4. Sumedang nyaeta salah sahiji kota nu aya di JAWA BARAT anu miboga slogan Sumedang
Tandang Nyandang Kahayang, sareng gaduh motto “DINA BUDAYA
URANG NAPAK, TINA BUDAYA URANG
NGAPAK”.
“DINA BUDAYA URANG NAPAK", artina masayarakat Sumedang nu
ngagaduhan tekad jeung komitmen nu kuat pikeun ngalaksanakeun palestarian jeung
pangembangan budaya Sunda.
"TINA BUDAYA URANG NGAPAK“ teh artina masayarakat Sumedang bade
ngadayagunakan kakayaan budaya Sunda nu dipikaboga pikeun media efektif nu
ngawujudkan visi Sumedang Sejahtera, Agamis jeng Demokratis.
5. Kasang Tukang Sumedang
Puseur Budaya Sunda
Kusabab makuta Binokasi anu mangrupakeun makuta titinggal
Karajaan Sunda aya di Sumedang, perenahna di Musium Geusan
Ulun. Sanggeus Karajaan Sunda runtag, éta makuta Binokasih téh
diwariskeun ka Karajaan Sumedanglarang anu nuduhkeun yén
Sumedanglarang téh jadi karajaan anu nuluykeun tapak lacak
Karajaan Sunda. Nepikeun ka ayeuna éta makuta Binokasi téh aya
di Sumedang.
Sumedang mangrupakeun hiji wewengkon anu masih kénéh maké
Basa Sunda dina obrolan sapopoéna, boh di padésaanana boh di
dayeuhnaSumedang miboga kabudayaan anu loba jeung rupa-
rupa. Kabudayaan dina wangunan upacara-upacara adat
tradisional, aya anu dina wangunan kasenian, jeung anu séjénna.
Di Sumedang loba mucunghul ahli atawa tokoh budaya Sunda
saperti Alm. Saleh Danasasmita, Prof. Saini Kosim, Alm. Makmur
Danasasmita, Alm. Rd. Angga Kusumadinata, jeung anu séjénna.
6. Sumedang Puser
Sudaya Sunda
Numutkeun kana pamadegan simkuring saparakanca ngeunaan
Program Sumedang Puseur Budaya Sunda nyaeta :
1. SPBS bisa ngajadikeun Kota Sumedang anu asalna katelah ku
ngaran kota leutik bisa jadi leuwih katenjo ku daerah nu sejen.
2. SPBS bisa jadi salah sahiji cara ngembangkeun Budaya Sunda
khususna anu aya di Sumedang.
3. Ngajadikeun Sumedang miboga harti sejen anu leuwih ngawarna dina
kahirupan.
4. Puseur budaya, Kota Sumedang lamun berhasil dina program eta,
hartina masarakat Sumedang miboga ciri satia kana budayana.
5. Katenjona Kota Sumedang ku masarakat luar ngajadikeun daya taik
khususna dina widang pariwisata.