1. 3 Ciri nu perlu dipibanda ku hiji muslim dina romadhon
Ifik Saeful Firdaus
Masjid Jami Nurul Falah
ا َ ْلحمد ُ ِّلل الْعَ ِليْم القَديْر اَشهد ُ أَن الَاِلهَ اِالَّ هللاُ وحْ دَهُ الَ شَريْكَ لَهُ هُو اللَّطيْف الخبِيْر وأَشهد ُ اَن
َّ َ ْ َ ُ َ ْ ُ ِ َ ِ َ ْ َْ ِ ِ ْ ِ َِ ْ ه
ٍ َّ َ ُ ُْ َ َ َْ َ ْ َ َ ُ َّ َ ِه ُ ِ ُ ْ ُ َ ُ َ َّ َ ْ َ َ ُ ْ ْ ِ ُ ِ ُ َ ِ ه
محمدًا عبدُهُ ورسولُهُ البَشيْر النَّذيْر والسراج المنيْر. اَللههم صل وس ِلهم علَى عبدِكَ ورسولِكَ محمد
َْ ِ ْ َّ ُ ِ َ ْ
ْوعلى أ ِله وصحبِه ومن تَبِعَهم واِلى هللاِ المصيْر. اَمابَعد ُ فَيَاعبَادَ هللاِ ا ُْوصيكم ونَفسِي بِتَقوى هللاِ فَقَد
ْ َ ُْ ْ ِ َ ُْ ْ َ َ ِ ْ َ َ ِ َ َ
ْ ُْ
َفَازَ المتَّقُون
Sagala puji mung milik Allah SWT,zat nu ngawasa alam semesta,nu ngabulak baliken
hate manusa,nu ngawasa kana sagala perkara,Sholawat miwah salam mugia terlimpah
ka baginda rasulillah saw.
Hadirin Jamaah jum’ah rahimakumullah,
Saestuna urang selaku muslim, kedah mibanda ciri kaislaman dina hirup jeng
kahirupan, kitu deui halna nalika dina bulan romadhan umat islam kedah ningalikeun
ciri kaislamanana, ari ciri nu kahiji nu kedah dilakukeun dina bulan romadhon nyaeta
sakedahna hiji muslim mibanda uswatun hasanah/hiji sikap mere conto nu hade kanu
lian.
Upama urang mibanda anak atawa rumah tangga atawa ningali masyarakat teu luyu
jeung harepan, maka saena ulah waka nyalahkeun nu jadi anak/istri atawa
masyarakat,tapi sakedahna urang ngamuhasabah diri/ngoreksi diri boa-boa ieu diri teu
mere conto atawa tuladan nu hade ka nu jadi istri/anak atawa masyarakat, jeung
mungkin urang can jadi hiji pribadi muslim nu layak.
Naha mungkin urang mihareup sangkan anak urang mibanda sikap sopan,lemah lembut
adab tatakrama, tapi urang selaku ramana senantiasa bersikap kasar dina hirup
sapopoe, Naha mungkin urang bisa miboga anak nu resep maca Al-qur’an nalika urang
sebagai sepuhna teu pernah maparin conto yen urang oge resep maca qur’an, Naha
mungkin urang bisa miharep sangkan anak urang cinta masjid, nalika urang sebagai
ramana teu rajin angkat ka masjid. Kitu deui dina perkara sejen, naha urang keur jadi
pamingpin, nalika jadi ustadz,nalika jadi guru,jadi caroge, atawa sejena,kira-kirana suri
tauladan nu kumaha nu tos dipaparinkeun ku urang ka jalma sejen.
Ku hal eta hadirin Jamaah jum’ah rahimakumullah,
Urang kedah berusaha sakuat tanaga sangkan bisa jujur kadiri sorangan, sahingga
urang bisa apal naon kakurangan diri urang nyalira, saterasna eta kakurangan diri teh
diomean, dihadean sarta disampurnakeun, maka nalika urang bisa ngomean diri
sorangan saestuna secara teu langsung sabenerna geus ngomean batur,upama urang
hayang ngarubah jalma lian, rubah heula diri sorangan lain ku lisan wungkul tapi ku
conto,ku conto nu hade, teu jadi hasil jeung memang moal hasil nalika diri sibuk
ngabenerkeun batur sementara diri pribadi teu pernah dikoreksi, berhasilna Agama
Islam sabenerna kulantaran uswah hasanah nu dicontohkeun ku Kangjeung Rasulullah
saw, luyu sareng sabdnana Innama Buistu liutamimma makaarimal akhlak.
2. Maka ciri hiji muslim nu hade nyeta pribadina kudu jadi conto, suri tauladan, tuladan
dina kahadean kasaha bae, iraha jeung dimana bae ayana.
Ciri nu kadua, Romadhon bulan ieu sakedahna dijadikeun bulan beberesih, karna
saestuna Allah cinta kana kabersihan, Asy-Syams 9-10 netelakeun Qad aflaha
manzakkahaa. Waqod khaaba man dassaha". Saetuna kacida untung jalma-jalma nu
ngabersihkeun jiwana, jeung rugi gede pikeun jalma-jalma nu ngotoran jiwana.
Dina ayat sanes diterangkeun "innallaha yuhibbu tawabin, wayuhibbul mutatohiriin",
saestuna Allah mikacinta jalma nu taubat jeung jalma nu bersih” ari bersih
ngarupakeun prasyarat tina kaendahan, Kaendahan ngarupakeun perkara nu dipicinta
ku Allah, Sholat lima waktu oge dimimitian ku bersih,tanpa wudhu heula maka sholat
urang jadi teu sah.
Maka janteunkeun ieu romadhon ku hiji karep nu kuat sangkan urang cinta
kabersihan,bersih lahir oge bathin, satiap perkara nu kotor tangtuna teu ngajadikeun
tingtrim, bersih dina angoan,bersih dina badan,Bersih dina harta,hartosna ulah sakali-
kali harta urang kacampuran ku harta nu memang lain hak urang, Harta nu bersih bakal
pinuh ku barokah, harta nu haram bakal pinuh ku fitnah,kitu oge dina usaha, pilari sarta
lakukeun usaha nu bersih, teubih tina sikap hasud jeng licik,utamakeun usaha nu
jujur,oge kitu deui paningal,paningal urang kedah bersih ulah dugika urang ningal
perkara-perkara nu memang lain tingalieunana, sing saha nu bisa ngajaga paningalna
bakal dijadikeun hatena tenang,tingtrim tur nikmat.
Ngenaan lisan, lisan oge kudu bersih tina ucapan-ucapan nu awon, ucap-ucapan nu teu
pantes, naha tina ucapan nu ngahina, ucapan nyalahkeun,ucapan fitnah, kasar atawa
nyarioskeun batur, ngenaan hate, jadikeun hate urang bersih tina goreng sangka kanu
sejen, tebihan sifat dengki khususna dina romadhon,Insya Allah urang bakal
ngarasakeun nikmatna jeung berkahna tina ieu bulan romadhon.
Anu terakhir, bulan Ramadhan ngarupakeun bulan kualitas, bulan nu berharga, bulan
nu pinujul dibanding bulan-bulan sanesna, dinten demi dinten mibanda nilai nu luhur
dipandangan Allah, jam demi jam jeung detik demi detik kacida berhargana
dipandangan Allah,ku hal eta ciri nu katiluna, urang kedah tiasa ngalakukeun perkara
nu aya harga atawa nu berharga, nu punjul, jeung pinujul, nu matak ngalungsurkeun
ridho na Allah swt, sabab upama Allah ridho, nikmat nu mana jeung rizki nu model
kumaha nu dipikarep tangtu bakal dianugrahkeun, ku hal eta maka jadikeun sagala
ucapan,sagala paningal, pangdangu jeng lengkah urang kecuali diucapkeun,
ditingalikeun,didangukeun jeng dilengkahkeun ngan kana perkara-perkara nu matak
bernilai di pandangan Allah swt, tangtuna kalayan mikareup ridhona Allah Aza Wajalla.
Hadirin, Ngan berlaku dina sasih romadhon, urang dianggap sebagei tamuna Allah,
maka Allah langkung uninga kumaha ngajamu sarta nyugemakeun tamu-tamuna eta,
tangtosna bakal disugemakeun soteh upama tamuna apal kana akhlak atawa etika
sebagei tamu,sanes tamu nu ngan sakadar nahan lapar atawa dahaga wungkul tapi oge
sakabeh anggahota tubuhna ngajaga jeng ngalaksanakeun shaum secara sampurna,
mugia Allah maparin bimbingan,pituduh sarta kakiatan sangkan urang, mibanda tilu ciri
pribadi muslim sajati, amin ya robbal alamin.
3. . أقول قولى هذا وأستغفر هللا لى ولكم ولسائر المسلمين فاستغفروه إنه هو الغفور الرحيم
ا َ ْلحمد ُ ِهللِ العَزيْز الغفُور، اَلَّذِي جعَل فِي اْإلسال َِم الحنِيْف الهدَي والنُّور، اَلَّذِي قَال:
ْ َ َ ْ ِ ْ َ ِ ُْ ِ ْ ْ َ َ ْ ِ ِ ْ َ ْ ِ َْ
َ َ َّ َْ َ ْ ََ ْ ْ ُ ْ ِ ْ َ ُْ َ َ َ ْ ِ َ َ َ ْ َ
وما الحيَاة ُ الدُّنيَا إالَّ متَاعُ الغُرور، نَحمدُهُ سبحانَهُ وتَعالَي حمدَ من نَظر فَاعتَبَر، وكف
ِ َ َ َّ ْ ْ َ ْ ِ ِ َ َ ٍ ه َ ْ َ َ ِ َْ َ ِ ِ ْ َ
عن المساويء وازدَجر، وع ِلم أَن الدُّنيَا لَيست بدَار مقَ َر، وأَشهد ُ أَن الَ إِلَهَ إالَّ هللا ُ
خلَقَ الخالَئِقَ وأَحْ كامها، وقَدَّر اْألَعمار وحدَّدَهَا، وهو باق الَ يفُوتُ وهو حي الَ
َ ُ َ َ ٌّ َ ْ َ َُ َ ٍ َْ َ َ َ َ َ َ َ َ َ ْ َ َ
َ َ ِ ِ ِ ْ َ ْ ِ َ ْ ِ َ ِ ِْ ْ ِ َْ ِ
يموتُ ، وأَشهد ُ أَن محمدًا عبدُهُ ورسولُهُ، أَمر بتَذْكيْر الموت والفَنَاء، واْالستعدَاد ِليوم
َ ْ َ َّ ُ َ َّ َ ْ َ َ ُ ْ َُْ
ْ ْ ِ َ ْ َ ِ
البَعث والجزَ اء.
اإن هللا وملئكته يصلون على النبي، يا أيها الذين آمنوا صلوا عليه وسلموا تسليما.
اللهم صل على سيدنا دمحم وعلى آل سيدنا دمحم، كما صليت على سيدنا إبراهيم وعلى
آل سيدنا ابراهيم. وبارك على سيدنا دمحم وعلى آل سيدنا دمحم كما باركت على سيدنا
ابراهيم وعلى آل سيدنا ابراهيم، وارض اللهم عن األربعة الخلفاء الراشدين أبي بكر
وعمر وعثمان وعلى، وعن الصحابة والتابعين ومن تبعهم الى يوم الدين، وارحمنا
معهم وفيهم برحمتك يا ارحم الراحمين .اللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين
والمؤمنات، األحياء منهم واألموات، إنك سميع قريب مجيب الدعوات. ربنا ظلمنا
أنفسنا وإن لم تغفرلنا وترحمنا لنكونن من الخاسرين.ربنا ال تزغ قلوبنا بعد إذ هديتنا
وهب لنا من لدنك رحمة إنك انت الوهاب.
عباد هللا، إن هللا يأمر بالعدل واالحسان، وإيتائ ذى القربى وينهى عن الفحشاء
والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكرون. ولذكر هللا اكبر.