2. L awangSakéténg
Ti kenca ka katuhu; Distam (Kepala Sakola), Ensa (Wartawan Mangle), Trisnawan (Guru SDN Buara 04)
jeung Ayi Sundana (Wartawan Mangle)
Sunda di Peuntas Budaya
U
rusan kanyaah teu bisa dibobodo. Najan,
kasengker, kedalnana éta rasa mah teu bisa dihalang-halang. Tah, nu kawas kitu téh, karasa
ku nu dumuk di Brebes, Jawa Tengah.
Urang dinya, urang Brebes, teu sing kahalangan ku
garis administrasi. Najan aya di wewengkon Jawa Tengah, midulurna ka urang Jawa Barat mah teu nilamnilam. Da, cenah, angger wé ngarasa sabudaya rasa.
Saha nu kawas kitu teh? Di antarana Distam, Kepala
Sakola Dasar (SD) Negeri Buara 04, Ketanggungan
Brebes. Ieu kepala skaola nu kungsi narima hadiah
Harja Pamekas téh, teu weléh ngupayakeun sangkan
basa Sunda tetep diajarkeun di sakola. Padahal, nyatanyata nu puguh rengkolna kudu diajarkeun mah, basa
Jawa.
Nu boga karep kawas kitu, lain ukur Distam, tapi
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun
No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 0227309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
umumna kepala sakola nu sumebar di Brebes, pangpangna mah nu padumukna urang Sunda. Lir samiuk,
gilig tetep nanjeurkeun pangajaran basa Sunda di
lemburna.
Upayana, mémang teu gampang. Da, puguh sarana
jeung guruna gé kawatesanan pisan. Atuh, kapaksa
kudu sabisa-bisa malar bisa. Karepna kitu, teu nogencang. Aya puntanganeun di antarana Kadis Pendidikan
Kabupaten Brebes.
Mitra, sawatara waktu ka tukang, Ensa Wiarna jeung
Ayi Sundana, ngaprak Brebes, nepungan baraya-baraya
sabudaya di éta lembur. Loba papanggihan, nu insya
Alloh diguar dina ieu majalah. Najan bari mapaymapay jalan tarahal, ‘pribumi’ ge, Distam, teu weleh
marengan, kaasup waktu meulah petengna peuting ngajugjug pintonan wayang golek. ***
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),
Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata,
Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana,
Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS
RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, SEKRETARIS :
Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA
RUPA/PRACETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai
Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S. Ade.
3. Ngudag ka Naraka
5
TAMU
*) BOIM, 21 TAUN. PENGAMEN
“Poék..peuting beuki poékkk …peteng..
mongkléng.. langit beuki mongklénggg..
Bulan… musnaaa!! Manusa..tibraaaa!!
Béntaaaang.. Nyumput dina mega..
Rondaaaa..Peré ngajaga..”
Tah kitu, jampé-jampéna mah.Inget
kénéh.Da enya atuh.Kapan uing gé aya,
basa harita Adang ngadadarkeun rencanana ka Bani.Bani tatangga Adang...
Dr. H. Tachroni, M.Pd.,:
Tuturus Sunda di Lemburna
PANINEUNGAN
Sanusi Harjadinata
Nyegah Perang Dulur Sabangsa
........................................................... 8
Gedong Sate ...................................... 42
Katumbiri .......................................... 44
Bale Bandung .................................... 50
Mangle Rumaja .................................. 51
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
IMPLIK-IMPLIK
Mekarkeun Seni
Mikawanoh Jati Diri ....................... 10
DI KIWARI MACA BIHARI
Potret : Reisyan
Péso Gurka ..................................... 17
Diarah Pati
Catetan Ajip Rosidi ........................ 30
MIMBAR ATIKAN
Kunaon Kiwari Loba Macan Tutul
Turun Gunung?
Johan Iskandar ............................... 48
NU MANEUH
Lawang Saketeng ............................... 1
Kaca Tilu ............................................ 3
Nyusur Galur .................................... 12
Munara Cahya ................................... 14
Tanya Jawab ..................................... 16
Aweuhan .......................................... 41
JAGAT WANGWANGAN
( 17 - 40 )
4. K acaTilu
Nu Boga Lalakon
J
aman aya kénéh bioskop Sahati (di Tegallega) jeung
Taman Hiburan (di Cicadas)
lamun arék lalajo film, nu
pangheulana ditanyakeun téh
saha nu boga lalakonna. Harita
mah nu populér téh ShakilaMahipal (keur anu resep film
India) atawa John Wayne (keur
anu resep film koboy). Film Cina
can loba kacaturkeunana. Komo
Koréa mah.
Nu dianggap pangpentingna téh
mémang nu boga lalakonna. Lain
nu nulis carita atawa sutradarana.
Disebutna nu boga lalakon téh lantaran nya manéhna anu nangtukeun
lakon
bakal
kumaha-kumahana téh. Enya, éta
téh cék sawangan harita. John
Wayne anu bakal nangtang duél ka
musuhna. Adu hareupan paduduaan, paheula-heula nyabut péstol.
Tara ngaduakalian dina derna téh.
Sakali jedor gé geus ngagolépak
musuhna téh. Atuh dina lebah
Mahipal, apan anu disurakan ku
anu lalajona téh lebah paberikberik bari tumpak kuda, atawa
maén sérmen, perang gobang téa.
Mahipal mah geus ti harita mamaké anting téh.
Saha-sahana nu boga lalakon
téh mémang penting, lain ngan
ukur dina film tapi ogé dina
kahirupan sapopoé. Kungsi aya nu
boga lalakonna téh ngaranna
Soekarno. Nénéhna mah Bung
Karno. Euweuh papantaranana
atuh dina jamanna mah. Mun Bung
Karno arék ka Garut, geus pabéjabéja ti piduapoéeunana. Euweuh
halangan nu ngaranna anggang.
Semet 40 kilo waé mah leumpang
gé kaduga kénéh. Dibélaan indit
bada solat Isa, nikreuh sapeuting
jeput, panasaran hayang ningali
Bung Karno dikieuna. Cenah dina
waktuna Bung Karno teu jadi
datang, bari jeung duka naon
alesanana, tara ngarasula ieuh.
Béh dieuna nu boga lalakonna
téh Suharto. Tara aya anu wani
nyebut Bung ka anu ieu mah.
Saréréa ngabasakeunana ogé Pa.
Duka pédah ka tentara meureun.
Pan loba kabéjakeunana tentara
mah sok ngaheulakeun ngagaplok
batan nanya.
Ninggangna di loba kasieun.
Boro-boro ku Pa Harto dalah
kakara ngadéngé nyebut-nyebut
Koramil gé geus kokompodan.
Ulah kumawani siah, najan
ngarasa bener gé. Bisi matak teu
salamet.
Naha atuh, geus tariking kitu
cék Pangéranna, nu tadina sakitu
geueumanana téh kasaksian ku
saréréa ninggalkeun istana bari
terus henteu balik deui. Geura étah
anu cikénéh pada mikasieun téh
nepi ka diléléwaanana ku barudak
mahasiswa. Padahal kira 30 taun
ka tukang mah ku mahasiswa Pa
Harto téh sasat dirawu dipangku.
Bener ceuk ustad, nu ngaranna
manusa mah tara aya nu langgeng.
Gunta-ganti sababaraha kali
deui nu boga lalakon di urang téh.
John Wayne ngan kari filmna. Kitu
deui Mahipal. Geus garanti ku nu
alanyar ayeuna mah. Jaman John
Wayne, nu baroga lalakon téh karereng, tareuas, ari enonna gareulis
kabina-bina. Ari kadieunakeun anu
garumeulis téh bet lalakina.
Nu boga lalakon di urang gé
apan kungsi aya anu teu resep kana
heureuy jeung anu karesepna kana
lulucon. Blas-blus kaluar-asup istana, siligenti da geus kitu ti dituna
mana kitu gé. Malah apan kaparengkeun nu boga lalakonna téh
resep tetembangan jeung hihitaran. Tayohna, lantaran jongjon
teuing nyusurup sora hitar, nepi ka
panto dora aya anu muka gé teu
kadéngé. Kanyahoan-kanyahoan
sanggeus nu boga hadasna kacerek
ku upas. Kutan manéh nya anu jadi
tukang gerejudna téh?
Apan
umangkeuhna
gé,
salawasna bisa milih, cenah. Kadé,
sakeudeung deui gé bakal kajadian
éta téh. Sing saha anu raresep
kénéh kana tatanya saha anu boga
lalakonna, ayeuna mangsana aléwoh tatanya ka sasaha. Pan cenah
gé, bodo aléwoh téh kaasup papagon anu diéstokeun di Paguyuban
Pasundan mah. AM
Manglé 2461
3
5. K oropak
Caah Unggal Taun
Sampurasun!
Caah di mana-mana. Di
puseur dayeuh, Jakarta mah
geus puguh. Di Bandung ogé
Balééndah sarua, sok caah.
Tah, kana caah urang téh, biasana sok narimakeun waé.
Lantaran, pihak pamaréntah
saperti teu aya pencegahan
nu daria atawa teu aya persiapan mahing caah atawa
program upama aya caah.
Lolobana sadrah waé.
Tah, palebah dieu kuduna
pamaréntah
leuwih
mrogramkeun upama datang
caah. Sosialisasi ka masarakat
ogé kedah dilobakeun. Lantaran éta tugas pamaréntah.
Sakitu waé. Hatur nuhun.
Wassalam
Pa Dede
Balééndah Bandung
Buku LKS, Dilarang
Jual?
Sampurasun!
Nyi Manglé damang?
Punten ngiring nyerat
perkawis kabutuhan sakola,
di antarana buku pegangan
barudak.
Cenah, di sababaraha
sakola béda-béda. Upamana
waé di SD kota jeung di kampung sok béda. Aya nu maké
LKS aya ogé anu henteu,
alias pihak sakola nyieun
husus keur murid-mudirna.
Hartina LKS téh teu unggal
guru maké LKS nu maneuh
jieunan hiji penerbit.
Simkuring maca-maca
saeutik masalah LKS. Di antarana, Lembar Kerja Siswa
(LKS), cenah, hadéna mah
unggal sakola bisa nyieun
sorangan. Terusna deui, LKS
teu meunang diayakeun
atawa diusahakeun tina
dana BOS, komo dijual mah.
Tah nu jadi perhatian
simkuring mah, lantaran,
kabeneran sakola budak,
guruna téh maké bahan ajar
LKS. Malah méré péér ogé
tina LKS nu lain hasil nyieun
guru. Poho penerbitna mah.
Tapi palebah simkuring
néangan ka toko-toko buku,
éta buku LKS téh teu dijual
atawa teu aya. Da, cenah
LKS mah dilarang dijual.
Patarosan salajengna. Naha
engkoh dipaké bahan ajar di
sakola, tapi ari meuli
hararésé.
Lain,
keur
ningkatkeun ajén murid di
sakola, antara nu cekel guru
jeung nu dicekel murid kudu
sarua?
Terus simkuring ogé
nananyakeun, cenah aya nu
ngajualan buku LKS. Tapi
barang ditepungan, teu
ngaku dagang. Beu! Meureunan sieun dilaporkeun.
Tah, kitu gambaran nu
kaalaman simkuring mah.
Ieu mah badé tumaros ka
pihak dinas terkait, kumaha
saéna, sangkan murid bisa
nuturkeun pangajaran nu
ditepikeun ku guruna lamun
maké bahan ajar LKS. Terus,
cenah di daérah séjén mah
aya sakola méré kawijakan,
keur meuli éta buku LKS ti
penerbit, terus dibagikeun
ka murid, sangkan teu
katinggaleun teuing. Ceuk
imkuring, éta sakola kréatif
jeung ngarti kana kahayang
murid jeung wali muridna.
Sakitu waé, mudah-mudahan ajén préstasi siswa di
urang bisa leuwih maju.
Wassalam,
KURSUS SAJARAH JEUNG BUDAYA SUNDA
Héndriyana
Cileunyi Bandung
Gawé bareng
MAJALAH MANGLÉ, MANGLE-ONLINE, MUSEUM SRI BADUGA JEUNG
YAYASAN MASYARAKAT SAJARAWAN INDONÉSIA CABANG JAWA BARAT
Waktu Kursus/Pematéri:
1.
2.
3.
4.
5.
6.
7.
8.
9.
Sajarah Tatar Sunda (Prof. Dr. Nina H Lubis, M.S.)
Dinamika Basa Sunda (Drs. H. Elin Sjamsuri)
Aksara jeung Naskah Sunda (Dr. Undang Ahmad Darsa, M. Hum.)
Dinamika Sastra Sunda (Dian Héndrayana, S.S, M.Pd)
Diajar Nulis Puisi Sunda (Soni Farid Maulana)
Historiografi Sunda (Miftahul Falah, SS, M.Hum)
Diajar Nulis Sajarah Populér (Hana Rohana Suwanda)
Diajar Nulis Artikel (H. Usép Romli)
Metode Sajarah (Dr. Mumuh Muhsin Z., M.Hum)
Tempat jeung Waragadna :
Waktu
: 15 Fébruari 2014, 22 Fébruari 2014, sareng 1 Marét 2014
Tempat
: Museum Sri Baduga Maharaja Jl. BKR No. 185 Bandung
Waktos
: 08.30 – 15.30 WIB
Waragad
: 300.000,- (tilu ratus rébu rupiah)
Daftar ka
: Tuti Rohimah (Mangle) Tlp. (022) 7303438, Hp. 085721307232
Waragad kursus ditransper ka Rek. BCA 233 159 4719 a.n Anjani Dyah Paramita
Salila kursus pamilon baris meunang: makalah, sertipikat sareng tuang siang.
4
Manglé 2461
6. T amu
Karepna, nyegah Sunda ilang
di lemburna. Ngan, kumaha
carana, da puguh lemburlembur Sunda nu aya di
Brebes téh ayana di Propinsi
Jawa Tengah? Manglé
ngolongan pamanggih Dr.
Tachroni, M.Pd., Kepala
Dinas Pendidikan Kabupaten
Brebes, Jawa Tengah.
***
Dr. H. Tachroni, M.Pd., :
Tuturus Sunda di Lemburna
B
angun seunggah ngoléséd ti
hareupeun panggung téh. Da,
sok ras ka jaman keur budak,
mun lalajo wayang golék téh nepi ka
tutugna, tamat lalakon. Kakara sotéh
ngagoloyoh ti sabudeureun panggung
upama tutup lawang sigotaka. “Ayeuna
mah, teu tiasa sawengi jeput atuh
nongton wayang gé, da piraku di
padamelan lelenggutan,” ceuk Dr. H.
Tachroni, M.Pd., Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Brebes, Jawa Tengah.
Ngobrol téh, sawatara waktu ka
tukang, basa Manglé ngahaja ka
Berbes, ngalanglang urang Sunda di
éta lembur. Pas jeung usumna
raraméan, nu di antarana aya pintonan seni Sunda, saperti Jaipongan
jeung Wayang Golék. “Bawirasa,
kasundaan tiasa disambungkeun ku
para guru ka murid-muridna,” ceuk
ieu urang Karadénan, Brebes téh.
Ngawangkong téh dina sela-sela
pintonan wayang golék, satutas juru
kawih ngahaleuangkeun Kembang
Tanjung. Pa Kadis, sumanget naker
diajak ngobrolkeun basa Sunda di
wewengkon Brebes téh.
Kajurungu Hariring Indung
Baheula keur budak, cenah, mémang teu ngarti, naha di SMP mah teu
diajar basa Sunda, tapi basa Jawa?
Padahal apan sidik urang lembur
sabudeureunana mah basa Sunda.
Campur gaul jeung babaturan boh di
sakola boh di pangulinan, nyarita téh
basa Sunda. Kapanasaranana, beuki
lila-beuki nyangkaruk. Ahirna, nya
kakara ngarti, pangajaran basa di
sakola mah, kumaha kawijakan pama-
Manglé 2461
5
7. T amu
réntah!
Keur budak, memang remen
ngadéngé dongéng nu tumali jeung
lemburna. Tina dongéng téa, apal wéh
dulur-dulur nu sabudaya rasa téh
lolobana mah di Jawa Barat. Atuh,
waktu ngadéngé nu ngahariring
“néléngnéngkung- néléngnéngkung
geura gedé geura jangkung...”, bet asa
kajurung, hiji waktu mah, hayang sakola
ka Bandung. Matak, waktuna kuliah,
mun batur loba nu milih sakola ka tatar
wétan, Tachroni mah, milih ka kulon,
nyuprih élmu di IKIP (UPI) Bandung.
Ngancik di Bandung teu tumamu,
da ngarti kana basa masarakat
sabudeureunana. “Asa di lembur sorangan,” pokna nyoréang mangsa ka
tukang.
Sakolana gé tanjrih. Angger
neruskeun S-2 jeung S-3 gé di Kampus
Bumi Silwangi (UPI) jalan Setiabudi
Bandung. Di dieu, lain ukur ngalap
élmu di kampus, da biasa deuih tolab
élmu di Daarut Tauhid, pingpinan Aa
Gym. Lian ti kitu, aktip deuih dina
rupa-rupa organsiasi kamahasiswaan.
Komo apan harita mah, mangsa
kuliahna téh dina pungkasan Orde
Baru asup kana Orde Reformasi. Ieu
nonoman urang Karadenan gé, biasa
aktip ula-ilu dina kagiatan mahasiswa
kaasup remen démo boh di Bandung
boh di Jakarta.
Ancrub ka tengah-tengah dunya
akademis nu aya di lingkungan Sunda,
ceuk Tahcroni mah, lir aya dina kawah
Candra Dimuka. Di dieu, bisa ngulik
rupa-rupa paélmuan, nu lain ukur di
kampus. Enya, apan di bandung mah,
remen naker disukusi-diskusi atawa
seminar téh. Keur urang lembur nu
anggang ti Bandung, kakayan kitu téh,
kacida gedé mangpaatna. “Seueur
mangpatna, janten nambihan pangaweruh sareng kaludeung,” pokna bari
mesem.
Ceuk pikirna, urang Sunda téh loba
nu palinter. Di dunya akademis, loba
teureuh Sunda nu diajénan pihak
sején. Ku kituna, keur inyana gé, jadi
leuwih gedé haté, nu ahirna teu weléh
timbul sumenget hayang ningkatkeun
pangaweruhna. “Tangtos reuues janten urang Sunda téh,” pokna.
Kareueusna, kampus-kampus di
tatar Sunda, ceuk Tachroni mah, teu
weléh jadi barométer ‘pergerakan’
mahasiswa di Nusantara. “Mun Jawa
Barat aman, Indonesia gé amanlah,”
pokna teu weléh mésem.
Ngan, cenah, mémang aya pasipatan nu siga teu pati titotorosol kana
jabatan, urang Sunda mah. Da, geuning mun ogé dina démo-démo,
lolobana mah ‘purah mikir’ jeung
‘ngonsépna’, ari nu sok tembong jeung
sohorna mah, umumna batur! Matak,
keur inyana mah, teu héran, najan
urang Sunda téh palinter, ari
Tuturus buadaya di lemburna
6
Manglé 2461
ngalalakon nonjolkeun diri mah, bangun teu harayangeun.
Mulang Tarima
Satutas ‘nanjung’ ngaliwatan Bandung, Tahcroni, mulang ka sarakan
sorangan. Ngabdikeun dirina dina
widang pendidikan. Da, puguh di
dinya dunyana, digawéna gé, lir kuya
dialungkeun ka leuwi, betah wé. Ngan,
ku lantaran kabisana lain ngan ukur
ngawurukan barudak, tapi deuih boga
bekel ‘ngawangun jaringan’ atuh ka
mana-mana gé blas-blus. Matak, teu
anéh, mun ‘kaincer’ ku nu nyekel
kakawasan di tingkat kabupatén gé.
“Pagawé nagri nya kedah loyal, di
mana wé di tempatkeunana, kedah
kersa sareng daria,” pokna.
Tangtu, wé karirna gé, teu weléh
nérékél. Ahirna, kapeto jadi Kepala
Dinas Pendidikan Kabupaten Brebes,
Jawa Tengah. “Kalebet kepala dinas
pangorana, waktos diistrénan téh,”
ceuk ieu Doktor pendidikan nu
umurna 43 taun téh.
Balik ka lembur, waktuna mulang
tarima. Cenah, saha waé gé tangtu
nyaah kana budaya karuhunna. Kitu
deui inyana, nyaah pisan kana budaya
Sunda téh, kaasup kana basana. Ngan,
waktu
disanghareupkeun
kana
kanyataan, basa Sunda di lemburna,
teu meunang tempat anu merenah, dirina uleng mikir. Salaku pajabat
Dr. Tachroni, M.Pd. (tengah), Kadisdik Kab. Brebes
8. pamarentah, tangtu wé kudu ngalaksanakeun kawijakan anu nyampak,
kaasup nu tumali jeung basa Sunda.
Tumali jeung pangajaran basa gé
kitu, saperti kepala dinas pendidikan
téh kudu ‘ngawal’ palaksanaan pendidikan di wewengkon nu digérohna,
nya kaasup nu tumali jeung pangajaran basa. “Najan di wewengkon nu
nyata-nyata padumukna maraké basa
Sunda, naha éta basa teu kaagéhan
tempat?” pokna semu nanya. Tangtu
wé, patalékan kitu téh keur dirina mah,
lain ukur semet panasaran. Da, tumanya kitu téh, ébréhna kanyaah ka basa
séler bangsana. Sanggeus mikir dibulak-balik, sarta ngimeutan ruparupa aturan nu nyampak nu tumali
jeung basa, inyana gé langsung ngirimkeun Surat ka Gupernur Jawa Tengah.
Intina, miharep basa Sunda diajarkeun di lingkungan barudak Sunda.
Kahayang kitu memang dihaminan.
“Di sakola-sakola nu lingkunganana
barudak Sunda, basa Sunda diajarkeun di sakola,” pokna tandes naker.
Pangaruhna gedé naker keur para
guru gé. Nu asalna asa-asa, ayeuna
mah, teu kudu hangham. Najan dina
kurikulum taya pangajaran basa
Sunda, nu aya mah basa Jawa, tetep
nu diajarkeun basa Sunda.
Urang Sunda di Brebes, nganggap
lemburna téh, lembur Sunda. Ari Jawa
Tengah mah, ukur garis administrasi
pamarentahan
propisni.
Da,
padumukna mah ngaku arinyana téh
pribumi nu tiluluhurna gé angger di
dinya. Di wewengkon Brebes nu
ngawengku tujuh welas kacamatan,
urang Sunda téh sumebar di dalapan
kacamatan.
Najanpangajaran basa Sunda di
Jawa tengah teu ditangtayungan ku
payung hukum anu jinek, para kepala
sakola SD teu ngarasa hariwang
ngajarkeun basa Sunda. Kitu téh, lantaran dirojong ku Kadisna. Atuh, mun
dunungan sakitu ngahucuhkeun barudak sina dialajar basa Sunda, sageuy
guruna ngantep.
Ngan, kumaha upama ganti
dunungan, heug teu sarua kanyaahna
kana basa Sunda? Tah, éta patalékan
téh remen nepi ka Dr. H. Tachroni gé.
Ngan, ari keur Pa Kadis mah, nu penting sagala rupa kasempetan nu aya
ayeuna dimangpatakeun sahadéhadéna!
Miang tina Panineungan
Karadenan, lembur H. Tachroni,
saperti lembur Sunda umumna. Atuh,
ka tukang-tukang mah, dalitna lembur
jeung seni Sunda gé écés naker. Teu
jarang, nu kariaan gé, saperti nyunatan, ngawinkeun, jeung sajabana,
biasa naker tatanggapan wayang golék
téh. Dalangna, lian ti urang lembur
ogé, biasa ngondang dalang sohor ti
Jawa Barat, saperti ti Kuningan, Subang, jeung Bandung.
Obrolan Manglé jeung Kadis Pendidikan, remen ébat, kabébénjokeun
ku antawacana Ki Dalang Sudarya
Iskandar, dalang pribumi, nu remen
manggung ka jauhna.
Keur ahli pendidikan saperti Dr.
Tachroni, M.Pd., pintonan kasenian
Sunda téh, hadé pisan keur tururus
nanjeurkeun budaya Sunda kaasup
basana. Komo deui, cenah, wayang
golek, leubeut ku palsapahna. Matak,
waktu hawar-hawar, Ulang Taun ka
336 Brebes, tina tujuh titik panggung,
Tachroni, ngusulkeun dua panggung
huus keur kagiatan seni Sunda, di
antarana wayang golék jeung Jaipongan.
Teu ukur nyadiakeun pintonan
keur masarakat, tapi Kepala Dinas
mah ngeprak guru jeung kepala sakola
sina lalajo wayang. Da, cenah, tina
pintonan wayang gé bakal loba luang
keur guru mah dina ngajarakeun basa
jeung budaya Sunda. Atuh, teu anéh,
upama ajakan kitu téh, dibagekeun ku
para guru gé. Di antarana pagaliwotana nu lalajo gé, guru-guru jeung
kepala sakola nu hadir di tengah-tengah masarakat. Kadisna ogé teu
tinggaleun.
Miara budaya, ceuk Kadis Pendidikan, meujeuhna mun digedurkeun
di sakola. Apan, kekecapanana gé,
sakola téh ‘puseurna’ kabudayaan.
Ngan, cenah, tangtu wé, mun ‘urang
girang’ ngajak, lain ukur ku lalambé,
tapi kudu jeung prakna. Kawasna, Pa
Kadis mah, mahing élmu ajug. Da geuning, ngupayakeun nanggap wayang
golék, ngajakan guru jeung kepala
sakola sina lalajo, inyana gé sarua milu
lalajo! *** (Ensa/AS)
Ngeprak balad lalajo wayang
Manglé 2461
7
9. P anineungan
Sanusi
Harjadinata
Nyegah
Perang Dulur
Sabangsa
Méh-méhan perang
sadulur. Mun dina wayang
mah perang Baratayuda.
Kitu téh, lantaran dua
kakuatan adu hareupan,
antara nu bébéla ka Bung
Karno jeung pihak nu
sabalikna. Saha nu
nyegah éta pacéngkadan?
Naha enya teu jadina
perang sadulur téh
lantaran jasa
Sanusi Harjadinata?
Endang Karman,
inohong Sunda,
nembrakkeun
panineunganana.
***
S
aban nyanghareupan parobahan
kapamingpinan nasional, ingetan
Endang Karman teu weléh eunteup ka mangsa baheula. Waktu
kakawasaan Bung Karno lekasan, diganti ku Orde Baru, nyanghareupan
Sidang Istiméwa MPRS, taun 1967,
méh-méhan kajadian perang rongkah.
“Tah, nu nyalametkeun bangsa tina
perang sadulur téh, di antarana Sanusi
8
Manglé 2461
Sanusi Harjadinata, inohong Sunda
Harjadinata,” ceuk Endang Karman
mantén anggota DPR RI asal tatar
Sunda.
Nilik ka dinya, urang Sunda téh,
ceuk Kang Endang (kitu katelahna),
payus reueus lantaran boga inohong nu
gedé jasana ka nagara katut bangsa.
Mun téa mah, nepi ka kajadian perang
sadulur antara nu bébéla ka Bung Karno
jeung pihak séjén nu sabalikna, nu baris
korban téh moal kurang ti sapuluh juta
jiwa. Sabab, cenah, nu micinta Bung
Karno téh loba kacida sarta sumebar di
mana-mana.
Harita, nu miharep Presiden
Sukarno dijagragkeun di pangadilan
kacida kuatna. Eta pihak meredih tanggung jawab Bung Karno ku ayana kajadian Gerakan 30 September 1965. Nya
tangtu mun Bung Karno ngeprak balad,
ngagunakeun kakuatanana, bisa jadi ti
dua beulah pihakanana téh bakal loba
nu jadi korban.
Dina dua kakuatan nu adu-hareupan, antara loyalis Sukarno jeung
kakuatan pamaréntahan anyar nu
diluluguan ku Suharto, inohong Sunda
Sanusi Harjadinata, aya di tengahtengahna. Inyana, nu dipikanyaah ku
Bung Karno sarta diajénan ku pihak nu
boga kakuatan anyar, jadi panyambung
catur dina upaya nyegah banjir getih.
Sanusi bulak-balik nepungan dua éta
pamingin sarta nepikeun kaayaan di ‘lapangan’ nu harénghéng lir nu mapag
perang Baratayuda. Ketakna kitu,
tinemu hasil. Eta tokoh Jawa Barat téh
mampuh jadi ‘diplomat’ nu nguntungkeun sakumna pihak.
Pamustunganana, Sidang Istimewa
MPRS mustuskeun Presiden Sukarno
dieureunkeun tina jabatanana lantaran
dianggap teu mampuh ngalaksanakeun
tugasna dumasar kana UUD 1945 ogé
intruksi-intruksi jeung katangtuan
MPRS. Dumasar kana tinimbangan kitu
ogé, dina tanggal 12 Maret 1967, MPRS
ngangkat Suharto jadi pejabat presiden.
Ti harita, Presiden Sukarno pangsiun
kalayan ‘status’ tahan rumah, ditempatkeun di Istana Bogor nepi ka pupusna.
10. Inohong Masagi
Sanusi Harjadinata téh tereuh
Sukawening, Garut, Jawa Barat. Lahir
taun 1914, bibit-buitna kulawarga
patani nu ramana jadi lurah desa. Satutas namatkeun HIS Garut, Sanusi
neruskeun sakola guru (HIK) di Bandung.
Ancrub kana pulitik kairut ku pidatopidato jeung tulisan Bung Karno dina
mangsa lemah cai méméh merdeka.
Atuh, waktu dug-degna partey pulitik,
inyana gé milih jadi anggota PNI.
Waktu Belanda ngayakeun agresi
militer (1947), Sanusi katangkep di
Tanggerang. Sabada dibébaskeun, inyana miang ka Yogyakarta nu dina
mangsa harita éta tempat téh jadi
ibukota Republik Indonesia. Basa Belanda ngayakeun agresi militer nu
kadua (1949), Sanusi katangkep deui di
Madiun. Sabada dibébaskeun, mulang
ka Jawa Barat sarta diangkat jadi Residen Priangan. Dina taun 1951, diangkat
jadi gubernur Jawa Barat, kituna téh
nepi ka taun 1957. Saterusna, kungsi
jadi Mentri Dalam Negeri dina réngréngan Kabinet Juanda. Taun 1959 kabinet diganti, Sanusi jadi Dutabesar RI di
Kairo (Mesir). Kituna téh nepi ka taun
1963. Mulang ka sarakan, jeneng Rektor
Universitas Padjadjaran (Unpad), Bandung, nepi ka taun 1966. Ti dinya, meunang kapercayaan jadi Menteri Utama
Pembangunan dan Industri, saterusna
jadi Menteri P dan K.
Marén pancen tina jabatan menteri,
mulang deui ka Bandung. Milih deui
makalangan dina partey. Taun 1975 jadi
Ketua Partey Demokrasi Indonesia
(PDI) ti unsur PNI. Dina mangsa éta,
kungsi jadi Angota Dewan Pertimbangan Agung. Ari icikibungna dina urusan partey pulitik, nepi ka taun 1980.
Nilik kana lalampahanana, ceuk
Kang Endang Karman, Sanusi Harjadina téh inohong Sunda ‘nu masagi’.
Ninggang kana kekecapan, luhur elmu
jembar pangabisa. “Pa Sanusi mah
nagarawan, cendekiawan, Muslim nu
taat, pendidik, diplomat, ogé panganut
tasaup,” pokna.
Dina implengan Endang Karman,
Sanusi téh inohong Sunda nu apal kana
palsapah, sajarah, jeung adat-istadat
Sunda. Kanyahona kitu, dikuatan deuih
ku kataatanana kana agama. Ebréh dina
paripolahna, lian ti nyunda téh deuih
dibarung ku kasolehan sosial nu didadasaran ku agama. “Da, anjeunna
mah apan ngagem tarekat,” pokna.
Paripolahna, ceuk Kang Endang,
leuwih ngutamakeun kamaslahatan
balaréa batan ukur mentingkeun pribadi jeung golongan. Atuh, dina urusan
kahirupan, teu sing mentingkeun
kakawasaan. “Dina mémérés pasualan,
leuwih ngaheulakeun kapentingan
balaréa kalayan ngalarapkeun paribasa
caina herang laukna beunang,” pokna.
Sikepna dina pulitik, ogé ébréh.
Pulitik téh keur Sanusi Harjadinata
pangurus Cabang PDI di Bandung, boga
pikiran, hayang ngajenengkeun putra
Sunda jadi pingpinan Partey Pulitik.
“Mun kaduga, saterusna sina jadi Presiden, kitu angkanan mah,” pokna.
Tinimbangan Endang Karman, lian
ti Sanusi téh masagi, deuih bisa ditarima
ku méh sakumna golongan nu aya di
PDI. Jalan nu disorangna, mémang
tarahal. Ku lantaran kitu, Endang
ngadongéngkeun pakarepanana ka
pihak séjén. Horéng, loba nu ngahami-
Endang Karman
mah, alat atawa pakakas keur kahadéan
manusa. Kamandangna kawas kitu,
katangén dina méméres pasualan. Mun
kiwari loba nu percaya yén dina pulitik
mah euweuh kawan jeung lawan anu
abadi da nu aya mah kapentingan, keur
Sanusi mah, nu kawas kitu téh dipahing
pisan. Apan, papatahna ge, “Beda aliran
pulitik jeung idiologi mah, teu nanaon,
nu penting ulaha nepi ka megatkeun
duduluran,” Kang Endang malikan
deui kekekcapan éta inohong.
Upama Endang Karman apaleun
kana lalakon Sanusi Harjadinata, da
mémang wanoheun ti ngongora.
Baréto, Kang Endang, aktip dina Gerakan Pamuda Marhaenis (underbow
PNI). Rémén ngadédéngekeun pidato
jeung papatah Sanusi Harjadinata katut
para inohong partéy séjénna. Lian ti
kitu, remen ubral-obrol rupa-rupa hal
nu tumali jeung kahirupan kanagaraan
disawang tina sisi partéy pulitik.
Waktu Patai Demokrasi Indonesia
(PDI) ngayakeun kongrés di Istora,
Senayan, Jakarta, Endang nu harita jadi
nan. Atuh, saterusna, dina kongrés éta
pakarepan téh ditepikeun ka balaréa.
“Sacara aklamasi, Pa Sanusi kapilih jadi
Ketua Umum Partey Demokrasi,”
pokna.
PDI nu dijerona ngawengku
sababara partey, ngaliwatan ‘fusi’ téa,
tétéla nyidem bibit-buit pacéngkadan.
Kituna téh, manjang nu ahirna, partey
téh sibuk méméres pasulan di jero.
Antukna, ku lantaran Sanusi Harjadinata mah, teu resepeun kana pacogrégan, milih ngundurkeun diri tina
kalungguhanana di éta partey.
Gurat pulitik jeung kamanusaan,
natrat dina pribadi Sanusi Harjadinata.
Ceuk Kang Endang, upama urusanana
tumali jeung kamanusaan nu mentingkeun duduluran, Sanusi mah, tara
nyampurkeun éta urusan jeung aliran
pulitik. Geuning, saha waé nu teu
damang komo nu tilar dunya, boh sobat
boh lawan pulitik anjeunna mah teu
weléh ngalayad. “Tah, pasipatan kitu nu
kacida arangna di urang mah,” ceuk
Endang Karman. *** (Ensa/Nay)
Manglé 2461
9
11. I mplik-implik
Seni lain ukur kalangenan.
Da, loba mangpaatna, kaasup
nguatan jati diri masarakat.
Kitu ceuk Wawan Ridwan,
pupuhu Padepokan Tanjung
Cempaka Wangi.
***
L
ebah tanjakan, ngabring
dibaraju
pangsi.
Léok
méngkol, ka lebah wawangunan hateup eurih sisi jalan. Ti kajauhan, ti éta tempat téh kadéngé
térététna sora tarompét mirig
golémpang kendang penca. Di mana
éta téh? Di ditu, di Kampung Tiisdingin, Désa Loa, Kacamatan Paséh
Majalaya, Kabupatén Bandung,
Jawa Barat.
Barudak nu diparangsi hideung,
hut-hét metakeun rupa-rupa jurusna. Bagilir siligenti némbongkeun
momonésna. Saban réngsé pintonan, sakur nu araya di dinya
ngabagéakeun ku keprok tandaning
kataji ku momonés nu némbongkeun pangabisana.
Kagiatan nu kawas kitu, maneuh
kadieunakeun mah. Nu daratang ka
dinya gé ti sababaraha padépokan.
Enya, apan éta tempat téh, ayeuna
mah lir pangauban. Nu biasana teu
boga kagiatan maneuh, ayeuna mah
barudak nu dialajar silat gé bisa
mayeng latihan nu sakalian
mintonkeun kamampuhanana.
Ka dieunakeun, éta lembur téh
beuki haneuteun. Da, jadi pangauban urang lembur nu pada-pada
boga karesep kana seni pangpangna
mah. “Seueur poténsi nu sakedahna
dipatéahkeun sangkan langkung
mekar,” ceuk Wawan Ridwan. SE.,
MM., pingpinan Padépokan Tanjung Cempaka Wangi.
Wawan Ridwan téh pangsiunan.
10
Manglé 2461
Wawan Ridwan. SE., MM. (kadua ti kénca), pingpinan Padépokan Tanjung Cempaka Wangi
Padépokan, nuwuhkeun sumanget anyar
Meunang pangbagéa ti balaréa
12. Mekarkeun Seni
Mikawanoh Jati Diri
Réngsé mancén gawéna di dinas nu
raket tumalina jeung budaya, inyana
mah teu cicingeun. Matak, satutas
pangsiun,
teu
megatkeun
katineungna kana budaya.
Saperti umumna palemburan di
tatar Sunda, kasenian téh hirup
sumebar di saban tempat. Ngan,
loba nu hirup teu jeung huripna.
Atuh, dina nganteur kalangenana,
ogé loba nu ukur sakadugana.
“Seueur pakumpulan seni sapertos
penca silat tapi teu gaduheun
pakakasna,” pokna.
Ngabandungan kaayaan kitu,
Wawan Ridwan ngarasa, misti aya
pihak-pihak nu mampuh marengan
masarakat dina ngalaksanakeun
pakarepanana. Da, ceuk ieu manten
Kepala Balai Kepurbakalaan Dinas
Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Propinsi Jawa Barat téh,
karep
masarakat
mekarkeun
kalangenana butuh panuyun pihak
séjén. “Ku daraékna gé sabenerna
mah geus alus,” pokna.
Dina implengan Wawan, kasenian di palemburan bisa hirup jeung
huripna, upama meunang pangrojong ti balaréa. Da, cenah, ari
akar-akar jeung kadaék masarakat
mah teu kurang-kurang. Geura wé,
arinyana masih kénéh daék
ngaleukeunan
seni
talari
karuhunna.
Seni warisan karuhun, bisa hirup
jeung huripna. Ngan, tangtu wé
lamun aya nu ngarojong, kaasup
pangrojong ti pamaréntah. Da, nepi
ka danget ieu mah, hirup-huripna
seni
téh
ukur
ngandelkeun
masarakat nu mitineung kana éta
kasenian.
Dina mangsa mahabuna kasenian ti luar, loba lingkung seni
kasilihkeun. Apan, ayeuna mah,
beuki arang nu hahajatan saperti
nyunatan nanggap penca silat. Atuh,
beuki dieu, éta kasenian téh beuki
jauh jeung balaréa.
Kapunjulan Alam
Lembur Tiisdingin, perenahna
teh di Majalaya. Ti termina, aya
kana tujuh kilo meterna. Jalanna
nanjak-mundun pungkal-pengkol,
ilaharna di pagunungan. Alam
kawas kitu, horeng nyidem ruparupa kapunjulan nu payus jadi
kareueus masarakatna. Di dinya, ge
di antarana aya sababaraha situs nu
sok didatangan ku masarakat
sabudeureunana. Lain ti eta, aya
deui pangulinan, saperti Curug Eti
tea.
Adumanis kapunjulan alam
jeung budaya, bisa jadi pangirutan
wisatawan. Matak, Wawan Ridwan
nu dina mangsa mancen gawena aya
di ‘lingkungan’ Dinas Pariwisata
Jawa Barat, boga karep ngamangpaatkeun eta kaayaan.
Padepokan Tanjung Campaka
Wangi, memang pangauban. Da,
ahirna mah, lain wae nu lalatihan
penca silat nu biasa tepung lawung
di dinya teh, tapi deui sababaraha
kuncen nu aya di sabudeureun eta
tempat. “Ngahaja juru piara (kuncen) ge diajakan ngagabung di ieu
padepokan,” ceuk Wawan Ridwan.
Dina angen-angen ieu pupuhu
padepokan, sumanget masarakat
miara seni Sunda, bisa dimekarkeun
jadi rupa-rupa kapentingan, saperti
wisata jeung ékonomi.
Tumali jeung wisata,
di
wewengkon éta tempat aya
pangjugjugan. Aya curug nu biasa
dianjangan ku nu arulin. Beuki dieu
éta curug téh beuki sohor, da tina
béja nu terus pabéja-béja. Atuh,
Curug Eti nu anggangna ti
padépokan ukur sakilo méter téh
beuki haneuteun. Méh saban poépoé peré barudak sakola, éta tempat
jadi pangulinan.
Loba jalma, loba kagiatan, loba
anléh jeung momonésna. Saterusna,
bakal loba pangaruhna, kaasup tumali jeung ékonomi. Keur urang
lembur saperti Majalaya, apan geus
boga katuangan has, nu diantarana
téh borondong téa.
Mekarna
pariwisata,
loba
untungna keur kamekaran ékonomi
gé. Apan, bisa jadi cukang lantaran
mekarna kulinér ogé cendera mata.
Hartina, hasil-hasil kaolahan jeung
barang karajinan, bisa jadi pamuka
lawang usaha geusan karaharjaan.
Dina angen-angen Wawan, loba
kénéh nu bisa dimekarkeun. Inyana
gé
boga
rarancang
hayang
mekarkeun batik nu has di éta tempat. Lantaran cenah, batik ti éta
daérah gé boga ciri mandiri nu béda
jeung batik-batik séjénna.
Léngkah mekarkeun lembur
ngaliwatan padépokan, keur Wawan
mah, impian ti baheula mula.
Karepna kitu, mémang kajurung ku
kamampuh jeung pangalamanana.
Padépokan Tanjung Cempaka
Wangi, beuki dieu beuki haneuteun.
Nu ngadon ulin ka dinya gé lain waé
warga sabudeureun éta lembur, tapi
deuih ti jauhna. Atuh, pangbagéa ti
pamaréntah gé mimiti témbong. Eta
padépokan gé kungsi narima bantuan ti pamaréntah keur ngabebenah padépokan jeung sarana
séjénna. “Alhamdulillah seueur nu
ngarojong,” pokna.
Kapunjulan lembur, can karojong ku sarana séjénna. Nu boga
karep ka éta tempat, mun teu mawa
kandaraan pribadi, kudu kana ojég,
da kéréték mah moal kuateun
nanjakna. Hartina, mun éta tempat
dijadikeun pangulinan, salah sahiji
bangbaluhna mah, sual patalimarga,
lantaran taya kandaraan umum nu
lalar-liwat ka lebah dinya. ***
Manglé 2461
11
13. N yusur Galur
Punden Berundak Gunung Padang
Eunteung Jaman Kiwari
M
inggu pengker pedaran Lutfi Yondry sang
Arkeolog parantos dugika nyarioseun pingpinan karismatik. Pikeun masarakat ajen
karismatik sang pamingpin téh mangrupa unsur anu
nangtukeun nu engkna bisa digunakeun pikeun narik
jeung ngagumulungkeun spirit masarakat. Mulang
deui kana permasalahan ngadegkeun wangunan
monu men megalitik di tengah pakampungan anu
padumukna seutik, tangtuna dina kagiatan saperti
kitu dibutuhkeun rempug gawé rereongan atawa gotong royong tepi ka masarakat bener-bener bisa gawé
babarengan dina waktu ngawangun jeung mindah keun wawangunan monumen megalitikna. Kitu nu
diungkabkeun ku Lutfi Yondri neruskeun pedaran ana.
Cara mindahkeun batu anu kacida badag tur
beurat na kungsi diungkabkeun ku Rumbi Mulia
(1980) dina tulisana anu dijudulan “ Nias the only
Older Megalithic Tradision In Indonesia”. Dina
tulisana dipintonkeun kumaha carana mawa batu
(menhir) ku jalan gotong royong, rempug gawé
babarengan sakuma masarakat padumuk kampung
tempat diwanguna monumen. Nu mingpin gawé gotong royongna, lalaki bedas nangtung luhur batu bari
ngayun-ngayun pedangna luhur sirah (Mulia 198022). Percobaan mindahkeun batu maké teknologi
basajan ku sajumlah manusa anu teu sabaraha lobana
kungsi dilakukeun ogé di Bougon Perancis kulon taun
1979. Ku jalan ngagunakeun tilu teukteuk kai baradag
anu masing-masing digerakeun ku tanaga 20 urang
jelema, tapi tétéla mampuh mindahkeun batu anu
beuratna 32 ton ( Rnfrew 1996; 301).
Sikep musyawarah
Sikep musyawarah dina nyindekeun putusan
masarakat megalitik dipintonkeun dina barang titinggal arkeologis mangrupa tahta batu (stone seat) jeung
batu ngarengkol (stone enclosute) nu mangrupa batubatu monolit anu disusun maké pola husus. Loba
ngaran anu dipaké nyebut titinggal saperti kitu. Jigana baé ngaran-ngaran éta téh aya kaitanna jeung istilah nu disebut ku masarakat di lokasi tempat titinggal
12
Manglé 2461
sajarah téa aya. Jeung aya ogé anu aya kaitanna jeung
perenahna lokasi di alam. Saperti di jawa paninggalan
saperti kitu disebut maké istilah “watu kandang”.
Sababaraha bentuk susunan batu nu ngarengkol anu
dénahna pasagi, aya bujur sangkar masih bisa
ditengetan di punden umpak Gunug Padang. Tina
data sarupa kitu tangtu bisa ditapsirkeun yén
masarakat megalitik Gunung Padang baheula geus
mintonkeun tata cara musawarah dina waktu nyindekeun putusan. Kulantaran korsi-korsi batu di hiji
kolompok paninggalan henteu loba. Tangtuna éta
ngaindikasikeun yén teu kabéh anggota masarakat
milu musawarah, tapi ngan diwakilan ku sawatara
urang anggota masarakat nu dianggap wawakil
anggota masarakat jaman baheula.
Ceuk Lutfi, bisa dibandingkeun jeung masarakat
jaman kiwari, sabenerna baheula kompleksitas
kahirupan masarakat megalitik bisa jadi jauh leuwih
basajan. Kabasajanan ieu disababkeun kulantaran
tingkat karageman masarakat jaman harita henteu
sakomplek kaayaan masarakat kiwari . Tapi kumaha
ajen kapamingpinan, milih pamipin atawa pamingpin
nu muncul di tengah masarakat , ajen rempug jukung
babarengan jaman harita tangtuna bisa dijadikeun
eunteung pikeun hirup bermasarakat jaman kiwari.
Punden Gunung Padang anu sakitu badagna turta diwangun ku rewuan balok batu andesit jaman baheula,
bisa dicindekeun mustahil bisa ngawujud upma henteu dipingpin ku pamingpin karismatik.anu
hubunganna raket jeung masarakat. Lian ti kitu tangtuna hal ieu oge dirojong ku ayana sikep musawarah
jeung sikep gotong royong nu mampuh ngahimpun
sakumna masarakat pikeun ngawujudkeun punden
umpak Gunbung Padang dina jaman baheula. Tina
rewuan balok batu andesit nu disadiakeun ku alam di
Gunung Padang. Masarakat Gunung Padang jaman
baheula geus maher ngamangpaatkeun sumber daya
batuan anu geus nyampak. Terus dipilih, saterusna
disusun anu beres tur rapih make tehnik susun anu
arif dina merenahkeun tempat upacarana di puncak
bukit anu gampang longsor, urug jeung runtuh. Nya
ieu harta karun ngeunaan ajen kapamingpinan,
14. hubungan antar pamigpin jeung masarakat, antar
masarakat jeung ajen pangaweruh anu luhur ajenna
anu disimpen satukangeun punden umpak gunung
Padang, Bisa jadi ieu jati diri bangsa urang anu beuki
ngaleungit di tengah kahirupan urang kiwari. Kitu
Lutfi Yondri nutup pedaran ka Mangle ngeunaan
gunug Padang. ***
(rengse)
Citraresmi Wapat di Bubat
(Carita Parahiyangan)
N
askah Carita Parhiyangan salahsahiji naskah
Lontar nu digurit dina basa Sunda buhun, disusun dina abad ka 16 Masehi katompernakeun, teu lila sabada runtagna Karajaan Sunda. Ieu
naskah bisa dianggap sumber sajarah pangkahotna
anu nuduhkeun yen Dewi Citraresmi bener-bener aya
tur kungsi kumelendang di alam dunya. Anjeunna teh
putri Sunda anu perlaya dina perang Bubat di Majapait. Dewi Citraresmi atawa nu katelah Dyah Pitaloka
geus jadi sabiwir hiji sohor ku sajarahna, seungit komara jeung legendana, anjeunna jadi lambag kasatiaan ka kulawargana, iklas bumela ka nagara, pengkuh
dina enggoning ngajaga sarta ngajaring martabat
sarakanana.
Dyah Pitaloka dibabarkeun di lingkungan karaton
Surawisesa Kawali (Ciamis) taun 1261 Saka (1339
Masehi), wapat di Bubat Majapahit dinten Salasa
ping 13 Paropeteng bulan Bhadrawada taun 1278 Saja
meneran 4 September 1357 Masehi. Dewi Citraresmi
teh putra Prabu Maharaja Lingabuana ti prameswarina nu jenengan Dewi laralisning, iburamana masih
keneh saderek sabrayna, salaki ti Prabu Ajiguna, raja
Sunda anu, raja Sunda anu nyangking kalungguhan
ti taun 1333 tepi ka taun 1340. Ari Prabu maharaja
linggabuana putra prabu Ragamulya I Luhur
Prabawa ti prameswrina. Ati Dewi Laralisning putra
prabu Arya Kulon, raja wewengkon Sunda (13321350) ti prameswari nu jenenanna Dewi Kiranasari,
sani putra Prabu Ajiguna ti Ratna Unakestari. Maharaja linggabuasa jeneng narpati di Karajaan Sunda 7
taun (1350—1357) ngagentos Prabu Ragamulya,
ramana anu jeneng narpati 19 taun ri taun 1340- 1350
. Eta tilu Prabu, nyaeta Linggabuana, Ragamulya
jeung Ajiguna jeneng narpati keur 2 karajaan, nyaeta
Galuh-jeung Karajaan Sunda, anu mashurna Karajaan Sunda. Kusabab kitu, lamun nilik kana kokocoranana bibit buit Dyah Pitaloka teh ti dua kokocoran
gumulung jadi hiji, Galuh ti pihak rama, Sunda ti
pihak ibu. Prabu Maharaja waktu nyakrawati
ngabahudenda di Karajaan Sunda linggihna di kara-
ton Surawisesa Kawali nu harita jadi puseur dayeh
Karajaan Galuh jeung Puseur pamarentahan
sakumna Karajaan Sunda. Ari Raja di wewengkon
Galuh Prabu Suryadewata raina Prabu Ragamulya.
Puseur pamarentahan samemehn kungsi di Pakuan
(ayeuna Bogor). Karajaan galuh jeung Karajaan
Sunda ngadegna di Tatar Sunda ku rundayan Raja
Tarumanagara sajaman nyaeta abad ka 7. Karajan
Sunda perenahna di beulah kulon, Karajaan Galuh
beulah wetan, watesna walunga Citarum. Dina hiji
mangsa eta dua karajaan teh pada-pda hirup mandiri.
Tapi dina mangsa sejen duanana ngahiji deui,
pmarentahanana dicangking ku hiji raja, dumeh
meu nang hak waris pikeun marentah ti prameswarina atawa ti saderekna. Puseur pamarentaan jaman
Dyah Pitaloka teh di Galuh (Ekadjati 2006; 34).
Dyah Pitaloka atawa Dewi Citraresmi kagungan
dua rai saibu sarama, istri jeung pameget. Raina anu
pameget jenenganna Niskala wastukancana anu
engkena jeneng raja ngagentos ramana (1371-1475)
sabada diselang heula ku pamanna nyaeta
Mangkubumi Suradipati (1357-1371), walina, sabab
basa ramana wapat, Niskala Wastukancana burey
keneh pisan. Ari putra istri jenenganna Ratna Parwati, engken ditikah ku Prabu Surendra Buwanaloka,
raja di wewengkon sunda. Tumali jeung musibah
Bubat, urang ayeuna ngan kabageamn dongengna
wungkul, bisa keneh nyeuseup seungitna tina
pangalaman jaman baheula nu nyambuang di
Kawali.Klah kumha bae oge kahade, sakumaha
beurat na anu kaalaman ku Citraresmi jeung
kulawargana tepi ka luas mapag pati kusabab boga
keneh ajen diri, Sok sanajan tragedi Bubat jadi
kaprihatinan, tapi oge jadi lambang kaperwiraan
jeung kasatriaan. Jenengan Prabu Maharaja Linggabuana dileler jujuluk Prabu Wangi sarua jeung rajaraja Sunda sabadana anu gede jasana ka rayat,
katelahna Prabu Wangi atawa prabu Siliwangi.***
- Tina buku Badingkut - Elis Suryani NS
Manglé 2461
13
15. M unara Cahaya
Kangjeng Rosul Muhammad SAW,
Bukti Kaagungan Islam
Ku Rudi H. Tarmidzi
S
anaos ayeuna tos lebet kana tungtung bulan Robi’ul Awwal
(mulud), tapi ari héabna mah
angger karasa. Seueur kaum muslimin
nu masih miéling muludan di
sababaraha tempat. Seratan di handap
ieu, mudah-mudahan janten bekel keur
ngandelan kana intirasi miéling
dibabarkeunana jungjunan urang Kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Islam téh linuhung, Islam téh agung,
Islam téh mulya. Dawuhan Alloh Swt.
“Alloh Dzat nu geus ngutus Rasul-Na
bari nyandak pituduh jeung Agama nu
bener pikeun kaunggulan ka sakumna
agama-agama nu aya, sanajan jalmajalma musyrik teu saruka.” (QS. Ash
Shaff: 9).
Kitu deui Islam nu unggul, Islam nu
mulya téh lain keur sasaha, tapi keur
bekel hirup jalma di dunya. Ngan hanjakal, jalma-jalma dina buktina mah,
loba kénéh nu teu kabita ku mulyana
Islam. Boh tukang macul di kampung,
tukang dagang di pasar, para pajabat di
pamaréntahan, para doktor di fakultas,
apan loba kénéh wargi-wargi urang nu
teu kabita ku agungna agama Islam.
Upama loba umat geus nu teu kabita ku
agama Islam, mangka bakal sakeudeung
deui maranéhna curiga ku agama Islam.
Lamun geus curiga ku agama Islam,
mangka sakeudeung deui bakal ngéwa
kana agama Islam.
Tah, kaayaan kiwari bisa disebutkeun kitu. Lantaran, nu hoyong disebut
umat Islam sorangan, apan loba kénéh
nu lampahna patojaiyah jeung ajaran
Islam. Islam ngajarkeun solat sangkan
mulya, tapi dirina teu kabita ku solat.
Islam ngajarkeun zakat, buktina mah
loba kénéh nu teu kabita ku zakat. Islam
ngajarkeun jujur, tapi geuning loba
14
Manglé 2461
kénéh nu teu kabita ku jujur. Éta sadayana, lantaran umat Islam sorangan teu
kabitaeun kana agamana sorangan.
Naudzubillahimin dzalik.
Ayeuna kantun patarosanana.
Pangajian dimana-mana, dina tipi, dina
radio, di saban tempat, tapi naha jiga nu
teu aya tapakna? Naha loba kénéh umat
nu tisolédat? Naha umat loba kénéh nu
teu kabita kana ajaran agama Islam?
Enya, teu bisa disumputkeun, da mémang kitu buktina. Bukti apanan, boroboro urang babari ngajak umat
deungeun sina asup kana agama Islam,
dalah ngajak kana bener ka umat Islam
sorangan ogé apan kiwari mah hararésé.
Boro-boro ngajak ka batur, apan ka
putra urang sorangan ogé sakitu
hararéséna. Kitu deui boro-boro ngajak
kana urusan nu patali jeung agama,
apan ngajak kana widang sosial ogé geus
hararésé.
Tah, pasualan-pasualan kitu, tangtu
urang uihkeun deui kana diri pribadi
séwang-séwangan. Naha urang bet
hararésé ngajak jeung hararése nyarek,
sedengkeun ari jungjungan urang Rosul
Muhammad SAW, bet gampang ngajak
jeung babari nyarék?
Kanggo waleranana, hayu urang
talaah kana surat Al-Ahzab ayat 45-46
nu unina kieu:
Nu pihartoseunana : Hé... Nabi,
saéstuna Kami geus ngutus anjeun téh
jadi saksi, méré béja nu ngagumbirakeun jeung méré panyarék. Jeung nu
ngagero kana agama Alloh kalawan ijinNa sarta keur jadi cahya nu kacida
béngrasna.
Sakumaha dawuhan di luhur,
mangga urang talaah, urang talungtik.
Saur Alloh, hé... Nabi, anjeun di utus téh
lain keur naon-naon. Lain keur
bagadang, lain keur purah-purah, lain
dunya keur ulin, lain keur léha-léha, tapi
anjeun di utus téh teu aya deui iwal jadi
‘saahidan’, jadi saksi.
Saksi tina naon? Nyaéta saksi tina
agungna agama Islam. Lantaran loba
umat nu can apal kana agungna agama
Islam. Naon ari saksi téh? Saksi téh
nyaéta bukti. Hakim teu bisa méré
hukumana ka hiji jalma upama teu aya
saksi. Lantaran saksi téh bukti oténtik
nu kacida pantingna. Tah, Kangjeng
Rosul téh bukti. Naha bet saksi? Keur
naon ari saksi téh? Nyaéta keur
ngabuktikeun perkara nu teu katempo.
Contona waé, upama aya hiji bangsat
katéwak ku hansip, terus diadili ku pa
RW, tangtu nu pangheulana ditanyakeun téh, mana buktina. Salila teu
aya buktina, Pa RW bakal hésé
ngahukuman éta bangsa nu dicuriga.
Keur bingung kitu, jol wé aya ronda
datang ti imah nu kabangsatan, bari
mawa KTP bogana nu dicuriga éta
bangsat. Terus ngobrol ka Pa RW. Pa
RW éta téh bangsat. Ieu buktina. Sidik
kapanggih aya KTP bogana éta jalma.
Tah, éta ronda téh bisa disebut ‘sahidan’
saksi téa. Tah, Kangjeng Rosul ogé diutus téh jadi saksi, jadi bukti ka nu teu
apal agungna agama Islam.
Ayeuna aya patarosan deui, naha ku
naon Rosul méré saksi méré bukti kana
16. kamulyaan Islam? Jawabanana ogé aya
dua. Nu dua téh lain ku basa Inggris
jeung Arab, lain ku basa Francis jeung
basa Sunda. Tapi nu dua téh, nyaéta
témbongkeun saksi anjeun ku dua basa,
nyaéta ku basa pagawéan jeung ku basa
lisan. Ku basa pagawéan disebutna
conto jeung ku basa lisan disebutna
pidato.
Margi kitu, sakumaha patarosan tadi
di luhur; naon sababna Kangjeng Rosul
salila 23 taun mémérés umat téh bisa
bérés roés, gampang nitah babari
nyarék? Jawabanana témbrés, lantaran
Rosul mah ngalarapkeunana ku conto
jeung ku pidato. Kumaha ari urang?
Sidik, urang mah apan hésé méré conto.
Sedengkeun da’wah conto téh apan nu
panghadéna. Tapi lain hartina nu pidato
teu hadé, tapi ku méré conto leuwih
hadé tinimbang ku pidato.
Kangjeng Rosul Nyontoan
Heula
Saréngséna surat Al-Ahzab lungsur,
Kangjeng Rosul ngumpulkeun para
sohabat. ‘Ana awwalu wajibu ’ala ma
amarotukum bihi’. Upama dibasakeun
mah, hé para sohabat, ulah mangmang
ulah ringrang, ulah ngarasa leutik haté.
Naon nu diparéntahkeun ku Gusti Alloh,
éstuning teu matak beurat, lantaran
kawula bakal ti heula keur ngalaksanakeunana. Méméh anjeun ngalaksanakeun prak-prakan ibadah, tangtu kawula
nu bakal pangheulana méré nyontoan
ngalaksanakeunana.
Tah kitu, Kangjeng Rosul mah.
Pamingpin téh lain wani saukur nitah,
lain wani saukur pidato, tapi méméh
batur ngalaksanakeun, dirina sorangan
nu kudu biasa ngalaksanakeun. Contona
waé, waktos Kangjeng Rosul maréntahkeun kana sunahna solat Tahajud, apan
méméh nitah ka para sobahat téh, kangjeng Rosul mah tos ti heula pisan.
Palebah dieu, singhoréng bisa kaharti, yén Kangjeng Rosul téh saksi.
Saksi keur nganteurkeun, keur
némbongkeun mulyana agama Islam.
Seueur deui hikayat Rosul nu sawadina
méré conto ti heula, boh dina urusan
ibadah, boh dina urusan akhwalussyahsiah- rumah tangga.
Sanggeus Kangjeng Rosul masihan
conto, saterasna ku pidato. Ari pidato
kangjeng Rosul apan sakitu mulyana.
Bujeng-bujeng manusa, dalah sasatoan
kayaning oray jeung manuk-manuk ogé
ngadadak cicing, lantaran agungna
hikmah nu didugikeun ku Kangjeng
Rosul.
Patarosan salajengna. Naha ari
Rosul babari pisan méré conto, ari urang
hararésé méré conto? Jawabana ogé aya
dua. Lantaran, anu kahiji kaimanan
jeung kaislaman dina diri urang tara digemuk jeung tara dipager. Maksud digemuk téh nyaéta ku rupa-rupa ibadah
jeung amal soléh. Saperti pepelakan,
upama teu digemuk, apan dina jadina
ogé moal matak nyugemakeun. Tah,
urang gé sarua. Upama kaimanan jeung
kaislaman urang teu digemuk, mangka
nu aya bakal hésé jadi conto. Islam
nganjurkeun sangkan diri téh kudu digemuk ku sodakoh, tapi geuning urang
mah kalah sieun. Sieun masakat sieun
malarat. Diri sangkan digemuk ku solat,
apan urang mah kalah horéam. Sieun
ngaganggu pagawéan. Diri sangkan
hadé ka sasama, apan urang mah,
haroréam. Kitu polah diri urang nu kurang gemuk téh.
Ari nu kadua, lantaran kaislaman
jeung kaimanan urang tara dipageran. Dipageran ku naon? Nyaéta ku élmu. Tah
élmu téh pager. Pager keur ngajaga
kaayaan urang. Contona wae, upama
tatangkalan geus digemuk, tapi teu dipager, mangka tatangkalan ogé bakal
kaancam ku sato galak jeung sajabana.
Kitu deui dina kaislaman jeung kaimanan
urang, salawasna kudu dipager, sangkan
teu kaganggu ku panyakit atawa ku pangaruh nu matak nyasarkeun.
Margi kitu, bisa kaharti, naon
pangna kaislaman urang uduh pisan.
Singhoréng,
urang
mah
hésé
ngalakukeun atawa méré conto. Komo
deui, haté urang mah tara digemuk
jeung teu boga pager anu kuat. Pangna
kitu, teu aya deui cara, hayu urang baralik deui kana papagon Islam sakumaha
nu dicontokeun ku Kangjeng Rosul
Muhammad SAW.
Béja Gumbira
Tugas anu kadua, nyaéta mubasiron,
tegesna méré béja gumbira. Alloh
ngutus Rosul sangkan méré béja pikeun
jalma-jalma anu pengkuh kana agama.
Di dunya bakal bagja di hérat bakal
salamet.
Sakumaha dawuhan Alloh di luhur,
tiasa dijelaskeun, yén saha jalma nu iman
jeung takwa, mangka Alloh bakal méré
kabagjaan nu teu kapalang, nyaéta mangrupa barokah nu diturunkeun ti langit
jeung ti bumi. Tah, ieu pangbubungah téh
keur jalma-jalma anu ariman jeung anu
tarakwa. Lantaran bakal béda, jalma nu
kagolongkeun hamba iman jeung hamba
syaetan. Hamba nu iman, wawalesna
sawarga. Sabalikna hamba syaetan,
wawalesna naraka. Margi kitu, béda lampah jeung kaimanan di dunya, pasti bakal
balitunganan di alam jaga.
Katilu, méré panyarék. Jalma di alam
ruh téh sarua, baroga poténsi fitrah anu
hadé tur iman. Alastu birobbikum? cek
kabéh ruh, ‘Bala sahidna’. Kitu, kaasup
sabejad Fir’aun jeung Abu Jahal, nu sarua
baroga fitrah iman. Tapi barang borojol
ka alam dunya mah béda-béda. Tah,
Rosul téh keur nyarék sangkan ulah
nurut kana léngkah syaetan. Lantaran
polah nu kitu téh bakal rugi. Kaopat,
ngagero kana agama Alloh Swt. Ieu
kacida beuratna. Seueur kajadian nu tumiba ka Rosul nalika dakwah. Jalmajalma kafir geus biasa sok malédogan
Kangjeng Rosul ku kokotor onta. Tapi, ku
ahlak Rosul anu mulya, nu tadina
ngahina, ahirna seueur nu asup Islam.
Lantaran Kangjeng Rosul geus méré
bukti kana mulyana agama Islam.
Nu kalima, cahya anu kacida béngrasna. Kacutat ahlak nabi; siddik, fatonah,
amanah jeung tablég. Éta sadayana cahya
nu teu aya babandinganana. Sanajan
Kangjeng Nabi Muhammad SAW mah
Rosululloh, tapi angger risalahna mah
henteu keur Rosul wungkul. Ku kituna,
salaku umat Islam urang wajib apal tur
ngalampahkeun
agungna
Islam,
sakumaha al-Qur’an sareng hadits keur
pituduh umatna nepi ka ahir jaman.
Mudah-mudahan urang sadayana kalebet jalmi-jalmi nu kiat kanggo masihan
conto mulyana agama Islam. Amin. ***
Manglé 2461
15
17. DI KIWARI MACA BIHARI (31)
Catetan Budaya
YAYAT HÉNDAYANA
Péso Gurka
H
ADÉ niatna mah. Mapaés
kota ku ornamén nu aya
patalina jeung sajarah.
Paniatan awal mah nyaangan jalan di
kota, malar ulah medem teuing.
Enya, dina raraga ngalaksanakeun
proyék Penerangan Jalan Umum,
PJU.Sangkan teu sarua jeung kotakota lianna, nu ngan “saukur”
masang lampu dina saban tihang
listrik, di Bogor mah PJU téh didangdanan, diwadahan ku kujang. Atuh
ayeuna téh iwal ti caang, di Bogor
mah réa kujang sisi jalan nu
ngawadahan PJU téa. Niat pamaréntah kota téh tangtu wé sangkan
kotana artistik, berbudaya. Komo
apan kota Bogor mah aya catetan
sajarahna, kawilang deuheus jeung
Pakuan Pajajaran. Piraku wé henteu
aya tapak-tapakna onaman.
Éta kawasna nu jadi tinimbangan
pemkot Bogor téh pangna nyieunan
kujang baradag sapanjang jalan
pikeun ngawadahan PJU téa. Ana
geus jadi, bet henteu pada nyambat.
Réa warga kota nu teu aratoheun di
kotana réa kujang téh. Nu henteu
ngarasa reueus di kota Bogor réa kujang téh nyaéta ti kalangan seniman
budayawan. Para seniman budayawan Bogor nganaha-naha naon
sababna pemkot bet nyieun ornamén
samodél kitu. Éta ornamén téh teu
merenah pikeun disebut kujang. Kujang mah da lain kitu, cék seniman
budayawan Bogor méh rampak. Kujang mah lain ngan sakadar aya eluk
jeung aya liangan dina tonggongna
wungkul, cék seniman budayawan
Bogor téh deuih.
Ornamén nu disebut kujang ku
16
Manglé 2461
pémkot kalah pada nyarebut péso
gurka. Anu modélna kitu mah lain kujang atuh, cék salah saurang budayawan Bogor, tapi péso gurka, péso nu
dipaké nandasa kaom pribumi. Piraku
nu kitu dijieun papaés kota. Para seniman budayawan Bogor téa hanjelu
pédah basa pémkot ngararancang rék
mapaés kota ku kujang téh teu kungsi
pisan ngajak badami. Éstu digugulung
ku pemkot wungkul. Padahal, cék
sawatara budayawan Bogor, matak
naon atuh ngajak badami heula.
Ménta heula pamanggih ku para seniman budayawan Bogor. Ulah digugulung ku aparat pemkot wungkul.
Hadéna pisan mah ornamén kujang pikeun ngawadahan PJU téh
disaémbarakeun. Ditangtukeun saha
jurina nu ngawakilan seniman
budayawan jeung saha nu ngawakilan aparat pemkot. Ku disaémbarakeun téh sakumna warga kota,kaasup
seniman budayawan téa, bakal
ngarasa miboga. Copélna bakal
ngarasa boga andil mapaés kota. Ari
sagala ditangtukeun ku aparat
pémkot bari henteu ngalibetkeun
warga kota mah aya bahan teu ditarima ku balaréa. Da teu luyu jeung
angen-angen.
Tina kajadian di Bogor téa urang
beuki yakin kana benerna babasan
“hadé ku omong goréng ku omong”
téh. Pangna kujang jieunan pémkot
Bogor diprotés ku seniman budayawan di éta kota téh ku lantaran para
seniman budayawanna ngarasa teu
dibabawa.Lain ukur teu dibabawa,
dalah diajak badami gé henteu.
Cacak diajak badami, diajak ngariung, dipénta kamandangna heula,
tinangtu moal aya kajadian samodél
kitu. Moal aya kujang nu cek seniman budayawan Bogor modélna jiga
péso gurka.
Tétéla geus lain jamanna deui
pamaréntah mawa karep sorangan
téh. Kalah kumaha waé ogé warga
kota téh hayang diajak badami.
Hayang milu mikiran ngabébérés
kotana. Cenah rahayat téh geus
ngabogaan wakilna, nyaéta DPRD,
da teu ngarasa cukup ukur ku kitu.
Eukeur mah eukeur nu disebut
DPRD téh apan teu némbongkeun
ketak ngawakilan jeung merjoangkeun kapentingan rahayat. Para
anggota DPRD téh ukur mentingkeun dirina sorangan. Beuki dieu
beuki katangén yén DPRD téh lain
répréséntasi rahayat. Réa pisan para
anggota déwan anu teu sieun adu
hareupan jeung rahayat. Atuh
kumaha bisana rahayat ngedalkeun
kereteg angen-angenna ka anggota
déwan nu teu wani nyanghareupan
rahayat.
Tug padahal sawala téh kacida
pisan pentingna. Sawala antara rahayat jeung para anggota déwan nu
remen disarebut wakil rayat téa.
Sawala antara rahayat jeungpamaréntah enggoning ngaréngsékeun
pasualan-pasualan nu di sanghareupan téa. Cacak upama perkara kujang anu dianggap badis péso gurka
téa disawalakeun heula, ngajak
badami ka para seniman budayawan
Bogor, pasti moal aya kajadian
samodél kitu. Ngan nya kitu, pemkot
Bogor mah meureun geus poho kana
pentingna babasan “hadé ku omong
goréng ku omong”teh.***
18.
19. C arita Pondok
kalieun awak uing. Tikoro
karasa garing. Késang ngucur.
Ngadégdég kana keteg Jajantung nu beuki ratug. Haté tawigur. Pikiran ngacacang
moréjengga antara sieun jeung
kahayang. Ras inget si Bapa
nu keur gering parna. Ras deui
inget ka si Icih nu hayangeun
dikawin geura-geura. Kudu
kumaha deui atuh Boim téh
Bapa? Icih?
Geus kagok. Akang geus
kagok di dieu. Tinggal sababaraha léngkah deui. Baé da
teu hésé Icih. Tugas Akang
mah ngan ukur ngadagoan.
Bari ngajaga kaayaan sakuriling ieu imah. Enya icih, leres
kitu. Bisi aya nu ngaliwat. Bisi
aya nu nempoeun. Komo satpam mah Icih. Ulah aya. Ulah
nyahoeun. Tah Icih gé meunang tugas ti Akang. Tugas
Icih mah ngado’a jeung sing
sabar wé. Do’akeun Akang
méh hasil. Méh salamet.
Urang kawin Icih. Urang
kawin mun téa ieu hasil mah.
Kapan éta nu ku Icih pikahayang téh, lin? Matakna
sabar nya Icih! Dagoan akang.
Do’akeun.
Bapa. Sing kuat! Uing
kedap deui nebus landongna,
Pa. Mugia engké énggal
damang ari tos dilandong
mah. Aamiin. Ari jagjag mah
Bapa tiasa maturan Uing ka
KUA mun téa Uing jadi ka si
Icih. Badé saha atuh mun lain
Carpon Rizky Prasasti Anwari
Ngudag ka Naraka
*) BOIM, 21 TAUN.
PENGAMEN
“Poék..peuting beuki
poékkk …peteng..
mongkléng.. langit beuki
mongklénggg..
Bulan… musnaaa!!
Manusa.. tibraaaa!!
Béntaaaang.. Nyumput
dina mega..
Rondaaaa..Peré ngajaga..”
18
Manglé 2461
Tah kitu, jampé-jampéna
mah. Inget kénéh. Da enya
atuh. Kapan uing gé aya, basa
harita Adang ngadadarkeun
rencanana ka Bani. Bani tatangga Adang. Manéhna geus
ahli deui dina widang maling.
Cék Bani kudu maca jampé éta
heula méméh maling téh supaya aman. Tuh tingali, Bani
gé hasil waé. Radio, DVD, HP
tug nepi ka TV LCD gé
kararad ku Bani. Tah mun rék
maling mah di dinya weh, di
komplek peuntas. Cék Bani di
dinya mah babari. Satpamna
aki-aki nu sakapeung tara
ngaronda.
***
Liwat lima menit uing di
dieu. Nangtung gigireun témbok nu jangkungna dua
Bapa nu maturan? Ema tos
teu aya dikieuna. Ari Uing pan
anak hiji-hijina. Sing kuat nya,
Pa. Antosan.
“Maaaliiinnggggg…Maliiiinnggg…”
Eta gorowok bijilna ti
imah éta pisan. Reuwas
kacida. Si Icih, si Bapa laleungit. Kagareuwahkeun ku nu
20. ngagorowok. Teu eureun-eureun. Hégak napas mirig ketug
jajantung, ngabaruntakkeun
pangeusi dada. Leuleus Icih.
Awak laleuleus.
Lol si Adang di béh juru
tembok. Uing nyampeurkeun,
mantuan turun. “Buru Dang!
Buru!” sora jeung awak uing
sarwa ngeleter.
Si Adang nincak tatak
uing. Jleng wé.
“Bukkk!” Adang ngababuk
puhu ceuli. Les poék. Peuting
beuki poék. Langit beuki
mongkléng. Uing ngagoler.
“Ieu.. katewakkk.. Malingna katewakkk..” gorowok
Adang dituturkeun ku sora
léngkah-léngkah jalma
luhureun hulu. Beuki lila beuki
riab.
“Siksa wé siksa tuman
lah!”
“Taranjangan!”
“Talian, tah talian!”
“Podaran sakalian! Duruk
wé duruk!”
Sora jalma sakomplék teu
eureun meupeus peuting.
Sababaraha jalma najongan,
ngaleyekan. Dihudangkeun,
dijenggut. Diteunggeulan. Dihudangkeun, dikekenyang. Diteunggeulan deui. Nu séjénna
nénggoran batu kana sirah.
Kana angen. Nyeri Icih. Nyeri.
Jalma beuki lila beuki loba.
Uing teu walakaya. Biwir hésé
nyarita.
“Bukkk!!!”
Poék. Jol Si Bapa ngaheruk.
“Bukkkk!!!”
Mongkléng. Jol Icih
ngagukguk.
“Bukk.. bukkk..!!”
Dunya sarwa hideung.
*) ADANG, 23 TAUN.
DAGANG ASONGAN
Uing ngaléngkah teu
leumpang. Kebat teu keupat.
Muru si Boim nu keur dikakaya ku warga. Beungeut si
Boim ngagurilap. Getih nu
mulas beungeutna mencarkeun cahya bulan purnama.
Dina pipina narapel keusik
jeung karikil. Bajuna leupas,
Saroéh. Si boim ngalempréh.
“Hampura Im. Hampura..” cék Uing bari leos.
Sora-sora éta teu eureun
tinggorowok. Duruk! Paéhan!
Taranjangan! Nu séjén beuki
maceuh. Nu ukur lalajo milu
riweuh. Ibu-ibu narutupan
biwir. Barudak narutupan
panon.
***
Geus liwat ti saminggu,
Uing nyerahkeun diri ka kantor pulisi. Uing teu kuat
dikukuntit ku rasa salah. Almarhum si Boim, maot disiksa
warga alatan kalakuan uing.
Uing ngaku yén uing nu maling harita, lain si Boim. Si
Boim mah ngan ukur pipilueun. Uing nu mawa, Uing
ngajak. Milu gé alatan hayoh
diolo.
Uing gé nyaho si Boim butuheun duit gedé. Keur meuli
ubar Bapana. Na rék meunang
ti mana atuh Im? Bati ngamén
mah teu sapira. Moal kabeuli
kana ubar-ubar acan. Katambah si Icih kapan hayangeun
dikawin lin? Rék néang gawé
di mana? Ijazah gé kapan teu
boga. Boro-boro baheula uing
jeung manéhna bisa sakola.
Dahar gé sakapeung biheung
manggih. Enya. Sakola mana
nu daék narima uing jeung
manéhna harita. Nya saha jalmana nu rék haat nanggung
biayana? Kapala Désa? Walikota? Bupati? Presiden? Tai
ucing lah.
Manéhna kungsi nolak
harita, tapi uing keukeuh mamaksa. Pamajikan uing si Tina
rék ngajuru. Kapan biaya ngajuru téh teu murah. Rumahsakit mana nu daékeun
garatis? Kapan si Boim gé nyahoeun, bapana teu bisa asup
rumahsakit lantaran jalma teu
boga. Naha enya Boim téga
kitu ningali pamajikan uing
ngajuru di imah? Nya saha
atuh nu rék mantuan ngajuruna? Leuheung mun bisa.
Mun teu kaluar-kaluar
kumaha? Mun pendarahan
kumaha? Mun pamajikan uing
maot kumaha? Orok uing
maot kumaha? Antukna si
Boim daékeun. Puguh atuh.
Sobat ti leuleutik. Moal enya
ari teu daékeun mantuan mah.
Sugan téa ku nyerahkeun
diri ka pulisi téh bakal
tingtrim. Da henteu atuh. Pasualan teu eureun semet dieu.
Dina sidang, uing ngan meunang vonis hukuman panjara
opat taun. Teu sarua jeung nu
dipakahayang.
Uing sababaraha kali
ménta hukum mati . Tapi
hakim teu mikeun waé. Da
enya atuh, hirup gé taya gunana. Ayeuna sakabéh nu di
lembur pasti rujiteun ka uing.
Si Bapa, si Icih, komo si Tina
mah. Ka mana atuh engké
uing mun geus bebas ti panjara? Saban peuting uing teu
bisa saré. Bijil si Boim. Si
Bapa. Si Icih. Si Tina. Rumahsakit. Sakola jeung biaya.
Gusti.. naha uing bet kieu
lalakonna?
***
Opat taun nu ngembat
jeung karasa beurat geus liwat.
Uing Tobat. Uing rajin Solat.
Tapi ieu lain rék nyaritakeun
lalakon uing. Heueuh. Si Bapa.
Bapana si Boim.
Sanggeus kaluar ti panjara,
Uing manggih kahirupan nu
anyar. Purah jaga masigit. Si
Tina? Pamajikan? Teuing di
mana. Panungtungan panggih
téh pas uing dipanjara wé,
manéhna datang mawa orok
uing jeung salakina nu anyar.
Keun baé!
Uing jadi purah ngajagaan
masigit. Tapi geuning hirup
séhat nu teu karasa ni’mat.
Saban poé; saban isuk, saban
soré, saban peuting uing ditutur-tutur ku bapana si Boim.
Ka mana baé. Ti masigit ka
kebon. Ti kebon ka pasar.
Bapa si Boim aya. Najan rada
anggang. Béh ditu tuh. Peuntaseun Uing. Teu, teu daék
kukumaha. Ukur nangtung
bari mencrong ka Uing.
Panonna beureum, hurung.
Enya, Uing nyaho. Manéhna
kanyenyerian. Puguh atuh,
budak sasiki-sikina maot alatan uing. Uing hayang ménta
pangampura. Tapi rék
kumaha? Manéhna siga nu
embungeun nyarita. Unggal
rék disampeurkeun, manéhna
leos, duka ka mana. Kitu jeung
kitu saban poé. Nepi ka peu-
ting ieu. Uing di dieu. Di sisi
jandéla. Bapana si Boim di
ditu. Katempo tina jandéla, Di
hareupeun masigit.
Mun kieu waé mah, Uing
moal tingtrim. Uing kudu
nganggeuskeun ieu lalakon.
Uing teu kuat. Teu kuat tuluytuluyan diuudag ku rasa salah.
Tuluy diuudag ku bapana si
Boim. Enya. Mending paéh.
Eta sigana kahayang bapa si
Boim téh. Uing Paéh! Moal
heueuh atuh ari uing paéh
mah manéhna nunutur kénéh
waé mah. Kapan punah mun
uing paéh gé. Tapi.. kumaha
mun manéhna engké paéh?
Atuh panggih deui di sawarga
téh. Jaba meureum moal aya
manéhna wungkul, si Boim,
almarhum. Lah! Angger moal
tingtrim hirup uing. Leng.
Nempo kaluar tina jandéla.
Jentul deui.
Uing kudu ka naraka!
Kapan enya, saha nu hayang
ka naraka? Euweuh! Kabéh gé
paheula-heula hayang ka
sawarga. Kitu deui bapana si
Boim. Hayangeun ka sawarga
moal henteu.
Rét ka jandéla. Bapa si
Boim masih kénéh ngabedega.
Uing neueulkeun tungtung
péso ka beheung sorangan.
Bapa si Boim katingali
gogodeg.
“Sreeeeet!” Uing mesét beheung sorangan. Tingbelesat
beungeut si Tina seuri. Si
Boim seuri. Si Icih seuri.
“Puas Pa? Puas? Yeuh saksian Uing paéh. Ieu nu ku
Bapa dipikahayang téh lin?
Punah Pa, Punah. Geus tong
nunutur waé. Hampura uing,
Pa! hampura..”
Cék Haji Asép, nu pasti ka
naraka jeung moal ditarima di
sawarga mah nyaéta jalma nu
bunuh diri.
Saméméh dunya poék
mongkléng. Uing nempo Bapa
Boim milu mesét beuheungna
sorangan bari tuluy seuri.
Reup Poék.****
*) Rizky Prasasti Anwari
Mahasiswa UPI Bandung
Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Manglé 2461
19
21. C arita Pondok
Kembang Hui
Carpon Yus R. Ismail
ngaleungitkeun hanaang jeung rénghap
anu ngahégak.
Reureuh di Tanjakan Panjang saenyana
genah. Legana jalan Tanjakan Panjang kaasup rubak keur ukuran jalan kampung,
méh opat méter. Tilu taun kaliwat, basa
harénghéng pemilihan bupati, sapanjang
Tanjakan Panjang diaspal. Sisi beulah
katuhu diwatesan ku tatangkalan galedé.
Dapuran awi, séngon, surian, alpuket, di
punclutna aya tangkal bungur nu ngarunggunuk ngabedega lir danawa. Urang kampung di sabudeureun Tanjakan Panjang
nyieun bangku-bangku pangreureuhan
tina awi. Sisi béh kénca mah pakebonan.
Hui jeung sampeu ditumpangsarikeun. Di
kampung kuring hui taya usumna, da unggal waktu pakebonan téh dipelakan hui.
Enya ogé halodo entak-entakan, hih da kajeun masang paralon ti sirah cai di gunung.
T
empat nu kajojo di kampung kuring
nyaéta Tanjakan Panjang. Jalan
sapanjang méh sakilo méter téh
netek, henteu diselang ku datar
saeutik ogé. Tong boro anu badarat,
dalah rombongan sepéda-gunung
anu biasana Saptu-Minggu ngajajal kamampuhna,
tara aya anu kuateun bangblas. Pasti waé diselang
ku reureuh sababaraha menit mah. Maranéhna
murak bebekelanana, atawa sakadar nginum
20
Manglé 2461
22. Kampung kuring, Ciwening, aya di tutugan gunung
Bésér. Hujan méh turun
saban waktu. Enya ogé
halodo entak-entakan,
sababaraha poé mah sok aya
girimis. Lantaran kitu meureun Ciwening téh karasana
jadi kampung anu ngungun.
Isuk-isuk pepedut nyaput
pakebonan, nyéos panonpoé
anu kakara karasa haneut
dina kulit karijut katirisan.
Pasosoré panonpoé gancang
surup sanggeus tunggang gunung. Enya, lamun girimis
mépés poé, rasa ngungun téh
lir anu napel dina pameunteu
Ciwening.
Ah, meureun saukur pangrasa kuring wungkul.
Rarasaan kuring basa hiji isuk
ngaliwat ka Tanjakan Panjang, dianteur ku bapa. Kuring ngagandong rangsel
jeung ngajingjing kantong
plastik, bapa munggu karung
eusi hui. Bapa nganteur kuring ka sisi jalan raya, megat
mobil anu ka stasion karéta
api, karéta api anu bakal
mawa kuring ka Bandung.
Di tempat pangreureureuhan kuring eureun. Lain,
lain capé, da biasana ogé ari
turun mah tara reureuh. Tapi
lantaran patani geus nyarampak di pakebonan. Puguh
areuy hui geus waktuna dibalikeun. Kembang hui cul-cel
warna wungu, matak waas.
Barudak satepak lalumpatan
basa nempo kuring.
“Téh Nining, badé ka
mana, Téh?” cenah rada
cadél, pating gorowok. “Ilaha
uihna? Nyandak oléh-oléh,
nya? Buku dongéng deui nya,
dongéng anu lamé.”
Kuring unggeuk. Barudak
téh nyalampeurkeun, harayang ditangkeup kabéh.
“Mugia hasil, Néng. Ibi
mah mung tiasa ngadoa,”
ceuk Bi Inem ngawakilan anu
séjén. Bi Karti, Ceu Mumun,
Kang Rukman, Mang Êma,
unggeuk basa kuring sasalaman amitan. Saréréa ogé
ngabaretem, semu anu
bareurateun keur ngomong.
Sarua jeung kuring. Lamun
pok téh sieun lain girimis anu
turun, tapi cimata anu henteu
katadah.
Harita kuring ninggalkeun Ciwening anu haleungheum, lir haleungheumna
haté kuring. Ngan kembang
hui, kembang hui warna
wungu, anu cul-cel saampar
pakebonan, anu ngabeberah
haté. Enya, hégar téh,
sumanget téh, éndah téh,
masih aya, narapel dina kembang hui.
***
Tutugan gunung Bésér lir
anu disupata ku alam anu
éndah. Sirah cai patingburial
di ditu di dieu. Pancuran curcor, caina ngagenclang
hérang. Ngaran gunung Bésér
ogé apan lantaran éta. Subur
ku cinyusu. Hawana seger.
Alam éndah matak betah anu
natamu. Keur leutik kuring
ngarasa alam éndah téh
berekah. Ulin di Ciwening asa
taya bosenna. Moro manuk
puyuh, sosorodotan maké
upih jambé, papanganténan
anu panganténna dirias ku
untunan kembang hui jeung
kembang jukut, ngojay di wahangan anu enya ogé leutik
caina hérang ngagenclang,
nguseup beunteur atawa
nyair hurang, jeung loba deui
kaulinan séjénna.
Tapi sabada sakola di
kota, salila genep taun, SMP
nepi ka SMK, kuring ngarasa
kaéndahan jeung suburna gunung Bésér téh supata. Kebon
hui, sampeu, jukut gagajahan,
enya masih lega. Tapi
rarasaan téh suku henteu
bébas ngaléngkah, henteu
bébas cara keur budak. Ka
ditu-ka dieu asa beuki réa
tanah-tanah anu dipatok, dipager kawat atawa ditémbok.
Tanah-tanah éta téh geus
dibeuli ku urang Jakarta,
Bandung, atawa kota séjénna.
Tanah anu baheula mah hargana ngan tilu ratus rébu
sabatana, dina waktu genep
taun jadi dua juta sabatana.
Loba patani anu tadina
pepelakan di tanah sorangan,
terusna mah jadi purah melak
wungkul. Duit ladang jujual-
anana dipaké ngongkosan
budak-incu gawé ka kota
atawa ka mancanagara. Ku
urang kota, tanah anu geus
dibeuli téa aya anu dijieun
tempat wisata; penginapan,
outbond, playing fox, kolam
renang, pemancingan. Tanah
anu aya sirah cai gedé dijieun
perusahaan air-mineral.
Sababaraha urang lembur
jaradi pagawé di tempat
wisata jeung perusahaan airmineral téa, pangpangna
barudak. Tapi karéréanana
mah, sanggeus lulus SD téh,
barudak terus ka kebon ngabantuan kolot-kolotna. Bosen
pepelakan, terus naréang
gawé ka kota atawa ka mancanagara. Keur ongkos ka
kota jeung ka mancanagara
éta lolobana tanah dijual.
Kuring budak Ciwening
anu kagunturan milik bisa
sakola nepi ka SMK. Ceuk
kuring, supata téh mimitina
tina kabodoan. Matakna
sanggeus mulang deui ka Ciwening, kuring ngadegkeun
sakola Taman Kanak-kanak,
ngajar maca-nulis patani anu
buta huruf, ngumpulkeun
ibu-ibu pikeun diajar nyieun
kiripik, keremes, dodol, jeung
ngawadahanana anu leuwih
beresih jeung rapih, pikeun
ngamangpaatkeun sésa kebon
anu salila ieu loba kapiceun.
Kuring biasa lar-sup ka kantor désa, instansi pamaréntah
di kabupatén, kantor LSM,
atawa ngamangpaatkeun
rombongan mahasiswa anu
keur kerja lapangan.
Tangtu waé kuring henteu
sosoranganan. Babaturan di
Ciwening, pangpangna anu
sakolana rada luhur, ngarojong kana gawé kuring. Utamana mah pangrojong ti
Kang Dadang, ketua Karang
Taruna, anu sakolana bisa
nepi ka perguruan tinggi, anu
ti keur kuring di SMK kénéh
jadi bébéné haté pangbeberah
manah. Kang Dadang téh putrana kepala désa manten.
Kebonna lega, sawahna lega,
balongna réa, pabrik héler
waé di sababaraha tempat.
Rarasaan mah asa henteu
kungsi capé matéakeun
pangabisa ngabantu urang Ciwening sangkan hirupna
leuwih hurip. Resep jeung
bagja waé anu aya. Komo
basa hiji peuting, bada Magrib, kulawarga Kang Dadang
namu ka imah, ngalamar kuring. Bapa, ema, amang, uwa,
dulur-dulur anu séjén jeung
tatangga mani nararangkeup
ka kuring, ngilu bagja jeung
gumbira.
Tapi acan ogé sabulan
sabada ngalamar, kulawargana Kang Dadang ngutus
tatanggana pikeun ngabolaykeun tunangan. Apa, ema,
amang, uwa, dulur-dulur anu
séjén jeung tatangga anu geus
tatahar pikeun hajat, tangtu
waé hanjelu. Komo kuring
anu boga lalakonna. Utusan
kulawarga Kang Dadang henteu ngadadarkeun naon
alesanana bet megatkeun
simpay papacangan. Dua
minggu ti harita Kang
Dadang diwisuda, saminggu
tas diwisuda aya béja Kang
Dadang tunangan jeung
budak pengusaha air mineral.
Cenah ceuk gosip, kolotna
Kang Dadang ka sasaha
nyarita; kitu pantesna, anu
beunghar mah ngajodona
kudu ka anu beunghar deui.
Sedeng kuring apan sakieu
kaayaanana, sakola nepi ka
SMK ogé maksakeun bakat
ku hayang. Cenah ogé, bulan
hareup pengusaha air mineral
téh rék hajat gegedéan, tatanggapanana ogé sagala aya,
ngawinkeun budakna ka
Kang Dadang.
Kitu mimitina, nepi ka
hiji peuting kuring nyuuh
dina lahunan ema, bari pok
nepikeun niat anu henteu
kabayangkeun saméméhna.
“Nining hoyong daptar TKI,
Ma, ka luar negri. Sapertos
Téh Isoh, Téh Marni, Téh
Dédéh, Kang Darman,” ceuk
kuring. Ema, ogé Apa anu
N yambung ka kaca 38
Manglé 2461
21
23. C arita Pondok
S
MS ti lembur. Dulur ngabejaan,
Hayati maot tadi subuh. Hate
ngaleketey. Lalaunan ngucapkeun
istirja “Innalillahi wa inna ilaihi
roji’un”.Dituluykeun ku ngadu’akeun sangkan almarhumah
ditarima iman,Islam jeung amal solehna,dihampura dosa-dosana. Allohumaghfirlaha
warhamha wa afihu wa’fuanha wa akrim nuzulaha.
Meneran keur hujan ngaririncik Hayati
maot teh.Hujan pabaru. Kawas nu ngahirupkeun manginget ka mangsa lima puluh lima
taun ka tukang. Pan mimiti boga rasa sejen ka
Hayati teh, harita keur usum hujan pabaru.
Geus lawas kabina-bina. Tapi bet ngadadak asa
cikeneh pisan.
Keur budak mah, usum hujan teuing ku
resep. Lantaran sagala tutuwuhan jaradi sorangan. Pangpangna suung. Lamun peuting kamari hujan, isukna henteu, heg rabeng siraru.
Ĕta pertanda suung bakal ngaleuya di kebon, di
pipir imah, atawa di mana baé nu sakira
nyangkewok rada hieum. Patempatan nu pikabetaheun rinyuh. Sabab cenah, ceuk dongéng,
suung, siraru jeung rinyuh teh masih kénéh
sakaruhun. Siraru bijil tina sayang rinyuh.
Suung jadi dina taneuh riduh nu sok disorang
ku rinyuh.
Usum hujan disebut pabaru. Pabaru walanda jeung pabaru cina. Pabaru Walanda
leuwih ti heula. Bulan Désémber jeung Januari.
Hujan ngecrek. Disambung ku pabaru Cina,
bulan Pebruari. Hujan miripis dibarung ku
angin. Aya angin ngagelebug. Aya angin
leuleuy.
22
Manglé 2461
Ku Usép Romli HM
Hayati
24. Angin leuleuy ieu pertanda
bakal réa suung.
Sabot ngaji di masjid, dicaangan ku lampu téplok, brul siraru areunteup kana semprong.
Sawaréh rapluk maruragan.
Sawareh tingkarayap. Caroplok
jangjang. Budak nu geus rada
hideng jeung ludeungan mah,
sok nyusud tempat bijilna siraru. Biasana tina taneuh nu
hieum ku tatangkalan. Bangsa
dapuran honjé atawa konéng.
Heg dicirian. Isukna, subuhsubuh ditéang. Di dinya geus
nyampak suung badag. Suung
bulan atawa suung kotok. Aya
ogé suung rampak nu mayak
aya puluhna.
Nu teu boga ceungceuman
mah, isuk-isuk ngasruk ka
kebon. Tumpa-tempo kana
sakur dapuran tatangkalan. Aya
meneran. Aya lapur. Tapi tara
poos-poos teuing. Sakalieun
deungeun sangu sasarap
méméh indit sakola mah, sok
aya waé.Ditumis garing. Dipaké
marengan sangu sangray.
Di tempat néangan suung,
mimiti gok béda rasa ka Hayati
téh. Padahal wawuh ti baréto
ogé. Salembur. Sasakola. Ngan
béda dua kelas sahandapeun.
Manéhna kelas opat.
Keur mapay dapuran honjé
tonggoheun imah, nempoan
suung. Manggih dua. Gancang
diala. Sabot dongko, kadéngé
aya nu ngeteyep tukangeun.
Hég ngagebah :
“Hoyah !”cenah. Dilieuk,
Hayati. Ngélék ayakan dieusi
suung paré sababaraha siki.
Buukna diuntun dua. Maké
baju daster rada gombrang,
rada kuleuheu. Lungsuran ti
lanceukna, kawasna.
Barang apaleun lain
Maman, babaturanana sakelas,
Hayati ngagoak. Beungeutna
nyiak beureum.
“Aduh sugan téh Maman....
”leungeun kencana nungkup
baham.
“Ari pék lain Maman....”
ditémbalan semu digonjak.
“Aduuh, hampura...”sorana
ngadarégdég.Reuwas jeung éra
meureun.
“Moal, moal dihampura...
lamun teu digebah deui,”bet
hayang tuluy ngaheureuyan.
“Ah, Cécép mah....”leungeunna ngutek-ngutek sisi ayakan.
Ramo sukuna nu ramiping ku
taneuh, diutek-utek deuih.
“Hutang gebah, kudu bayar
gebah. Daék ?”
“Ah, Cécép mah....hampura
wé abi. Sugan téh Maman....”
Ujug-ujug rey aya perasaan
séjén. Satengahing jemplingna
suasana kebon isuk-isuk. Rada
poék ku pepedut. Nepi ka
manuk oge tacan kadéngé
récét. Nenjo beungeut Hayati
bet asa geulis. Atawa memang
geulis budak téh kitu? Da
sapopoé panggih di sakola asa
biasa-biasa baé. Sarua jeung
batur-batur sakelasna : Aminah, Utik, Samroh, jeung sajabana nu sok kapanggih reureu
jeungan.
“Gantian wé ku suung, buruh
digebah téh,”diheureuyan deui.
“Tuh, karék aya suung paré
lima siki.Cécép onaman geus
meunang suung bulan,”témbalna rada teteg.
“Hayu ka béh tonggoh sugan
meunang suung rampak. Mun
panggih Hayati, kadieukeun
paké naur digebah tadi.”
Taktakna ngaranjug tanda
teu panuju. Tapi karérét biwirna ngerendu. Nahan lucu.
Tuluy patutur-tutur, hanjat
kana séngkédan. Nyuay-nyuay
pelak wijén nu geus gomplok
daunan.
“Dok suung bulan ! Nu abi,
nu abi, dok”Hayati ngagéréwék.
Ngagajleng ka lebah rungkun
saliara. Ĕnya wae aya suung
bulan dua.Sagedé-gedé piring.
Tadi mah ngarérét ka dinya, teu
nempo nanaon.
“Kop milik Hayati, suung
bulan dua. Ngan kudu dipaké
naur hutang digebah téa.”
Manéhna ngukey ngali
suung. Geus beunang duanana,
sok kana ayakan.
“Ké wé ari manggih suung
kotok mayar hutang ngagebah
mah,”Hayati ngadilak.” Tuh
dina hunyudan runtah béh ditu
sok aya suung kotok, geura.”
Ditéang euweuh nanaon.
Barang kadéngé saeran disada detciprut, ngadadak inget
kudu geus balik. Kudu gesatgesut mandi jeung dangdan ka
sakola.
“Bisi kabeurangan sakola ah
!”gancang mudun. Hayati nuturkeun ti tukang.
Di jalan désa, misah. Méméh
ngaléos ka beulah kulon, Hayati
nyarita laun :
“Hampura, nya Cécép. Aay
ngagebah tadi,sugan téh
Maman pédah sarua kaos belang...”
“Dihampura asal mayar ku
suung,”diheureuyan deui. Bari
rada nyeblak ngadéngé
manéhna nyebut ngaran “Aay”.
Asa beda karasana jeung “Hayati”. Atawa “Yati” upamana.
“Enya engké ku suung kotok.
Suung bulan mah pesenan
Aceuk, keur nyiram nya !”Hayati kerendu deui imut .Neuteup sakedapan. Luk tungkul.
Tuluy malik.Mangprét lumpat
ka imahna di béh kulon.
Sasarap rusuh. Tumis suung
bet teu mirasa. Pangpangna asa
kaséréd ku golak haté. Hayang
geura miang ka sakola. Hayang
melong Hayati.
Sapoe éta diajar teu pati
bener. Pipikiran ngalayang ka
kebon, kana suung teanganeun,
ka Hayati nu ngagebah. Ka
Hayati nu kaéraan. Ka Hayati
nu daékeun diheureuyan kudu
mayar hutang ku suung. Nepi
ka jangji rék mayar ku suung
kotok.
Ieu nu disebut cinta munggaran téh? Cinta budak nu
dadak-dadakan?
Basa rék asup ka
kelas,panon ngulincer ka kelas
opat. Néangan Hayati. Aya tuh
keur baris, tukangeun Aminah.
Dipelong rada lila. Tapi teu
ngalieuk. Jongjon we tungkul
dina barisan. Basa istirahat, dipapay ka tempat barudak awéwé békles di lulurung deukeut
gudang, teu katempo. Témpo
balik, dikulincer deui teu kapanggih. Naha ka mana?
Meunang béja isukna. Ti Iti,
batur sabangkuna. Cenah, Hayati jam sapuluh balik.
Ngadadak rieut jeung panas
tiris. Paingan tadi rebunrebun, teu kapanggih néangan
suung ka kebon. Boro rék
ditagih suung kotok téa. Atuh
néangan suung gé teu husu
nyorangan mah. Henteu sumanget pédah euweuh Hayati.
Padahal saméméh aya ngagebah ogé, néangan suung téh sok
sorangan. Malah embung aya
batur. Sieun kasoro milik.
Sieun panon batur leuwih awas.
Kawas Hayati mangkukna,
manggih suung bulan saduadua dina tempat nu kungsi
dipelongan.
Kawasna Hayati kateterusan geringna. Diitung-itung,
geus saminggu leuwih teu asup.
Geus saminggu leuwih teu papanggih di kebon, néangan
suung.
Malah terus sabulan ambleng. Na ka mana? Rék maluruh, maluruh ka saha?Ĕra sieun
pajar itu pajar ieu. Padahal
enya asa kaleungitan. Pundung
kitu pédah dikudukeun mayar
dosa ngagebah ku suung kotok.
Pabaru geus arék béak.
Suung gé réngrép. Geus tara
aya nu ka kebon rebun-rebun.
Tapi hujan mah aya kénéh. Selang-seling. Hujan dangdangrat. Mun geus raat pisan,
biasana maju ka usum hahajatan.
Harita geus aya haneut-haneut béja nu rék hajat. Mang
Mirta, urang kulon rék
ngawinkeun. Ngawinkeun
saha? Da sakaterang, anakanakna nu awéwé geus karawin
kabéh. Kari Hayati, nu masih
kénéh kelas opat sakola rayat.
Piraku Hayati rék dikawinkeun onaman.
“Enya,Hayati rék kawin,
minggu hareup,”ceuk Aminah,
baturna téa nu ngahaja ditanya
ka mana ka manana Hayati tara
sakola.
“Kutan?”reuwas pohara
ngadéngé béja kitu téh.
“Enya ka tukang domba
urang Ciuyah.”
“Mang Dirman?”lahlahan
neguh. Sabab sakanyaho nu sok
jual-beuli domba urang Ciuyah
mah, Dirman. Nu beungeutna
rada garok tapak cacar. Geus
boga anak pamajikan.
“Enya éta,”Aminah teu kebat
ngajawab.Kaburu ngabecir ka
kelasna, digeroan ku baturbaturna.
Handeueul kabina-bina.
Karék gé wawuh, karék gé boga
téténjoan, ukur sakakalina. Les
moal kapanggih deui. Dikawin
batur.Abong kalumrahan di
lembur jaman harita. Awéwé
dikawinkeun barudak kénéh.
Teu tatanggapan nanaon,
kawinna Hayati téh. Ukur
ngabagi idangan ka unggal
N yambung ka kaca 34
Manglé 2461
23
25. P uriding Puringkak
Nyingraykeun Lalangse
Ku Nina Rahayu Nadéa
N
gahaja isuk
kénéh geus
ngalangeu
hareupeun
imah. Hawa
tiis dibaturan angin ngahiliwir ti landeuhkeun. Nebak awak nu
tatadi ngadayagdag dina
korsi. Ngararasakeun hawa nu
nyelecep, nyulusup kana lulurung kalbu. Éndah kacida.
Saparat panon nénjo kajauhna, ukur pakebonan jeung
gunung leutik nu mapaésan
kaéndahan alam. Jalan blung
blong ka ditu ka dieu. Kacida
pisan simpé, euweuh sora
kandaraan anu nyababkeun
polusi sora jiga di kota. Anu
aya ngan sora manuk jeung
sabangsaning sasatoan anu
kacida matak genah tumaninah kana haté. Ngupahan anu
sungkawa.
Matakna ngahaja reureuh
di dieu. Bumén-bumén di
tempat anu kuring sorangan
can wawuh. Ngahaja. Lian ti
hayang ngahirup hawa seger.
Ogé aya nu lain, hayang nyingkahkeun lalangsé. Miceun
rereged anu aya dina diri.
Hayang muka lambaran hirup
anyar di dieu. Di tempat
anyar. Satutas kajadian harita.
Kajadian anu kacida matak
down. Rendah diri jeung
putus asa ngabaturan kuring.
Kajadian anu langsung
nangkubkeun jeung meunggaskeun sagala pangharepan
anu karék mucunghul, pating
parentul mapaésan haté ku
karir anu neut neutan alus.
Jabatan alus sakeudeung deui
baris kacangking ku kuring.
Jabatan anu salila ieu dipiharep ku sakabéh pagawé di
perusahaan tempat kuring.
24
Manglé 2461
Tapi ku kajadian anu tumiba.
Kuring kudu nutupkeun haté,
malah nepi ka resign ti perusahaan sagala. Bongan, enya
bonganna atuh mamala beut
nganjang na diri. Sakapeung
mah aral kacida. Mendingan
nemahan pati daripada nandangan lara.
“Allohu Akbar.” kuring
jumerit waktu awak ngudupruk labuh.
Gubrag!
Panci anu dipaké naheur
cai murag, meneran pisan
kana leungeun katuhu anu
neueul kana lanté. “Awww....”
Rabul tatangga anu
deukeut. Pamajikan rawah
riwih ningali kaayaan. Aya
anu ngabaluran leungeun ku
minyak, aya ogé anu ku odol.
Paciweuh. Sababaraha lila
jadi pasén di rumah sakit.
Ngubaran leungeun anu
kaléob. Tapi ning kitu, geus
titis tulisna. Anu dipiharep
sangkan normal, teu waluya.
Leungeun katuhu jadi kompér, euweuh tanaga, sarta
warnana hideung pabaur
jeung bodas anu pating gareblég totol-totol. Matak
geuleuh ningalina. Komo
lebah curuk mah. Iy, pasti
ngabirigidig. Ningali
tumpukan daging anu teu
mangrupa, jiih.
Kacilakaan anu nyababkeun kuring tatu saumurumur. Rujit. Sorangan geus
ngarasa kitu, komo meureun
nu lain. Kitu anu jadi momot
kuring saban waktu. Sanajan
pamajikan salilana nyarita
tetep nyaah, tetep narima
kana naon rupa anu tumiba.
Ngan kuring angger teu sadar.
Ti harita jadi leuwih kasigeung jeung gedé ambek. Teu
kaur aya omongan anu rada
teu merenah langsung nyentak. Kitu deui mun ngadéngé
anu ngalelemu, ngagedékeun
haté teh lain atoh. Tapi beuki
ijid kanu ngomong asa
ngaléléwa, asa ngahina.
Sakapeung sadar jeung
mangkarunyakeun kanu jadi
pamajikan pareng disentak.
Tapi nya kitu téa atuh kuring
téh sok asa geuleuh. Matak
mending nyamunikeun diri di
ieu tempat anu hara-haraeun.
Méh teu panggih jeung
jelema loba. Tiis ceuli hérang
panon. Kapaksa meureun. Pamajikan ngéléhan manéh nuturkeun kuring pindah. Ari
barudak mah angger waé di
kota. Satia ka salaki, ngurusan
kuring anu keur karandapan
aral. Tinimbang aya kajadian
anu teu dipiharep. Mimita na
mah manéhna mugen sarta
ngalelemu ka kuring sangkan
cicing, angger di tempat anu
baheula.
“Naha tos diémutan,
Kang?” cenah panonna manco
ka kuring.
“Komo!” kuring teugeug,
teu nempo saeutik ogé ka pamajikan.
“Saur pangemut abdi mah
mending di dieu heula atuh.
Tong getas harupateun.
Anggur sing tawakal. Pan
Akang gé di dieu keur diubaran. Mudah-mudahan aya
jodona. Bisa cageur cara
sasari.” Pamajikan ngalelemu.
Leungeunna ngocékeun gelas.
Song gelas di ka kuringkeun.
“Leueut heula cai téh haneut,
meh janglar.”
“Teundeun na méja.” Kuring teu miroséa.
“Kang.” Pamajikan
ngarahuh.
“Hem.”
“Akang téh sing sabar.
Sakieu gé alhamdulillah ngan
saukur panangan anu tatu.”
“Na di dinya ngaharepkeun kabéh awak kaléob cai
panas kitu?”
“Astagfirulloh, Kang.
Sanés kitu....”
“Heup... heup gandéng.
Meunggeus tong loba carita
deui.” Panon kuring mencrong ka luhureun méja kerja.
Map anu numpuk, bukubuku, kantong jingjing, ngingetkeun kuring waktu digawé.
“Hapunten.” Manéhna
cengkat.
“Nung...!”
“Kumaha?” cenah ngarandeg, léngkahna kandeg.
“Hampura akang,”
cekéng.
“Teu sawios. Ngartos.”
Gék deui di gigireun.
“Akang téh éra ku
kaayaan. Enung gé apal
kumaha akang baheula. Jadi
wayahna mun Enung nyaah
ka akang....” kuring neuteup
panonna nu liuh carinakdak.
“Akang hayang pindah.
Hayang ngumpi diri. Keun
waé cicing nyorangan gé, ari
Enung teu daék mah.”
“Pami tos buleud mah,
mangga. Keun abdi gé bakal
nyarengan.” Sorana dareuda.
*
Tempatna jauh ka ditu ka
dieu. Kabeneran aya rélasi
anu ngajual vila. Alhamdulillah, teu ditawar deui langsung
diduitan bakat ku atoh. Tempat anu ceuk batur haraharaeun, pikasieuneun téh.
Cek kuring mah betah kacida.
Tempat anu saeutik saeutik
miceun bangbaluh, nyingraykeun lalangsé anu asa
26. ngukuntit diri.
Unggal isuk ngalangeu
hareupeun imah. Jalan-jalan
ngarasakeun hawa anu seger
tumaninah kana awak,
sumarambah kana bayah.
Katunggaraan saeutik-saeutik
kaubaran ku ningali kaayaan
ciptaning Gusti anu éndah
kacida. Sanajan angger wé sok
aya kasedih datang mun inget
kana kajadian.
“Gusti, naha anjeun masihan sagala kasedih nu pohara.” Kuring nyusut cipanon ku
tonggong leungeun nu datang
teu kaampeuh. Panon angger
nyérangkeun sakuriling, rét ka
kénca rét ka katuhu.
Karék sidik, gening rada
jauh, beulah kalér aya jalan
badag molongpong. Di dinya
aya gapura badag warna
emas. Patingborélak katojo
sumirat. Gapura anu jadi
batas hiji wewengkon.
Katangen di luhurna aya
aksara badag. Ngan teu pati
écés, jeung teu kaharti
tulisanna, teuing batas daérah
naon. Tulisanan rada teu
jejeg, siga tulisan sunda
buhun.
Awak asa lungsé, asa sedih
pohara ningali gapura anu aya
di dinya. Gapura anu dipinding tihang beton kénca
katuhu. Beton mangrupa dua
leungeun anu keur nadah,
siga anu keur ngadoa ka mantenNa.
Aya nu merebey ningali
éta dua leungeun anu keur
ranggah. Leungeuna anu
katuhu ning euweuh ramo
anu katingali. Ti pigeulang
nepi ka ramo teu aya. Buntung.
Rét kana leungeun katuhu
kuring anu teu daya teu
upaya. Tong boroning bisa
ranggah siga kitu. Anggur
beut asa ngaheurinan. Teu
bisa nanaon. Jadi hahalang
pikeun ngalakuken kagiatan.
Ngulapés, teu daya teu upaya.
Sagala ngan saukur dilakukeun ku leungeun kénca.
Rét deui kana leungeun
ranggah di luhur gapura.
Katingali leungeunna bedas.
Ngadoa unggal waktu. Jung
nangtung lajag léjég. Aya
amarah anu datang teu diondang. Ambek ngurunyung
inget kana papastén anu
karandapan. Kabayang waé
waktu keur gandang.
Sapopoé maké mobil. Datang
ka kantor pada ngahormat,
pada ngajénan. Ari ayeuna?
“Na atuh manéh teh
ngadon ngulapés. Euweuh
guna. Euweuh gadag. Asa
mendingan siga leungeun di
luhur gapura. Sanajan buntung tapi geuning perkasa
katingalina. Gagah.” Kuring
ngabeubeutkeun manéh kana
korsi. Ngépéskeun leungeun
katuhu satarikna.
“Aduuuh.” Kuring ngajerit
basa leungeun keuna pisan
kana armrest korsi. Nyuuh
kana méja sababaraha lila.
Ngarasakeun nyeri dina leungeun.
Clak... clak.... Sora nu
ngeclak écés kana ubin.
Ngarérét sakeudeung ka lebah
sora anu deukeut suku. Bari
angger nyuuh. Gebeg. Ningali
getih anu anu aya dina ubin
ngabayabah. Beuki loba
bareng jeung nu ngeclak ti
luhur saeutik-saeutik. Tanggah, euweuh nanaon. Paneuteup balik deui kana ubin,
nuturkeun getih, ti mana
asalna. Rét kana leungeun
anu beuki nyanyautan.
“Gusti!” kuring ngajerit
ningali leungeun kuring nu
buntung. “Nung... Enung...!”
Kuring ngagero pamajikan
bakat ku reuwas. Antara sadar
jeung heunteu aya nu nyoara
tan katingali. “Sukur geus
mikeun éta leungeun ka kuring. Dasar jalma merekedeweng. Salilana ngagugulung
aral!”
Sorana ti béh kalér....
lebah gapura. Rét ka gapura.
Rét ka luhur gapura. Ningali
leungeun anu ranggah téa. Cacadna leungit baganti dua leungeun anu sampurna. Leng
teu inget di bumi alam.***
Nina Rahayu Nadéa.
Lahir di Kota Garut 28 Agustus. Nulis dina bahasa Sunda
jeung bahasa Indonésia.
Tulisan séjénna nu geus
dimuat bisa dipaluruh di
www.ninarahayunadea.blog
spot.com
Manglé 2461
25
27. C arita Heubeul
Ku M.A. Salmun
{ 30 }
S
akumaha anu
geus dicaritakeun dina
ngamimitian ieu
buku parantéanparantéan di bui
Surabaya téh réa anu kabita
ku hirup munding, saking ku
sangsara hirup di naraka
dunya. Sok sumawonna anu
tuman hirup ngeunan atawa
nu tara biasa hésé-capé, dalah
anu tadina tuman sapopoé
naktak-mundak, kapentrangkapanasan ogé, batan jadi
parantéan Surabaya mah
leuwih atoh lamun dibéré
pondok umur. Ana ninggang
di Aom Usman, henteu tutur
nyuhun nanggung, teu biasa
naktak-mundak, ayeuna hirup
sahandapeun kuda umbal,
leumpang gé kudu bari ngajingjing ranté nu dipaké
ngababandulan suku, héésmandi, kiih-ngising teu lésot;
kuda umbal onaman ari héés
atawa ngencar mah sok lugina. Atuh kaharti lamun
Usman atawa parantéan nu
lianna, leuwih atoh upama di-
26
Manglé 2461
gantung atawa dibedil téh,
batan kudu hirup-sato 20
taun mah. Eta gé biheung!
Ari Kusén, sajungna
Usman ti hareupeunana téh,
sajongjonan mah ngahuleng,
baé, pipikiran asa ngadadak
cus-cos réa kaéling, malah
saenyana ka Nyi Rapiah ogé
lain teu ingeteun, tadi geus
sapok-pokeun rék nanyakeun,
tapi kapikir moal pihadéeun,
matak ngahudangkeun
maung héés baé jeung jiga nu
mupuas ka Usman.
Lamun seug Kusén
gugon-tuhon kana tahayul
jeung bid’ah moal boa percaya
kana omongan sawaréh jalma,
yén pamajikan atawa awéwé
teh boga pariwatek jeung
paribawa ka salakina. Aya
awéwé anu watekna mawa
mujur jeung darajat, aya
awéwé nu paribawana sial
jeung cilaka ka salakina, cara
Nyi Rapiah, boga salaki dua
kali, duanana salakina jadi
parantéan baé. Naha bener
éta téh perbawa awak jeung
wisit Nyi Rapiah? Wallahu
Alam.
Geus rada lila, jung Kusén
nangtung, nitah upas
nyalukan pulisi ti Bandung nu
nganteurkeun Usman. Harita
éta panganteur téh –tiluan—
keur ngadago di hopak
(hoofdwacht), sakumaha biasana para pangteur ti jauhna,
méméh aya surat paréntah
saméméh balik mah, patali
jeung aya-euweuhna kapal
atawa parahu nu indit ti
Surabaya, sok ngarendongna
di hopak téa, campur jeung
tukang jaga lianna.
Ari jol pulisi nu tiluan ti
Bandung téh, bet tiluanana
wawuh ka Ujang Kusén, Si
Datab Si Kemod jeung Si
Acing, batur langlayangan
keur leutik. Atuh jelema
opatan téh sirikna teu silih
rangkul, Kusén seuri bari
cimataan nahan kagagas. Jurutulis Cokro olohok.
Geus rada leler, tilu pulisi
téh narangtung ngariung
méja, Kusén diuk tuluy nguruskeun surat-surat dines
bawaeun éta tilu panganteur,
aya nu kudu ditanda heula ku
jaksa aya katerangan geusan
sakaut, geusan sabandar (kapala palabuhan), jeung jaba ti
éta. Geus anggeus, ceuk
Kusén: “Tah euy, kari
ngadagoan ditanda ku sipir,
dagoan baé heula. Kabeneran
sarilaing teu kungsi lila di
dieu, pagéto aya parahu Bugis
arék ka Pasar Ikan, sarilaing
milu nepi ka Cirebon. Ari
déwék, berekah, kari salapan
poé deui di naraka téh. Ayeuna poé naon, tah Rebo, jadi
Kemis hareup déwék kaluar
téh. Kabeneran Jumaahna aya
kapal marineu rék ka Tanjung-Pariuk, ceuk sipir déwék
meunang dibawa ku kapal éta
asal daék mantuan ngumbah
dék. Saptu isuk-isuk meureun
geus bisa hanjat di Cirebon.
Béjaaan Bapa jeung Ema
jeung Si Arsali. Déwék hayang
dipapag ku per kitu ka Cirebon, ambéh Salasa pabeubeurang geus aya di Bandung.”
Keur kitu sipir abus diiring ku Hatebessy. Ari rét
Acing ka sipir, ari gero téh:
“Ya Allah, geuning Anom
Jacob. Kutan Anom téh di
dieu?”
Sipir mureleng sakeudeung, pok ngomong bari
seuri, ngomong basa Sunda
nu béntés téa, kumaonam
anom Bandung: “Euleuh-euleuh ieu Si Acing?”
“Sumuhun Anom, anak
babu Inah téa, apan Anom téh
ti jaman sinyoh kénéh dugi ka
28. kagungan nyonya teras ngalih,
dibabuan ku pun biang; abdi
mah harita alit kénéh,” jawab
Acing bangun conggah.
Sipir anu ka parantéan
sakitu galakna téh bet ka anak
jururawatna mah daék ocon:
“Alit-alit matasia, aya alit geus
bisa malingan surutu déwék,
hah, hah, hah, hah, kumaha
Ema Inah cageur? Hirup
kénéh Ma Inah téh?”
Teu dicatur panjangna
gunem warta. Tilu pulisi ti
Bandung téh mareutingna gé
henteu di hopak cara panganteur lianna, tapi di imah sipir
da sipir sono ka Acing. Balikna Acing téh rebo ku pamahanan Anom Jacob geusan
babu Inah, jaba duit, Acing
pribadi lungsuran-lungsuran
baé mah teu luput jaba keur
jajan.
Dina arék jung indit,
nepungan heula Kusén anu
sakali deui talatah hayang dipapag ku per di Cirebon; poé
Saptu isuk-isuk téh hayang
geus nyampak, megat deukeut
kantor jaksa baé, ambéh teu
hésé, sabab nékenkeun heula
surat-surat ka dinya.***
11
Poé Salasa ninggang hajat
Mulud, imah Haji Samsudin
diputer ku balandongan téh
lain babasan, ka pipir-pipir diadegan papayor. Nyi Haji
Samsudin geus teu ngitung
ratus teu ngitung rébu, pokna
sabaraha baé béakna duit
kula, entong maké diaték,
naon nu perlu geusan nyampakkeun Si Ujang, beuli, teu
dibikeun dibeuli, diséwa, asal
puas asal senang. Keur naon
duit digugulung ogé, ari teu
matak nyenangkeun pikir
mah, geus paéh mah kula
nangkarak baeud moal
ngarasakeun gunana. Naon
pédahna beunghar lamun
haté kusut marungkawut asa
hirup teu jamuga.
Geusan mapag ka Cirebon, ngadadadak meuli per
weuteuh ti toko Kamerling di
Lengkong, nu ngahaja muka
pabrik bendi jeung kareta
katut pakéan kuda. Kudana,
dibélaan ngaganda ti Sech
Mubarak, kuda Arab tulen;
Nyu Haji geus teu ngitung
harga asal senang.
Nu mapagkeun jejerna ku
Arsali, saperkara rajeun nyaba
ka Cirebon urusan kai, ka
duana bisa ngomong Jawa, ka
tiluna geus apal kana arasurus kasakaut, ka sabandar,
ka jaksa. Ari babakuna da
sasat “dulur sapapait” jeung
Kusén. Nu tadi ngan rék perhiji téh dina bralna mah
ngaleut sapuluh, da réa baraya
aya atuh pohara raména ku
sémah di imah Haji Samsudin
téh. Sajabana ti ngagungkeun
poé Mulud téh bet ninggang
perlu kasambut sunat kalampahkeun.
Bubuhan béja geus pabéja-béja, omong harus
batang goong, ditambah ku
bakat urang Bandung resep
kana hal-hal anu tara kajadian
sapopoé, atuh ti jauh kénéh gé
geus réa nu “megat”, di sisi
jalan, ti lebah kaca-kaca wetan
keneh geus tinglalimbung.
Kira pukul 10, beretek ti
mani saheng. Nyi Haji geus
teu puguh cagap, mun teu
pada ngayap mah duka
kumaha. Eta ge ari napsuna
mah hayang milu mapag ka
Cirebon, tapi pada ngahulag.
Aleutan Ujang Kusén ti
kaca-kaca wétan kénéh geus
cara ngabring-ngabring panglima nu tas nalukkeun nagara
baé atawa cara keur helaran
pangantén baréto. Ti hareup
maké dihuluan ku barudak
santrinu narabeuh genjring
rebana. Ari Ujang Kusén
diukna sa-per jeung Ujang
jeung sobat anu bari mangpang-meungpeung ngadon
jarah ka Gunung Jati jeung
hayang nyaho karaton kasultanan. Arinditna ti Bandung ti
poé Kemis kénéh, bada kabéjaan ku tilu pulisi nu baralik ti
Surabaya téa, daratangna
Salasa pabuburit, duméh di
laut hadé angin.
Tah, dina poé Salasa
Mulud, najan sasatna
ngadadak, bubuhan sagala
wétan aya nu negarkeun kuda
sasat dikoprot, hayang téréh
nepi, sihoréng Arsali, jadi
palatuk abrulan, mengpengan
lumpat ti heula, ngabéjaan ka
nu mapag di kaca-kaca, yén
abrulan kira-kira geus nepi ka
Cicadas. Atuh jalma oyag, per,
bendi jeung kahar nu ngadarago ti isuk-isuk geuwat ditatakeun. Nepi ka imah Haji
Samsudin, barang dibejaan ku
Arsali, pribumi jeung tatamu
Tamim, lanceukna, utusan
saréréa mapag ka Cirebon.
Manéhna geus méh teu
kaampeuh nahan cimata
bawaning kagagas, malah
barang ngaliwat bui urut
manéhna dua taun katukang
ngadekem mah cipanonna teu
katahan, nyuruluk mapay
pipi, mun teu kahégar-hégar
ku nu salawatan bari narabeuh rebana mah boa ceurik
cara budak. (hanca)
Manglé 2461
27
29. C arita Nyambung
Bagian
192
A
sad neruskeun caritaanana.
Medar
lalakon
pangna
manéhna nepi ka lebah
dinya. Ngan, tangtu wé teu
dicaritakeun sajalantrahna,
lantaran aki-aki nu keur
disanghareupanana téh
anyar pinanggih, teu apal
saha-sahana jeung kumaha
pasipatanana.
“Jadi hidep téh neangan
nu dagang dahareun?”
“Sumuhun, kitu pisan
pangpangna mah!”
“Atuh untung hidep téh,
lantaran kula rék
ngayakeun sukuran, ngondang babaturan. Andika gé
bisa milu, bisa dahar
saseubeuhna kalayan teu
kudu ucul duit,” ceuk akiaki. Lian ti nawaran dahareun, aki-aki gé jangji
rék nyaritakeun kaayaan
28
Manglé 2461
éta kota. Tangtu, cenah,
penting keur semah mah,
ngarah henteu talag-tolog
teuing.
Asad bungah. Inyana
narima ajakan. Ngan, aya
tanjakan, mun geus réngsé
urusan sapereluna, dirina
rék gura-giru balik deui ka
tempat asalnya, nepungan
deui lanceukna. Ngadéngé
omongan Asad kitu, aki-aki
ukur mésem, bari pokna
téh, pék téh teuing kumaha
karep.
Peuting ka-229
Sanggeus sapuk, nu
duaan téh ngalengkah, ingkah ti éta tempat. Asad ditungtung ku aki-aki, ngiclik
tukangeun pribumi. Ti
jalan gedé, léok méngkol ka
gang nu ukcur cukup keur
papaliwat nu laleumpang.
Tétéla, anggang ti jalan
gedé téh. Atuh, sajeroning
lalampahan, rupa-rupa
omongan nu ditepikeun ku
masing-masing. Saperti
jangji aki-aki, inyana gé rék
méré béja ngeunaan
kaayaan éta kota. Ngan,
horéng lain béja nu matak
bungah, tapi sabalikna.
Ceuk aki-aki téh, untung
Asad salamet, lantaran
padumuk éta kota téh
kacida jarahatna. Mun téa
mah, teu kaburu papanggih
jeung manéhna, ceuk akiaki téh, bisa jadi Asad
tinemu bahla ku padumuk
kota nu umumna kacida
mikangewana ka nu anyar
pinanggih. Keur Asad
lalampahan téh asa jauh
naker. Kitu téh bawaning
ku lapar jeung capé.
Awakna gé lungsé, mun teu
dipaksakeun mah, hésé
ngalengkah-lengkah acan.
Ahirna, nu lumampah
téh nepi. Anjog ka pakarangan nu wawangunanana kacida agréngna,
nenggang ti imah-imah
séjénna. Aki-aki ngajak
Asad asup ka éta wawangunan.
Sakur nu pasarandog
jeung aki-aki téa, kacida
mihormatna. Teg wéh Asad
gé boga sangka, éta aki-aki
téh lain jalma samanéa,
payusna inohong
masarakat nu pada mikaajrih.
Sadatangna ka tengah
imah, Asad ngajenghok. Di
tengah imah, nyampak
sakumpulan aki-aki nu
keur ngariung seuneu nu
ngabebela. Asad gé apal, nu
paripolahna kitu téh,jalmajalma nu nyembah seuneu
nu katelah bangsa Majusi.
Ngabandungan kaayaan
nu kawas kitu, Pangeran
Asad sadar, dirina kajiret
ku aki-aki nu bisa nyumputkeun semu. Horéng,
ucap hadéna téh ukur pangoloan sangkan sémahna
ngandel kana kahadéan dirina.Keur ngahuleng, Asad
beuki reuwas. Lantaran,
aki-aki téh ngomongna
tarik naker. Nyarita, yén
arinyana keur meunang
barokah pangeran. Buktina, dina danget éta kénéh,