SlideShare uma empresa Scribd logo
1 de 2
Kolom
ÉRA VS REUEUS
Dina hiji kendaraan umum kuring manggihan pamuda ngomong maké Basa Sunda ka
babaturanna, tapi teu lila babaturanna téh ngomong ngaharéwos tapi tarik nepi kadéngé, “ulah
maké Basa Sunda di dieu éra!”. Tungtungna éta pamuda ngaromongna maké basa Indonesia.
Fénoména éta kacida pikawatireunna, matak miris kana haté. Kumaha basa Sunda bisa
tetep hurip hirup di Tatar Sunda lamun panyatur aslina gé geus teu hayangeun maké? Éta
mangrupa patalékan saréréa anu ngarasa masih kénéh maliré kana ayana basa Sunda. Jigana
benér ceuk para ahli, yéh sababaraha taun kahareup Basa Sunda bakal ditaringgalkeun, bakal
tumpur kulantaran geus euweuh anu daék makéna ogé.
Tapi ditempo di tempat anu nyétak jelema-jelema anu bakal satia ngajaga basa Sunda
saperti Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda di UPI, teu saeutik mahasiswa anu
angger maké basa “Indonesia Raya”. Maranéhna leuwih remen ngarobrol maké basa
Indonesia tibatan maké basa Sunda. Sakapeung mah teu kaharti ku naon bisa kitu. Naha aréra
maké atawa kumaha? Sanajan kitu, teu saeutik ogé mahasiswa anu daék maké basa Sunda.
Malah maranéhna anu biasa maké basa Sunda, loba anu ngarasa reueus cenah. Ku lantaran
maranéhna boga sawangan yén lamun teu dijaga jeung diriksa ku urang salaku urang Sunda
rék ku saha deui? Bener pisan sawangan éta téh. Reueus maké basa Sunda mutlak
diperlukeun ku jalma-jalma anu ngaku urang Sunda sarta nyicikan daérah Sunda.
Éra jeung reueus maké basa Sunda kacida patukang tonggongna. Tapi kitu kaayaan anu
dirasakeun jaman kiwari. Aya anu éra, aya anu ogé reueus maké basa Sunda téh. Nu ngarasa
éra mah nyaéta anu ngarasa géngsi ceuk basa gaulna mah, anu ngarasa katinggaleun jaman
mun maké Basa Sunda. Tapi keukeuh, teuing kumaha pipikiranna anu ngarasa éra maké basa
Sunda? Padahal ti leuleutik téh pan geus dipapatahan ku kolotna maké basa Sunda meureun?
Iwal ti nu ti leutikna dipapatahan maké Basa Indonesia. Jigana mah nu matak éra téh,
kulantaran loba campur gaul jeung jalma-jalma anu kalangenanna maké basa Indonesia. Tapi
sabenerna lamun anu biasa maké Basa Indonesia tuluy diajarkeun basa Sunda, biasana
ngarasa reueus lamun bisa maké basa Sunda nu hadé ter bener, sarta ngarasa resep lamun bisa
maké dina kahirupan sapopoéna.
Tresna Yuniawati (0807298)
Kolom

Mais conteúdo relacionado

Destaque

Amar
AmarAmar
Amarneucy
 
Diehl Letter of Recommendation
Diehl Letter of RecommendationDiehl Letter of Recommendation
Diehl Letter of Recommendationtaxlawcpa
 
2002-2008 All HS Activities --20081017
2002-2008 All HS Activities --200810172002-2008 All HS Activities --20081017
2002-2008 All HS Activities --20081017Laura Sun
 
КОММЕРЧЕСКОЕ ПРЕДЛОЖЕНИЕ нефтебаза
КОММЕРЧЕСКОЕ  ПРЕДЛОЖЕНИЕ нефтебазаКОММЕРЧЕСКОЕ  ПРЕДЛОЖЕНИЕ нефтебаза
КОММЕРЧЕСКОЕ ПРЕДЛОЖЕНИЕ нефтебазаAlexei Prepelita
 

Destaque (8)

N0656330_Literature Review_040916
N0656330_Literature Review_040916N0656330_Literature Review_040916
N0656330_Literature Review_040916
 
Amar
AmarAmar
Amar
 
Slideshare pavilion
Slideshare pavilionSlideshare pavilion
Slideshare pavilion
 
Diehl Letter of Recommendation
Diehl Letter of RecommendationDiehl Letter of Recommendation
Diehl Letter of Recommendation
 
Ecosistema scuola 2016
Ecosistema scuola 2016Ecosistema scuola 2016
Ecosistema scuola 2016
 
Diapositiva y texto
Diapositiva y textoDiapositiva y texto
Diapositiva y texto
 
2002-2008 All HS Activities --20081017
2002-2008 All HS Activities --200810172002-2008 All HS Activities --20081017
2002-2008 All HS Activities --20081017
 
КОММЕРЧЕСКОЕ ПРЕДЛОЖЕНИЕ нефтебаза
КОММЕРЧЕСКОЕ  ПРЕДЛОЖЕНИЕ нефтебазаКОММЕРЧЕСКОЕ  ПРЕДЛОЖЕНИЕ нефтебаза
КОММЕРЧЕСКОЕ ПРЕДЛОЖЕНИЕ нефтебаза
 

Semelhante a Kolom

Ngamumule basa sunda
Ngamumule basa sundaNgamumule basa sunda
Ngamumule basa sundaDevi Ramli
 
BAHASA SUNDA KELAS 11
BAHASA SUNDA KELAS 11BAHASA SUNDA KELAS 11
BAHASA SUNDA KELAS 11salmosa
 
Contoh naskah sunda
Contoh naskah sundaContoh naskah sunda
Contoh naskah sundatomy setya
 
Bahasa sunda siswa kelas 7
Bahasa sunda siswa kelas 7Bahasa sunda siswa kelas 7
Bahasa sunda siswa kelas 7Cecep Subagja
 
Bahasa sunda siswa kelas 9
Bahasa sunda siswa kelas 9Bahasa sunda siswa kelas 9
Bahasa sunda siswa kelas 9Cecep Subagja
 
Bahasa sunda siswa kelas 8
Bahasa sunda siswa kelas 8Bahasa sunda siswa kelas 8
Bahasa sunda siswa kelas 8Cecep Subagja
 
Buku Bahasa Sunda kelas 7
Buku Bahasa Sunda kelas 7Buku Bahasa Sunda kelas 7
Buku Bahasa Sunda kelas 7Cecep Subagja
 

Semelhante a Kolom (10)

Ngamumule basa sunda
Ngamumule basa sundaNgamumule basa sunda
Ngamumule basa sunda
 
Biantara.docx
Biantara.docxBiantara.docx
Biantara.docx
 
BAHASA SUNDA KELAS 11
BAHASA SUNDA KELAS 11BAHASA SUNDA KELAS 11
BAHASA SUNDA KELAS 11
 
Contoh naskah sunda
Contoh naskah sundaContoh naskah sunda
Contoh naskah sunda
 
Bahasa sunda siswa kelas 7
Bahasa sunda siswa kelas 7Bahasa sunda siswa kelas 7
Bahasa sunda siswa kelas 7
 
Bahasa sunda siswa kelas 9
Bahasa sunda siswa kelas 9Bahasa sunda siswa kelas 9
Bahasa sunda siswa kelas 9
 
Kelas 1 pdf 2014
Kelas 1 pdf 2014Kelas 1 pdf 2014
Kelas 1 pdf 2014
 
Buku Basa Sunda siswa kls 11
Buku Basa Sunda siswa kls 11Buku Basa Sunda siswa kls 11
Buku Basa Sunda siswa kls 11
 
Bahasa sunda siswa kelas 8
Bahasa sunda siswa kelas 8Bahasa sunda siswa kelas 8
Bahasa sunda siswa kelas 8
 
Buku Bahasa Sunda kelas 7
Buku Bahasa Sunda kelas 7Buku Bahasa Sunda kelas 7
Buku Bahasa Sunda kelas 7
 

Kolom

  • 1. Kolom ÉRA VS REUEUS Dina hiji kendaraan umum kuring manggihan pamuda ngomong maké Basa Sunda ka babaturanna, tapi teu lila babaturanna téh ngomong ngaharéwos tapi tarik nepi kadéngé, “ulah maké Basa Sunda di dieu éra!”. Tungtungna éta pamuda ngaromongna maké basa Indonesia. Fénoména éta kacida pikawatireunna, matak miris kana haté. Kumaha basa Sunda bisa tetep hurip hirup di Tatar Sunda lamun panyatur aslina gé geus teu hayangeun maké? Éta mangrupa patalékan saréréa anu ngarasa masih kénéh maliré kana ayana basa Sunda. Jigana benér ceuk para ahli, yéh sababaraha taun kahareup Basa Sunda bakal ditaringgalkeun, bakal tumpur kulantaran geus euweuh anu daék makéna ogé. Tapi ditempo di tempat anu nyétak jelema-jelema anu bakal satia ngajaga basa Sunda saperti Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda di UPI, teu saeutik mahasiswa anu angger maké basa “Indonesia Raya”. Maranéhna leuwih remen ngarobrol maké basa Indonesia tibatan maké basa Sunda. Sakapeung mah teu kaharti ku naon bisa kitu. Naha aréra maké atawa kumaha? Sanajan kitu, teu saeutik ogé mahasiswa anu daék maké basa Sunda. Malah maranéhna anu biasa maké basa Sunda, loba anu ngarasa reueus cenah. Ku lantaran maranéhna boga sawangan yén lamun teu dijaga jeung diriksa ku urang salaku urang Sunda rék ku saha deui? Bener pisan sawangan éta téh. Reueus maké basa Sunda mutlak diperlukeun ku jalma-jalma anu ngaku urang Sunda sarta nyicikan daérah Sunda. Éra jeung reueus maké basa Sunda kacida patukang tonggongna. Tapi kitu kaayaan anu dirasakeun jaman kiwari. Aya anu éra, aya anu ogé reueus maké basa Sunda téh. Nu ngarasa éra mah nyaéta anu ngarasa géngsi ceuk basa gaulna mah, anu ngarasa katinggaleun jaman mun maké Basa Sunda. Tapi keukeuh, teuing kumaha pipikiranna anu ngarasa éra maké basa Sunda? Padahal ti leuleutik téh pan geus dipapatahan ku kolotna maké basa Sunda meureun? Iwal ti nu ti leutikna dipapatahan maké Basa Indonesia. Jigana mah nu matak éra téh, kulantaran loba campur gaul jeung jalma-jalma anu kalangenanna maké basa Indonesia. Tapi sabenerna lamun anu biasa maké Basa Indonesia tuluy diajarkeun basa Sunda, biasana ngarasa reueus lamun bisa maké basa Sunda nu hadé ter bener, sarta ngarasa resep lamun bisa maké dina kahirupan sapopoéna. Tresna Yuniawati (0807298)