2. Mahing Milih Lain Piliheun
M
ilih kari prakna. Moal susah lantaran piliheun
geus sadia. Tapi, mun salah milih, hartina gé
nu dipilih téh lain piliheun. Mun kajadianana
kitu, pilihan téh, lain waé mubah, tapi bisa jadi
ngarugikeun.
Dina pilihan pamingpin, loba nu ilubiung. Saperti
dina pilihan legisilatif, apan nu ‘kabaud’ kana éta kagiatan téh, panitia Komisi Pemilihan Umum (KPU), nu
dipilh, jeung nu milih. Masing-masing pihak milu andil
dina suksésna pilihan.
Satutas nyumponan pasaratan, panitia mah kari
masrahkun ka nu rék milih. Di dinya, masing-masing
pribadi boga kahayang ogé tanggung jawab. Ragragna
pilihan, di antarana, bakal gumantung kana kahayang
jeung tinimbangan pribadi nu sipatna subjektip pisan.
Lebah dinya, taya salahna, milih mah memang hak
masing-masing.
Mun ‘ngised’ tina kapentingan pribadi, tumalina gé
jeung tanggung jawab. Ukuranana, bisa dumasar kana
kapentingan nu leuwih lega, batan ukur kapentingan
pribadi. Urusan mangpaat saharitaeun bisa ditakis ku
kapentingan dangka panjang. Di dinya, milih téh lain
lantaran kapentingan pribadi tapi demi balaréa.
Bulé hideungna hasil pilihan, kacida gumantungna
ka nu milih. Putusan sapinuhna aya dina masing-masing nu boga hak pilih. Mun salila ieu rahayat miharep
pamingpin nu nyaah ka rahayat, hartina dina ‘pakalangan’ pilihan umum mah, rahayat sorangan nu kudu
mikanyaah dirina. Atuh, dina milih gé, kudu keur
kapentingan rahayat sakumna, lain ukur sadirieun.
Mitra, tumali sareng pilihan legislatif, dina nomer
ieu Mangle ngolongan pamanggih Dr. Ikin Sodikin,
M.Si., Doktor Ilmu Administrasi Negara nu ogé dosén
Pascasarjana Unpas. Obrolan sual pilihan pamingpin,
dipalar nambahan luang dina nantukeun putusan
mangsana pilihan umum. ***
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadibrata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKREANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKUBANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518, MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
ISSN: 0852-8217
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
7309720
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
- facebook: Majalah Sunda Mangle
3. 20
Bisma Perlaya
5
TAMU
Ti saprak ningali Srikandi mucunghul
ogé Bisma geus teu puguh rasa. Asa jararauh panineungan. Paciweuhna nu keur
perang campuh geus teu lucu deui keur
manéhna mah. “Geus nepi kana titis
tulisna. Nyawa aing semet ka poé ieu,”
kitu gerentesna.
Lain gimir ku musuh. Da ongkoh teu
boga musuh. Pan nu diperangan téh.....
Dr. Ikin Sodikin, M.Si.;
Urang Sunda, Kudu Nyoara di Tempatna
KOLOM
Lina Wijsman jeung Si Kabayan
Atép Kurnia ........................................ 8
SAJAK
Cidra
Rinrin Candraresmi .......................... 9
Haleuang Hiji Lalaki
Kahlil Gibran ................................. 41
Potret : Reisyan
PURIDING PURINGKAK
Nu Ngajak Nyakeudeung
di Tegalheureut
Féndy Sy. Citrawarga ..................... 24
Bisma Perlaya
Maman ............................................... 22
NU MANEUH
Lawang Saketeng ................................. 1
Kaca Tilu ............................................. 3
Munara Cahya ................................... 14
Dongeng Aki Guru ............................ 17
Mimbar Atikan .................................. 21
Gedong Sate ...................................... 28
Mangle Rumaja .................................. 31
Katumbiri .......................................... 36
Nyusur Galur .................................... 42
Carpon Lucu ..................................... 49
Pangalaman Para Mitra ..................... 50
Ha... Ha... Ha ..................................... 52
Bale Bandung .................................... 54
Tarucing Cakra .................................. 55
Lempa Lempi Lempong .................... 56
BAHASAN
CARITA NYAMBUNG
Budi Rahayu Tamsyah
Ngalanglang Alam
Rusdi Jeung Misnem (2)
......................................................... 42
CARITA PONDOK
Péso Komando
Sanjani ............................................ 18
Nu Ceurik Luhur Gunung
Mamay Noer ..................................... 20
Carita Sarebu Samalem (180)
............................................................. 10
Gogoda Ka Nu Ngarora (18)
M.A. Salmun
............................................................. 12
Ceu Nonoy Putra Ua Banagara (2)
HD. Bastaman
............................................................. 48
4. Sataun Deui
B
ulan Oktober taun hareup
urang bakal ganti presidén.
Yudhoyono geus dua rintakan, moal bisa maju deui da kitu
ceuk konstitusina. Ayeuna gé geus
tatahar ngayakeun konvénsi, milih
saha
kira-kirana
nu
bakal
dicalonkeun ku Partéy Démokrat
dina taun 2014. Pangna diayakeun
konvénsi téh lantaran taya saurang
gé kader PD anu bisa dipercaya
pikeun ngandidat. Nu matak nya diakalan. Dina konvénsi nu maraju
téh lain ngan ukur kader partéyna,
tapi ogé anu saméméhna aya di
luareunana.
Teu boga kader anu pantes
pikeun dicalonkeun sina jadi
presidén téh lain kaalaman ngan ku
PD wungkul. Parpol nu séjén gé
méh sanasib. Amien Rais anu marajian ngadegna PAN dina mangsamangsa awal réformasi kungsi mani
siga anu yakin nyalonkeun Hatta
Rajasa. Tapi kadieunakeun ngolémbar deui. Ngan Golkar anu nepi ka
ayeuna keukeuh arék nyalonkeun
ketua umumna Aburizal Bakrie. Papadaning kitu tacan bisa mulus lantaran ti kalangan parpolna sorangan
loba anu cangcaya. Naha bener Ical
bakal bisa meunang?
Puguh wé ahirna mah jadi ironi.
Ongkoh nu ngaradegkeun parpol
téh terus waé kokotak hayang unggul dina pemilu. Tapi maranéhna
sorangan poho ngadidik kaderna
kalawan bener. Lamun di nagara
batur geus éstafétna, di urang mah
henteu kitu. Duka ku naon, sigana
Manglé 2449
harayang jeneng manéhna baé, bari
henteu méré kasempetan ka nu
séjén. Sanajan kungsi nyalonkeun
saméméhna tur kabuktian gagal teu
diparilih ku rayat, keukeuh wé
hayang maraju deui. Keun ku lebah
susugananana. Ngan éta lebah percaya yén dirina bakal dipilih ku
rayat, najan dina buktina henteu,
anu matak hélok téh.
Percaya dirina meureun anu
kaleuleuwihi téh. Nepi ka teu
ngukur ka kujur. Jeung teu percaya
ka nu séjén deuih. Tuntungna, unggal nyanghareupan pemilu, boh
keur milih presidén boh keur milih
anggota parlemén, teu weléh loba
dongéngna. Aya waé anu picacapékeunana téh. Saperti nu keur
kajadian ayeuna, apan mani sakitu
sahéngna riributan ngeunaan jumlah anu bakal milih taun hareup
téh. Tadina soal éta téh bakal
diumumkeun ku KPU minggu
tukang. Tapi dina daftarna téh
cenah loba kénéh nu teu bener. Tur
jumlahna lain saeutik-saeutik.
Tungtungna KPU ngéléhan méré
ombér dua minggu deui. Naha
bener bakal bérés dina waktu nu
sakitu samporétna? Loba anu cangcaya. Malah geus loba anu usul
sangkan pemilu dipundurkeun.
Tétéla anu pajar sanggup ngurus
nagara téh dina buktina mah henteu
kitu. Dinaa data nu boga hak pikeun
milih téa apan euweuh nu daék
ngaku saha nu salahna. KPU jeung
Mentri Dalam Negeri hayoh wé silih
tuding. Boa-boa dina ngitung jum-
lah penduduk gé loba kérokna.
Mangkaning cenah nu aya di urang
ayeuna téh leuwih ti 50 juta jiwa
umurna antara 17-39 taun. Hartina
keur meujeuhna produktif. Kuduna
nya maranéhna anu bakal bisa
nangtukeun saha-sahana nu pantes
mingpin nagara lima taun ka hareup
téh. Mun ngabandungan galagatna
ayeuna, teu mustahil maranéhna
bakal moal daék datang ka tempat
nyoblos. Lebar temenan lamun nu
hak boga sora kalah jadi mubah.
Ngan sigana dina nyanghareupan urusan nu saperti kitu tacan
aya anu daék nyanghareupan
kalawan bener. Kumaha carana
sangkan pulitik di urang bisa jalan
kalawan lumrahna baé. teu kudu
loba omong tapi lungsur-langsar.
Mun gunta-gantina kakawasaan
ceuk konstitusi ditetepkeun lima
taun sakali, nya atuh sina kitu wé.
Mun kudu eureun tina kakawasaan
teu kudu leutik haté, da ceuk aturaana kudu kitu.
Yudhoyono téh Presidén Indonésia munggaran anu langsung dipilih ku rayat. Éta téh kuduna mah
geus jadi pamiangan anu hadé. Nu
ngaranna pamaréntahan démokratis geus diperenahkeun din erél
anu samistina. Ngan hanjakal maké
terus dibungbuan. Ngung-ngong
sora-sora anu hayang ngusulkeun
Ibu Ani sina ngandidat. Leuwihna ti
éta Édi Baskhoro gé disebut-sebut.
Kitu deui Pramono Edhie. Naha nya
bet kitu dina lebah madakeunana?
AM
3
5. Sipat Siliélédan,
Kamanakeun?
Sampurasun!
Bangsa Indonesia nu
soméah hadé ka sémah,
nu
silihélédan,
ngaluhurkeun siliharegaan, jigana méh sirna,
kaléléd
ku
harakna
hubuddunya. Balukarna
pasipatan urang jiga nu
leungit komara. Kasaksén
pisan dina sagala widang.
Dina widang politik mah
geus karuhan, geus patulayah jalma-jalma nu tiap
poé salin rupa jeung
sipatna. Da, cenah ari
dina politik mah, lamun
teu licik moal genah. Beu!
Meureunan jalma nu cicing dina politik, boa-boa
jujur jeung amanah téh
geus jadi musuh dirina.
Upama bangsa geus kitu,
ulah salah nu karieu téh
bakal mawa pirus kana
widang-widang séjénna.
Ayeuna kasaksén aya
béja nu leuwih parna,
cenah pangmaceuhna nu
ngalakukeun
korupsi,
nyaéta jalma-jalma nu
cenah harayang ngurus
agama di Departemen
Agama. Ieu tangtu bahla!
Rék kamana atuh bangsa
urang diurusna. Pamaréntah deui nu disebut PNS,
keur geunjleung, cenah
raresep korupsi. Malah
PNS ngora ogé, loba teu
euleum-euleum
némbongkeun pakayana,
améh arapal ‘uing pangbeungharna’. Teu sadar
maranéhna geus dipatok
panghasilanana. PNS nu
sasatna mung saukur
ladén masarakat, geus
tibalik hayang jadi juragan. Nya antukna baroga
sipat kumawasa. Saha nu
4
salah lamun geus panyakit ieu narajang ka
unggal jalma?
Aya deui keur di dunya
hiburan
sepakbola.
Bangsa urang deui-deui
némbongkeun sipat embung siliélédan, embung
siliharegaan. Nu aya silijongklokeun, silisalahkeun, ahirna masarakat
moal deui paduli kana
omongan
pamingpin.
Dualisme nu ngayakeun
sepakbola di urang, hiji
bukti, pamingpin resep
ngaragragkeun
urusan
ahlak.
Sakitu waé surat ti
simkuring, mudah-mudahan hiji waktu tiasa disambung deui.
Wassalam,
Bah Somad
Ti Sumedang
Naha Resep Ngulinkeun Hukum?
Assalamu’alaikum Wr.
Wb.
Sampurasun!
Ti payun ngahaturkeun rewu nuhun ka Ais
Pangampih Manglé ku
tiasa dimuatna ieu serat.
Hapunten bilih dina
basana kirang merenah,
ma’lum sakantenan diajar
nyerat dina basa Sunda.
Sok sanajan sim kuring
linggih di pakidulan
Ciamis.
Tapi
duka
kumaha, geuning ari
nyarios ku basa Sunda
sakumaha basa-basa dina
Manglé mah éta téh rada
sesah.
Nyi Manglé, ngaban-
dungan pajamanan kiwari
nu sarwa babari milarian
informasi, tapi geuning
dalah milari jalmi nu
sugih mukti tur wani ngajak kana bebeneran luyu
sareng agami, asana mah
rada sesat éta téh. Teu
terang nu jadi balukarna
mah. Ngan, sim kuring
sok ngabandungan dina
média, seueur pisan
wargi-wargi urang nu sok
silih dedetkeun, silih
merekedeweng, jauh tina
silih élédan. Sok komo
pami
ngabandungan
masalah-masalah nu aya
patula-patalina
sareng
hukum, kayaning korupsi.
Jajauhan
ari
kana
deukeut adil mah, atuh
kana ningalikan cara nu
wijaksana atawa silihhormat ogé asana jauh
pisan. Cek Simkuring
mah, asa percaya teu percaya. Maenya lembaga nu
pangeusi nagarana sakieu
palinterna, nu sakieu
dasarna Pancasila, bet
gampang
kadatangan
jalma-jalma nu resep
ngulinkeun hukum!
Asana ieu nu jadi kahariwang urang. Lamun
téa mah, urang boga udagan bangsa nu beradab,
nagara nu bébas tina korupsi, buktina mah kalah
mahabu. Jigana ruparupa alatanana mah loba.
Ngan Simkuring mah,
keukeuh neueul kana urusan pasipatan jalmi nu
hubuddunya. Jalmi ningal
dunya éta téh teu aya béda
jeung ningal kabagjaan.
Padahal cek Simkuring
mah, ari ukuran kabagjaan mah lain ukuran
karana dunyana, tapi
karana jembar haténa.
Ku kituna, bangsa
urang ogé kedah saladar,
kedah intropéksi. Jalma
nu beunghar cek ukuran
dunyana, ogé sadar, yén
dunyana
pasti
moal
kabawa ka ahérat.
Rupina ieu nu janten
kahariwang Simkuring
sareng mungkin kanca
mitra sadayana. Mahabuna ahlak generasi muda
nu teu uni jeung kabiasaan urang resep ninggalkeun ibadah, sawadina
kudu jadi momen hijrah.
Generasi ngora balukar
kabawa
pangaruh
madarat tina informasi,
kudu jadi panalinga pamaréntah jeung para
orang tua.
Sakitu nu kapihatur,
mudah-mudahan surat
ieu aya mangpaatna.
Wassalam,
Rukoyah
Ciamis
Kuduna Babari
Nyi Manglé, cenah
bangsa
urang
mah,
bangsa nu panghesena
nanjeurkeun
kaadilan.
Duka kumaha eta teh.
Padahal kurang kumaha,
nu palinter teh loba. Dina
sabulan oge cenah deuih,
rebuan sarjana S1, S2, S3
diwisuda.
Hartina,
kuduna mah beuki dieu
teh kudu beuki babari.
Tapi geuning dina buktina
mah kana beuki harese.
Kudu kumaha atuh pamarentah?
Mangga
nyanggakeun ka nu palinter sing mikiran, pola-na
jeung polahna.
Nuhun.
Baktos
Bu Ida
Darangdan
Purwakarta
Manglé 2449
6. Dr. Ikin Sodikin, M.Si.;
Urang Sunda
Kudu Nyoara di Tempatna
Sunda
kudu
lébér
wawanén. Wani ngagorowok, mampuh nepikeun karep jeung kahayang
N
masarakat sabudeureunana. Kitu di
antarana jejer wangkongan Mangle
jeung Dr. Ikin Sodikin, M.Si., Dosen
FISIP Universitas Pasundan (Unpas)
Bandung, basa tepung
waktu ka tukang.
***
sawatara
u jadi wawakil rahayat,
kudu mampuh nyoarakeun
kereteg haté masarakat.
Atuh, kitu deui urang Sunda nu
ngawakilan masarakat Jawa Barat
di
Senayan,
kudu
ludeung
nepikeun angen-angen masarakat.
“Kudu wani ngagorowok,” pokna
tandes naker. Tapi, cenah, nyorakeun kereteg haté masarakat téh,
kudu di tempatna. “Nu jadi wawakil
rahayat kudu wani ngedalkeun sora
ngoncrang di parlemén,” ceuk Ikin
Sodikin,
ngantebkeun
jejer
obrolan.
biasa ngantor kénéh wanci kitu gé,
tumali jeung pancén gawéna, ngaping mahasiswa nu keur tolab élmu
di éta kampus.
Ngawangkong téh di
Kampus FISIP Unpas,
Jalan Lengkong Besar,
Bandung.
Ngobrol
pabeubeurang wanci
asar, da ieu dosen
Fisip Unpas teh
Urang
Upama nyaksian rahayat hirup
walurat, saha nu salah? Tangtu wé,
aya pihak nu samistina tanggung
jawab. Lantaran, cenah, poténsi
bangsa mah teu kurang-kurang.
“Tapi, naha keur nyumponan
pangabutuh sapopoé gé seuseut
naker?” pokna semu nanya.
Miang tina Bayeungyang
Nyaksian kaayaan rahayat kiwari, ceuk Dr. Ikin Sodikin, M.Si.,
dirina ngarasa hareudang tur
bayeungyang. Kitu téh harepan
patukang-tonggong
jeung
nu
samistina. “Teu pantes bangsa
urang miskin mun lain salah urus
mah,” pokna semu hanjelu.
Upama
nyusud
akar pasualanana,
keur nu wanoh
Manglé 2449
5
7. kana tata cara ngurus ngatur nagara mah, moal hésé ‘maledogkeun’
tudingan. Eces cenah, nu ngurus
ngatur nagara téh pamaréntah,
dina hal ieu eksekutif. “Tah, upama
rahayat teu hirup jeung huripna,
hartina garapan gawé pamaréntah
téh tacan keuna kana sasaran,”
ceuk ieu urang Cimahi Bandung
téh.
Tangtu, cenah, dirina gé, teu
sagemblengna nyalahkeun pamarentah, lantaran lian ti éksékutif, nu bisa ngurus ngatur nagara
téh aya wawakil rahayat atawa législatif téa. Tah, kumaha atuh ketak
arinyana téh? Ceuk Dr. Ikin Sodikin
mah, perelu dibebenah deui.
Nyorakeun kahayang masarakat
Pancén législatif, jinek naker.
Eces aya réngkolna dina undangundang. Atuh, samistina sagala
rupa garapan gawé wawakil rahayat kudu bener-bener keur
kapentingan nu diwakilanana.
Upama nyieun undang-undang gé
kudu bener-bener éta téh keur
kapentingan
rahayat,
lain
kapentingan séjén tawa direwong
ku kapentingan séjén. Kitu deui,
dina sual nangtukeun anggaran,
apan kudu bener-bener keur
karaharjaan masarakat.
Dr. Ikin Sodikin sareng Ketua Umum PKB
Lian ti éta, pihak nu mancen
gawe di pamaréntahan gé kudu
bener-bener ngalaksanakeunana.
Bisana kitu, upama pihak nu
ngalaksanakeun
pangawasan
bener-bener tigin kana pancénna!
Nyaksian nu karandapan ku
masarakat, ieu dosén Pasca
Sarja na Fisip Unpas téh kacida
hareudangna.
Malah, ahirna,
boga karep ancrub makalangan
dina pilihan umum législatif.
“Nyuhunkeun widi ka warga Kota
Bandung sareng Cimahi, sim ku ring seja ngadugikeun angenangen warga masarakat ku cara
ngiring di légsilatif,” ceuk ieu
caleg DPR RI ti PKB téh.
Nguatan hak konstitusi rahayat
6
Manglé 2449
8. Upama Dr. Ikin Sodikin, M.Si
boga karep makalangn di tingkat
nasional, mémang éta médan téh,
keur dirina mah ‘manukna’. Apan,
sapopoéna gé nebarkeun pangaweruh nu tumali jeung urusan nagara. Nilik ka dinya, mémang ieu
Doktor
Lulusan
Universitas
Padjadjaran (Unpad) Bandung téh,
boga bekel, boga luang jeung
pangalaman. Apan, lian ti aktip
dina rupa-rupa organisasi, kungsi
deuih jadi Ketua Komisi Pemilihan
Umum Kota Cimahi.
Inyana boga anggapan, nu
kapilih jadi anggota législatif, teu
cukup ku boga kamampuhan jeung
meunang kapercayaan masarakat.
Da, nu leuwih penting mah, éta
kapercayaan téh, misti bener-bener
keur kamaslahatan rahayat.
Nu jadi wawakil rahayat, kudu
tigin kana patékadanana, geusan
jadi panyambung létah masarakat.
Lain ukur mampuh nyorakeun, tapi
deuih kudu peurahan, sarta digugu
ku nu boga kakawasaan ngurus
ngatur masarakat.
Ieu akademisi teureuh Ciamis
téh mapandékeun wawakil rahayat
lir tukang buburuh macul. Inyana
téh buburuh macul ka dunungan.
Tapi, waktuna macul, bet leuwih
ngaheulakeun ngala belut jeung
sagala rupa nu bisa diala di sawah.
Poho wéh yén nu dipacul téh kudu
ditandur, kudu kapetik hasilna
kaala buahna, bisa dipanén dina
waktuna. “Hartina, nu macul kawas
kitu mah, ukur mentingkeun
pribadina,” pokna tandes naker.
Upama wawakil rahayat poho
kana pancén nu pokona, bisa jadi
lantaran dihaja sina ‘resep’
ngumpulkeun hasil keur kapentingan pribadina. Mémang, cenah,
bisa jadi pangasilan ‘tambahan’ téh
légal, sah ceuk aturan, lantaran
geus disapukan ku nu boga wewenang. “Sakedahna, ukuranna sanés
sah sareng henteuna, tapi maslahat
atawa henteu kaggo masarakat,”
pokna.
Kahareudangna ngabandungan
Manglé 2449
kaayaan, asa aya jalan komo meuntas, da aya nu ngahiap-hiap,
sababaraha partey pulitik sangkan
inyana jadi calon législatif. Antukna, inyana gé ditempatkeun di dapil
(daerah pilihan) Kota Bandung
jeung Cimahi.
rahayat, lain ngageringan pikir
masarakat. “Loba rahayat nu bingung, teu apal pipetaeun! Padahal, arinyana téh nu boga ieu
nagara!” pokna semu hanjelu.
Eta dua kota, ceuk tilikan ieu
Ketua Prodi Ilmu Administrasi Negara Fisip Unpas mah, lir étalase
Jawa Barat. Hartina, mistina
némbongkeun rupa-rupa kapunjulan éta daérah. Ngan, nya kitu,
cenah, dina kanyataanana mah,
loba kénéh nu misti dibebenah.
Kota Bandung jeung Cimahi, masih
kénéh nyanghareupan rupa-rupa
pasualan saperti ngaleuyahna
padumuk,
caah,
padumukan
keumeuh, patalimarga pajurawet,
jeung sajabana. Geusan ngungkulan pasualan kawas kitu, ceuk pikir
ieu dosén mah teu cukup ngandelkeun kamampuhan daérah nu
kawatesanan. “Kedah kénging
pangrojong daria ti pamaréntah
pusat kalebet ti para anggota DPR
RI,” pokna.
Upama Dr. Ikin Sadokin, M.Si.,
ludeung makalangan di tingkat
nasio nal, da mémang boga bekel.
Dina sual pangaweruh mah,
ancrub na kana widang pulitik
kawas kitu téh, pas jeung lelembutanana. Makalangan dina widang
akademik mah, lain ukur di kampusna, da puguh ngaléngkah jauh
ti ‘lemburna’. Apan, dina sual
mekarkeun élmu administrasi negara gé, ieu akademisi kalahiran
taun 1960 téh, milu marajian
medalna Asosiasi Ilmu Adminsitrasi Negara.
Dr. Ikin Sodikin, M.Si., mémang
paham pisan mun kalungguhan
anggota déwan di puseur nagara
téh penting pisan. Kitu téa mah, da
mémang kitu wewenang jeung
pancén gawéna. Parawakil rahayat
nu boga wewenang pulitik, bisa
ngararacang jeung nangtukeun
maju mundurna nagara. “Malah,
bisa nangtukeun maju jeung ancurna ieu nagara!” pokna sumanget
naker.
Ku lantaran kitu, didadasaran
ku kahariwang jeung harepan
enyay-enya cahaya mangsa nu
bakal datang, inyana ngabuleudkeun tékad, ilubiung nyumbangkeun kamampuhanana di
parlemén. Pokna teh, inyana ludeung nyalonkeun diri, lain kabawa
palid ku cileuncang, lain kabawa ku
sakaba-kaba. “Warga masarakat
wajib meunang panyalidungan ogé
ngarasakeun karaharjaan,” pokna.
Pancén nagara, minterkeun
rahayatna, lain ngabodokeun jeung
ngainabobo masarakat; nyéhatkeun
Kari Prakna
Kamampuhan dina widang pulitik ogé kaasah ku lantaran icikibung dina rupa-rupa organisasi.
Atuh, ieu Pingpinan Redaksi Suara
Rakyat Reformasi téh, aktif deuih
dina rupa-rupa organisasi. Inyana
gé kapeto jadi Sekretaris Asosiasi
Ilmu Politik (AIPI) Jawa Barat
(1994-1998), Sekjen Lembaga
Sertifikasi
Profesi,
Pangurus
Paguyuban Pasundan Cabang
Cimahi, ogé kungsi jadi Ketua KPU
Kota Cimahi dua rintakan.
Dr. Ikin Sodikin, M.Si., loba
balad. Nya ku lantaran kitu, dina
ngalaksanakeun pancén gawé, kaasup saperti waktu jadi Ketua KPU,
dina
ngalaksanakeun
pilihan
umum jeung pilihan kepala daérah
di Cimahi, teu weleh lungsur
langsar, sarta meunang pangrojong
masarakat.
Angen-angenna,
basajan.
Mulang keun kakawasaan ka nu
hakna. Rahayat téh nu boga
kadaulatan, nu samistina meunang hak-hak nu luyu jeung undang-undang. ”Mulangkeun hak
konstitusional
rahayat,
kari
prakna. Aya pakeunna deuih. Kari
miharep ketak para wawakil rahayatna,” pokna pinuh ku pangharepan.*** (Tim Mangle)
7
9. Lina Wijsman jeung Si Kabayan
Ku Atép Kurnia
D
ina bulan Désémber 2008 medal
Si Kabayan: cerita lucu di Indonesia terutama di tanah Sunda.
Pamedalna PT. Pustaka Jaya gawé
bareng jeung lembaga ilmiah Walanda,
Koninlijk Instituut voor Taal-, Land- en
Volkenkunde (KITLV-Jakarta).
Ieu buku aslina mah dina basa Walanda. Judulna, Uilespiegel verhalen in
Indonesie: in het Bizonder in de Soendalande. Nu nulisna Lina Maria CosterWijsman. Asalna tina disertasi nu
dipertahankeun ku manéhna di Universitas Léiden, Walanda dina poé Jum’aah
jam 4 soré, 7 Juni 1929. Disertasina tuluy
dibukukeun taun éta kénéh. Pamedalna
Santpoort: Mees. Kandelna 170 kaca.
Tina buku édisi Indonésiana nu
kandelna 252 kaca beunang narjamahkeun Koesalah Soebagyo Toer, aya
sawatara hal anu bisa jadi narik mun ditulis. Kahiji, aya patalina jeung nu
nyusunna. Kadua, asal-muasal carita nu
dipaké minangka bahan disertasi téa.
Katilu ngeunaan eusining carita Si
Kabayan nu ditalungtikna.
Perkara kahiji, rada hésé ngungkabna. Lantaran dina bukuna gé méh euweuh katerangan saha-sahana ari Lina
Maria Coster-Wijsman téh. Pikeun
ngungkabna, kuring satapa-tapana
néangan informasina. Boh tina buku boh
tina sumber séjenna.
Nu bisa kakumpulkeun antarana
kieu. Lina téh lahir di Léiden dina taun
1890. Anak cikal ti dua sadulur. Bapana
Hendrik Paulus Wijsman (1873-1916).
Indungna Gijsberta Maria van Oosterwijk (1873-1937). Adina Eline Wijsman
(l. 1898). Dina 26 Pébruari 1919, Lina
kawin ka Dirk Coster (1889-1950),
fisikawan Walanda nu milu manggihan
unsur Hafnium (Hf) dina taun 1923.
Buah rumah tanggana boga budak lalaki
dua jeung dua budak awéwé (Hendrik,
Ada, Éls, jeung Hérman).
Sedengkeun perkara kadua bisa diilikan tina bab-bab bukuna. Aya opat bab
kabéhanana mah. Bab I: Daftar Isi dan
Catatan; Bab II: Teks; Bab III: Masyhudulhak; dan Bab IV: Abu Nawas. Dina
Bab I, Lina nyatet jeung nyingget 134
dongéng Si Kabayan nu dikumpulkeun
Snouck Hurgronje (1857-1936). Ditambah sabagian leutikna ti RA. Kern, jeung
8
ti R. Satjadibrata. Dina Bab II, Maria
ngamuat 80 téks basa Sunda nu eusina
dongéng Si Kabayan.
Tah geuning kapanggih sumbersumber asalna téh. Ngaran Snouck sakitu gedé jasana dina ngagelarkeun
disertasi Lina. Geuning sakitu réa éta
oriéntalis
Walanda
ngumpulkeun
dongéng Si Kabayan téh. Lebah dinya
mah urang bisa ngilikan riwayat Snouck
ngumpulkeun folklor ti Tatar Sunda.
Antara taun 1889-1891, babarengan
jeung Haji Hasan Mustapa (1852-1930),
panghulu besar Bandung jeung nu geus
dipiwanoh di Mekah ti mimiti 1885,
Snouck ngayakeun panalungtikan
sabudeureun kahirupan urang Islam
jeung folklor nu aya di Pulo Jawa.
Mimitina indit ka Sukabumi. Tuluy Bandung, Garut, Calincing, Cirebon, jsté
(Snouck Hurgronje dan Islam, 1989:
205-206).
Tina éta lalampahan jeung bisa jadi
katambahan ku kekempilan séjénna,
Snouck, antarana bisa ngumpulkeun
dongéng-dongéng Si Kabayan. Jumlahna
teu bisa disebut saeutik. Da éta wé tina
titinggalna di Perpustakaan Universitas
Leiden, Édi S. Ékadjati, dkk (Naskah
Sunda, 1988) kungsi ngarinci. Geura nya
wincikanana téh: Kumpulan Cerita
(LOr.7667); Dongeng Kabayan (LOr.
7676); Dongeng-Dongeng Kabayan
(LOr. 7691); jeung Cerita Kabayan (LOr.
7694).
Tina hasil kukumpul Snouck, Paul
Hambruch
ngasupkeun
dongéngdongéng Si Kabayan kana bukuna,
Malaiische Märchen: Aus Madagaskar
und Insulinde (1927). Atuh taun 1929
sidik dipaké disertasi Lina. Bari ku éta
panalungtikan téh manéhna dianggap
minangka wanoja munggaran nu meunang gelar doktor dina widang foklor ti
Universitas Leiden.
Perkara katilu aya kakaitanana jeung
eusining carita Si Kabayan. Si Kabayan
mémang kawentar jalma panglucuna saTatar Sunda. Ngan, tina sajumlahing
carita Si Kabayan nu ditalungtik ku Lina
Wijsman téh sihoréng aya dongéngdongéng nu nyabit-nyabit sisi séksualitas
Si Kabayan. Dina Bab I, aya 42 tingkesan
nu di jerona ngandung sisi-sisi séksualitas Si Kabayan. Ari dina Bab II, dimuat-
keun 33 téks nu aya kakaitanana jeung
séksualitas Si Kabayan. Naon jeung
kumaha séksualitas carita Si Kabayan
téh?
Bisa jadi jang ngajawabna, urang
bisa ngandelkeun tulisan Ayatrohaédi
(1939-2006), “Si Kabayan: Cawokah
atau Jorang?” nu dimuat dina buku Seks,
Teks, Konteks: Tubuh dan Seksualitas
dalam Wacana Lokal dan Global (2004:
121-140).
Cék Ayat mah, dongéng-dongéng Si
Kabayan téh kaasup cawokah tapi teu jorang. Hal ieu bisa kaharti mun seug tékstéks dongéngna dipakaitkeun jeung
kontéks nu ngagelarkeunna. Sakumaha
nu dicaritakeun di luhur, dongéng Si
Kabayan dina disertasi Lina téh asalna ti
wewengkon
Banten
Kidul.
Ieu
wewengkon téh cék Mang Ayat mah,
“merupakan daerah yang sama sekali
tidak pernah terkena pengaruh baik peradaban maupun kebudayaan Jawa yang
antara lain membawa “kehalusan budi”
dalam wujud bahasa.”
“Kehalusan budi bahasa” ngandung
harti ayana undak-usuk basa atawa
lemes-kasarna basa Sunda nu kapangaruhan budaya Jawa. Tah, lebah
masarakat Banten Kidul, cék Ayat,
“Hampir tidak adanya kata-kata lemes
‘halus’. Jika pun ada di antara mereka
yang mengenal kata halus demikian,
hampir dapat dipastikan pengetahuan
itu mereka peroleh melalui lembaga
sekolah atau karena bersentuh bahasa
dengan penutur bahasa dari dan di tempat lain.”
Ku kituna cenah, “Di lingkungan
masyarakat Banten Selatan yang masih
‘polos’ seperti itu, pelisanan kata yang
bagi masyarakat lain diupayakan
dibalibirkeun dengan demikian tidak
diperlukan.”
Ku sakitu gé, sigana, lumayan rada
caang ngeunaan hubungan Lina Wijsman jeung Si Kabayan téh. Horéng teu
kabéh dongéng Si Kabayan téh teu
malulu kesanna lucu. Ti Lina, antarana,
urang meunang gambaran séjén yén Si
Kabayan gé aya patalina jeung tarékah
ngaéksplorasi sisi séksulitasna.
*) Penulis lepas. Nganjrek di Cibiru,
Bandung.
Manglé 2449
10. Rinrin Candraresmi
Cidra
demi wanci urang sumpah seja nyaah
bari teu reureuh teu reureuh nugar lemah
tugar! tugar!
asak burahay seuseukeut bor ngambeu dolar
beuki jero beuki moho beuki lampar beuki lapar
ngagorowong torowongan nyao di mana tungtungna
beurang peuting anggeus-anggeusan meureut sarina
demi laksmi urang ngentreung galeuh tineung
bari teu reureuh teu reureuh ngabukbak leuweung
bukbak! bukbak!
nu ranggéténg nu nyanggéréng diarah pitapak harak
rupaning jangjang gumeleber kumeleper balai nyampak
saréwu akar dikubur umur nerus pundung narah sirungan
simagonggong si gerot kahot sirna sima sarénghapan pisan
demi anu pandeuri urang riksa rasa tresna
bari teu reureuh teu reureuh ngeduk sagara
keduk! keduk!
cai pasang cai surut awor angin celuk-celuk
lagu buhun dina riak dina lambak wuwuh sumegruk
nu kumelip di jerona sakotéap korédas kabatu-batuna
tapak kelar tapak kelir bati lilir kari séah jeung budahna
(bandung, awal pebruari 2004)
Rinrin Candraresmi, salian resep diajar nulis (sajak, carpon,
naskah drama) ogé aktip di dunya téater. Salila neuleuman seni
peran, kacatet, kungsi ngarojong pagelaran pikeun sawatara
pakumpulan seni, pangpangna nu aya di Bandung, diantarana
Caraka Sundanologi, Teater Sunda Kiwari, Studiklub Teater
Bandung, Laskar Panggung Bandung, Teater Senapati, Teater
Bel, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda, Komunitas
Empat Perempuan, Actors Unlimited, NEO Theatre (Exploring New Paradigms), Samba Sunda, jlté. Mindeng dipénta
maca sajak jeung jadi juri sajak dina sawatara kasempetan.
Manglé 2449
9
11. Bagian
180
Peuting ka-208
Kacaturkeun deui
Putri Budur, tangtu
kagét kacida. Cikénéh
apan salakina téh aya
gigireunana, tapi basa
lilir, teu kasampak, teuing ka mana. Nu matak
kagét téh deuih, waktu
ngarampa permata téa,
bét geus euweuh. Harita
kénéh, putri ngoréjat,
terus tumpa-tempo ka
sabudeureunana.
Lebeng!
Aya pikiran rék
nananyakeun ka nu
séjén. Tapi, haténa
murengked. Lantaran
ceuk pikirna, mun nepi
ka kanyahoan Komarujaman ninggalkeun éta
tempat atawa leungit,
tangtu baris mawa mamala.
Sajongjongan éta
putri ngahuleng. Mikir
jeung ngira-ngira naon
nu cikénéh karandapan.
Mémang, aya sangkaan,
10
nu boga kalakuan kitu
téh salakina. Ngan,
dibantah deui ku pipikiran séjénna, boa teuing
aya pihak séjén nu maling éta permata, sarta
kanyahoan ku Komarujaman nepi ka ngabeledig
bangsat téa.
Ras deui putri téh
kana pipikiran séjén.
Mun enya téa mah,
salakina ninggalkeun éta
tempat heug kanyahoan
ku nu séjén, tangtu wé
bakal ngabarubahkeun,
boa bakal aya kajadian
nu teu dipiharep.
Enya ogé pangiring
téh rahayatna, tapi apan
bisa waé mun nyahoeun
pamingpinna leungit,
meureun nu dipingpinna
gé moal sumanget.
Leuheung kétang mun
ukur kitu, narajang
upama jadi ngunghak,
wani ngalakukeun nu
teu uni, matak cilaka.
Boga sangkaan kitu téh,
teu kaleuleuwihan, da
rombongan téh apan
lolobana mah lalaki, bisa
nguntup upama éta rombongan dipingpin ku
awéwé mah. Antukna,
bisa waé ahirna mah
ngijing sila béngkok
sembah, teu nurut deui
kana paréntah pamingpinna.
Leng deui Putri
Budur ngahuleng. Mikir
dibulak-balik, ahirna
nyéh imut. Ceuk pikirna,
mending teu betus rusiah ka nu séjén, iwal ti
ka jalma-jalma
kadeuheus nu bisa
dipercaya. Sanggeus
gilig, éta putri nyalukan
sababaraha urang badégana. Pok wéh nyaritakeun rarancangna
geusan kasalametan
balaréa.
Satutas dirina
nyaritakeun salakina
ilang tanpa karana, éta
putri metakeun tarékah.
Carana, Putri Budur rek
nyamur jadi Komarujamana. Keur ngalaksanakeun patékadanana,
moal hésé, lantaran nilik
kana dedegan jeung
rurupaanana, sarimbag
jeung salakina. Hartina,
mun manéhna niru-iru
salakina kalayan maké
papkéan lalaki, tangtu
saréréa gé moal sadar
mun éta téh Komarujaman titiron!
Réngsé paparéntah,
saterusna Putri Budur
nitah salah saurang
wanoja pangiring sina
jadi putri. Eta pangiring
téh sina maké papakéan
Putri Budur nu cikénéh
dipaké ku éta putri téa.
Sabada kitu, nu nyaru
téh sina nempatan tandu
nu asalna dipaké ku
Putri Budur.
Saterusna, Putri
Budur gagancangan
dangdan. Maké papakean salakina. Sirahna
ditutupan ku sorban. Ku
cara kitu, putri téh
ngarasa reugeug, sabab
moal aya nu wani
campelak ka dirina nu
ceuk sangkaan batur
mah Komarujaman.
Sanggeus saged,
manéhna ngoréléng ka
tukangeun kémah. Muru
kuda nu biasa ditungga-
Manglé 2449
12. ngan ku salakina. Taya
halangan harungan,
kawasna kuda téh
apaleun pisan éta téh
dununganana kénéh.
Clak wéh tumpak kudan,
puguh putri masagi,
tapis nunggang kuda
onta jeung gajah, kitu
deui metakeun pakarang,
nyamurna jadi lalaki gé
perecis pisan, moal gampang katohyan.
Rombongan miang.
Ngabring saperti
saméméhna. Ku cara kitu
lalampahanana téh
lungsur-langsar nepi ka
ahirna anjog ka hiji nagri
nu dirajaan ku Armenos.
Horéng, urang karajaan
gé geus apal, da puguh
kitu kabiasaan éta nagara, keur ngajaga
kaamanan karajaan téh
teu weléh nyebarkeun
telik sandi. Jadi, saha
waé nu bakal datang,
pangpangna mah rombongan, tangtu bakal
kanyahoan ku pihak
kaamanan nagara nu
saterusna ditepikeun ka
rajana.
Sanggeus apal sahasahana nu baris cunduk
ka éta nagri, Raja Armenos téh ngabagéakeun
sakumaha mistina ka
tatamu nu hormateun.
Najan can kungsi tepung,
ari kana ngaran Komarujaman putra Raja
Syahraman teu bireuk
deui. Ku lantaran kitu,
tanda hormat ka
karajaanana, panyambutan ka Komarujaman gé
dibagéakeun langsung ku
rajana.
Waktu rombongan
reureuh di kémah nu aya
dina wewengkon tapel
wates kota, raja éta nagara cunduk. Harita
kénéh sémah jeung
pribumi téh, silihbagéakeun. Ahirna, raja
ngondang rombongan
Manglé 2449
sangkan datang ka istana.
Nu disambat nyanggupan. Poe isukna, rombongan miang ka puseur
nagri. Teu lila di
jalanana gé da deukeut.
Rombongan dibageakeun
sarta disuguhan ruparupa kaolahan has éta
nagri.
Dina waktu reureuh
Putri Budur nu
disangkana Komarujaman, ditempatkeun di
rohangan husus. Nya di
dinya, raja jeung sémah
téh biasa ngobrol
saméména. Ngan, ku
bisana nyumputkeun
semu, panyamaran putri
téh teu katohyan.
Lungsur-langsarna
panyamuran, horéng
mawa pasualan. Apan,
sanggeus tilu poé sémah
aya di lingkungan istana,
raja balaka. Cenah, dirina téh geus kacida
kolotna. Nilik kana
kakayaan taya kakurang,
da puguh sarwa nyampak. Emas, duit jeung,
harta banda séjénna,
moal nguyang ka batur,
lantaran éta nagri téh
kaasup golongan nu beurat beunghar.
Ngan, mungguhing
manusa, cenah, taya nu
sampurna. Raja gé
ngarasa aya nu kurang
dina diri jeung di
lingkunganana téh.
Soalna, nepi ka danget
éta, tacan boga pirajaeun, da anakna téh
awéwé, Putri Hayati
Nufus nu ngan hiji-hijina.
Nilik kana rurupaan
putri, arang
pitandingeunana. Matak
teu sing anéh, upama
loba nu mileuleuheungkeun keur batur hirup
dina rumah tangga téh.
Tapi, nya kitu, sakur
lalaki nu datang seja
ngalamar, tacan aya nu
cocog. Ari harita, ningali
paroman Komarujaman
bet ngadadak haté raja
téh léah, hayang mulung
minantu nu engkéna
sakalian rék dijenengkeun raja.
Ngadéngé caritaan
raja kitu, Komarujaman
mamalihan bingung.
Ngan, kapaksa
nyumputkeun semu.
Lantaran, mun nepi ka
katohyan, meureun bakal
jadi mamala. Atuh,
hartina deuih, manéhna
samar bisa tepung deui
jeung salakina, da bisabisa nandangan hukuman lantaran geus
ngabobodo Raja Armenos.
Leng deui mikir,
sabalikna, upama
manéhna daék ngawin
putri raja, tetep wé jadi
mamala, da awal ahir gé
baris katohyan. Ku lantaran kitu, sajongjongan
mah, putri téh ngahuleng.
Saterusna, mikir
dibulak-balik. Nimbangnimbang untung-rugina.
Copelna, nyokot nu
pangsaeutikna rasiko,
lantaran dua pilihan téh
kacida beuratna. Ahirna,
Putri Budur milih daék
dikawinkeun ka Putri
Raja Armenos. ***
(Hanca)
11
13. Ku M.A. Salmun
{ 18 }
T
i sajungna Si Abdullah, nepi ka isukna
deui Agan Sari
sasatna balik-pepeh.
Kawasna anu kitu nu sok
disebut keuna ku wisaya
téh, leungit pamageuh
pikirna, diuk-nangtung teu
ngareunah; cicing asa rék
tiguling, leumpang asa kumoléang. Buruan asa
layuan, kéjo asa catang
bobo, cai asa tuak bari téh
lain heureuy, lain
babasaan, éstu sagala teu
ngeunah.
Dumadak deui sapeuting
éta mah Lilis teu ngendong,
atuh Agan Sari téh lir sarah
munggah umpalan dibuntang-banting ku arus, nengah-nyisi mumbul-kalem
téh teu aya nu geusan
pingajaiteun.
Ari tep karasa panasna
ku Nyi Rapiah, asa enya
maru téh mending sina
peren kana kotak, tapi bréh
kacipta Nyi Rapiah ngalonjor nangkarak baeud, panon
celong buuk hangit, awak
tiis tanding birit leuwi,
gebeg Agan Sari ngarénjag.
Ras ka salaki na’ aya lalaki
12
kumpeu kabina-bina teuing,
nepi ka beunang dijieun
kékéséd ku urang pasar!
Parat sapeuting, Sariningrat sakerejep gé teu
saré. Ngedeng sih ngedeng
di enggon, tapi ngan matak
pasiksak sepré jeung pasoléngkaran anggel baé
balas marudah goléah-gedebug sapeuting; cacakan
hawa nyerecep tiis mah simbut téh kalah ngalumbruk di
juru, teu kapaké, da awak
asana hareudang bayeungyang, panon téh disarékeun teu reup,
diceurikkeun teu hing.
Padahal lamun teu keur
kagoda iblis mah, heug
waktu sapeuting jeput téh
dipaké tapakur, munjat ka
Allah, najan teu meunang
terbuka ogé, ari leuleus mah
haté téh geus pasti. Kawas
galagat Sariningrat kudu
panjang lalakon, jadi bibit
gugat-hariwayat.
*
Pabeubeurang, meneran
wayah rumangsang, Si Abdullah nampanan duit
salawé perak ti Agan Sari.
Jangjina: bubuh-ripuh
larawirang jeung
baléwatanganana Sari mah
teu nyaho-nyaho. Geuleuh
keumeuhna, rujit-berewitna
Agan mah cuci-tangan.
Si Abdullah teu talangké, ngabéngbéos
nepungan Bapa Damsik, dulurna Nyi Dampi, dukun ti
Cikawao. Duka kumaha
babadamianana mah, ngan
anu tetela baé, Si Abdullah
dibahanan botol leutik, aya
sagedé cingir mah, eusina
barang éncér, bodas hérang
teu warnaan, teu aya ambeuan teu aya rasana,
lamun campur jeung kadaharan téh teu katara
meueus-meueusan acan.
Ceuk dukun gejul téh:
“Bapa mah tarima méréna,
teu tarima nitah makéna.
Ku ujang dipaké bageur, teu
rék ménta bagian ganjaranana; ku Ujang dipaké jahat
teu rék milu nanggung
dosana. Ngan ulah gagabah,
sabab ieu téh sakeclak
matak hilang, satétés matak
paéh, siksa-dorakana ulah
mamawa ka Bapa. Bapa
mah cara nu dagang bedog,
tapi semet ngajual. Lamun
dipaké ngala suluh kaala
paédahna, lamun dipaké
mahala jelema, panday mah
da henteu nitah.
“Enya Pa, tarima bérés!”
jawab Si Abdullah.
Geus ngeupeulan sarta
sasalaman léos indit, rék
balik.
Ari imah Si Abdullah téh
di lelewek pasar kénéh, kiwari mah Babatan
ngaranna. Pamajikanana
ngaranna Nyi Nisah, awéwé
bageur pisan, urang
dinyana. Sakitu lawasna
imah-imah téh teu boga baé
anak, duméh Nyi Nisah
gabug.
Ari Si Abdullah jeung
Nyi Nisah téh, bojona, moal
béda ti unggal pamaénanpalacuran jeung pamajikanana. Di mana-mana gé
pamajikan panganclongan
mah tara leuwih ti badéga
purah ngalaan tulak panto.
Ti salaki, sumawonna
mangrupa duit balanja
atawa sakadar pangrawat
nu matak ngeunah, tampolanana banda pamahanan
kolot gé ledis dijieun pawit,
mulungtu teu sarung butut
sarung butut acan. Lamun
pamajikan teu rancingeus,
atuh alamat budak réwak
ménta nyatu. Ana salaki
balik ti pamaénan, pimanaeun aya omongan
leuleuy hipu matak ngeunah, tampolana saleuwihna
tina haok-hamprong jeung
porongos téh keur seu mah
Manglé 2449
14. maké aya dampal leungeun
gagelepok kana pipi.
Awéwé anu pareng boga
salaki ka pamaénan-palacuran-pamabokan, teu aya
bédana ti ngarawatan
kasakit, sarua jeung
nanangkeup tihul, teu aya
pisan tiis dingin paripurna
téh.
Nyi Nisah, pamajikan Si
Abdullah gé nya kitu. Aya
mendingna téh teu boga
anak. Hadéna baé ninggang
di awéwé daékan, bodobodo gé, aya aturan daék
buburuh, isuk-isuk
mangjualkeun kuéh,
pabeubeurang mantuan
nipung di Ibu Haji Ubeng
anu kasohor ngareunah
kuéh-basahna, purah
kapeto jeung dikengkenan
dina hahajatan. Mun Nyi
Nisah teu bisa hirup kitu
mah, atuh jado tonggérét,
tonggérét enya, da ngandelkeun ti salaki mah, seubeuh
sotéh kuk sentak jeung
polotot, anu minangka
gemuhna, éta ana geus
kokosod ngusap pipi digaplokkeun. Kungsi
midangdam méménta talak,
awahing teu kuat, tapi batan
dilisanan kalah awakna
gareuneuk, dipahala.
Najan Nisah awéwé
bodo, tapi da teu gélo, ari
rasa mah teu éléh seukeut
ku saha baé gé. Sok sering
lalamunan hayang mélét
atawa ngasihan salakina
ngarah malik nyaah jeung
karunya, tapi teu timu
jalanna ngan osok ngadéngé
béja, magar aya pélét mangrupa cimata duyung,
ngalana ti ditu tuh jauh, ti
Cilacap, nyaho teuing lebah
sisi langit beulah mana “nagara” Cilacap téh. Matihmatihna pélét, béjana, anu
kaduyung ku cimatana téh
mani nangkél-montél,
léngkét-macét. Dina itungan
Nyi Nisah nu bodo, lamun
seug si Abdullah diloloh ku
cimata-duyung, eudeuh
siah, lamun acan sujudnyuuh bari acong-acongan
tobat moal rék dibéré hadé.
Tapi Nyi Nisah kituna téh
ngan dina ciptaan baé,
Manglé 2449
boro-boro bébéja ka salakina, indung sukuna pribadi
gé teu dibéjaan. Atuda saha
nu teu garéték boga salaki
miyuni kerud:
Mungguh jalma anu
bodo heureut pikir,
minangka mikirna,
ngalamun nu lain-lain,
nu teu kaharti ku akal.
Ngumbar hayal nu taya
watesna deui,
jadi panyileukan,
“mikiran” barang mustahil,
asa heueuh, asa enya.
Sasoré éta, Si Abdullah
tara-tara ti sasari balikna
teu bari jamotrot monyong,
malah maké sura-seuri bari
ngasongkeun encit linong
jeung sarung Ciamisan.
Ngomong saréh: “Icah,
ieu aya rejeki manéh, Kaka
boga milik meuli keur
salin.”
Nyi Nisah olohok,
duméh carang bulanna
carang taunna salaki kikituan téh, pok ngajawab! “Ieu
téh alamat naon, bet kawas
anu mamakasih (kanyaah
pamungkas, biasana
dilarapkeun ka jalma nu
deukeut ka nu rék maot),
tara-tara ti sasari!”
Abdullah: “Ih, manéh
mah ngomong téh sok
dapon heuay, lain muji
sukur lamun salaki keur
hadé milik téh.”
Nyi Nisah ngeber-ngeber pisalin bari nanya: “Alus
jeung bogoh kuring gé,
sabaraha ieu téh meulina?”
Abdullah: “Bajuna salapan baru, sarungna tilu
suku.”
Sasoré éta, Nyi Nisah téh
kawas enya keur kagunturan madu kaurugan menyan
putih. Salakina jaba ti
ngeupeulan baju-sarung téh
kawas ngadadak babalik
pikir, maké daék jinek, da
sasarina mah ari jol ari léos
deui, sasésana poporongos
téh, balik-balik deukeut ka
janari. Ieu mah léos ka cai,
mandina rada lila, maké
ngasay sagala. Tas mandi,
rap dangdan singsarwa
beresih, gék diuk di
patengahan bari ngebul
udud pipah lungsuran
Anom Johan, bakona molé
Tarogong ti kebon-percobaan. (Harita acan kaprah
di bawahan Garut melak
bako cara kiwari).
Geus andekak kitu, gerogero ka pamajikanana,
halon pisan: “Icah, Icah,
cing Enok ka dieu, Kaka aya
pibéjaeun.”
Nyi Nisah dina haténa
kagét, duméh salakina
robah adat, tapi teu loba
carita, sor nyampeurkeun,
harémpoy émok, pahareuphareup.
Abdullah: “Manéh mun
dagang kuéh basah téh sok
ka lebah mana ngiderna?”
Nisah: “Teu tangtu,
kumaha payuna baé, tampolana haneut moyan gé
lebah kaum geus
nangkubkeun nyiru, sakapeung mah deukeut ka
tangangé utrak-atrok kénéh
di Léngkong. Naha kitu?”
Abdullah: “Rajeun oge
ngider nepi ka Pungkur?”
Nisah: “Biasana gé da di
dinya rumbak panggangan
téh. Naha kitu?”
Abdullah: “Ulah naha
kitu, déngékeun baé lanan,
ambéh teu kagok. Osok ogé
dibeulian ku Nyi Rapiah?”
Nisah: “Laion osok, da
maranti, malah sakalieun
dagangan teu béak gé, sasat
diteumbleuhkeun ka Nyai.
Tara diilikan-ilikan acan
daganganana gé, sok-sok
baé duitna, basana gé peupeuriheun ngahaja méré,
atuh nyanggap-nyanggap
eusi nyiru basana.”
Abdullah: “Aéh kutan.
Naha da ka Kaka mah bangun ijideun naker, kakara
lol ogé sirikna teu crot
nyiduhan.”
Nisah: “Teuing atuh.
Sugan duméh ka kuring
mah papada awéwé, atawa
sugan ingeteun ka jenatna
Ema pangasuh Nyai.”
Abdullah: “Heueuh
meureun, teu nyaho mun
kitu mah. Kieu geura,
déngékeun ku manéh, nya.”
Nyi Nisah mun kuda
mah ceulina mani racung
sadia rék nampanan omong
salakina anu ngadadak
bageur.
Abdullah: “Éta Nyai Piah
téh waktu-waktu ieu eukeur
ngaréhéng ka Aom Usman,
nyaho teuing naon lantaranana mah, urang teu
kudu nyaho. Karep Aom,
Nyi Piah téh rék dipélét,
tapi ceuk dukun nerapkeunana kudu ku awéwé, isukisuk antara meletek
srangéngé jeung tangenge
ambeh matih. Ngarti
manéh?”
(hanca)
13
15. Sabada Miéling 1 Muharram 1435 H
Ngawewegan Islam nu Rohamatal Lil’alamin
Ku Rudi H. Tarmidzi
T
i taun ka taun ngareuah-reuah
atanapi miéling taun baru Islam
(Hijriyah), jigana henteu robah.
Kituna téh, pangpangna cék sabagian
umat Islam nu ngagem agama Islamna
saukur hayang kacatet wungkul. Disebut kacatet atawa pormalitas
wungkul, lantaran mémang kitu buktina. Loba nu ngaku agama Islam tapi dirina teu apal kana dasar-dasar Islam,
kaasup teu apal kana larapna rukun
Islam. Bujeng-bujeng sok solat, dalah
ngambeu cai wudu ogé jajauheun. Kitu
deui dina bagbagan ibadah séjénna.
Atuh aya deui sabalika, sagala apal
kana bagbagan ibadah téh, cara solat
jasmaniahna mah getol, zakat teu kaliwat, puasa nyakitu deui, maca qur’anna
lancar, ngan duka kumaha kalakuanana mah méngpar pisan. Kayaning
resep korupsi, resep gibah, teu resep
batur beunghar, resep nyieun pitnah
jeung sabangsana. Tah nu kitu téh,
hartina nu diagemna tacan jero, tacan
asak, tacan ihlas, tacan rido, tacan
mampuh ngalarapkeunana. Nu aya,
mampuh téh saukur dina ucapan
wungkul.
Ku kituna, sabada urang miéling
hijrah atanapi 1 Muharram, hayu urang
ngariksa diri, geus nepi kamana, urang
ngalap hikmah tina hijrah téh. Naha
kaislaman urang tiasa mageran diri
sorangan jeung jadi rohmatal lil’alamin
atawa sabalikna?
Satukangeun Taun Hijriyah
Nurutkeun sajarah, khalifah nu
pangpayunna
ngaresmikeun
tur
mitembeyanana ayana taun hijrah jadi
taun Islam téh, Sayidina Umar bin Al
Khattab, nalika taun ka-17 saatosna
hijrahna Rosululloh Saw ti Mekkah ka
Madinah.
Namung nya kitu, Sayidina Umar
nyalira henteu maksakeun diri keur
netepkeun langsung dumasar kana
14
hijrahna Rosul ti Mekkah ka Madinah,
nu diusulkeun ku Sayidinna Ali. Tapi,
Khalifah Umar nyuhunkeun pendapat
heula ti nu sanésna. Sakumaha biasana,
Sayidina Umar ngayakeun musawaroh,
luyu kana sababaraha usulan. Nu diantarana waé aya nu ngusulkeun mimiti taun 1 hijriyah teh dumasar kana
lahirna Kangjeng Rosululloh SAW. Aya
ogé nu ngusulkeun ngawitan Kangjeng
Nabi diangkat janten Rosul, atanapi aya
deui ngawitan ti wafatna Kangjeng
Rosul.
Anapon ahirna diputuskeun dumasar kana hijrahna Kangjeng Rosul,
Sayidina Umar ogé gaduh pamadegan
nu langkung luhur ajénna, nyaéta kajantenan Hijrah Rosululloh Saw, henteu waé ngandung ajén sajarah pindah
tempat, namung aya nu leuwih agung
nyaéta mangrupa kajadian nu ngabédakeun antara nu hak jeung nu batil. Hartosna, keur umat di jaman iraha waé,
mémang robahna taun hijriyah tina kajadian hijrah, dipiharep ayana parobahan ti waktu ka waktu nu tetep ajeg
dina laku lampah nu hak, sarta ngajauhan nu batil.
Kajadian ieu dumasar kana sajarah
dina tanggal 1 Muharam 1 H, atanapi 16
Juli 622 M dinten Jumaah.
Dina kalénder Islam aya nu unik,
diantarana waé; naha mimiti taun hijriyah téh bet bulan Muharram henteu
bulan Rabiul Awal sakumaha waktu
hijrahna Kangjeng Rosul bulan Rabiul
Awal? Mémang, numutkeun sajarah,
hijrah Nabi ti Mekkah ka Madinah dina
dintenan Kemis ahir bulan Safar,
sareng kaluar ti Gua Tsur dina mimiti
bulan Rabiul Awal, jinekna dinten
Senen 13 September 622 M.
Namung kitu, Sayidina Umar sarta
sohabat-sohabatna miharep bulan
Muharram dijadikeun mimiti taun hijriah. Nu jadi lantaranana, Kangjeng
Nabi kantos ngaazam nalika hijrah,
sarta Muharram lebet kana salahsahiji
bulan dina Islam nu dilarang Alloh
SWT ayana peperangan. Sahingga Rosululloh kantos sasauran bulan Muharram téh “Bulan Alloh”. Dawuhanana
“Sahadé-hadéna puasa lian ti puasa di
bulan Romadon nyaéta puasa di Bulan
Alloh, nyaéta bulan Muharram”. ( HR.
Imam Muslim).
Muharram dina Islam, mangrupa
salahsahiji bulan haram. Aya opat
bulan, nyaéta Rajab, Zulka’dah, Zulhijjah jeung Muharram. Dawuhan Alloh
sakumaha kaunggel dina surat AtTaubah ayat 36, nu hartona: “Saéstuna
jumlah bulan di sisi Alloh aya dua welas
bulan (nu geus ditetepkeun) dina kitab
Alloh nalika diciptakeun langit jeung
bumi, di antarana opat bulan nu
dimulyakeun. Kajinekan kitu mangrupa pituduh agama nu lempeng,
mangka kahadé maranéh ulah silih kaniaya diri sorangan dina bulan-bulan
nu dimulyakeun éta (ku cara ngalanggar panyarék-Na).
Sakumaha dawuhan Alloh di
luhur, tiasa dicandak hikmahna,
nyaéta pépéling keur umat sangkan
ninggalkeun sagala dosa perdosa. Numawi kitu, upama kajadian Hijrah
dijantenkeun titi mangsa taun anyar
Islam, munasabah pisan. Lantaran,
singhoréng musuh nu pangbadagna
nyaéta nafsu nu aya dina diri urang
séwang-séwangan. Dijéntrékeun, yén
silih kaniaya bakal jadi karesep umat
dina hiji jaman. Malahan ti jaman ka
jaman, kahayang nafsu manusa kana
silih kaniaya bakal beuki némbongan.
Ku kituna, hikmah hijrah lain saukur
kajian sajarah, tapi ngandung hikmah
sakumaha nu dijadikeun dasar
ditetepkeunana kalender hijrah. Tinggal, urang ayeuna, geus nepi ka mana
tiasa mahing polah nu mudorot jeung
geus nepi ka mana urang mampuh
ngalaksanakeun papagon Islam nu
Manglé 2449
16. rohmatal lil’alamin.
Hikmah Waktu dina Islam
Robahna alam, robahna jaman,
robahna paripolah manusa geus jadi
sunatulloh. Kituna téh jéntré dina
Islam sakumaha dijelaskeun dina surat
Al-Ashr. Nu kitu unggelna: Wal-Asyri,
innal insana lafii husrin, ilalladziina aamanu waamilushsholihati, watawa saobil haqqi watawaa saobil sobri. Demi
waktu, saéstuna manusa aya dina
karugian, iwal jalma nu iman jeung nu
milampah amal soléh, nu mampuh silih
wasiatan dina bebeneran jeung kasobaran.
Tandes tur témbrés ugeran Islam
keur obor manusa. Kumelendangna
jalmi di alam dunya, pak-pik-pekna
jalma néangan nyiar kipayah nepi ka
keuna ku istilah poho kana waktu,
singhoréng aya nu ulah dipopohokeun,
nyaéta cara jeung kumaha ngagunakeun waktu. Nu jelas, waktu nu terus
nunutur urang, seuhseuhanana mah
bakal ngarugikeun urang. Tipoporose
jalma nu kasibukanana, ahirna mah
bakal
kawatesanan
ku
waktu.
Sakumaha jalma kuat atawa jagjag
belejag ogé, ahirna bakal bakal
kawatesanan ku waktu. Hartina
dasarna mah jalma téh lemah, jalma
téh moal meunang kauntungan, kajaba
jalma nu henteu lolong kana hakikat
waktu. Saha jalma nu kitu téh? Intina
jalma nu apal, yén hirup di dunya téh
bakal diteruskeun hirup ka alam jaga.
Ieu intina waktu.
Jaman atawa waktu keur manusa
aya dina opat alam. Aya alam rahim,
alam dunya, alam kubur/barjah jeung
alam ahérat. Ieu alam henteu bisa
dipisahkeun. Teu aya hiji jalma nu
ujug-ujug datang ka alam dunya henteu
ngaliwatan alam rahim, kitu deui henteu aya jalma nu tibalik, ka alam barjah
heula terus ka alam dunya. Tapi
hirupna manusa luyu jeung proses
ayana alam, nepi ka alam ahérat. Ku
kituna bakal kaharti, singhoréng jalma
nu moal rugi disatukangeun jaman
atawa waktu nyaéta sakumaha
ditétélakeun dina Islam, nyaéta nu ‘aamanu waamilushsholihati, watawa saobil haqqi watawaa saobil sobri’.
Ieu ayat papagon manusa nalika di
alam dunya. Aya palajaran nu keur
nyalametkeun di alam dunya jeung
alam barjah aya ogé palajaran sangkan
salamet di alam ahérat.
Nu kahiji, jalma nu iman (aamanu).
Iman hartina percaya. Témbrés kacida,
Manglé 2449
urusan kaimanan ayana dina haté dina
qolbu. Lantaran kitu, iman jadi pager
haténa jalma keur nyanghareupan
sagala perkara. Dina rukun Iman
tandes deui manusa kudu percaya kana
poé ahir, poé alam kubur atawa alam
barjah. Hartina, saha jalma nu iman,
nu akalna henteu mung wungkul dumasar pédah katempo ku mata lahir,
éta jalma bakal salamet nepi ka alam
jaga, alam ahérat. Masalah iman mémang panjang upama dibéjérbéaskeun.
Malahan dina kitab syu'bul iman mah
apan nepi ka aya 77 cabang iman. Tapi
prinsipna jalma iman, kantenan geus
ngabuktikeun henteu poho kana waktu
nu bakal datang. Sabalikna jalma nu
teu iman, hartina musrik, nu teu percaya, salila bakal rugi, lantaran moal
nerap kaimanan, moal percaya aya
alam ahérat. Lantaran teu percaya alam
ahérat, atuh kaharti pisan, lampahna
ogé bakal jauh jeung papagon agama.
Nu kadua, waamilushsholihati.
Amal
kasoléhan.
Kasoléhan
nuduhkeun, manusa bener-bener
ngagunakeun lampah di alam dunya
téh, lian ti karana iman ogé karana
hayang salamet. Kasoléhan saéstuna
keur mageran salamet jeung teu
salamet. Salamet dina harti nu jembar
nu salawasna bakal tinemu jeung
kabagjaan nu salawasna, henteu ukuran nu pondok. Lantaran ukuran nu
pondok, salamet bisa waé dihartikeun
salamet teu kapanggih. Saperti ucapan,
‘salamet euy, untung teu katingal
polisi…!’ jeung sabangsana. Nu
saenyana, dirina rumasa geus
ngalakukeun kasalahan. Tah, salamet
di dieu mah lain nu kitu, tapi salamet
nu pihadéeun, salamet nu panjang.
Sapertina waé jalma jujur. Enya apan
sok jadi obrolan salah, pajar bakal rugi
cenah upami dagang kiwari mah kudu
jujur mah. Atawa lamun di kantor jujur
bakal ngarurugi manéh!. Beu! Eta nu
kitu ulah dikukut. Lantaran dina Islam,
jalma nu teu jujur alias nu hianat bakal
rugi kabina-bina. Henteu kapanggih
ayeuna, apan jelas di ahérat mah pasti
narémbongan. Malah anggota badan
bakal jadi saksina. Hartina, upama
urang soléh, hadé ka batur, hormat ka
saluhureun, nyarita hadé pikabetaheun, saé budi parangina, kantenan nu
kitu nu apal kana waktu. Waktuna lain
keur nyalametkeun dirina tapi ogé keur
papada jalma. Lantaran apal, hiji
manusa hiji waktu mah bakal mikabutuh manusa séjénna. Jadi jalma nu
soléh jalma nu ngahargaan kana waktu.
Nu katilu, watawa saobil haqqi
watawaa saobil sobri. Dua pituduh
sangkan silih élingan dina bebenaran
jeung kasobaran. Silih élingan dina
bebenaran, lantaran hirup jalma moal
salilana cicing dina hiji kaayaan, pasti
bakal butuh ku pangéling jalma
séjénna. Sanajan silih élingan kiwari
mah beuki hésé, tapi silih élingan
kacida perluna. Saperti jalma nu pinter,
apan lain hartina babari diélingan dipapagahan. Malah sabalikna sok nyentak. Basana, apal naon manéh! jeung
sabangsana. Upama jalma geus hésé
diélingan, geus lolong upama dipapagahan bebeneran, éta téh tanda jalma
nu teu apal kana hakékat waktu. Majar
waktu téh moal robah, pajar waktu téh
saukur nu katingal muterna dina jam.
Ingetkeun ka jalma nu kitu, waktu téh
aya dina robahna diri manusa séwangséwangan. Contona waé, jalma nu aya
dipangbérokan jeung jalma nu rék
meunang hadiah atawa rék tepung
jeung nu dipikameumeutna. Apan,
sarua 24 jam waktuna mah tapi
ngarasakeun waktuna nu béda. Jadi,
pantes dina Islam, saha jalma nu sok
silih élingan jeung narima upama
diélingan dina bebeneran, éta téh jalma
nu apal kana waktu.
Lian ti silih élingan dina bebeneran
ogé dina kasobaran. Kasobaran lain
hartina pasrah teu walakaya. Tapi
sobar dina harti tawekal ka Alloh Swt.
Innalloha ma’a sobirin. Lamun Alloh
geus resep ka jalma sobar, dina harti
tawekal ka Alloh, mangka kasobaranan
bakal diganti ku rohmat Alloh. Tah,
palebah dieu, pentingna jalma silih
élingan ku kasobaran, sangkan jalma
sadar kana waktu, yén waktu mah
bakal robah. Urang teu apal isuk jaganing pagéto bakal tinemu jeung bagja
atawa sabalikna. Nu apal anging Gusti
Alloh Swt. Di dieu, nyecebkeun kasobaran ka papada jalma penting kacida
dina ngadalikeun waktu. Lantaran hiji
jalma, hiji waktu mah bakal tinemu
jeung bakal butuh kasobaran. Ku kituna, bekel salamet di alam dunya, nyaéta
jalma nu silih wasiatan silih élingan
dina bebeneran jeung kasobaran.
Miéling 1 Muharram Hijriyah 1435
kamari geus direuah-reuah ku kamonésan-kamonésan. Tapi disatukangeun éta, aya nu leuwih pentingna
deui, nyaéta kamampuh diri séwangséwangan dina nanjeurkeun papagon
Islam nu rohmatal lil’alamin. Mudahmudahan. Amin.
***
15
17. Tanya Jawab Munara Cahaya
Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan),
sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS
Ngubaran ku Jimat
Patarosan:
Assalamu’alaikum Ais Pangampih
Manglé. Abdi gaduh wargi nu teu
damang wales. Tiap bulan sok dilandongan ka pangobatan alternatif. Namung
dugi ka ayeuna panyawatna kalah parna.
Ku simkuring diwartosan, supados ka
rumah sakit waé ku médis. Namung
anjeunna kalah ngambek, saurna teu
percaya ka dokter. Kituna téh anjeunna
leuwih percaya ka kampung. Ku simkuring ditaros, naon obatna upami dilandongan ka kampung? Cenah ku batu
jimat nu aya tulisan ayat-ayat al-qur’an.
Lantaran anjeunna ngambek, simkuring
ogé teu kapapanjangan mapagahan
anjeunna. Nu jadi patarosan, kumaha
hukumna jimat dina hukum Islam?
Hatur nuhun.
Fahrudin
Surade Sukabumi
Waleran:
Hatur nuhun kana sagala rupi perhatosanana. Ti payun ngiring ngaduakeun mugi nu teu damang, énggal sing
didamangkeun. Anapon nu jadi
patarosan perkawis jimat, mémang
seueur nu naroskeun. Caritana ogé bédabéda, namung intina sami. Ais
pangampih Mangle kantos dina édisi kapungkur medar perkawis ieu ogé. Istilah
jimat kabahas dina ajaran Islam nu
disebatna “tamimah”, bentuk jamakna
disebat “tamaim”, hartosna perkara anu
dipakékeun (digantungkeun) biasana
dina punduk (léhér) budak keur ngusir
jin jahat, kalawan éta budak ulah kasorang ku panyakit. Atawana dipaké
pikeun ngubaran panyakit anu tumiba
ka éta budak. Sajabi ti jimat, pikeun
ngubaran panyakit, oge sok digunakeun
jampé (jampé pamaké). Dina ajaran
Islam disebut “ruqiyah”, hartosna
babacaan anu henteu puguh, atawana
henteu ngandung harti anu jelas. Pagawéan kitu, boh ngagunakeun jimat
atawa jajampéan, numutkeun ajaran
Islam hukumna “haram”, malih kalebet
pagawéan musyrik. Sakumaha pidawuh
16
Rasul: “Saéstuna jajampéan, jimat,
atawa guna-guna anu digunakeun ku
awéwé supaya dipikaasih ku salakina,
kaasup pagawéan syirik” (HR. Ahmad,
Abu Dawud, Baihaqi, sareng Hakim).
Tapi husus ngeunaan jampé, Yusuf
Qardhawi nguningakeun dina fatwana,
wiréh aya ulama anu ngameunangkeun
kalawan aya sarat-saratna, nyaéta, kahiji,
kudu bari nyebat asma Alloh sareng
asma-asama liana. Kadua, ngagunakeun
basa Arab bari jelas hartina, sakumaha
anu kantos dicontokeun ku Rasul, kieu
hartosna: “Ya Alloh anu janten Pangeran
sakabéh
manusa,
mugi
enggal
ngadamangkeun ieu panyakit tur
séhatkeun diri abdi! Mung Allah
wungkul anu tiasa ngadamangkeun.
Henteu aya hiji ubar ogé anu tiasa
ngadamangkeun, anging ku kersaning
Gusti, anu henteu nyésakeun panyakit
sanajan saeutik”. Supados langkung paos
dina basa Arabna, tiasa diuningaan dina
buku “Kumpulan Doa-doa”.
Katilu, ngabogaan kaayakinan, yén
éta jampé moal bisa nyageurkeun panyakit
anging
dibarengan
ku
kakawasaan sareng kersa Gusti Alloh
Swt.
Di jaman Rasululloh SAW masih
jumeneng kénéh, kantos aya hiji rombongan jalma anu jumlahna sapuluh
jalma, sumping ka payuneun Rasul bari
ngaikrarkeun dirina asup Islam. Lajeng
Rasululloh ngaridoan salapan urang,
sedengkeun anu saurang deui ditahan.
Nalika Rasul ditaros, ku naon nahan anu
saurang deui. Rasul ngawaler, sabab
dina punduk éta jalma aya jimat. Teras
éta jalma ngasupkeun leungeuna kana
jero bajuna, ngaluarkeun/miceun jimatna. Saatosna kitu, lajeng Rasul ngabae’at
bari ngadawuh: “Sing saha anu
ngagantungkeun jimat dina awakna, éstu
manéhna tos ngalakukeun syirik.” (HR.
Hakim, Ahmad sareng Abu Ya’la).
Dicarioskeun ogé dina hadits sanésna
anu diriwayatkeun ku Imran bin Husen,
anjeuna nyarioskeun Rasululloh Saw papendak sareng hiji jalma. Dina pigeulangeunana aya geulang anu dipidamel
tina kuningan. Lajeng Rasul tumaros:
“Naon ieu?”. Eta jalma ngawaler: “Ku-
ring nganggé ieu, lantaran kasorang panyakit dina punduk kuring”. Lajeng
Rasul ngadawuh: “Andika kudu inget!
Saéstuna jimat, jadi sabab awak anjeun
lemah, ku kituna buru-buru piceun,
sabab
saupama
anjeun
maot,
sedengkeun jimat masih némpél dina
awak anjeun, mangka anjeun bakal kaasup jalma-jalma anu rugi”.
Lajeung perkawis jimat anu nganggé
ayat-ayat al-Quran, aya ulama anu
ngameunangkeun, aya ogé anu ngaharamkeun. Malahan lolobanana mah
ngaharamkeun. Sakumaha katerangan
anu sumberna ti Ibrahim al-Nakha’i, ti
kalangan para tabi’in nyarioskeun, yén
para sahabat Nabi Saw ngalarang sadaya
bentuk jimat, boh anu dipidamel tina
ayat-ayat al-Quran, sok komo anu dipidamel lian tina ayat-ayat al-Quran. Tapi
pamadegan anu leuwih kuat mah nyaéta
ngalarang ngagunakeun jimat anu
bentukna kumaha baé. Dasarna nyaéta,
aya katerangan anu ngaharamkeun
jimat, sifatna umum. Tegesna henteu
ngabédakeun antara jimat anu kieu
sareng jimat anu kitu. Nalika Rasul
nyarék ka hiji jalma anu nganggé jimat,
Rasul henteu tumaros, naha éta jimat
ngagunakeun tina ayat al-Quran atawa
sanés. Tapi Rasul ngalarang kana éta
jimatna, kalayan henteu mandang kana
naon anu ditulis dina éta jimat.
Dina hal ieu ogé, Rasul kantos
maréntahkeun, sakumaha pidawuhna:
“Prak geura ubaran maranéh kabéh hé
hamba Alloh! Saéstuna Gusti Alloh henteu nibankeun panyakit ka hiji jalma,
anging Mantena masihan piubareunana.” (HR. Ahmad, Ashhabus Sunnah,
Ibnu Hibban sareng Hakim). Pidawuh
sanésna: “Saéstuna ubar panyakit aya
dina tilu rupa; ngaleueut madu, bekam
(ngaluarkeun getih kotor), jeung
némpélkeun beusi panas dina anggota
badan anu kasorang panyakit.” (HR
Imam Bukhari).
Sakitu, mudah-mudahan pedaran
ieu tiasa didugikeun, hususna ka nu teu
damang téa, atuh umumna mah ka saha
waé nu peryogi kanggo nambah-nambah
élmu pangaweruh. Mudah-mudahan aya
mangpaatna. Amin.***
Manglé 2449
18. PBV Pasundan
Makalangan di Bali
T
im putra Persatuan Bola
pihakna komitmen moal rek
Voli (PBV) Pasundan
narik eta genep urang pamaen
minangka
salasahiji
inti, nu tandang dina BK Porda
club wawakil Jawa Barat,
Bekasi ngawakilan Kota Banmakalangan di Kejuaraan Nadung.
sional Antarklub Divisi I di Bu"Lebah dieu tangtos langkung
leleng, Bali 27 Oktober sampai
mrioritaskeun daerah diband5 November 2013.
ingkeun klub". Ceuk Boy harita
Midangna PBV Pasundan di
tandes naker.
Kajurnas, tangtu lain hal enSawatara eta, samemeh
teng, ngalakonan perjoangan
miang ka pulo Dewata, kapten
tur mampuh nyumpunan jadi
tim PBV Pasundan, Anwar
salasahiji club pinunjul dina
Sadat netelakeun, dirina jeung
turnamen antarclub sa-Jawa
batur-batur sa timna siap tanBarat. Lobana 12 atlet anu
dang dina kejurnas bola voli anmangrupa hasil binaan Pasuntarklub.
dan eta, basa deuk miang diju"Sacara fisik, pon kitu deui
Ketua Umum PB. Pasundan Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi, M.Si.,
runglaku jeung kaludeung ku
mental, tim PBV Pasundan siap
ngajurunglaku tur nyumangetan Tim BPV Pasundan
Ketua Umum PB Paguyuban
tandang," pokna.
PBV mampuh asup final," pokna.
Pasundan, Prof. Dr. H.M. Didi TurSadat negeskeun, lawan nu kaitung
Agus Jumaedi ngecekeun, miangna beurat anu disanghareupan nyaeta ti
mudzi, M.Si., disaksian ku pangurus sejenna di Lante luhur kantor Pascasarjana TIM PBV Pasundan ka Kejurnas di Bule- Bank Sumsel Babel anu dikuatan ku para
Unpas, Jln. Sumatra No. 41, Bandung, leng, saeutik aya hahalang .
pamaen nasional.
"Konsentrasi saeutik kaganggu, alatan
Kamis (24/10). Diantarana Anwar Sadat,
"Tapi moal matak gimir, tetep bajuang
Dani Ardiansyah, M. Sidiq, Dani Iskan- persiapan nyanghareupan babak kuali- demi Jawa Barat, satekah polah tim PBV
dar, Dadan M., Prasadian,
Rizky fikasi (BK) Porda di Bekasi, nu waktuna Pasundan mampuh asup ka final," kitu
Prasetya, M. Iqbal, Vicky, M. Arief, mareng. Aya genep pamaen PBV Pasun- ceuk ieu salasaurang karyawan di FISIP
dan anu milu BK Porda," pokna.
Fahrizal, jeungGugi Gustaman.
Unpas optimis jeung sumangetna.***
Sok sanajan kitu, Boy gede sumanget,
Ketum Paguyuban Pasundan estu ngaNay
jurung laku tur mere sumanget ka PBV
Pasundan, salasahiji tim voli nu jadi
wawakil Jawa Barat dina even nasional.
"Tangtu ieu teh mangrupa kareueus keur
urang sadaya. Sabab, katara yen Pasundan henteu ngan unggul dina widang
pendidikan jeung budaya, tapi deui mampuh mintonkeun kapunjulanna dina
widang olahraga, hususna voli, kalawan
manggungna PBV Pasundan. Wilujeng
tandang makalangan. Eleh jeung meunang dina laga mah biasa. Tapi sabisa
bisa kudu juara,” kitu ceuk Ketua Umum
nyumangetan. Bral geura miang tandang
makalangan," pokna.
Bangga. Sajeroning kitu Pelatih Kepala
PBV Pasundan, Drs. Agus "Boy” Jumaedi, M.Si., netelakeun, dina kompetisi
anu sarua jeung taun kamari anu digelar
di Sentul Bogor, Alhamdulillah, timnna
mampuh nyumponan asup semifinal.
Ketua Umum PB. Paguyuban Pasundan (calik) dipoto bareng jeung tim PBV Pasundan
"Taun ieu mah nya mudah-mudahan
memeh miang ka Buleleng, Bali.
tim
Manglé 2449
17
19. Péso Komando
Carpon Sanjani
ontong
panggih
deui jeung
si éta, siah!”
Ceuk
bapa, bari sesentak. Tuluy
ngawakwak ka mana karep.
Curukna nu teu eureun tutunjuk kana irung. Sorana
bedas, ngajelengéng kana
ceuli.
Teu dipaliré. Teu hayang
ngadéngé. Barina gé ari
arék nyarékan mah sing
ningali kana kaayaan!
Kumaha lamun ninggang
hareupeun jalma réa? Rék
dikamanakeun beungeut
kulawarga? Katurug-turug
bapa téh tentara, turta
pangkatna teu bisa disapirakeun. Matak nyisitan
kana panon nu nempona.
Kitu meureun nya jadi tentara mah, kudu total béla
pati keur nagara. Ari kulawargana diantep sina
balangsak. Duka bapa
wungkul kétang nu kitu téh.
Mun seug aya kénéh ibu,
meureun moal kieu bapa
téh. Moal nandasa kana
harepan nu jadi anak. Enya
ari hirup mah sarwa cukup,
sarwa kacumponan, ngan
nu jadi hanjakalna harepan
kuring asa geus diganggayong ku kaayaan bapa nu
ayeuna. Padahal teu pira
kahayang téh, hayang
panggih jeung hiji mojang
nu teu weléh ngaringkang
dina lelembutan. Hayang
panggih jeung Rita.
Ah, jigana hal-hal nu kitu
mah lain pikiraneun bapa.
Tayohna tina awahing ku
mindeng curak-carék, jadi
asa ilahar waé. Malahan teu
samet nyarékan, aya kalana
sok nepi ka ngeunteupkeun
peureup kana beungeut.
“m
18
Manglé 2449
20. Kajadian kitu téh kungsi
karandapan ku kuring basa
keur di pangkalan ojèg. Nu
jadi sababna mah pédah
kaperego keur ngobrol jeung
Rita. Padahal mah da teu kahaja amprokna gé. Padapada rék naék ojég muru ka
tujuan séwang-séwangan.
Rita indit ka tempat pagawéanana, kuring miang ka
kota rék kuliah. Mun harita
euweuh Kang Jamlun jeung
Mang Sarpi mah, teuing
kumaha boa. Cacakan ka
anak sorangan. Komo ka
batur.
“Mun manèh keukeuh
hayang nepungan, aing moal
ngaku anak ka silaing!
Ngarti?!”
Kuring ngabetem basa di
imah bapa ngomong kitu.
Ukur diuk dina korsi. Pikiran mah ngacacang ka mana
boa. Geus bosen ngadé
ngéna, geus asa ngadéngékeun lagu lawas nu dihaleuangkeun unggal mangsa.
Jeung deuih mun ngalawan
da puguh lain lawaneun.
Cumah! Miceunan waktu
jeung tanaga. Mending dipaké dagang atawa nyieun
carpon. Puguh kaharti éta
mah, aya bungkleukanana.
Aya batina. Dijamin. Moal
aya tungtungna paturegeng
jeung bapa nepi ka puput
umur gé. Tong boroning
jeung anak, kalan-kalan
jeung atasanana gé pahereng-hereng, pédah wé
umurna sahandapeun.
“Jeun teuing, da can
kungsi milu perang ieuh
atasan aing mah,” kitu nu
mindeng kadéngé mah ti
bapa. Enya, atasan sotéh da
lebah sakolana. Bapa mah
kapan kungsi milu perang, ti
mimiti Acéh nepi ka Lébanon. Kungsi bégalan pati di
médan perang.
Katelah sangar pisan bapa
téh. Kagodèr saeutik, moal
burung morongos. Komo
mun aya nu wanieun ngaheureuyan, langsung dijekuk. Antukna batur gé
pada ngajauhan. Nu sok
biasa nganjang ka imah,
Manglé 2449
sanajan ngadon nguseup di
pipir imah atawa ukur gogonjakan di ruang tamu,
ayeuna mah geus langka.
Bangun nu leungit kabawa
angin. Dina ayana gè bubuhan wè mun perelu. Da ngahaja-haja mah pimanaeun
teuing. Sieuneun ku adat
bapa nu sok ngagambreng
teu pupuguh.
Bapa jadi kitu téh ka
béhdieunakeun; ti saprak ditilar ku ibu nu mulang ka
kalanggengan dua taun
katukang. Dulur-dulur kitu
deuih, embungeun ngahaja
amprok. Dina waktu lebaran
gè da pada moyongkod mun
pareng panggih jeung bapa
tèh. Pahayoh-hayoh mun rèk
sasalaman téh, pada-pada
embung ngabalakan.
“Ayeuna mah manèh
sakola sing balèg. Sing
bener! Aing mah nitah tong
manggihan si Rita sotèh da
nyaah ka manèh. Bisi
kabawa teu balèg.”
Bru calana loréng bapa
urut dipaké sapoé jeput ditambrukeun kana méja hareupeun sofa. Kuring tung
kul, enyaan teu hayang melong beungeut bapa. Tuda
geus siga témbok di sisi jalan
anu pinuh ku corétan-corétan géngster. Teu mangrupa.
Naha enya nyaah, Pa? Mun
nyaah tangtuna gè moal
mahing kuring sangkan amprok jeung Rita. Boga salah
naon ari Rita, Pa? Nepi ka
boga pipikiran kawas kitu.
Manasina mun Rita tèh
bangsat nu ngajak milampah
pagawéan nirca. Buktina
kapan henteu. Kuliah teu
karobéda, malah sakeudeung deui gé lulus jadi sarjana. Oh, boa pédah ningali
Rita sok indit-inditan ti
peuting balikna subuh mamaké rok nu salu hureun
tuur meureun nya? Atawa
sok nempo Rita kaluar tina
mobil sedan bari beungeutna celong, sepa, tur buukna
ruwag-rawig? Na atuh da éta
mah lain kahayang Rita,
éstuning kapaksa ngalakonanana pikeun nyumpo-
nan pangabutuh keur dirina
jeung kulawarga. Apal ieuh,
ti saprak indung-bapana
pipisahkan, nya Rita nu jadi
gunung pananggeuhan
pikeun adi-adina anu karék
sakola di SD.
“Si Rita mah cucungah!
Matak mawa wirang! Awéwé
la’nat! Runtah masarakat.”
ceuk bapa bari ngaléos ka
dapur.
Jung Kuring nangtung
basa bapa ngomong kitu.
Kuring mencrong ka bapa
nu keur ninyuh kopi di
dapur. Panon ngulincer.
Biwir gumeter. Huntu geus
tingpepereket. Urat beuheung geus raranteng. Leungeun ngeleter. Pikiran
geus titeuleum kana sagara
napsu. Rét kana méja, katara
aya péso dina calana bapa,
péso komando. Gap éta péso
dibawa. Kuring ngabedega
hareupeun sofa. Dina wangwangan geus euweuh Rita,
iwal ti bapa. Bapa. Tapi leungeun bet can panceg
nyekel péso. Ngarasa cangcaya rék milampahna.
“Ayena waktuna,” ceuk nu
ngaharéwos kana ceuli.
Tuluy ngaleungit katebak
angin. Nyéh kuring seuri.
Réma beuki biasa ngeupeul
péso. Keteg jajantung beuki
gancang. Getih beuki tarik
ngamalir ka sakujur awak.
Léngkah beuki hampang.
Deudeuleuan beuki atra.
Geus moal asa-asa, geus
wasa ayeuna mah. Beuki
deukeut, beuki deukeut.
Kaangseu bau cikopi. Bau
awak Bapa. Bau..getih bapa.
Péso komando diacungkeun,
tuluy…
***
Koréjat Kuring hudang.
Késang ngoprot saawakawak. Kuring rarat-rérét ka
sabudeureun rohangan. Aya
lomari. Aya poster. Aya
potrét kuring jeung Rita
waktu jatukrami. Rét ka
gigir, aya Rita keur saré
ngageubra. Keur ngalalana
dina impénan tayohna mah.
Kuniang kuring cengkat tina
risbang. Beretek lumpat laju
muru ka kamar bapa. Keteg
jajantung beuki rosa, dina
pikiran ngan ukur bapa.
Bapa. Jeung bapa Barang
nepi, kamar suwung. Teng,
ieu lelembutan geus ka mana
boa. Kuring geus teu puguh
rasa, bisi bapa… Ah, ieu suku
tuluy luméngkah ka papiliun. Dingding geus robah
kabéh jadi beungeut bapa.
Pon kitu deui poto-poto dina
pigura, kabéh jadi gambar
bapa. Ana geus anjog ka papiliun, kajeueung dina sofa
beureum aya nu diharudum
ku simbut. Haté teu weléh
ratug tutunggulan. Tuluy
simbut disingkahkeun….
Barang bray, katara kumisna
baplang, buukna cepak,
jeung dadana komboy. Rét
kana beuteungna, aAlhamdulillah. Aya kénéh empésempésna. Geuning bapa aya
kénéh dikieuna. Taya kajadian nanaon, taya kajadian
cara nu dina impian.
Gék Kuring diuk dina
korsi gigireun sofa beureum,
bari sirah léléndéan kana
luhur sofa. Kadéngé haleuang sora Axel Rose dina
DVD, kawasna mah urut
nyetél bapa tadi. Angin
ngahiliwir nuuskeun késang.
Matak tingtrim.
Jam dingding teu kareungeu sora jarumna. Peuting téh karasana bet ramé
kieu. Geus lain mangsana,
geus waktuna réhé.
Mépéndé nu rék saré. Rét ka
handap néangan rémot
DVD, maksud téh rék
mareuman nu keur hahaleuangan.
Deg kuring ngagebeg basa
panon mencrong kana leungeun. Lain sora Axel Rose
deui nu ngahariring, baganti
jeung sora jam dingding
sarta angin matak nyocokan
ceuli. Ketug jajantung ayeuna karasa eureun. Panon teu
daék ngulincer. Sirah
ngageter. Rasa cangcaya
dina pikiran tuluy muter.
Dalah dina leungeun, péso
komando nu dicekel.***
Perbas, 2012
19
21. W
anci nyedek
ka burit.
Sakeudeung deui
bedug magrib. Tapi Mang Tatang masih
ongko-ongko méréskeun
tangkal sampeu di kebonna nu
aya di lamping gunung. Tadi
isuk-isuk sampeuna diborongkeun ka bandar. Mokaha hasilna rada mucekil najan sésa
ngoréhan monyét ogé. Komo
lamun seug sakadang teu
ngaranjah mah, hasilna bakal
leuwih untung. Keur anteng
ngalamun bari méréskeun
tangkal sampeu ka sisi, ujugujug ceuli Mang Tatang rancung. Ngadéngé-déngé sora
hawar-hawar ti luhur gunung.
Gawéna ngarandeg heula bisi
salah déngé. Sora nu ceurik
ngabangingik. Awéwé!
Hawar-hawar sakapeung
kabawa angin ti lamping. Bulu
punduk Mang Tatang langsung rancung. Ah, ukur
dédéngéan meureun. Ceuk
pikirna. Manéhna neruskeun
deui hanca gawéna nu kari
saeutik deui. Hing deui
kadéngé sora nu ceurik ngabangingik. Beuki awas, yakin
luhur gunung pisan, tonggoheun kebonna. Teu éra ku
pantar lalaki, Mang Tatang teu
ngurus meungkeut tangkal
sampeu nu diteukteukan tadi.
Teu sirikna ngagedig lumpat
muru ka lembur. Kasieun asa
ngukuntit. Bulu punduk asa
cawidwid. Kacipta, nu ceurik
nyangheuy di luhur tangkal
kiara jégang. Buukna ngarumbay panjang ngagangsar kana
taneuh. Hiiiiyyy, amit-amit.
Mang Tatang ngusap birit.
Leumpangna beuki ngungkug
mudun, teu inggis tisungkruk
da haté dikukuntit kasieun.
Palebah tanjakan bis waé
nubruk Aki Arnasim nu karék
balik pulang marab domba inguanana. Imah Aki Arnasim
teu jauh ti éta tanjakan.
"Naha ari sia, Sujang,
leumpang téh kawas nu diudag jurig waé?"
"Itu, Ki…di luhur gunung.
Di luhur gunung….." Mang
Tatang nyarita teu puguh.
"Di luhur gunung? Aya
naon kitu di luhur gunung?
Aya nu cilaka?"
"Lain, Ki…jurig ceurik…."
20
Nu Ceurik Luhur Gunung
Carpon Mamay Noer
Mang Tatang nyarita tatag
naker.
"Jurig? Jaman kiwari masih
aya keneh jurig? Kapan di
luhur gunung téh lalénang.
Teu salah déngé, Tang?" Aki
Arnasim jiga nu cangcaya.
"Demi Alloh, Ki…abdi teu
nginjeum ceuli batur. Dua kali
ceurikna. Mimiti mah ukur
hawar-hawar. Kabéhdieunakeun beuki atra. Yakin éta
sora nu ceurik ngabangingik,
kanyenyerian, ki….."
"Boa-boa….." Aki Arnasim
ngagerendeng.
"Boa-boa naon, Ki?" Mang
Tatang mencrong bangun
panasaran.
"Arwah Nyi Sumi…."
“Nyi Sumi anakna Mang
Hadma nu di lembur lebak
téa? Ari kitu kunaon jeung
arwah Nyi Sumi?",
"Enya, Jang…kapan maotna
gé teu wajar. Maot di pabrik
tempat gawena. Ceuk béja
mah diwadalkeun, mangkaning kapan parawan kolot jadi
maotna panasaran…." Mang
Tatang colohok mata simeuteun. Asa teu percaya ari
arwah Nyi Sumi kudu kulayaban mah. Nyi Sumi kapan
kasebut parawan bageur. Teu
loba tingkah najan hirup di
kota gedé. Obrolan kapegat ku
haloangna sora adzan ti
masjid. Mang Tatang jeung
Aki Arnasim mungkas
obrolanana rék muru berjamaah solat magrib.
* **
Carita Nyi Sumi marakayangan nerekab di sakuliah
lembur. Itu-ieu puk-pok nyaritakeun sora nu ceurik luhur
gunung jeung maotna Nyi
Sumi. Padahal mah Nyi Sumi
maot di Bandung. Maot di
pabrik tempatna gawé. Ceuk
béja Nyi Sumi jadi wadal tempat manehna gawé. Aya béja
deui Nyi Sumi diperkosa terus
dipaténi ku babaturan sapagawéanana. Enya gé rada telat
rumah tangga, Nyi Sumi
kaitung boga wanda pantes.
Komo mun daék dangdan
mah. Tapi meureun da heueuh, masalah jodo diatur ku
Nu Maha Kawasa. Nyi Sumi
diparengkeun can ditepungkeun jeung jodona kaburu
dipungkas ku pati.
"Ari manéh bener ngadéngé
nu ceurik di gunung?" Jang
Otong melong ka Jang Mah-
mud babaturanana.
"Bener….mimiti
mah teu percaya.
Padahal mah
masih beurang
kénéh jam duaan
batur gé réa kénéh
di kebon."
"Nini Armunah
gé kapan kamari
nepi ka labuhna da
ngadéngé nu ceurik
di gunung. Padahal
mah mun heueuh
éta arwah Nyi
Sumi hég disampurnakeun atuh
nya. Karunya….."
Mang Jumad milu
mairan.
"Tapi bener
lamun éta nu
ceurik arwah Nyi
Sumi? Kapan
maotna gé di
pabrik, lain di luhur gunung.
Naha marakayanganana jadi
di luhur gunung teu di pabrik
kitu?"
"Wallohualam….tapi kapan
karesep Nyi Sumi ulin ka
luhur gunung lamun pareng
peré tina gawéna. Jadi meuruen asa nineung ninggalkeun
tempat paniisanana…. atawa
méré tangara ka kulawargana
yén manéhna hayang dipangmaleskeun dengdem ka nu
maténi inyana….." Jang Daus
nyarita bari pepeta.
"Ah, sia! Kawas nu heueuh
waé. Béjana méméh maot
mah sia kungsi naksir Nyi
Sumi, lin?" Jang Mahmud
jeung Mang Jumad pating belengéh seuri.
"Baé atuh, geulis ieuh…hanjakal kaburu teu aya."
"Tuh téang luhur gunung,
pasti geulis pisan. Da kukuna
panjang, buukna panjang,
huntuna panjang. Ha ha ha
ha…." Jang Otong ngabarakatak seuri pon kitu nu aya
didinya. Jang Daus jamedud
bari teu ngomong sakemék.
"Meugeus, Jang…. geura ka
carai! Takol bedugna urang
sholat isya berjamaah," Ustad
Manglé 2449
22. Amin ngagebés. Riungan langsung bubar, aya nu muru ka
tempat wudu, sawaréh ukur
ngajanteng di téras masjid bari
heureuy deui jeung babaturanana. Mang Hadma jeung Bi
Titin, indung bapana Nyi
Sumi. Kacida nalangsaeunana
mireungeuh béja nu nerekab
di sakuliah lembur. Duanana
teu nyangka lamun maotna
Nyi Sumi rék jadi piomongeun
jalma salembur. Mang Hadma
jeung Bi Titin kurang yakin
lamun éta nu ceurik di luhur
gunung arwah Nyi Sumi
anakna. Asa teu mungkin.
Ceuk pikir maranéhana. Nyi
Sumi dipulasara sakumaha
mistina naha maké kudu
marakayangan? Beurang-beurang deuih. Enya, Nyi Sumi
resep ulin ka luhur gunung.
Wajar, kapan kebonna aya di
luhur gunung. Nyi Sumi sok
rajeun milu ka Bi Titin mun
pareng indit ka luhur gunung.
Refreshing omongna. Pédah
tetempoan ti luhur gunung ka
handap kacida waasna. Plungplong satungtung deuleu
ngémploh héjo ku tutuwuhan
jeung pelak palawija. Mémang
waas. Mang Hadma ngarénghap jero naker, miceun bangbaluh nu karasa kacida
beuratna.
"Kunaon Kang? Aya béja teu
ngeunah deui ti luar?" Bi Titin
nyampeurkeun salakina bari
mairan cai kopi sagelas. Sok
diteundeun dina méja hareupeun Mang Hadma.
"Akang panasaran, Tin…
naha enya béja urang lembur
téh kitu? Akang hayang
ngayakinkeun. Karunya Si
Nyai. Maénya sina kitu waé.
Bisi enya omongan jalma réa
téh. Urang tarékahan ka
Mama Badrudin di Lembur
Tonggoh," ngarérét Bi Titin nu
kalah ngahuleng ngalilimba
nahan kasedih.
"Kumaha, Manéhna?!"
Mang Hadma satengah ngagebés.
"Nya, Kang. Abdi gé
panasaran hanyang ngabuktikeun. Naha enya omongan
jalma réa téh yén arwah si
Nyai marakayangan? Sakalian
ajak Mama Ajengan
Badrudinna ka luhur gunung.
Dina enyana bisa langsung
Manglé 2449
disampurnakeun…" Mang
Hadma unggeuk. Duanana
patinghareneng teu ngomong
sakemék. Anteng dina lamunan masing-masing.
***
Gunung Béntang, kitu katelahna. Puncakna munclut
katémbong éndah mun ditingali dina wanci beurang.
Héjo linduk bangun nu iuh.
Mémang kitu dina kanyataanana. Puncak Gunung Béntang
matak pikabetaheun. Plungplong ka ditu-ka dieu. Awas
satungtung deuleu matak
betah nu niis.
Tapi sanggeus béja arwah
Nyi Sumi marakayangan
jarang nu ngalanto ka luhur
gunung. Nu sakalieun butuh
suluh gé cukup kurah-koréh di
handap mulungan pangpung
albiso bakat ku sieun. Nini
Warsih nu katelah ludeungan
gé teu daekeun ngulampreng
ka dinya.
Peuting jempling réhé combrék. Ukur sora gaang jeung
jangkrik patémbalan. Ti kajauhan sora hingkik tambah
mapaés simpéna jalan satapak
ka luhur gunung. Ambekan
patingharégak bakat ku capé.
Ti lembur ka luhur gunung téh
lain lalampahan sakeudeung,
butuh waktu rada lila. Acan
nanjakna matak eungap kana
dada. Komo deui nu nanjakna
geus kolot modél Mama
ajengan Badrudin ti lebur
tonggoh mah matak pikarunyaeun. Tapi da kajurung ku
hayang nulung ka keluarga
Mang Hadma. Mama Badrudin ngersakeun nanjak ka
luhur gunung. Dibaturan ku
Pa Kuwu sareng Pa Amil, pon
kitu deui Pa RT Sukanta jeung
Kulisi Desa.
Léngkah Mama Ajengan
Badrudin kandeg, pananganana diacungkeun nitah eureun
ka abringan. Saréréa ngeureunkeun léngkahna.
"Aya naon cenah, uy. Maké
eureun sagala? Geus kapanggih arwah Nyi Sumina?" Jang
Otong ngaharéwos ka Jang
Wandi hareupeunana.
"Enggeus, tah nangkod na
tonggong manéh…!”
"Hihh, nanaon téh urang
sieun yeuh…." Ngeleper nyekel
leungeun Jang Wandi tarik
pisan. Jang Wandi teu wudu
ngagurubug nyerieun.
"Ulah pacekel-cekel geura,
Tong. Engké urang disangka
bobogohan geura ku batur,"
Jang Wandi Ngaharéwos.
"Heueuh da urang sieun,
Wan," Jang Otong keukeuh
nangkod dina tonggong Jang
Wandi.
"Ari sieun mah padahal tong
ngilu atuh! Cicing wé di
imah…." Jang Wandi maido.
"Héh, meugeus tong cékcok
waé, gandéng!!" Pa RT ngagebés. Duanana caricing. Sakabéh panon manco ka hareup,
neuteup ka palebah luhur gunung. Ceuli nu hadir di dinya
ngadak-ngadak rancung pas
hawar-hawar kadéngé sora
ngahinghing ti luhur gunung.
Jelas pisan, sora nu ceurik.
Awéwé.
"Hayu Jang Kuwu urang
ngeureuyeuh, saha atuh cenah
nu lewéh wayah di luhur gunung," Mama Ajengan
Badrudin imut. Saréréa
ngabring deui nuturkeun
léngkah Mama Ajengan.
Léngkah diatur da bisi ngagareuwahkeun nu keur ceurik.
Taya nu ngomong sakemék
ukur sora ambekan nahan kacapé balas nanjak.
Palebah rungkun sadagori,
léngkah Mama Ajengan
ngarandeg deui. Socana
anteb ka payun ka palebah
saung kebon di puncak gunung. Ku saréréa katingali.
Aya awéwé diuk di saung bari
ceurik, éta awéwé nukangan
nu naringali. Buukna ngarumbay nutupan imbitna. Jang
otong beuki tarik nyekelan
leungeun Jang Wandi. Sukuna
ngaleleper bakat ku sieun pon
kitu deui jeung Pulisi Desa nu
kakocap leumpeuh yuni.
Sénter nu dicekelna nepi ka
ragrag, manéhna ngagubrag
teu inget di bumi alam. Gancang diamankeun ku Juru
Tulis Desa digolérkeun di sisi.
Mama Ajengan jeung Pa
Kuwu lalaunan nyampeurkeun nu ceurik. Nu séjénna
ngajaranteng tukangeun
rungkun sadagori bari singcarileung néangan pilumpateun
bisi jurig nu ceurik ngamuk.
Nu ceurik beuki atra. Sada
ceurik jelema. Mama Ajengan
Badrudin ngagerentes dina
manahna. Nu ceurik disampeurkeun jeung disidik-sidik.
"Aéh, Nyi Titing geuning?
Keur naon Nyai ceurik di
dieu?" Mama Ajengan mencrong ka nu keur kanyenyerian.
"Salaki abdi, Mama. Ngamuk. Abdi disiksa deui," Nyi
Titing némbalan di sela
ceurikna.
"Naha atuh bet ceurik di
dieu, Nyai?" Pa Kuwu mairan.
"Abdi geus teu kuat, Pa
Kuwu. Lamun abdi ceurik di
lembur matak guyur tatangga.
Salaki abdi téh kawin deui.
Lamun abdi nanyakeun hal
éta ka salaki, manéhna langsung nyorongot bari sok tuluy
nyiksa. Komo deui tadi peuting salaki abdi datang bari
mawa nu ngora, ngéndong di
imah abdi," Nyi Titing ceurik
deui bari inghak-inghakan.
"Jadi nu sok ceurik di luhur
gunung téh Nyai?" Mama
Ajengan neuteup.
Nyi Titing unggeuk. Saréréa
carolohok mata simeuteun.
Taya nu nyangka sacongo
buuk lamun nu ceurik téh
jelema enyaan. Paroman
Mang Hadma katémbong béar
marahmay. Haténa guligah.
Manéhna asa leupas tina
kabeungbeurat.
Nyi Sumi teu marakayangan
sakumaha ceuk carita batur
salembur. Nu ceurik luhur gunung lain Nyi Sumi, tapi Nyi
Titing. Tukang loték nu sok
dagang di péngkolan, pamajikan Mang Kosasih urang
Sarakan.
Balik ti luhur gunung sajajalan galécok. Nyi Titing milu
balik bareng jeung abringan.
Pa Kuwu, Pa Amil, katut Pa
Ulis sadia deuk mantuan
masalah Nyi Titing jeung
salakina. Palebah suku gunung urang lembur nu séjén
geus ngaliud harayang nyahoeun hasil ti luhur gunung.
Maranéhna silih tanya jeung
pada baturna. Jang Otong
jeung Jang Wandi beak
dironom ku ibu-ibu jeung
nini-nini. Ditanya ieu jeung
itu. Saréréa ménta dihampura
ka Mang Hadma jeung pamajikanana. Rumasa geus salah
sangka ***
21
23. Bisma Perlaya
Carpon Maman
T
i saprak ningali
Srikandi mucunghul ogé Bisma geus
teu puguh rasa.
Asa jararauh panineungan. Paciweuhna nu
keur perang campuh geus teu
lucu deui keur manéhna mah.
“Geus nepi kana titis tulisna.
Nyawa aing semet ka poé ieu,”
kitu gerentesna.
Lain gimir ku musuh. Da
ongkoh teu boga musuh. Pan
nu diperangan téh lain si itu
lain si éta, tapi incu-incuna
kénéh. Pandawa lima, putraputra Pandu. Enya, kasebat
incu-incuna kénéh.
Lain, lain gimir ku musuh.
Salaput umurna teu weléh
kebek ku kasaktén. Hamo aya
nu ngéléhkeun. Prajurit
sabataliyon onaman, pérén
ukur ku jamparing sasiki. Pan
basa ngarebut tilu putri Raja
Kasindra --Amba, Ambika,
jeung Ambalika— teu aya nu
mangga pulia. Sasat keur disaémbarakeun tilu putri geulis
téh. Sing saha nu bisa ngéléhkeun putra kembar Kasindra:
nyaéta Harumuka jeung Wahmuka, nya inyana nu bakal
jadi salaki Amba, Ambika,
jeung Ambalika. Ningali Biswa
ngiwat, ukur semet gogodeg
para raja nu keur giliran tarung ngayonan kadigjayaan
Harumuka jeung Wahmuka
téh. Kalebet Harumuka-Wah-
22
mukana ku anjeun, ukur semet
kekerot nahan amarah. Asa dibongohan cenah. Tapi kituna
téh teu bisa walakaya, da
Bisma kasohor taya tanding.
Musuh téh kuméok méméh dipacok. Lain, lain sebér ku
wawanén. Sabaraha héséna
mérénan Srikandi, kasebut
pangawak awéwé. Piraku teu
éléh ku dilempag tumbak
tumpul. Tapi nya kitu, dina
pangperangan pan puguh aturanana. Teu kaci perang jeung
musuh nu geus ménta ampun,
teu kaci perang jeung musuh
nu geus béakeun pakarang, teu
kaci perang jeung barudak.
Kaasup teu kaci perang jeung
awéwé.
Ras inget kana kajadian poé
kamari, waktu perang geus
nincak poé kasalapan. Putra
Pandu, Pandawa Lima --Yudhistira, Bima, Arjuna, katut
sakembaran Nakula Sadéwa;
dijejegan Sri Batara Kresna-ngahaja nepangan anjeunna di
kémah pangperangan, di tegal
Kurusétra.
“Aya hibar, Kresna, kumaha
damang?”
“Pangésto, Gusti Prabu.
Sawangsulna kumaha?”
Kresna malik ngarampés.
“Sugema manah kami téh,
Kresna. Aya asih Hyang Widi.
Ngan kasedih mah hamo bisa
disumput-sumput. Nyéta kula
téh ku teu bisa nyingkahan ieu
perang. Kahayang mah Duryodana téh masrahkeun Indraprahasta ka Pandawa, da nu
hakna. Moal meureun nepi ka
perang duduluran kawas
kieu.”
“Nya kitu téa, panginten.
Tos diatur ku titis tulis, da
sanés kahayang urang. Tos
diatur jeung diperenahkeun ku
para déwa di kahiyangan.
Perang Baratayuda kedah baé
dilaksanakaeun.”
“Heueuh, meureun ku kitu
téa mah.”
“Eyang, sembah kapihatur ti
ingkang putu. Damang,
Eyang?” Yudhistira bari rada
ngésod calikna, tawis ajrih ka
nu janten aki.”
“Aya berkah, incuing.
Calageur di Amarta?” Bisma.
“Ginulur rahayu, Eyang. Teu
kirang itu sinareng ieu. Nya
pelebah béja pajabat korupsi
mah aya baé, Eyang. Malah
kabéjakeun, pupuhu mahkamah konstitusi, saurna téh
kacerek ku kapéka, pédah
kapendak narima suap.”
“Heueuh, keun waé. Masih
kénéh perlu ku duit meureun
mana kitu ogé. Teu siga Eyang,
geus teu butuh ku naon-naon.”
“Asa ku rareuwas, Eyang
téh. Aya naon, anaking jimat
awaking?” Bisma gancang tumaros kana poko soal.
“Numawi, Eyang. Ti pihak
Pandawa tos rébuan prajurit
nemahan pati. Para pahlawan
papada gugur di médan laga.
Teu aya sanés alatanna mah,
ku teu mampuh téa nandangan panarajang Eyang.
Dikumaha-kumaha ogé abdi
téh hoyong kénging, Eyang.
Jalaran kitu, kumaha carana
sangkan abdi sadaya, Pandawa, tiasa nelasan Eyang. Tiasa
meruhkeun kasaktén Eyang?”
Yudistira, ajrih nakeran.
“Deudeuh teuing, anaking.
Keun diduakeun ku Eyang,
sing kasinugrahaan. Sing aya
di pihak nu meunang. Anapon
Eyang, satungtung Eyang kumalip di alam dunya, hamo
aya nu ngéléhkeun. Geus disupata ku ingkang rama, ku
buyut hidep téa, Prabu Santanu, nu ngawasa Astina
mangsa harita. Saurna téh,
‘Bisma, anjeun kacida pisan
bumélana ka nagara jeung ka
nu jadi bapa. Ku hal éta, heug
didu’akeun kalayan saksina
bumi jeung langit, hidep bakal
hirup satungtung hidep masih
kénéh hayang hirup. Kajaba
lamun hidep geus bosen hirup,
nya hidep bakal nemahan
pati.”
“Aduh, Eyang. Pisakumahaeun teuing atuh, Pandawa
téh baris palastra sadayana, da
moal kiat nandangan panarajang Eyang.”
“Ngan ulah salempang,
anaking, incu Eyang. Duka
isuk duka pagéto, Eyang baris
nemahan pati. Lain ku teu bisa
ngalawan hidep, tapi Eyang
geus bosen hirup. Atuh dina
pangperangan, gampang
kacida ngéléhkeun Eyang mah.
Eyang moal merangan lalaki
nu lemor teu mekel pakarang,
moal merangan tamtama nu
geus leungiteun kuda tungganganana, moal merangan prajurit nu kebek ku kasieun, tur
moal merangan awéwé.”
“Nuhun, Eyang.”
“Tah, geus ditulis dina guratan nasib. Lamun pihak
hidep geus ngaluarkeun
Srikandi, nu katitisan sukma
Dewi Amba, Eyang moal
ngalawan. Nya manéhna nu
baris mungkas umur Eyang,”
kitu kasauran Resi Bisma, hiji
pinisepuh nu bijaksana taya
tanding, sesepuh Kurawa-Pandawa. Bisma, Putra Prabu Santanu ti Dewi Gangga, dewi ti
Manglé 2449
24. kahiyangan. Bisma, hirupna
ukur ditandonkeun keur
kapentingan nagara katut
bangsa Astina. Nu mahing dirina sapatemon jeung awéwé.
Matak Saumur hirupna Bisma
mah teu kungsi nikah.
“Yaktos, Eyang. Badé diestokeun pisan naséhat ti Eyang,”
“Heueuh, jung geura atur
deui barisan. Sadiakeun
gondéwa jeung jamparingna.
Bisi kurang kénéh, heug nyandak perlengkapan perang ti
Astina. Dina henteuna, atuh
kantun pesen baé senjata-senjata buatan PT Pindad ti Bandung. Brén jeung granat ulah
kaliwat. Kapal téngker, pesawat tempur, téng waja,
mariem, sadiakeun. Ulah poho
maké jurus perang kalajengking, ngarah musuh katétér
meueusan,” kitu kasauran
Bisma. Teu aya sanés nu dipayunan téh nya incu-incuna,
nya nu jadi musuhna. Perang
Baratayuda téa, perang sadulur. Ayeuna, incuna-incuna ti
pihak Pandawa geus maju ka
médan jurit, nandonkeun jiwa
katut raga demi ngabéla
bangsa katut nagara, demi
ngajalankeun kasatriaan. Atuh
dirina ku anjeun, aya di pihak
Kurawa, sarua ngabélaan
lemah cai, bangsa katut nagara
Astina. Ngaran-ngaranan
perang, teu ningali dulur teu
ningali anak, teu ningali incu,
sapanjang aya di pihak lawan,
wayahna kedah ditempatkeun
minangka musuh nu kudu
ditelasan. Nya kitu harita ogé.
Harita téh nincak poé kasapuluh.
Tapi barang ningali Srikandi
geus dikapayunkeun nyarengan Arjuna, Bisma dumadak
ilang sumanget. Jamparing dicabut deui tina gondéwana.
Granat diasupkeun deui kana
saku. Péstol, brén, kalebet téng
waja nu jadi tutumpakanana,
disina ngaso keur geusan
reureuh.
Ningali pameunteu
Srikandi, ras inget deui kana
lalampahan bihari sakitu
puluh taun ka tukang. Harita
téh, satutas ngiwat tilu putri
téa –Amba, Ambika, jeung
Ambalika— keur tikahkeuneun
ka nu jadi adina, Prabu Wicitrawirya, ngalaman kajadian
ahéng nu matak maruringkak
bulu punduk. Nepi ka Karaton
Manglé 2449
Astina, salah saurang tina tilu
putri téa, nyaéta Amba, unjukan ka dirina.
“Kakang Bisma, punten aya
picarioseun sakedap,” kitu
galindengna Amba harita.
“Aya naon geulis? Peryogi
wedak Nyai téh? Keun urang
mésér di alfamart baé payuneun pom béngsin.”
“Sanés, Kakang. Tapi aya rahasia nu kedah dikedalkeun ka
Sampéan.”
“Nya sok atuh carioskeun.”
“Kaula téh saleresna tos
gaduh papacangan, nyaéta
Prabu Salwa. Antara kaula
sareng anjeunna tos silih asih,
silih pikageugeut. Tos tukeur
cingcin malah. Sok pesbukan
wé jeung anjeunna téh. Tos
ngedal ai lap yu ai lapyuan.
Kitu manawi, Kakang.”
“Salajengna kumaha atuh
kapalay Nyai téh?”
“Nya nuhunkeun diuihkeun
deui wé ka Prabu Salwa,”
“Nya ari kitu onaman, heug
téh teuing ku Kakang diidinan
mulang.”
Lajeng bae Dewi Amba dijajapkeun deui. Ngarah gagancangan, teu kudu tumpak
délman, tumpak sujuki értiga
wé, disupiran ku supir karajaan Astina.
Ngan hanjakal, Prabu Salwa
horéng nampik sapajodogan.
“Teu hayang teuing kawin
ka awewe nu geus diiwat ku
batur. Kaula mah geus boga
Sahrini, Saskia Gotik, Agnes
Monica, Miyabi, Lenka. Ngan
teu kaasup anjeun. Jung geura
balik deui ka si Bisma,” kitu
saur Radén Prabu Salwa.
Amba ukur bisa nyurucudkeun
cipanon. Lajeng muru kana sujuki ertiga nu bieu ditumpakanana. Ménta dianteur deui
ka Bisma.
“Kakang Bisma, cilaka,
Kakang,” Amba.
“Aya naon deui, Nyai,”
Bisma.
“Salwa nolak sapajodogan.”
“Kutan?”
“Ayeuna mah, wayahna, da
nu ngiwat abdi téh Akang.
Abdi réla dipihukum ku
Akang.”
“Ké, ké, ké. Kumaha mimitina ieu téh?”
“Muhun, abdi téh ditolak
sapajodogan ku Prabu Salwa.
Ayeuna mah nyanggakeun baé
ka Akang, geura kawin ieu
abdi. Da nu malingna ogé
Akang.”
“Aduh, Nyai. Lain nolak
kana kahayang hidep. Geulis
enyaan geulis hidep téh, awak
sampulur, lambey ambucuy,
angkeut badis endog sapotong,
taar téja mentrangan, pameunteu ngadaun seureuh,
matak kumerot kaom lalaki,
boh lalaki handapeun méja,
éh, handapeun umur, boh
lalaki nu nyedek ka aki-aki.
Tapi Akang téh geus susumpahan Nyai, moal ngalaman
kawin. Hirup akang diabdikeun keur ngabélaan dulur
jeung pinisepuh Astina, hirup
Akang geus ditandonkeun
keur kapentingan nagara
Astina.”
“Matak naon mun Akang
kawin sareng abdi. Tuluy boga
turunan. Pan meureun turunan urang bakal neruskeun
karajaan.”
“Teu bisa, Nyai, éta mah
hakna Prabu Wicitrawirya, adi
Akang.”
“Lah, keun baé atuh. Mun
teu palay gaduh turunan,
matak naon maké alat kontrasépsi. Maké ayudi, atawa
spiral. Nu penting Akang
nikah sareng abdi.”
Tungtungna keukeuh nu
hayang dikawin, keukeuh nu
embung ngawin. Ningali
kaayaan kadesek samodél kitu,
kapaksa Bisma ngamang-ngamang pakarang.
“Mun Nyai keukeuh hayang
dikawin ku Akang, nya ieu
jamparing nu baris nembus jajantung Nyai,” pindel Bisma
bari mesat jamparing tina tali
gondéwana.
“Mangga, Akang. Abdi rela
ditandasa.”
Lir wendah. Jagat gonjang
ganjing. Bumi meneng langit
meneng. Pepetétan samia
murag. Kacarios, Bisma
kalepasan. Jamparing nu niatna ukur dipaké nyingsieunan
téh ngadon melesat, nanceb
pisan kana jajantung Amba.
“Tobaaaat, Gusti. Hampura,
Nyai, teu dihaja. Lain niat Kula
nandasa,” Bisma ngagoak
banget ku reuwas.
“Aduh, Kakang Bisma. Ku
tega sampean,” Amba bari
muringis nahan kanyeri.
Dadana katiir jamparing.
Bisma gancang ngarangkul
Amba.
“Nyai, hampura Akang.”
“Heug dihampura ku kaula,
Kang. Tapi ulah sambat kaniaya, sukma kaula bakal nyurup
ka hiji wanoja dina mangsa kapayun, kalayan bakal males
pati ka Sampéan.
” Tutas nyarios kitu, les baé
Amba ngaleupaskeun nyawa,
maot pisebateunana.
Kiwari, dina poéan kasapuluh perang Baratayuda, Bisma
ngaraoskeun, enyaan sukma
Amba nitis ka hiji wanoja
Srikandi, putra Raja Drupada,
raja nagara Pancala. Srikandi,
rayina Drupadi. Kalayan dina
perang Baratayuda, Srikandi
biluk ka Pandawa, ngiringan
merangan Kurawa.
Nya ayeuna pisan Srikandi
maju jurit jadi satria, sasarengan sareng putra-putra Pandawa, utamina sareng Arjuna.
“Serang itu Eyang Bisma,
Nyai. Tong asa-asa,” Arjuna
ngagorowok méré sumanget.
Dionconan kitu komo teuing. Dalah ku teu dihayohhayoh sina nyerang oge,
Srikandi geus taki-taki rék
narajang musuh. Katingali
Eyang Bisma molohok ngembang kadu. Teu daék mentangkeun
jamparing-jamparing acan.
Harianeun kana kudu narajang. Ngajeten wé. Dina waktos saperti kitu, gancang
Srikandi narik jamparing.
Ser, belesat sapuluh jamaring mesat sakaligus. Saharita
sapuluh jamparing neueul
pisan kana jajantung Bisma.
Geus nepi kana titis tulisna,
Bima kudu kasambut di pangperangan ku panarajang
Srikandi. Dina dadana baloboran getih. Bisma rubuh. Bisma
nyuuh. Bisma perlaya. Hiji
deui pahlawan Astina gugur di
médan laga, di tegal Kurusétra.***
Maman, M.Pd., guru
basa Indonesia SMAN 1
Kadugedé Kab.
Kuningan, ogé minangka
Ketua MGMP Bahasa Indonesia se-Kabupaten
Kuningan, ogé minangka
mahasiswa Pascasarjana
Prodi Bahasa Indonesia
Unswagati Cirebon, ogé
minangka carponis, boh
cerpén basa Indononésia
boh carpon basa Sunda
23
25. Nu Ngajak Nyakeudeung di Tegalheureut
Ku Féndy Sy. Citrawarga
A
bong bulan kolot
nu jarajan mani
sepi. Teu cara
bulan ngora matak
mecak ngaladangan bari pakupis narima duit.
Kétang, kangaranan balantik
leutik mah teu bulan kolot teu
bulan ngora teu bisa diandelkeun. Paingan padahayang
jadi kaom gajih nu mirasa
kabina-bina, gajih geus diancokeun, dumuk sakitu sakituna. Encan tunjangan ituh
inih. Angot jadi pagawé nagri
mah apan sakalina daptar téh
mani sok ngantay. Da éta anti
bangkrut, jaba jaga boga
pangsiunan.
Geura ieuh kopi, cacak tas
hujan ngagebrét bari hawa
peuting sakieu nyecepna, ih
na da taya nu nanyakeunnanyakeun acan. Pantesna,
hawa kieu mah nu mareuli
kopi tinyuh téh napuk. Terus
arudud, ceuk saha teu mirasa.
Emh, dasar nanasiban
kudu nyorang apruk-aprukan
ngasong. Aéh kétang alhamdulillah dipaparin kaséhatan
ku Gusti, bisa kénéh kasab
néangan sahuap sakopeun
keur ngabayuan anak mitoha
jeung anak kuring. Da cacak
gering mah tong boro
ngapruk leuleumpangan
balangsiar, ngararasakeun
kasakit ogé matak ripuh.
Leuheung basa aya waragad
keur uubar boga harepan
walagri deui narajang keur
suwung? Matak gering
rangkepan, nya awak nya
pikiran.
"Semangat dong!" Dumadak aya komando jero
dada. Giwiwing kotak roko
24
disangkéh deui. Ceg kana térmos paragi ninyuh kopi. Laju
leumpang ngurilingan Taman
Tegallega.
Hawa peuting beuki nyecep. Nu arulin geus coréncang najan angkot ngalong
mah teu burung tingsoloyong
najan panumpangna kosong.
Wayah kieu, kira tabuh hiji
janari leutik jalan di Bandung
suwung ku patalimarga, teu
cara beurang nu heurin usik,
macét di mana-mana.
"Ko!" Reg angkot eureun.
"Ko naon?" cékéng.
"Roko nu pangmahalna
sabarahaan?"
"Dua rébu lima ratus dua."
"Mahal-mahal teuing?"
"Harega ti dituna gé
mahal."
Song supir méré duit. Sok
roko nu dipesenna. Ongkoh
mahal, angger dibeuli. Cacak
kuring mah moal kabedag.
Dagang roko mémang
modal gedé bati leutik, ari
harega pameulian naék unggal usik. Mun meunang
nawar mah cékéng gé hayang
jadi pangusaha jugala.
Orokaya apan nasib jelema
téh teu sarua, aya nu rejekina
mucekil aya nu sarwa kakurangan.
Laju neruskeun léngkah.
Dampal suku jejeletitan,
kadang-kadang ditéma ku
keram mani sok matak
pupuringisan. Enya, balas
hayoh teuing leuleumpangan
bari mawa dagangan. Abong
umur geus ngagayuh ka lansia. Tapi saenyana mah ngahaja dagang ngasong bari
leuleumpangan téh. Tinimbang ngampar lapak na tro-
toar sok jadi omong batur.
Kaduana itung-itung gerak
awak da cenah gerak awak
pangalusna téh leuleumpangan. Mudah-mudahan
enya kitu.
Anjog ka lawang Taman
Tegallega beulah wétan, Jalan
Moch. Toha. Gék diuk na
témbok. Caranéom. Kakayon
nu jarangkung maturan simpéna peuting. Nu lalar liwat
enyaan suwung. Beh kalér
haseup ngelun, hansip keur
ngadurukan.
Baréto mah, enya basa
Tegallega dikuah awéwé
baong, nu arulin teu eureuneureun. Cenah mah ceuk
Kang Doel nu ngaradon
ngurek. Kiwari, coréncang
awéwé nu arulin téh da
puguh di jero taman teu meunang dipaké arulin. Katurugturug razia gé geus rotin,
malah lain waé ku aparat nu
sakuduna nartibkeun, ormas
gé ngilu ngabuburak.
Kilang kitu aya nu maksa,
nékad ngadagangkeun awak
masing kudu diuudag atawa
susulumputan ogé. Da cenah
kikituan téh kadongsok kabutuh hirup. Teuing enya teuing
ukur alesan.
Nu sidik bari ngarasakeun
kacapé urut leuleumpangan,
dak dumadak tunduh nataku.
Padahal maksud mah rék
terus ka Kebonkalapa. Teu
beunang dibentét-bentét sina
molotot panon téh, cepel
kacida, nepi ka asa teu éling.
Keur kitu, selengseng seungit
minyak mani segak. Enya,
minyak birahi nu sok dipaké
awéwé. Teu salah, teuing ti
mana jolna langgéor aya
awéwé bahénol nyampeurkeun. Pakéanana sarwa séksi.
Leumpang gutak-gitek, ngondang birahi lalaki leumpeuh
yuni.
"Maréma Mang?" cenah,
gelenyu imut.
"Sepi," témbal téh bari
ngised da si bahénol gék diuk
gigireun tangka rapet. Aambeuan beuki segak.
Anéhna bulu punduk
karasa cengkat da éta nu
kaambeu téh jadi rupa-rupa.
Sakapeung kaambeu seungit
pangondang birahi, kalankalan kaambeu minyak
paragi mayit, sakapeung deui
kaambeu nu teu pararuguh
siga bau jarian nu matak
murel peujit.
Nénjo galagat kitu mah
kuring saged rék lumpat.
Ukur karep da ieu suku asa
dipaku, cungcurungan asa dirapet kana témbok. Bati
cimekblek.
"Rék ka mana ari emang?
Anggur hayu urang éta!"
Rerenghos ditompokeun
kana ceuli.
"Éta naon?"
"Lah. Ipa-ipa teu beuki.
Hihihi......!" Nurustunjung
bari léléndot, ditungtungan
nyikikik. Dikitu-kitu teuing
mah puguh baé inget ka Wa
Képoh...sernud cenah.
"Geura yu!" maksa.
Hawa nu beuki nyecep bet
ngahudang rasa séjén,
jeroeun dada aya nu nguntabnguntab, surser, paranas tiris,
perbawa leungeun palid si
bahénol.
"Teu boga keur mayarna!"
Tokblak baé ka nu ngajak
nyakeudeung téh nyarita teu
Manglé 2449