SlideShare uma empresa Scribd logo
1 de 2
Nama: Toni Fajar H
Kelas : XII-IPA 4
SMAN 22 BANDUNG
     MASRAHKEUN CALON PANGANTEN PAMEGET
     Bismillaahirrahmaanirrahiim, Assalamu'alaikum Wr.Wb.
     Alhamdulillahi rabbil 'alamiin, washalatu wasalamu ala asrofil anbiyai
     walmursalin wa'ala alihi washohbihi ajmain. Robbisrohli sodri, wayasirli amri
     wahlul ukdatamillisaani yafqohu qouli.
     Dulur-dulur anu sami kumpul, sanak baraya nu pada aya, sepuh anom jaler istri,
     kalayan asmana sepuh miwah kulawargina cep____Tipayun mugi sih panghaksami,
     reh sim kuring saabringan, cunduk rusuh datang geura, tanding walik muru
     pasir, tanding julang muru rangrang, tanding jogjog moro mondok, moro
     panonobanana.
     Dupi anu dimaksad, ieu nganteur nu teu ludeung, nu hoream datang nyorangan,
     pun anak wasta_____ Inyana, mun peuting teu genah cicing, mun beurang teu
     puguh lampah, suda dahar suda polah, henteu puguh rarasaan. Singhoreng
     sabada dititenan, cenah katiir jamparing asih, karuncang panah asmara, bareuh
     asa nyanyautan. Kantos nyobi-nyobi diheureuyan, nguji
     pamadegannana.disisilihan wanoja lian. Singhoreng gilig pikir buleud tekad, teu
     kalis ku nu gareulis, teu sadrah ku dibeberah, majarkeun teh, mun abdi pareng
     jadi jeung anjeuna, bangun moal pegat son, ari margi, duriat mandean gunung,
     cinta mandean sagara, kembang cinta terus mangkak, leleb moal manggih ganti,
     geus saati geus sapikir. Kumargi sakitu atuh mangga ieu nyanggakeun pun anak,
     mugi kebesan keresa nampi. Mung hatur uninga, pun anak teh badag soteh
     warugana, elmuna mah hejo tur bangbangan keneh, masih didikeun atikeun
     kalayan kasobaran.
     Kalih ti eta deuiah, cundukna ieu si utun datangna ieu si ujang, estu lugag-legog
     bari lengoh datang bari keupatnampah, teu aya jingjing bawana. Sakadar ugal
     egol nyoren pestol, mamanggul talutug nahun, aseuk maneuh pancir waris, nini
     aki. Bahanna ti paku jajar, waja perak beusi akas, disipuh ku kayu garui
     dipancaran ku samida, matih beunang nganaatan. Hatur lumayan, keur
     ngaseukeun bibinihan, binih asih tangkal duriat, di huma leuweung larangan nu
     aheng kabina-bina tayan kagadabah jalama. Kibesan! Dalah dikumaha atuh,
     sakieu geuning buktina, dibeber-beber kalah soeh, dikenyang-kenyang karah
     bedah, lieuk euweuh ragap taya mung tekad ngakar maneuh jero manah
     meleuleuheungkeun tuang putera, rek dipetik dipimilik, dipajang dina
     jambangan, didamel jimat paripih. Mung tamba pamali teuing, nyanggakeun
     saaya-aya, batok kohok, piring semplek, beas sasiki, gula sapasi, paris ipis tamba
     tiris, sendal capit keur ka cai. Sanes teu nyaah sanes teu hormat ka si Ujang ka
     si nyai, sakieu geuning buktosna, tumamprak sadaya-daya.Mungguh sepuh
     sakadar sumambung du’a, dahupna ieu barudak aya dina akajanglaran, sial
     dangkalna, sue naasna, geus ditalangan ku apana ku emana, barudak mah mugia
     laki rabina dipareng panjang punjung panjang yuswana ginuluran karahayuan,
     negrak di hanjuang siang.
     Pungkas asur, beurat hate hese kacap, teuleum teu werat ka dasar, ka leuwi
     tangeh rek nepi, nyanggakaun sadaya-daya, cag dugi kadinya.
     Wassalamu’alaikum Wr.Wb.
Panampian Calon Panganten Pameget
Asalamu’alaikum Wr. Wb.
Bismillah, alhamdulillah, lahaula wala quwwata illa billaah,
Sabada simkuring ngahaturkeun salam ka sugri nu hadir, rohmat sareng salam
urang haturkeun ka jungjunagan alam Rosulullah SAW, ka kulawargina miwah
para sohabatna. Purwa pamaksadannana, sim kuring seja sasanggem, kedal lisan
panampian, ngawakilan mutlak keresana Bapa... miwah ibu. Ka para sesepuh
hormateun sim kuring, ka nu weruh di tempatna, ka nu reugreug dipageuhna,
utamina ka kersana besan sarombongan. Tinangtu anu bakal kapihatur, estu
tebih ti utami, anggang ti kasampurnaan ari margi, sim kuring sanes ahlina dina
widang ieu, mung piraku ari kedah medal sila onaman. Kukituna mugia sih
hampurana ti sadayana. Pangersa besan jaler istri , tamu-tamu nu sami
dimulyakeun ku Allah. Tadi sami-sami nyakseni, pamaksadan ki tamu nu
didugikeun ku wawakilna, nganggo runtuyan miwah ungkara basa nu
ngabujangga, leubeut ku rekaan basa nu merenah, beuneur eusina jembar
pedarannana, atra anu dipimaksadna. Paingan aya kila-kila, si jalak ngelak, si
kate beger, kukupu ngier ngiberan titingalan sing rarikang. Sihoreng baris
cunduk tamu nu ditunggu-tunggu tikapungkur, undur taun datang bulan,
ayeuna ugana datang.
Alhamdulillah, kabingah sesah bangsana, suka ati pilih tanding, ringkesna mah
ditampi sapamaksadan. Ki Besan, naha anduk-anduk teh bet kalalanjoan, di dieu
ge sami-sami, sakieu geuning buktina, sanes teu nyaah, sanes teu hormat ka si
ujang ka ki besan, dalah dikumaha atuh sami nyanggakeun sadaya-daya.
Ka si Kasep, deudeuh teuing hidup anaking, cunduk dituyun ibu, datang dijajap
ku rama, kalih diabring ku kadang wargi. Ieu hiji tawsi , maksad hidep kenging
pang rujuk ti sepuh, pidu’a ti kadang warga. Apa sareng ema di dieu, teu
ngahero jonghok rebo ku gembolan, ringkid kerid ku jingjingan, kulit awi
sesebitan, nu diantio jinis jisimna sawiji, jasad tunggalna nu saurang, ujamng
wasta cep...... jajaka nu titih surti ngaji rasa, nu duduga tur peryoga, teu
renjagan teu gembangan, estu teguh pamadegannana.
Ditampi kasep, mola rek disaha-saha, diangken anak pituin, heg geura pelakan
tuh gunung nu masih gundul, pasir nu masih bulistir, sawah anu lawas ngahgar,
ku madu ka asih, muga-muga hejo lembok, lir ibarat bibit tumuwuh di tanah
subur. Mung eta nu ulah kakantun teh, parabot nu boga pamor, senjata nunggal
talutug nahun tea, seukeut teu karana diasah, keur mencug batu nugar cadas,
di dieu geus sayagi pihumauen asukaneun.
Mangga urang sami-sami ngadu’a, dahupna ieu barudak muga manjing wanci
ninggang uga, diparengkeun camperenik buncir eusi, ngarandah mamanggaran,
renung sirungna, mayakpak cangkokannana.
Amin ya Robbal ‘alamiin.
Sakali deui ditampi sapamaksadan.
Cag.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb

Mais conteúdo relacionado

Mais procurados

TEKS UCAPAN MALAM KEBUDAYAAN
TEKS UCAPAN MALAM KEBUDAYAANTEKS UCAPAN MALAM KEBUDAYAAN
TEKS UCAPAN MALAM KEBUDAYAANShafiqa Fatin
 
Buletin Jumat Al Furqon Tahun 04 Volume 06 Nomor 03 Kejujuran yang Terlupakan...
Buletin Jumat Al Furqon Tahun 04 Volume 06 Nomor 03 Kejujuran yang Terlupakan...Buletin Jumat Al Furqon Tahun 04 Volume 06 Nomor 03 Kejujuran yang Terlupakan...
Buletin Jumat Al Furqon Tahun 04 Volume 06 Nomor 03 Kejujuran yang Terlupakan...muslimdocuments
 
Cinta di Atas Cinta - Kisah Inspiratif Pembangun Jiwa by Jumadi Subur 0815 13...
Cinta di Atas Cinta - Kisah Inspiratif Pembangun Jiwa by Jumadi Subur 0815 13...Cinta di Atas Cinta - Kisah Inspiratif Pembangun Jiwa by Jumadi Subur 0815 13...
Cinta di Atas Cinta - Kisah Inspiratif Pembangun Jiwa by Jumadi Subur 0815 13...Jumadi Subur
 
Dibawah lindungan kakbah
Dibawah lindungan kakbahDibawah lindungan kakbah
Dibawah lindungan kakbahPurwadi Singkut
 
Hamka dibawah lindungan kaabah
Hamka dibawah lindungan kaabahHamka dibawah lindungan kaabah
Hamka dibawah lindungan kaabahWahyudi Prabowo
 
Buya hamka dibawah lindungan ka'bah
Buya hamka   dibawah lindungan ka'bahBuya hamka   dibawah lindungan ka'bah
Buya hamka dibawah lindungan ka'bahMoh Asyhal
 
178348259 gurindam-12-dan-syair-karya-raja-ali-haji
178348259 gurindam-12-dan-syair-karya-raja-ali-haji178348259 gurindam-12-dan-syair-karya-raja-ali-haji
178348259 gurindam-12-dan-syair-karya-raja-ali-hajiOperator Warnet Vast Raha
 
majalah-albinaa-vol 1
majalah-albinaa-vol 1majalah-albinaa-vol 1
majalah-albinaa-vol 1Muhammad Zain
 
Upacara adat mantenan kabupaten trenggalek
Upacara adat mantenan kabupaten trenggalekUpacara adat mantenan kabupaten trenggalek
Upacara adat mantenan kabupaten trenggalekDila2009
 
Hadapi dengan Iman
Hadapi dengan ImanHadapi dengan Iman
Hadapi dengan ImanFarhan R
 

Mais procurados (15)

TEKS UCAPAN MALAM KEBUDAYAAN
TEKS UCAPAN MALAM KEBUDAYAANTEKS UCAPAN MALAM KEBUDAYAAN
TEKS UCAPAN MALAM KEBUDAYAAN
 
Buletin Jumat Al Furqon Tahun 04 Volume 06 Nomor 03 Kejujuran yang Terlupakan...
Buletin Jumat Al Furqon Tahun 04 Volume 06 Nomor 03 Kejujuran yang Terlupakan...Buletin Jumat Al Furqon Tahun 04 Volume 06 Nomor 03 Kejujuran yang Terlupakan...
Buletin Jumat Al Furqon Tahun 04 Volume 06 Nomor 03 Kejujuran yang Terlupakan...
 
Cinta di Atas Cinta - Kisah Inspiratif Pembangun Jiwa by Jumadi Subur 0815 13...
Cinta di Atas Cinta - Kisah Inspiratif Pembangun Jiwa by Jumadi Subur 0815 13...Cinta di Atas Cinta - Kisah Inspiratif Pembangun Jiwa by Jumadi Subur 0815 13...
Cinta di Atas Cinta - Kisah Inspiratif Pembangun Jiwa by Jumadi Subur 0815 13...
 
Dibawah lindungan kakbah
Dibawah lindungan kakbahDibawah lindungan kakbah
Dibawah lindungan kakbah
 
Hamka dibawah lindungan kaabah
Hamka dibawah lindungan kaabahHamka dibawah lindungan kaabah
Hamka dibawah lindungan kaabah
 
Buya hamka dibawah lindungan ka'bah
Buya hamka   dibawah lindungan ka'bahBuya hamka   dibawah lindungan ka'bah
Buya hamka dibawah lindungan ka'bah
 
178348259 gurindam-12-dan-syair-karya-raja-ali-haji
178348259 gurindam-12-dan-syair-karya-raja-ali-haji178348259 gurindam-12-dan-syair-karya-raja-ali-haji
178348259 gurindam-12-dan-syair-karya-raja-ali-haji
 
Hamka.dibawahlindungankabah
Hamka.dibawahlindungankabahHamka.dibawahlindungankabah
Hamka.dibawahlindungankabah
 
Doa lawatan
Doa lawatanDoa lawatan
Doa lawatan
 
Terimakasih
TerimakasihTerimakasih
Terimakasih
 
Dakwah merah jambu
Dakwah merah jambuDakwah merah jambu
Dakwah merah jambu
 
majalah-albinaa-vol 1
majalah-albinaa-vol 1majalah-albinaa-vol 1
majalah-albinaa-vol 1
 
Qorin
QorinQorin
Qorin
 
Upacara adat mantenan kabupaten trenggalek
Upacara adat mantenan kabupaten trenggalekUpacara adat mantenan kabupaten trenggalek
Upacara adat mantenan kabupaten trenggalek
 
Hadapi dengan Iman
Hadapi dengan ImanHadapi dengan Iman
Hadapi dengan Iman
 

Semelhante a PANAMPIAN

Semelhante a PANAMPIAN (20)

Mikaweruh kabasaan
Mikaweruh kabasaanMikaweruh kabasaan
Mikaweruh kabasaan
 
Biantara
BiantaraBiantara
Biantara
 
Soal penelitian
Soal penelitianSoal penelitian
Soal penelitian
 
Auh manyaki mamalas panganten
Auh manyaki mamalas panganten Auh manyaki mamalas panganten
Auh manyaki mamalas panganten
 
Dhukun
DhukunDhukun
Dhukun
 
Kamus Bahasa Bare'e (Bare'e-Taal woordenboek), Indonesia - Bare'e
Kamus Bahasa Bare'e (Bare'e-Taal woordenboek), Indonesia - Bare'eKamus Bahasa Bare'e (Bare'e-Taal woordenboek), Indonesia - Bare'e
Kamus Bahasa Bare'e (Bare'e-Taal woordenboek), Indonesia - Bare'e
 
Adungweb on education
Adungweb on educationAdungweb on education
Adungweb on education
 
biantara.docx
biantara.docxbiantara.docx
biantara.docx
 
Cerita Remaja Islami "Jangan Berhenti, Teruslah Berlari" Karya : Syifa Sahaliya
Cerita Remaja Islami "Jangan Berhenti, Teruslah Berlari" Karya : Syifa SahaliyaCerita Remaja Islami "Jangan Berhenti, Teruslah Berlari" Karya : Syifa Sahaliya
Cerita Remaja Islami "Jangan Berhenti, Teruslah Berlari" Karya : Syifa Sahaliya
 
Cerpen bahasa bali (1)
Cerpen bahasa bali (1)Cerpen bahasa bali (1)
Cerpen bahasa bali (1)
 
Modul paribasa bali
Modul  paribasa baliModul  paribasa bali
Modul paribasa bali
 
Contoh ikrar halal bi halal
Contoh ikrar halal bi halalContoh ikrar halal bi halal
Contoh ikrar halal bi halal
 
Umpasa halak batak
Umpasa halak batakUmpasa halak batak
Umpasa halak batak
 
KAMUS BAHASA JAWA LENGKAP
KAMUS BAHASA JAWA LENGKAPKAMUS BAHASA JAWA LENGKAP
KAMUS BAHASA JAWA LENGKAP
 
1. agustus
1. agustus1. agustus
1. agustus
 
Sebuah Esai "Lawela warisan dan tanah air kata kata"
Sebuah Esai "Lawela warisan dan tanah air kata kata"Sebuah Esai "Lawela warisan dan tanah air kata kata"
Sebuah Esai "Lawela warisan dan tanah air kata kata"
 
Pidarta
PidartaPidarta
Pidarta
 
AKSARA BALI
AKSARA BALIAKSARA BALI
AKSARA BALI
 
Bangau menenun songket
Bangau menenun songketBangau menenun songket
Bangau menenun songket
 
ANGGAH-UNGGUHING BASA BALI ppt
ANGGAH-UNGGUHING BASA BALI pptANGGAH-UNGGUHING BASA BALI ppt
ANGGAH-UNGGUHING BASA BALI ppt
 

Mais de Tony Hermawan

Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2Tony Hermawan
 
Serah tarima panganten
Serah tarima pangantenSerah tarima panganten
Serah tarima pangantenTony Hermawan
 
Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2Tony Hermawan
 
Pancasila sebagai ideologi terbuka
Pancasila sebagai ideologi terbukaPancasila sebagai ideologi terbuka
Pancasila sebagai ideologi terbukaTony Hermawan
 
Unsur unsur golongan utama
Unsur unsur golongan utamaUnsur unsur golongan utama
Unsur unsur golongan utamaTony Hermawan
 
Unsur unsur golongan utama
Unsur unsur golongan utamaUnsur unsur golongan utama
Unsur unsur golongan utamaTony Hermawan
 

Mais de Tony Hermawan (9)

Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2
 
Serah panganten 3
Serah panganten 3Serah panganten 3
Serah panganten 3
 
Serah tarima panganten
Serah tarima pangantenSerah tarima panganten
Serah tarima panganten
 
Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2Serah tarima panganten 2
Serah tarima panganten 2
 
Pancasila sebagai ideologi terbuka
Pancasila sebagai ideologi terbukaPancasila sebagai ideologi terbuka
Pancasila sebagai ideologi terbuka
 
Elemen elemen html
Elemen elemen htmlElemen elemen html
Elemen elemen html
 
Unsur unsur golongan utama
Unsur unsur golongan utamaUnsur unsur golongan utama
Unsur unsur golongan utama
 
Unsur unsur golongan utama
Unsur unsur golongan utamaUnsur unsur golongan utama
Unsur unsur golongan utama
 
Koloid
KoloidKoloid
Koloid
 

PANAMPIAN

  • 1. Nama: Toni Fajar H Kelas : XII-IPA 4 SMAN 22 BANDUNG MASRAHKEUN CALON PANGANTEN PAMEGET Bismillaahirrahmaanirrahiim, Assalamu'alaikum Wr.Wb. Alhamdulillahi rabbil 'alamiin, washalatu wasalamu ala asrofil anbiyai walmursalin wa'ala alihi washohbihi ajmain. Robbisrohli sodri, wayasirli amri wahlul ukdatamillisaani yafqohu qouli. Dulur-dulur anu sami kumpul, sanak baraya nu pada aya, sepuh anom jaler istri, kalayan asmana sepuh miwah kulawargina cep____Tipayun mugi sih panghaksami, reh sim kuring saabringan, cunduk rusuh datang geura, tanding walik muru pasir, tanding julang muru rangrang, tanding jogjog moro mondok, moro panonobanana. Dupi anu dimaksad, ieu nganteur nu teu ludeung, nu hoream datang nyorangan, pun anak wasta_____ Inyana, mun peuting teu genah cicing, mun beurang teu puguh lampah, suda dahar suda polah, henteu puguh rarasaan. Singhoreng sabada dititenan, cenah katiir jamparing asih, karuncang panah asmara, bareuh asa nyanyautan. Kantos nyobi-nyobi diheureuyan, nguji pamadegannana.disisilihan wanoja lian. Singhoreng gilig pikir buleud tekad, teu kalis ku nu gareulis, teu sadrah ku dibeberah, majarkeun teh, mun abdi pareng jadi jeung anjeuna, bangun moal pegat son, ari margi, duriat mandean gunung, cinta mandean sagara, kembang cinta terus mangkak, leleb moal manggih ganti, geus saati geus sapikir. Kumargi sakitu atuh mangga ieu nyanggakeun pun anak, mugi kebesan keresa nampi. Mung hatur uninga, pun anak teh badag soteh warugana, elmuna mah hejo tur bangbangan keneh, masih didikeun atikeun kalayan kasobaran. Kalih ti eta deuiah, cundukna ieu si utun datangna ieu si ujang, estu lugag-legog bari lengoh datang bari keupatnampah, teu aya jingjing bawana. Sakadar ugal egol nyoren pestol, mamanggul talutug nahun, aseuk maneuh pancir waris, nini aki. Bahanna ti paku jajar, waja perak beusi akas, disipuh ku kayu garui dipancaran ku samida, matih beunang nganaatan. Hatur lumayan, keur ngaseukeun bibinihan, binih asih tangkal duriat, di huma leuweung larangan nu aheng kabina-bina tayan kagadabah jalama. Kibesan! Dalah dikumaha atuh, sakieu geuning buktina, dibeber-beber kalah soeh, dikenyang-kenyang karah bedah, lieuk euweuh ragap taya mung tekad ngakar maneuh jero manah meleuleuheungkeun tuang putera, rek dipetik dipimilik, dipajang dina jambangan, didamel jimat paripih. Mung tamba pamali teuing, nyanggakeun saaya-aya, batok kohok, piring semplek, beas sasiki, gula sapasi, paris ipis tamba tiris, sendal capit keur ka cai. Sanes teu nyaah sanes teu hormat ka si Ujang ka si nyai, sakieu geuning buktosna, tumamprak sadaya-daya.Mungguh sepuh sakadar sumambung du’a, dahupna ieu barudak aya dina akajanglaran, sial dangkalna, sue naasna, geus ditalangan ku apana ku emana, barudak mah mugia laki rabina dipareng panjang punjung panjang yuswana ginuluran karahayuan, negrak di hanjuang siang. Pungkas asur, beurat hate hese kacap, teuleum teu werat ka dasar, ka leuwi tangeh rek nepi, nyanggakaun sadaya-daya, cag dugi kadinya. Wassalamu’alaikum Wr.Wb.
  • 2. Panampian Calon Panganten Pameget Asalamu’alaikum Wr. Wb. Bismillah, alhamdulillah, lahaula wala quwwata illa billaah, Sabada simkuring ngahaturkeun salam ka sugri nu hadir, rohmat sareng salam urang haturkeun ka jungjunagan alam Rosulullah SAW, ka kulawargina miwah para sohabatna. Purwa pamaksadannana, sim kuring seja sasanggem, kedal lisan panampian, ngawakilan mutlak keresana Bapa... miwah ibu. Ka para sesepuh hormateun sim kuring, ka nu weruh di tempatna, ka nu reugreug dipageuhna, utamina ka kersana besan sarombongan. Tinangtu anu bakal kapihatur, estu tebih ti utami, anggang ti kasampurnaan ari margi, sim kuring sanes ahlina dina widang ieu, mung piraku ari kedah medal sila onaman. Kukituna mugia sih hampurana ti sadayana. Pangersa besan jaler istri , tamu-tamu nu sami dimulyakeun ku Allah. Tadi sami-sami nyakseni, pamaksadan ki tamu nu didugikeun ku wawakilna, nganggo runtuyan miwah ungkara basa nu ngabujangga, leubeut ku rekaan basa nu merenah, beuneur eusina jembar pedarannana, atra anu dipimaksadna. Paingan aya kila-kila, si jalak ngelak, si kate beger, kukupu ngier ngiberan titingalan sing rarikang. Sihoreng baris cunduk tamu nu ditunggu-tunggu tikapungkur, undur taun datang bulan, ayeuna ugana datang. Alhamdulillah, kabingah sesah bangsana, suka ati pilih tanding, ringkesna mah ditampi sapamaksadan. Ki Besan, naha anduk-anduk teh bet kalalanjoan, di dieu ge sami-sami, sakieu geuning buktina, sanes teu nyaah, sanes teu hormat ka si ujang ka ki besan, dalah dikumaha atuh sami nyanggakeun sadaya-daya. Ka si Kasep, deudeuh teuing hidup anaking, cunduk dituyun ibu, datang dijajap ku rama, kalih diabring ku kadang wargi. Ieu hiji tawsi , maksad hidep kenging pang rujuk ti sepuh, pidu’a ti kadang warga. Apa sareng ema di dieu, teu ngahero jonghok rebo ku gembolan, ringkid kerid ku jingjingan, kulit awi sesebitan, nu diantio jinis jisimna sawiji, jasad tunggalna nu saurang, ujamng wasta cep...... jajaka nu titih surti ngaji rasa, nu duduga tur peryoga, teu renjagan teu gembangan, estu teguh pamadegannana. Ditampi kasep, mola rek disaha-saha, diangken anak pituin, heg geura pelakan tuh gunung nu masih gundul, pasir nu masih bulistir, sawah anu lawas ngahgar, ku madu ka asih, muga-muga hejo lembok, lir ibarat bibit tumuwuh di tanah subur. Mung eta nu ulah kakantun teh, parabot nu boga pamor, senjata nunggal talutug nahun tea, seukeut teu karana diasah, keur mencug batu nugar cadas, di dieu geus sayagi pihumauen asukaneun. Mangga urang sami-sami ngadu’a, dahupna ieu barudak muga manjing wanci ninggang uga, diparengkeun camperenik buncir eusi, ngarandah mamanggaran, renung sirungna, mayakpak cangkokannana. Amin ya Robbal ‘alamiin. Sakali deui ditampi sapamaksadan. Cag. Wassalamu’alaikum Wr.Wb