2. S
urupna panon poé dina wanci magrib kamari, jadi
cicirén réngséna ibadah saum urang salila sabulan
campleng, kuru cileuh kentel peujit dina waktu sa-
bulan, lantaran ngalaksanakeun saum jeung tarawéh sarta
ibadah–ibadah Romadon jigana ku urang sadaya geus di-
laksanakeun. Ayeuna urang sadaya mulang deui kana fit-
rah, kasucian. Poé ieu ogé waktuna urang sadaya suka
bungah. Bungah lain lantaran loba dahareun atawa maké
pakéan sarwa anyar, tapi bungah lantaran urang sadaya
parantos lulus tina ujian nu cukup beurat, bungah lantaran
geus tamat ngalaksanakeun paréntah Alloh nyaéta ibadah
saum Romadon.
Sok sanaos saum dilaksanakeun ku urang ngan sa-
bulan nu lamina 29 atawa 30 poé, tapi buah sareng
mangpa’atna mah mugi tiasa karaos ku urang sataun,
malah salila urang masih hirup di alam dunya, margi Alloh
swt. ngawajibkeun saum ka jalma – jalma anu ariman
sangkan salawasna jadi jalma anu takwa. Allohu Akbar,
Allohu Akbar, Allohu Akbar Laa Ilaha Ilalloh Allohu Akbar,
Allohu Akbar Walillahil Hamdu.
Mitra Manglé Sadaya,
‘Idul fitri, nu hartosna baralik deui kana asal kasucian
fitrahna, kantenan deuih kedah ngabersihkeun diri ku cara
silih hampura, silih lubarkeun dosa. Numawi kitu, dina
waktos anu mulya ieu, hususna ka para wargi pamaos
Manglé, umumna mah ka sadaya urang Sunda, sok sanaos
langka pataréma panangan, lantaran mung dina seratan
wungkul, Sakumna Ais Pangampih Manglé neda hapunten
tina samudaya kalepatan lahir tumekaning batin, Lan-
taran, rumaos pisan, sering nepangan téh dina kaayaan ki-
rang utami, malihan sakapeung mah tos langkung ti
langkung lepatna.
Para Mitra Manglé, bari hatur wilujeng Boboran Siam
1434 H, sanés kupat sareng opor hayam, namung étang-
étang kanggo nambihan ma’murna lebaran sareng
ngawedelan kayakinan, mangga dina édisi Manglé
Lebaran, kasanggakeun aosan Hutbah ‘Idul Fitri kénging
Dr. H. Isep Zaenal Arifin, M.Ag., Dosen Fakultas Dakwah
UIN SGD Bandung. Mudah-mudahan ageung mangpaat-
na. ***
Takbir, Tahmid, Tahlil
Saruka Bungah, Marulang Deui Kana Fitrah
0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986
ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69
BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,
Bank BNI Cab. A-A No. 24455350
ISSN: 0852-8217
ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:
Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-
7309720
E-MAIL: - redaksimangle@yahoo.com
- facebook: Majalah Sunda Mangle
PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.
RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG
RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,
WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib-
rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian
Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-
TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSANA Ayi Sundana, DOKU-
MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRACETAK
Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN
Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti
(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista
(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,
IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,
Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.
3.
4. Zakat
H
iji urusan anu sok dipen-
tingkeun dina mangsana
lebaran téh zakat, boh zakat
mal boh zakat panghasilan. Geus
puguheun ari zakat fitrah mah.
Zakat téh kaasup salasahiji uru-
san penting pikeun umat Islam lan-
taran kaasup kana rukun iman anu
lima. Dina apal-apalan sapopoé
ayana dina nomer tilu. Malah
umumna sapamadegan yén zakat
téh sakantét jeung salat. Aya ayat-
ayat Alquran anu nétélakeun ngan-
tétna kecap salat jeung zakat.
Papadaning kitu, béda jeung
salat anu geus jalan dina kahirupan
sapopoé, zakat mah aya bédana.
Lantaran patalina jeung rajakaya
atawa panghasilan, zakat mah itung-
itunganana henteu gampang lan-
taran kudu puguh nisabna, kaasup
waktuna.
Dina basa anu populér zakat téh
dikurupkeunana kana meresihan
harta. Harta anu kapimilik ku urang
perlu dikaluarkeun zakatna supaya
beresih. Nu dimaksud beresih di
dinya patalina jeung kamaslahatan
jeung barokah. Atuh ka dituna apan
nyambung jadi amal-amalan anu
ganjaranana bisa disampeur engké
di ahérat. Cindekna zakat téh lain
perkara joré-joré. Éta sababna anu
matak aya pirang-pirang lembaga
anu ngahususkeun ngurus zakat. Di
sagigireun anu dikokolakeun ku
pamaréntah (kayaning BAZIS) aya
ogé anu diurus ku swasta.
Lain ngan ukur kaahératan baé
anu bakal kahontal ku zakat téh,
dina urusan kamasarakatan gé
mangpaatna teu kurang-kurang.
Anu saderhanana baé, zakat bisa di-
paké cukang lantaran pikeun
ngaronjatkeun kahirupan umat anu
walurat. Tapi lebah dieu gé anu
babari téh nyaritana, da dina prakna
mah banggana luar biasa.
Nurutkeun katerangan ti
salasahiji lembaga anu ngahusukeun
kana ngurus zakat, cenah zakat anu
katarima ku lembagana téh rata-rata
Rp 170 milyar per taun. Tétéla lain
leutik-leutik. Komo deui anu
katarima ku BAZIS anu sipatna
nasional. Mangkaning éta téh
mayeng unggal taun. Jadi pantesna,
umat Islam di urang téh geus sare-
nang hirupna.
Puguh di dinya pisan masalah
utamana téh. Asa tacan aya lembaga
zakat, boh BAZIS boh anu parti-
kulirna, anu unggal taun bisa
mayeng ngabéwarakeun yén di désa
anu, nu tadina warga nu miskinna
aya saanu taun ieu mah geus ngura-
ngan saparona. Tina hasil zakat téa
alhamdulillah anu taun tukang
masih kénéh narima zakat téh taun
ieu mah geus bisa mayar zakat.
Éta téh cita-cita idéal saréréa.
Hayangna mah kitu. Kahayangna
mah, ulah aya saurang gé umat
Islam anu baramaén. Ulah aya hiji
gé kaom muslimin anu hirupna
ngaligeuh teu boga panghasilan.
Cenah dina ngokolakeunana
zakat anu di urang masih kénéh
tacan optimal téh. Ari dikeureuyeuh
mah éta gé da terus-terusan. Éra gé
kadieunakeun mah geus aya
kamajuanana. Upamana baé zakat
anu dimangpaatkeun pikeun méré
béasiswa ka siswa-siswa anu palinter
tapi ékonomina teu mampuh. Nu di-
pakéna kitu mah tangtu bakal man-
jang mangpaatna. Ka hareup mah
meureun moal aya deui anu wani
nuding pajar kaom muslimin téh
loba kéneh anu bodona nepi ka
salawasana tinggaleun jaman. Lain
hartina kudu saturut-turutna tang-
tuna gé. Apan naon-naon anu di-
taratas ku para ajengan di urang téh
nya ka dinya losna. Nepakeun élmu
supaya ulah dipinteran batur.
Kitu deui dina urusan ékonomi.
Lamun disebutkeun pajar urang
Garut téh kaasup anu pangmiskinna
di Jawa Barat, apan éta téh togmolna
ka kaom muslimin deui. Tangtuna
henteu ngan semet kitu dibacana, da
lamun diantep ka dituna bakal
leuwih gedé mamalana.
Leuwih jauhna ti dinya asa
pantes pisan lamun tina ayana zakat
téa kaom muslimin di urang bakal
jugala dina urusan ékonomina. Nga-
mangpaatkeun zakat pikeun usaha
upamana apan bakal jauh bédana
jeung lamun modalna kudu dirénte-
nan.
Ceuk ustad, moal samata-mata
diwajibkeun mayar zakat téh lamun
henteu gedé mangpaatna. Beuki
dieu beuki katémbong kaihlasan
pikeun mayar zakat geus beuki kuat.
Éra téh hiji kapercayaan. Tapi ka di-
tuna tangtu bakal jadi amanat,
babakuna dina urusan ngokolakeun-
ana. Meungpeung anu malayar za-
katna masih kénéh neundeun
kapercayaan. Da cacak lamun
kapercayaanana geus luntur mah,
pisakumahaeun teuing pikanyerieu-
nana. AM
Manglé 2436 3
7. R
eueus kabina-bina! Kagiatan
kaagamaan dina bulan puasa mah
ceuyah naker. Dawah gé kitu, boh
bil lisan, boh da’wah bil mal, nyampak
saban waktu jeung tempat. Geus puguh ari
unggal tivi mah, dalah di tempat séjén gé
teu kurang-kurang. “Saé kacida upami
ninggang dina sasih Romadon mah. Ngan
hanjakal, pami réngsé sasih Romadon,
pangpangna di kota, sok cul dogdog tinggal
igel. Ieu rupina peryogi perhatosan saban
pihak sangkan sumanget da’wah téh hen-
teu saharitaeun,” cek Prof. Dr. H. Asep
Muhyiddin, M.Ag. waktu ngobrol rinéh
dikantorna di kampus UIN SGD Bandung.
Kagiatan da’wah mémang teu weléh
jadi panalinga jeung kabutuh masarakat.
Lantaran, da’wah téh teu béda jeung tugas
sapopoé saban manusa atawa pamingpin
dina saban tempat jeung posisi. “Unggal
dinten saleresna urang da’wah, unggal
pamingpin,pamaréntah,sadayanada’wah,
nepikeun kahadéan, geusan ningkatkeun
karaharjaan nu leuwih mangpaat. Ngan
carana nu béda,” cek ieu Profesor nu
sababaraha taun mancén di Majlis Fatwa
MUI Jawa Barat téh.
Ku kituna, ambahan da’wah mah lega
kacida. Ngan, tangtu wé ngalaksanakeun
da’wah téh, cenah, kudu adumanis dina
opat wangun kagiatan. Tah, naon téa?
Kahiji, ceuk Prof. Asep, kagiatan tablég.
Kadua,kagiatanirsyad,sapertipanyuluhan
jeung bimbingan Islam. Katilu, tadbir,
saperti manajemen sarta ngadegkeun
sarana lembaga-lembaga da’wah. Kaopat,
kagiatan tathwir, nu leuwih neueul kana
widang ékonomi kaumatan. “Lantaran
ranggeuman da’wah mah kacida legana,
teu cekap ku kagiatan tablég wungkul. Ku
kituna, peran pamaréntah penting pisan,
utamina dina nangtoskeun ‘pemetaan’
wilayahda’wahsareng obyékda’wah
sanésna,” cek ieu doktor wedalan
IAIN Syarif Hidayatullah
Jakarta teh témbrés naker.
Nilik pentingna
da’wah, hartina, éta
kagiatan téh perlu
pangrojong balaréa. Ku kituna, pamarén-
tah perlu ngabebenah deui pola jeung
nangtukeun wilayah da’wahna. “Kalebet
nagtoskeun kagiatan da’wah di jajaran
strukturalpamaréntah,supados leres-leres
da’wah janten pangabutuh unggal waktu,”
cek ieu carogé Dra. Hj. Akah Kahmaeni,
M.Ag. téh.
Tablég Lain Hiburan
Bentuk tablég dina kamekaran da’wah
mémang leuwih penting. Lantaran, cek ieu
Guru Besar UIN SGD ogé, geus jadi
pangabutuh balaréa nu leuwih pragmatis.
Ku kituna, para mubalég ogé sok jadi
tinimbangan boh soal élmuna, tempat
diajarna, dedeganana, ogé nu penting
sabaraha keur ongkosna. “Saleresna wajar,
upami masarakat milih-milih mubalég.
Ngan lepat upami urusan ongkos janten
ukuran pilihan umat. Ieu rupina nu kedah
dirobah deui. Lantaran da’wah mah geus
jadi kawajiban,“ cek Prof. Asep tandes.
Tablég mémang rupa-rupa deuih. Kitu
téh, lantaran unggal mubalég ogé ngahaja
némbongkeun ciri mandiri nu béda ti nu
séjénna. Petana kitu, di antarana sangkan
ngirut balaréa. Ngan, naha nu kawas kitu
téh penting? Cek ieu Dekan Da’wah jeung
Komunikasi UIN SGD mah, nu hayang
da’wah teu kabéh bisa disebut mubalég.
“Saratmubalégmah,saleresnaabotkacida.
Lian ti nu tafaqquh fiddin, nu paham kana
agama, mampuh nepikeunana, ogé nu saé
ahlakna, leres-leres jadi picontoeun,”
pokna. Ku kituna, cék cenah, palebah
mubalég, mémang aya nu pikareueuseun
aya ogé nu pikahariwangeun. Nu matak
reueus, tangtu nu paham kana agama. Ari
nu paham agama, tangtu loba élmu agama
nuditepikanana.Sabalikna,numatakhari-
wang mah, maksud dawahna éléh ku
hiburanana, éléh ku bobodoranana, lir
paribasaculdogdogtinggaligel!Pangaruh-
naatawaélmunamahteunyerep,kawascai
dina daun taleus, teu mampuh dijadikeun
tatapakanbekelhirupmustamina.“Rupina
istilahmubalégtéhkiyai,tiasadijantenkeun
dadasar deui, yén mubalég kedah saé
ahlakna ogé luhung élmuna,” pokna.
Nu paham agama, tangtu loba. Ngan
deui-deui dina da’wah mah kudu mampuh
nepikeun ku cara nu hadé. Tah, palebah
saha nu nepikeun jeung kudu ka mana
nepikeunana? Cek ieu paniten da’wah, mé-
mang perlu dihangkeutkeun deui tur perlu
kawijakan pamaréntah. Contona waé,
kumaha carana sangkan mubalég nu
kawéntar tur paham agama, tiasa da’wah
ka saban daérah. Ieu penting, lantaran ki-
warimahdidaérah ogégeuskarasapanga-
ruh globalisasi téh. Atuh da’wah téh perlu
mubalég nu bisa ngigelanana.
“Patarosanana, naha para mubalég
kondang, wantun dibayar haratis
ka daérah nu rawan akidah?
Rupina, di dieu pent-
ingna peran pama-
réntahngalangkungan
Departemen Agama.
Sanaos éta ogé aya
patugas Peneran-
gan Agama
Islam, tapi
Dina bulan Romadon, kagiatan da’wah téh pikareueuseun. Ngan hanjakalna, réngsé Romadon mah, kagiatan
kitu, lir paribasa, cul dogdog tinggel igel. Naon sababna pangna kitu? Prof. Dr. H. Asep Muhyiddin, M.Ag.,
Dekan Fakultas Dakwah & Komunikasi UIN SGD Bandung, nepikeun pamanggihna.
***
Prof. Dr. H. Asep Muhyiddin, M.Ag.;
Kagiatan Da’wah
Antara Ngigelan Jaman jeung Tinggal Igel
6 Manglé 2436
8. tarékah da’wah modél kitu saé kacida,”
saur Prof. Dr. H. Asep Muhyiddin, M.Ag.
daria pisan.
Upama ieu Profesor apal pisan kana
kamekaran da’wah,da mémang icikibung-
na gé dina widang da’wah. Saban waktu,
boh dina seminar boh dina diskusi,
nalungtik da’wah nu leuwih ngindung ka
waktumibapakajaman.Sapertinawaé,ieu
alumnus pasantrén Cintawana Tasik-
malaya, teu weléh niténan da’wah di
pakotaan jeung di padésaan.
Kamekaran Da’wah Sunda
Nepikeun agama tangtu kudu apal ka
mustamina, ka jalmi nu rék ditepikanana.
Carana ogé, lian ti mentingkeun
kamaslahatan keur tempat sabudeure-
unana, ogé sangkan nambah élmu panga-
weruhna. Kumaha ari da’wah di Jawa
Barat? Pangpangna dina bentuk tablég
mah, cek ieu teureuh Garut, kamekaran
da’wah ulah jauh tina kultur budayana.
Sapertina waé, dina cara nepikeunana,
tangtu basa Sunda, tiasa dihangkeutkeun
jadi basa da’wah. “Kantenan di tatar Sunda
mah, kedah ku basa Sunda. Sanaos, upami
téa mah masarakatna campur, urang
Sunda ogé kedah nampi nganggo basa
Indonésia. Namung intina kedah nganggo
basa Sunda,” cek Prof. Asep jinek.
Kamekaran da’wah Sunda mémang ki-
wari lain bihari. Bihari mah, geus biasa
para ajengan di saban pasantrén jeung
sabantempat,ngajitéhatawangawurukka
santrina téh ku basa Sunda. Kitu deui, loba
pasantrén nu ogé nyunda-nyundakeun
kitab konéng. Hutbah Sunda, pupujian ku
basa Sunda, solawatan ku basa Sunda
jeung sajabana. Kumaha kiwari? Cek Prof.
Asep mémang da’wah dina basa Sunda
perlukasadaranmasarakatna.Soksanajan,
éta ogé loba kénéh para mubalig nu biasa
nyelapkeun basa Sunda. “Perkawis tablég
ku basa Sunda, kantenan penting kanggo
urang mah. Ka para mubalég ulah ngaraos
isin, kitu deui ka pamaréntah kedah
langkung nyontoan,” pokna deui.
Mekarkeun da’wah Sunda, mémang
perlu pangrojong ti pamaréntah. Hartina
cek Prof. Asep, reueusna masalah basa
Sunda, henteu dina da’wah baé tapi ogé
dina nepikeun pasualan séjénna. Contona,
dina biantara boboran siam ka saban
masjid ti bupati di Jawa Barat, kedahna
maké basa daérahna. “Sapertos keur urang
Garut, Tasik, Ciamis, Sumedang jeung
sajabina, kantenan biantara bupati saéna
nganggo basa Sunda. Sapertos di daérah
Jawa, apan teu weléh sok ditepikeun dina
basa Jawa,” cek ieu guru besar Islam méré
sumanget.
Adumanis Sakola jeung Pasan-
trén
Asep Muhyiddin lahir di Garut, 07 Juni
1957. Ieu putra H. Muhmudin sareng Hj.
Siti Aminah, ti leuleutik diasuh dilingku-
ngan agama. Indung tunggul rahayu bapa
catang darajat, keur Asep mémang karasa
pisan. Teu weléh sepuhna mapatahan
sangkan Asep pengkuh agamana ogé
luhung pangabisana, nu ahirna kudu
junun. Ku kituna, waktu Asep sakola di
SDN Pasirwaru Limbangan ogé, sepuhna
mah teu weléh nalingakeun, pangpangna
dina sual ngaji agama. Pangaping kitu,
ngabuahkeun hasil. Asep gé, sakola satu-
luyna ditarima di PGA 4 taun bari nyiar
élmu agama di pondok pasantren Pulosari
Limbangan Garut. “Pun Bapa kalintang
disiplin sareng teu weléh masihan papatah
nu saé,” cek ieu bapa Fila Hikmaturraah-
man, Syafwan Nugraha sareng Putri Nab-
hani N. nineung ka mangsa keur budak.
Asep beuki déwasa beuki buleud cita-
cita. Lantaran meunang élmu adumanis
sakola jeung pasantren, atuh nuluykeun gé
ka SP IAIN Ciwaringin Cirebon, nu teu lila
ogé pindah ka Fakultas Tarbiyah Paguron
Islam di Cipasung Tasikmalaya taun 1976.
Keur Asep di Cipasung cocog pisan, lan-
taran bisa bari masantrén di pasantren
Cintawana Tasikmalaya.
Nyiar élmu nu béda tempat keur Asep
mawa sumanget jeung karasa nambah
élmu pangaweruhna. Ku kituna, waktu
kuliah, taun 1981, Asep ogé pernah kuliah
di Fakultas Ushuluddin Riyadhul Alfiyah
SadangGarutmilihProgramSarjanaMuda.
GeusréngsédiGarut,ahirnaAseppindahka
Bandung, ngajar di Pondok Pasantren Al-
JawamiBandung. AhirnadiBandung,Asep
ngaréngsékeun sarjana lengkepna ti Juru-
san Dakwah Fakultas Ushuluddin IAIN
Bandung Tahun taun 1983.
Di IAIN SGD Bandung (ayeuna mah
UIN), singhoréng jadi tempat keur
neruskeun karirna. Kaayaan kitu, H. Asep
Muhyiddin ogé sadar tur teu weléh muji
sukur ka Gusti Alloh Swt. Lantaran, satutas
di Bandung beuki nambah élmu panga-
weruh, beuki loba kawawuh, beuki loba
lolongkrangkeurngamalkeunélmupanga-
weruhna. Ngan nya kitu, sual élmu panga-
weruh mah, keur Asep, beuki nambah téh,
singhoréng asa beuki ngurangan. Ku kitu-
na, saterusna mah miang ka Batawi, kuliah
deui ka Program Magister (S2) Pasca-
sarjana IAIN Syarif Hidayatullah Jakarta,
réngsé taun 1995. Atuh Program Doktor
(S3) masih di Pascasarjana IAIN Syarif
Hidayatullah Jakarta.
Makalangan di dunya kampus, Asep gé
teu ujug-ujug. Ti mimiti nyaking pagawé
administrasi, ngadosénan, ogé pernah
nyangkingSekertarisJurusanTafsirHadits
FakultasUshuluddin,nyangkingSekertaris
Jurusan Aqidah Filsafat Ushuluddin, Pem-
bantu Dekan III Fakultas Dakwah. Panga-
laman kitu, ahirna Prof. Asep dipercaya
mancénDekanFakultasDakwah &Komu-
nikasi UIN SGD Bandung nepi ka kiwari.
Nyangking di kampus, dian sual élmu
mah, kudu karasa mangpaatna keur
balaréa. Ku kituna, Prof. Dr. H. Asep
Muhyiddin, M.Ag. nu kiwari nganjrek di
Cibiru Hilir Cileunyi téh, ogé loba aktif di
sababaraha organisasi kaagamaan, saperti
di MUI Jabar jeung nepikeun pamanggih-
na dina saban seminar, boh lokal boh
nasional.
Sanajan sibuk ku kagiatan, tapi ieu
pituin Sunda teu weléh tibelat ka lembur di
Limbangan Garut. “Kantenan, émut baé ka
lembur mah. Ku kituna, saban boboran
siam, teu weléh tibelat. Nineung sareng
hoyong pisan nepangan wargi-wargi di
lembur,” pokna nutup obrolan. *** (RH)
Manglé 2436 7
Kagiatan dawah butuh
pangbebenah pamaréntah
Sareng garwanaDa’wah kudu ngindung ka waktu
mibapa ka jaman
9. Manglé 2436
M
un nyaritakeun mudik, ku-
ring mah sok jadi ras ka ba-
baturan. Enya, éta mah ki
sobat, saban rék nyanghareupan
lebaran téh sok asa paciweuh pisan. Ti
méméh tanggal lilikuran puasa gé,
manéhna geus tatahar pikeun mulang
ka lemburna. Beberengkes sagala
dibawa, anu cenah keur oléh-oléh ka
urang lembur. Salila ngumbara di
kota anu geus aya welasna taun,
manéhna tacan kungsi sakali wé teu
mudik. Kajeun teuing keur teu pati
séhat, atawa ukur boga bekel pas-
pasan, pasti wé maksakeun mulang.
Malah mudikna téh sok rada ti
anggalna kénéh, bélaan bolos digawé.
Kadang-kadang pisaminggueun deui
ka lebaran gé geus mulang.
“Sataun sakali mah kudu maksa-
keun,” pokna.
Kungsi basa taun tukang mah
manéhna nanya bari dibarung
heureuy, “Naon sasaruaan jeung
bédana, antara peristiwa mudik jeung
penggusuran?”
Teu ieuh dijawab, da geus kajudi
atuh, éta mah pertanyaan konyol. Mé-
mang enya kontékstual, tapi geus teu
kaasup heureuy atuh ngabanding-
keun maranéhna anu mudik jeung
anu digusur mah. Jelas, substansina
gé béda pisan.
“Yeuh, déngékeun geura,” pokna,
sanggeus kuring teu ngabijilan omo-
ngan. “Saruana téh lebah inditna.
Heueuh, indit ti hiji tempat, ngajugjug
ka tempat séjén. Sarua ngabringna gé
deuih. Boh dina mudik boh dina
penggusuran, sarua aya prosés indit,”
pokna bari terus ngarandeg.
Lantaran omonganana teu
dituluykeun, kuring jadi panasaran.
Anu matak gancang dipokkeun, “Ari
bédana lebah mana?”
“Bédana téh, ari anu mudik sok
baralik deui. Enya, apan ari geus béak
lebaran mah, tara terus cicing di lem-
bur, da sok baralik deui ka kota,
malah mindeng bari mawa dulur
atawa baraya. Geus bisa dipastikeun,
lamun tas usum mudik, dina geus
baralikna deui téh, pangeusi kota jadi
nambahan. Tah, ari maranéhna anu
digusur mah, tara baralik deui ka tem-
pat tadina matuh. Heueuh, rék bisa
balik kumaha, apan lahanna ogé geus
salin jinis jadi mall, pusat hiburan,
atawa proyék pangwangunan séjénna
anu didukung ku modal raksasa.”
Kuring unggut-unggutan. Geu-
ning ka dinya brasna si kunyang téh!
Bréh kagambar dina pikiran, kumaha
lumangsungna suasana penggusuran.
Mindeng pisan rayat anu mertahan-
keun lahan katut pamatuhanana
kudu adu hareupan jeung patugas
hukum, anu sakapeung sok timbul
riributan.
“Najan mudik jeung penggusuran
téh jauh bédana, tapi aya hiji aksioma
anu sarua. Boh anu ramé-ramé mudik
boh anu digusur, pasti sarua pada-
pada rayat leutik.”
“Wah, cék saha? Anu sok mudik
mah lain rayat leutik wungkul, da
para gegedén jeung jalma baleunghar
anu ngumbara di kota gé sarua waé,”
omong kuring.
“Heueuh, maksud uing mah anu
mudikna téh ngaliwatan heula prosés
perjuangan. Kudu daék ngalelentuk di
hareupeun lokét karéta api atawa
beus antar kota, kudu daék pajejel
dina kandaraan umum, kudu
ngawayahnakeun manéh mun katipu
ku calo atawa ditekuk harga ku
kondéktur, kudu daék ..., wah, pokona
mah beurat perjuangan mun hayang
mudik téh. Kitu apan anu kaalaman
ku rayat leutik mah dina prosés
mudik téh. Malah teu kurang-kurang,
anu di perjalanan meunang musibat
gé; naha tabrakan atawa mobilna nga-
galéong ka jungkrang. Pék ku énté
inget-inget, naha kungsi aya bupati,
anggota parlemén, dirjén atawa
menteri anu pasesedek milu ngantay
karcis karéta api, atawa sapeupeuting
ngalelentuk di terminal beus? Mana
komo persidén atawa wakilna mah.”
“Nya moal atuh, kuya! Apan
aranjeunna mah kagungan kendaraan
pribadi. Atawa mun mudikna hayang
téréh tepi, nya kari ngagunakeun pe-
sawat udara wé, malah sok dicarter,”
walon kuring. “Mun teu kitu, dikawal
ku purider anu maké héong-héong.”
“Heueuh. Anu matak, hakékat tina
dinamika mudik mah ayana ukur di
lingkungan rayat leutik. Angka-
ribungna babawaan, kurdas-kardus
wadah oléh-oléh, luut-léétna késang,
jeung budak léwéh mah ngan aya dina
mudikna rayat leutik pantar urang-
urang.”
Kuring ngaheueuhan omongan-
ana. Bréh kagambar suasana mudik
di terminal, di setatsion, atawa di pal-
abuan anu sok dipidangkeun mang-
rupa laporan pandangan mata dina
média massa. Enya, kabéh ogé éta téh
bagian tina potrét kahirupan rayat.
Mudik geus dianggap hiji peris-
tiwa sakral. Najan sakumaha jauhna
ngumbara, ari dina rék nincak lebaran
mah kudu waé maksakeun mulang ka
sarakan. Éta pangna anu mudik mah
tara ngabalitungkeun héséna meu-
8
Mudik
Ku: Tatang Sumarsono
10. Manglé 2436 9
nang kendaraan bari ongkosna
ngadadak jadi mahal, atawa macétna
lalu lintas salila di perjalanan. Anu
penting: bisa nyelang heula balik ka
lembur, kumpul jeung kolot katut
dulur-baraya, jeung bisa nyekar ka
kuburan karuhun.
Kaalaman ku kuring sorangan
suasana kawas kitu téh, najan rumasa
waé tara unggal taun bisa mudik.
Dina keur teu bisana mulang, kuring
sok gancang tawakup ka kolot jeung
ka dulur-dulur.
“Mudik téh jadi hiji kabagjaan
pikeun rayat leutik pantar urang
mah,” pokna.
Omongan manéhna, ku kuring di-
heueuhan.
“Urang anu salawasna hirup di
kota, néangan sumber kahirupan di
kota, jeung tangtu waé mindeng
ngabeungbeuratan kota, ari dina poé
lebaran mah kudu maksakeun mu-
lang heula ka lembur. Atuh sakurang-
kurangna pikeun mulangkeun
panineungan ka jaman urang keur
budak. Sukur-sukur mun di lembur
bisa kénéh nyeuseup hawa seger
kahirupan. Mun dipapandékeun kana
batré mah, itung-itung disetrum deui,
sanggeus urang kabuntang-banting
dina galura kota,” pokna.
Ti harita, pleng lila teu panggih-
panggih. Ari kitu téa mah bubuhan
sarua pada-pada riweuh ku urusan
pagawéan. Anu matak, hésé néangan
lolongkrangna mun rék silih anjangan
téh.
Teu kahaja, ari gok téh tepung di
jalan pasampangan; jigana mah
manéhna keur ngajak anakna
ngabuburit. Rada héran kuring téh,
duméh puasa geus nincak tanggal
genep likur, tapi manéhna tacan
mudik. Kuring onamanan sok milih
pidua-poéeun deui ka lebaran, da
lembur pangbalikan téh teu pati jauh.
“Har, naha geuning tacan mudik?”
kuring nanya, duméh manéhna masih
kalana-kulunu kénéh di kota.
“Moal, euy,” témbalna pondok.
“Naha? Apan cék énté mudik téh
bagian tina kabagjaan rayat leutik
pantar urang-urang, apan mudik téh
sakral, apan dina saban taun gé teu
meunang diliwat, apan ....”
“Heueuh, ari lebah dinyana mah
uing gé moal robah pamadegan,”
pokna, megat kalimah.
“Naha atuh lain geura-geura
mudik? Apan ayeuna geus tanggal
genep likur.”
“Uing mah moal bisa mudik ...,”
ngarandeg heula, “masing tepi ka
iraha waé ogé.”
“Naha? Ku naon?”
“Apan lembur uing mah geus eu-
weuh, geus béak ku musibah alam.
Kolot duanana maot, dulur gé nya
kitu kénéh,” témbalna alon.
Kuring ngan ukur bisa lila nga-
huleng.
“Énté iraha rék mudik?” manéhna
nanya.
“Insya Alloh, pagéto,” témbal téh.
“Salamna wé nya ka anu araya di
lembur. Uing mah rék lebaran di kota
waé.”
Kuring ukur némbalan ku
unggeuk.***
(Nu nulis Staf Khusus Bidang
Budaya Rektor Universitas Pasun-
dan)
11. 10 Manglé 2436
Bagian
167
Peuting ka-181
S
yahrazad
neruskeun
dongéngna.
Nyaritakeun lalakon
Dahnasy nu tas sasabaan
ka nagri manusa.
“Nembe téh tas ti
nagri nu kacida legana,”
ceuk ieu jin lalakina téh
muka carita.
Di lebah nagri nu
kacida legana, ceuk Dah-
nasyi, dirina turun ka
bumi. Terus leuleumpa-
ngan ngadédéngekeun
caritaan urang lembur.
Apal wéh, horéng éta téh
karajaan nu dipingpin ku
jelema nu teu dipikare-
sep rahayatna. Karajaan-
ana mah beunghar
kacida, malah raja téh
boga istna nepi ka tujuh.
Nu jadi kembang
carita éta nagri, lain
kabeungharanana. Tapi,
putri raja nu sohor
kageulisanana. Katelah-
na Putri Budur. Ku
geulis-geulisna, Dah-
nasyi gé teu bisa
ngagambarkeun
kaéndahanana ku carita.
Nu tétéla, nu teu weléh
nyangkaruk dina
ingetanana, buukna nu
hideng meles tur gom-
plok, kulit beungeutna
bodas beresih semu-
semu beureum.
Panonna boborélakan
lir mutiara. Gular-gilerna
hihideung panon lir
borélakna inten nu ka-
tojo panon poé.
Cindékna, nilik kana
rurupaanana, teu matak
bosen ningali, malah
matak moho anu nénjo.
Sorana halimpu.
Matak genah kadéngéna.
Mun cacaritana antare
kalayan netes, tétéla
maksudna. Kitu téh, ceuk
Dahnasy gambaran éta
putri mémang pinuh ku
pangarti.
Saterusna, ieu jin téh
bruk-brak. Cenah, gam-
baran kaéndahan jeung
kageulisan éta putri téh
éstu nenggang ti
sasamana, malah asup
kana susah keur nga-
banding-bandingna. Da,
mémang, éta putri téh
hésé digamabarkeunana
ku kekecapan.
Peuting ka-182
“Ari pangna rahayat
teu resepeun kana
paripolah rajana,
kumaha?” ceuk Maimu-
nah semu panasaran.
Dahnasyi nyarita
deui. Raja téh bengis
naker. Saha waé nu teu
dipikaresep ku dirina,
bisa nandangan mamala.
Hukumanana tara jeung
ijiran, lantaran ukur
dumasar kana tinimban-
gan pribadina.
Raja Gayur, kitu
katelahna. Eta téh raja
gagah kacida. Loba nu
gimireun ku kakara
ngadéngé ngaranna ogé.
Watekna, taya kasugema.
Karajaanana nu geus
sakitu legana téh hayoh
wé ditamabahan ku cara
naluk-nalukeun karajaan
sabudeureunana. Ku cara
kitu, éta raja téh beuki
beunghar sarta kacida
kasohorna.
Najan kaasupna raja
bengis, ka anakna mah,
ka putri téa, nyaaheun
naker. Sagala rupa
kabutuhanana dicumpo-
nan. Malah, naon waé nu
sakira-kirana pibunga-
heun anak, tangtu di-
pilampah. Malah, keur
nyenangkeun haté anak,
Raja Gayur gé nyieun
tujuh kaputrén di tem-
pat-tempat anu béda.
Eta tempat putri
méwah naker. Dijieun
tina rupa-rupa bahan
anu kacida mahalna.
Tujuh kaputrén téh, di-
jieun tina rupa-rupa
barang anu béda. Aya nu
dijieun tina emas, batu,
permata, jeung sajabana.
Tujuh kaputrén téa,
ditempatanan mah ukur
tujuh taun sakali. Da, sa-
taun téh cicing di hiji ka-
putrén. Kakara mulang
12. Manglé 2436 11
deui ka tempat mimiti
sanggeus nyorang taun
ka dalapan.
Kageulisan putri,
tangtu wé jadi kembang
carita ka jauhna. Loba
lalaki nu panasaran
hayang nyaho di kieuna.
Atuh, sohorna téh beuki
lila beuki nambahan.
Nya ku lantaran kitu
deuih jadi loba lalaki nu
ngimpikeun hayang
ngawangun rumah
tangga jeung éta putri.
Ku lantaran kalung-
guhan éta putri sakitu
luhurna, nu wani nga-
lamar gé tangtu wé lain
jalma joré-joré. Lolobana
mah para raja jeung
pangéran pirajaeun.
Ngan, najan loba nu
ngalamar putri téh tetep
nolak.
Raja mimitina mah
teu bingung. Ukur
nganggap meureun can
waktuna hayang rimbi-
tan. Tapi, sanggeus
mangtaun-taun angger
waé, sarta loba lalaki nu
ditolak sapajodogan, raja
gé jadi hariwang.
“Naon pangna hidep
nolak laki-rabi?” ceuk
raja.
Putri ngahuleng
sajongjongan. Geus kitu,
paralak nyarita tatag
naker. Cenah, dirina téh
boga karep jadi ratu nu
mingpin umat manusa.
Ku lantaran kitu, teu
mungkin dirina diping-
pin ku nu séjén kaasup
ku lalaki.
Najan putri nolak,
tetep wé loba nu nga-
lamar. Kahyang nu
ngalamar, mémang teu
togmol ditepikeun ka
putri raja, tapi ka
kolotna ka Raja Gayur.
Pipikiran raja teu
weléh bingung. Lain teu
satuju kana kahayang
anak jadi raja disatung-
kebing jagat, da kana
karep kitu mah satuju
pisan. Ngan, ceuk
pikirna, tetep wé awéwé
mah kudu boga salaki.
Malah, dirina téh mi-
harep pisan boga turu-
nan nu dirundaykeun
tina rahim putri
kameumeutna.
Ngabandungan
pasipatan putri kitu, raja
téh bingung. Ngan, da
teu bisa majar kumaha.
Teu bisa maksa kana
pakarepan anakna.
Malah, raja téh ngara
paur bisi enya putri tega
kana pati luluasan
mungkas lalakon hirup.
Apan, pokna gé upama
raja tetep maksa dirina
kudu ngawangun rumah
tangga, kajeun rék
nelasan maneh!
Ti mimiti harita, raja
marentahkeun balad-
baladna sina nalinga-
keun éta putri. Malah,
ahirna mah, éta putri téh
teu meunang ka mana-
mana, kudu tetep di
lingkungan kaputren
kalayan pangawalana nu
kacida kuatna.
Ku lantaran
kageulisanana, ceuk
Dahnasyi, dirina gé
saban peuting
ngalanglangan kaputrén
tempat Putri Budur.
Kituna téh, lantaran
kasengsrem hayang
nempo kageulisan éta
putri.
Ngadéngé caritaan
Dahnasyi kitu, Mai-
munah ukur mésem.
Dirina mah bangun teu
kataji ku caritaan éta jin
téh. Cenah, moal enya
aya awéwé geulis-geulis
teuing saperti nu
dicaritakeun ku éta jin.
“Najan enya geulis,
ceuk pikir kaula, moal
kurup ari kana
kakasepan anak raja
mah,” ceuk Maimunah.
Nu dimaksud anak raja
ku eta jin téh, taya lian ti
putra Raja Syahraman
tea nu keur dikerem di
panjara.
“Naha ku naon kitu
éta putra raja téh?”
Maimunah netela-
keun. Cenah, nu
karandapan ku éta lalaki,
teu beda ti nu kaalaman
ku Putri Budur. Cindek-
na mah, pada-pada nolak
waktu kolotna nitah laki-
rabi. ***
(Hanca)
13. 12 Manglé 2436
M
eunang dibélaan
minggat-minggat
mancal salaki téh,
ari geus prak mah ditikah ku
Usman, bet henteu leuwih
senang, mun teu rék disebut
tambah nyeri téh.
Ku Nyi Rapiah bruh-bréh
kagambar lalakonna baréto, ti
jaman dikawinkeun ku pang-
rérémo kolot ka Ujang Kusén
nu sakitu beuratna duriatna
ka manéhna. Tuluy dibawa
migunungan ngebon kopi, bet
dibéré aral, ngarumas boga
rasa disangsara ku salaki,
padahal salaki maksudna
hadé, eukeur ngajar prihatin,
diajar hirup leutik, makaya
bibilintik, mambrih nyaho
kana hargana kacapé, diahir
bisa ngahargaan kalawan
apik-rajin rikrik-gemi kana
pakaya ari karasa hésé capéna
keur waktu nyiar mah. Masing
Ujang Kusén ogé moal teu
bisa hirup megah, da bapana
sudagar beunghar, tapi lain
éta nu dimaksud; karep
salakina mah mati-mati,
pareng boga pakaya hayang
ladang késang jeung bati pri-
hatin pribadi, ulah banda
warisan ti kolotna anu cék
hakékatna mah sasat banda
timu, sih piwelas kolot.
Ari duit atawa banda téa,
lamun karasa hésé nyiarna,
jauh nyusulna, sok nyaah,
lebar miceunna atawa dipaké
awuntah. Teu cara duit atawa
babandaan ladang babari, sok
babari deui makéna, da hen-
teu ras kana hésé-capéna.
Nyi Rapiah lain atoh
dibawa balangsiar ku salaki
téh, kalah bedah bendungan,
beunang digoda ku Usman,
anak ménak sugih turunan
bupati.
Mimiti dikawin mah enya
karasa senangna, rarasaan téh
unggah harkat jadi pamajikan
ménak. Tapi sanggeus birahi-
na pada laas —da bogoh sotéh
perbawa napsu héwani lain
medal tina duriat anu clik
putih clak hérang— nya tim-
bul ngabarungsinang, Nyi
Piah teu werat
dipangnyandungkeun ka Agan
Sariningrat anu sawaja-
sabeusi jeung Aom Usman.
Nya mending lamun teu bari
kasééh onaman, da ieu mah
imah gé dilindih, Nyi Piah
mah diturunkeun ka imah leu-
tik di kampung Pungkur.
Leuheung lamun kilirna adil
ona¬man, da ieu mah datang
ogé Usman téh lalantangan,
jiga sahayuna pisan. Jaba ti
kitu indung-bapa Usman ka
Nyi Rapiah téh teu jiga
meueus-meueus acan mitoha
ka minantu, hadé rupana mah
kawasna nepi ka hayang
misah langit.
Basana gé asa diunghak
dikutplak, “urang pasar”.
Ménak turunan bupati, moal
enya baé kudu minantuan ka
“tihang jongko”. Apan ménak
mah kudu ka ménak deui.
Éstuning reueus sarta agul
pisan harita mah jadi turunan
ménak téh, asa jadi jelema
pangmulyana. Jaba ti ménak
mah kabéh gé dianggapna
hina.
Dina umumna, para
ménak jaman harita ngang-
gapna ka somah téh pohara
laipna, masing ka nu beung-
har ogé. Anak cacah anu daék
dikawin ku mé¬nak, biasana
dijieun saheulaanan, méméh
meunang nu sababad. Lamun
aya nu “langgeng” dipigarwa-
na, biasana dipisatru ku mi-
toha, dianggap ngunghak,
ngalanjuka, mapadani. Pada-
hal naon dosana éta awéwé?
Salah saha upama aya cacah
geulis dipikabogoh ku ménak?
Naha adil lamun kasalahan
ngan diteumbleuhkeun baé ka
cacah?
Liwat saking nyerina haté
Nyi Rapiah. Pibalanjaeun ogé
mun teu kaganjel ku kolot
mah kawas matak ngangkruk
enya. Ditambah deui panas ku
omongan nu sok marawa béja,
magar Usman jeung Sari-
ningrat mah sok ngaluuhan
pesta anu, raraméan di anu,
katénjo rerendengan mari-
dang tumpak bendi jeung jaba
ti éta sakur béja nu aya
panyeureudan. Disabar-sabar
ogé kitu-kitu teuing mah teu
kawawa.
Kawas bener omongan
kolot, yén sajahat-jahatna
jelema, ari sakeprul mah sok
aya baé kamanusaanana.
Komo ari cara Nyi Piah mah
teu kaitung jahatna, ukur
kaabus awéwé ipis bendu-
ngan. Barang dina hiji poe
ngadéngé béja ti jalma réa,
yén Ujang Kusén diiangkeun
ka Surabaya mah, bet mani
ngarumpuyuk. Dina seuh-
seuhanana mah geuning bet
buruk-buruk papanjati,
sagoréng-goréngna ogé jeung
baraya, ngadéngé kitu mah
bet pating leketey. Jeung ari
dirasa-rasa mah geuning ka
Ujang Kusen téh bet lain ijid
lain ngéwa ka jinisna, ngan
ukur réa teu kapanujuan kana
karepna. Dirarasakeun leuwih
jero deui, kituna téh sihoréng
saperkara perbawa Rapiah
ogoan, tuman dingeunahkeun
ku kolot, ka duana kalimpu-
dan ku pangharepan kosong
{ 6 }
Ku M.A. Salmun
14. Manglé 2436 13
molongpong ti Usman,
ménak-buaya pangoloan
awéwé, ninggang ka Nyi
Rapiah budak ngora acan
boga adeuh, poho, yén jaman
harita pimanaeun aya anak
somah lana dipibojo ku
ménak, masing geulis jeung
beunghar gé! Ras inget ka
tembang:
Mun ménak migarwa
somah,
lumbrahna anu geus
galib,
tangtu keur saheulaanan,
méméh manggih ménak
deui,
nu sawaja-sabeusi,
najan Nyi Somah satuhu,
bélapati satia,
upama geus manggih
ganti,
cul dipiceun teu nolih
nyeri atina.
Tambah gegebeganana
haté Nyi Rapiah, barang
kapikir, yén pangna
popotonganana nepi ka nyan-
dang ranté ngalanglaung ka
Surabaya téh, poko-pokona
pisan mah alatan ti Nyi
Rapiah, mangkaning éta téh
najan teu landes pisan ogé
kasebutna baraya, tunggal
darah getih pribadi.
Manginget Nyi Rapiah
ngusial hudang, sukma jeung
lelembutanana ngadakwa
nganaha-naha.
Mana beubeunanganana
téga ka baraya téh? Naon
punjulna meunang dibélaan
luas mancal salaki téh? Naon
leuwihna jadi bojo Usman ti
bojo Kusén? Mana buktina
jangji-jangji Usman anu amis
alahbatan madu téh? Euweuh!
Baragajul malulu.
Geblug Nyi Piah
ngabeubeutkeun manéh di
tempat tidur, ceurik leutik
ngageunggeuik, malidkeun
rasa tugenah ku cipanon nu
juuh tanding cinyusu. Ceurik
anu nyeri téa, nunggeulis eu-
weuh nu nyombo atawa ngu-
pahan, gulang-guling ngan
sorangan, da di imah euweuh
batur ngomong-ngomong
acan.
Ayeuna Nyi Rapiah éling
bédana Kusén jeung Usman.
Kusén mah enyaan bogohna,
cintana jeung nyaahna téh
medal tina kasucian ati, lain
asmara perbawa nala, tapi
tresna anu akaran jangkaran
dina galeuh maneuh beuti
pamelaranana, buktina ana
tangkal duriatna dituar batur,
akar téh jadi buruk. Karasa
kénéh ngupah-ngapéhna
jeung rumawatna Ujang
Kusén ka manéhna dina keur
gering atawa pura-pura gering
éstuning dagdag-degdeg pisan
rumawatna téh. Éta deuih
sakitu geus lilana reureujeun-
gan, sumawonna kungsi
ngambek atawa nyarékan, can
nyorang nyentak-nyentak
acan. Lamun Nyi Piah mah
enya, jaba ti méh unggal poé
jamotrot ngabaeudan téh
maké sok nyieun pucuk ti gi-
rang sagala. Tah, Kusén éta,
ayeuna nyandang ranté alatan
ti pamajikan nginjing sila
bengkok-sembah.
Sabalikna ari Aom Usman,
disebut aom sotéh ngan nga-
gantel geusan papaés baé, da
ari burihna mah gangas teu
béda jeung buaya, ngadodoho
ngalilimpi pamajikan batur,
cara buaya ngadodoho nu
keur ngisikan, nyaplok ti
tukangeun, digusur dibawa ka
leuwi, méméh dihakan di-
timang heula (lamun buaya
ngagusur jelema atawa sato
rada gedé, teu bisaeun
ngarewég cara maung, sabab
tikorona leutik, sukuna pon-
dok jeung teu sareukeut
kukuna. Mamangsana sok
digégélan heula tuluy di-
apung-apung ‘cara ditimang’
sina paregat , dihakan sabagi-
an-sabagian, nu pegat téa.
Sésana sok dipeuyeum heula,
dibubuykeun kana leutak,
sampeureun engké) geus di-
lebok sawaréh tuluy sesana
disusupkeun kana leutak dina
sedong tampolana terus
kapopohokeun, da kaburu
meunang mamangsaan anyar,
ari lain lapar-lapar teuing mah
tara néangan peupeuyeuman.
Dina néangna, di mana teuing
maké tuluy jinek, geus
ngagorogot mah léos deui baé,
peupeuyeuman mah sot-léos
téh saenyana.
Pimanaeun Nyi Piah arék
ngeunah, hirup dijieun cara
wadal buaya? Ku nu maraca
tangtu kapikir. Enya ari tadina
mah haténa pasrah, masing
dicandung atawa disééh ku
Sariningrat ogé dirumasakeun
baé, kaprah ieu jaman harita
mah anak somah dijieun “lele-
botan” ku ménak téh. Tapi
sanggeus sagala kapikir, bet
karasa teu adilna adat-
kabiasaan para ménak jaman
harita kikituan téh, bet papada
manusa dijieun cara cocooan!
Tapi sarébu kali Nyi Piah
ngarasa teu adil, sarébu kali
ngarasa dijieun cocooan ogé
teu bisa kumaha, da jaman
harita mah paribasana gé:
“Awéwé dulang tinandé,
deukeut deuleu, pondok
léngkah.” Manasina cara ki-
wari, paguyuban wanita geus
nerekab ka désa-désa, malah
réa wanita nu leuwih “gagah”
batan lalaki kitu-kitu baé mah.
Turug-turug dina jaman Nyi
Piah mah anggapan umum
téh geus lumbrah, yén somah
kudu jadi “Abdina” ménak,
basana gé: boro-boro harta
banda, dalah anak-bojo katut
raga-nyawa kabéh gé boga
ménak.” Ménak anu rantab
popotonganana, reuay randa-
na, pabalatak anakna di ung-
gal désa –aya mendingna mun
bari jeung mayeng
ngabalanjaan mah— jaman
harita mah dianggap kaayaan
masarakat nu ilahar baé, tara
jadi carita. Ménak anu jaba ti
nyandung nepi ka opat
dibarengan ku ngundeur
ngénca-ngatuhu téh, harita
mah kaprah. Ménak anu gem-
bul kana pupundut, rosa kana
paseba, nyaliksik ka buuk leu-
tik, harita mah teu anéh.
Jaman kiwari teu
ngadéngé ari anu prak-prakan-
ana karitu mah, duka lamun
peta-petana geus robah,
leuwih “modern” disurupkeun
kana jaman. (hanca)
15. P
uji sausikna ati mung
kasanggakeun ka Gusti nu
Maha Suci, puja sapinuhna
rasa mung kanggo Alloh nu Maha
Kawasa. Shalawat tawis hormat
mugia tetep di dugikeun ka panutan
agung mata holangna manusa sa
alam dunya habibana kakasih urang
sadayana, Rasulullah Muhammad
Saw.
Kaum Muslimin Rohimakumul-
loh,
Sa-warsih lamina urang parantos
ngalaksanakeun ibadah puasa
kalayan sagala daya upaya sakamam-
puhan urang, mugia sing janten
ibadah puasa nu pang hadéna dina
sajarah hirup urang di dunya.
Salajengna hasilna urang pasrahkeun
ka nu Maha Kawasa, mugia kalayan
sagala sifat Rohman jeung Rohim Na,
sagala ibadah urang salami puasa,
solatna, zakat infaq sareng
shidqohna, maca Qur’an kalayan
ruku’ sujud na, kalih du’ana sing di-
tampi (maqbul) ku Alloh. Margi
ibadah puasa di payuneun Gusti
Alloh téh ngan ngamuara kana dua
niléy. Kahiji ibadah puasa nu maqbul,
kadua ibadah puasa anu mardud.
Ibadah puasa anu maqbul tegesna di-
tampi ku Alloh, cirina sanggup méré
tapak nu hadé dina kahirupan
sapopoé saréngsé ngalaksanakeun
puasa. Kadua Ibadah puasa anu mar-
dud nyaéta ibadah puasa anu sah
ceuk élmu syaré’at tapi di tolak ku
Alloh. Cirina puasa nu mardud
saréngsé ngalaksanakeun éta ibadah
henteu méré tapak nanaon nu hadé
dina kahirupan nana saba’da puasa.
Allohu Akbar, Allohu Akbar
Walillahil Hamdu,
Kumargi kitu hayu urang titénan
deui sing jero isyarat Gusti Alloh dina
tungtung surat al-Baqoroh ayat 183
nu mangrupa saripati hasil tina
puasa, nyaéta la a’llakum tattaqun),
supaya aranjeun kabéh jadi jalma
anu takwa.
Numutkeun pakar ahli bahasa al-
Qur’an sapertos Ar-Raghib al-Asfa-
hani, Alloh SWT. ngagunakeun kecap
la a’llakum, nu hartosna mudah-
mudahan, ngandung dua rahasia nu
kudu di tafakuran ku urang. Kahiji,
méré isyarat yén urang kudu caring-
cing pageuh kancing saringset
pageuh iket, manahoréng teu saka-
béh kaum muslimin anu tamat
ngalakonan puasana otomatis meu-
nang darajat takwa. Ieu pisan anu di
wanti-wanti ku Gusti Rosul dina
pangandika na: “Bakal loba jalma
anu puasa, tapi hasilna ngan saukur
meunang lapar jeung hanaang”.
Kadua, ku alatan Alloh SWT
ngagunakeun kecap mudah-muda-
han, maksudna Alloh maparin
kasempetan ka jalma nu puasa teu
pilih bulu teu pandang baraya saha
waé, rék ménak, pangkat, atawa
cacah kuricakan, asal puasana di-
dadasaranan ku iman, ihlas, jeung
ihtisab nyaéta sanggup ngaji jeung
ngajénan ngabebenah diri, Alloh
baris méré mustika takwa. Terus dina
tungtung éta ayat Alloh nutup ku
kecap tattaqun dina adegan kalimah
fi’il mudhori’, nu nuduhkeun katera-
ngan waktu ayeuna jeung waktu anu
baris kasorang kahareup (al-hal wal
mustaqbal). Ieu téh nandeskeun yén
niléy takwa tina hasil sabulan puasa
kudu ka paké dina wujud adeg-adeg
Nitenan Ciri Taqwa Hasil Puasa,
Naha Geus Ngancik Dina Raga?
Ku Dr.H.Isep Zaenal Arifin, M.Ag.*)
14 Manglé 2436
16. kalakuan hirup jeung huripna
manusa ayeuna kénéh saréngsé
puasa jeung kahareup minimal sawe-
las bulan nu bakal kasorang. Salaje-
ngna nu kudu ku urang rada jero di
tafakuran téh hiji patarosan,
sakumaha luhur, naha niléy takwa di
payuneun Alloh SWT keur kapenti-
ngan hirup urang di dunya jeung
engké di ahérat dugi ka Alloh ngahaja
marentah puasa sabulan lamina,
tujuan utamana ngan ngahasilkeun
takwa? patarosan ieu pisan nu kudu
di aji leuwih jero tinimbang di
adurenyomkeun komo bari mung
ukur dibibita ganjaran mah.
Hadirin Rahimakumullah
Alloh Swt. mémang parantos
maparin jaminan, keur jalma anu ka-
gungan mustika takwa dina awakna
keur hirupna di dunya Alloh baris
ngajamin yén, saha jalma anu takwa:
(1) tiap nyanghareupan kasulitan
dina hirupna Alloh baris méré jalan
kaluar, (2) rejekina baris di jamin,
(Qs. 65:2-3), (3) bakal di béré kakua-
tan furqon, nyaéta kamampuhan
ngabédakeun mana anu bener nu
matak nyalametkeun, mana léngkah
anu salah nu baris nyilakakeun, (4)
sagala aib jeung borok hirupna baris
ditutupan, (Qs.8:29), (5) mun nga-
jerit ménta tulung harita kénéh ku
Alloh ditulungan. Ngan, masalahna,
naha éta mustika takwa tina hasil
kuru cileuh kentel peujit puasa geus
ngancik dina diri, jadi acina acining
hirup urang? mangga geura titénan
dina diri masing-masing.
Numutkeun para ‘alimil ‘ulama,
dimana takwa geus ngancik dina diri
manusa, mangka bakal timbul ciri
wanci dina sikep hirupna:
1. Istiqomah, ari sikep istiqomah
téh nyaéta pancegna haté dina
kalakuan jeung pamadegan anu
bener karana Alloh dina kaayaan
kumaha baé ogé, nepi ka geus teu
nanaon ku nanaon. Dina lalakon
hirupna manusa loba pisan nu cilaka
téh alatan hirupna teu istiqomah
dina bener, ahirna loba ka tipu ku
urusan dunya nu saliwat jiga
nguntungkeun tapi akhirna
ngabuntungkeun, jiga rék mawa ka
istana padahal gubragna ka pang-
bérokan di panjara. Teu saeutik jalma
béak umur dina kaayaan anu teu
mangpaat lantaran teu istiqomah.
Matak Kangjeng Rosul dugi ka
maréntahkeun istiqomah dina
pangandikana, nu hartosna: ”Pék
geura istiqomah aranjeun, sabab
hirup anjeun téh geus jauh, lamun
aranjeun loba balangah ka katuhu,
atawa loba ngagaléong ka kénca,
mangka aranjeun geus loba sasab
kasarung dina hirup anu kacida
jauhna...”
Ieu hadits jelas mépélingan yén
hirup urang ulah loba balangah tapi
kudu istiqomah dina bener, anu éta
sikep istiqomah téh persis jiga
kalakuan jalma mun keur puasa.
Tuang saurna kudu jam sakitu,
bukana kudu dina waktuna. Nu
puasa tara unggut kalinduan tara
gedag ka anginan, éstu panceg teu ka
goda lamun can waktuna. Matak
puasa téh jelas ngajar ka manusa tata
cara jeung ngadidik kumaha carana
istiqomah.
2. Ihsan, ciri sikep ihsan téh
nyaéta ngarasa terus di pencrong ku
nu Maha Kawasa arék lumpat ka
mana ogé, sanajan rék nyumput di
petian ku tujuh lapis beusi, sabab
boga kayakinan yén Alloh Maha
Uninga. Éta pisan maksud pidawuh
Alloh ngalangkungan Rosulullah “Ari
puasa éta keur Kami...., ibaratna
puasa mah urusan Kami jeung an-
jeun” saur Alloh. Matak jelas pisan
puasa ngadidik jalma ngabogaan sifat
ihsan. Sabab sabenerna mun jalma
puasa sacara lahir hésé katangen ku
papada manusa, mungkin waé anak
pamajikan jeung dununganana bisa
dibohongan, tapi ari jeung Alloh nu
Maha Kawasa? jati diri manusa pasti
moal ngarasa bisa ngabohongan
Alloh. Buah tina sikep ihsan bakal
katingali dina laku hirupna sapopoé
boga sikep ajrih ku Alloh nu terus
muroqobah, mencrong bari niténan
sagala gerak-gerikna nepi ka teu wasa
arék linyok bohong komo bari
ma’siat. Lamun sajatina tiap manusa
boga laku ihsan, mangka insyaallah
nagara ieu moal loba paling, badog
jeung rampog, nu ngarampog nagara
nyangsarakeun rahayat ku linyok bo-
hong basilat létah padahal nipu bari
awuntah.
3. Al-ittiqo, nyaéta kamampuhan
ngajauhan tina sagala rupa perkara
nu haram jeung nyilakakeun. Keur
jalma nu boga mustika Al-ittiqo hasil
tina puasana, naon waé anu geus
bau-bau teu bener komo bari jelas
haramna pasti mangprét dijauhan.
Pagawéan haram, duit haram, jaba-
tan haram, bisnis haram, geus teu di
dalilan jeung loba alesan deui pasti di
jauhan sabab dibéré kamampuhan ka
Alloh nyaéta kakuatan Al-ittiqo keur
ngajauhanana. Sabalikna kana naon
rupa perkara anu halal, duit halal,
usaha halal, pergaulan halal, pasti di
boro bari dijaga tata cara keur
meunangkeunana. Didieu pisan ka
tingal dina lakuning hirup manusa,
lamun urang geus teu boga kakuatan
keur ngajauhan naon rupa perkara
nu haram, komo bari di dalilan ku
sarébu alesan demi itu demi ieu,
mangga wé geura ngeunteung kana
kaca pangandika Alloh sareng Rosul-
na, ambéh katangen yén boa hasil
takwa tina puasa téh mémang taya
tapakna, iwal ti ngan saukur meu-
nang lapar jeung hanaang wungkul.
Allohu Akbar, Allohu Akbar
Walillahil Hamdu,
Dina al-Qur’an surat Ali Imran
ayat 133-135, ciri manusa anu takwa
ditandeskeun,
Kahiji: Alladzina yunfiquna fis-
sarrooi waddorrooi
Ngabogaan kawani jeung kasang-
gupan ngabagikeun sabagéan harta
hasil tina késangna ka nu séjén boh
dina kaayaan keur sugih ogé dina
kaayaan keur pas-pasan. Naon
sababna basa Qur’an bet kitu? sabab
jalma loba méré mawéh ka nu séjén
dina kaayaan keur sugih mah
disebutna wajar. Tapi keur jalma nu
ngancik sifat takwa kajeun dina
kaayaan tigerat bari pas-pasan
manéhna wani kénéh ngaluarkeun
shidqoh tina harta na pikeun jual
beuli jeung Alloh. Méré mawéh dina
kaayaan pas-pasan mémang lain
pagawéan gampang, sabab umumna
manusa bakal loba tinimbangan,
mungkin waé kaluar kecap,”...boro-
boro méré keur batur keur sorangan
gé teu cukup..”. Poho yén shidqoh
mah urusanana lain jeung manusa
wungkul, tapi ogé langsung jual beuli
sareng Gusti Alloh Swt. Dina salah-
sawios hadits Kangjeng Rosul dugi ka
ngandika:” Yeuh manusa, shidqoh
heula anjeun, kakara anjeun bakal
Manglé 2436 15
17. dibéré ku Gusti Alloh...”.
Kadua: Walkaadhimiina Algo-
idho
Jalma anu tos ka ancikan mustika
takwa ngabogaan dua kamampuhan,
hiji mampuh ngadalian diri tina
dorongan sagala hawa nafsuna, dua
sanggup nahan diri dina kaayaan
keur amarah atawa keur ngambek.
Dua ciri ieu éstu keur ngajaga
kahormatan jeung ajén harga diri
manusa. Urang gé tiasa ningali dina
kahirupan sapopoé, loba jalma nu
coplok kahormatanana ku alatan teu
mampuh ngadalian diri tina sagala
dorongan hawa nafsuna, malah
tungtungna manéhna nu jadi budak
hawa nafsu. Dimana manusa geus di
tumpakan ku hawa nafsuna mangka
akal, élmu, kapangkatan, jeung ajén
hirupna helas taya paédahna. Sabab
élmu, pangkat, jeung jabatan bakal
dipaké pipinding keur nedunan ka-
hayang hawa nafsuna.
Katilu: Wal ‘Aafiina aninnasi
Kaancikan ku sifat gancang ménta
hampura lamun ngarasa salah jeung
gancang ngahampura ka nu boga
salah. Éta dua sifat agung téh mé-
mang lain perkara gampang ayana
dina diri urang. Komo lamun jadi
jalma anu gumedé bari teu rumasaan,
dina salahna teu ngarasa salah, dina
ngahampurana ka nu boga salah teu
gampang, nu aya malah jadi “dendam
kesumat” karatan nepika yaumil kia-
mat. Keur jalma anu boga sifat takwa
gampang pisan méré hampura, bari
nuturkeun kumaha ceuk unggelna
Qur’an saperti dina Surat al-Maidah:
13 : Fa’fu ‘anhum washfah, innalloha
yuhibbul muhsiniin.
Ieu ayat méré tungtunan nu jéntré
kumaha tata titi jeung carana silih
hampura, sabab loba jalma anu arék
sili hampura tapi teu nurutkeun tata
cara nu gariskeun ku Qur’an antugna
sia-sia. Numutkeun ieu ayat aya dua
léngkah tata carana lamun urang rék
silih hampura:
Kahiji: Fa’fu, tancebkeun heula
niat rék ngahampura atawa ménta
hampura, sabab lamun teu boga niat-
niat acan arék ngahampura mangka
pagawéanana moal jadi. Ngan niat
wungkul can cukup, matak kudu
terus ka nu langkah ka dua nyaéta:
washfah. Numutkeun Ahli tafsir,
washfah téh aya tilu harti: (1) lapang-
keun heula dada keur siap ngaham-
pura kasalahan batur, sabab lamun
teu lapang dada ibarat caang bulan
opat welas balungbang timur jalan
gedé sasapuan paribasana, loba
jalma nu teu jadi silih hampurana,
(2) Mushafahah, nyaéta kudu aya ciri
silih hampurana, misal wujudna silih
pataréma leungeun, (3) shahifah,
hartosna kudu muka lamaran hirup
anu anyar anu teu geuneuk teu
meueleukmeuk éstu bodas
ngagenyas bersih wening tina ati nepi
kana lisan jeung kalakuanana.
Kaopat: Alladziina Idza faaluu
faahisatan ao dholamuu anfusahum
dzakarulloha fastagfaruu lidunubi-
him. Jalma nu tos kaancikan sifat
takwa hasil tina puasana, dimana
sakali waktu manéhna ti solédat kana
kasalahan jeung migawé dosa atawa
dolim kana dirina, geuwat inget
jeung éling ka Alloh, di tuturkeun ku
istigfar dina harti ménta pangampura
ka Alloh tina sagala rupa dosa jeung
kasalahan, bari jangji neukteuk
leukeur meulah jantung, ngagurat
jagat moal arék sakali-kali deui
milampah kalakuan anu salah.
Allohu Akbar, Allohu Akbar
Walillahil Hamdu,
Hadirin kaum muslimin rahi-
makumullah
Pamungkas dina khutbah ieu,
hayu urang ngaji diri urang sorangan
antara kuring jeung kurungna
tegesna raga urang, naon hasil tina
puasa nu geus ngancik dina diri, nga-
jengjen dina angen-angen, ngajentul
dina qolbu, bari niténan pangandika
Jungjunan urang Kangjeng Rosul nu
ngandika: Li-kulli syae'in zakah, wa
zakatul jasad as-shaomu. “Ari sagala
rupa perkara téh éta aya alat keur
ngaberesihanana, mangka ari alat
keur ngabersihan jiwa raga manusa
nyaéta puasa”.
Kumargi kitu kahiji: muga-muga
bati tina puasa ladang tina lapar
jeung dahga urang nu di dadasaran
ku iman jeung ihtisab, sing bisa
ngabersihan sagala rupa panyakit
jeung kokotor dina haté urang anu
mémang teu aya obat dokter jeung
rumah sakitna. Muga-muga sagala
panyakit rohani, goréng haté, sirik,
dengki, iren pinastren, dudupak, ru-
rumpak, teu resep kana kahadéan,
lulucon kana ibadah, campoléh kana
perkara ahérat, sing diberesihkeun
ku puasa urang.
Kadua, lamun mah tacan imeut
kénéh ku puasa, muga-muga masing
kasimbeuh kasampurnakeun ku
zakat anu husus keur ngabersihan
diri nyaéta zakat fitrah. Sabab ditilik
tina harti zakat hartosna ngabersi-
han, fithrah hartosna; (1) asal kaja-
dian, (2) kasucian, (3) agama nu
lempeng bener. Tina makna ieu pisan
atra tur tétéla zakat fitrah ngandung
makna rusiah zakat anu bisa mali-
keun deui kana asal muasalna
manusa nyaéta suci jeung dibingbing
deui balik kana agamana anu jejeg
bener. Ku sabab pentingna ieu zakat
fitrah nepika teu ka uger ku nisab,
malahan jabang bayi nu kakara bral
lahir ka dunya ogé wajib di fitrahan
lamun aya waragadna.
Katilu: dimana kurung jeung
kuringna manusa tos diberesihan ku
puasa jeung zakat fitrah, bisi kénéh
aya pakuat-pakait kasalahan jeung
papada manusa, maka Alloh
maréntahkeun wajib silih hampura.
Dipungkas ku kasampurnaan
ngagungkeun Asmana Alloh dina
Takbir, Tahlil, jeung Tahmid, isukna
jalma anu kitu digambarkeun ku
Rasulullah dina kalimat ‘Ka yaumin
waladathu ummuhu’. Keureut beu-
ngeut sopak awakna persis ibarat ja-
bang bayi anu kakara lahir dina
papada bersihna, sedengkeun poé éta
di sebut ‘Idul fithri, nyaéta poénan
sakabéh umat muslimin balik deui
kana asal kasucian fitrahna hasil tina
puasana, kalayan dipapaésan ku
kalimah pamapag ‘minal ‘aidin wal
faaizin’, nu mudah-mudahan sing
jadi aleutan umat anu balik kana asal
sajatina manusa anu suci bersih
jeung jadi umat anu untung nyaéta
salamet dirina jeung nyalametkeun
ka batur mulya dunya ahérat. Insya-
allah!. Ja'alanallahu wa iyyakum
minal aidin wal faidzin waadhilna wa
iyyakum fi ibadahishsholihin, waqul
rabbigfir warham wa anta khoirurro-
himiin. Amin. ***
*) Dosen Fakultas Dakwah UIN SGD
Bandung
16 Manglé 2436
19. Manglé 243618
Munggah
A
yeuna mah nu disebut munggah téh ngariung curak-
curak méméh bulan puasa. Sabalikna tina babasan
“Puasa manggih lebaran”, munggah mah “Cucurak
mapag puasa”. Malah sok diaya-ayakeun teuing ayeuna mah.
Contona baé sanggem pun alo taun ieu mah kantorna
ngayakeun acara munggah bari piknik. Bring tilu beus ngom-
poy ti Bandung ka Pangandaran, kabéh eusina karyawan
jeung kulawargana. Méh satengah poé di jalanna ogé
dibélaan luut-léét késang ngaliwatan jalan “padat merayap”
bari teu eureun-eureun kikiplik mépés bayeungyang ukur rék
ngadon munggah jauh ti imah. Uyuhan.
Di lembur kuring mah mungah téh lumangsungna sapoé
méméh puasa. Silih anteuran sangu sapuratina ka tatangga-
tatangga sabudereun imah jeung ka kolot-kolot atawa nu
dipikolot. Sok loba kadaharan ari munggah téh pangirim
tatangga-tatangga nu deukeut jeung nu rada jauh. Béjana
batur mah aya praktis jeung éfisién nyaéta kikiriman ti batur
téh sok dikurilingkeun. Upamana kikiriman ti A dikirimkeun
ka B, nu ti B ka C, nu ti C dikirimkeun ka A jeung saterusna.
Atuh ngarah teu kaciri teuing sok dikombinasi. Cenah aya ka-
jadian hiji kulawarga nampa kikiriman munggah nu asalna
ti anjeunna kénéh. Béjana dipulangkeun deui maké implik-
implik “Hatur nuhun, sanés nampik rejeki, mung bilih paba-
lik létah”. Tara kitu Ema mah, kabéh ogé dipulang ku
pasakan anjeunna.
Soréna bada asar urang kaum jeung nu naretepan kumpul
ngariung di émpér masjid pikeun ngadangukeun ceramah
ngeunaan saum ti “Juragan” Halipah”. Tas kitu der ngaropi,
lalawuhna rupa-rupa katuangan “jajan pasar” sumbangan ti
saha baé. Kuring gé jeung barudak séjén sok milu ngariung
jeung kolot-kolot, sarua meunang jatah. Apal deui ti saha-sa-
hana susuguh téh, da apan ku Bapa sok ditataan heula bari
terus didungaan ku saréréa dipingpin ku anjeunna. Komo
susuguh ti imah mah pangapalna sabab méméh dikamasjid-
keun geus seubeuh ti heula. Mun teu bada asar, réngsé
tarawéh munggah téh. Sarua intina mah sukuran, atuh
acarana teu pati béda ti “munggah asar”, bédana tara maké
ceramah deui, tapi langsung ngariung, terus ngadunga, sat-
utas ngadunga der ngaropi heula méméh marulang. Ceramah
mah apan geus didugikeun méméh tarawéh.
Aya deui nu disebut munggah téh nyaéta dahar saur mung-
garan. Éta mah acara sakulawarga. Ménuna ogé sok ngahaja
rada diistiméwakeun. Nu biasana tara maké “hahanyiran”,
harita mah sakurang-kurangna aya pasakan lauk. Malah di
nu aya mah sok aya daging hayam meunang meuncit beu-
rangna. Sok pagembul-gembul saur munggah mah mapag
isuk luntah-lentéh. Malah kuring mah sok ngahaja loba ngi-
num nepi ka ampir olab, da isuk ambéh teu hanaang. Tapi
akibatna….bésér. Tara kaur reup, sok ménta dianteur ka cai.
Mun horéam hudang teu karasa…ngompol. Atuh isuk-isuk
pada ngéra-ngéra.
“Si Hangseuy” dipoyokanana ogé. Hangseur maksudna
téh. Teu bisa kukumaha, rumasa jadi budak pangleutikna ti
antara salapan putra Bapa jeung Ema. Tapi najan pangleu-
tikna ogé kuring mah ti umur lima taun geus diajar puasa.
Asana ti mimiti umur genep taun sok tamat-tamat baé nepi
ka ayeuna geus reuay incu, Alhamdulillah, bisa kénéh diitung
ku ramo teu tamat puasa téh.
Ngoméan bedug
Pisapuluhpoéeun kana bulan puasa ngoméan bedug mah.
Jeung sok isuk-isuk pisan deuih migawéna sanggeus mang
Mad Lomri, merebot masjid Padahérang, réngsé mumuluk.
Jeung pangpangna mah ngarah leuwih loba waktu pikeun
ngudag lohor. Da bakal jadi perkara gedé atuh mun ngoméan
bedug can réngsé, ari lohor geus manjing. Saréréa bakal kali-
wat solat lohor. Apan matak ruksak pardu ‘aén salelembur
parat ka lembur séjénna nu sok kadéngé aweuhan bedug
masjid Padahérang. Saha nu nanggung dosana? Duaan. Mad
Lomri, merebot, jeung Juragan Halipah, bapa kuring. Ku ki-
tuna Bapa mah sok langsung ku anjeun ngamandoran nu
ngoméan bedug mah.
Bada solat subuh bedug téh diturunkeunana digarotong
diréréyang ku nu harita milu solat berjamaah. Terus
diéncagkeun dina tempat nu ti kamari geus meunang
nyayagikeun di pakarangan masjid kaiuhan tangkal kérsen
Tatahar Puasa di Pilemburan
Ku H.D. Bastaman
2
20.
21. 20 Manglé 2436
R
umah tangga
kuring jeung
manéhna téh
cukup lila,
layeut, ceuk
batur mah nurub cupu
cenah. Sok sanajan ka-
ayaan ékonomi mah bisa
disebut pas-pasan. Lain
bobohongan, maklum ku-
ring mah pagawé leutik,
kasangtukang salaku
kepala sakola di hiji ésdé.
Anu leuwih reueus deui
mah pamajikan pisan, teu
aya aral subaha téh, rido
bari jeung teu weléh nging-
iclik baé ka ditu ka dieu
téh, ceuk budak ngora mah
meureun “lengket kaya
nomor hapé”. Nya éta ogé
ari sautak-saeutik mah
gangguan téhnik téh aya,
maklum pasipatan manusa
anu kurang sampurna téa.
Geus puguh ari arogoan-
ana anak buah mah, boh
sacara pribadi boh dina
dines. Maklum ka anak
buah téh kuring mah ter-
buka, blak-blakan dina
sagala rupa. Sering pisan
lamun anak buah teu hadir
kuring sok ngeusian kelas,
maksudna mah nyelangan
ngajar. Dicaritakeun téh
lain nanaon, pédah wé
inget kana tanggung jawab
jeung kadisiplinan baé. Da
naon deui atuh di alam
dunya mah, pikeun kuring
kitu ogé, itung-itung ha-
yang pepelakan baé anu
hadé pikeun sampeureun
engké jaga. Dina hiji
waktu, guru kelas 4 teu
datang, malah teu béja teu
carita. Sedengkeun ari
guru kelah 4 téh nya éta
guru tidak tetap/GTT téa.
Budak kénéh alias gadis,
rajin pisan dina sagala pa-
gawéan téh. Malah anu
anéh téh teu dipiceun
sasieur jeung pamajikan
téh, éstuning kawas jambé
dibeulah dua.
Harita kelas 4 téh ku
kuring tadi téa nyelangan
ngajar, nya éta dina pala-
jaran kasenian. Deker baé
kuring téh ngajar, ongkoh
tamba cangkeul, kabene-
ran keur rineh, maklum
goréng-goréng ogé kuring
téh pimpinan.
Singhoréng salila 2 jam
pelajaran kasenian téh,
anak buah kuring getete
téa téh aya, ngan sigana
arék asup ngajar téh
kagokeun, béh dituna di
jalanna macét meureun.
Sabot kitu bapa penga-
was sumping, saterusna
anu narima bapa pengawas
téh nya anak buah kuring
anu GTT téa, anu héjo
kénéh pangalamanna.
Geus kitu kuduna meu-
reun, bapa pengawas téh
ngaler ngidul sagala di-
Carpon Darajat Tisnawijaya
Getete/GTT
22. Manglé 2436 21
tanyakeun, nepi ka hal
pribadina ogé tetelepek di-
tanyakeun, bari jeung oper
ékting sagala, maklum,
bapa pengawas téh duda.
Nyaho sotéh guru kelas 4
GTT téa laporan, bari
ceurik sabada bapa pe-
ngawas mulih. Ti dituna
mah mangadu meureun,
bakating ku geus teu asa-
asa téa ka kuring.
Samulihna bapa penga-
was, kuring jeung anak
buah nya éta guru-guru
katut penjaga rapat leutik
heula. Ngabahas naon-
naon anu didugikeun ku
bapa pengawas kayaning
ngeunaan pentingna dunya
atikan komo dina éra glo-
balisasi kawas kiwari, anu
serba canggih, pangpangna
dina nyanghareupan
“kurikulum 2013” cekeng
téh.Réngsé ngayakeun
rapat, anak buah marulang
baralik, ngan penjaga baé
anu pangpandeurina balik
téh. Da kitu meureun geus
ilahar ari penjaga mah,
datang pangheulana balik
pangpandeurina dimana-
mana ogé. Sakapeung mah
sok ngarasa éra ku penjaga
téh, mun sakabéh PNS
pangpangna para pajabat,
disiplinna kawas penjaga
sakola, sigana bérés
meureun ieu nagara téh.
Teu karasa jam geus
nuduhkeun tabuh 15.00,
lila pisan geuning kuring
cumeluk nyorangan di
kantor téh. Maké jeung
mukaan biodata si GTT téa
sagala, nepi ka sababaraha
kali diilo, padahal
manéhna téh geus lila nga-
jarna. Da geus kitu kuduna
meureun, teuing aya rasa
nanahaon, sakali deui dise-
but anyar da geus lila di-
nesna téh. Ngan jelas ari
umurna mah jauh pisan
jeung kuring téh, bédana
ogé 35 taunan. Ari anu
hayang seuri mah lamun
kuring aya di kantor ny-
orangan, teu bosen-bosen
éta biodata téh dibukaan
deui. Malah dina hiji waktu
mah ampir-ampiran ka-
éraan ku guru-guru téh,
ngan berekah aya ide, gan-
cang ditutupan ku map
séjén, heuheuy deudeuh,
asa éra mikiran kalakuan
mangsa harita.
Geus kitu kuduna meu-
reun, dina umur kuring
nincak kana 58 taunan, pa-
majikan téh dipundut ku
Nu Kawasa, alatan katara-
jang jantung ceuk dokter
mah. Mangkaning tadi téa,
keur reug-reug pageuh
rumah tangga, kari-kari
sakaligus ditinggalkeun.
Kacipta kumaha sedihna
kuring jaman harita dina
sagalana, katambah-tam-
bah nepi ka harita kuring
acan dibéré pisan turunan.
Teu karasa waktu nyé-
rélék, kuring angger nga-
laksanakeun tugas sa
kumaha biasa, pon kitu
deui guru-guru katut pen-
jaga sakola.
Dina hiji waktu GTT
anak buah kuring téa ge-
ring, malah nepi ka diop-
name sagala. Ari kuring da
salaku komandan téa, ung-
gal poé ngalongokan ka
rumah sakit téh, katam-
bah-tambah manéhna téh
geus yatim-piatu. Saha
deui iwal ti kuring ogé
guru-guru anu mikanya-
ahna téh. Lucuna, ari anak
buah kuring, guru-guru
tea, teuing kumaha, siga
anu ngartikeun, saban kur-
ing keur paduduaan, komo
keur ngahuapan mah, sok
nyaringkah, alesanana
rupa-rupa, maklum S1
malah S2 anah buah téh.
Tapi ari palebah pamitan
mah deui-dui lucu, mani
kompak persis anu keur
rampak sekar.
Pareng dina hiji waktu
pisapoéeun deui ka balik ti
rumah sakit, bet aya rasa
anu béda sajeroning ngob-
rol téh. Lain wungkul ma-
pagahan anu aya patalina
jeung kadinesan, tapi
leuwih jauh ngobrol kana
masalah pribadi sagala.
Meureun ceuk barudak
ngora kiwari mah “men-
geluarkan isi hati ungka-
pan rasa” curhat téa.
Teu kalis bari jeung luak-
lieuk sieun aya nu ngitip,
geus puguh haruwas-haré-
wos mah. Mana komo basa
keur ngedalkeun naon anu
disebut eusi haté. Yén... da
aéh kuring téh nyaah ka
manéhna, trensa, ah jeung
sajabana wéh. Éta téh bari
jeung teu karasa cipanon
murubut, inget ka si jenat
anu sakitu bélana basa
keur masih kénéh aya
dikieuna. Ditambahan ku
rasa éra, sieun ditolak cinta
tur ku anah buah pisan. Ari
teu dikedalkeun bisi ku
pangawas manten, jaba
pangawas mah beunghar
deuih, da pangkat jeung
golonganana leuwih luhur,
ari rék kikieuan piraku baé.
Dina simpena peuting di
Rumah Sakit harita, teu
disangka-sangka anak
buah kuring anu masih
kénéh ngora téh ngaharé-
wos: upami bapa nyaah ka
abdi, sing sapertos bapa
nyaah ka ibu almarhum,
istri bapa cenah. Mangga
téh teuing, badé iraha-
iraha ogé abdi ditikah ku
bapa, da saleresna abdi
ogé... teu kebat manéhna
neruskeun caritaanana,
ngan anu jelas mah gabrug
baé ku kuring ditangkeup,
dikeukeupan, bari rasa
pinuh ku suka kabungah
ngadéngé caritaan Nyi Mo-
jang GTT téa.
Teu karasa pas umur
kuring nincak kana 60
taun, dina harti sakeude-
ung deui kana pangsiun,
kuring ngalaman nyorang
deui balé nyungcung jeung
manéhna GTT anah buah
kuring, guru kelas 4 téa.***
23. 22 Manglé 2436
P
eré sakola, Amin
ngajak lalajo
pagelaran wayang
di sanggar
deukeut sakolaan
ka sobat deukeutna.
"Mar, isukan urang lalajo
pagelaran wayang di sanggar
yu!" Amin ngajak ka Umar.
"Horéam ah, peré sakola téh
batur mah dipaké reureuh,
manéh mah malah dipaké
lalajo." Témbal Umar.
"Lalajo ogé da lain dipaké
lalajo nu teu pararuguh
atuh." "Heug atuh, heug."
"Hudangna isuk-isuk pisan
nya? Ngarah bisa meunang
tiketna, sabab loba pisan anu
rék lalajo."
"Heug. Ngan mun inget,
heueuh?"
"Lah manéh mah. Teu
hayang apal, pokona kudu
isuk-isuk hudangna." “Ah,
manéh mah. Heug lah."
Poe isukna, Amin nga-
dagoan Umar di pipir
imahna. Ngan, geus aya kana
dua jamna, Umar teu datang
kénéh waé. Teu kungsi lila,
torojol wé Umar. "Geus ti
mana heula atuh? Wayah
kieu karék datang." "Karék
hudang pisan, untung inget
ogé." "Hayu atuh ah, kaburu
pinuh." "Hayu, hayu."
Amin jeung Umar gancang
indit ka sanggar pikeun lalajo
pagelaran seni Sunda. Éta
pagelaran téh mangrupa
pagelaran wayang golék anu
di dalangan ku Ki Dalang
Asép Sunandar Sunarya ti
padepokan wayang Giri
Harja 3 Kota Bandung.
Bubuhan resep pisan sarta
hayang panggih jeung Kang
Asep, Amin pang sumanget-
na ka sanggar téh.
Barang nepi di sanggar,
loba pisan jalma anu rék
lalajo kana éta pagelaran.
Geus teu anéh lamun éta
sanggar pinuh ku anu rék
lalajo, kulantaran ti poé-poé
anu enggeus-enggeus ogé
loba anu lalajo. Cenah mah
ramé bubuhan dalangna geus
kamashur ku balaréa jeung
deui éta pagelaran téh lian ti
dakwah syaréat Islam, aya
ogé bodorna. Pantes waé
lamun loba anu ngadon lalajo
téh.
"Mar, kuring mah geus teu
sabar hayang ningali wujud
aslina Kang Asep Sunandar."
"Har. Ari manéh siga nu
Juara 3 Pasanggiri
Ngarang Carpon Paguyuban Pasundan
PatepungdiMunggangGunung
Ku
Eka Nugraha
Putra
24. Manglé 2436 23
kakara pisan. Teu pira Asep
Sunadar dina kasét ogé aya
atuh." "Béda atuh jeung dina
kasét mah."
"Béda kumaha ari manéh,
sarua-sarua kénéh Asep
Sunandar."
"Maksud téh béda wu-
judna. Ari dina kasét mah
ngan saukur rékamanana.
Pan ari ningali langsung mah
jadi katingali wujud aslina."
"Ah. Angger wé rék dina
kaset atawa ningali wujudna
langsung ogé tetep wé Asep
Sunandar mah Asep Sunan-
dar. Da moal rubah, sugan
dina wujud aslina mah Asep
Sunadar téh jadi Agus Yud-
hoyono, moal atuh nepi ka
embé bias ngapung ogé.
Hehehe.”
"Kumaha manéh wé lah.
Hésé ngomong jeung manéh
mah."
"Hésé kumaha atuh ari
manéh. Hésé kénéh naékan
tangkal cikur, hehehe."
"Duka lah. Pinter pisan
ngabalik-balikeun manéh
mah. Geus ah, tuh geura
ngantri."
"Hehe... Éléh téh kitu
manéh mah. Heug atuh
heug."
Saenggeus ngomong
ngalér ngidul, Amin jeung
Umar ngantri meuli tiket
jang asup ka jero sanggar.
Tiket jang asup ka sanggar
téh kaitung murah pisan
ngan ukur Rp. 25.000,00.
Geus aya ngantri kana
satengah jam, tiket jang asup
ka sanggar téh geus béak ka
jual. Atuh Amin jeung Umar
téh kacida kuciwana, hanas
ngadadago salila-lila ngan
euweuh hasilna.
"Lah, borona geus nang-
tung salila-lila nepi ka
cangkeulna, pék téh tikétna
béak. Hanjakal pisan"
"Héhé. Teu jadi atuh rék
ngakurkeun Asep Sunandar
dina kasét jeung nu aslina
téh?"
"Manéh mah batur susah
téh ngadon nyeungseuri-
keun." Témbal Amin bangun
ambek." Atuda manéh mah
teu beunang dibéjaan, geus
puguh loba nu rék lalajo. Nya
puguh waé ari datangna beu-
rang mah kaburu béakeun
tiketna."
"Salah manéh ogé atuh.
Urang mah geus ngingetan
hudangna isuk-isuk, ieu mah
malah hudangna kabeura-
ngan."
"Atuda salah-salah waé
manéh mah, liburan kieu di-
paké lalajo wayang. Siga aki-
aki waé."
"Puguh da lalajo wayang
téh kudu aki-aki waé.
Wayang mah lain ngan
saukur jang aki-aki wungkul,
kuduna mah urang salaku
rumaja kudu bisa ngamu-
mulé budaya sorangan. Rék
ku saha deui mun lain ku
urang?"
"Manéh mah ari geus
ngomong kitu téh asa siga
pajabat pisan, hehe." "Lah,
hésé ceuk urang ogé
ngomong jeung manéh
mah."
"Geus ah, hayu urang
balik!"
"Engké heula atuh. Urang
téh da hayang lalajo matak
kadieu ogé."
"Ari manéh aya ku pinter.
Rék lalajo kumaha, kapan
tikétna ogé geus béak, piraku
kudu ngapung mah!"
"Kumaha waé atuh carana
mah, nu penting urang bisa
lalajo. Sugan aya tempat
kosong sahijieun mah dijero.
Kajeun teuing ngampar ogé."
"Ari manéh éta aya ku
keukeuh pisan, piraku urang
kudu balik heula mawa
samak ti imah mah. Pan
matak tikét geus béak ogé
geus euweuh tempat deui di-
jero téh. Hayu ah balik."
"Rék naon balik, rék mawa
samak?"
"Ari manéh, rék mawa aki
urang! Nya balik wé atuh, di
dieu ogé rék naon ari tikétna
geus béak mah."
"Euh. Nya hayu atuh."
Nu ahirna Amin jeung
Umar téh marulang ti sang-
gar. Bari jeung bangun ku
keuheul, Amin kapaksa nu-
turkeun Umar mulang ti
sanggar. Umar nyimpang
heula ka warung rék meuli
cai nginum. Teu kahaja Amin
papanggih jeung Usup, nu
kasampak keur mawa ka-
capi. "Sup, érék ka mana?"
Amin nanya ka Usup.
"Eh, ari sugan téh saha.
Érék ka sakola. Kéla-kéla,
pan manéh téh lain érék
lalajo di sanggar?"
"Nya tadina mah. Ngan
keur ngantri meuli tikét, geus
kaburu béakeun, jadi waé teu
tulus lalajona."
"Euh, karunya pisan. Geus
wé atuh ngilu jeung urang ka
sakola!"
"Rék gawé naon? Pan peré
atuh ayeuna mah, euweuh
sasaha di sakolana ogé."
"Latihan rampak kacapi.
Aya nu keur latihan."
"Latihan jang naon ? "
"Jang lomba di Manon-
jaya. Hayu ari rék ngilu
mah!"
"Hayu atuh."
"Urang mah moal ngilu ah,
Hayang cicing di imah."
Omong Umar.
"Heug. Sukur atuh. Ri-
weuh barina ogé mawa
manéh mah."
Ahirna, Amin nuturkeun
Usup ka sakola pikeun
ningali latihan rampak ka-
capi, sedengkeun Umar mah
malah milih mulang ka
imahna.
Kasampak di sakola téh
teu loba jalma. Mung aya
Sani wungkul. Nu séjénna
mah can kataringali.
"Ni, kamarana anu
saréjénna?" Usup nanya ka
Sani.
"Aéh, pan keur lalajo heula
pagelaran wayang di sang-
gar." Témbal Sani.
"Geuningan. Atuh Ula
meureun. Bisi kaburu hujan
yeuh."
"Tadi téh nitah dagoan
waé cenah. Moal lalila
meureun."
"Moal lila kumaha? Nyaho
pagelaran wayang mah lila
pisan. Rék nepi ka iraha
urang ngadagoan?"
"Duka atuh, da tadi téh
ngomongna kitu. Dagoan
waé atuh, moal lila sugan."
"Heug atuh lah."
"Sup, ngarah teu kesel.
Kumaha lamuh manéh
pangngajarkeun kacapi ka
kuring?" Omong
Amin.
"Heug atuh."
Amin dilatih ngacapi ku
Usup. Teu gampang bisa
ngacapi téh. Kudu boga
leungeun anu geus kalatih.
Lian ti éta, kudu geus apal
kana konci-konci nadana.
Éta anu dua téh kacida pen-
tingna pikeun pamaén ka-
capi. Teu sapoé, dua poé,
bisa ngacapi téh. Ngan,
lamun urangna soson-soson
kana latihan mah, bakal
tereh bisa ngacapi téh.
Wanci geus rada beurang,
Amin can bisa kénéh nga-
capi. Ku héséna ngacapi,
Amin beuki sumanget
pikeun bisa. Ngan Usup ban-
gun nu keuheul, meureun
pédah Amin teu bisa-bisa
waé. Wanci geus nunjukkeun
pukul dua, torojol waé baru-
dak anu geus lalajo di sang-
gar. "Eh, Sup. Hampura euy
urang tadi geus lalajo heula
di sanggar teu bébéja heula
ka mamah deuih." Omong
Andi ka Usup bangun éra.
"Lain ngabéjaan atuh,
nyaho kitu mah urang ka di-
euna teu isuk-isuk teuing."
Témbal Usup. "Hampura, da
urang ogé tadina mah moal
aya niat rék lalajo. Kusabab
Mang Dada ngajak jeung
dibayaran, nya kapaksa waé
arindit ka sanggar."
"Maranéh mah mikirkeun
téh jang kabutuhan sorangan
waé, teu mikiran ka batur.
Ceuk urang mah rék lalajo
komo bari dibayaran mah
lain ngajak ka urang." "Boro-
boro inget hayang ngajak ka
manéh, kana latihan ogé teu
inget-inget acan." "Heueuh
kitu tah kabisaan manéh
mah, lamun geus suka sora-
ngan téh tara inget ka batur."
"Atuda kumaha deui, ari
poho." "Matakna ulah loba
doraka ka kolot, kitu tah aki-
batna."
Nyambung ka kaca 28
25. 24 Manglé 2436
T
euing ku jem-
pling lamun
mangsana maju
ka peuting.
Tara aya nu
ludeung indit sosorang-
anan, ngaliwatan sasak
Cipanggilingan.
Geus sering kabéja-
keun, sok aya anu megat.
Mun henteu, aya ogé nu
kawénéhan ningali
awéwé gareulis, tapi
palebah sasak sok ngari-
les leungit.
Tukang dagang emih
mah geus arapaleun,
kana sababaraha kaja-
dian di dinya. Atuh
puguh wé sakalieun
maranéhna rék mulang
entas dagang, tara daék
sosoranganan.
Maranéhna silih tung-
guan di tonggoheun
sasak.
Harita téh pas Juma'ah
kaliwon, geus diajam ti
beurang kénéh rék nga-
haja nyingsieunan batur
nu ngaliwatan sasak. Si
Otim batur kuring nga-
haja dibéjaan, maksud
téh rék duaan nying-
sieunanana.
Tas magrib sepré bodas
dipaké disimbutkeun,
luhurna ditalikeun kawas
pocong. Tengahna dita-
likeun kana cangkéng,
srot, srot dikocrotan
minyak air mata duyung,
meleber seungitna angin-
anginan. Teu poho kem-
bang samoja ngahaja di-
awurkeun palebah sasak.
Sup kuring asup ka ko-
long sasak, cingogo cun-
gakgok luhureun cadas
nu ngangkrong. Reungit
rabeng sahéng sing ha-
rieng kana ceuli. Nu
kabeneran nyoco kara-
sana ateul liwat saking.
Sabot gugutrut ngagaro
urut reungit. Gorobas,
aya sora anu ngagorobas,
singhoréng bangkong
luncat sigana rada kage-
bah.
Ditunggu-tunggu sa-
jam dua jam, acan kénéh
aya nu ngaliwat. Teu ka-
rasa waktu geus mingkin
peuting, Si Otim ogé acan
puncengis, padahal ti
beurang kénéh dipapado-
nan.
Angin peuting ngahili-
wir, karasa tiris. Minyak
air mata duyung meleber
seungit ngahiliwir nam-
bag kana irung katebak
angin. Asa béda rarasa-
an, asa-asa aya nu nya-
bak kana punduk, tiis
nyecep. Puriding bulu
punduk muriding.
Teu kanyahoan titadi-
na, di gigireun aya nu
diuk noél kana taktak,
geus moal salah pasti si
Otim, kitu ceuk pamikir
kuring.
"Ari manéh lila-lila teu-
ing Tim," ceuk kuring ka
manéhna.
"Hehh," ceuk ma-
néhna.
Héos bau hangru
kaluar tina sungutna.
"Kamana heula ari
manéh kakara kadieu?"
"Hehh.. .," ceuk
manéhna deui. Héos deui
bau hangru.
"Kunaon ari manéh
ngan hehh, héh waé
jeung naon nu didahar
ku manéh mani hangru
kieu?" ceuk kuring ka Si
Otim.
Nu digigireun teu
nyarita, garayam leung-
eunna ngagarayam
nyekel leungeun kuring.
Tiis combrék karasana.
"Cicing siah Otim, tong
loba heureuy?" ceuk ku-
ring ka manéhna.
Nu digigireun kalah
ngahajakeun. Garayam
kana punduk, leungeun-
na karasa geunyal, clak
aya nu nyakclak kana
punduk, napel karasa tiis
pisan bari utak-utek.
Nu napel dina punduk
dirampa, terus di tempo
tapi teu katempo da
poék. Dirarasakeun, ge-
uning ieu téh siga bila-
tung. Haté mimiti nga
rasa cangcaya, yén nu di
gigireun téh boa-boa lain
Si Otim.
Rarasaan mingkin teu
pararuguh, rék ngejat teu
bisa suku asa diborogod.
Awak ngeper, késang
badag, késang lembut
ngorolok saawak-awak.
Teu sirikna ngiihan
manéh, kuring ngan ukur
bisa ngajeten.
"Hayu alek ngilu ka
tempat uling di sasak se-
long," ceuk nu digigireun
sorana rada ngosom.
Sabot nyarita kitu ra-
cleng tina sungutna bi-
latung laleutik sagedé-
gedé puhu sapu nyéré.
Tungtungna tibuburan-
jat cengkat. Jedak tarang
kana papan sasak, suku
asa aya nu ngarawél, gu-
jubar awak tigujubar
kana cai walungan.
Usah-oséh hésé hudang,
awak kabakutet ku sepré.
Teu nolih awak rancucut,
térékél naék ka luhureun
sasak, kasampak Si Otim
ngabebengkang teu
éling-éling, awakna
masih dibungkus kénéh
maké sepré bodas luhur-
eun sasak.
Sajorélatan katempo
aya pocong ngajorélat ti
kolong sasak jleg cicing
ngabelegedeg hareupeun.
Sebrut kuring lumpat sa-
taker kebek, teu nolih ka
Si Otim nu ngabebeng-
kang. Isukna, awak
karasa nyareri. Leungeun
jeung suku barundas
balas tikararait, teu
puguh rasakeuneun.
Sepré urut peuting
masih ngalumbuk di juru
kamar. Rék dicokot, bét
asa rada keueung. Tapi
ahirna teu wudu, diko-
Pocong Sasak Serong
Ku Maman Rachman
26. Manglé 2436 25
réhkeun ku suku. Barang
dikoréhkeun, tetempoan
téh bilatung laleutik
racleng tina sepré nu di-
paké popocongan.
Peuting isukna sang-
geus awak rada teu pati
teuing nyareri, léos indit
ka imah Si Otim. Si Otim
ngagojod dina dipan
paranti saré di kamarna,
sirahna ditémpélan ku
saputangan nu ngahaja
dibaseuhan ku cai com-
brang. Rét manéhna ka
kuring, panonna burial
buncelik bari undur-un-
duran.
"Pocong!" ceuk
manéhna nunjuk ka ku-
ring.
"Tim, Tim éling ieu
mah uing!" ceuk kuring.
Si Otim angger pocong-
pocongan, kituna téh bari
tutunjuk ka palebah ku-
ring. Anxh ku tingkah
laku Si Otim kuring nga-
lieuk ka tukang, bener wé
di tukangeun kuring aya
pocong ngabelegedeg.
Kuring reuwas gabrug
nangkeup Si Otim, Si
Otim mani nga-
bebengkang katindihan
dina tempat saréna.
Pocong ngadeukeutan,
beungeutna nampeu
pisan kana beungeut ku-
ring. Teu antaparah deui
bari jeung sieun popo-
congna dijambret. Breh
téh, singhoreng Otom
lanceukna Si Otim nga-
heureuyan jadi pocong.
Otom seuri mani
ngehkey kagugu. Kagugu
ku polah kuring jeung Si
Otim, nu kacida pisan
sieunna. Geus kitu mah
léos Otom kaluar ti ka-
mar bari reumbay cimata,
bakat ku kagugu.
Sanggeus leler pok ku-
ring nanya ka Si Otim.
"Lain Tim kunaon ari
manéh maké ngabebeng-
kang di luhureun sasak?"
ceuk kuring ka Si Otim.
"Tadina mah uing téh
rék ngaheureuyan ma-
néh, saméméh uing asup
ka kolong sasak, tapi teu-
ing timana tadina, aya
pocong nyampeurkeun
bari muka beungeutna nu
pinuh ku bilatung," ceuk
Si Otim kituna téh bari
luak lieuk sieun aya deui
pocong sigana mah.
Poé teu karasa geus
mimiti maju ka peuting.
Rék balik ka imah, kalah
sieun. Padahal biasana
mah jam sabaraha ogé
ludeung, najan kudu
balik sorangan.
Rék balik kapaksa
ménta dianteur ka Otom,
untung Otom daékeun
nganteur. Bring kuring
duaan balik ka imah.
Palebah sasak, rada
rundag-randeg. Katingali
aya dua pocong nga-
belegedeg, katingali tu-
tunjuk ka lebah kajadian
kuring jeung Si Otim
peuting kamari. Bujur
ngompod, teu sirikna rék
wérwér ngiihan manéh.
Na ari jleg téh pocong
geus aya hareupeun ku-
ring jeung Otom. Najan
Otom kasebut wanian
ogé, ari prakna kitu mah
teu burung ngompod.
Teu antaparah deui
kuring jeung Otom
lumpat satarikna, bari
jeung titatarajong.
"Poccoooonnng....!"
ceuk kuring méh bareng
jeung Otom.
Otom sarungna tikait,
geblug labuh ninggang
kana akar jambu. Atuh
puguh wé biwirna jeding,
huntuna punglak sadua-
dua.
Engapan ngahegak
kénéh, pon kitu deui
Otom nu leuwih ripuh
sabab biwir jadi jeding
jeung huntu ngurangan
dua. Regot nginum cai
hérang nu diasongkeun
ku emana Si Otim. Keur
miceun kabaluas cenah.
Bari ngararasakeun
kanyeri, dipikir dibulak-
balik. Enya geuning
paripolah ngaheureuyan
batur kitu téh teu hadé.
Tungtungna sorangan wé
nu jadi korban. Meureun
ceuk batur téh,
“Puaaasss... ,kop
lebok!"***
Anggrek Opat
Welas, Juni 2013
27. 26 Manglé 2436
B
aju pulas beu-
reun, mérek
Crocodile keur
anteng diteu-
teup sanggeus
dikaluarkeun tina lomari.
Karék diistrika poé kamari.
Ayeuna éta baju geus rék
dipaké deui. Baju juragan,
kuring ngalandihna gé.
Baju nu tadi keur anteng
diteuteup tuluy rap dipaké.
Ras nyawang ka jaman
harita waktu kuring masih
kénéh jadi pagawé, boga
kalungguhan satingkat
jeung éssélon 3. Ayeuna
mah geus diécageun. Enya
atuda ayeuna mah kuring
na gé geus pangsiun. Ari nu
ngaranna pangsiun téh
apan sagalana tangtu bakal
ngurangan. Ti mimiti ka-
giatan, tug kana panghasi-
lan ékonomi.
Baheula keur jaman boga
kalungguhan, sagala kaha-
yang kacumponan. Hayang
baju anu mérekna terkenal,
kabeuli. Ceuk landian ayeu-
na mah branded. Dahar di
réstoran mana waé gé geus
dicobaan. Ulin ka tempat-
tempat rékréasi bari nyuge-
makeun incu, kabéh geus
kaaprak.
Tapi sanggeus pangsiun
mah, mani asa jauh tina
harepan. Ari nu jadi masa-
lahna mah, pamajikan
kuring anu teu bisa na-
rima kanyataan, yén hirup
téh teu salawasna aya di
luhur. Baheula mah sagala
kahayang kacumponan.
Ayeuna loba kakurang, da
kuringna gé geus teu boga
panghasilan. Lantaran teu
bisa narima kanyataan
téa, antukna pamajikan
ngajerit, teu bisa hirup
jiga kieu.
Lamun seug disukuran
mah, kuring gé da teu
sangsara-sangsara teuing.
Imah masih kénéh boga.
Tanah aya kénéh bagi-
keuneun ka anak incu.
Tapi naha atuh hirup téh
mani asa sangsara-
sangsara teuing? Enya, ti
saprak pamajikan min-
deng ngahutang.
Hi..hi..kuring jadi hayang
seuri sorangan lamun
mikiran nasib kiwari anu
jauh kanyataanna jeung
waktu harita.
”Pa...Pa...buka énggal
Pa...!” panto kadéngé aya
nu ngetrok. Lamunan anu
keur anteng jadi kagareu-
wahkeun. Koloyong muru
panto.
“Mangga...mangga...ké
sakedap.” Kasampak pa-
majikan kuring karék
balik ti pagawéanana.
Mani rib-rib ku balanjaan.
“Yeuh..punten Pa..can-
dak ka lebet! Mamah beu-
rat tatadi ngéngénglékna!”
Kuring nampanan bari
sup ka jero imah.
“Pa..ari tadi aya nu
sumping ka dieu ti Bank?”
bari diuk dina korsi
awahing capéeun tas balik
gawé.
“Teu aya. Na aya naon
kitu?”kuring nanya bari
kerung.
“Tadi aya nu nelepon ka
mamah. Ti Bank badé sur-
vey cenah ka dieu. Nya
mamah téh rurusuhan wé
muru wangsul, bisi ka
dieu mamahna can uih.”
“Survey? Mémangna
badé nyurvey naon?”
Laaaah, tong sok mu-
nafik. Kaayaan ayeuna téh
apan urang téh keur
butuh ku duit Pa. Lamun
teu nganjuk rék ti mana
atuh pangabutuh mamah
jeung Bapa?” kituna téh
bari léos indit ka kamar
rék ganti baju.
Carpon Niknik
LebaranTaunIeu
28. Manglé 2436 27
Kuring nu masih kénéh
nyekel balanjaan. Ngahu-
leng teu ngarti kana jalan
pikiran nu jadi pamajikan.
Heuleut sababaraha jam
ti harita, jalma anu rék
nyurvey ti Bank téh datang.
Kuring keur lalajo tipi di
hareup.
“Punten, leres ieu sareng
bumina Bu Hajah Enok?”
lalaki dedeganna jangkung
gedé bari mamawa tas diso-
rén.
”Muhun leres. Sareng
saha Yi?”
“Abdi ti bank. Tadi tos
jangjian badé nyurvey Pa,”
ceuk manéhna daréhdéh.
“Oh muhun mangga. Ka
lebet heula Yi. Antosan
sakedap, urang sauran
ibuna,” kuring masih can
ngarti geus aya perjangjian
naon antara pamajikan
jeung manéhna?
“Mah..mah..” kuring
ngahudangkeun pamajikan
nu keur tibra, “Itu aya tamu
di payun. Saurna mah nu
badé nyurvéy téa.”
Pamajikan hudang. Rap
kana baju, bari ditiung.
“Yu Pa, sarengan. Saksian
mamah. Pan kedah aya
persetujuan ti nu janten
suami cenah”
“Ké..ké Mah ulah waka ka
payun. Bapa téh rada aya
ganjelan dina haté. Na
kanggé naon Mamah nam-
but artos sagala ti Bank?
Naha kirang kitu sagala nu
dipasihkeun ti bapa?”
“Alah..lain waktuna
naroskeun!” témbalna bari
leungeunna ngabentikeun
curuk. “Hayu lah anggur
mah urang pendakkan.
Karunya ngantosan lami.”
Emh lamun lain bulan
puasa, tatadi gé mani geus
hayang sahaok-haokeun
nyaram. Tapi gusti, kiat-
keun abdi tina gogoda
ngalawan hawa napsu.
“Pa..pa... énggal ka dieu,”
nu gegeroan ti hareup
kadéngé atra.
Jung kuring nangtung,
bari horéam nyanghareup-
anna. Gék diuk, marengan
nu keur ngobrol di hareup.
“Tah Pa, bakal di-ACC
cenah. Agunanana mah
tanah nu di tonggoh ku
Mamah téh janten tan-
donna. Ayeuna kantun
bapa tanda tangan wé.
Yeuh sok tawis heula,” pa-
majikan daria.
“Ké..ké, punten Yi bapa
naros. Si ibu téh sabaraha
ngajengkeunana? Teras
sabaraha lami ditawurna?”
tanya téh.
“Ari ngajengkeun mah
150 juta Pa. Tapi, teu
terang, naha tiasa di-acc
sabarahana mah. Sapuluh
tauneun,” témbal tukang
survéy.
“Sok sok Pa, geura tawis.
Karunya si Ayina badé
angkat-angkatan deui,” bari
nyonyodor blangko. Trét
kuring nandatangan nu di-
sodorkeun ku pamajikan.
“Muhun atuh Pa, Bu. En-
jing wé aya wartos deuina
nya, abdi badé permios
heula. Supados gampil mah
mangga siapkeun wé sarat-
sarat anu diperyogikeun
kanggo kelengkapan admi-
nistrasina,” bari sor pama-
jikan kuring nyodorkeun
amplop, majarkeun téh su-
paya di-acc.
Sangeus sémah indit ku-
ring pok nyarita, “Mah ka
dieu sakedap, bapa badé
naros. Mamah tos wantun
nyandak putusan sosorang-
anan badé nambut artos.
Apan Mamah gé terang
meureun bapa téh ayeuna
mah tos pangsiun. Ti mana
kanggo mayarna? Najan
badé nambut milyaran gé
tiasa waé, sagala nu kapi-
milik dijadikeun tandonan.
Tapi lebah mayarna badé ti
mana? Yeuh Mah hirup
kakolotnakeun jiga urang
mah kudu ngurangan hu-
tang, supaya teu aya beban
hirup,” kuring ngalelemu
nu jadi pamajikan, supaya
teu nempo ka luhur, nempo
batur nu bisa sagala ka-
beuli.
“Alaaah, jiga nu bisa waé
nyumponan pangabutuh?
Mamah mah masih kénéh
loba beulieun Pa, masih
kénéh loba pangabutuh
lah.” bari indit ninggalkeun
kuring.
“Nya rék ti mana atuh
mayaranana?” kuring nga-
jorowok nahan ambek.
“Astagfirulloh apan kuring
téh keur puasa. Tapi ieu
dodoja, teu bisa dihalang-
an. Sajeroning rék saré
keukeuh nu jadi pikiran téh
naha katumpangan naon
nu jadi pamajikan téh?
Mani resep pisan ka nu
ngaranna ngahutang, bari
jeung teu mikiran rék ti
mana mayaranna.
Kajadian modél kieu téh
apan karék kaalaman taun
kamari, basa manéhna
nganjuk ka Bank. Témpona
kudu mayar, karasa lieur-
na. Unggal bulan kudu
paciweuh jang mayaran.
Dina waktu jatuh témpo,
apan kudu buru-buru diba-
yar bisi kadenda.
Isuk-isuk, pamajikan
geus saged dangdan rék ka
pagawéan. Bari amanat,
“Pa kadé éta seuseuheun di
jamban tos kénging ngeu-
euman mamah, teraskeun
nya? Mamah tos kasiangan,
badé aya rapat.”
“Mangga, biasana gé ku
bapa apan, Mamah mah
kantun nganggo wé,” tém-
bal téh.
Kitu jeung kitu pagawéan
unggal poé. Nasib jadi
pangsiunan. Batur sapro-
fési gé sarua geus parang-
siun, meureunan nasibna
henteu jiga kuring teuing.
Tiiseun. Boga budak opat,
nu cikal jeung nu kadua
geus rumah tangga. Nu
keur sarakola kari duaan
deui. Tapi di imah téh ti-
iseun pisan. Kabéh jarauh,
boga kasibukan sosorang-
anan.
Enya, nu diajam mah
hirup ka kolotna téh
hayang bagja. Adem ayem,
babarengan jeung pama-
jikan nepi ka pati.
Tapi kanyataanana,
beuki kolot téh kalah asa
ripuh. Sawangan hirup anu
raharja moal aya kakurang
deui, bet kalah kieu buk-
tina. Henteu kitu geuning
nu ngaranna napsu mah,
éstu taya watesna.
Kriing...kriiing...sora hp
disada tarik pisan. Biasana
incu nu sok narelepon téh.
Bener wé incu ti nu cikal
geuning nu nelepon téh.
“Hallow, Ki..aki..nuju
naon? Pasti aki nuju nyeu-
seuh nya? Aki tos ngepél
teu acan? Aki nuju bébérés
di bumi?” duh éta incu
mani capétang nanya, ma-
ké jeung apal kana kabi-
asaan akina sapopoé.
“Euh...ieu Nénéng nya?
Muhun aki nuju nyeseuh.
Apan si nini nuju ka sakola.
Ngepél mah atos tadi. Ngan
teu acan bébérés. Laleuleus.
Apan nuju saum. Nénéng
saum teu?”
“Saum atuh Ki. Teu acan
batal. Apan ku umi badé di-
pasihan artos saratus rébu
pami tamat Ki. Eh ku Aki
badé dipasihan sabaraha?
Nénéng mah hoyong acuk
lebaran anu sapertos barbie
nya ki? Mésérna di Mata-
hari gé seueur. Ké pang-
mésérkeun ku Aki nya?”
Kagugu. Seuri wé kuring
mah, “Oh saum teu acan
batal nyah Nénéng téh?
Emh hoyong dipasihan
acuk barbie nyah? Muhun
ké nya ku aki dipangaga-
leuhkeun. Du’akeun wé ku
Nénéng aya milikna nya?
Nénéng sareng saha ayeuna
di bumi? Umi tos arangkat
sareng Abi?”
Bari teu kuat nahan
cipanon, haté asa kagerih
basa nu jadi incu ménta di-
pangmeulikeun hadiah
lebaran. Emh geulis, boro
keur anjeun, Aki gé lamun
hayang ngaroko kudu
29. 28 Manglé 2436
nungguan paméré ti nu
nini. Da apan duit gajih
pangsiunan kabéh dibi-
keun. Aki mah tara nyekel
duit. Gustiiii naha nasib
kuring téh bet kieu-kieu
teuing.
“Ki, halow... Ki...kunaon
cicing waé, sinyal awon kitu
Ki?”
“Ah henteu Néng. Aki aya
kénéh apan nuju nelepon
sareng Nénéng,” kuring
neger-negerkeun diri.
“Umi sareng Abi mah tos
arangkat ka sakola Ki.
Nénéng mah nuju ameng
sareng Aa sareng si bibi wé.
Ki..iraha ka dieu? Apan
Nénéng badé ulang taun,”
ceuk manéhna.
“Ké sareng nini nya.
Urang ajak Ninina.”
“Oh muhun atuh Ki. Atos
heula nya, ké mésér acukna
sareng Nénéng wé nya Ki?
Supados tiasa milihan,”
ceuk manéhna nandeskeun
deui.
Kuring tibang unggeuk,
“Mangga Néng..”
Sanggeus hapé ditutup,
sajongjonan kuring ngahu-
leng bari teu kuat nahan
piceurikeun, “Hampura
geulis, Aki ayeuna mah teu
jiga aki nu baheula. Lamun
bulan puasa téh ngabring
meuli baju lebaran. Milih
sakumaha karep.
Baju mérek Crocodile pa-
vorit aki gé, tara elat dibeuli
waé. Bet ayeuna mah, iwal
ti baju nu masih kénéh bisa
kapaké wé keur engké
lebaran téh. Nu kacipta
lebaran ayeuna kuring rék
ngabringkeun deui incu
sina marilih baju nu dipika-
hayangna.
Tapi nyatana, ngan
saukur ngalamun. Komo
baju mérek Crocodile, nu
jadi kahayang can tangtu
kabeuli deui.
Ayeuna mah kameumeut
téh ngan ukur baju nu
napel dina awak.
Teuing iraha kabeuli
deui.****
"Ah, manéh mah sagala
disebutan. Geus atuh ham-
pura urang caliweura. Hayu
ah, urang latihan."
"Tatadi ogé urang téh nga-
jak latihan. Hayu atuh."
Témbal Usup bangun
ambek. "Hayu, hayu."
Geus araya kabéh, der
barudak rampak kacapi téh
latihan. Kabéh geus alampir
kompak, bubuhan geus lati-
han sababaraha bulan.
Harita latihan téh teu pati
lila kulantaran harita mah
ngan ukur menerkeun
kasalahan anu enggeus-
enggeus. Geus bérés lati-
hanna, tuluy marulang waé
ka imahna masing-masing.
Amin ngarasa asa teu
mubah datang ka sakola téh,
kusabab manéhna geus rada
bisa maénkeun kacapi,
mung ari aya kénéh salah
saeutik-saeutik mah wajar,
budak karék borojol kénéh.
Éta latihan kacapi téh itung-
itung ngubaran rasa kuci-
wana kulantaran teu bisa
lalajo pagelaran wayang
Asep Sunandar. Mung
sabenerna mah dina haté
leutikna, Amin téh nyimpen
rasa kuciwa kénéh, sabab
manéhna keukeuh pisan
hayang panggih jeung Kang
Asep Sunandar.
Harita, keur Amin di sako-
laan jeung Usup mah poé
téh kacida panas jeung ca-
ang mentrang, mung, ayeu-
na mah geus rubah jadi
ceudeum pikasieuneun,
sigana mah rék turun hujan
badag. Amin lumpat kacida
rusuhna, sabab sieun ka
pegat ku hujan badag.
Hujan turun ngagebrét
kacida badagna, wanci éta
Amin kapahung pisan. Rék
reureuh da euweuh tempat
jang ngiuhan sabab di
sisieun jalan téh ngan ukur
sawah wungkul, kapaksa
atuh Amin lumpat kacida
tarikna ngarah téréh nepi di
imahna.
Barang nepi di parapatan
jalan teu jauh ti imahna,
torojol ti belah kidul hiji
mobil alus anu teu pati nge-
but. Kusabab Amin lulum-
patan bari jeung teu titinga
lian ka sabudeurerunna,
Amin katabrak ku éta mobil.
"Jo, turun-turun, tulungan
heula itu budak." Omong
ceuk nu boga mobil ka
supirna bangun nu reuwas.
"Muhun, muhun badé."
"Jo, teu kunanaon éta
budak téh?" Omong anu
boga mobil bari ngan saukur
nolol tina kaca mobilna.
"Henteu ku nanaon, Kang.
Mung barareuh wungkul."
"Sok atuh gancang bawa
kana mobil, urang bawa ka
Puskesmas ayeuna."
"Muhun ieu ogé nuju,
Kang."
Amin tuluy dibawa ka
Puskesmas anu kabeneran
teu jauh ti éta parapatan
jalan. "Cep, hapunten tadi
pun supir tos caliweura."
Omong nu boga mobil ka
Amin. "Teu sawios bapa,
abdi nu kedahna nyuhun-
keun hapunten mah. Tos
caliweura di jalan." Témbal
Amin bari ngarérét kana
wajah nu boga mobil éta.
Amin ngarasa reuwas
jeung bangun nu teu yakin,
sabab anu boga mobil eta
téh tetela Kang Asep Sunan-
dar. "Ieu téh Kang Asep?"
"Muhun. Abdi Asep
Sunandar Sunarya ti Giri
Harja 3."
"Aduh, Kang abdi téh ho-
yong pisan pendak sareng
akang téh. Tadi énjing-én-
jing téh badé ka sanggar, na-
mung tos séép tikétna,
janten waé teu tiasa pendak.
Nya ayeuna asa kenging
naon téh janten tiasa pendak
sareng akang."
"Ouh, hatur nuhun pisan
atuh pami kitu mah. Naha
geuningan wayah kieu
nembé mulang. Atos timana
heula kitu?"
"Nembé téh sawangsulna
ti sanggar, ameng heula ka
sakola. Kaleresan nuju aya
latihan rampak kacapi, nya
abdi téh ngiringan sareng
nyuhunkeun diajarkeun waé
ku réréncangan dugi ka
saalit-saalitna mah tiasa
ngacapi."
"Hoyong diajar kacapi?"
"Euh. Kantenan pisan
atuh."
"Sok, atuh pami kitu mah
ngiringan waé ka sanggama
Kang Dayat di caket pasar.
Kaleresan éta sobat akang.
Kanggo biayana mah tong
dipikiran, anu puguh mah
sing diajar anu bener tur di-
larapkeun dina kahirupan
sapopoé. Kumaha badé
teu?"
"Emm... Muhun, hoyong
pisan. Hatur nuhun pisan
sateuacanna."
"Sami-sami. Euh, da ieu
téh akang moal tiasa lami-
lami. Ayeuna badé teras ka
Bandung deui. Sing enggal
damang waé. Hapuntenna
waé kitu ka kulawargi."
"Oh, muhun atuh. Abdi
anu kedah nyuhunkeun ha-
punten mah, tos ngariri-
weuh. Nuhun kana tawis
anna muga-muga digen-
tosan amal kasaéanana."
"Amin. Hayu ah. Akang ti
payun. Assalamu'alaikum."
"Mangga. Wa'alaikum-
salam."
Amin kacida bungahna,
manéhna bisa papanggih
jeung Kang Asep Sunandar,
lian ti éta ogé aya anu leuwih
ngabungahkeun kana
haténa nyaéta ayeuna Amin
geus ngiluan diajar ngacapi
di sanggama Kang Dayat.
Éta élmuna rék dilarapkeun
jeung rék diajarkeun ka
batur pikeun ngamumulé
kana budaya Sunda.***
(SMAN 2
Tasikmalaya)
Sambungan ti kaca 23
30.
31. 30 Manglé 2436
B
ungah taya papadana.
Kahariwang jeung
kamelang ayeuna
mah sirna kaganti bagja.
tujuh taun ngadahup jeung
Kang Danu, karék ayeuna
Kang Danu boga paniatan
rék lebaran bareng di lem-
bur. Bareng dina harti
marengan kuring jeung nu
jadi anak mapag lebaran
datang. Alhamdulillah.
Haté mah ti baheula gé
hayang. Saha anu teu ha-
yang dina poé anu kacida
sakral pikeun umat Islam,
ngumpul ngariung jeung ku-
lawarga. Pon kitu deui ku-
ring. Sarua neundeun
harepan anu pohara.
Harepan pikeun babarengan
jeung salaki iraha waé. Tapi
kuring kudu ngarti, kudu
nalipak manéh. Bonganna.
Enya bonganna. Pan geus
apal ti béh ditu mula, kuring
téh ngan saukur pamajikan
nu ngora Kang Danu. Pama-
jikan anu ceuk kabéh jalma
mah meureun awéwé anu
nyieun tunggara pikeun pa-
majikan nu kolot Kang
Danu. Kuring gé sadar. Yén
kuring ngan saukur pama-
jikan nu ngora anu kudu
ngawayahnakeun manéh,
kana naon rupa anu baris
karandapan. Kitu deui dina
urusan waktu. Kuring kudu
narima poéan reureujeung-
an jeung Kang Danu teu bisa
iraha waé. Samporét kacida.
Dina sataunna bisa kaitung,
sabaraha kali tepungna.
Sakapeung nganaha-naha
ka diri sorangan. Naha bet
bogoh ka Kang Danu anu
geus rimbitan. Naha bet
kapentang asmara ku Kang
Danu anu geus kolot. Ceuk
batur mah cenah kuring
sérab ku kabeungharan
Kang Danu. Padahal mah
teu kitu. Enyaan kuring
cinta ka Kang Danu teu
mandang harta. Apanan
basa tepung munggaran gé,
kuring mah apalna Kang
Danu téh guru di kota anu
kabeneran keur ka dulurna
di lembur. Tapi mungguhing
tresna teu ningali nanaon.
Apan cenah cinta mah buta,
meureun kitu ogé anu
karandapan ku diri. Kaasih
geus matri, kanyaah geus
ngaranjah nalar sadar. Ka-
suka euntreup na diri hamo
ilang.
Kabehdieunakeun karék
apal. Geuning Kang Danu ka
lembur téh rék ngontrol
tanah jeung sawah anu
kacida legana. Mimitina
mah enyaan reuwas sarta
embung nepungan Kang
Danu anu sakeudeung deui
jadi salaki. Tapi Kang Danu
angger nepungan, malah
leuwih remen. Antukna ku-
ring léah.
Ari nu jadi kolot?
Nyérénkeun sagalana ka
kuring. Sanajan mimitina
teu méréan lamun kuring
ngarangkep jeung Kang
Danu. Tapi sanggeus kuring
ngobrol panjang lébar sarta
ngeukeuhan rék kawin jeung
Kang Danu. Aranjeunna
sapuk, ngan méré kaman-
dang kumaha hadé go-
réngna lamun kuring jadi
pamajikan nu ngora. Ngan
ari kaputusan mah sagem-
blengna nyérénkeun ka ku-
ring.
Cinta kuring ka manéhna
ngéléhkeun sagalana. Kur-
ing geus ngaridhokeun
waktu, ogé kanyaah Kang
Danu anu kacida sam-
porétna. Kuring gé ngarti
pan Kang Danu mah nyekel
kalungguhan penting di
dayeuhna. Teu ieuh teuing
hayang ngorék perkara pa-
gawéan naon anu sabenerna
jadi pacabakana Kang Danu.
Anu penting keur kuring
mah Kang Danu nyaah ka
kuring ogé ka anak katut ku-
lawarga besar kuring.
Sanajan panggih teu
puguh waktu. Tara kaleungi-
tan komunikasi, unggal poé
mah sok aya waé manéhna
nelepon atawa SMS. Atuh
dina sakalieun tepung teh,
siga anyar panganténan waé.
Totomplokan. Sanajan sok
teu pati bébas sabenerna
mah. Da éta lamun saka-
lieun panggih téh sok mawa
waé pangawal. Najan enya
lamun keur paduduaan mah
pangawal gé sok leuwih
ngarti, cicing wé di kamar
tukang atawa nguriling
kebon anu Kang Danu.
“Ngajaga kaamanan,”
ceuk Kang Danu dina hiji
waktu. Pédah kuring
nanyakeun ku naon atuh
teu nyorangan nepungan
téh.
“Ehm. Muhun nya hilap.
Pan akang téh pejabat.
Héhé,” kuring sumolondo
kana lahunan.
“Ah, teu kénging nyarios
pejabat, Nung. Omat lamun
tepung mah euihkeun tah
babasaan kitu téh pokona,
Akang mah hoyong
sosonoan waé sareng
Enung.”
Ti harita mah tara piran-
jeunan nanya, sanajan dina
heureuy perkara jabatan
naon anu sabenerna dicang-
king Kang Danu. Ngan hiji,
nu teu weléh jadi bahan
obrolan, silih mercayakeun
tresna jeung kanyaah sana-
Basa Tarawéh
Geus Lekasan
Ku Nina Rahayu Nadéa