2. Tradisi dongéng téh aya dimamana
méh unggal bangsa boga dongéng
séwang-séwangan. Kusabab dongéng
diwariskeun turun-temurun ti karuhun
ka generasi nu leuwih ngora. Dongéng
biasana miboga hiji naséhat anu hadé
pikeun conto atawa pieunteungeun
keur urang.
3. Wangenan/Definisi Dongéng
Dongéng téh nyaéta carita rekaan,
khayalan, fiksi anu diwangun ku basa
lancaran/prosa kalawan sumebar
sacara lisan. Dongéng téh biasana
caritana teu asup akal/pamohalan anu
nyaritakeun kajadian zaman baheula
4. CIRI-CIRI DONGÉNG
1. Sumebar (tatalépa/menyebar) sacara lisan ti hiji jalma ka
jalma séjén. Ku lantaran wangun lisan, teks dongéng téh
sok babari robah atawa bisa ogé leungit.
2. Teu kanyahoan saha pangarangna (Anonim).
3. Ngagunakeun wangun lancaran/prosa.
4. Eusi caritana rékaan, nu miboga unsur pamohalan (hal
anu teu masuk akal).
5. PAPASINGAN/
JENIS-JENIS DONGÉNG
1. PARABEL
Dongéng anu nyaritakeun kahirupan jalma biasa nu
matak pikaseurieun, pikakeuheuleun jeung aya
leunyeupeun.
Contona aya Dongéng Si Kabayan, Dalem Boncél. ,
jeung réa-réa deui.
6. 2. FABEL
Dongéng anu nyaritakeun ngeunaan sasatoan anu sipat jeung
paripolahna jiga manusa.
Contona : Sakadang Kuya jeung sakadang monyét ngala cabé,
dongéng Si Kancil, jeung réa-réa deui.
3. SASAKALA/LEGENDA
Dongéng anu nyaritakeun asal usul kajadian boh barang, tempat,
sasatoan, jeung tutuwuhan.
Contona: Sasakala Gunung Tangkuban Parahu/ Sangkuriang, Malin
Kundang, Sasakala Toké disadana kitu.
7. 4. MYTE/MITOS
Dongéng nu nyaritakeun ciciptaan Pangéran anu patalina jeung
hal-hal pisangeteun/ ghaib, mistis.
Contona: Dongéng Tangkal Caringin, Dongéng Nyai Roro Kidul,
jeung réa-réa deui.
5. SAGÉ
Dongeng anu nyaritakeun sajarah atawa jalma nu miboga jasa.
Contona: Carita Prabu Siliwangi, Si Pitung, Carita Para
Walisongo, jeung réa-réa deui.
8. UNSUR-UNSUR DONGÉNG
1. Jejer Carita/ Téma
Pokok carita, ide, gagasan/ gurat badag carita dongéng.
2. Palaku/ Tokoh Jeung Watek
Nyaéta saha waé anu aya dina carita, bisa jelema, sato,
tutuwuhan atawa sabangsa jin jeung siluman. Tokoh Carita téh
dibagi 2, aya tokoh utama jeung tokoh tambahan.
3. Latar/ Setting
Biasana aya tempat, waktu jeung kumaha suasana dina éta
carita.
9. 4. Galur/ Plot/ Alur
Nyaéta runtuyan kajadian dina carita anu ngawangun hiji lalakon dugi
ka réngsé. Aya alur maju (caritana ngaruntuy ti awal dugi ka akhir); alur
mundur (nyaritakeun carita ti akhir heula tuluy ka awal); alur campuran/
mobok tengah (nyaritakan carita tengahna heula tuluy awal nembé wé
akhirna kumaha).
5. Puseur sawangan/ Sudut pandangan
Nyaéta cara pangarang ningali eusi carita anu dikarangna, naha
kamandangna sorangan atawa ningali ngaliwatan hiji jalma dina carita
éta.
6. Piwejang/ Amanat/ Pesen
Nyaéta rupaning hal atawa perkara anu rék ditepikeun ku pangarang
dina karyana.