2. Ulah Sakadar Nurutan
L
elang Jabatan, kadieunakeun mah remen jadi
kacapangan. Kitu téh, di antaran satutas Joko
Widodo (Jokowi), Gubernur DKI, ngayakeun
lélang jabatan. Carana, sajumlah jabatan diparebutkeun kalayan ngaliwatan tes. Saperti nu kabandungan
sawatara waktu ka tukang, apan jabatan lurah jeung
camat gé, ngaliwatan lélang di Batawi mah.
Cara jeung gaya Jokowi loba nu nurutan. Ngan,
tangtu wé nu tumali jeung jabatan mah ulah sakadar
nurutan.
Hartina, dina nataharkeun jeung
ngagunakeunana kudu bener-bener daria tur pinuh ku
balitungan.
Mémang, nangtukeun pajabat saperti di DKI
Jakarta atawa di Kota Badung, hak prerogatif gupernur atawa walikota. Atuh, upama pajabat ngagunakeun
hak, taya salahna. Asal, tujuanan geusan kamaslahatan
balaréa. Atuh, si éta pajabat deuih sakuduna leuwih
mentingkeun masarakat batan pamingpinna.
Mitra, tumali sareng jabatan, dina nomer ieu Manglé ngolongan pamanggih Dr. H. Deden Suhendar,
M.Si., Dokotr Administrasi Publik wedalan Universitas
Padjadjaran. Ceuk H. Deden, nangtukeun jabatan téh
kudu neueul kana tujuan, demi
kapentingan
palayanan ka masarakat. Ku lantaran kitu, nu dipilih
téh, cenah, kudu dumasar kana ‘merit system’ sangkan
nu kapilih luyu jeung kekecapan ‘the right men on the
right place’ téa. Hartina, éta jabatan téh ditempatan ku
jalma nu pangmerenahna.
Geusan ngahasilkeun pajabat nu merenah dina
tempatna, ceuk H. Deden gumantung kana cara jeung
saha nu milihna. Dina milihna ogé kudu ‘obyektif’.
Kudu bener-bener nu kapilih téh nu panghadena. Ulah
lantaran ‘deuheus’ atawa aya kapentingan nu nyamuni,
saperti ‘males budi’.***
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
ISSN: 0852-8217
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
7309720
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
- facebook: Majalah Sunda Mangle
3. 20
Srikandi Lain Dewi
Panonpoé nu keur sumedeng mentrangan, mawa hanaang jeung bayeungyang nu teu bisa disingkahan deui.
Malah di sabudeureun, kebul knalpot
tina mobil-mobil nu ngareteyep masih
anteng maturan sapangeusi mobil nu
harita keur ditumpakan. Teu ngan semet
dinya, lampu beureum stopan milu
moncorong, mobil ngarengkog eureun
dina tengah-tengah keukeupan....
6
LAPORAN
Atlit Mancanagra
Ngjajal Umpalan Citarum
IMPLIK-IMPLIK
Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran
sa-Jawa Barat
Piala Ida Widawati 2013
........................................................... 8
PURIDING PURINGKAK
Ririwa di Pakemitan
Féndy Sy. Citrawarga ..................... 24
Potret : Reisyan
SAJAK
S
ekarManglé
ELVIRA
Panata Rias & Raksukan: Sanggar
Ayu Busana (Galery Rias Pengantin)
Komplek Neglasari Jl. Neglarasa
No. 9 Ujung Berung – Bandung
Telp. 022 – 70432343
HP: 08122395408
Ti Lebah Maruyung
Keur nu nganteur
Atép Kurnia .................................... 27
Sabot Nungguan Budak Sakola
Nyi Roro ............................................. 26
NU MANEUH
Lawang Saketeng ................................. 1
Kaca Tilu ............................................. 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Mangle Rumaja .................................. 31
Katumbiri .......................................... 36
Nyusur Galur ..................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
BANDUNG-BANDUNG
CARITA NYAMBUNG
Lelang Jabatan
Ulah Ukur Gagayaan
......................................................... 46
CARITA PONDOK
Srikandi Lain Dewi
Tatang Zaelani Tirtawijaya .............. 18
Tilu Menit Panungtungan
Ipung Thaifur Abu Yazid .................... 22
Carita Sarebu Samalem (182)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (20)
M.A. Salmun
............................................................. 12
Ceu Nonoy Putra Ua Banagara (4)
HD. Bastaman
............................................................. 48
4. Adiluhung
W
aktu muka Pasanggiri
Tembang Sunda Cianjuran
Piala Ida Widawati 2013 di
STSI Bandung, Ibu Otje Djungdjunan nétélakeun yén ku bangsa deungeun mah Tembang Sunda téh
diaku
mangrupa
karya
seni
adiluhung. Dina Kamus Besar Bahasa Indonésia, adiluhung téh
hartina tinggi mutunya.
Lain Ibu Popong wungkul anu
nyebutkeun kitu téh. Geus réa nu
séjénna gé anu nyarita kitu. Malah
Mh Rustandi Kartakusuma mah
leuwih tandes, Tembang Sunda mah
matak kaluar cimata. Lamun teu nepi
ka ceurik, éta mah can jadi urang
Sunda.
Tapi umumna mah kitu, ngan
semet dumasar kana pamanggih
bangsa batur baé. Tembang Sunda
téh kaasup salasahiji seni Sunda anu
mindeng diondang jeung ditanggap
di nagara batur. Tur umumna tara
aya nu nguciwakeun. Suksés baé.
Atuh bangsa batur anu diajar jeung
naliti Tembang Sunda ogé geus aya
sababaraha urang.
Padahal batur mah nyarita kituna
téh jeung enyana deuih. Pintonan
Tembang Sunda di nagara batur mah
salawasna payu. Hartina, nu lalajona
loba, aprésiatif jeung lalajona téh bari
mayar. Mahal deuih mayarna ogé da
anu baralik manggung di ditu
datangna deui ka urang téh sok
ngagémbol.
Ari di urangna sorangan kumaha?
Kungsi babalagonjangan ka
sababaraha urang, lamun ngayakeun
pintonan Tembang Sunda tur nu
lalajona kudu mayar, kira-kirana
Manglé 2451
bakal loba nu datangna? Taya
saurang gé anu kalawan tandes
nyebutkeun bakal bisa, bakal loba nu
lalajona. Jeung mayarna gé mahal
deuih.
Sigana, pangna kitu téh lantaran
tacan dicoba. Gugum Gumbira
nyebutkeun kungsi mintonkeun
jaipongan di hotél Homann Bandung
bari nu lalajona kudu mayar. Cenah
nu lalajo téh pinuh-pinuh baé. Tapi
éta téh kajadianana sababaraha
puluh taun ka tukang.
Di urang mah tayohna lalajo pintonan kasenian Sunda bari mayar téh
tacan lumrah. Mun aya pintonan seni
Sunda, nu ngalalajoanana téh biasana mah ngahaja diondang. Malah teu
kurang-kurang anu di panglalajoanana téh bari disuguhan sagala.
Tapi, boa-boa kaayeunakeun baé
kituna téh. Da béh ditu béh ditu mah,
mun lalajo sandiwara di Sri Murni
upamana, apan sok mayar. Lamun
bener kitu naon sababna? Padahal
urang Sunda ayeuna anu baleunghar
pasti leuwih loba batan opat puluh
taun ka tukang.
Moal kitu pangna hayang sarwa
gratis baé téh sabada urang saréréa
wanoh ka nu ngaranna proposal?
Apan ayana kabiasaan ngajukeun
proposal lamun para seniman aya kahayang téh kakara kadieunakeun. Sri
Murni anu gedongna di Pasar
Kosambi bisa dipastikeun tacan
wawuheun ka nu ngaranna proposal.
Kabisaan ngajukeun proposal mah
minangka produk tina mangsana
pangwangunan nasional anu maceuh
dina mangsa Orde Baru.
Ngan sigana jadi silih tempuh-
keun. Sri Murni jeung kasenian
Sunda séjénna lus-les laleungitan
lantaran nu lalajona bari nyaeutikan.
Ngajaga supaya ulah tumpur, nya
dibantuan sina hirup deui ku ayana
proposal téa. Anu ngabayuanana
pamaréntah.
Suwargina Kang Apung SW anu
kungsi kedal téh. Saurna, Akang mah
sakapeung sok sirik ka Darso. Lamun
Akang
saparakanca
hayang
ngayakeun pasanggiri Tembang
Sunda, kakara bisa jalan lamun proposalna geus disatujuan. Ari Darso
mah teu kitu. Laluasa bisa manggung
henteu gumantung kana proposal.
Lamun geus nepi ka dinya, biasana losna téh sok jadi kana pangaresep. Kasenian bakal terus hirup
lamun anu mikaresepna loba kénéh.
Ari Tembang Sunda apan loba
anu mikaresepna, lin?
Tangtu bakal terus kapapanjangan. Béda atuda. Tembang Sunda
mah ulah disaruakeun. Apan
disarebutna ogé adiluhung.
Jadi ras deui ka bangsa deungeun
téa. Apan dina sakalina nyebut
adiluhung téh bari jeung prakna.
Hartina, maranéhna mah resep
ngalalajoanana jeung resep kana
mayarna. Mangkaning mayarna gé
mahal deuih.
Lamun urang agul pédah ceuk
batur Tembang Sunda téh adiluhung,
kuduna
urang
gé
nurutan
maranéhanana. Resep lalajona téh
jeung resep mayarna deuih. Lamun
urang ngan semet agul-agul nyebut
adiluhung kana Tembang Sunda bari
lalajona embung mayar, sigana
ngaranna téh nya munapék téa. AM
3
5. Ngimpi!
Wakil Presiden Teureuh Sunda
Sampurasun!
Ais Pangampih Mangle, sawatara ka tukang
pernah rame, cenah inohong Sunda boga kahayang, nyaeta Wakil
Presiden kudu urang
Sunda. Tah, kahayang eta
nu
harita
heuras
ditepikeunana teh, beuki
dieu mah beuki melempem. Malahan, lamun
harita mah atas nama
lembaga bada jeung
pamarentah, ayeuna mah
nu kakuping teh saukur
pribadi-pribadina.
Keur Simkuring mah,
harita reueus kacida. Kahayang masarakat Sunda
dirojong ku pamarentah
jeung para inohongna.
Ngan kadieunakeun kahayang kitu, sapertina
mustahil. Soalna, cek
simkuring mah, dug ces!
Ari aya kumpulan
wae,
hareuras.
Tapi
waktu baralik ka pagawean atawa ka kandang
parteyna mah, saperti nu
poho. Disebut aranjeunna poho atawa ngahaja
poho,
gampang
dibuktikeunana, nyaeta,
nepi ka ayeu na can aya
deklarasi para ketuaketua partey wilayah di
Jawa Barat, masalah
pentingna wakil presiden
ti
Sunda.
Hartina,
maranehna sieun ku
pusat. Padahal, keur
simkuring mah, penting
pisan para ketua partey
wilayah di Jawa Barat
sapuk kana penting na
wakil presiden teureuh
Sunda.
Anu ngarojong jeung
anu siap dirojong ti tatar
4
Sunda, memang pernah
aya hawar-hawar, saperti
Moh. Jumhur Hidayat.
Ngan, nyakitu tea, asana
kolot-kolot Sunda jiga nu
arera atawa satengahsatengah. Henteu katingal
bener-bener
ngadukungna. Contona
wae, Paguyuban Pasundan can wani ngajeblagkeun
spanduk
gede,
upamana di tempat asup
tol, nu unina yen Jumhur;
Urang Sunda, Pantes jadi
Wakil Presiden 2014,
jeung conto-conto sejenna.
Lain wae Jumhur Hidayat, tapi oge tokoh
sejenna,
saperti
H.
Ahmad Heryawan. Ngan,
nyakitu deui, ti ayeuna
teu tembong persiapanana. Jelas, upama teu
tembong
ti
ayeuna,
hartina
teu
aya
persiapanana, geus pasti,
wacana wakil presiden
urang Sunda saukur kahayang wungkul, saukur
bisa ngomong wungkul,
saukur daek ngabudah
jeung sabangsana.
Saha nu pantes keur
ngarumuskeun lengkahlengkah
muru
wakil
presiden Sunda? Nu jelas,
pamarentah Jawa Barat
jeung Paguyuban Pasundan kudu naratas deui.
Kakara lembaga atawa
paguyuban
sejenna
nyarusul. Naha bakal
bisa? Lamun teu bisa,
mustahil, wakil presiden
ti Sunda bakal tinekanan.
Ulah ngimpi, upama
saukur boga kahayang
wungkul mah.
Tah, sakitu surat ieu
kasanggakeun ka Mangle.
Mudah-mudahan tiasa
dimuat. Hatur nuhun.
Wassalam.
Mang Abdul
Ti Cileunyi Bandung
rangan teh meureun, lantaran kurang perhatian ti
urang Sunda sorangan.
Buktina, naha nyaah ka
Sunda? Naha tos langganan Mang le? Mangga
uih deui ka diri sewang-
Reueus ka Majalah Mangle
Sampurasun!
Damang Nyi Mangle?
Duh sono pisan ka nu
geulis teh. Ieu mah ho yong nepikeun ka sono
wae ka Mangle. Simku ring mah reueus pisan da
ka Mangle teh. Padahal
ayeuna
teh
jaman
globali sasi, tapi aya ku
bisa, bet Mangle masih
keneh tiasa medal. Aslina
reueus jeung muji pisan.
Ngagawean produk lokal
keur kiwari mah, henteu
gampang.
Malahan
lolobana
mah
pada
ninggal keun. Lantaran,
cek maranehna lain garapan pikahareu peun nu
terus maju.
Tapi, cek simkuring
mah henteu kitu, Mangle
angger kudu terus miara
basa Sunda, masa keur
meungkeutkeun
rasa
duduluran. Keur maheutkeun
rasa
silih
mikanyaah.
Lantaran
deuih, simkuring mah
yakin, nagara ieu ngahijina teh lantaran ayana
beda-beda suku jeung
baha sa. Ku kituna, terus
terang ka Mangle reueus
kacida.
Mugi
teras
medal.
Anapon
kadieunakeun,
eusina
beuki
ngurangan, meureun nu
salah mah urang sadayana wae. Lantaran, ngu-
sewangan.
Nuhun Nyi Mangle,
cover-coverna
beuki
geulis.
Wassalam.
Ibu Hj. Mien
Ti Cihaurbeuti Ciamis
Ngalereskeun
Assalamualaikum wr,
wb
Nengetan artikel Tilu
Album Imas Permas dina
Manglé No. 2442 wedalan
19 — 25 Séptémber 2013
kaca 26 dugi ka 28, dina
éta seratan nami simkuring
diserat
UPIN
PRAWIRASUTISNA
(Sababaraha kali diserat
kitu, hartosna sanés salah
citak). Anu sakedahna
UKIN
PRAWIRASUTISNA.
Sim kuring sanés pejabat ogé sanés jalmi penting. Nanging kahartos
rupina saupami ngaran
téh kanggo tiap jalmi ngagaduhan ajén husus keur
dirina. Sumawonna lepat
saaksara bakal lepat
hartosna.
Mugi janten uninga ka
sadaya nu aya patulapatalina sareng seratan
kasebat. Hatur nuhun.
Wassalam pun,
Ukin Prawirasutisna
Manglé 2451
6. DI KIWARI MACA BIHARI (26)
Catetan Budaya
YAYAT HÉNDAYANA
(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda
Unpas)
Monyét Dibéré Séséngkéd
K
AAYAAN sarupa kieu, tangtu
waé dina harti nu teu hadé,
nyokona téh dina sistim. Ku
lantaran kitu, pikeun ngabebenah
kaayaan téh nu kudu pangheulana
dirobah téh nyaéta sistimna. Kitu cék
pamanggih para ahli. Sistim naon?
Sakabéh sistim cenah. Sistim kahirupan. Sistim pamaréntahan. Sistim pamaréntahan di urang kiwari, héngkér
teuing. Ku lantaran héngkér teuing,
pamaréntahan téh remen éléh ku nu
diparéntahna. Padahal di mana-mana
baé ogé pamaréntah mah teu kaci
éléh. Kudu salawasna meunang.
Pangna éléh téh bisa jadi ku lantaran
ngarasa salah. Apan pancén pamaréntah téh di mamana ogé
ngaraharjakeun rahayat. Tapi apan di
urang henteu kitu. Nu nyangking
kalungguhan di pamaréntahan tara
ieuh mikiran rahayat. Teu kasiwer
balas mikiran kapentingan dirina
sorangan.
Mahabuna korupsi di urang nya
ku lantaran sistimna nu salah. Sistimna méré teuing lolongkrang ka sugri
nu aya dina éta sistim pikeun basilat.
Sistimna ngabibita ka sugri nu aya
dina éta sistim pikeun curaling. Teu
mustahil jalma hadé gé ari nyampak
aya lolongkrang pikeun curaling mah
jaadi kabawakeun. Komo pikeun
jalma-jalma nu kasang-tukangna geus
aya ulat basilat. Pikeun jalma-jalma
samodél kitu mah teu bina ti “monyét
dibéré séséngkéd”. Teu nyampak gé
séséngkéd téh ditéangan apan ku
monyét mah. Kari-kai, ieu disampakkeun pisan. Pikeun jalma basilat mah,
lolongkrang keur korupsi téh henteu
weléh ditéangan. Ari ieu nyampak
Manglé 2451
pisan. Lolongkrangna lega pisan. Nya
piraku teuing lolongkrang anu sakitu
gedéna téh henteu dimangpaatkeun
onaman.
Ku sistim nu dijalankeun kiwari,
lolongkrang téh nyampak di mana di
mendi. Di éksékutif aya, di legislatif
nyampak, di yudikatif pon kitu deui.
Mana pantes jalma-jalma nu katohyan korupsi téh jalma-jalma nu
mibanda kalungguhan nu nangtukeun. Jalma-jalma anu aya dina sistim. Nu di luar sistim mah tara pisan
kabéjakeun. Ku lantaran kitu sistimna
kudu dirobah. Kudu ditéangan sistim
nu sabna jalma nu aya dina éta sistim
ngarasa aya nu ngawas. Lain ngan
sakadar ku “jiga” modél ayeuna.
Pancén legislatif apan ngawaskeun
pagawéan éksékutif malar gawéna tru
méngpar tina tujuan ngaraharjakeun
rahayat. Yudikatif, kayaning jaksa,
hakim jeung nu pancénna nanjeurkeun hukum,
kuduna mah
ngawaskeun dua “pilar démokrasi”
lianna, nyaéta éksékutif jeung legislatif. Éta pancén nu diatur sakitu
hadéna téh henteu ieuh dijalankeun,
da nya kitu téa “padarubak sisi samping”. Silih ma’lum, silih “tau sama
tau” da puguh saruana, papada dolog
kana ngamangpatkeun lolongkrang
pikeun korupsi.
Aya nu nyalahkeun ka jalmana,
lain kana sisimna. Da cenah, sistimna
geus alus. Nu goréng téh jalma-jalma
nu aya dina éta sistim. Da lamun
jalmana hadé mah moal ieuh kapincut ku pagawéan teu hadé. Jalma
hadé mah moal ieuh nurutan batur nu
milampah pagawéan teu hadé. Dina
milih jalma-jalma pikeun ngeusian
sistim nu aya téh kudu bener-bener
disaring kalawan daria. Tapi apan di
urang gé nya kitu pisan. Lebah
ngagkat jalma téh éstu teu sagawayah.
Aya anu disebut “fit and proper test”
téa apanan. Nya kitu, pikeun néangan
jalma nu nu teu kabitaan najan
lolongkrangna aya. Cohagna, teu
kawas “monyét dibéré séséngkéd”.
Jalma nu gugon tuhon kana sikep
hirupna nu teu galideur, lempeng, teu
kabawa ku sakaba-kaba.
Tapi apan kitu buktina. Nu lulus
“fit and proper test” gé sok “nyolong
badé”. Jiga heueuh jujur, padahal
ucing garong. Kitu kabutianana apan.
Nu hadé awalna kalah katohyan
goréng tungtungna. Pangna kitu nya
ku sabab sistimna téa.
Sistim
nunyadiakeun lolongkrang pikeun
basilat. Ana kitu, nu kudu dioméan téh
naon atuh? Sistimna, atawa jalmana?
Meureun kudu duanana, nya sistimna
nya jalma-jalmana. Hartina téh robah
heula sistimna malar teu nyadiakeun
lolongkrang pikeun basilat. Geus kitu
kakara néangan jalma pikeun ngeusian éta sistim. Da piraku sugan teu
aya pisan jalma jujur di antara puluhan
juta nu jaradi pagawé pamaréntah téh.
Lamun ti jero geus dianggap euweuh
nu eucreug, atuh nya kapaksa néangan
ti luar. Sistimna kudu dirobah heula.
Geus dirobah téangan jalmana nu
bakal pihadéeun. Nu boga pancén
milih, kudu nyingkahan sikep “pada
rubak sisi samping”, komo ngahaja
“méré séséngkéd ka monyét” mah.***
yayat.hendayana@gmail.com,
Ketua Pengelola Akademi Budaya
Sunda (ABS)-Unpas
5
7. Atlit Mancanagra
Ngajajal Umpalan Citarum
Umpalan Citarum matak ngirut.
Kitu keur pasalancar mah. Matak,
teu sing anéh upama Citarum jadi
tempat kokojayan atlit mancanagara. Ngan, naon waé mangpaatna?
***
G
awir Citarum nu biasa tiiseun
téh robah jadi pangjugjugan.
Nu rajeg di dinya mencrong
ka nu keur kekerelepan tilem-timbul.
Tapi, taya saurang ogé nu nulungan,
kalah patingareuyah nyumangetan.
Enya, apan nu kekerelepan tilem-timbul téh lain titeuleum, tapi pamilon
lomba nu ngadu jajatén ‘nalukeun’
umpalan cai Citarum dina kajuaraan
Selancar Sungai 2013, di wewengkon
Ciputat, Kabupaten Bandung Barat,
Propinsi Jawa Barat.
Kagiatan salancar diwalungan
Citarum, mémang tingkat dunya.
Atuh, nu daratang ka éta tempat gé ti
sababaraha nagara, saperti ti
Amerika, Perancis, jeung sajabana.
Arinyana téh, atlit-atlit olah raga cai
nu biasa ngajajal ombak laut jeung
umpalan cai walungan di manamana.
Ngahudang Sumanget
Dina sual kokojayan, pribumi gé
teu éléh ku sémah mancanagara. Boh
kokojayan di laut boh di walungan,
loba nu geus manukna. Atuh, teu
kolot teu budak loba nu mahér ngojay
nu saterusna boga kaludeung jeung
kamampuhan jadi pasalancar sarta
boga anléh milu lomba. Hasilna, atuh
teu sing tambi lumayan, da puguh
pribumi gé dina salahsahiji nomer
lomba mah jadi pinunjul, saperti
Yudi, Edy, jeung Hermawan.
6
Arinyana, mampuh ngadu jajatén
jeung atlet kawakan tingkat dinya,
kalayan dina gaya bébas mah, teu sing
éléh jajatén.
Kagiatan The First Riverboarding
World Competition 2013 téh anu
lumangsung 7 nepi ka 10 Nopember
téh nyesakeun lalangsé nu mistina
disingraykeun. Naon téa? Enya, apan
sual ‘ajen’ cai Citarum nu mingkin
dieu mingkin kotor. Tah, kaayan cai
kawas kitu gé, kungsi jadi bangbaluh
keur parapamilon mah. Apan, di
antarana gé aya nu ngabolaykeun teu
tulus miluan lomba lantaran, ceuk
arinyana, cai Citarum téh kotor, teu
merenah keur kokojayan dipaké olah
raga!
Ngan, tarekah panitia gé teu kurang-kurang.
Sagala
rupana
ditataharkeun. Antukna, éta kagiatan
téh bisa dilaksanakeun luyu jeung
rarancang nu ditataharkeun. Atuh,
pangbagéa ti pamilon gé kacida
hadéna. Arinyana loba nu muji
éndahna alam sabudeureunana!
Upama Citarum kotor jeung caina
bau, lantaran mémang ukur jadi
pamiceunan. Kokotor ti imah jeung ti
pabrik jigna téh loba nu ka Citarum.
Atuh, éta walungan mah ukur
katempuhan, da kumaha ti girangna.
Ajén cai walungan, kumaha ti
girangna. Mun ti sunggapanana kotor,
ka hilir gé moal teu kitu. Atuh, mun
urang girang miceunan kokotor,
balukarna mah keur nu di hilir.
Hartina, nalingakeun walungan mah
lir ngalirna cai, kudu sapapanjag éta
walungan jeung sapapanjangna.
Citarum Bihari
Citarum kareueus urang Jawa
Barat.
Eta
walungan
téh
pangpanjangna di tatar Sunda mah,
ngaliwatan sababaraha kota jeung
kabupatén. Mimitina ti pakidulan
Bandung , Cianjur, Purwakarta, jeung
Karawang. Ahirna, ngamuara di laut
Jawa.
Nepi ka abad ka-19, eta walungan
téh sarana patalimarga. Parahuparahu patinggeuleuyeung balayar
pangpangna mah ti girang ka hilir
kalayan ngakut hasil tatanén jeung
kebon. Di lembur-lembur nu kaliliwatan aya pameuntasan , sakalian
pangreureuhan nu balayar dina
parahu. Eta walungan boga sajarah
panjang. Kungsi jadi tapel wates alam
nu misahkeun dua kakawasaan,
saperti Galuh jeung Karajaan Sunda,
ogé Kasultanan Cirebon jeung Banten.
Kiwari, mémang lain bihari.
Citarum remen jadi mamala. Mun
usum ngijih, caina limpas ka lemburlembur. Kitu téh, saperti nu remen
kaalaman ku urang Bandung pakidulan. Atuh, mun usum halodo, caina gé
ngolétrak kajaba kotor, runtah
nyayeud!
Léngkah Jinek
Ceuk kekecapan kolot, mun butuh
supana kudu daék miara catangna.
Kitu deui mun butuh ku Citarum,
tangtu wé kudu dijaga jeung dipiara.
Da, éta walungan téh mahala- mahayu, kumaha manusana, ahirna mah!
Nu neundeun kanyaah ka walungan Citarum, memang loba. Malah,
komunitas atawa organisasi nu nyaah
ka eta walungan ge teu kurang-kurang. Ngan, nya kitu, hasilna mah
tacan saperti nu dipiharep. Buktina,
cai Citarum téh mingkin dieu mingkin
kotor. Aturan-aturan miara lingkungan, remen teu katalingakeun.
Antukna, rupa-rupa aturan téh mintul
Manglé 2451
8. Gupernur Jawa Barat
Citarum ngirut atlit mancanagara
Kaayaan sabagian Citarum ayeuna
Manglé 2451
tur teu peurahan!
Karep miara lingkungan ogé jolna
téh ti parapasalancar tingkat dunya.
Apan dina panutupan kagiatan, aya
deklarasi, maheutkeun tekad, milu
ngarojong miara walungan nu aya di
mana waé, kaasup walungan Citarum.
Harita, karep kitu téh dihaminan ku
Gupernur Jawa Barat, H. Ahmad
Heryawan nu hadir dina éta acara.
Gupernur gé nétélakeun, pihakna
teu weléh satékah polah miara jeung
ningkatkeun ajén Ciatarum. Malah,
cenah, tarékah kitu téh lain ukur
lalambé tapi geus prak ti taun 2008
kénéh. Atuh, pangrojong Pemda Jawa
Barat ka organisasi nu mikanyaah
Citarum gé teu kurang-kurang. Ngan,
cenah, hasilnamémang can nyugemakeun sarta kudu leuwih dihangkeutkeun deui.
Geusan miara Citarum, ceuk
Gubernur Jawa Barat, pihakna gé
geus nangtukeun léngkah anu jinek.
Ngan tangtu wé luyu jeung kamampuhan. Hartina, léngkah kitu téh
bakal ngeureuyeuh, tapi jinek
udaganana. Léngkah munggaran,
dina 2014, ngabebenah Citarum di
bagian sunggapan, dua puluh kilométér
heula,
dimimitian
ti
wewengkon Situ Cisanti, nu aya di
wewengkon Kabupaten Bandung.
Dina lengkah saterusna, nuluykeun deui hanca garapan kalayan
sasaranana lima welas kilometer. Ti
dinya diteruskeun deui sapuluh kilometer, sarta disambung lima kilometer deui. “Tangtu we garapanana
gé sagala rupana,” pokna.
Ngabebenah walungan, mémang
lain ukur miara caina, tapi deuih
lingkunganana. Ku lantaran kitu,
ngahéjokeun deui lingkungan nu
mangaruhan walungan Citarum kudu
jadi garapan gawé nu daria.
Saterusna, dina miara ajén cai, ngajaga tur ngariksa sagala rupa nu bakal
mangaruhan kana ajén cai. Contona,
cenah, nu mariceun kokotor boh ti
imah-imah boh ti industri teu meunang langsung dikamalirkeun ka
walungan, saacan disaring jadi cai
‘beresih’ nu teu matak ngotoran
walungan. Matak, cenah, nu leuwih
penting téh kasadaran sakumna
masarakat sangkan teu sagawayah
miceun kokotor ka walungan. ***
(AS/Ensa)
7
9. Pasanggiri Tembang Sunda Cianjuran
sa-Jawa Barat
Piala Ida Widawati 2013
P
ROSESI dibukana Pasanggiri
Tembang Sunda Cianjuran Piala
Ida Widawati 2013, diwangun ku
pagelaran nu kawilang langka. Gelar tari
téh dipirig kacapi suling, henteu ku
gamelan kawas ilaharna. Koréograferna
Iwa Permana SSen, ti Mitra Seni Inten
Dewangga, geus hasil magelarkeun
pintonan anu satéma jeung acara, henteu incah tina kacapi suling jeung Tembang Sunda Cianjuran. Ieu prosési
dideudeul ku sapuluh penari, lima jajaka
(Gilang, Gatot, Dadan, Zainal jeung
Denny), jeung lima wanoja (Uum, Adé,
Yuka, Alma jeung Mira), minangka lambang yén nu bakal jadi juara téh aya lima
wanoja jeung lima jajaka. Gilang nu
ngalambangkeun spirit (sumanget) kaagungan Prabu Siliwangi, ngabéwarakeun ku lagu, yén bakal turun rundayan
petétan Tembang Sunda.
Kostum
bodas minangka ciri warna kembang
malati, ngaran Lingkung Seni nu
ngayakeun ieu acara. Salian ti éta, pulas
bodas lambang kasucian, nambahan
nuansa hidmat kana suasana. Penari
jajaka geus reres ngibing, dariuk dina
panggung. Burudul iringan Ida dituturkeun ku mojang penari, limaan
8
nanggeuy dua piala bergilir Ida
Widawati, ti lawang asup Gedong Sunan
Ambu, STSI Bandung. Ida nembang
lagu bubuka ku Cianjuran dina Kulukulu Bem. Lulus banglus, prosési téh
réngsé kalawan hidmat jeung dangiangan.
Dina obrolan jeung “Mangle”, Ketua
Panitia Herry Supriadi dibarengan ku
Ida Widawati nétélakeun yén cita-cita
ngayakeun ieu pasanggiri téh geus ti
baréto. Sanajan harita mah nu kacipta
ku Ida téh saukur ruang lingkup Garut,
tempat lahirna. Taya maksud nanaon,
iwal ti hayang ngahiap ka generasi ngora
anu micinta tembang Sunda. Lebar cék
Ida, lamun petétan téh henteu disambat.
Ieu cita-cita Ida téh dipadungdengkeun jeung para tokoh tembang.
Bet loba nu protés, naha cenah maké
saukur ruang lingkup Garut, apan
ngaran Ida téh geus lega ambahanana,
nepi ka tingkat nasional, malah internasional. Tapi Ida angger asa bingung
kénéh. Na ti mana ngawaragadanana?
Tapi dina émprona mah nu milu
ngarojong téh henteu saeutik. Geura wé,
di antarana aya ti YPK, Kadisbudpar
Jawa Barat, STSI Bandung, Damas, Ju-
gala, Pangauban Kawih Sunda, GPFS
Garut, NF Record, Mitra Seni Inten Dewangga, Paguyuban Tembang Sunda
Cianjuran Jawa Barat jeung Ranggon
Cijagra. Can kaasup sumbangan moril ti
rekan-rekan Ida jeung Herry. Di antarana Mamah Dasimah, Neneng Dinar, Ida
Rosida, Ai Eka, Lenny, jste. Malah
Tintin Suparyani, nu kungsi jadi Juag
Oma dina Gending Karesmen Ceurik
Oma, ngahadiahan kacapi indung jeung
rincik. Ieu kacapi dipasrahkeun ka
Kabupatén Garut, daérah anu panglobana ngirimkeun wawakil patandang.
Lain Goong Nabeuh Manéh
Basa Ida Widawati kudu biantara
ngalaporkeun ieu kagiatan, katara rada
dumareuda. Kagagas, meureunan
pédah cita-citana laksana. Ida gé sasadu,
cenah da kakara munggaran pidato
hareupeun umum.
“Hapunten da tangtos seueur
kakiranganana,” cék Ida. “Paralun sanés
badé goong nabeuh manéh, ngayakeun
ieu kagiatan téh, tapi éstu clik tina haté
nu wening, hoyong ngiring ngarojong
ngawanohkeun seni tradisional Sunda
ka generasi muda. Teu pisan-pisan
Manglé 2451
10. gaduh rasa tos janten tokoh. Ieu mah
keur adi-adi, pun anak, boa pun incu,
hayu urang mumulé seni Tembang
Sunda ku urang sadaya,” cék Ida.
Kadisbudpar Jawa Barat, Drs
Nunung Sobari MM mah harita kénéh
dina pangbagéana nyebutkeun yén Ida
teusing goong nabeuh manéh, tapi
goongna ditabeuh ku batur. Ngaran Ida
téh geus kakoncara salaku panembang
senior, anu ti taun 1970-an geus iciki-
salahsawios kasenian adiluhung. Piraku
urang henteu reueus,” cék Ibu Otje.
Teu wudu rempeg. Nu méré pangbagéa téh salian ti Ny Popong Otje
Djundjunan salaku anggota DPRRI
Komisi X, ogé wawakil Kementrian
Pariwisata dan Ekonomi Kretatif ti
Jakarta. Malah di antara hadirin, salian
ti seniman tembang, kawih jeung seniman séjénna, ogé loba tokoh masrakat,
budayawan nu ngahaja nyaksian boh
bung dina widang Tembang Sunda
kalawan henteu pegat. Nu mawi kagiatan Bu Ida, ku Disbudpar dirojong
pisan,” cék Nunung.
“Ida Widawati jeung Lingkung Seni
Malati ngalangkungan Pasanggiri Tembang Sunda kanggo rumaja 14 dugi ka
19 taun, némbongkeun tarékah pewarisan ajén luhung seni mamaos. Ku ayana
ieu tarékah Ida, muga-muga tiasa
ngaronjatkeun minat urang Sunda,
hususna para nonoman, sing langkung
miwanoh tur mikacinta Seni Tembang
Sunda, “ cék Eka Gandara WK, Ketua
Umum Pangauban Kawih Sunda Jawa
Barat.
Ari Gubernur Jawa Barat dina
sambutan tinulisna, nétélakeun yén ajén
budaya daérah téh ku pamaréntah dijadikeun salah sahji kakuatan sosial
pikeun ngaraketkeun persatuan jeung
kesatuan. Ku kituna Gubernur miharep
ieu kagiatan bisa nambahan ajén inajén
budaya tur dampakna positif kana pembinaan jeung pengembangan Tembang
Sunda Cianjuran. Dina ahirna mah
bakal ngamuara kana tumuwuhna
budaya nasional, malah internasional.”
“Seni Tembang Sunda téh geus diangken ku dunya internasional, jadi
dina pembukaan boh dina penutupan
acara. Di antarana aya Ajip Rosidi,
Gugum Gumbira, Abdullah Mustappa,
Endang Karman, Yus Wiradiredja,
Karno Kartadibrata, Uu Rukmana, HD
Bastaman jeung réa-réa deui.
Manglé 2451
Lagu nu dipasanggirikeun
Tina katerangan Ketua Panitia
Pasanggiri, Herry Supriadi jeung Hasan
Syafrudin, tétéla anu disebut Tembang
Sunda dina ieu pasanggiri, nya éta Cianjuran. Lagu-laguna ngawengku
Papantunan, Jejemplangan, Dedegungan, Rarancagan jeung lagu-lagu
Panambih; dina dua laras, Pélog jeung
Sorog.
Ieu pasanggiri téh lumangsung di
STSI Bandung ti 10-13 Nopémber 2013,
nu miluna aya 51 urang, diancokeun
keur masyarakat umum, wawakil sakola
atawa utusan daérah sa-Jawa Barat,
keur mojang jajaka anu umurna 14-19
taun tur geus ngawasa lalaguan nu dipasanggirikeun, di antarana Kentar
Ajun, Asmarandana Polos, Wani-wani,
Mupu Kembang, Rajamantri, Cinta
Waas, jeung Nandasa. Ari lagu panambih, di antarana Angin Peuting,
Selabintana, Ka Saha, Lembur Singkur.
Piala Kajuaraan
Sabada para finalis tandang
makalangan, diajén ku para juri, Herry
Suheriyanto, Neneng Fitri jeung Kari
Mulyana, pasanggiri nangtukeun heula
dua puluh finalis jajaka jeung mojang.
Saterusna para finalis diajén deui dina
babak final.
Pikeun golongan mojang, pinunjul
kahiji beunang ku Fadila Nur Asifah ti
Bandung, kadua Reka Diah Pasha ti
Garut, katilu Sri Ningsih ti Bandung,
harepan I Nurul Cholidania ti Bandung
jeung harepan II Silvi Risviani ti
Sumedang. Ari pikeun golongan jajaka,
pinunjul kahiji beunang ku Arief Abdul
Rochman ti Bandung, kadua Dika
Dzikriawan ti Cianjur, katilu Muhammad Ridwan ti Bandung, harepan I. M
Raudia Sukma ti Garut, jeung harepan
II, M. Imam Maulana ogé ti Garut. Mojang jeung jajaka juara kahji, narima
piala bergilir, piala tetep jeung duit
kadeudeuh. Ari pinunjul kadua nepi ka
harepan sarua pada-pada narima piala
tetep jeung duit kadeudeuh. Gedéna
kadeudeuh téh Rp 30 juta keur saréréa.
Salian ti éta kabéh pinunjul narima
medali kajuaraan, smartphone ti sponsor, jeung payung ti Ibu Otje.
Dina pidato panutupna Kadisbudpar Jawa Barat Drs Nunung Sobari, MM
nandeskeun kabungahna nyaksian
lobana nonoman anu miluan kana ieu
pasanggiri. Ieu ngandung harti, seni
Tembang Sunda bakal loba nu
neruskeun.
“Numutkeun Unesco, unggal poé
loba basa indung nungtutan ilang
tanpa karana, lantaran nu makéna
nungtutan laleungitan. Eta dina basa.
Kitu deui dina seni. Upami
masarakatna tos teu hoyongeun ilubiung deui dina Tembang Sunda, tangtos
senina téh bakal ilang. Alhamdulillah,
ningali sakieu rempegna para nonoman anu ngariring mikacinta Tembang
Sunda, kahariwang seni urang bakal
kawas jati kasilih ku junti téh teu aya
ayeuna mah. Reugreug. Ieu acara téh
sanés kagiatan Disbudpar sareng
Lingkung Seni Malati wungkul, tapi
kagiatan urang sadaya. Nu ngadeudeulna aya lima komponén, kahiji
pamaréntah nu memfasilitasi, kadua
seniman nu kagungan kréasi, katilu
sponsor dina widang promosi,
masyarakat nu ngaapresiasi sareng
wartawan dina widang publikasi,” cék
Nunung Sobari. Pasanggiri Tembang
Sunda Piala Ida Widawati téh diayakeun dua taun sakali. (aa).***
9
11. Bagian
181
Peuting ka-213
Kasedih raja parat ka
rahayat. Poé éta mah,
loba nu ngeureunan
kagiatanana. Nu boga
toko nutup tokona, nu
karuli milih cicing di
imah-imahna. Patinglaliud nyaritakeun musibah nu tumiba ka
kulawarga raja.
Raja mémang masih
kénéh panasaran. Tacan
boga kacindekan, naha
putrana téh maot lantaran direweg sato galak
atawa lantaran rampog.
Nu jinek, ceuk pikir raja,
Komarujaman geus taya
di kieuna.
Pasipatan raja robah
kacida. Bangun leungiteun sumanget. Atuh,
kituna téh mangaruhan
kana roda pamaréntahan.
Dina saminggu téh, raja
ukur dua poé ngalaksanakeun pancén gawéna, da
poé-poé séjénna mah
ukur numpi manéh di
10
wawangunan husus
pikeun pangeling-ngeling
ka anakna.
Kitu deui Komarujaman, keur ngungun
harita téh. Sedih kingkin
mikiran nasibna. Teu
nyana bet kitu kajadianana, kudu anggang jeung
nu dipicintana bari teu
apal kumaha kaayaanana.
Najan sedih, Komarujaman ngawayahnakeun
manéh nurut kana papatah aki-aki nu ngajaga éta
taman. Cenah, wayahna
kudu nungguan mangbulan-bulan hayang
neruskeun lalampahan ka
nagri Islam téh, lantaran
pibakaleun aya kapal nu
balayar ti éta nagri ka
nagri Islam téh dina ahir
taun.
“Wayahna wé hidep
téh kudu cicing heula di
dieu nepi kana waktuna,”
ceuk aki-aki.
“Hatur nuhun atuh
Ki,” walonna.
Tamba teuing euweuh
kagiatan, Komarujaman
mantuan meresiihan
taman jeung sakalikalieun milu nyeboran
pepelakan. Atuh, ku
pasipatan jeung kadaék
semahna kitu, aki-aki téh
kacida atoheunana. Timbul weh rasa nyaah, asa
ka anak sorangan.
Béak poé ganti
minggu, ahirna nyorang
wilangan bulan. Komarujaman ngawayahnakeun
maneh cicing di eta tempat. Saban waktu inyana
nanyakeun ka nu boga
kebon perkara kira-kira
piindniteun manehna ti
eta tempat. Ngan, tetela
eta aki-aki téh can bisa
mere waktu anu pasti.
Hiji mangsa, aki-aki
nyarita, cenah, poé éta
mah teu kudu baranggawé. Cicing wé di saung,
teu nanaon numpi manéh
ogé. Kituna téh, lantaran
harita mah poé peré.
Pagawé eureun tina
pancén gawena, nu daragang nutup tokona, kitu
deui nu ngarala lauk ka
laut poe eta mah
areureun. Kituna téh, lan-
taran poé peré téa keur nu
ngagem agama Majusi
mah.
Biasana, poé éta mah
waktuna silihanjangan
jeung dulur-dulurna. Ari
éta aki-aki, dina poé éta
téh rék ngahaja ulin ka
basisir, rek neangan beja
iraha-irahana bakal aya
kapal nu balabuh ka lebah
dinya. Kituna téh, lantaran harita geus deukeut
kana ahir taun. Hartina,
waktuna aya kapal nu
ngaliwat ka dinya nu
saterusna nuluykeun
lalampahan ka nagri
Islam.
Jung éta aki-aki téh
indit, muru ka basisir. Ari
Komarujaman, ti sajigna
pribumi téh, leos we
kaluar ti eta wawangunan. Ngadon jalan-jalan
bari sakalian nyinglarkeun lalangse nu
ngareupeukan hatena.
Leumpangna memang
taya tujuan. Pikirna, ukur
rek leuleumpangan di
sabudeureun eta kebon.
Ngan, lantaran malaweung, jetruk indung
sukuna titajong kana
Manglé 2451
12. akar. Sorodot nolonjong
neunggar tangkal
hareupeunana. Jedak
tidagor!
Komarujaman
muringis nahan kanyeri.
Ley getih tina tarangna
ngaberebey. Horéng lain
ukur buncunur, da nepi
ka soek kulit tarangna
téh. Keur mendet getih nu
ngaberebey, Komarujaman téh nyoekeun bajuna, terus diperbankeun
kana tarangna.
Kalayan bari rumanggieung, manehna
leumpang sababaraha
lengkah. Angkanana mah,
rek terus balik ka
saungna. Ngan,
taksiran teu kuat,
pangaruh tina
tarangna anu tatu
karasana téh lieur.
Brek Komarujaman cingogo
deukeut tangkal
gede nu
dangdaunanana
ngarumpuyuk.
Geus kitu mah,
manehna diuk,
ngesod nyarande
kana eta tangkal.
Bari
ngararasakeun
kanyeri, manehna
peureum. Ngan,
kakara ge rek reup,
kagareuwahkeun
ku nu recet dina
dahan tangkal
luhureunana.
Nyah, Komarujaman beunta,
horeng nu recet téh
manuk dua keur
pahareup -hareup
kalayan nyoara
patarik-tarik.
Meh bareng
manuk nu dua téh
ngagalaprak, silih
tarajang. Ger
galungan, silihpacok silih bintih.
Taksiran, ku lantaran pada-pada
Manglé 2451
kuatna, itu ieu ge tacan
katingali tanda-tanda
bakal aya nu kasoran.
Komarujaman ngahuleng. Kakara harita
nempo manuk galungan
kawas kitu. Da biasana
mah, mun diadu téh ukur
sageprakan, tangtu nu hiji
mah buru-buru kabur. Ari
harita, manuk nu dua téh
lir bebeakan, kawas nu
rela nepi ka ajal, da buktina, apan najan bangun
raripuh ge angger keneh
taya nu boboleh ngaku
eleh.
Sanggeus sababara
jongjongan, kakara aya nu
eleh. Tapi, lawanna ba-
ngun nu tacan sugema.
Da eta we, lain hiber
ninggalkeun lawanna,
malah jebrod ngabintih,
nu saterusna macok
gengengerong lawanana
nepi ka sapat. Geleber
weh manuk nu unggul
diadu téh hiber kalayan
bari ngaranggeum hulu
manuk nu kasoran tea.
Awak manuk nu euweuh huluan ngoleang ka
ka handap. Gubrag weh
ka hareupeun komarujaman. Awak manuk teu
usik-teu malik, da puguh
di luhur tangkal keneh ge
geus paeh!
Tacan reureuh tina
kakagetna, kadenge sora
manuk sejen dina dahan.
Breh tembong manuk dua
kawas sajodo. Uclagacleg dina dahan bari teu
reureuh disada. Matana
gular-giler ka handap.
Geus kitu, siet weh nyirorot ka lebah bangke
manuk hareupeun
Komarujaman.
Cle napak kana
taneuh, duanana
ngadeukeutan bangke
manuk sejenna. Brukbruk dareku, macokan
awak eta manuk. Geus
kitu, dua manuk téh
tarungkul bangun sedih.
Komarujaman heran
kacida. Kakara
harita nyaksian
paripolah manuk
kawas kitu. Kawas
manusa nu boga
rasa, aya kanyaah
ka sasama. Taksiran, eta manuk
téh ngartieun,
baturna geus paeh.
Duana pating arunggut. Geus
kitu, macokan
jeung ngoeran
taneuh. Nu kahartina ku
Komaru jaman
mah, meureun eta
manuk nu dua
téh, ngali taneuh.
Beuki lila,
taneuh nu digalina beuki jero.
Geus pimahieun
ngubur manuk
baturna, eta
manuk nu dua téh
ngacleg
ngadeukeutan
bangke baturna.
Kalayan dicakaran
jeung disered ku
pamatuk na, brus
we bangke manuk
nu eleh diadu téh,
diabuskeun kana
lombang. ***
(Hanca)
11
13. Ku M.A. Salmun
{ 20 }
P
aéhna Si Abdullah, ku
sabagian pangeusi Bandung babakuna nu
nyarahoeun jeung nu geus
ngarasakeun kajahatan Si
Abdullah, dianggap meujeuhna
malah adil. Nu geus pasti di
Bandung ngurangan ulon-ulon
saurang, purah ngagoda nu
ngarora, purah nipu, purah
licik. Nyi Rapiah ogé anggapanana, punjulna ti nu lian téh
maké karunyaeun ka Nyi
Nisah, anak pangasuhna baréto
keur leutik, jeung terangeun,
yén Nyi Nisah maké méh tara
milu ngadahar rejeki Si Abdullah beunangna teu halal téh, da
gegedéna mah dahar paké
usahana pribadi, buburuh téa.
Sabalikna ari maruna mah,
Agan Sari, gegebegan rerenjagan téh alahbatan usum gelap
dor-dar, sabab yakin yén Si
Abdullah paéh téh nginum
racunna pribadi, sasat meunang mangmeulikeun Agan.
Najan teu sidik kumaha sababsababna nu matak racun
legukna bet ku Si Abdullah lain
ka Nyi Rapiah, teu keudeu haté
Agan Sariningrat lir anak ucing
katuruban sarung, abrug-abrugan teu daék cicing, mani asa
manéhna priabdi nu ngalolo Si
Abdullah téh. Mangkaning
12
béjana pulisi keur ngulincer
néangan nu boga dosana.
Leuh, kumaha lamun kabitur?
Paingan cék omong kolot:
“Moal tulus jadina utama,
lamun jail ka papada jalma.”
Buktina cara Sari; tadina geus
bener-bener, pasrah sadrah
kana kadar, rumasa jadi nu
ngora naha maké marudah
ngabeka, boga rasa aing luhur,
sangeuk diunghak ku cacah.
Samarukna kaluhuran jalma
téh anggeus ku jadi turunan
ménak baé, anggeus ku beunghar baé. Samarukna kaménakan kabeungharan téh cukup
geusan dijieun takeran kamulyaan. Bisa jadi cacah téh
serab ku gurilpna kaménakan,
bisa jadi somah téh serab ku
ruhayna kabeungharan, tapi
sérab téh acan ngandung harti
ngamulyakeun jeung ngajénan.
Cara banténg sieun ku singa,
sieun dina harti mending ulah
amprok, mending ulah
pasendatan. Tapi lamun
sakalieun amprok sarta
sakadang singa rék nekuk mah,
atuh banténg gé da bogaeun
tanduk. Ciri kamulyaan jalma
téh: hiji budina, dua amalna.
Ka jelema nu geus paéh, nineung téh lain kana ménakna
atawa beungharna, tapi leungi-
teun ku budina, pinterna,
kabisana, kadaékna, hasil
gawéna.
Ngajénan ménak jeung
ngajénan nu beunghar sabot
hirup, nutur aub atawa ngarah
kuah beukah. Ada gula, ada
semut.
Tapi jalma anu mulya enya
mah, najan geus paéh rébuan
taun gé tetep dimulyakeun baé.
Serabna jeung ajrihna
somah ka ménak jeung ka nu
beunghar gé kitu. Semet diala
gawéna atawa diala tanagana
somah téh sadrah; nepi ka
diperih pati, dipuraga diwadalkeun pisan, biasa jadi
somah téh moal baha asal
karasaeun gunana; tapi ...
lamun geus diraheutan haténa,
ditarajang rasana, tah lebah
dinya mah sabodo cacah,
sahéngkérna somah moal teu
hudang ... ngalawan!
Ari jalma téa, saha-saha gé
moal daékeun dinyenyeri mah;
ninggang di Nyi Rapiah, luas
ngaguyurkeun ngagujrudkeun;
ana dibales ka awakna pribadi;
ceuk basa pakampungan tea
mah katulah ku tulang
beuheungna sorangan. Leuwih
ti kitu, dasar bagja-cilaka ari
datang tampolanana sok tara
“sosorangan” tapi “ngaleut”
mawa batur, ka Agan Sari ogé
nya kitu. Ari sababna, isuk éta
téh Usman disaur ku patih ka
kamarna, dipénta tanggung
jawab bab parekin kopi jeung
laladangan kai, sabab réa
angka nu teu cocog, boh angka
tanggal boh angka jumlah.
Najan patih henteu
nyarekan maké sia-aing, malah
sabalikna teu tinggal di leuleuy
jeung tartib, tapi ku Usman
karasaeun, yén lamun bukubuku téh paruguh alang-ujurna
mah moal inggis ngalaporkeun
ka pulisi.
Ari patih téh ménak
enyaan; bener tur beresih ka
haté-haténa, disebut panyaluuhan rayat téh ieu mah enya,
lain ménak dapon ménak. Ka
nu salah, tara pilih kasih, teu
ngitung sobat atawa baraya, ari
mistina dihukum mah dihukum baé. Najan cacah
kuricakan lamun sidik lempeng-bener, moal teu dibélaan,
dimeunangkeun.
Ku kawijakan patih,
Usman ditémpoan saminggu
sina bébérés menerkeun
bukuna. Dijalanan kitu téh aya
dua maksud: cenah buku téh
lain dihaja diacak-acak, tapi
mémang kaliru atawa gagabah
baé, atuh basana gé tara aya
kakaliruan buku anu teu beunang dibébérés; ceunah
kusutna ku dihaja diacak-acak,
atuh tambah kuat pibuktieun
ka pulisi.
Balik ti pagawéan –da giliran di Nyi Rapiah—nyampak
pamajikan api lain, datang
salaki téh sumawonna haripeut
ngabagéakeun, jongjon baé
Manglé 2451
14. ngarénda, teu béda ti kaasupan
ucing, teu digebah teu disambat. Ari pék ambeh Aom
téh, teu wani, da itu mangkeluk
Si Roda teu jauh ti panto! Minangka dahar capé balik ti kantor, cama-cimi sagala teu
mirasa; ku Nyi Piah teu digarah-geureuh, tonggoy baé
ngarénda. Bérés dahar, gék
diuk di gigireun Nyi Rapiah, dianggap angin baé. Ngan barang
rék leleson, ceuk pamajikanana
téh: “Moal ngalayad ka
pahlawan kadeuheus?”
Aom Ngarandeg:
“Ngalayad? Na saha nu maot?”
Nanya kitu téh enyaan teu
nyahona, da tadi ti kantor teu
reureuh diguliksek ku patih
téa. Kaluar ti kamar patih,
babaturan teu aya nu ngabéjaan, yén Si Abdullah paéh aya
nu ngabaruang, saperkara bisi
Aom ngabarérang duméh tas
dibenduan ku patih, ka duana,
éta téa, mimiti réa nu ijid ka
Usman téh, réa nu ngarenggangan, komo nu boga pamajikan tegep mah.
Nyi Piah ngadilak: “Weeeh,
mamandaluanana, sieun
kabawa goreng, mun teu rék di
dinya gé nu boga dosana?”
Aom rada nyereng: “Sing
bener ngomong téh Piah! Naon
téa ieu téh?”
Nyi Piah ngajanggilek,
ngomongna leuleuy, adab tapi
handap lanyap: “Sumuhun
timbalan, Aom, gegedug
kakasih. Agan Abdullah tilar
dunya tadi énjing, aya nu
ngabaruang, wartosna létahna
gé ngelél sapertos Si Koplok,
socana gé kulan, wartosan
narongtot sieun teu awas
nénjoan dosana. Sanagara
Bandung anu nawing
cécéwérna mah parantos
kawartosan piraku gamparan
gé teu ngadangu, da ari aya
randa anyar mah cepil téh
mani alahbatan ceuli léntah.”
Aom Usman, nya panaspeurih ku ucap-ucapna Nyi
Rapiah nya kagét ku béja,
ceulina mani pating harieng,
nurutkeun napsu mah hayang
gampleng-gampleng baé
nampilingan, hadéna –
uyuhan!—kuat kénéh nahan
amarah, leguk nginum heula
meper napsu, lengo nempo Si
Roda ti panto bari nanya:
“Roda, enya si Abdullah téh
maot?”
Manglé 2451
Roda: “Rék teu percaya
kana omongan pamajikan percaya ka saha deui, atuh?”
Usman: “Éta da, Nyai jiga
heureuy.”
Nyi Rapiah nyeuleukeuteuk, kapiasem ku lalaki dedeg
sampé rupa hadé ari pucus
cara beurit. Pok ngomong
enyaan teu ngamaénkeun,
karunya: “Yaktos gamparan,
pun Abdullah téh maot, tadi
enjing, aya nu ngaracun, malah
pulisi nuju milarian nu gaduh
dosana. Sageuy gamparan teu
kawartosan.”
Aom Usman kakara percaya enya: “Akang téh sapoé
ieu di kamar juragan patih, nu
matak gé. Lain, Piah atuh
Akang salah mun teu ngalayad,
rék ka ditu atuh ayeuna nya!”
Nyi Rapiah: “Mangga baé,
ongkoh ti tadi gé abdi naros.
Asal ulah lalajengan baé.”
Nyebut: “Ulah lalajengan”
téh ku Usman gé kahartieun,
maksudna mah: “Ati-ati sia
lamun ka imah Si Sari!”
Geus dangdan garudasgaridus gesar-gesut, clak
Usman kana per, meunang
ngeureunkeun Si Roda titahan
Nyi Rapiah. Mani neger ka Babatankeun, ari datang nyampak mayit keur diturunkeun ti
imah. Daékeun sotéh jalmajalma mulasara jeung ngagotong mayit Si Abdullah,
sakituanana mandang Ki Lebe
jeung Ibu Haji Ubeng, teu
ngadeuleu ka eta jelma dua
mah, boa nepi ka isukan mah
éta mayit téh ngalojor kénéh.
Nyi Nisah anu geus poho
kana duduga peryoga, nénjo
Usman turun tina per mani
nyirinting nyampeurkeun bari
nyarékan: “Tah ieu yeuh,
jelema ieu anu mamawa kojor
salaki kami téh. Lamun teu
nutur-nutur jelma kieu mah,
meureun salaki kami téh hirup
kénéh.”
Nu araya pada hideng, Nyi
Nisah geuwat pada ngarawat,
ku Ua Pancir sasatna dipanggul
ka jero imah. Kahartina ku
saréréa, ngaweweleh biasa baé,
duméh enya si Abdullah sok
ngikintil Aom. Saemet deui
pisan, bis baé Nyi Nisah ngambat-ngambat “pélét” nu ceuk Si
Abdullah keur peuting magar
paméré Aom Usman geusan
Nyi Rapiah téa. Lamun
sungutna teu kaburu dibekem
ku Ua Pancir (maksudna ulah
sina nyarekan ménak!) wah...
rasiah Agan Sari sasat beunang
kuncina.
Puguh baé Aom wiwirang
di kolong catang, dicarékan
bari ditutunjuk ku pantaran
Nyi Nisah tur di hareupeun réa
jelema téh.
Kawas enya lampah doraka
téh sok mawa sial, buktina cara
Aom Usman nu betah dina
doraka, sagala téh ngan sialbengsal baé. Di kantor digotrok
ku dunungan, di imah direheng
ku pamajikan duanana, di
panyabaan ditutunjuk ku deungeun. Ampun!
Rarasaan Aom, mani asa
teu boga beungeut bawaning
ku wirang, léos baé balik deui,
teu kaduga terus nganterkeun
mayit. Hadéna per nu tadi acan
indit, clak deui baé kana
tutumpakan éta. Ari datang ka
imah Nyi Piah, rarasaan geus
kieu lain kitu lain, rasa bawa ti
kantor can lipur, reheng Nyi
Piah karasa kénéh, wiwirang di
Babatan asa nampoléd dina
beungeut, ambek nyedek
tanaga midek, segruk baé
ceurik, harita karasa
kaduhungna ku sakabéh lakulampahna nu kaliwat.
Dasar keur sial, kahartina
ku Nyi Piah mah lain ceurik
nyeungceurikan diri, tapi
ceurik sedih ditingal maot ku Si
Abdullah, atuh pohara
girukeunana ka salakina, bet
maké melang ku durjayana anu
tetela sakitu jahatna.
Lamun jalma eukeur sial eukeur sué,
sok jeweh.
Muru luput moro lepot
muntang pegat,
harésé.
Nété semplek nincak semplak
sarwa salah,
teu bérés.
Aom Usman kitu kagok kieu
pugag,
ngéng léwéh.
Pamajikan lain nyombo kalah
ngantep,
lah réhé.
Nya ayeuna karasana salah
tincak
teu hadé.
Sakumaha anu geus
dicaritakeun, lamun Aom
Usman keur kilir di Nyi
Rapiah, Agan S
ari sok kasémahan ku
Anom Belem. Harita gé, nya
kitu.
(hanca)
13
15. “Ma Lima”
Geus Mahabu Kabina-bina
Ku Usép Romli HM
“Ma-Lima” singgetan tina Maling (ngabangsat,korupsi)), Madon
(jinah, lacur), Main (adu-aduan,
judi), Maténi (maéhan), jeung
Madat (mamabokan, inuman keras,
ganja, narkoba, shabu-shabu). Ieu
singgetan, karya linuhung para
karuhun, sangkan babari dipikaharti ku balaréa. Sangkan saréréa
ngajauhan laku kitu. Tong boro
ngarempak limaanana, nyobanyoba milampah hiji ogé, geus
matak
bahla
saumur-umur.
Ngukundang balukar goréng nepi
ka jaga. Parat ka ahérat.
Tapi kiwari, “ma-lima” kawas
geus teu dianggap perkara badag.
Boa geus jadi fosil pinuh kebul
satengahing sikep katut
sipat
hedonis, materialis, sarta ngumbar
hawa napsu di mamana. Teu mandang tempat,teu mandang tingkat.
Ti lingkungan masarakat lara
bakangsak,nepi ka lingkungan élit
nu sarwa hurung hérang. Mimiti ku
pribadi-pribadi, nepi ka ku kelompok, institusi, katut lembaga . MaLima kiwari geus jadi kalangenan
sapopoé nu kawilang lumrah.
Contona “maling”. Wangunna
geus rupa-rupa. Korupsi, suapsogok, gratifikasi, mark-up, tupatipu, jsb.
Nu migawéna,lain
saurang dua urang. Tapi berjamaah. Nembrak negrak, teu susulumputan deui. Tempatna, bisa baé
di
hotél
méwah,
gedong
DPR/DPRD, imah konglomérat,
kantor aparat hukum, jeung sajabana nu teu pipantesan dipaké kikituan.
Lacur ogé geus terang-terangan.
14
Teu
nyamuni
bari
ukur
ngalampiaskeun sahwat. Ayeuna
ngahaja dirékam. Didokuméntasikeunana dina foto atawa vidéo.
Disebarluaskeun ambéh sohor jadi
bahan warta. Teu miduli ancaman
hukuman jeung panghujat ti sisiti
gigir.
Ari “maling” jeung “madon”, sok
ngantét bareng. Kasus suap impor
daging sapi, nu dipilampah ku AF
jeung LHI, apan ngalibetkeun
sababaraha urang kaom wanita
kelas selebritis. Kitu deui, Ketua
MK manten,AM, kabéjakeun ngiriman duit ka sababaraha urang artis
dangdut kamashur, nepi ka ratusan
juta rupia.
Maén alias judi, baheula mah
ukur pirajeunan. Ayeuna mah geus
mangrupa perkara nu teu bisa
dipisahkeun
tina
kanyataan
sapopoé.Boh adu-aduan nu katénjo
langsung jentulna, bangsaning
tarohan, lotré, ngadu muncang,
ngadu domba, jsb., nepi ka aduaduan nu teu katénjo (abstrak) tapi
ngandung unsur judi. Hayang jadi
PNS, hayang katarima ka paguron
luhur, pilkada, pilbup, malah pilpres, jeung pileg, teu leupas tina
judi. Dipaké tumpangan saha nu
meunang saha nu éléh,dipaké lahan
suap sogok,jsb.
Maténi atawa maéhan, geus teu
bireuk deui. Teu béda ti sasarap.
Barang bray koran dibaca, barang
tivi disetél, langsung disampakkeun
warta rajapati. Ti mimiti maéhan
biasa, nepi ka mutilasi. Aya nu
langsung kapanggih, aya nu mangtaun-taun lebeng.
Sajaba maténi nu aya hubungan
langsung kana
nyawa papada
manusa, aya deuih maténi nu
sipatna
samar-samar.
Tapi
balukarna mah sarua. Malah boa
leuwih réa nimbulkeun korban.
Nyaéta “maténi” kapercayaan rayat
ku para wakilna di DPR/DPRD.
Maténi aspirasi, maténi kajujuran.
Para wakil rayat di DPR/DPRD,
geus teu beunang dipercaya deui ku
rayat, lantaran goréng gawé jeung
goréng kalakuan. Geus teu narima
deui kapercayaan rayat, lantaran
maranéhna geus wani curang,
gedebul. Mindeng kajadian para
wakil rayat studi banding ka luar
nagri. Ngan ukur ngaran wungkul
da dina prakna mah ukur jalanjalan,balanja, piknik, jsb. Padahal
diongkosan ku duit rahayat.
Kungsi kabéjakeun dina koran
jeung tivi, sawatara urang wakil
rakyat, nu keur arulin ka Swiss
rerencepan. Ngakukeun keur gawé
lapangan di Mesuji, tapel wates
Prov.Lampung dan Sumsel, nu
harita keur nandangan uru-ara.
Maranéhna wani ngabohong keur
nutupan bohong-bohong sejenna.
Maranéhna geus “mateni” ati
sanubarina di parlemén. Geus
“maéhan
manéh”
sakaligus
“maéhan rayat”na sorangan. Atuh
teu béda ti “zombie”. Mayit hirup
tukang ngajujurigan kahirupan
jalma normal.
Madat – udud candu -- baheula
dikonsumsi ku salah sahiji étnis,
dina tempat husus. Diawaskeun ku
aparat nu tegas. Ayeuna mah saha
baé, teu mandang etnis,teu man-
Manglé 2451
16. dang umur, rek awéwé rék lalaki,lir
bébas laluasa ngamadat. Mindeng
digerebeg, ditéwakan, madatna
(narkoba,shabu-shabu, ganja, jsb),
dirampas. Dimusnahkeun. Nu ngagunakeunana dihukum taun-taun.
Tapi angger taya eureunna. Taya
kakapok, lantaran barang-barang
nu dipikabutuh teu weléh nyampak.
Naon nu dipiharep ti hiji bangsa
di hiji nagara anu geus katerap panyakit ”ma lima”? Saban rénghap,
geus eungap ku “ma lima”. Dibungbuan ku bohong gedebul nu bisa dipaké pipinding
tina ancaman
hukum.
Komo lamun nu nyandu kana
“ma-lima” jeung gedebul wadul téh,
réréana élit-élit pinilih bangsa ?
Padahal para élit boga wewenang keur ngarobah kaayaan
bangsa jeung nagara, tina goréng
kana alus. Sangkan rayat tenang,
tengtrem, bagja, raharja. Tapi bet
kalah nambahan kasusah, kakacauan,katut karuksakan dina sagala
widang kahirupan ku cara miara
“ma lima”.
Dina Alqur’an, ditétélakeun,
jalma nu meunang kani’matan
kakawasaan katut kaméwahan
harta,disebut “mutrofin”. Ngan
lantaran dina ngagunakeun kani’matan jeung kaméwahan téh, teu
luyu kana aturan Alloh SWT, malah
digunakeun pikeun ma’siat ka
Anjeunna, istilah “mutrofin”sok dihartikeun “jalma-jalma nu geus
garempak wates wangen”. Nyaéta
milampah
“ma-lima”
jeung
ngaréakeun wadul gedebul.
Nu matak, jalma samodél
kitu,”mutrofin” téa, mangrupa
sumber kaancuran bangsa katut
nagara, sakumaha dawuhan Alloh
SWT dina Quran :
“Saupama Kami rék ngabinasakeun hiji nagri, mangka Kami baris
maréntahkeun ka jalma-jalma nu
hirup méwah di éta nagri (sangkan
ta’at ka Alloh), tapi maranéhna
anggur
durhaka,
nya
geus
sapantesna tumerap katangtuan
Kami enggoning ngancurkeun éta
nagri nepi ka ancur pisan.”(S.Isro :
16).
Geus jadi kabiasaan ti béh ditu
mula, kaum élit di saban nagara,
Manglé 2451
sok ngarasa rugi ku ayana aturan
Alloh SWT. Ngarasa kasengker ku
hukum Islam. Ngan rék nolak
terang-terangan, teu wasa, da haté
leutikna
ngaku
Muslim.
Antukna,sok pipilih. Hukum nu
karasana hampang, teu ngaganggu
kapentingan dirina pribadi, sok ditarima. Tapi hukum nu matak beurat, ditolak sapajodogan.
Ngeunaan hal ieu, katangén
dina S. An Nur :47-50. Yén
maranehna ngaku percaya ka Alloh
SWT sarta RosulNa (Muhammad
Saw). Ngan lain iman, sabab terus
malieus, lamun kudu anut kana
hukum-hukumNa. Kajaba lamun
ngarasa matak nguntungkeun dirina. Naha haté maranéhna nandangan panyakit? Naha maranéhna
mangmang? Atawa kasieunan
lamun hukum-hukum Alloh téh
matak ngarugikeun? Teuteusingna.
Nu jelas, maranéhna kaasup jalmajalma dolim.
Lamun “ma-lima”geus nerekab
dimamana, éta pertanda bakal
ancurna bangsa jeung nagara. Kari
nganti-nganti dawuh ti Nu Maha
Agung. Nu Maha Kawasa nibankeun azab “ti luhureun sirah”
jeung “ ti handapeun suku” (Q.s.al
An’am : 65). Numutkeun pamendak Ibnu Abbas,nu dimaksud azab
“ti luhureun sirah” téh nyaeta “aimmatus suu-i min umaro-ikum”.
Nyaéta para pangawasa bangsa
jeung nagara nu jarahat. Tukang
milampah “ma-lima”. Ari azab “ ti
handapeun suku”, nyaéta “min abidikum wa siflatukum”. Rayat nu
bedang wangkelang, sakarepkarep, lantaran taya pamingpin nu
bisa dipercaya ngaping ngajaring
maranéhna.
Niténan kaayaan kiwari, nu geus
nerekab sagala rupa kalakuan”ma
lima”, meujeuhna lamun urang
gancang aréling. Bisi azab Alloh
SWT tumiba mantén.***
tina internet
15
17. Dongéng-Dongéng
Pieunteungeun
R.H. Muhammad Musa
5. Ucing jeung Titiran
Aya titiran, ngaléléwé kalakuan ucing
nu unggal poé sok mindah-mindahkeun
anakna.
Ceuk titiran téh, “Ucing, naha manéh
mah loba teuing ceta hayang anak salamet
téh? Meureun sangkan ulah dihakan ku
musuh manéh nya. Saha anu mapatahan
kudu ati-ati kitu téh?”
Ucing ngajawab, “Ah kanyaho sorangan
baé, euweuh nu mapatahan. Balikanan
manéh, da sainget kami tara ieu mindahmindahkeun anak. Nu matak anak manéh
mah mindeng aya nu nyokot, boh ku jelema
boh ku kami.”
Hartina ieu dongéng: Jalanna urang
kudu ati-ati téh bisa ku ngawaskeun kasalahan anu séjén. Éta nu ngaranna kapinteran.
Nu hadé nu goréng bisa dipaké conto.
6. Beurit jeung Landak
Keur usum tiris aya landak jeung beurit
cantung. Landak boga paménta, hayang
mondok dina liang beurit cantung da
hayang nyingkahan hawa tiris. Teu mikir
panjang, beurit gancang baé nitah landak
sangkan asup kana liangna.
Tapi barang geus asup kana enggon
beurit, Landak kalah cicing baé teu bijilbijil. Malah tuluy ngeunah-ngeunah baé,
depa dina liang beurit. Atuh nu boga
liangna téh ngénca ngatuhu kukurilingan
teu bisa asup. Tina heurin jeung rungseb ku
seukeutna bulu landak. Bororaah bisa cicing, meus-meus kacocog ku bulu sémahna.
Beurit cantung kacida kaduhungeunana, rumasa salah teu panjang mikir. Nepi
ka antukna beurit téh pok nyarita ka landak
, “Ayeuna déwék geus teu betah euy cicing
di luar. Ari rék asup ka jero heurin ku silaing
da liang déwék téh teu bisa dicicingan ku
duaan. Nu matak silaing ayeuna gancang
kaluar ti liang déwék!”
Tapi landak kalah ngajawab bari seuri,
“Saha anu teu betah cicing di jero ieu liang.
Untung baé manéh tadi bijil, da déwék mah
moal arék nyingkah undur tina ieu liang.
Puguh sakieu genahna.”
16
Hartina ieu dongéng: Mun urang rék
ngawawuhan jalma, kudu dipikir heula
masing asak. Sok réa jalma manggih kasusah lantaran gancang nyobat jeung teu
panjang mikir.
7. Embé Badot jeung Sapi Jalu
Aya embé badot nu kacida bedasna.
Sasama embé atawa dulurna kabéh taya nu
kaduga nandingan karosaanana. Nu matak
éta embé badot téh jadi sombong, boga rasa
euweuh nu bisa ngalawanan manéhna.
Malah hiji mangsa mah éta embé badot téh
wani nangtang perang ka sapi jalu.
Barang papanggih jeung sapi jalu, tuluy
anggang-anggangan baé taki-taki, maksud
rék neunggar. Sebrut, gapruk sapi jalu téh
diteunggar satakerna. Puguh baé embé
badot téh ngajurahroh kalenger, satengah
paéh. Tandukna remuk. Ari sapi nu teu kuakieu, tuluy baé indit deui.
Barang embé badot sadar deui tina
kalengerna, aya sobatna, embé séjén, ngaliwat ka dinya. Pok sobatna nanya, “Keur
naon euy, ngadon ngajoprak di dinya?”
Embé badot ngajawab, “Ah, hayang
nyaho baé kana kakuatan awak sorangan.
Nyoba-nyoba kabedasan.”
Hartina ieu dongéng: kalakuan embé
badot téh ngabuktikeun hiji omongan yén
nu sombong mah méméh meunang cilaka
sok pulutat-polotot. Ari geus cilaka mah sok
ngaléhléh.
8. Kaldé, Manuk Gagak, jeung Nu
Ngangon
Aya kaldé keur nyatuan jukut deukeut
tegal. Ditumpakan ku gagak bari macokan
kulitna anu babak. Puguh baé kaldé téh
nyerieun kacida. Sabisa-bisa manéhna
gigibrig sangkan gagak nyingkah tina tonggongna. Tapi gagak téh teu daékeun nyingkah baé.
Teu jauh ti dinya aya nu ngangon.
Ngan, gagak anu keur macokan téh diantep
baé. Ukur dideukeutan, ari digebah mah
henteu. Malah mah kalah ka seuseurian
bari nempo kalakuan kaldé nu dianggapna
ukur sisiwo.
Kaldé gegerendeng, “Emh, kanyeri
déwék téh jadi dua ayeuna mah. Ari sabab,
jalma anu sakuduna nulungan déwék, bet
kalah nyeungseurikeun.”
Hartina ieu dongéng: Taya nu leuwih
nyeri haté kajaba ti dicacampah. Tapi sahasaha anu nyacampah, nyeungseurikeun
kanyeri, kasusah, atawa kawirang batur, éta
jalma pantes dipikangéwa.
9. Manuk kérak Tinggal Parungpungna
Di hiji leuweung aya kérak nu keur
muru parungpungna. Ngan baé éta parungpung nu jadi sayangna téh horéng geus
dilindih ku ciung. Malah éta ciung téh geus
ngendog jeung megarkeun anakna dina
sayang kérak. Jangjang anak ciung geus humihid.
Ngan baé éta anak ciung téh siga geus
teu salabar ngadago usum, geus hayang
hiber baé bijil tina parungpung. Dicarék
mah dicarék ku indung bapana téh, tapi
tara ieuh didéngékeun. Barang kolotkolotna keur pareng nyaba, salah sahiji
anak ciung téh kaluar tina parungpung
tuluy hiber. Lantaran buluna jangjangna
tacan pepek, atuh hiberna ogé teu jauh,
tuluy murag kana taneuh.
Éta anak ciung téh kapanggih ku budak
angon, tuluy dipaké kaulinan. Sukuna nu
hiji ditalian ku rara, disangsara sapoé jeput.
Barang jangjangna geus pepek, éta anak
manuk ciung téh boga karék rék kabur, teu
miduli kana sukuna anu dicangcang pageuh
pisan. Tapi, manéhna maksa baé hiber sataker tanaga. Enya bisa lesot mah, tapi
sukuna sempal sabeulah, tinggaleun dina
cangcanganana. Atuh jadi cacad saumur
hirupna, sarta jadi ngariweuhkeun dulurdulurna nu welaseun ngurusanan,
diperenahkeun dina dungus.
Hartina ieu dongéng: Ulah réa teuing
mawa karep sorangan mun tacan mampuh
katanagaan mah. Dina waktuna meunang
sial, jadi apes saumur-umur.
(hanca)
Manglé 2451
18. Unpas Ngahasilkeun
Lulusan Pinunjul
N
garengsekeun studi di
Universitas Pasundan
henteu enteng, butuh
karep jeung kadaek ngulik
elmu anu daria. Komo dina
mangsa kiwari, era globalisasi,
persaingan teh kacida beuratna. Ku kituna dina nyanghareupan eta persaingan, lian ti
karep jeung kadaek teh, tangtu
kaweruh (kopetensi diri) jadi
bekel utama anu baris nyumponan harepan. Tangtu, eta
kopetensi bakal dicangking
henteu ujug-ujug kitu wae, nya
dilakonan ku karep jeung perjoangan boh sacara materi boh
non materina. Tapi, ku kaajegan jeung kapancegan diri, eta
perjoangan teu mustahil, nya
baris kapetik naon nu jadi citacita jeung harepan pikeun
nyumponan kabutuh hirup
sapopoe. Nya dibuktikeun dina
wisuda ieu, para wisudawan teh
geus nyuprih perjoangan ku
elmu pangaweruh anu dikemuna.
Eta hal panyumanget jeung
bekel kaludeung keur para alumni Unpas
ditepikeun ku Rektor Universitas Pasundan (Unpas) Bandung Prof. Dr. Ir. H.
Eddy Jusus Sp., M.Si., M. Kom., basa
acara wisuda sarjana, magister jeung
doctor Universitas Pasundan Gelombang
I taun akademik 2013/2014 sawatara
waktu anu anyar kaliwat di gedong
Sasana Budaya Ganesa (SABUGA), Bandung. Harita Acara wisuda Unpas teh digelar dua poe. Poe kahiji (13/11 2013)
wisuda program S1 PSKGJ/PPKHB
Fakultas Keguruan dan Ilmu Pendidikan
(FKIP), sarta poe kaduana (14/11 2013)
wisuda program S1,S2 jeung S3. Hadir
dina eta acara Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi, M.Si., Ketua Umum PB.
Paguyuban Pasundan nu oge Direktur
Fakultas Pasca Sarjana UNPAS, Drs. H.
Makbul Mansur, M.Si., Ketua Yayasan
Pendidikan Tinggi (YPT) Pasundan, para
senat guru besar Unpas, sarta tamu on-
Manglé 2451
Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusus Sp., M.Si., M. Kom.,
Rektor Universitas Pasundan
dangan sejenna.
Jumlah wisudawan program S1
PSKGJ/PPKHB reana 1.523 urang,
ngawengku ti sababaraha daerah di
Jawa Barat, di antarana ti Wilayah Kabupaten Cianjur 104 urang; Wilayah Kabupaten Purwakarta 247 urang; Wilayah
Kabupaten Majalengka 242 urang;
Wilayah Kabupaten Sukabumi 72 urang;
Wilayah Kota Sukabumi 38 urang;
Wilayah Kabupaten Indramayu 171
urang; Wilayah Kabupaten Ciamis 264
urang sarta Wilayah Kabupaten Garut 79
urang. Ti sakitu urang jumlah wisudawan, aya 6 urang wisudawan nu meunang predikat unggulan, diantarana
Asep Edi ti wilayah Kabupaten Cianjur
(nilai sidang 3,84), Ratna Gumilar ti
wilayah Kabupaten Purwakarta (nilai
sidang 3,96), Dede Komara ti wilayah
Kabupaten Majalengka (nilai sidang
3,90), Padilah ti wilayah Kabupaten Suk-
abumi (nilai sidang 3,85), Tresna
Permata Agustiani (nilai sidang
3,85), Konirin ti wilayah Kabupaten Indramayu (nilai sidang
3,81), Sa’diyah ti wilayah Kabupaten Ciamis (nilai sidang 3,87)
sarta Yanyan ti wilayah Kabupaten Garut (nilai sidang 3,85).
Sawatara eta, jumlah paserta
wisuda program S1, S2 jeung S3
reana 1.213 urang, ngawengku 112
urang ti Fakultas Hukum; 207
urang ti Fakultas Ilmu Sosial dan
Ilmu Politik; 128 urang ti Fakultas
Teknik; 182 urang ti Fakultas
Ekonomi; 394 urang ti Fakultas
Keguruan dan Ilmu Pendidikan;
34 urang ti Fakultas Ilmu Seni
dan Sastra; 49 urang Magister
Ilmu Administrasi; 38 urang
Magister Manajemen; 16 urang
Magister Ilmu Hukum; 3 urang
Magister Teknik dan Manajemen
Industri; 3 urang Magister Teknologi Pangan; 30 urang Magister
Pendidikan Matematika; 15 urang
Program Doktor Ilmu Manajemen, sarta 2 urang Program
Doktor Ilmu Sosial.
Rektor Unpas netelakeun, keur nataharkeun pangwangunan nu tuluy-tuluyan, butuh atikan anu jinek. Kitu teh,
lantaran pangwangunan ekonomi ge dumasar kana ajen sumber daya manusa.
Tumali jeung karep ngawangun sangkan
jadi bangsa pinujul, pamarentah ge kudu
bener-bener ngupayakeun pendidikan
kalayan daria.
Prof. Dr. H.M.
Didi Turmudzi,
M.Si.,Ketua Umum Paguyuban Pasundan nandeskeun, kahirupan kiwari loba
nu pikahariwangun. Contona, cenah,
pasipatan-pasipatan goreng ge gesu
nembrak, saperti mentingkeun diri sorangan, teu ngaharegaan kana proses
leuwih mentingkeun hasil, malah
kahirupan nu bengis ka sasama ge nembrak naker.
Ku lantran kitu, kacida butuhna etika
jeung moral agama nu bisa mageran
kahirupan. ***
17
19. P
anonpoé nu
keur sumedeng
mentrangan,
mawa hanaang
jeung bayeungyang nu teu bisa disingkahan deui.
Malah di sabudeureun,
kebul knalpot tina mobilmobil nu ngareteyep masih
anteng maturan sapangeusi
mobil nu harita keur ditumpakan. Teu ngan semet
dinya, lampu beureum
stopan milu moncorong,
mobil ngarengkog eureun
dina tengah-tengah keukeupan sarangéngé.
Kuring rumahuh.
Dampal leungeun ngageberan beungeut. Bari nungguan mobil ngalaju deui,
kuring ngalamun, nanggeuy gado dina lawang
jandéla mobil. Keur anteng
ngalamun, sora supir
angkot gigireun kuring
ngageuingkeun tina lamunan.
“Tos biasa Gasibu mah
tempatna macét!” ceuk
manéhna méré nyaho ka
panumpang beulah tukang
nu geus luh-lah ti tatadi.
Mémang enya, di Gasibu
mah macét téh geus jadi
susuguh sapopoé.
Ari nu ngalantarankeunana mah, salian ti ku
ngahunyudna tukang dagang, sok réa supir angkot
nu ngaretém sangeunahna
di sisi jalan.
”Naha geus jadi kalangenan, ngetém téh Mang?”
ceuk kuring kukulutus jero
haté.
Basa kuring teu kahaja
ngarérét ka beulah katuhu,
di buruan Gedong Saté
katénjo loba jalma nu ngaliud saraged maraké jas alamamater hiji kampus nu
lumayan sohor di Kota
Bandung. Hawar-hawar
kadéngé tina pangeras sora,
wawakil ti maranéhna keur
orasi. Najan teu pati kaawas sabab pajuliwet jeung
gerungna sora mobil sarta
18
Srikandi Lain Dewi
Ku Tatang Zaelani Tirtawijaya
sora kalakson nu hayohhayohan tingtaridid, tapi
saliwat mah kadéngé tujuan éta aksi téh nya éta
nungtut naékna UMR Kota
Bandung.
Bakatning ku panasaran,
kuring teu neruskeun deui
lalampahan, malah ngoloyong ngadeukeutan nu keur
aksi. Beuki deukeut beuki
jelas. Bandéra-bandéra
idéntitas organisasi éta
massa aksi, tingkélébét di
langit Gasibu. Spanduk nu
eusina nungtut pamaréntah
naékkeun UMR ogé teu
kaliwat dibébérkeun ku
maranéhanana. Malah nepi
ka diacung-acungkeun
sagala. Ngahaja sigana
mah, ambéh kabaracaeun
ku nu laliwat.
Keur anteng merhatikeun
nu keur aksi, hiji wanoja
ujug-ujug norojol kaluar ti
tengah-tengah riungan.
Panonna cureuleuk.
Leungeun kéncana dikeupeulkeun. Sedeng
leungeun nu katuhuna
nyekel microphone bari teu
reureuh ngagorowokkeun
tungtutan-tungtutanana.
Jujur waé, kuring ngarasa
kasima ku sora éta wanoja
nu harus ngagulugur lir guludug nu bijil tina jajantung
langit.
“Hidup Mahasiswa!”
gorowok manéhna tuluy diturutan ku jalma-jalma sejénna.
Disidik-sidik mah éta
wanoja téh lumayan geulis.
Malah ceuk kuring mah
leuwih pantes jadi béntang
film di tipi, batan artis-artis
kiwari nu halabhab ku sénsasi. Tapi, nya éta mah pilihan manéhanana. Mémang
Manglé 2451
20. ceuk saliwat mah asa teu
kaharti naon nu aya dina
pikiran éta wanoja téh. Teu
nyaah kana awakna kitu?
Kuring teu ngarti. Ngan nu
pasti, wawanén jeung dangongna éta wanoja geus
mawa lamunan kuring ngulampreng jauh ka mangsa
katukang. Ras téh ka dua
tan katukang, kuring paamprok jeung Dewi, di kampus.
Dewi Puji Lestari, atawa
nu sok dilalandi Srikandi
jaman kiwari. Dina hal
wawanén, Dewi mémang
teu béda ti Srikandi. Bédana, Srikandi mah kudu
nyanghareupan balatentara
perang nu keur tihothat
dina Bharatayuddha, ari
Dewi mah kudu nyanghareupan rupa-rupa cocoba ti
pihak kampusna sorangan.
Mimiti ti intervensi panguasa kampus, tepi ka teu dibaturan ku babaturan
sakelasna. Kituna téh
pédah Dewi dianggap
tukang ngagogoréng kampusna sorangan, pédah
manéhna resep démo.
Ngan, éta cocoba nu karandapan ku manéhna, salawasna disanghareupan
kalayan sumerah, ihlas
karna Alloh.
Jeung mémang kaharti
palebah dinya na mah.
Tetekon hirup nu dicekel
pageuh ku manéhna,
salawasna jadi pondasi
dina nangtukeun sikepsikepna. Matak teu salahsalah teuing mun manéhna
disebut Srikandi jaman
ayeuna.
Dewi kungsi nyarita basa
hiji mangsa manéhna digeroan ku pihak kampus,
pédah tulisanana di media
massa dianggap ngagogoréng almamater kampusna.
Di jero kantor pimpinan
kampus, manéhna diségag
ku kepala Biro Kemahasiswaan, “Kamu sebaiknya
duduk di bangku kuliah!
jangan lagi urusi kami!”
Manglé 2451
Ku lantaran Dewi ngarasa yakin yén naon nu dipilampahna téh aya dina
jalan bener, beungeut
kasieun jeung kahanjakal
téh teu témbong saeutikeutik acan. Malah kalayan
teges manéhna némbal,
“Jika mémang saya ditakdirkan kuliah di sini,
maka saya akan tetap di
sini!”
Lian ti anacaman
birokrat kampus, pangalaman diintervensi ku dosén
ogé geus mineng kaalaman
ku manéhna. Inget kénéh
waktu manéhna bari semu
hulang-huleng nyarita,
“Yul, tadi Pa Husen jeung
Bu Rina ngomongkeun
uing pédah ku uing Pa
Husen dicawad pédah tara
asup kuliah. Ari ceuk Pa
Husen téh, lihat aja pada
saat sidang akhir skripsi
nanti, anak itu akan saya
persulit, dan kalau perlu
nggak akan saya luluskan
dia!"
Sabenerna mah, éta ancaman pihak kampus sarta
dosén téh teu sabaraha ti
batan tekanan ti jero dirina
sorangan. Pangpangna
basa kudu ngajawab
patalékan-patalékan ti
kolot jeung babaturanana,
nu karasa leuwih nyiksa
batin manéhna, “Iraha
badé ngawanohkeun calon
téh Nyi?”
Tah, patalékan-patalékan
modél kitu nu kudu dijawab ku Dewi saban
manéhna balik ka lemburna téh. Matak pantes
mun manéhna jarak balik
ka lemburna.
Mémang enya, ti luar
mah Dewi téh katempona
tanggoh sarta teger.
Manéhna teu weléh
ngagorowokeun hak-hak
mahasiswa nu geus dirampas ku birokrat kampus.
Tapi dalah dikumaha,
manéhna tetep wanoja
biasa, cara nu lian. Wanoja
nu teu weléh nalangsa dina
umurna nu geus 24 taun
can boga waé beubeureuh.
Malah sakapeung mah sok
aya dina pikiranana rék
reureuh bajoang ngalawan
kasarakahan. Rék prah baé
cara babaturan sakelasna
anu hirup normal. Liburan,
jalan-jalan, atawa ngan
saukur nongkrong di bar
ngilikan kaom adam nu
bisa diteuteup jeung dilamun.
“Naha haram kuring
dipikacinta ku lawan jinis?
Atawa pédah kuring sok
gogorowokan ngabolékérkeun rujadna kahirupan? Atawa boga anggapan
yén jalma kawas kuring
mah teu becus bobogohan?
Teu bisa maén cinta? Hah!”
kitu jeung kitu nu sok dibudalkeun dina mangsana
manggih guligah téh.
Jeung nu moal kapopohokeun mah waktu
manéhna ngabagi kasusahna ka kuring.
Matana beueus waktu
manéhna mimiti nyaritakeun katugenahna, “Yul
urang teu apal kudu
kumaha? Bulan hareup
manéh wisuda, berarti entragan urang téh ngan tinggal uing sorangan deui?”
Ngadéngé kitu, kuring
malah némbal bari
heureuy, “Maenya atuh
Srikandi 2013 ceurik?”
“Tong nyebut waé uing
Srikandi! Uing mah Dewi,
lain Srikandi,” ceuk
manéhna rada neugtreug.
“Nya naon deui atuh nu
kurang ti manéh Dew?
Sakampus ogé papada apal
yén manéh téh Srikandi!”
ceuk Kuring.
“Kabogoh!” Dewi perténtang motong caritaan.
Kuring ngahuleng asa
kabéntar gelap tengah poé.
“Srikandi mah geus suksés
dikawin ku Arjuna. Jajaka
nu digambarkeun dina
kitab-kitab, sarta caritacarita karuhun kalintang
kasép jeung gagahna.
Sedengkeun Uing? nepi ka
kiwari, can kungsi Uing
ngarasakeun éndahna
cinta!”
Acan gé kuring némbal,
pok deui manéhna motong
caritaan, “Manéh mah teu
apal Yul alesan uing sabenerna kieu gawé téh naon?
Ku cara démo jeung akif di
organisasi, kuliah uing
bakal rada lila, béda jeung
manéh, béda jeung nu lian.
Éta nu dipiharep téh Yul!
Taya lian supaya aya alesan
“keur kuliah kénéh” mun
ditanya ku kolot iraha rék
mawa calon!”
Dewi ngabudalkeun
pangeusi haténa. Dunya asa
ngadadak jempling. Kuring
ngarasa bingung. Teuing
kudu kumaha peta, da
puguh lain kuring nu
kawasana. Mun téa mah
enya kuring téh Dewa,
meureun geus ti baheula
manéhna dijodokeun. Moal
cara ayeuna, nu kalah
kaléngkahan ku adina sorangan nu masih kénéh
SMP. Kuring tuluy ngagabrug, nangkeup Dewi
pepereket. Sugan ku sugan,
manéhna henteu ngarasa
nyorangan teuing.
***
Hujan ngadadak turun,
taya témpo jeung teu méré
nyaho. Beuki lila beuki
ngagebrét. Langit Gasibu
pipilueun mongkléng lir
méré iber ka pangeusi
dunya, yén hujan moal
téréh-téréh raat.
Nu darémo patingburiak. Sedeng ngaran
Dewi bet kalah ka tetep
noélan lamunan kuring.
“Dew, keur naon ayeuna?
Naha anjeun geus jadi
Srikandi sajati?” Ceuk kuring dina pikiran, tuluy
nguluyu néangan
pangiuhan.***
GegerKalong,
01 November 2013
19
21. Carpon Ipung Thaifur Abu Yazid
Tilu Menit Panungtungan
B
ari rurusuhan
manéhna indit.
Poe iei, Dodo
kapaksa teu
bisa nungguan
anakna nu keur dirawat di
rumah sakit. Da poé ayeuna
téh tim sépak bola nu dilatih
ku manéhna aya jadwal
tanding nu penting pisan.
Ayeuna téh jadwal tim
manéhna ngalawan tim
Kang Ado, nu ayeuna peringkat kadua. Kang Ado
téh séniorna di SSB baheula. Ari dibandingkeun
jeung Kang Ado mah
ngalatih téh masih kawilang
pagawéan anyar keur Dodo
mah, da sapopoéna mah
Dodo téh karyawan TU di
SMP Sindanghayu. Pédah
kepala sakola apaleun
manéhna baheula kungsi
20
meunang penghargaan tina
maén bal, antukna mah
manéhna dipercaya pikeun
ngalatih tim sépak bola éta
sakola. Geus méh sataun
Dodo ngalatih téh. Ayeuna
kompetisi ngan nyésakeun
sapertandingan deui. Préstasina dina ngalatih maén
bal kawilang hadé. Bisa
ditingali tina peringkat
timna nu ayeuna di posisi
katilu. Mun ayeuna meunang, tim SMP Sindanghayu téh baris naék ka
posisi kadua. Tangtu ari
geus kitu mah, bisa miluan
kompetisi ka tingkat kota,
pikeun marebutkeun saha
nu jadi wawakil ka tingkat
propinsi.
“Ka mana heula atuh,
wayah kieu mani kakarék
jol?” Kang Ado langsung
nanya.
“Puguh ieu téh aya
kaperyogian heula bieu téh,”
témbal manéhna bari rénghap ranjug, ngatur napas.
“Si geulis? Kumaha ayeuna? Geus cageur?
Dodo kalah ngabetem, teu
némbalan.
“Sing sabar wéh Do,
ngadu’a wéh ka pangéran
ayeuna mah sing dilancarkeun urusanna. Tapi hadé
eung silaing téh. Sugan téh
ngan bisa maénna
hungkul.”
“Ah da abdi mah ngan
ukur nuturkeun naon nu diajarkeun wéh ku Wa Anda
baheula.
“Nu penting mah urang
fair play wéh ayeuna mah,
najan ieu kompetisi ulah
nepi ka duduluran urang
rajét,” pokna Kang Ado.
“Kantenan atuh Kang, nya
itung-itung silaturahmi wéh
ieu mah, friendly match,”
témbal Dodo.
“Éh, teu bisa kitu atuh, ieu
mah marebutkeun juara
kadua, béda ari pertandingan persahabatan mah atuh
Do, kudu sing bisa ngabédakeun.”
“Hé hé, muhun Kang.
Hayu ah, dikantun heula.
Karunya barudak,” témbal
Dodo bari tuluy abus ka lapang, tempat barudak
narungguan.
Di lapang barudak geus
ngariung. Di dinya gé
kasampak aya Kepala sakola
keur méré wejangan.
Meureun keur mapatahan
sangkan maénna hadé
jeung teu curang. Tina
pameunteuna mah barudak
téh kacida atohna Pa Kepala
datang ka dinya téh.
“Assalamu’alaikum,” ceuk
Dodo
Manglé 2451
22. “Wa’alaikumsalam,” témbal Pa Kepala jeung barudak
méh bareng.
“Ti mana Jang, mani
kakarak elol?” témbal Pa
Kepala.
“Ieu Pa, aya wagelan heula
bieu téh. Untung wéh tacan
dikawitan.”
“Oh kitu, nya untung wéh
bieu Bapa tiasa sumping
saacan dimimitian. Bieu téh
ngan mamatahan barudak
wéh sangkan maénna aralus
jeung jalujur,” témbal Pa
Kepala. “Sok atuh ayeuna
mah diteraskeun wéh ku di
dinya, méh puguh,” pokna.
“Muhun Pa,” témbal
Dodo. “Tah barudak, sapertos nu bieu dicarioskeun ku
Pa Kepala, ayeuna urang
kudu maén sing alus. Inget,
Disiplin! Éta konci permaénan tim urang! Maén jujur,
rapih, disiplin! Ayeuna mah
geura pemanasan heula!”
Geus dititah kitu mah, jung
waé barudak téh narangtung, tuluy pemanasan.
Kick off babak kahiji geus
dimimitian. Ti mimiti tim
SMP Sindangtawang langsung nyerang tim SMP Sindanghayu. Maranéhna maén
kalawan rapih, teu jauh béda
siga basa di SSB baheula.
Tapi barudak ti SMP Sindanghayu gé teu éléh géléng.
Maranéhanana maén méh
sarua jeung naon diomongkeun ku Pa Kepala jeung
Dodo. Kabéh rarapih tur
darisiplin.
Nu di hareup ampir mampuh ngamangpaatkeun
kasempetan nu dibéré,
najan masih kénéh bisa ditahan ku musuh. Nu di tengah
sabisa-bisa mantuan ka
hareup jeung ka tukang. Nu
di tukang gé méh bisa nahan
sakabéh serangan musuh,
malah sakapeung mah milu
ka hareup.
Babak kahiji geus bérésan.
Can aya nu bisa nyitak gol.
Skor masih angger kosongkosong. Duanana saimbang.
Najan SMP Sindangtawang
tuluy nyerang, tapi SMP Sin-
Manglé 2451
danghayu gé pertahanna
rapih pisan.
“Alus! Pola urang engké di
babak kadua tong béda jauh
jeung nu tadi, ngan omat!
Mun aya kasempetan sakumaha waé, urang kudu
ngamangpaatkeun éta
kasempetan!” ceuk Dodo
mapatahan ka barudakna.
“Sing inget, kasempetan
moal datang dua kali, nu
matak urang kudu bisa ngamangpaatkeunana, najan
ngan sapersén! Ngarti??”
“Ngartos Pa!” témbal
barudak méh bareng.
“Bener tah naon-naon
ceuk Pa Dodo bieu, pokona
hidep maénna kudu cara
tadi,” Pa Kepala nambahan.
“Tapi bapa nyungkeun hapunten ka sadayana, bapa
teu tiasa nonton dugi ka
réngsé. Bapa aya wagelan,
sok sumanget kanggo sadayana. Jeung inget, naon
waé hasilna urang kudu
narimakeun. Mun meunang
tong gedé hulu, mun éléh
ulah leutik haté. Salamu’alaikum,” ceuk Pa Kepala,
bari tuluy ngaléos indit.
*
Babak kadua geus asup
kana menit ka tujuh puluh
lima. SMP Sindanghayu
mingpin skor hiji-kosong.
Najan kitu, pemaén ti Sindanghayu geus kaciri
raripuheun, diserang tutuluyan ku SMP Sindangtawang. Ti Kénca, katuhu, ti
hareup tapi untung, barudakna masih kénéh sarigep
nahan éta serangan téh.
Méh sarua jeung nu di jero
lapang, Dodo kacida ringrang pisan. Késang ngoprot
saawak-awak. Kalakuanna
robah pas SMP Sindanghayu
ngasupkeun. Meureun
pédah manéhna sieun skorna kaudag ku SMP Sindangtawang.
Beng, bola ditalapung ka
tengah ku kiper ti SMP Sindanghayu. Ngan hanjakal
baladna teu bisa nahan éta
umpan, antukna mah beunang ku salah saurang ti Sin-
dangtawang. Berebet
manéhna lumpat, beng
dioper ka babaturanna nu
aya di lebah katuhu. Euweuh
saurang-urang acan nu ngajagaan manéhna, manéhna
langsung lumpat ka asup
aréa pinalti. Saurang, dua
urang, tilu urang pemaén ti
Sindanghayu diliwatan hijihiji. Habek, bola téh ditajong
sahabekna. Gol!! Skor sarua,
hiji sama. Ti dinya, pola
maén barudak Sindanghayu
mimiti acak-acakan. Méntalna geus kaserang ti heula,
kitu ogé Dodo. Ti luar Dodo
tuluy méré sumanget ka
timna bari jojorowokan.
Menit ka dalapan puluh skor
angger hiji sama. SMP Sindanghayu geus ampir kaasupan sababaraha kali, bola nu
ditajong téh geus sababaraha kali kana tihang gawang, ari geus mental tina
tihang mah beng wéh ditalapung deui ka hareup. Teu
karasa, geus menit ka salapan puluh deui. Wasit méré
waktu tambahan tilu menit.
Kabéh nu aya di lapang geus
teu ngeunah cicing, komo nu
keur maraén mah, kaasup
pelatihna. Geus kitu mah
Dodo ménta ka wasit pikeun
ngagenti salah saurang pemaénna.
“Mad, ieu téh tilu menit
panungtungan. Pemaén
séjén geus tarurun méntalna, hidep kudu bisa
ngahudang deui méntal nu
séjén. Sing tenang, sing apik.
Jug!” ceuk Dodo mapatahan
Ahmad.Teu salah Dodo ngasupkeun éta budak dina
menit-menit panungtungan.
Kaciri manéhna bisa maén
kalayan tenang tur rapih.
Pas dina menit ka salapan
puluh dua manéhna bisa
malikeun kaayaan jadi duahiji. Najan geus kitu, Dodo
masih angger hariwang.
‘Priit!!’ wasit niup piriwit.
Pertandingan bérés, skor
ahir dua-hiji, SMP Sindanghayu hasil asup ka tingkat
Kota.
Barudak SMP Sindang-
hayu ajret-ajretan aratoh. Di
sisi lapang, kaciri Dodo
leuleus pisan. Najan geus
meunang, angger manéhna
ngarasa ringrang. Teuing
pédah naon. Geus kitu mah,
bring barudak SMP Sindanghayu saabringan
lalumpat nyampeurkeun
Dodo. Kapaksa manéhna
neundeun heula rasa karingrangna.
“Ah, moal aya nanaon
sugan. Pédah atoh wéh ieu
mah,” ceuk Dodo na haté.
Keur anteng-antengna
ngarayakeun hasil ahir pertandingan, ‘nging’ téh HP
disada. Horéng pamajikanana nu nelepon. Barang diangkat, na HP kadéngé sora
nu keur ceurik. “Kang, ieu si
Enéng Kang!” ceuk pamajikanna bari sumegruk
ceurik. Ti dinya Dodo geus
teu ngeunah haté, sarwa
salah. Rék balik barudak euweuh nu nungguan, mun teu
balik da sieun kukumaha.
Curucud, panon Dodo mimiti reumbay cimata.
Ningali Dodo kitu, jep wéh,
barudak téh jarempling, lir
gaang katincak. Ti kajauhan
Kang Ado ningalikeun manéhna, bangun nu apal kana
naon-naon nu geus karandapan.
“Tos wéh Néng, keun
kedap deui Akang wangsul,”
témbal Dodo, bari nyusut
cipanon. Ti kajauhan Kang
Ado nyampeurkeun manéhna. “Geus, ayeuna mah
geura mulang wéh. Keun
masalah barudak mah ku
Akang wéh,” pokna.
“Muhun atuh Kang, puntennya,” témbal Dodo bari
tuluy ngaléos indit.
“Geuning, tilu menit panungtungan nu dipikahariwang ku Dodo téh lain keur
hidep hungkul, tapi keur
manéhna ogé,” ceuk Kang
Ado ka barudak SMP Sindanghayu. Barudak mah
kalah silih pelong bari teu
ngarti.***
Bumi Siliwangi,
25 Séptémber 2013
21
23. Sabot Nungguan Budak Sakola
Ku : Nyi Roro
P
aneuteup Indira
katempo ngulincer. Sanggeus
ningalieun ka
kuring nu keur
no’ong dina jandéla kelas
mah, Dira tuluy ngadadahan. "Mamah!", najan teu
kadéngé, tapi kagambar
tina embut biwirna. Kuring
ukur imut, bari ngabales
ngadadahan.
Rét kana arloji, aya kénéh
waktu sapuluh menit deui
pikeun barudak kaluar ti
kelas. Kabeneran poé éta
aya ekstra kurikuler; Dira
miluan penca silat. Kuring
ngahaja mawa sangu dina
misting. Deungeunna
endog ceplok dikécapan,
22
karesep Dira keur dahar
beurang. Léos, kuring
nyampeurkeun bangku
panjang paragi nungguan
kolot-kolot murid nu mapagkeun anakna. Nyéh,
kuring imut bari manggut
ka nu araya di dinya.
"Héy, mamah Dira mani
nembé hol. Ka mana heula
atuh?" Mamah Ratih nanya.
Di sakola mah ari nyalukan
ibu-ibu téh sok ku ngaran
anakna baé.
"Biasa wé Mamah Ratih,
abdi mah masak, pépérén
sareng ngahuapan si Dédé
heula, ambih engké dugi ka
rorompok kantun ngurus
Dira," ceuk kuring bari gék
di juru, da nu kosong ngan
di dinya. Ti saprak ngalahirkeun anak nu kadua,
kuring eureun digawé. Kahayang mah kawas batur,
angger jadi wanita kaririweuh. Enya, riweuh pisan.
Nya di imah, nya di kantor.
Tadina mah budak téh sok
dipihapékeun ka indung
kuring, tapi pidua bulaneun
kuring rék ngalahirkeun,
anjeunna nilar dunya.
Paralun, kuring lain ngagawékeun nu jadi indung,
anjeunna ngan saukur
mangnalingakeun. Da
kapan réncang mah aya.
Jaman kiwari téa, hésé
néang réncang nu bisa
dipercaya. Majalah nu
dikeukeuweuk ti tatadi
dibukaan. Maksud téh asa
mending maca tibatan
ngawangkong ngalér-ngidul
jeung ibu-ibu nu séjén.
Komo bari ngomongkeun
batur mah, dosa téh beuki
ngagugunung wé. Kuring
mah leuwih resep kénéh
maca, kanyaho jadi nambahan.
"Mamah Yopie, katarima
BBM ti abdi?" ceuk Mamah
Ratih.
"Oh, nu éta? Enyalah
hayu rék arulin mah, grup
BB urang wé. Da hésé
ngabéjaanana ka nu teu
boga BB mah!" témbal
Mamah Yopie, bari sorot
panonna ngulincer.
“Nya teu boga BB, Android gé ayeuna mah geus
bisa BB-an,” ceuk mamah
Riki. Saharita langsung
sahéng mairan.
Ngadéngé nu bieu mah,
kuring gé maksakeun
ngalieuk. Mani nyolok mata
buncelik, ngajakan téh ka
ibu-ibu nu miluan grup BB
wungkul. Teu ngabibisani,
teu boga BB téh asa tinggaleun iber. Sakapeung aya
pelajaran atawa tugas sakola nu kudu digawékeun
ku Dira, teu digawékeun da
ku teu nyaho téa, sabab
iberna ngaliwatan BB.
Rumasa hapé kuring mah
ngan saukur hapé jaman
baheula. Nu penting mah
bisa dipaké nelepon jeung
sms-an. Teu éléh déét, kuring remen neleponan
guru-guru Dira, sangkan
teu tinggaleun iber PR
jeung tugas. Hanjakal, poé
kamari hapé kuring murag
ku salaki. Ancur teu bisa
dikukumaha. Karék engké
mun gajihan digantianana,
éta gé mun teu pabetotbetot jeung resiko dapur.
"Mamah Riki, cik geura
tingali baju abdi na photo
profile BB, alus nya?" ceuk
mamah Yopie hayang katangar. Mamah Riki tungkul ningali hapéna.
"Éh, enya wé... ni alus
Manglé 2451
24. kieu Mamah Yopie.
Meulina di mana?"
"Aya wéh, engké ku abdi
diajakan ka tokona. Ieuh,
jadi awéwé mah kudu seungit, geulis luis, baju tong
randatdat-randutdut. Kudu
mécing ciga abdi, jaba bermerek yeuh!"ceuk Mamah
Yopie semu ngadelék ka
kuring. Awakna dilenggiklenggik. Puguh baé ku ibuibu pada ngaleprokan,
Mamah Yopie beuki motah,
asa diulangtaunkeun.
Beuuu... dihenteu-henteu
ogé Mamah Yopie téh teu
resepeun geuning ka kuring? Hadas naon atuh nya?
Rumasa, kuring mah ari
mapagkeun budak téh teu
cara maranéhna, mani sok
garinding jiga nu rék ka
pasamoan. Kuring mah
cukup ku kaos leungeun
pangjang atawa jékét. Ka
handapna calana panjang.
Sirah dibunian ku tiung
geblus. Riungan jeung ibuibu kitu téh sakapeung mah
sok jadi ajang mintonkeun
kaboga. Masing teu ditanya
ogé, ujug-ujug breng nataan
imahna di anu... di anu...
Mobilna kaluaran paling
anyar, manéhna maké merk
anu, salaki jeung barudakna
merk anu. Katambah tanah
jeung sawahna nu méh di
mana-mana. Geus puguh
ari nu patinggurilap dina
awakna mah, mani sangorong siga toko emas maju.
Teu karasa kuring ukur
cungeukngeuk ningali
dangdangan Mamah Yopie.
Kaméja gumbrung kembang-kembang badag kelir
bungur ngora dipasangkeun jeung léging bungur
kolot. Tiung bungur kolot
dibulat-beulit jeung kelir
bungur ngora jiga kaom hijaber barudak ABG. Teu
poho selop jangkung, kelirna gé pulas bungur.
Saréréa geus arapal, unggal
dangdan Mamah Yopie
mah kudu baé “matching”.
Sabenerna mah kuring gé
sok kapikiran hayang dang-
Manglé 2451
dan. Heung kelirna diluyukeun ti tiung nepi ka dampal suku jiga batur. Tapi,
ceuk kuring mah nu ngaranna nganteur jeung mapagkeun budak sakola lain
waktuna keur dangdan
béak karep. Sok wé, da
moal méakkeun waktu
leuwih ti sapuluh menit. Barina ogé anggangna imah ka
sakola ngan ukur 200 meteran. Kitu gé ngan saelol
dina panto gerbang wungkul. Ongkoh teu cara kuring
basa keur digawé kénéh, rék
meuli naon baé sakahayang
kuring gé laluasa, da gajih
nu sorangan ieuh. Ayeuna
mah kuring teu téga ka nu
jadi salaki, nu kari sorangan
tihothat néangan napkah.
Piraku teuing ku kuring
kalahka dimonyah-monyah
keur meulian barang nu teu
pararuguh bari jeung ukur
hayang katangar ku batur.
Kuring kudu ngawayahkeun manéh, loba nahan
napsu.
Téng! Téng! Téng! Sora
beusi buleud di hareupeun
kantor guru geus ditakolan,
ciciren barudak geus meunang baralik. Brul, barudak
ngaburudul ti lawang
panto. Pahibut, paheulaheula néang nu mapagkeun. Tapi aya ogé nu
baralik sorangan atawa
ngabring jeung babaturanana, ninggalkeun kelas
nu beuki lila beuki kosong.
“Mamah!" Indira ngajorowok muru kuring.
Rikat, Dira ngarawél leungeun katuhu kuring tuluy diadekkeun kana tarangna.
Keur kitu, Bu Siti wali kelas
Dira ngaliwat.
"Bu..." kuring nanya bari
rengkuh.
Bu Siti sarua rengkuh
bari imut. Tadina mah kuring hayang ngobrol rada
panjang, rék nanyakeun
kumaha kaayaan Dira di
kelas. Tapi Bu Siti leumpangna semu nu rusuh,
sigana mah pedah kudu
buru-buru balik deui ka
kelas, rek ngajar deui barudak nu asup beurang. Antukna kuring ngajak Dira ka
bangku di handapeun
tangkal kérsen, di sisi lapang upacara.
"Sok bageur, geura emam
heula, lapar. Énggalan,
ambih teu tinggaleun ku
batur latihan pencana,"
ceuk kuring tuluy ngasongkeun misting ka Dira.
Bari nungguan Dira
dahar, kuring niténan
kaayaan sakurilingna. Barudak lalaki keur aranteng
maraén bal, sawaréh lalajo
di sisi lapang. Barudak
awéwé keur arocon bari
saleuseurian. Aya nu anteng
baé ngome hapé, aya nu
gagambaran baé. Aya nu
nganyoh-nyoh barang
dahar baé bari leungeunna
ranggém ku jajanan.
Éh, itu siga Mamah
Yopie? Naha can balik? Da
asana mah Yopie téh teu
miluan penca?
"Énggal Yopie, urang
aruih! Mamah aya peryogi!"
ceuk Mamah Yopie ngabebetot anakna bari semu
nyureng.
"Ké heula Mamah...
kedap deui!" ceuk Yopie
bari muru deui ka babaturanana.
"Mamah Yopie, can
uih?!" kuring ngagorowok.
Mamah Yopie ukur kunyem. Buru-buru manéhna
ngabetot deui budakna,
ayeuna mah hasil. Panon
kuring nuturkeun leungitna
Mamah Yopie nu kaluar ti
komplék sakola tepi ka
satengah lumpat. Budakna
tibabaranting nuturkeun ti
tukangeunnana. Aya anu
matak hémeng katingali
tina dangdanan Mamah
Yopie, tapi naon nya?
Weléh teu kapikir. Ah,
paduli teuing, kateuteuari
kalahka mikiran batur.
"Mah, atos emamna nya?
Wareg," ceuk Dira ngagareuwahkeun lamunan
kuring.
"Muhun, sok geura gen-
tos acukna ku acuk penca,"
ceuk kuring, bari song ngasongkeun cai nginum. Geus
bérés Dira disalin mah, kuring tatan-tatan rék balik
heula ka imah. Sajam deui,
balik deui ka sakola mapagkeun Dira.
Basa kuring rék ngaleos
pisan, kadéngé sora Bu Siti
norojol tina panto kelas,
nanyakeun ka ditu-ka dieu,
"Aya nu ningali tas Ibu?...
Ningali tas Ibu teu? Tadi
mah aya dina korsi..." ceuk
Bu Siti nanya ka barudak.
Nu ditanya némbalan ukur
ku teu terang atawa ukur ku
gideug. Bu Siti geumpeur.
Teu lila, rob guru-guru
jeung kepala sekolah
nyalamperkeun Bu Siti,
kuring gé milu nyampeurkeun.
"Di mana icalna Bu?"
ceuk kepala sekolah.
"Di kelas Pa, waktos tadi
abdi ngadeuheusan Bapa di
kantor sigana mah. Da
wangsul ka kelas téh tos teu
aya..."
"Naon waé lebetna?"
"Biasa baé Pa, kaperyogian abdi sadidinten di
kelas. Nu abot mah hapé
sareng tabungan barudak
sasih ayeuna. Haduh,
kumaha ngagentosanana?"
ceuk Bu Siti rawah-riwih.
"Ké Bu, ari kantong ibu
kelir kumaha? Wangunna
kumaha?" salah sahiji guru
nanyakeun.
"Kelir kopi..." ceuk Bu Siti
bari asup sakeudeung ka
kelas. Jebul deui mawa kertas jeung pulpen, kantongna digambar kalawan
jéntré. Tas merk Louis Vuitton.
Kuring ngahuleng. Ujugujug inget kana kalakuan
Mamah Yopie nu buruburu incah. Kelir kantongna
nu pinuh ku aksara L ngait
kana aksara V teu luyu
jeung kelir baju tur sapatuna. *****
Saung Indung,
2 November 2013
23
25. Ririwa di Pakemitan
Ku Féndy Sy. Citrawarga
M
aotna mah
Mang Sarip téh
tadi beurang
kira tabuh
tiluan. Teu agéagé dikurebkeun cenah
ngadagoan Si Onah, anakna
anu dibawa ngumbara ku
salakina ka Surabaya. Sok
padahal Ajengan Arif geus
ngawawadian sangkan layon
buru-buru dikurebkeun. Bi
Mamah, pamajikan Mang
Sarip, tadina mah rék kumaha alusna ceuk ajengan
baé ngan Si Onah hayang
nénjo heula beungeut bapana.
"Ulah waka dikurebkeun
Ema, wios énjing!" ceuk Si
Onah dina HP.
Teu majar kumaha, ajengan gé antukna mah nurut.
Pangémutna, nepikeun
enggeus diturut jeung henteuna mah kuma dinya.
Atuh layon téh sina ngajepat baé di tengah imah
sabada dipulasara sakumaha
mistina mah. Enya, isukan
kari ngurebkeun da ari liang
kaluat mah ti barang gujrud
Mang Sarip maot gé geus
dikali. Umumna urang lembur, angot dikokojoan ku
tokoh anu ngarti kana harti
fardu aén, nalika tumiba papait téh tara léléwodéh.
Boro kasaksi ahli tajug, leket
solat rikat zakat, dalah ka
jelema biasa nu ukur ngaku
Islam bari kana solat belangbetong malah tampolana
ukur taun kali ari sunah
lebaran ogé wuwuh kawajiban fardu aén téa. Enya,
24
kawajiban anu lamun teu
dipigawé bakal dosa saréréa,
anging aya salasaurang anu
migawéna, siga kapapaténan. Nilik saréatna mah umur
Mang Sarip téh can kolotkolot teuing. Kitu lah tengah
tuwuh punjul genep taunan.
Orokaya ririwit, tiktikbrek.
Kilang kitu ka sawah atawa
ka kebon mah tara beunang
dihulag ku Bi Mamah téh .
Abong urang lembur, basana
kaluman cimekblek di imah
téh. Atuh ari cageur meueusan, telenjeng deui ka sawah
atawa ka kebon. Untungna
sawah jeung kebonna téh teu
jauh ti lembur. Cara poé
tadi, rebun-rebun geus
miang ka kebon. Teu barang
bawa dahareun da basa ku
Bi Mamah rék dibahanan
dahareun bisi lapar téh
kéképéhan.
"Moal lila rék ngaroris cau
bisi ku cocodot."
"Heueuh atuh mawamawa cai sakempis mah bisi
hanaang."
"Moal ah, mihapé imah
wé!"
"Naha da moal aya nu
ngaringkid imah mah.
Anggur manéhna nu kudu
atia-ati. Kadé ulah tuaktaék!"
Teu némbalan. Kencling
miang dijajapkeun teuteup
Bi Mamah. Tepi ka lawang
pager, tara-tara ti sasari
Mang Sarip ngarandeg
heula, malikkeun awak. Bi
Mamah ngajanteng kénéh
na lawang panto.
"Kadé imah!" pokna deui
"Heueuh!" témbal Bi
Mamah bari teuing kila-kila
naon nyaritana kitu téh
karasa aya nu nyeuit dina
haténa. Aya rasa melang. Éta
meureun duméh Mang Sarpi
téh geringan, malah ayeuna
gé can cageur pisan.
Kencling ka kebon. Sadatangna, lunga-lengo
ngaroris pepelakan. Enya
baé cau loba nu ku cocodot,
najan henteu ari nepi ka purugul mah. Aya kénéh keur
nu melak.
Pajar teu butuh ku cai
keur nginum da basana
moal lila. Hih, baning usakusik tikoro laun-laun karasa
tuhur. Bet hanjakal teu narimakeun kahéman pamajikan. Marengan panonpoé
hanjat, tikorona karasa
beuki ngolétrak. Rék buruburu balik kagok ku hanca
pagawéan, ngayuman pager.
Ditahan-tahan kalah asa
beuki kasiksa.
Ras kana tangkal kalapa,
tanggah. Duwegan ngagupayan. Lakadalah, haté
Mang Sarip surak. Tapi dumadak murengked da apan
kudu ditaékan. Mani euweuh titaheun.
Antukna gilig seja metik
nu ngagupayan. Angsrod,
angsrod, naék. Beuki luhur,
beuki luhur. Na atuh sirahna
ujug-ujug asa muih, lieur,
katurelengan. Teu tahan,
turun deui tuturubun. Ilang
kasadaran, koléang...gubrag
nyinekel kana batu. Les!
"Mang, Mang Sarip!"
gorowok Mang Tanu nu
pareng ngaliwat balik ti
sawah gegeroan barang
nénjo aya nu ngagebut
lebah tangkal kalapa di
kebon Mang Sarip.
"Tuluuung...!" gancang
ngagorowok deui ménta tulung. Hadéna aya nu
ngadéngéeun. Nya padanulungan, dibawa balik.
Aya kénéh rénghap basa di
jalan mah. Ngan sanggeus
datang ka imah geus teu
empés-empés deui.
Nénjo kaayaan kitu, Bi
Mamah tiba ngajerit bari
ngagugulung layon Mang
Sarip. Ceuk nu percaya mah
cenah Mang Sarip téh maot
baseuh da apan maot
ngadadak alatan ragrag.
Pangaruhna sok matak
noélan punduk. Ka dituna
sok gaplah lumaku. Siga rék
kemit, apan réa nu tingpurungkut. Tapi, karunya ari Bi
Mamah kudu cinekul kemit
sorangan mah, angot alesanana ukur sieun dijungjurigan
mah. Nu matak, enya nu borangan jeung héngkér
imanna, sieun-sieun ogé
maksakeun.
Enya, cara Hansip Ukar,
Mang Tarno, Kang Juhé, Wa
Kardi. Tatangga-tatangga almarhum.
Ti magrib kénéh langit
geus mongkléng. Lain ukur
poék katarik wanci, tapi ku
méga hideung nu ngaburayot ku pihujaneun. Da
jeung saenyana, basa ngong
adan isa, hujan bahé lir dicicikeun ti langit, dibarung
gelap dor-dar.
Manglé 2451
26. Nu tadi-tadi geus nawaétu
rék kemit, sawaréh marulang
ka imahna, basana bisi aya
kenténg bocor. Demi Hansip
Ukar, puguh mancén intruksi RW, wajib cicing. Untung
wé Kang Juhé, Mang Tarno,
Wa Kardi daékeun maturan.
Pribumi gasik nyieun
cikopi, golosor leunjeuran
durukeun. Hawa tiris peuting kausir meueusan ku
cikopi panas jeung udud.
Orokaya hujan mah can raat.
Opatanana jarongjon di
téras. Dititah ka jero ku Bi
Mamah marugen. Padahal di
téras téh sawér.
"Di jarero atuh ngopina!"
ceuk Bi Mamah.
"Di dieu wé Bi ah,
hareudang," ceuk Kang Juhé
ngabodor. Moal enya hujan
ngecrek hareudang. Nu sidik
mah basa nénjo layon nga-
Manglé 2451
jepat, bulu pundukna
carungkedang.
Kapeutingnakeun hujan
ngaleutikan, tapi ngecrek. Nu
kemit tinghariul, asa teu
puguh laku pajah téh. Cikopi
kari gegedohna, ududeun
kari kuntung jeung calacah,
numpuk na asbak. Angin nu
nyéor, hawar-hawar sora anjing babaung karasana ku nu
kemit asa noélan punduk.
"Yu ah uang ngusir tunduh," ceuk Kang Juhé basa
dina suku méja katénjo aya
kartu gapléh.
"Aya nyah kartuna?" Haréwos Hansip Ukar.
"Tuh!" Juhé nuduhkeun
kartu na méja di rohang
tamu.
"Sok atuh!" Hansip giak da
enya atuh asa teu puguh laku
jaba tunduh.
"Henjung ka ituh cokot!"
Kardi ngajurung-jurung
Juhé. Nu dititah mugen da
puguh ti émpér atawa téras
jeung ti rohang tamu téh nu
ngajepat atra katémbong.
"Leutik burih!" ceuk Hansip Ukar. Kilang kitu manéhna gé ngompod.
"Heueuh, hencig atuh!"
Mang Tarno nyurung-nyurung tonggong Hansip Ukar.
Tapi kalah undur-unduran.
"Kalah wé pangkat hansip!" ceuk Mang Tarno deui.
Dikitukeun teuing mah
Hansip Ukar ngarasa kasigeung. Kapaksa ngajurungkunung, tapi tiba ngoron
dang bari culang-cileung
ngodomang nyokot kartu
gapléh. Nénjo kartu gapléh,
mata nu opatan calenghar
deui. Juhé ngocok kartu.
Hujan can raat, anjing
babaung wuwuh matak mur-
ingkak, tapi ku nu garapléh
teu ditolih.
Mimitina taya sora nanaon
ti nu garapléh téh. Areling
keur kemit. Nunda kartu jajauheun tina ulin beubeut sahabekna cara sasari.
Nu matak, angger wé
karasa combrék. Tapi, lilalila mah kadéngé tingkareplék sora kartu nu meubeut
bari dituturkeun hohoak!
Lat, keur kemit. Saruhud
bangun sujud kana kartu.
Hujan geus raat. Sora
kartu nu meubeut beuki témbrés. Bi Mamah nu dibaturan ku tatanggana papada
awéwé teu bisa kukumaha
ngadéngé nu keur garapléh
téh.
Beuki lila nu gapléh beuki
segut. Kadéngé aya gakgak,
aya rahuh. Nepi ka basa
Hansip Ukar ngarérét ka tengah imah, pas lebah layon
ngajepat nu maksudna mah
rék ménta cai ka pribumi,
manéhna calangap basa
nénjo aya pocong nguniang.
Laju nepakan tuur baturbaturna sina nénjo nu nguniang. Enya, teu salah nu
ngajepat hudang.
"Ri, ri, ri, ririwaaa...!"
kocéak nu opatan ngajerit.
Kituna téh bari laluncatan
ninggalkeun téras. Awahing
rusuh bari geumpeur campur sieun, lumpatna teu tarapti. Saréréa tingjurahroh.
Aya nu tisorodot, aya nu titajong, aya nu nabrak tangkal
rambutan, aya ogé nu tijalikeuh.
Nu di jarero imah tiba
mésem.
"Teu eucreug pisan,
ngaradon gapléh di pakemitan," ceuk ririwa, aéh saur
Ajengan Arif.
Horéng lain ririwa nu ngajurungkunung téh, tapi Ajengan Arif.
Basa anjeunna ngontrol
wengi-wengi seja kemit,
nyampak nu garapléh. Asa
teu pantes, nya anjeunna
ngetrokan panto dapur laju
ngedalkeun pamaksudan ka
Bi Mamah, nginjeum
mukena.
"Urang warah!" saurna.***
25