah butut-butut ge.
Margi dina sunda mah teu leupas tina seni
jeung budayana”, kitu cek alumni Jurusan
basa Sunda Universitas Sebelas April (Unsap
2003) Sumedang.
Kitu deui Wahyu “Juwar(Juru Wawar –
ngaran tokoh nu diperankeunana nalika aktif
di teater kampus)” Hidayat, nu tugas ngajar di
wewengkon Depok, kulantaran indung-bapa
murid-muridna teh kalolobaanna lain ti
Sunda tangtu jadi hiji tangtangan.Memang
hese cenah lamun niatna rek maksakeun
Hiji basa ka lingkungan anyar mah, tapi
kudu jadi “juru wawar”, kudu bisa mikat etnis
sejenna kaasup Depok nu mangrupa “Indonesia leutikna”.Carana dina ngajarkeun
kalimah-kalimah basa Sunda Juwar mah ku
apresiasi sastra jeung budaya, ku maca sajak
bari dicontoan heula ku anjeunna, tah da
meureunan baheulana Juwar aktif di GSSTF
(Gelanggang Seni Sastra Teater da Film)
Unpad, Pamass Unpad, Tepass (Teater
Paguyuban Sastra Sunda) Unpad, Kelompok
Studi Sunda Rawayan, jeung Paduan Suara
Mahasiswa (PSM) Unpad, seni sastra, seni
panggung lain barang anyar deui, atuh muridmridna arolohok katajieun, tungtungna geus
resep mah naranyakeun harti kalimah nu aya
dina sajak. Kukituna alumni Sastra Sunda
Unpad (86-91) kalahiran Garut 31 agustus
1967 umajak ka para mahasiswa program
Sunda utamana nu rek jadi guru/dosen boh di
Unpad, UPI atawana Unpas, “ Prak geura
kokojayan di kampus nepi ka jibregna, boh rek
aktif di teater, sastra, penca, jeung sajabana,
ke bakal karasa geus lulus jadi bekel kakuatan
nu rohaka dina mangsa ngajar, cenah ge.
Sabab basa mah teu leupas tina sastra jeung
budayana”, kitu saurna bari miharep sangkan
para guru dibekelan kamampuan pedagogig
jeung dramaturgi.Hal ieu ngingetkeun Juwar
nu dina mangsa kongres basa sunda (90-91)
dipiwarang ku Pa Sayudi (panyajak) jeung
bapana Ajat Subarja (pamilik sanggar tembang-tari Inten dewata Kadungora-Garut),
“Lamun hidep resep kana seni panggung, adi
aktor, kudu jadi guru sangkan unggal poe
manggung di kelas jadi juru wawar (Juwar)”.
Ari nu disanghareupan ku Wiwin
Widaniawati mah budaya kota. Indung- bapana cacarita ku basa Indonesia ari muridmuridna aya kasieun ngagunakeun basa
Sunda, sieun salah, kamalum loba undakusukna, nawaran “dahar” ka saluhureun
“tuang” keur sorangan mah kapan “neda”,
jeung sajabana. Tah hal eta ku guru pinilih ti
SMAN 10 Tasikmalaya ditandeskeun ka
murid-muridna, “Ulah seueur kasieun bade
nyarios sunda mah geura pok wae sareng
jalmi/murid
nu
ngagunakeun
dua
basa/leuwih mah kapan saur para ahli ge
bakal langkung pinter sabab utek katuhuna
nandean saniskara harti basa (perbendaharaan kata). Maenya kawon ku urang Jerman nu dugi ka kiwari ge tetep ngagunakeun
basa daerahna, basa ingris mah mung di-
Para guru nu bumela kana kasundaan dirojong para inohong
Manglé 2445
aranggo ku supir taksi, janten urang ge kedah
reueus nganggo basa Sunda”, kitu saur alumni
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS
UPI (92) jeung S2 –Program Studi Pendidikan
Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI(2012), nya Alhamdulillah kiwari
90% muridna ngagunakeun basa Sunda.
Riwayat Hadiah Hardjapamekas
Sakumaha nu pada uninga ngaran “Hadiah Hardjapamekas” nyokot tina nagaran
inohong atikan di Jawa Barat, R. Sobri
Hardjapamekas (1913-2005). Lalaki kalahiran
Cianjur 23 September 1913 icikibung dina
dunya atikan ti taun 1950-an, sabada saacana
ancrub di lingkungan pamarentahan. Sabada
ngarengsekeun atikanna di Jerman, Hardjapamekas ngawulang di Jurusan Pendidikan
Bahasa jerman FPBS IKIP (UPI) Bandung,
tapi anjeunna ge ageing pisan perhatosanna
ka kamekaran basa Sunda.
Anugerah Hadiah Hardjapamekas dimitian taun 2008. Panaratasna dianatara Erry
Riyana Hardjapamekas, putra suargi Hardjapamekas.Saterusna penganugerahan Hadiah Hardjapamekas jadi program taunan
Yayasan Kebudayaan Rancage. Panarima hadiah, guru basa Sunda nu ngajar di SD/MI,
SMP/MTs, jeung SMA/SMK/MA; dipilih hiji
dina “jenjangna’ sewang-sewangan, hadiahna
mangrupa piala/laying pangajen jeung duit
sapangaji lima juta perak.
Dina hal penileyan/pangajen taun ieu, cek
Ellin Syamsuri wawakil ti Girang
Pangajen/juri, aya 10 nomini ti 27 Kabupaten
guru basa sunda nu aya di Jawa Barat: 4 urang
guru ti 4 Kabupaten, 3 guru SMP ti 3 Kabupaten, jeung 3 guru SMA ti 3 Kabupaten. Nu
diajenna dianatrana “jam terbang” atawa
luangna, guru nu kudu bisa digugu (jadi conto
hade keur murid jeung masarakat) jeung ditiru (kompetensina hade, tagogna pantes)
cindekna idealna guru kudu hegar (darehdeh),
cenghar (sehat, motekar/kreatif) jeung beunghar (ku elmu, amal jeung beunghar
hatena)***ASEP GP .
Nu kasinugrahan Hadiah Hardjapamekas
(Kenca:Wahyu, Sanu, Wiwin)
9
11. Bagian
176
S
akumaha nu
disarankeun ku
sobatna, ku
Komarujaman téh diturut. Ieu pamuda, langsung ka puseur kota
ngadatangan istana nu
ditempatan putri Budur.
Di dinya, manéhna
gogorowokan nawarkeun
jasa, saperti umumna
ahli nujum jeung tabib
nu biasa nambaan.
Sakur nu ngadéngé
omongan Komarujaman,
karageteun. Atuh, jul-jol
nyampeurkeun éta nonoman. Bréh wéh kanyahoan, éta pamua téh, dedeg
sampé rupa hadé, nenggang rurupaanana ti para
pamuda umumna.
Loba nu heran jeung
manglebarkeun ku nilik
paripolah jeung rurupaan éta nonoman téh.
Héran, lantaran bangun
nu kacida yakinna kana
kamampuhan pribadi.
Padahal, paraahli nujum
nu tiheula gé teu mam-
10
puh ngubaran putri nu
ahirna mah nandangan
hukuman.
“He, Ki Silah! Andika
leuwih hadé teu
gogorokan kawas kitu!”
ceuk urang dinya nu
karunyaeun ka Komarujaman.
Nu diomongan kitu
teu nolih. Malah,
gorowokna téh mingkin
tarik nepi ka prajurit
istana gé kalaluar ti
tempatna, kagareuwahkeun ku éta
sora.
Komarujaman
ngagorowok deui.
Nyebutkeun dirina téh
ahli ngubaran nu sanggup nyageurkeun putri
nu keur nandangan tunggara. Ngadéngé caritaan
kitu, nu ngajaga putri
téh silihrérét jeung
baturna. Geus kitu,
salahsaurang di antarana
gura-giru ngabéjaan ka
Raja Ghayur.
“Kitu, kasaurananana
téh!” ceuk salahsaurang
badéga ka rajana.
“Di mana ayeuna?”
“Di payuneun istana
endén putri!”
Raja Ghayur ngadatangan éta tempat.
Bréh lalaki nu umurna
kawasna mah pakokolot
supa jeung anakna.
Sajongjongan raja
ngahuleng, teu pupuguh
bet ngarasa karunya ka
éta pamuda téh. Ceuk
pikirna, mun nyata-nyata
gagal, tangtu bakal jadi
mamala. Putusan raja,
moal lanca-linci luncat
mulang. Saha waé nu
bisa ngubaran, rék
dikawinkeun ka anakna
sarta meunang ganjaran
rupa-rupa dunya barana.
Ngan, sabalikna,mun
gagal, tangtu baris meunang hukuman nu kacida
beuratna.
Raja cangcaya kana
kamampuhan Komarujaman. Inyana mah
leuwih suka mun éta pamuda ngabatalkeun
pakarepanana. Ceuk
pikirna, leuwih hadé éta
nonoman téh teu
neruskeun
pakarepanana. Tapi,
Komarujaman keukeuh
hayang dibéré kasempetan nyoba-nyoba kamampuhanana najan
ahirna kudu nandangan
hukuman mun teu luyu
jeung kahayang raja.
Sanggeus nyarita kitu,
Komarujaman ngahariring. Eusina ngedalkeun
eusi haté nu éta kekecapan téh saperti nu biasa
dihaleungakeun ku Putri
Budur. Atuh, raja gé
ngahuleng sarta timbul
kapanasaran hayang
nyaho bulé-hideungna
lalampahan si pamuda.
Ngadéngé kakeyeng
éta pamuda, Raja Ghayur
panasaran. Ahirna,
ngidinan sarta nitah
sababaraha urang prajurit nangturkeun ahli
nujum ka tempat
anakna.
Komarujaman bungah kacida.
Leumpangna gé guragiru naker, miheulaan
pangawalna. Kawasna
hayang geura-geura
tepung jeung nu dipika-
Manglé 2445
12. cangcamna.
Ti lawang ka rohangan tempat Putri
Budur, kahalangan ku
sababaraha rohangan
séjén. Da, tempat putri
mah ayana téh dijero
wawangunan béh tukang,
nu mun diosorang ti
lawang hareup gé kudu
ngaliwatan gang heula.
Ahirna, Komarujaman jeung pangiringna
cunduk ka éta tempat.
Sanggeus bébéja ka nu
ngajaga, nu anyar datang
téh bisa asup ka rohangan nu ngablag. Di
dinya aya tempat husus
nu pantona dipipidingan
ku lalangsé. Nya di dinya
putri Budur téh cicingna.
Ngahaja pantona gé teu
ditutupan, lantaran
ngarah nu ngajaga babari
asup ka dinya sarta bisa
nalingakeun kaayaan
putri tina lalangsé nu remeng-remeng.
Najan teu dipantoan,
teu dikerem, Putri Budur
mah teu bisa ka manamana, lantaran sukuna
diranté. Sapopoéanna
ukur diuk jeung
ngagolér. Kaayaanana
mingkin lila mingkin
pikawatireun, suda kana
dahar, jeung langka saré
peuting, lantaran pangaruh haténa nu tibelat ka
lalaki nu teuing di mana
ayana.
Peuting ka-203
Sanggeus aya di
lawang panto nu ukur ditutupan ku rérégan,
pangiring Komarujaman
nyarita. Cenah, nya di
dinya tempatna putri nu
keur nandangan tunggara téh. Geus lila laker
teu kaluar ti wawangunan, lantaran dianggap
siwah ku raja.
“Mangga wé kalebet!”
ceuk pangiring.
Manglé 2445
“Keun wé urang
ubaran ti dieu!” walon
Komarujaman.
Ngadénge omongan
kitu, éta badéga téh
héran. Lantaraan, asa teu
biasa ngubaran nu gering
ukur ti kajauhan. Apan,
umumna mah nu gering
téh dibawa nyarita,
malah kudu digulanggapér ku nu
ngubaranana.
“Ih, asa teu ilahar
atuh ari ngubaran ti
ukur ti kajauhan
mah!”pokna deui.
Komarujaman teu
nyarita. Manéhna sila
sarta nyanghareup kana
rérégan. Geus kitu mah,
ngahariringkeun sair nu
eusina kawas nu ngingetan. Cenah, ubarana haté
mah, ku cara papanggih
jeung nu dipiasih. Ngan,
upama ngarasa diteungteuingan ku nu dipikacinta, taya deui ubarana
lian ti pitulung ti Nu Mahakawasa.
Sanggeus ngahariring
kitu, Komarujaman
ménta keretas jeung
pulpén ka badéga. Teu
hésé, koreleng wé nu
pentaan keretas téh ka
rohangan séjén.
Datangna deui téh mawa
barang sapaménta
Komarujaman.
Gap éta pamuda
nampa-nan keretas jeung
pulpénna. Trét nuliskeun
sair, diilo teleb naker
ngimeutan kekecapan nu
geus ngajangélék jadi
tulisan. Geus kitu,
manéhna ngalaan ali nu
napel dina jariji kencana.
Saterusna mah, éta
suarat nu dijerona aya
alian téh dipasrahkeun
ka badéga sina dibikeun
ka Putri Budur. ***
(Hanca)
11
13. Ku M.A. Salmun
{ 15 }
“Dikinten ku abdi mah
naon baé, perkawis parna,
boro kagét,” ceuk sungut Sari,
ari ceuk haténa mah puguh
lain deui. “Naha kitu-kitu
baé. Upami badé gé jéngkél
bari balilihan, kedah abdi,” –
tah ieu mah enya terus jeung
haté ucap téh— “Si Piah
ménta kitu-kitu baé mah,
atuda hakna, kitu adilna,
meujeuhna baé, teu anéh
teusing.” –éta omongan
saéstuna jeung sabenerna,
tapi Sari ngucapkeunana teu
ihlas, henteu clik putih, clak
hérang— “Émutan abdi mah
kanggo kalulusan sadayana,
upami mung sakitu mah
paméntana, saé dicumponan
baé, bilih jadi gujrud.”
Lir ngadadak coplok
bangbaluh haté, lir panon
poé némbongan tina sela-sela
reueuk angkeuh, Usman
sirikna teu ngoréjat bawaning
atoh ngadéngé omongan
pamajikanana kitu, cengkat
bari neuteup, pok nanya:
“Kumaha Enden? Henteu
Engkang téh lepat dangu
mah? Kukupingan Engkang
téh cumponan baé?”
Sariningrat maksakeun
manéh imut: “Ih, cepil téh bet
ngadak-ngadak liwar!
12
Sumuhun, mangga baé,
sanggem abdi gé; éta mah
hakna Nyi Rapiah, kitu adilna
kitu leresna, naha kedah
dikorétkeun. Malah kedahna
mah abdi, garwa nu anom nu
kedah kawon.” (Padahal mah
ari dina haténa mah: “Aing
eukeur kasedek kaselempék,
mung ngalawan matak ancur,
apa boléh buat, saheulaanan
mundur-mapan, gampang
engke geus meunang dangka
ngangseg deui”).
Ucap teu terus jeung ati,
letah teu luyu jeung
bayah,
omongan jalma munapék,
osok aya akibatna,
malindes ka dirina,
teu béda ti barang palsu,
teu guna ka nu miboga.
Lantaran tangtungan
Agan Sariningrat jiga léah
jiga sadrah, nyokot jalan
mundur-mapan téa, ditenjo ti
luar mah imah-imahna jiga
tetep angger répéh rapih
bérés-roés sabaréto, padahal
di jero mah lir durukan huut,
seuneun ngageremet teu
pareum-pareum nyatuan
huut garing.
Ari ku dicandung onaman, teu pati dijieun pikir, da
harita mah biasa nepi ka ditilu-diopat gé dianggap jamak
baé, kitu sotéh lamun “adil”
atawa teu jauh teuing
géséhna antara para maru
téh. Tapi ari cara Sariningrat
mah, anu ti barang kawin
geus dibéré meunang, dipangmeunangkeun duméh
“agan” anak ménak, ari ieu
didadak ditaragal ku tanjakal
sakitu tarahal garihalna sasat
dijungkir-peutikeun, asa
ngadadak digebug mamaras,
atuh saha nu teu nyeri!
Najan paroman katénjona
tetep marahmay, réngkak
polah kadeuleuna angger rintih tur jatnika, ari akal mah
nu ngagolak ku panas, teu
weléh jalan, nyiar hayang
mulangkeun kanyeri ka Nyi
Rapiah, teu weléh dipikir
dibulak-balik, boh laku, boh
kasar asal rekep-rikip.
Sabot kajadian-kajadian
di luhur jalan, Nyi Dampi oge
anu diancam ku Nyi Rapiah –
ieu mah tulen pokal Nyi
Rapiah, lain pamagahan
Luih—teu cicingeun, ceuk
pribahasana tea mah cara anjing tutung butut, teng ka
ditu, teng ka dieu ngadedengekeun
ngadeudeuleukeun pijalaneun geusa narik Agan
Sariningrat jadi “daga-
nganana. Dasar Nyi Dampi
bosa wisit jagi GOGODA KA
NU NGARORA akal téh teu
weléh nimu, jalan teu burung
mendak, katerengan cukup.
Kawas enya magar
pamaenan tara sepi pawit,
palacuran tara suda layan,
bangsat boga bae palingeun,
tukang gerejud, setan mangrupa manusa ge tara beakeun
geusan ngabibita, Nyi Dampi
ge geus manggih jalan.
Sakali ieu Nyi Dampi téh
henteu tandang ku maneh,
tapi ngajurungkeun
“muridna nu geus meunang
diploma” nya eta Agan Lilis.
Harita téh poe Jumaah
isuk-isuk, Sariningrat keur
ngajulaeu bae dina dipan di
patengahan (jaman harita
mah teu kaitung dusun neundeun dipan atawa korsi male
di patengahan téh), geus beurang téh acan mandi-mandi
acan, beberes bebenah masa
bodo lajangna, ka dapur geus
teu ahyang campur, anggeus
ku ngandelkeun Bi Asmi,
awak geus teu pati dipalire,
babangunan téh rek kadewul
rek jamburaul keun bae.
Kituna téh perbawa panas ku
maru jeung jengkel ku salaki.
Diwaaskeunana téh tipu
peuting dina saminggu
salakina sukan-sukan cara
panganten anyar jeung Nyi
Rapiah. Da keur panas, teu
Manglé 2445
14. kapikir ieuh: naha Nyi
Rapiah moal nyerieun
hatena, dicangkolong opat
peuting dina saminggu.
Dasar jelema tea bae, arang
langka nu inget kana kanyeri
kapeurih nu lian, ngan
hayang ngeunan sorangan,
komo ieu mah kangaranan
jeung maru.
“Pangapunten,” ceuk Lilis
ti luar.
“Rampes,” tembal Sari
bari hudang memeres gelung,
ngusap beungeut, langgeor ka
tepas, ngarudin, baju ge
jeroeun sarung.
“Ya Alloh, geuning Euceu,
haturan!” ceuk Sari bari
nyumputkeun kabingung.
“Sisinarieun sisinanteneun
rurumpaheun ka abdi.”
Lilis pura-pura teu mireungeuh kana pamulu bingung
paroman susah téh, serewel
pisan jiga nu heueuh sono:
“Duka, da Euceu tos aya
saminggu mah hate nyongsrong hayang ka dieu, teu
wantun jung sotéh, aringgis
bilih Enden teu kersa
ngangken, rumaos bae Euceu
mah baraya ge kacingcalang
ti Manglayang.”
“Gusti Pangeran,” walon
Sari, “naha Euceu sasaurang
kitu, apan urang saaki, indung abdi téh adina tuang
rama!” Bari Lilis dikaleng:
“Nam urang di lebet, naon
Euceu téh bakuna nganggo
Manglayang-manglayang
kitu. Teu lucu ah, dijembel ke
geura.”
Jeung enyana, Sari téh
duka kumaha, bet atoh kadatangan dulur misanna téh,
asa aya geusan malidkeun
kasedih, asa boga batur keueung, beungbeurat hate teu
asa ngabandul teuing.
Lilis, pura-pura teu ingeuh: “Ari Aom tos angkat
ka padamelan?”
Sari: “Teuing atuh!
Taroskeun ka anak Si Haji
Ngopet ... hemh, hayang téh
dibeledag gelap ka inyah.”
Lilis: “Har, naon ieu téh,
sararieun ah, jiga nuju
sarusut. Uih deui we Euceu
mah,” bari pura-pura rek
ngalesotkeun nu ngaleng.
Sari: “Angger ari geus
ogoan téh. Da sanes ambek
Manglé 2445
ka Euceu abdi mah, ngewa
ka Si Eta tah, Si Gusureun
Buaya, sangeuk nyebut
ngaranna ge lah.”
Lilis: “Leuh leueuh,
hadena bae ninggang di
Enden, geulis ka baeudbaeudna, jamotrot téh matak
tambah sono. Mun ku nu
sejen mah Euceu téh ngejat,
sararieun.”
Jeletot Sari ngajembel
birit bari ocon: “Baku ari geus
ngolo téh, kabisa ti bubudak,
hag siah karasa tah, nya!”
“Aduh!” ceuk Lilis ngagurubug bari seuri, “mana
sina ulin kakamarangan di
buruan Eyang Patih, nyiwit
téh ku teu kira-kira.”
Sari: “Ngewa tuda, make
ngolo.”
Lilis ngartieun yen dirina
keur dipake meupeus
keuyang tapi pura-pura bae,
malah rada ngahajakeun
kalah disundut sakali, ngarah
dibanjur sakalian geus
ngagedag engke, pokna:
“Paingan atuh Euceu téh
keyeng pisan hoyong ka dieu
téh, sihoreng Enden nuju
kabarubuhan. Ari kahayang
téh geus peupeuriheun.
Aceuk jadi jalma katalangsaraya, seubeuh dicacampah
deungeun, atuh Enden mah
sing mulus, sung lulus banglus, salindungeun Euceu, da
baraya nu lian mah apan nya
eta tea di hareupeun beungeut Euceu teu heuleumheuleum ceplak pahang,
basana ge Si Kacingcalang
Manglayang. Padahal indung
Euceu téh ti barang pruk ka
Ua suargi, bejana jadi pohara
nyantrina, teu tingal salat
ngaji, ibadah-puasa. Enya
tadina ngaronggeng tea mah,
tapi jalma geus babalik pikir,
geus ngalebur tapak, geus
hirup bageur, ku baraya ti
bapa hayoh bae dipepehek,
dugi ka sapertos Ama Rangga
sareng Ibu kalektor mah
werat nyaretu ka Patih, kersa
nyakolakeun Euceu sagala,
bubuhan ka putu,
Manglayang-Manglayang ge.
Ninggang di Euceu sirikna
teu dikukuprak dianjingan
sakalieun deudeuheus ge.
Cacadna téh dumeh indung
Euceu kungsi jadi ronggeng.
Eeuceu téh lain disaramabat,
dijareujeuhkeun sina jadi
jelema bener, bet kalah
dibendengan, disieuhkeun.
Naon dosa Euceu? Pedah indung Euceu geulis matak
kapengpeongan bapa Euceu?
Magar menak sok adil palamarta téh, ninggang di
baraya Euceu mah mana
buktina? Nu luhur lalengus,
nu harandap tambelar. Kalah
ka aragulna bae ku payung
butut.”
“Paratnos-parantos!” euk
Sari, “Euceu mah kitu, ah,
keur carang tpang téh, ari
amprok bet nyeuseul ka abdi,
aya kadua nyombo ka dulur
nu nuju dipuuk bingung.”
“Lilis nyerengeh: “Sanes
nyeyseyk, Euceu mah keur
nyarioskeun baraya!
Samarukna jadi menak téh
anggeus ku turunan bae teu
kudu menak ka hate-hatena.
Nya! Hmh, humayua teuing!”
Lilis ngarenghap sakeudeung,
pok deui ngadadak nyimpang: “Lah ku baretah lah di
dieu,” bari rurat-reret, “ku
iasaan Enden mah ngatur
bumi téh. Kieu-kieu teuing
mah, sugan kapatihan bae,
ieu mah.”
Sari: “Tah, tah, tah, Nyi
Jucung mah geus prak deui
bae ngolo téh.”
Lilis ngabarakatak: “Hah,
hah, hah! Nyi Jucung; enya
keur budak Euceu ari digelung téh sok dijucung,
ayeuna mah, tuh...” bari
nembongkeun gelung. Nya
luis nya gede ... tingali, sanggul kieu nu di sebat Si HayuTuturkeun téh; hah, hah,
hah,”
“Ke nanan Ceu,” omong
Sari, “linggih-linggi di dieu,
abdi bade mandi heula. Palay
ngaleueut naon, cikopi,
citéh?”
Lilis: “Nam, nam atuh rek
mandi mah! Geulis-geulis
ngajejedig, yey, boro-boro
lalaki, Euceu ge rujit nenjona.”
Jeletot Lilis dijembel
mani ngagurubug. Sari hudang bari ngadelekan ocon:
“Hayoh, Si Jucung, Si
Pangoloan, kop tah geulis tah
nu ngajeletot.” (hanca)
13
15. Nulad Uswah
Kulawarga Ibrohim a.s.
Ku Féndy Sy. Citrawarga
T
eu mangmang deui, kanggo
urang
salaku
muslim,
sumpingna sasih Dzulhijjah
mangrupi pangémut yén dina sasih
éta aya peristiwa penting tegesna
ibadah haji sareng qurban atanapi
Idul Adha. Dina peristiwa éta ogé
kacatet uswah atanapi conto tuladeun ti insan-insan pinilih, tegesna
nulad uswah kulawarga Nabi Ibrohim 'alaihi salam. Dina ritual ibadah
haji natrat lalampahan sareng tapak
lacak kulawarga Ibrohim anu intina
nyoko kana wedelna taohid, akidah,
sareng kaimanan ka Alloh SWT.
Leres, kanggo kaom muslim mah
wedelna tatapakan taohid sareng
iman téh mangrupi konci geusan
ngahontal kabagjaan lahir tumekaning batin, dunya rawuh ahérat.
Ku tatapakan taohid sareng iman
anu kiat, sagala rupi pangrobéda
hirup di alam dunya ieu baris
kaungkulan. Sawangsulna, upami
dina diri kulawarga urang suwung
kaimanan nu saleresna, hapa atikan
moral sareng ahlak Islami, baris
sesah ngungkulan sagala rupi pangrobéda hirup. Ari margina, hartos
kabagjaan kanggo kaom muslim
mah ukuranana sanés sarupi upamina baé kabagjaan lahiriah duméh
harta banda ceuyah, nanging kedah
ngawengku karaharjaan batin.
Tah
karaharjaan
atanapi
kabagjaan lahir tumekaning batin
téh katawis tina réngkak paripolah
kulawarga Nabi Ibrohim a.s. anu
panceg nyepeng deleg taohid sareng
iman ka Alloh SWT anu tangtosna
kedah ditulad ku urang sadayana
malah mandar ngahontal harepan
14
bagja lahir tumekaning batin, boh di
dunya boh di ahérat.
Aya paripaos ka cai jadi saleuwi
ka darat jadi salogak. Kitu
pengkuhna akidah sareng taohid
kulawarga Nabi Ibrohim ogé. Geura,
nalika Nabi Ibrohim kénging pancén
ti Alloh sangkan meuncit putrana ku
anjeun, Ismail, anu sakitu lamina
dikantunkeun, katawis sauyunanana.
Ingkang garwa, Siti Hajar,
barang ngadangu iber sangkan Nabi
Ibrohim
meuncit
putra
kameumeutna, sok asal leres pancén
ti Alloh SWT, anjeunna teu mungpang, teu galideur, teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan, éstu
tumut kana naon-naon nu nuju
diperjoangkeun ku ingkang carogé.
Sanaos sétan ngagoda nu cenah na
indung téh aya ku téga ngantep bapa
maténi getihna sorangan. Siti Hajar
panceg, langkung percanten kana
cariosan ingkang carogé batan
panggoda sétan.
Tuang putra, Ismail, ponpilalagi
tos masagi taohidna ti murangkalih
kénéh. Sanaos anjeunna badé dipaténi, diteukteuk beuheung ku nu
janten rama, henteu ieuh mungpang
wangkelang da tos yakin éta téh
mangrupi
kadeudeuh
sareng
kanyaah Alloh SWT. Numawi,
anjeunna sumerah pasrah, "Mangga
Apa, geura caosan pancén ti Alloh,
abdi
rido,"
kitu
panginten
pibasaeunana téh.
Atuh tos kantenan Nabi Ibrohim,
anjeunna teu mangmang deui
nyumponan pancén ti Alloh nu
mangrupi ujian nu teu kinten
abotna. Nanging, ku kersaning asih
Gusti, korban téh sanés meuncit Ismail, tapi digentosan ku domba.
Nya janten syaréat ibadah qurban
kanggo urang ayeuna, nu teu kedah
korban meuncit anak, nanging
cekap ku domba atanapi sapi.
Seueur tuladeun tina perjoangan
kulawarga Nabi Ibrohim utamina
dina mageuhan akidah sareng iman
anu saleres-leresna. Numutkeun
Drs. Syahminan Zaini dina bukuna,
"Khutbah Jum'at", aya lima hal anu
dipidamel ku Nabi Ibrohim nalika
milari sareng ngadegkeun hak atawa
bebeneran.
1. Nabi Ibrohim kacida teu
sapagodosna kana kapercayaan
jeung kahirupan bangsana anu
reumbeuy ku kamusrikan ka
Alloh.
2. Ku kituna, teras Nabi Ibrohim
ngayakeun
panalungtikan
kalayan
soson-soson,
saha
saleresna anu kedah disembah
ku manusa. Anjeunna kénging
kacindekan geuning anu payus
disembah mah anging Alloh
SWT anu nyiptakeun alam katut
pangeusina. Tah ieu bebeneran
atawa hak mah.
3. Nabi Ibrohim nepikeun éta hak
ka kulawarga jeung bangsana
(kaomna) kalayan daria. Tapi
tetep wijaksana.
4. Dina nepikeun hak ieu, Nabi
Ibrohim mayunan halangan
harungan ti ditu ti dieu. Ku
anjeunna dipayunan ku cara
ngorbankeun naon baé anu aya
dina diri anjeunna, dugi ka
Manglé 2445
16. putrana ku anjeun anu kacida
dipikacintana
dikorbankeun.
Jabi ti kitu, anjeunna sayogi
nampi rosiko anu tumiba dugi ka
anjeunna rido diduruk hiruphirup.
5. Alatan réla korban sareng
wawanén narima rosiko, Nabi
Ibrohim kasinugrahan kabagjaan dugi ka namina dipiémut
sareng dipihurmat ku balaréa
sareng ku Alloh SWT tug ka kiwari.
Sakali deui, sépak terjang jihad
Nabi Ibrohim sakulawarga kedah
janten uswah, conto, kanggo urang
sadayana salaku muslim dina
ngawangun
kulawarga
soléh.
Anapon prakprakanana, sajabi
nulad Nabi Ibrohim ogé dijejeran ku
uswah Nabi Muhammad saw. minangka panumbu dawah nabi
sareng rosul sateuacanna tur
anjeunna janten rosul pamungkas
nu tos dibekelan papagon Islam anu
sampurna.
Dina hal ieu, anu kedah
langkung diperhatoskeun nyaéta
taohid sareng kaimanan. Teu badé
kitu kumaha, jaman kiwari kaayaan
kulawarga muslim réa nu tigebrus
kana jurang kacilakaan ku margi
parantos nebihan akar-akar agama
nyaéta iman sareng akidah. Leres
ari seueur téa mah nu percanten ka
Alloh. Nu ngangken mumin, muslim, sareng jujuluk agung sanésna.
Nanging, dina ngamalkeun ajaranajaranana kirang sampurna. Malah
seueur nu ngan sakadar ngangken.
Da ningan kabuktosan, nu masiat
pabalatak, nu curaling teu élingéling, korupsi beuki ngabaju,
kajahatan sareng kamungkaran taya
euih-euihna. Aya salaki bageur,
pamajikan teu bener. Indung bapa
takwa, budakna doraka, anak soléh
kolot salah. Ieu mangrupi gambaran
henteu sauyunana hiji kulawarga
dina miharep rido Gusti. Malah
jaman kiwari mah sok kacaturkeun
sakulawarga ancrub kana dunya peteng. Beu!
Alloh SWT ngadawuh: "Hé kaom
kula, prak aribadah ka Alloh,
satemenna teu aya Pangéran salian
ti Mantenna. Mantenna anu geus
nyiptakeun anjeun tina taneuh
Manglé 2445
jeung anjeun anu ngamamurkeunana. Maka, peredih pangampuraNa
jeung tobat ka
Mantenna. Saéstuna Pangéran
kula kacida parek rohmatNa jeung
ngobul du'a hambaNa." (QS Hud:
61)
Ayat di luhur mangrupi pépéling
yén iman anu diadumaniskeun
jeung taohid baris mampuh nyegah
hancurna akidah, nyatana pangaruh
haliah dunya. Cindekna, lamun urusan dunya teu dipager ku iman anu
wedel tangtos baris cilaka. Geura,
nalika urang meunang harta
mucekil mani asa jasa sorangan, diitung-itung
taya
tungtung,
dibahruteng mani anteng taya
cacapna. Sedengkeun nimat karunia
Alloh dilali-lali, kahihilapkeun ku
ngétang bati. Antukna kawajiban
babakti ka Gusti kaluli-luli. Padahal
apanan urang diciptakeun ku Alloh
téh taya kajabi anging kanggo
ibadah ka Mantenna.
Beuki kendor nyepengan tali
agama Alloh, tos moal boa bakal
leuwih mangprung nunutur hawa
napsu, baris leuwih jauh maléngos
tina garis hukum-hukumNa nu
antukna bakal leuwih wani nyorang
hirup sahayuna, agama ukur jadi
kaulinan jeung bahan geuhgeuyan.
Alloh
SWT
ngawawadian:
"Nyaéta jalma-jalma anu ngajadikeun agamana keur kaulinan
méakeun waktu keur gogonjakan
sahingga kahirupan dunya geus
nipu maranéhna. Ku kituna, dina
poéan kiamat ieu, Kami mopohokeun
maranéhna
sakumaha
maranéhna baheula mopohokeun
kana pinanggih jeung poé ieu, jeung
ku sabab maranéhna nolak ayatayat Kami." (QS Al A'rof: 5)
Kacida rugelna upami urang
dugi ka diapilainkeun ku Gusti Nu
Maha Suci alatan urang ogé
ngapilainkeun
kana
kahéman
sareng kadeudeuh Mantenna,
nyaéta hirup aya dina ugeran papagon Islam. Satemenna Alloh SWT
parantos ngawanti-wanti ka urang
sadayana yén urang téh asal ti
Mantenna tur mulang ogé moal ka
mamana anging ka Mantenna. Mulang dina hartos kedah tanggung
jawab kana sagala rupi hal anu tos
dipidamel. Hanjakal urang mah
hirup téh bet diprogram ku haliah
dunya, ngaluli-luli kana baris
tumibana jeung ajal pati bari
ngahihilapkeun atanapi haré-haré
kana ayana poé hisab, balitungan
amal.
Ngeunaan hal éta diuningakeun
ku jungjunan urang, Nabi Muhammad saw., sakumaha nu kaunggel
dina hadis nu hartosna:
"Baris datang ka kaom kula hiji
mangsa
jeung
nalika
éta
(maranéhna) leuwih mikacinta lima
perkara nepi ka maranéhna
mopohokeun lima perkara sejénna.
Maranéhna leuwih mikaresep
marebutkeun tahta nepi ka
maranéhna mopohokeun bekel keur
di alam kubur. Maranéhna riweuh
ngabahruteng pakayana nepi ka
maranéhna mopohokeun amalanamalan poé Hisab. Maranéhna
diririweuh dunyana nepi ka
kapentingan ahératna diluli-luli.
Maranéhna
ngararangkénan
kahirupan dunyana nepi ka poho
bebekelan keur sabada maot. Jeung
maranéhna teu maliré dosa-dosana
nepi ka mopohokeun tobat ka
Alloh."(HR Turdzi sareng Ibnu
Hiban)
Kitu gambaran jalmi anu parantos diuningakeun ku Nabi saw. tur
buktos kalayan nyata teu méncog
deui. Dina kahirupan alam modéren
kiwari nu cenah disebut jaman
globalisasi, pacampur pacarukna
budaya umat manusa sadunya, ageung pangaruhna kana jiwa sareng
kapribadian kaom muslim. Sok
sanaos henteu sadayana. Anu henteu téh, tegesna anu dina dirina
parantos nyampak bénténg akidah
sareng iman anu wedel sakumaha
anu dipibanda ku kulawarga Nabi
Ibrohim a.s.
Mugia dulur-dulur urang anu
dina taun ieu nyumponan pancén
ibadah haji sing janten haji mabrur,
mulang ka lemah cai janten uswah
ka urang sadayana. Atuh anu ibadah
qurban, nya kitu deui mugi ditampi
ku Alloh SWT sareng aya tapakna
dina katakwaan. Da apan sanés daging anu dugi ka Alloh mah, anging
ajén-inajén katakwaan anu enasenasna taya kajabi anging tina akidah sareng iman anu wedel téa.
Aamiin. ***
15
17. Tanya Jawab Munara Cahaya
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
Kurban Pausahaan
Patarosan:
Ais Pangaping Tanya Jawab
Munara Cahya nu dipihormat,
tumaros perkawis hukum kurban.
Biasa nu kurban aya nu atas nami
tujuhan, sorangan atanapi sok aya
nu atas nami pausahaan. Nu jadi
patarosan, kumaha hukumna pami
kurban atas nami lembaga atanapi
pausahaan, naha kénging? Hatur
nuhun kana waleranana.
Wassalam,
Abdulloh
Perumahan Griya Cinunuk
Bandung
Waleran:
Hatur
nuhun
kana
patarosanana. Sateuacan ngawaler
kana patarosan di luhur, saéna
urang sami-sami medar heula
katangtuan-katangtuan
hukum
ngalaksanakeun ibadah kurban,
boh dina prak-prakanana atanapi
sual jinis héwan nu tiasa jadikeun
héwan kurban.
Dina saréat Islam jinis héwan
nu tiasa dijantenkeun héwan kurban nyaéta domba, sapi sareng
onta. Jumhurul ulama sapamadegan henteu sah kurban saupama
ngagunakeun salian ti tilu jinis
héwan éta. Kurban hiji domba
pikeun hiji jalmi (saurangeun)
kalayan tiasa ganjaranana diniatan
pikeun sadaya kulawargana, boh nu
masih jumeneng kénéh atanapi anu
tos ngantunkeun. Hal ieu dumasar
kana pidawuh Kangjeng Rosul nu
unggelna kieu: “Dina jaman Rosululloh SAW. aya hiji jalmi (salaki)
meuncit hiji domba kalayan
16
dikurbankeun pikeun dirina sareng
kulawargana” (HR. Turmudzi
sareng Ibnu Majah). Numutkeun
paham Imam al-Syaukani, Hadits
ieu ngajelaskeun yén kurban
domba (hiji) pikeun saurang tapi
ganjaranana tiasa diniatan pikeun
sadaya kulawargana.
Kurban sapi tiasa dilaksanakeun
ku tujuh urang, sedengkeun kurban
onta sabagéan ulama aya anu ngagaduhan pamadegan sami sareng
sapi nyaéta pikeun tujuh urangeun,
sanaos aya deui sabagian ulama
lianna nu ngameunangkeun kurban
onta pikeun sapuluh urangeun,
gumantung kana ageungna badan
ontana.
Anapon
ngeunaan
hukum
ibadah kurban, para ulama geus
mufakat
hukumna
sunnah
muakkadah, nyaéta sunah anu
kuat, lantaran Kangjeng Rosul
Muhammad SAW nganjurkeun ka
sadaya umat Islam pikeun ngalaksanakeunana, sareng mantenna
hanteu kantos ngantunkeunana.
Malih numutkeun paham ulama
Madzhab Hanafi kurban hukumna
wajib pikeun nu mampuh ngalaksanakeunana, iwal iyana nuju
ngalaksanakeun ibadah haji nu aya
di Mina.
Anapon sual nu jadi patarosan
di luhur, nyaéta kurban atas nami
jama’ah majlis ta’lim atanapi
kelompok, lembaga, pausahaan
sareng sajabina ku cara iuran
atanapi patungan. Cara saperti kieu
mah, nu kapendak, henteu kaasup
kurban, tapi kaasup sodaqoh biasa
waé. Sok sanajan dilaksanakeunana
dina poé Idul Adha, tetep héwan
anu disodakohkeunana ogé henteu
sami sareng kurban. Cara atanapi
modél saperti kieu mah, henteu aya
kateranganana, boh tina hadits
atanapi ijma’ para sohabatna.
Margi kitu kurban atas nami
pausahaan henteu kaasup kurban.
Kanggo patarosan di luhur,
langkung telebna mangga tiasa
urang nalungtik kana salah sahiji
hadits. Wiréh Nabi Muhammad
SAW. kantos ngalaksanakeun kurban atas nami dirina, kulawargana,
sareng umatna. Unggelna éta hadits nyaéta “Aisyah ngariwayatkeun
Rosululloh SAW nyuhunkeun dua
domba nu tandukan, sukuna anu
warna hideung, beuteungna nu
warna belang hideung, jeung dina
sabundeureun panonna aya warna
hideung. Lajeng Rosululloh SAW
nyarios ka Siti Aisyah: ‘He Aisyah,
candak péso anu kénging ngasah ka
dieu. Teras Aisyah mangnyandakkeun éta péso. Saatosna kitu
Rosululloh SAW nyandak domba
anu tadi teras dipeuncit bari
ngucapkeun: “Kalawan nyebat
asma Alloh, Ya Alloh mugi ditampi
ieu kurban ti diri abdi Muhammad,
kulawarga Muhammad, sareng
umat Muhammad’”. (HR. Muslim).
Sabagian ulama ngajelaskeun yén
kurban anu dilaksanakeun ku Nabi
saperti kitu husus pikeun Nabi
wungkul. Katerangan ieu tiasa
ditingal dina kitab “Syarah Hadits
Imam Tirmidzi”.
Sedengkeun sabagéan ulama
lianna ngajelaskeun, yén hadits di
luhur maksudna, saha baé anu
ngalaksanakeun kurban meunang
nyebutkeun jalma lian atawa kulawargana atawa jama’ahna pikeun
narima ganjaranana. Tapi lain
hartina jalma anu disebut tadi tos
cumpon ngalaksanakeun kurban.
*** Wallohu ‘alam.
Manglé 2445
18. Unpas Jadi Solusi jeung
Pilihan Masarakat
U
niversitas Pasundan, paguron
luhur anu aya dina iuh-iuh
Yayasan Pendidikan Tinggi
(YPT) Pasundan, komarana ngelebet
ka sakuliah dunya. Kapercaya masarakat ka ieu paguron luhur tangtuna
teu leupas tina rupaning alesan. Sabab,
ieu paguron luhur anu pernahna di
Bandung, Jawa Barat, Indonesia teh,
kaasup salasahiji Perguruan Tinggi pinunjul ka 50 sa Indonesia. Matak
payus upama Unpas jadi salasahiji perguruan tinggi pilihan jeung solusi keur
masasarakat. Kitu téh deui luyu jeung
visi katut misi Paguyuban Pasundan.
Éta universitas jinek naker nyitak lulusanana nu “Luhung Elmuna, Pengkuh
Agamana, tur Jembar Budayana”.
Kalungguhan Unpas di Jawa Barat,
memang luyu jeung ngaranna. Jadi
pribumi di sarakan sorangan. Sageuy
teu bisa makalangan, da puguh di tempat bali geusan ngajadi. Ngan, tangtu
wé, nu nyuprih élmu di éta lembaga téh
lain waé urang Jawa Barat jeung Banten nu lolobana sélér Sunda, tapi deuih
ti jauhna, kaasup sélér-sélér séjén ti
sakuliah Nusantara. Malah, kadieuanakeun Unpas gé jadi pangjugjugan
mahasiswa ti mancanagara.
Ti taun ka taun Jumlah mahasiswa
Unpas teu weleh undak. Hartina, ieu
paguron luhur pada muru, jadi pilihan
keur masarakat anu rek nyiar elmu.
Boh anu aya di sarakan, boh nu ti luareun pulo Jawa Barat. Ku kituna ieu
paguron luhur teh meunang predikat,
paguron luhur unggulan.
Unpas nu dumuk di Bandung, Jawa
Barat, teu tuna ti pangaruh nu karandapan ku Jawa Barat. Enya, apan tatar
Sunda téh pangjugjugan. Kituna téh
keur rupa-rupa kapentingan, kaasup
nu boga karep nyiar élmu. Kanyataan
kitu, matak gedé haté keur sing saha
waé, lantaran ku gedé karep nyiar pangaweruh, hartina boga kahayang nambahan kamampuhan. “Tangtos,
Manglé 2445
Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusup, Sp.,M.Si.,
M.Kom, Réktor Universitas Pasundan
lembaga atikan téh kedah ngajantengkeun alumnina jeung ngagaduhan
kamampuhan akademik sareng tiasa
ngalarapkeun élmuna di masarakat,”
kitu Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusup,
Sp.,M.Si., M.Kom, Réktor Universitas
Pasundan (Unpas) nepikeun biantarana dina acara Orientasi Pengenalan
Mahasiswa Baru (OPMB) mahasiswa
Unpas taun akademik 2013/ 2014
sawatara waktu ka tukang di SABUGA,
Bandung. Hadir dina eta acara Koordinator Kopertis Wilayah IV, Ketua
Umum Paguyuban Pasundan Prof. Dr.
H.M. Didi Turmudzi, M.Si, Ketua YPT
Pasundan, Drs. H. Makbul Mansyur,
M.Si, para Wakil Rektor Unpas, pingpinan Fakultas, Prodi, Unsur pangurus
Alumni Unpas, sarta tamu ondangan
sejenna.
Taun ieu, nurutkeun catetan sajarah,
jumlah mahasiswa anyar Unpas kawilang panglobana. Mahasiswa taun
akademik 2013/2014 ieu, anu ditarima
di Unpas jumlahna leuwih kurang
4839 urang. “Ieu teh tangtos mangrupa kapercaya masarakat ka Unpas
anu kacida ageungna.” Kitu pokna
Rektor Unpas nepikeun kareueusna.
Undakna jumlah mahasiswa anyar,
tangtu hasil rancage gawe babarengan
sakumna civitas akademika, kaasup
para alumnina deuih. Kiwari angka
‘student body’ Unpas geus nyumponan
17 rebu. Ku kituna, saur Rektor Unpas
negeskeun deui, eta kapercaya masarakat ka Unpas, masing tetep dipiara
sahade-hadena. Sangkan kaparigelan
jeung kapunjulan rupaning widang di
Unpas, hasilna saluyu jeung harepan
masarakat. “Unpas kedah janten solusi
nu katara ayana jeung karasa mangpaatna ku balarea,” kitu harepan Rektor Unpas tandes naker.
Tina sakitu jumlah mahasiswa anyar,
diantarana aya 20 urang mahasiswa
asing ti 11 nagara deungeun.
Dina gelar acara OPMB Unpas, para
mahasiswa anyar harita diwajibkeun
marawa beas. Sabada dikumpulkeun,
eta beas teh jumlahna kurang leuwih
aya 14 Tonna, anu saterusna dibagikeun ka masarakat anu perelu tur
ngabutuhkeun. Salian ti eta, saban mahasiswa ge diwajibkeun mawa 4 siki
buah alpuket pelakeun di hulu walungan Citarum . Eta kagiatan teh mangrupa salasahiji program Unpas dina
raraga kaengeuh jeung kanyaah lembaga kana lingkungan.
Ketua Panata calagara OPMB Unpas
Dr. Deden Ramdhan, M.Si., nu oge
Wakil Rektor III Unpas netelakeun,
tina jumlah 4.544 urang mahasiswa
anyar, aya 44 urang diantarana nu
asup ka Unpas ngaliwatan jalur Program Beasiswa Bidik-Misi.
Deden netelakeun, OPMB taun ieu,.
Jejerna “Menyongsong dan Mengapresiasi Abad Emas Unpas Dengan Mempersiapkan Generasi Unggul,”.
Dina umurna ka 53 taun, ceuk
Deden, Unpas boga angen-angen nyitak mahasiswa unggulan nu dituturusan, Nyakola, Nyantri, Nyunda tur
Nyantika.***
17
19. Bulan dina
Cappucino
Carpon Kiki Pratiwi Arsapraja
S
abada kapancegan nungtut
muguran.
Sabada léngkah
teu apal deui ka
mana lajuna, nya di dieu
pisan apan tempat urang
pada-pada nyumputkeun
18
kalangkang. Dina capuccino nu pinuh ku lautan
coklat. Lebah dieu ayana
bulan urang, bulan nu mindeng dipupusti. Bulan dina
capuccino.
Jam sabelas peuting, nu
témbong ukur sababaraha
urang. Nu diuk, nu silih
gunem catur dina ruparupa basa. Sakali-sakali silihteuteup tapi atra pirangpirang kapalsuan. Cappuccino masih kénéh anteng
diteuteup. Lagu-lagu kaliwung kapireng maturan
haté nu suwung.
Sedeng manéhna nu
diuk deukeut jandéla méh sababaraha kali neuteup
langit padahal
bulan tetep atra dina
cappucino urang.
Angin ngahiliwir
kana lebah jandéla
nu ngeblak muka.
Duaan pabetembetem. Paguneman
ukur atra ‘na dada
séwang-séwangan.
Geter -geter bet
karasa nungtutan leupas tina wirahma.
Manéhna ngeluk
tungkul témbong
alum. Tuluy tanggah
lalaunan neuteup
saheulaanan.
Manéhna pasti rumasa. Rumasaeun
ngudar pasini nu
geus lila dicangreudkeun.
“Geura dileueut
atuh cappuccinona...” manéhna
wakca
Laju ngolébat baé kana
pirang-pirang panineungan
urang duaan. Nganteurnganteur kana implengan
mangsa munggaran tepung
tuluy lawung kapigandrung. Enya, apan cappucino téa sababna mah.
Manglé 2445
20. Urang duaan pada-pada
seneng kana cappuccino.
Mindeng anteng di ieu kafé.
Manéhna nu nyampeurkeun ngajak silihmikawanoh. Sosobatan.
Lalaunan rasa atra katresna
tuluy anjog di ieu lalakon.
Kasatiaan sihoréng méh peunggas atawa mémang
kudu gancang dipungkas.
Padahal lima taun lain
waktu nu sajorélat.
Komo lamun kudu nepi
ka nilemkeun panineungan. Ah...
“Manawi akang tos lali,
dina cappuccino ieu aya
bulan. Bulan nu salawasna
dipupusti...”
“Sanés, sanés hartosna
lali. Namung...”
Manéhna teu kebat
nyarita. Padahal kahayang
mah wakca perkara naon
nu karandapan. Bongan baheula geus paheut moal
nyumput-nyumputkeun
kaliwung. Naha bet ayeuna
ngajirim kayakinan nu
suwung. Lain, ieu mah lain
manéhna nu ilahar.
Lain manéhna nu salawasna maturan milang
lewang jeung impian.
Di dieu, di kafé nu teuing
pikeun ka sabaraha kalina
urang anteng nepungnepungkeun impian bari
nyarungsum teuneung na
mangsa keueung. Ayeuna
di kafé ieu kénéh, manéhna
megatkeun réwuning
impian. Anjeun nu anteng
nyidem rusiah sedeng kuring baris lana mibanda
guligah. Naha anjeun inget
geus sabaraha hiji bulan
dina cappuccino nu habén
dipesen saban anjog ka
dieu? Bulan dina cappuccino, di dinya ngancikna
gandrung duaan. Di dinya
nu jadi saksi katineung.
“Ondangan tos disebar.
WO ogé tos konfirmasi..”
Anjeun ngarénghap.
Lagu kaliwung masih
kénéh ngagalindeng.
Sedeng antara urang tetep
Manglé 2445
simpé pada-pada anteng
dina implengan séwangséwangan. Laju urang silih
teuteup.
Teuteup nu nyidem pirang-pirang rusiah. Ah, teuteup manéhna teuteup nu
salawasna nyaliarakeun
rasa simpati. Teuteup nu
meruhkeun ringkang jeung
karingrang. Karasa wanci
terus ngamalir tina nu
ngeyembeng dina kongkolak.
“Ulah salempang, kasatiaan baris salawasna marengan. Apan ieu ogé demi
masa depan urang..”
Ukur bisa seuri konéng.
Kasatiaan, cenah. Kasatian
mana anu dimaksud? Kasatiaan manéhna nu disamunikeun atawa boa nu leu
ngit sabab geus lawas ditandonkeun.
Teu lila leungeun manéhna tepung jeung leungeun kuring.
Leungeun-leungeun nu
pada-pada ditepungkeun
dina ranggeuman. Tapi paguneman masih kénéh atra
di jeroeun dada séwangséwangan. Cappucinno
dina cangkir nungtut niisan.
Kitu pisan, éstu kitu
pisan. Mangsa simpé teu
bisa jadi jawaban tina
mangpirang kaguligah,
manéhna rikat nepungkeun
ranggeuman. Tapi ranggeuman tetep teu bisa ngawada
ranggeuyan karémpan nu
tan watesna. Ranggeuman
nu kiwari taya bédana
jeung ieu capuccino. Tiis.
“Ulah kuciwa lantaran nu
geus ditataharkeun teu bisa
dilaksanakeun, sabab lain
hartina urang teu ngajodo.
Jaga, pasti bakal aya waktu
anu leuwih merenah. Lain
kétang, jaga bakal aya...”
manéhna guntreng nyarita
tapi saenyana ieu ceuli teu
hayang mirengkeun kana
naon nu tadi diwakcakeun
ku anjeun. Laju cimata ngajurung lamunan, mamawa
panineunangan kana
mangsa éndah nu duaan.
Kapan di dieu pisan
harita manéhna imut pinuh
geugeut. Tuluy wakca yén
kuring téh tembang pangharepan. Enya, tembang
pangharepan nu ayeuna
laju nungtut muguran.
“Hampura Akang...” ceuk
manéhna deui.
Simpé. Sabada manéhna
wakca balaka ngeunaan pirang-pirang kasuwung.
Ukur angin katigin nu hiliwirna karasa, hawana minuhan bayah. Teu, teu
cukup méré kakuatan. Laju
aya nu ngamalir dina pipi
beuki lila sihoréng beuki
atra kaliwung.
“Kapan ti kapungkur ogé
akang geus wakca teu kudu
rurusuhan. Butuh waktu
pikeun ngalelemu sepuh
urang. Ku akang kapan
geus kasawang ti anggalna.
Kiwari akang teu bisa
pakumaha iwal ti jalir kana
jangji...”
Bulan dina capucino nu
disanghareupan beuki
tilem. Kahalangan ku nu
beuki ngeyembeng dina
kongkolak. Lebah dinya
manéhna teu salah, teu
nyalahan. Mémang kaayaan téh teu luyu jeung
harepan. Teu pernah luyu
jeung harepan urang.
Harepan urang duaan.
Mémang karasa hanjakal,
bet kudu rurusuhan. Bet
teu ngukur ka kujur nimbang ka awak. Kasatiaan nu
dipupusti sihoréng kudu
dipungkas, geus sakuduna
dipeunggaskeun. Kaayaankaayaan nu teu saluyu, nu
leungiteun wirahma téh
tétéla teu bisa disarungsum
ukur ku rasa gandrung
najan ngagunung.
Kolot urang pada-pada
teu nyaluyuan kana saban
lambaran carita urang nu
éstu katumbirian.
Lain, lain teu wani luluasan kudu ngarempag kana
naon-naon nu geus jadi
kasapukan dina hirup.
Kasapukan-kasapukan
nu geuning teu karasa
lebah mana adilna pikeun
urang duaan. Pikeun kuring, Kang!
Bulan dina coppucino
urang geus teu wudu niisan. Hésé pisan mapalérkeun rasa dina narima
kanyataan. Kanyataan yén
boa ayeuna pisan tepung
pamungkas di ieu kafe. Pamungkas urang mesen
bulan dina coppucino nu
kamari mah karasa pisan
ni’matna. Di dieu munggaran tepung, di dieu ogé
sihoreng urang mungkaskeun tepung.
“Hampura akang, hampura akang.....” kapireng
anjeun teu weléh tamada.
Ringtone hapé disada.
Anjeun neuteup anteb.
Kuring mencrong hapé laju
ngusap nu ngamalir dina
pipi.
“Halo.. sareng saha ieu?
Oh, Bapa. Aya naon Pa?
Muhun insya Alloh minggu
payun wangsul ka lembur...”
Hapé geuwat ditunda
dina méja kapireng aya
kénéh nu nyarita.
Sihoréng nu ngamalir
dina pipi beuki lila teu eureun-eureun. Disusut ku
tisue, laju geuwat ngusapkeun wedak jeung lipstik
kana biwir.
Lagu kaliwung masih
angger ngagalindeng. Teu
lila cengkat tuluy indit
ninggalkeun bulan dina
cappuccino. Manéhna
jeung kasatiaan nu geus
peunggas.
“ ......lain ketang, jaga
bakal aya pijodoeun anu sajati keur papada urang,”
sora anjeun hawar-hawar
kokolébatan.
Kitu deui, sora bapa nu
atra kénéh kapireng dina
telepun, “Geura balik,
Ujang! Bapa hayang panggih jeung pipamajikaneun
téa.” ***
19
21. Dongeng Arina
S
INGHORÉNG
leuwih tiris ti panyangka Bandung téh, cék
Arina ka kuring.
Tilu bulan ka tukang,
méméh usum hujan, Arina
nganjang ka dinya. Kaponcongok kénéh ku manéhna,
cakrawala bulao nu ngembat langit lénglang, mayungan lir méré harepan,
lambaran anyar, kabébasan.
Hanjakal, sanggeus lekasan
poé sukan-sukan jeung
sobat-sobatna jaman kuliah
baheula, rérés ngabeberah
jeung ngabebetah manéh,
méga-méga laun mindingan langitna, datang ceudeum, gebrét hujan. Haté
Arina disudat panineungan.
Panineunganana dicaritakeun ka kuring.
Arina jeung Sém panggih
di pésta, mabok, merdika.
Arina teu rémpan sama
sakali basa dibedol ku Sém
ka apartemenna di lanté
tujuh. Lumrah. Surti. Sarua
déwasa, teuleum di umpalan lambak kani’matan.
Arina kasaréan, cenah, hudang, nyeri sirah, nginum
ubar, tuluy nyileungleum
deui dina kasur Sém nu haneut, nepi ka isukna.
“Euweuh nu istiméwa.
Geus ilahar harita mah, da
mémang kitu jamanna, “
cek manéhna. Arina ukur
ngalakonan nu ku manehna
geus dianggap lumrah,
biasa. Pabeubeurang poé
isukna, Sém imut, mangnyieunkeun Arina kopi,
ménta nomer ponsélna,
tuluy nganteurkeun nepi ka
lawang panto apartemen,
bari ngajak panggih deui
isukna. Isukna, tuluy isukna
deui. Panggih kaopat
20
Carpon Endah Dinda Jenura
kalina, aya rasa nu béda.
Aya cinta nu marengan
tepung di hotél téh. Cinta
Arina henteu nogéncang, da
Sém males cintana. Enténg
pian Sém ngajak Arina pindah ka apartemenna, hirup
bareng, bari tacan aya beungkeutan ti bale nyungcung. Enya, tembal Arina
basa ditanya daék henteuna, bari tuluy ngaringkid
hirup, kabagjaan, jeung
harepanana ka apartemen
Sém. Harita, cek Arina, ka
kuring manéhna ngarasa
dunyana éndah. Cek Arina
kénéh, Cinta jeung Kaadilan
sarua lolongna. Éta nu
dibaca ku Arina dina bukubuku dongéng ti jaman
budak. Déwa Cupid jeung
Déwa Thémis téh sarua
dibengker panonna ku
lamak, hartina Cinta jeung
Kaadilan mah walatra
dibikeunna, teu cueut ka
sasaha. Tapi kakara
sanggeus dalapan bulan
pindah ka apartemen Sém,
Arina ngarti yén dimana
Cupid muka bengker
panonna, Thémis bakal
nakolkeun palu kaadilan
sagedorna. Teu pira
sababna mah. Basa mulang
gawé, Arina nimu beungkeut buuk warna bungur
tarétés kristal Swarovki,
ngagolér dina sela-sela sofa
rohang tamu. Lain beungkeut buukna. Ogé lain beungkeut buuk Sém. Buuk
Sém mah teu jabrig, ceuk
Arina. Sidik beungkeut
buuk awéwé. Arina jebi.
Tapi teu burung mencrong
beungkeut buuk éta salilalila, diwanohan ku haténa,
dipapantes nu saha, diimpleng mending dikumahakeun. Panceg. Nu ngagolér
Manglé 2445
22. diantep bae di dinya. Teu
dipindahkeun, diilikan,
komo dicagap mah.
Beungkeut buuk éta euweuh hak ngagoler dina
sofa, ceuk uing mah. Tapi
sigana Arina gé ngarasa teu
boga hak mindahkeun. Éta
mah sofa Sém, lain sofa
uing, ceuk Arina. Panonna
rada carindakdak basa
ngadongéng. Tilu poé ti
harita, beungkeut buuk éta
geus euweuh tina sela-sela
sofa, lir disulap sangkan
ngaleungit ku cara goib. Nu
matak hémeng, singhoréng
beungkeut buuk éta bisa
mindah rupa jadi suweng
platina nu cicing handapeun
bantal di kamar saré. Harita
mah ku Arina kacagap, teu
kahaja, bongan leungeunna
nyulusup ka handapeun
bantal. Teuing suweng saha.
Lain suweng Sém. Sém mah
lalaki, ceuk Arina, tara disuweng. Tiis platina patarema jeung ramo Arina. Tiis
nu sumarambah. Tiis nu
tuluy nyangaruk dina
bayahna, ulin jero uteukna.
Sém midua haté? Kuring
colohok. Arina teu nembalan. Tapi cenah manéhna
langsung ngoréjat. Gidig ka
balkon. Belewer! Suweng
platina ngoléang ka jauhna,
tujuh lanté handapeun
apartemen bari diparancahan tong balik deui. Gidig
deui Arina, ka kamar cai,
ngadon ngumbah leungeunna. Ngumbah leungeunna. Deui jeung deui.
Sanajan tangtu baé,
manéhna teu bisa ngumbah
kalangkang beungkeut buuk
jeung suweng éta.
Nu pangheulana karasa
téh copong, cenah. Asa aya
nu leungit ti dirina.
Leuleumpangan di apartemen, asup ti rohang ka rohang, asa nincak asa henteu.
Nu dicagap ku Arina teu
malik nyabak dirina. Cahaya
teu mantulkeun deui sagala
nu ditempo ku matana.
Poék. Lewang. Arina leungiteun cecekelan.
Manglé 2445
“Ku naon?” hiji peuting
Sém nanya. Di méja makan.
“Ku naon kumaha?” Arina
malik nanya.
“Asa pias.”
“Capé.”
“Istirahat atuh,” Sém
ngusap pipi Arina, tuluy
tungkul deui kana piring
steak hareupeunana. Segut
ngahuap.
Rey panas. Lain pipi
Arina. Tapi haténa. Péso
steak dina leungeunna
karasa tiis. Siga tiis suweng
platina. Mun seug éta peso
ditancebkeun kana dada
Sém, Arina nanya ka kuring,
naha bakal karaseun nyeceb
tiisna, kitu? Nyerina? Kuma
mun ditancebkeun kana
matana, nya? Ngarah
manéhna teu bisa nempo
awéwé séjén deui. Awéwé nu
maké beungkeut buuk bungur jeung suweng platina.
Sina lolong Si Sém, cenah
deui.
Kuring teu nembalan.
Malieus tina piring jeung
lamunanana, Arina tuluy
nempo kalangkangna sorangan dina kaca antik nu
naplok di tengah rohang.
Umurna can tilu puluh-tilu
puluh acan. Pagawéan boga.
Ngora eukeur. Rupa nyampak. Ti baheula manéhna
diogo ku dunya. Tapi lain
harita. Harita mah manéhna, awéwé nu dirina dirangsadan katimburu.
“Ngalamun,” Sém nunjuk
piringna. “Séépkeun
emamna,” cenah deui,
cengkat, noél gado Arina,
tuluy ngaléos ka dapur,
ngumbah piring urut daharna, siga biasa. Sém poho
teu mangumbahkeun
kalangkang beungkeut buuk
bungur jeung suweng
platina tina uteuk Arina.
Arina hayang poho. Hayang
rapih jeung kanyeri. Hampura, ceuk kuring, kudu
ngahampura Sém, éta cara
hiji-hijina. Ngahampura
lalaki nu geus midua haténa.
Sakali ngahianat mah euweuh hartina, Arina. Boa
ukur séks. Lain cinta. Boa
sarébu boa. Teu kudu digegedékeun. Sing jembar
pangampura. Manéh gé lain
awéwé suci nu luput tina
salah jeung dosa. Manéh gé
kungsi hianat, lin? Baheula,
jeung lalaki séjén di jaman
mana. Boa ieu wawalesna,
tarimakeun. Mangka ulah
épés méér. Sing kuat. Ieu
mah carita klasik di saban
dongéng cinta. Sém ukur
ngalakonan caritana, manéh
wayahna kabagéan nu nyeri
haténa. Arina tungkul.
Kuring nyaho, saban poé
Arina paséa jeung kalangkang beungkeut buuk bungur jeung suweng platina
éta dina sirahna. Arina
paséa jeung dirina sorangan
sanajan nyaho manéhna
hayang jeung kuduna
maséaan Sém. Henteu. Teu
bisa. Arina teu wasa ngéwa
ka éta lalaki. Arina cinta.
Arina ngarasa bagja.
“Dunya uing éndah,”
pokna. Kuring ngusapan
buukna.Cipanon Arina murubut. Saméméh aya beungkeut buuk bungur jeung
suweng platina éta, inghakna. Lungse paséa jeung
sirahna sorangan, Arina leungiteun kabetah jeung kahayang. Teu lila, torojol
simpé ka apartemenna -apartemen Sém, Arina ngingetan kuring. Apartemen
Sém didongdon Simpé nu
gawéna kukulintingan di
saban rohang, nyieuhnyieuhkeun harepan jeung
kabagjaan. Arina nempo
Simpé nembongan dimanamana. Ngawasa.
Hiji peuting, dua bulan
sanggeus Suweng Platina.
“Aya naon, sih? Asa cicingeun pisan ayeuna mah.”
Sem kerung, eureun maca
bukuna.
“Taya nanaon,” cek Arina
nu ker nukangan.
Sém nangkeup Arina,
nyombo, ngaharéwos,
nyium ceulina.
Arina cengkat. “Heup!
Heup, Sém. Geuleuh. Ka
ditu sing jauh.”
Sém neuteup Arina. Arina
neuteup ubin. Geus nanceb,
pokna ka kuring isukna,
péso steak nu tiis téa. Lain
kana dada atawa mata Sém.
Tapi kana haténa.
Isukna, Sém teu balik.
Isukna ge kitu. Tuluy isukna
deui. Saminggu campleng.
Suwung. Arina teu néangan.
Ukur ngalalarkeun panénjona ka sakuliah apartemen.
Ngararasakeun Simpé nu
mingkin ngalanglaung. Culang-cileung. Nyieun paguneman dina angen-angen.
“Eta beungkeut buuk
saha, Sém? Suweng saha?”
“Lain nu sasaha, Arin.”
“Jawab! Nu saha?”
“Teu penting nu saha-sahana mah. Nu penting mah
ukur manéh. Sejenna teu
penting.” Arina gogodeg.
Cenah Cinta jeung Kaadilan sarua lolongna. Tapi
kakara sanggeus dalapan
bulan pindah ka apartemen
Sém, Arina ngarti yén dimana Cupid muka bengker
panonna, Thémis bakal
nakolkeun palu kaadilan
sagedorna. Ayeuna Arina
teu lolong deui. Manéhna
ningali kanyataan, sanajan
teu miharep kaadilan. Euweuh dengdem, cenah. Ukur
nyeri haté jeung capé. Bonganna Sém geus nipu. Moal
daék manéhna ditipu deui.
Pukul sapuluh isuk-isuk,
tanggal 10 Maret, Arina
nyieun putusan, nyingkahan
Jakarta. Manehna nyingkahan Sém, jeung sakédét
dunya éndahna. Ka Bandung, pokna bébéja ka kuring. Ka kota nu singhoréng
leuwih tiris ti panyangkana.
Ka Bandung Arina cunduk
tilu bulan ka tukang, méméh
usum hujan. Kasaksian
kénéh ku manéhna, cakrawala bulao éta ngembat langit lénglang, mayung lir
méré harepan, lambaran
anyar. Kabébasan. Tapi teu
lila. Ceudeum tuluy datang.
Gebrét hujan. Haté Arina
disudat panineungan. ***
21
23. I
ndradi anggur ngabetem ditaros ku ingkang carogé téh.
Tungtungna mah
hayoh nu naros, hayoh
nu ngajeten.
“Yayi, ku naon bet balem
baé ditaros téh, Geulis? Saha
nu masihan ieu cupu téh?”
Resi Gotawa hantem
merekpek ku patarosan,
patarosan éta-éta kénéh.
Indradi angger ngabetem.
“Ieu cupu téh dipaké ayangayangan ku Anjani. Katingalieun ku Subali sareng Sugriwa.
Kabitaeun meureun lanceuklanceukna téh. Nya tuluy baé
parebut. Subali-Sugriwa keukeuh hayang ngarebut, da
panasaran meureun hayang
milu nyo’o. Ari Anjani,
keukeuh teu mikeun. Pagulung-gulung tungtuna mah
barudak téh, parebut cupu.
Anjani nepi ka ceurik, da embung cocoanana direbut ku nu
jadi lanceuk. Tungtungna éléh
déét Akang téh, nya tuluy di-
22
Cupu
Carpon Maman, S.Pd.
rawatan wé éta cupu téh ku
Akang. Tapi kagét Akang téh,
da geuning cupu téh minangka tawis katineung ti hiji
bébéné. Aya aksaraan ay lap
yu geuning. Diteruskeun kana
seratan ‘tawis cinta ti akang
ka nyai’,” Resi Gotawa papanjangan ngajelaskeun.
Indradi haben ngabetem.
“Teg wé Akang téh nyangka, Anjani téh horeng geus diajar bobogohan. Budak bau
jaringao kénéh téh geuning
geus diajar ngambeu lalaki,”
Resi Gotawa bari ngarénghap
heula sakedapan. Ari nu ngabandunganana, Indradi, teu
lémék sakemék-kemék acan.
Anggur tungkul lir kapas kaibunan.
“Tapi barang ditanya budak
téh, saha lalakina nu tos begér
mikacinta ka hidep, ari jawabna téh ‘da éta mah sanés nu
abdi’. Ari kitu nu saha, ceuk
Akang deui. ‘nu mamah’ kitu
cenah,” Resi Gotawa niru-niru
sora Anjani. Indradi anggur
nyegruk. Aya nu karasa haneut tina juru-juru panonna.
Ngeclak sakeclak-sakeclak
mapay pipi.
“Rarasaan téh asa Akang
can kungi masihan tawis
katineung nu sapertos kitu ka
Nyai. Rumaos sotéh masihan
hapé blékbéri, waktos Nyai
ulang taun nu katujuh welas.
Rumos sotéh masihan sujuki
értiga waktos Nyai palay tiasa
nyetir nyalira. Rumaos sotéh
masihan téb, waktos nyai
palay pésbukan dina layarna
nu rada lega. Cupu mah
Akang téh asa teu kantos
masihan. Barina ogé kanggo
naon cupu, asa dina carita
wayang baé, asa dina lalakon
Ramayana. Teu ayeuna mah
Nyai, teu payu nu kararitu
téh,” Resi Gotawa mani
nengtéréwélé.
“Nyai, sok ayeuna mah kantun terus terang waé ka
Akang, blak-blakan wé, brukbrak, balaka wé pamasihan
saha ieu cupu téh?” Resi
Gotawa bari angger pananganna nyenyepeng cupu, cupu
manik astagina.
“Saha lalakina nu tos neundeun kahéman ka Nyai? Sok,
balaka wé, da moal ambek
Akang ogé, hoyong terang baé
ieu mah.”
“Ngamaklum Akang ogé, da
Nyai teh geulis kawanti-wanti,
éndah kabina-bina. Titisan
dewi kahiyangan téa atuh.
Ngamaklum Akang ogé, Nyai
téh sok pésbukan geuning
sareng lalaki séjén. Tapi
kapan Akang teu ngawagel.
Heug baé, dapon haté Nyai
sugema. Tapi kana cupu nu
hiji ieu mah Akang téh asa
panasaran. Kilang kitu, da
Akang mah moal ngambek,
ukur hoyong terang wungkul
saha lalakina nu neundeun
haté ka Nyai.”
Indradi angger ngajeten.
Indradi haben ngabetem.
Indradi tetep teu lémék.
Indradi ngahuleng ngaraga
meneng.
Kilang kitu na lebet manah
mah pagaliwota. Kebek ku
karumasa, rumasa dirina
kungsi silih teukeuran
kanyaah. Kungsi silih pikageugeut, silih pikameumeut,
jeung lalaki nu teu weléh
nyangkaruk lebeting manahna. Saha deui lalakina atuh ari
sanes Sang Batara Surya, sang
mahadéwa di kahiyangan.
Enya, Batara Surya téa. Diangken ku anjeunna, haté teu
weléh maskét ka Sang Batara.
Tapi éta téh baréto, mangsa
masih kénéh lalagasan.
Anapon nepi ka ayeuna masih
kénéh nyangkaruk, kalayan
teu bisa dipapalérkeun,
Manglé 2445
24. tamaha baé da bongan diri dianugrahan rasa resep ka bébéné. Nya ti sang batara téa
éta cupu téh, Batara Surya.
Minangka tawis kacinta éta
téh. Hamo bisa dipopoho,
matak disimpen disidem
rapih ogé. Ngan Anjani bet
kumawantun nyonyo’o. Dasar
budak atuh, teu nyaho yén éta
téh jimat nu kudu disimpen
disidem, ulah nepi ka ingkang
carogé Resi Gotawa uningaeun. Indradi neundeun éta
cupu buni naker. Nepi ka
kolotna narima lamaran ti
Resi Gotawa, éta cupu diteundeun dibuni-buni. Hamo
dipiceun, da tawis kacinta téa
ti beubeureuh. Ku jembarna
haté Sang Batara, waktos Indradi oléng pangantén sareng
Resi Gotawa, Batara Surya
ogé hadir, ngiring nyakséni.
Samalah ngiring aub, ngiring
nyumbangkeun lagu sagala
rupa da hajatna nanggap
organ tunggal. Laguna téh
lagu ‘Syahdu’, karangan Roma
Irama téa. Malah masihan
kado sagala rupa beubeureuh
téh. Maké jeung cipika-cipiki
téa jeung nu keur oléng pangantén téh. Teu, teu terangeun Sang Resi mah yén nu
ngahaleuang lagu Syahdu téh
maruna. Yén nu nyalam bari
cipika-cipiki téh maruna.
“Geulis, bojo Akang. Cing
pok atu nyarios. Ku naon bet
balem baé?” sakali deui Resi
Gotawa tumaros.
Indradi angger ngajeten.
Indradi haben ngabetem.
Indradi tetep teu lémék.
Indradi ngahuleng ngaraga
meneng.
“Aéh aéh, Nyai. Ku naon bet
baham téh kawas nu dikonci.
Ku naon bet cicing baé, jiga
arca baé Nyai mah,” Resi
Gotawa. Wejar menengmeneng lara, menengé ati
nira. Dak dumadak alam
dunya gonjang-ganjing.
Langit dumadak angkeub,
panonpoé teuing ka mendi.
Kekecapan Sang Resi horéng
saciduh metu saucap nyata.
Palebah ngedal “jiga arca”, saharita kénéh jelegedeg Indradi janten arca.
Resi Gotawa cumalimba.
Teu sangka sacongo buuk
bakal pikitueun. Kilang kitu,
Manglé 2445
kama’lumeun da Resi Gotawa
téh sang maharesi. Saucapsaucapna teu weléh ngabuktos. Kecap-kecapna langkung
seukeut tibatan pedang nu
pangseukeutna. Ananging sok
sanaos kitu, hanjakal mah
salangkung-langkung. Bingung, kaget, amarah, timburu, pacampur ngajadi hiji.
Pamustunganana, belewer téh
cupu nu dicepengna dialungkeun, lajeng kumalayang di
wiati. Ningali cupu nu ngalayang di awang-awang, Subali sareng Sugriwa lajeng
pahibut muru. Adi lanceuk
paudag-udag muru cupu.
Kacarios éta cupu di awangawang papisah antara wadah
jeung tutupna. Lajeng duanana ragrag kana lemah. Dak
dumadak, lelemah nu katinggang ku wadahna ngajanggélék janten talaga. Ki Dalang
masihan nami éta talaga, Talaga Nirmala, talaga sungapan
hurip jeung hirup. Sing saha
nu ancrub kana éta talaga,
baris panggih jeung karaharjaan. Nu halabhab bari
ngarasa seger. Nu kudisan
baris lita waras sabihari. Nu
goréng patut, baris katingali
kasép mun lalaki, jadi geulis
mun awéwé. Nu hayang jadi
presidén, nu hayang jadi gubernur, jadi bupati, nepi ka nu
hayang jadi érté pisan, mun
seug mandi di éta talaga, kapalayna baris tinekenanan.
Nu hayang kénging jodo, saharita kenging jodo. Nu diajar
ngarang hayang énggal dimuat, baris énggal dimuat ari
seratanana alus mah. Jagat
pawayangan nétélakeun, Talaga Nirmala téh talaga ajaib
nu ngandung berkah ti Sanghiyang Dewa Batara Surya.
Sawangsulna, tutup cupu
sami ninggang lemah. Éta ogé
sami, lemah nu katinggang
dumadak janten talaga, katelah Talag Sumala. Nu ieu mah
sawangsulna ti Nirmala, nu
ieu mah talaga sungapan mamala. Kacarios adi lanceuk
Subali sareng Sugriwa ngudag
cupu téh ngudag tutupna.
Barang éta cupu niban lemah,
pas anjog pisan Subali Sugriwa. Atuh kantenan duanana
titeuleum ka jero talaga.
Duana roroésan. Ngan untung
duanana pinter ngojay, da
geus latihan ngojay saban
minggu ka Cibulan, balong
karamat kalereun Kota
Kuningan téa.
Aya rasa kagét di papada
duaanana. “Héh, Monyét.
Naha anjeung kumawani ngahalangan niat kaula. Kaula rék
ngudag cupu. Naha Andika
bet ngahalangan, héh?” ceuk
hiji monyét ka monyét nu hiji
deui.
“Ngahina siah, Kunyuk! Na
teu nyaho sia téh monyet? Bet
nyebut monyét ka kaula,”
ceuk monyét nu tadi disebut
monyét.
“Ngaran kaula Subali, lain
monyét sakumaha nu dituduh
ku anjeun.”
“Huah, Subali nanahaon?
Subali mah manusa pituin,
lanceuk kaula Putra Resi
Gotawa, resi nu sakti kabinabina.”
“Naha sia ngaku-ngaku
lanceuk ka kaula? Kaula mah
teu boga adi mangrupa
monyét siga Andika!” ceuk
monyét nu ngaku ngaran Subali.
“Ngahina siah nyebut kunyuk ka kaula, Kunyuk! Kaula
mah Sugriwa, adi Subali,
putra Resi Gotawa. Adi kaula,
awéwé, Anjani.”
“Yayi, bener anjeun téh
Sugriwa”
“Bener.”
“Waduh, tiwas… tiwas. Ana
kitu mah urang téh jaradi
monyét. Nya kaula Subali,
lanceuk Sugriwa. Lanceuk Anjeun, Sugriwa.” Gabrug duanana parangkul-rangkul,
ceurik balilihan bari paungkuungku. Kacarios, Anjani ogé
sarua ngungudag cupu. Ngungudag dua lanceukna, Subali
jeung Sugriwa. Ku lantaran
pangawak awéwé, sakumaha
tarikna ogé lumpat, angger
teu bisa ngudag nu jadi lanceuk. Tungtungna, banget ku
capéeun, reg manéhna reureuh sisi talaga pisan.
“Naha aya talaga ku hérang
naker?” ceuk pikirna. Teu loba nu dicatur, ongkoh halabhab naker, inyana lajeng
ancrub kana éta talaga.
Kekemes. Sipeunteu. Sakedapan mah enyaan karasa seger.
Ananging, geus jadi titis
tulis Hyang Widi, barang hanjat, kagét lain meumeueusan.
Suku Anjani nu dipaké ancrub
téh dak dumadak robah
wujud jadi suku monyét.
Atuh pananganna sami
janten leungeun monyét, buluan teu bénten ti leungeun
monyét. Nya kitu deui
rarayna, robah jadi beungeut
monyét.
“Tobaaaat, Gusti, ieung. Tulungaaan, Gusti,” Anjani ngajerit maratan langit ngocéak
maratan jagat.
“Sada sora, Anjani,
Kakang,” saur Sugriwa.
“Teu pindo, Yayi, enya sigasiga sora Anjani,” témbal Subali. Lajeng duaanana muru
ka nu bieu ngajerit. Horéng si
mana horéng, sami Anjani
ogé ancrub téh ka Talaga
Sumala, sungapan sagala mamala. Tiluanana, paungkuungku, nyeungceurikan nasib
diri. Padahal tiluanana putra
Resi Gotawa-Déwi Indradi;
raja jeung prameswari Karajaan Kiskenda.
**
Ku hal éta, Mitra, pieunteungeun keur urang sadaya
minangka mahluk nu kumelip
di alam wadag. Melak bonténg moal jadi cabé, melak
cabé hamo jadi bonténg.
Melak goréng moal jadi hade,
melak hadé hamo jadi goréng.
Akibat laku lampah indung
salingkuh jeung lalaki séjén,
ngabarérang ka anak incu.
Sanajan dibuni-buni, nu
goréng baris kapanggih.
Kacarios, Dewi Indradi nu
jadi patung, bakal ngajanggélék deui jadi manusa di
alam nu bakal datang. Nyaéta,
nalika patung Indradi dipaké
neunggeul karaton Indraprasta di nagri Aléngka, waktu
merangan Rahwana. Ari nu
neunggeulna, teu aya sanés
incuna ku anjeun, Hanoman
Perbancana Putra, monyét
putih putra Anjani nu nikah
ka Batara Bayu, déwa angin.
Hanoman biluk ka Sri Rama,
ngabantosan waktos merangan Rahwana, waktos perang
ngarebut Sinta, dina carita
Ramayana.
“Sakitu carios carangan nu
kapihatur, tutup lawang sigotaka,” saur Ki Dalang.***
23
25. Nu Matak Muringkak di Majingklak
T
aun tujuh puluh
dapalanan, kuring kapeto jadi
ketua senat di
kampus salah
sahiji paguron luhur di
Bandung. Sakumaha nu
geus direncanakeun ti
anggalna yén bakal diayakeun bakti sosial di wewengkon Majingklak,
nyaéta hiji lembur nu pernahna di sabudeureun
Nusa Kambangan, Rawa
Lakbok - Ciamis.
Sakumaha ilaharna mun
rék ngayakeun bakti sosial,
saméméh prak kudu ditingali heula kaayaan lemburna, ceuk basa Indonesia
téa mah “survey lokasi”. Nu
miang ukur tiluan, kuring,
Anto jeung Satrio. Anto bari
ngagandong ransel tumpak
motor Honda CB, kuring
diboncéng ku Satrio kana
motor BMW.
Indit ti Bandung bada
lohor. Nepi ka hiji lembur
nu teuing naon ngarana,
wanci geus ngagayuh ka
Magrib. Kuring jeung babaturan ngaraso bari dalahar heula di hiji warung di
sisi jalan.
“Pa, upami badé ka Majingklak ti palih dieu teras
kamana nya?” kuring nanya
kanu boga warung.
“Dupi Encép ti palih
mana téa? Badé aya pikersaeun naon ka Majingklak
sosontenan kieu?” tukang
warung kalahka malik
nanya bari kerung.
24
Ku Nyi Roro
“Ti Bandung, Pa. Tos paheut jangji, badé
ngadeuheusan ka Pa Kuwu
Majingklak.
Aya peryogi,”walon kuring bari tuluy ngaregot
gelas eusi cientéh haneut.
“Ti palih dieu mah aya
dua jalan. Nu hiji ngalangkungan gunung kapur tapi
rada tebih. Jalan nu hiji
deui mah caket, mipirmipir walungan Citanduy.
Atuh tos wengi kieu mah
saéna mending kénéh
karulem di dieu. “Énjing
diteraskeun deui,”ceuk
tukang warung.
“Naha kunaon kitu Pa?”
Satrio nanya.
“Sanés nyingsieunan
Bapa mah. Urang dieu ogé
tara aya nu wantuneun
wengi-wengi ngulampreng
ka dinya. Komo ayeuna
mah malem Juma’ah ping 1
Kaliwon deuih. Bilih
kumaha onam,” ceuk tukang warung hariwangeun.
Gebeg, enya geuning ayeuna malem Juma’ah! Kuring
silih pelong jeung Satrio,
tuluy ngarérét ka Anto.
Tapi dasar si Anto budak
Wanadri téa… wanian!
“Halakh, sieun ku naon
atuh? Da urang ka dieu téh
boga niat alus. Ké geus Isa
mah hayu urang arindit!
Bisi kapeutingan mantén!”
ceuk si Anto bari cacamuilan ngadahar goréngan.
Dikitukeun mah kuring
éléh déét. Ba’da Isa, kuring
tiluan amitan ka tukang
warung.
Najan reyem-reyem ngan
ukur dicaangan ku sorot
lampu motor, kuring masih
bisa niténan kaayaan
sakurilingna. Mimiti mah
enya kaciri jalan nu disorang téh, di beulah kenca
walungan Citanduy téa. Di
beulah katuhu kebon eurih
mani jarangkung. Katingali
ti kajauhan aya sababaraha
imah nu rada paanggang.
Tapi, beuki lila geus teu
katingali di beulah katuhu
aya imah, da euweuh listrik
nu hurung.
Kaayaan jalan nu leutik
ngabalukarkeun motor teu
bisa sajajar. Antukna motor
kuring ti heula, dituturkeun
ku motor Anto. Kaayaan
sepi jempling, iwal ti sora
motor jeung gaang nu
réang. Di satengahing jalan,
kasebrot ku lampu motor ti
lebah hareup katingali aya
jelema keur leumpang.
Ningali aya motor ti
tukang, éta jelema nyisi
méréan jalan. Reg, motor
kuring eureun dituturkeun
ku motor Anto.
“Mang, badé angkat kamana?” ceuk kuring nanya
ka éta jelema.
“Aéh Jang, Emang badé
ka tungtung lembur. Numawi ieu téh kawengian
wangsul ti dayeuh. Kumargi
hoyong téréh dugi, nya kapaksa baé nikreuh,”ceuk éta
lalaki tengah tuwuh.
“Geuning urang sajurusan Mang? Hayu atuh, ngi-
ring baé kana motor abdi,”
ceuk Anto nawaran. Éta
lalaki nu ngawanohkeun
manéh ngarana Ahrom,
katangen mani atoheun
pisan.
“Jang, tos baé dugi ka
dieu. Tuh, rorompok
Emang mah palih ditu,”
ceuk Mang Ahrom nunjuk
ka sababaraha imah nu pernahna di lebakkeun jalan,
katingali aya célak célak
obor di hareupeun hiji
imah.
“Har, ituh Emang…
manawi téh badé ngajajapkeun abdi dugi ka ditu? Énjing nembé mulih deui
sasarengan ka dieu,” ceuk
Anto ngalengis hayang dianteur.
“Moal Jang, karunya ka
barudak Emang pasti geus
narungguan oléh-oléh.
Omat nya Jang, ti dieu
terus wéh mapay jalan satapak. Ké di palebah
pengkolan kudu ati-ati,
didinya aya batu peuntaseun walungan. Tah, di
dinya téh paragi munjung
keur jalma-jalma nu hayang
téréh beunghar. Kadé ulah
wani wani tunyu-tanya ka
saha baé oge. Mun manggih
jeung naon waé tong dipaliré,” ceuk Mang Ahrom
mére pepeling bari tuluy
amitan.
Dius deui kuring tiluan
indit. Enya waé, di lebah
péngkolan mani nyambuang seungit menyan
jeung kekembangan. Bulu
Manglé 2445
26. punduk ngadak-ngadak
maruringkak mani asa kandel. Kagok jauh, kebat baé.
Lempeng, teu luak lieuk.
Kasorot ku lampu motor
katingali aya aki-aki maké
baju hideung, sirahna maké
iket, disoléndang sarung.
Aya nu matak hémeng,
kuduna mah geus sakitu
kakolotanana éta aki-aki teh
leumpangna bongkok,
tokroh-tokroh kundang
iteuk. Ieu mah alah batan
budak ngora jagjag belejag,
leumpangna gé bari aclengaclengan jiga nu ngajlengan
batu-batu tincakeun.
Reg éta aki-aki eureun,
tuluy nulak cangkéng.
Pameunteuna baketut haseum. Halisna nu geus
huisan duanana carengkat.
Durilak-durilak, éta panon
aki-aki ngadurilak. Durilak
ka Satrio, tuluy ka kuring,
panungtungan ka Anto.
Manglé 2445
Di tukangeun éta aki-aki
aya wanoja leumpang, tapi
naha siga nu ngageuleuyeung? Beuki lila beuki
deukeut. Gusti! Karék harita
kuring ningali aya wanoja
sakitu geulisna. Éta wanoja
maké raksukan kabaya
bodas siga pangantén.
Rambutna nu panjang
ngarumbay katebak angin.
Aya siger nu patinggurilap
dina sirahna.. Leungeunna
nu curentik nyekel tungtung
karémbong, lir putri turun ti
kahyangan
Panon putri nu cureuleuk
mencrong seukeut. Halisna
ngariut, pameunteuna siga
nu bendu. Motor nu keur
ditumpakkan ku kuring
rada gagaléongan, cigana
pipikiran Satrio teu bisa
museur. Inget kana
pépéling Mang Ahrom, kuring nepak tonggong Satrio
bari ngaharewos nompo
kana ceulina, “Yo! Istigpar
euy! Lempeng, tuluy ka
hareup!”.
Kuring tiluan keukeuh
nyekel papatah ti Mang
Ahrom, daék teu daék maju
ngadeukeutan Si Aki jeung
Nyi Putri. Dua rombongan
adu hareupan, sarua padapada arembung éléh.
Kasebrot ku lampu motor
panon si Aki beuki molotot,
bahamna kekerot, leungeunna tipepereket siga nu
hayang ngerekeb-ngerekeb
baé.
Satrio ngagas motorna,
nyakitu deui Anto. Si Aki
jeung Nyi Putri beuki lila
beuki deukeut... beuki
deukeut... beuki deukeut...
Kuring geus teu kuat
awahing ku sieun.
Awak ngadegdeg. Biwir
kekerenyeman maca sagala
rupaning susuratan. Panon
dipeureumkeun. Teu lila...
Wush! Wush! Karasa, aya
angin dua kali ngahius.
Sanggeus rada jauh, kuring tiluan eureun heula
bari silih pelong tapi euweuh nu ngomong sakemék-kemék acan. Reuwas
kareureuhnakeun. Gerung
deui motor nu ditumpakkan
nuluykeun deui lalampahan. Aya kana satengah
jamna, di hareup katingali
ting kariceup cahaya obor.
Ceuk kira-kira kuring mah,
sigana éta lembur Majingklak.
Alhamdulillan, teu lila
anjog ka nu di tuju, geus
loba jelema ngagimbung
marawa obor. Ujug-ujug aya
lalaki rada kolot nyampeurkeun ka kuring tiluan.
“Wilujeng sumping Cép,
syukur tos salalamet mah.
Bapa kenging wartos ti Pa
Camat yén badé aya tamu
mahasiswa ti Bandung.
Urang dieu mani tos
élékésékéng, dareudeupeun.
Ari manawi téh badé
sarumping sonten bada
Ashar, ari pék tos badé tengah wengi geuning?
”sihoréng Pa Kuwu nu
ngabagéakeun. Kuring
jeung babaturan ukur imut
bari nyolongkrong ngajak
sasalaman ka pribumi.
Pa Kuwu langsung ngahaturanan ngarereb di
imahna. Sajeroning leumpang Pa Kuwu culang-cileung siga nu sieun aya nu
ngadéngéeun. Manehna
tuluy nanya lalaunan,“Sanés
Cép, dupi tadi di jalan teu
mendak nanaon? Pan ayeuna téh malem Juma’ah Kaliwon. Tara aya pamayang nu
unggah ka laut, da Nyi Putri
nu ngawasa laut kidul sok
ngaroris jalan-jalan diréncangan ku badégana nu tos
aki-aki”.
Kuring, Satrio jeung Anto
teu ngajawab, kalahka
ngadon papelong-pelong.***
Saung Indung, 30
September 2013
25